{"id": "6515", "text": "Mun keur seueur tugas padamelan jeung kateteran, abdi mah sok rada ngarasa stress sabab teu tahan kana tekanan ti ditu ti dieu. Malahan mah sok jadi overthinking kana pagawean nu can anggeus teh. Tah, dina ngahadapi hal nu kieu abdi mah sok ngahajakeun kaluar imah. Biasana cicing heula di kostan sosoranganan bari nyanyanyian sing seubeuh jang copying stress. Tah tuluy abdi sok indit ka tempat nu asri jang nyegerkeun pikiran supaya bisa nenangkeun jeung ngarefresh otak supaya bisa deui ngerjakeun pagawean ku ide jeung semangat nu masih keneh seger. Kadang oge abdi sok ngahajakeun jalan-jalan heula sapopoe supaya ngabangbrangkeun pikiran tina overthinking.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "502", "text": "Mipit nyaeta salah sahiji acara adat anu kagiatanna mangrupakeun rangkaian upacara nu dimimitian ti 3 poe saacan ngalaksanakeun ku ngukus jeung nyadiakeun sasajen mangrupa sangu congcot, sirih lengkep, endog hayam, piso leutik, kembang rampai, boeh, jeung menyan. Upacara Mipit nyaeta upacara bubuka atawa pangjajap metik pare di sawah nu bakal dituluykeun ku motong pare nu sejenna di sawah eta. Pare nu mimiti pisan dipotong dina upacara Mipit nyaeta pare nu geus tumuwuh di handap tempat sasajen. Saenggeus pare nu di panen di sawah cukup garing jang ditutu, jadi diayakeun Upacara Nganyaran (mimiti ngadahar hasil panen). Tujuan upacar ieu nyaeta nganuhunkeun ka Batara Tunggal jeung ka karuhun sabab kaberhasilan panen.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "8908", "text": "Ngecas mobil listrik tiasa dilakukeun nyalira di bumi atanapi di stasiun ngecas mobil listrik anu parantos disayogikeun ku pamaréntah. Pikeun ngeusi pinuh mobil listrik di bumi, urang peryogi sahenteuna 17 jam. Samentara éta, urang ngan butuh 3 jam pikeun ngecas mobil listrik di stasion. Nyatana, waktos ieu ogé tiasa digancangan dugi ka 1 jam nalika nganggo pangecas gancang. Léngkah-léngkah ngecas mobil listrik nyaéta, unduh sareng pasang aplikasi Charge.IN sareng angkat ka stasiun pangdeukeutna nganggo aplikasi Charge.IN. Kadua, nganjang ka stasiun ngecas batré mobil listrik pangcaketna. Katilu, pasang gun anu paling cocog sareng jinis mobil listrik urang. Kaopat, make kartu NFC pikeun auténtikasi di titik ngecas mobil listrik. Kalima, ngalakukeun scan QR di stasion sangkan bisa ngeusian kWh pikeun ngecas listrik ka mobil. Kagenep, mayar biaya ngecas mobil listrik ngaliwatan aplikasi LinkAja. Antosan dugi prosés ngecas batré mobil listrik réngsé.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "547", "text": "Salah sahiji kabeungharan Indonesia nyaeta senjata tradisional nu mangrupakeun produk budaya nu aya hubunganna jeung kaayaan hiji masarakat. Salian digunakeun jang nyalindung ti serangan musuh, sanjata tradisional oge digunakeun dina kagiatan tatanen jeung moro. Leuwih tina fungsina, sanjata tradisional ayeuna jadi identitas hiji daerah nu milu ngabeungharkeun khazanah kabudayaan nusantara. Senjata tradisional sacara dominan dikuasai ku lalaki, hal ieu teu leupas tina budaya masarakat nu nganut paham nu ngajadikeun lalaki salaku pamingpin. Hal ieu nu nyieun naha boga senjata teh saolah-olah jadi kawajiban jang lalaki mah. Senjata tradisional kudu dijaga ku sarerea ngarah teu pareumeun obor, komo deui Indonesia teh boga loba rupa-rupa senjata tradisional.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "414", "text": "Jang bisa jadi tokoh agama atawa penceramah kudu bisa mibogaan elmu anu cukup kanggo materi nu bakal diberekeun ka jamaah. Salaku tokoh agama atawa penceramah oge kudu resep diajar hal-hal nu anyar jang nambahan wawasan dina mawakeun materi. Sabab mindeng loba patarosan nu muncul ti jamaah pas mawakeun materi. Pemilihan materi pas ceramah oge penting ngarah bisa nga antisipasi patarosan naon wae ti jamaah. Soalna pernah pas aya nu ceramah di deukeut kampung urang nu biasana lamun ngadangukeun ceramah teu make patarosan ti jamaah, tapi hiji waktu mah dibuka sesi patarosan anu ditujukeunna ka penceramah. Apek teh penceramah teu bisa ngajawab. Tidinya katinggali materi nu disampaikeun saukur diapalkeun tapi teu ngarti.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "6129", "text": "Reni biasa icalan na teh rupi-rupi seblak jeung dahareun nu lada. Biasana icalan di imah jeung di sosial media oge. Tapi pangseueur na mah nu pesen teh tina chat di Whatsapp. Jadi, mimiti teh sagala rupa daganganna diposting ku Reni dina status Whatsapp jeung Facebookna. Tah, rata-rata nu ningalina teh sok langsung order. Diposting na teh unggal poe jeung kadang mah sok dishare oge ka grup nu aya dina Whatsapp. Sadinten teh biasana sok kenging penghasilan rata-rata dua ratus rebu, maksimal kenging lima ratus rebu. Icalan na teh ti jam salapan isuk dugi ka jam lima sore. Mun hoyong dianterkeun teh sok langsung dianterkeun ku Reni.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "2705", "text": "Peryogi kauninga, dina hal ieu réa pisan béja anu medar yén anggapan yén di stadion éta aya suporter Arema jeung Persebaya atawa Bonek, dimana potensi karusuhan ngabeledug téh malah leuwih gedé lantaran tanding antara dua.\r\nMalahan anu lumangsung di lapang mah para suporter Persebaya henteu hadir atawa meureun datang cicing-cicing. Jadi seuseueurna anu aya di stadion dipinuhan ku suporter Arema.\r\nInpormasi ieu ngabantah anggapan masarakat umum anu nganggap yén di stadion aya boneka sareng ogé arema. Kuring ogé meunang ieu kusabab warta ieu.\r\nRekening resmi Arema Indonésia ogé langsung netelakeun lamunan panulis anu nyangka aya kakacoan lantaran para suporter kaceluk kana tandinganana, nepi ka bisa nimbulkeun bentrok komo karugian séjénna.\r\nAbdi oge negeskeun wartos ieu ka rerencangan anu getol ngadukung Persebaya. Ieu respon lugas ti sobat kuring", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "578", "text": "Aya sababaraha mangpaat tari Jaipong, nyaeta bisa dipake jang tarian penyambutan tamu-tamu penting atawa dulur nu keur ngalangsungkeun hajat kawin atawa pesta sejen. Bisa oge ngaronjatkeun rasa nasionalisme jeung patriotisme ka generasi ngora saenggesuna ngarah rasa kacintaan kana kabeungaharan seni budaya tradisional Indonesia tetep kajaga alus. Tari jaipong oge bisa dijadikeun salaku ciri kahs atawa pembeda dina tarian tradisional ti daerah sejen, ngarah saha wae ge bisa apal ti daerah atawa provinsi mana tarian eta ku cara ninggali tarianna oge ngadengekeun musikna hungkul. Bisa oge dijadikeun salah sahiji hiburan masarakat ngaliwatan pintonan rahayat atawa dina panggung-panggung hiburan jeung emang aya awalna ngahaja dilakukeun jeung dipintongkeun kanggo ngamumule tari trasidional.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "7631", "text": "Sabulan leuwih gawe di kantor, abdi tos mulai apal naon wae kawajiban kuring, mulai ti kawajiban unggal poe, unggal minggon jeung kawajiban unggal sasih. Abdi oge tos mulai akrab jeung sagala rutinitas sapopoe. Abdi oge tos mulai dekeut sareng rerencangan di kantor, teu jarang oge abdi diajakan ulin sareng rerencagan kantor. Abdi miluan sababaraha kali tapi teu mineng teuing lantaran abdi dipasihan apal ku rerencangan abdi yen sareng rerencangan kantor mah tong dekeut teuing supados tiasa tetep profesional. Intina lamun hoyong milarian rerencangan anyar mah tong di tempat gawe. Lamun dekeut teuing sareng rerencangan di tempat gawe, urang bakal teu negunah lamun aya masalah pagawean. ", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "192", "text": "Renang oge salah sahiji hobi urang salian ti nyapedah jeung leumpang. Ngan renang mah jarang pisan, aya kana 3-6 bulan sakali. Urang biasana renang di Hotel Oasis Siliwangi, kusabab cai na haneut jeung deuih semi outdoor kitu. Faslitasna oge lengkep jeung beresih, aya kamar bilas, musholla, tempat dahar, tuluy wahana anak-anak, cai na oge haneut beda jeung dinu lain mah. Sakali renang teh mayar 85 rebu, mahal sih tapi sabanding jeung fasilitasna. Lamun hayang leuwih murah bisa daftar member, ngan asa lebar ari jarang renang mah, jadi ngan sakali-kali wae. Peralatan nu ku urang bawa lengkep, mulai ti baju, calana, kacamata, mawa cai herang oge jeung jajanan da sok lapar. Lila na renang biasana 1 jam nepi ka 2 jam.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "1995", "text": "Arurang sakaluarga nginep di hotél anu caket sareng Pantai Kuta. Perjalanan ka Pantai Kuta ngan ukur sakedap, henteu langkung ti satengah jam. Waktu éta, cuaca masih teu panas teuing. Sesampainya di panginepan, kuring jeung adina teu langsung istirahat, tapi langsung jalan-jalan ka Pantai Kuta. Kalawan langit biru jeung angin tiis, urang ngarasakeun leumpang sabudeureun pantai. Sanaos énjing-énjing kénéh, tos lumayan réa anu di basisir. Sababaraha mikaresep sunbathing, sareng anu sanésna kalayan kagiatan olahraga cai. Abdi hoyong ngojay, tapi abdi nyalira sareng adina sareng adina henteu acan tiasa ngojay. Ku kituna, urang ngan ngarasakeun ombak laut di pantai ngaletak suku urang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "6659", "text": "Aya hiji deui menu buka puasa anu biasana diical ku tukang dagang di Bulan Romadon nyaeta es buah. Salian ti segerna, es buah oge sehat lantaran aya bungbuahan anu seeur rupi-rupi na. Bungbuahan anu biasa dijieun es buah nyaeta buah arumanis, melon, samangka, gedang, buah naga jeung biasana oge ditambihan ager anu dipotong kota-kotak. Ngadamel es buah lumayan gampil, kahiji tinggal siapkeun bungbuahan teras dipotong laleutik kota-kotak, kadua ninyuh susu kentel jeung cai teras campurkeun bungbuahan jeung susuna. Bisa oge ditambihan es batu ngarah seger. Urang oge bisa nambihan orson kanggo nambihan rasa jeung warna. Aya oge nu sok nambihan siki salasih.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5423", "text": "Zaman ayeuna, seueur budaya adat tradisional nu mula kasisihkeun ku budaya nu datang ti nagari luar. Minat pamuda-pamudi na dominan ka budaya luar jiga K-pop, anime, jeung sajabana. Sedengkeun minat ka budaya lokal na mah mulai luntur. Hal ieu jadi perhatian serius nu kudu diantisipasi ti ayeuna keneh. Sabab kalastarian budaya lokal teh teu lepas ti peranan generasi katurunan selanjutna, nyaeta pamuda-pamudi. Salah sahiji jalan nu bisa ditempuhna nyaeta glokalisasi, ngenalkeun budaya lokal ka masyarakat internasional. Cara na bisa loba pisan nu ditempuh, salah sahijina nyaeta lewat sosial media. Yuk ah, ti ayeuna urang angkat jeung lestarikeun budaya lokal lewat sosial media! Tunjukkeun kacintaan kana budaya sorangan!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "7165", "text": "Salah sahiji oleh-oleh anu dipikaresep nyaeta Pempek Palembang, teu heran seeur tukang Pempek di hampir kabeh daerah di Indonesia. Pokona mah dahareun anu digoreng teras dibanjur ku cai teh pasti raos. Dahar pempek moal bosen lantaran pempek gaduh seeur pisan jenisna. Bentuk jeung rasana oge beda-beda sanajan sarua dijieun ti lauk. Lantaran dijieun ti lauk, pempek gaduh kandungan protein anu seeur. Komo lamun didajikeun jeung bonteng anu dipotong-potong. Di sababaraha tempat aya oge anu ngajual pempek make emih koneng, janten leuwih wareg. Kombinasi rasa lauk jeung saos cuko anu haseum amis lada ngajieun saha wae anu dahar pempek hese ereun.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "511", "text": "Suku Sunda mangrupakeun salah sahiji suku di Indonesia nu mayoritasna cicing di daerah Jawa Barat. Suku Sunda mibogaan imah tradisional nu bentukna biasana imah panggung anu luhurna sakitar satengah meter nepikeun ka sameter di luhur taneuh. Komo deui imah-imah nu geus kolot umurna, kolongna bisa nepikeun ka 2 meter. Imah tradisional masarakat Sunda nu bentukna panggung mibogaan arti lamun imah teh ulah adeg kanu taneuh. Ieu dilakonan jang ngahurmat ka jelema nu geus tilar dunya. Aya oge bahan wangunan imah tradisional Sunda teh leuwih loba ngagunakeun bahan ti alam siga kai, awi, injuk, jeung pelepah daun kalapa. Faktor adat istiadat oge mangaruhan tatanan ruang imah etnik Sunda.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "4633", "text": "Air Conditioner atawa AC téh bisa niiskeun jeung niiskeun kamar leuwih gancang batan kipas. Ngan antosan sababaraha menit, kamar saméméhna panas bakal tiis langsung. Ngagunakeun AC pikeun niiskeun kamar ogé bisa mantuan ngajaga anjeun tina dehidrasi. Dehidrasi sorangan bisa disababkeun ku panas kaleuleuwihan, mangka nalika anjeun ngesang, cairan dina awak bakal ngurangan. Kalayan ngagunakeun AC ieu anjeun tiasa ngirangan résiko dehidrasi. AC anu hiji ieu ogé gaduh kamampuan pikeun nyaring baktéri sareng polusi di rohangan. Kamampuhan ieu bakal ningkatkeun kualitas hawa di rohangan anu tiasa nyepetkeun sareng nyegah gangguan pernapasan. Ruangan anu amke AC kualitas udara alus bakal ngaleutikan paparan anjeun ka alergi jeung asma. Pikeun kéngingkeun kualitas udara anu saé, AC kedah dibersihkeun sacara teratur.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "6113", "text": "Salah sahiji ide jualan di imah nu seueur diminati teh nyaeta jualan bakso aci. Bakso aci na teh bisa di tuang langsung atawa nu dina kemasan instan. Bakso acina dibere mangrupa-rupa topping jeung eusianna. Aya nu eusianna daging, endog, tetelan, jeung aya oge nu eusina make cabe. Mun topping pendamping na mah make pilus cikur, jeruk lemo, bumbu tabur jeung sambel, siomay garing, jeung bakso aci gede oge bakso aci nu leutikna. Mun dijual kemasan mah sok make standing pouch, biasana di ical ti harga sapuluh rebu dugi ka lima belas rebu. Kadang aya oge nu make bawang daun jeung saledri.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "928", "text": "Laptop salah sahiji benda anu dibutuhkeun pisan pas keur kuliah, lantaran pas kuliah loba pisan tugas nu kudu direngsekeun ku ngagunakeun laptop, lain tugas kuliah hungkul kaasup tugas akhir atawa nu sok disebut skripsi. Mun keur kuliah mindeng presentasi pastina kudu ngabutuhkeun laptop, jadi mun boga laptop teu kudu bingung deui mun rek presentasi, teu kudu unjam injeum. Digunakeun jang neundeun data tugas oge salah sahiji fungsina, tugas-tugas ieu penting pisan sabab aya kamungkinan bakal balik deui tugas eta teh. Laptop oge bisa jadi media neangan duit tambahan, soalna bisa jadi desain grafis, nulis artikel, jadi blogger, atawa bisa oge muka jasa ngetik.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5476", "text": "Saha nu teu wawuhka alat musik suling. Hampir sadaya masyarakat wawuh kana ieu alat musik nu asalna ti Jawa Barat. Suling teh mangrupa alat musik nu dipaenkeunna ku cara di tiup. Dijieunna teh tina awi nu luhurna dibolongan. Jumlah liangna teh diadaptasi atawa disasuaikeun jeung notasi nada. Liang suling aya genep, masing-masing tilu dina sarungkun. Tuluy aya ogeliang leutik di luhurna paranti niup suling. Suling dipaenkeun ku dua tangan nu masing-masing ngatur nada lewat nutupan liang-liangna. Tuluy cara niupna oge teu sembarangan, kudu ngarti iraha niup panjang jeung niup pendekna. Suling teh ayeuna mah tos aya nu lain tina awi deui dijieunna teh, tapi tina logam jeung perak.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "2287", "text": "Poé Nyepi bisa dihartikeun minangka poé nyucikeun diri manusa jeung alam. Poé Nyepi nyaéta perayaan taun Saka anyar dina kalénder Saka anu dipaké ku umat Hindu minangka acuan pananggalan. Ngaliwatan Nyepi, umat Hindu, hususna urang Bali, ngayakeun runtuyan upacara adat. Nyepi ogé mangrupa sarat pikeun umat Hindu pikeun ngabagéakeun Taun Anyar Saka. Salila Nyepi, umat Hindu di Bali nyoba nahan kahayang maranéhna pikeun henteu kaluar imah, gawe, ngahurungkeun hawu, atawa nyebutkeun kalimah tangtu. Ieu kontrol diri dilaksanakeun ku Catur Brata Penyepian. Ku cara éta, urang Hindu tiasa solemn nalika meunteun diri, tapa, sareng shamadi dina tiiseun. Tahap-tahap ngalaksanakeun Poé Nyepi tangtuna miboga harti sorangan. Dimimitian tina upacara Melasti, Mecaru, Pengupukan, Nyepi dugi ka Ngembak Geni, ieu upacara dilaksanakeun kalayan ritual anu unik. Upacara kahiji anu kudu dilaksanakeun nyaéta upacara Melasti. Upacara Melasti dilaksanakeun saméméh poé Nyepi. Sagala parabot solat atawa pretima di Bait Allah dimurnikeun di laut atawa walungan. Pikeun umat Hindu, laut dipercaya minangka sumber Tirtha Amertha. Melasti atawa melasti hartina nyeuseuh kokotor alam ku cai kahirupan.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "5008", "text": "Lauk teri nyaeta salah sahiji lauk laut nu biasa dipendakan di pasar. Lauk teri bentukna laleutik pisan jiga burayak. Loba pisan kandungan gizi dina lauk teri nu sae jang kasehatan. Contona kandungan vitamin A nu sae jang kasehatan mata. Kandungan natrium na lauk teri sae pisan kangge ngontrol tekanan jeung volume darah dina awak urang. Kandungan asam lemak omega tiga na sae jang ngajaga kasehatan jantung jeung nyegah peradangan. Lauk teri teh rasa na oge meuni enak pisan mun dipasak teh. Tibatan lauk darat, lauk teri teh najan leutik ngandung gizi nu loba. Salian kitu, rasa na oge teu kudu dibumbuan aneh-aneh, cukup ku digpreng ge tos enak.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "581", "text": "Tokoh adat nyaeta jelema nu mibogaan jabatan adat dina hiji tatanan masarakat adat si hiji wilayah. Aya sababaraha jenis tokoh adat nu dipikawanoh dina kahirupan masarakat nyaeta kepala suku, kepala adat, aktivis budaya jeung tradisi, juru kunci, jeung seniman budaya tradisional. Tokoh adat biasana mingpin hiji upacara adat , mertahankeun cara hirup sacara adat, ngajelaskeun makna jeung filosofi ti hiji adat kaumna. Ngangkat tokoh adat biasana dumasar kana turun temurun atawa dumasar ti hiji kasapukan musawarah adat. Tokoh adat oge bisa nu asalna ti jelema luat ti masarakat adat eta, jeung biasana geus ngalakukeun hiji sumbangsih dina masarakat eta. Mun asalna ti luar, biasana tetep kudu ngaliwatan hiji upacara adat jeung ngajalankeun prilaku adat pas aya di tengah masarakat adat nu ngangkatna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "1612", "text": "Cara melak tangkal ngagunakeun metode hidroponik, metode ieu ngan ngabutuhkeun botol urut, sumbu, jeung sekam jang prosesna. Mimiti, bagi botol jadi dua bagian jeung bolongan bagian beuheung jang masang sumbu oge sirkulasi udara. Balikeun bagian botol nu geus dibolongan jeung asupkeun sumbu nu tadi ka jero bolong nu geus dijieun tuluy asupkeun bagian luhur botol nu geus mibogaan sumbu ka bagian handap. Bagian luhur botol nu geus dibere sumbu eta dieusian ku sekam atawa pecahan bata jang penopang akar tangkal nu rek dipelak. Asupkeun bibit tangkal nu geus disemai tuluy sebor ku larutan nutrisi nu dijieun tina campuran cai unsur hara.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "3558", "text": "Samentara éta, tatangga-tatanggana disangka kulawarga kami sarta nanya naha WC imah urang rusak. Jalma-jalma nu nyéwa hareupeun imah urang curiga ka kulawarga urang. Tungtungna, bapa kuring ngalacak kajadian ieu nyalira. Geus 2 poe bapa kuring teu sholat subuh di masjid, manehna nungguan di kebon, di sela-sela pepelakan sangkan bisa nyaho saha nu ngalalakonna, sabab numutkeun pak keresek sok kaciri saparantos mulih ti masjid. Tungtungna anjeun terang saha éta. Bu, tukang jamu nu imahna di RT nu beda. Isukna, samemeh indit ka masjid, bapa kuring mawa kantong plastik tuluy dialungkeun ka imah tukang jamu jeung pinuh ku drama bajingan teh lain kajadian deui di daerah urang, tapi di RT sejen.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4119", "text": "Basa poe minggu kamari urang datang ka pangajian jeung ngadengekeun khotbah atawa ceramah anu ngabahas bates bates aurat komo keur nu awewe. Aurat awewe nyaeta sakabehna alain telapat tangan jeung wajah. Sakaeh umat muslimah wajib hukumna keur nutup aurat lamun henteu matak dosa. Dosa na ge teu saeutik dosa gede pisan, nepika aya nu ngebutkeun penghuni neraka panglobana nyaeta tina awewe anu make baju tapi telanjang. Islam teh ngamulyakeun pisan kaum hawa atawa awewe, matakna awewe kudu terjaga di tutupan di lindungan Cara ngahargaan diri sorangan di agama islam nya kitu, kudud tertutup soalna lamun batur bakal leuwih segen leuwih ngahormatan nya pikeun jaga diri oge, kusabab awewe teh mahal jeung berharga pisan. Teu bisa sambarang lalaki atawa jelema nu bisa ningali. ", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "6745", "text": "Kamojang Green Hotel anu baheula janten kabanggaan warga Garut tos teu kaurus saatos aya covid 19. Padahal hotel ieu janten salah sahiji tempat anu nyadiakeun seeur fasilitas anu lengkep sareng pamandangan anu teu aya di tempat anu sanes. Hotel di dieu diwangun di luhur situ, tapi ayeuna mung janten tempat mancing warga hungkul. Baheula seeur bule, jeung artis anu datang mondok di dieu. Ariel Noah jeung Anji oge pernah datang ka dieu. Tapi ayeuna hotel ieu tos kaurus, seeur jukut jeung tutumbuhan liar anu tumbuh, restoran anu baheula rame ohe ayeuna tos teu dipake deui, korsi-korsi teu kaurus seeur lebu jeung lumut.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "9470", "text": "Lamun ditanya liburan ka mana anu jadi pangalaman anu terus diinget ku Tasya, manehna nyebutkeun yen liburan ka Taman Safari jadi salah sahiji pangalaman anu nyugemakeun. Tasya nyarita, basa liburan ka Taman Safari manehna jadi boga pangalaman langsung jeung rupa-rupa sato. Beda jeung lamun manehna nganjang ka kebon binatang, manehna ningali sato di luar kandang. Di Taman Safari, manehna bisa panggih jeung rupa-rupa sato terus bisa interaksi langsung jeung sato. Eta jadi pangalaman anyar keur Tasya. Manehna ngarasa bungah liburan ka Taman Safari. Salian ti pangalaman interaksi jeung sato, manehna jadi leuwih ngarti yen sato sarua jeung jelema, kudu dipikanyaah jeung diperhatikeun kasejahteraanna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4091", "text": "Abdurrahman Wahid anu akrab di sebut Gus Dur ngajabat Présidén RI ka-4 ti 20 Oktober 1999 nepi ka 24 Juli 2001. Anjeunna di lahirkeun dina 4 Agustus 1940 di Désa Denanyar, Jombang, Jawa Wétan. Gus Dur nyaéta putra kahiji ti genep sadulur. Bapana nyaéta pangadeg organisasi badag Nahdlatul Ulama, anu disebut KH. Wahid Hasyim. Sedengkeun indungna namina Hj. Sholehah nyaéta putri pangadeg Pesantren Denanyar Jombang. Ti leuleutik Gus Dur resep maca jeung rajin ngamanfaatkeun perpustakaan pribadi bapana. Taun 1974 Gus Dur di titah ku amangna, K.H. Yusuf Hasyim pikeun mantuan di Pesantren Tebu Ireng Jombang ku jadi sekretaris. Ti dieu, Gus Dur mimiti mindeng meunang undangan pikeun jadi narasumber dina sababaraha forum diskusi agama jeung pasantren, boh di jero atawa di luar nagri.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "5881", "text": "Sabagai anak kost, biasana sagala hal teh hayang simpel jeung teu riweuh, mantakna seueur nu milih barang elektronik supaya ngahemat. Tah ieu daftar barang elektronik anu kudu dipikaboga ku anak kost. Nu kahiji nyaeta mejikom, kagunaanna jang masak sangu supaya bisa ngahemat pengeluaran makan. Nu kadua nyaeta setrikaan, kagunaanna supaya baju teu kusut mun rek dipake. Nu katilu nyaeta kompor listrik, jang masak sapopoe supaya leuwih irit. Nu kaopat nyaeta teko listrik, jang nyadiaan cai panas mun rek ninyuh nanaon. Nu kalima nyaeta lampu emergency, supaya mun mati lampu teh aya keneh caang tina lampu emergency, jadi bisa nyaangan sakamareun supaya teu keueung.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9315", "text": "Anu karasa ku kuring salaku istri, saanggeus nikah kuring jadi leuwih sering meakkeun waktu di bumi, utamana mah di dapur. Saanggeus nikah kuring jadi leuwih sering masak jang salaki jeung barudak di bumi. Saanggeus nikah kagiatan masak teh jadi kagiatan anu pikaresepeun pisan, komo deui lamun salaki jeung barudak kuring resep kana tuangeun anu disiapkeun ku kuring, atawa lamun kuring jeung salaki kuring leuwih sering meakkeun waktu di dapur jang masak bareng. Teras, dibanding meakkeun waktu di kantor, kuring leuwih resep meakkeun waktu liburan duaan jeung salaki kuring, atawa babarengan jeung barudak oge. Bakal karasa leuwih bungah lamun ningali kulawarga seuserian sarta meakkeun waktu jeung kulawarga. \n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "976", "text": "Cara nyieun robot nu babari tina sikat gigi, mimiti pariksa heula motorna, mun motor nu geus dipiboga mibogaan kabel, pasang kabel dina tempatna. Biasana bentukna 2 plat logam leutik. Mun motor geus mibogaan kabel, tempelkeun motor disikat ku blutack. Ulah poho jang ngaposisikeun kabelna nepikeun kaluar. Geus kitu tempelkeun batre kana sikat ku make blutack. Atur ngameh kabel bisa nepi dua kutub tina batre. Mun geus ditempelkeun batre kana sikat, tuluy kudu dipastikeun kabel-kabel anu tadi nyambung kana kutub anu bener. Motor jeung sikat bakal ngageter. Teundeun robot dina lantar atawa meja, robot geus bisa dimaenkeun. Bisa oge ngatur ngameh robot bisa gerak siga naon nu dipikahayang.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "1973", "text": "hotél bersejarah masihan sensasi sorangan ti desain interior ka flashbacks sajarah. Propinsi Jawa Barat mangrupa salasahiji propinsi anu mindeng jadi tujuan wisata hususna pikeun warga DKI Jakarta. Iklim anu tiis sareng lahan pagunungan mangrupikeun pesona khusus anu narik seueur jalma pikeun ngawangun properti di daérah ieu salaku tempat wisata sareng liburan. Trend ieu geus lila katempo tina loba wangunan heubeul jeung bersejarah di Bandung, Bogor jeung sabudeureunana. Daya pikat wangunan sarta sajarah anu aya di jerona méré ajén tambihan kana fungsi wangunan, diantarana salaku hotél, salah sahiji hotél Savoy Homann di Bandung, anu diadegkeun taun 1871, kalayan ngaran mimitina Hotel Homann sanggeus boga, Homman nu mangrupakeun warga Jerman. Dina waktos éta, hotél ieu dijieunna tina awi saméméh lajeng taun 1880 wangunan hotél ieu diwangun deui kalawan tembok bata. Wangunan anu nyanghareup ka Jalan Asia Afrika diwangun taun 1937 ku arsiték A.F. Albers dina gaya art deco. Saprak taun éta, hotél bersejarah ieu dipikawanoh salaku Savoy Homann Hotel.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "2328", "text": "Abdi Katolik, tapi kusabab kulawarga ageung abdi lolobana Muslim jeung sabagean Kristen Protestan, malah misan indung urang Hindu ngajadikeun béda agama hal normal pikeun kuring. Abdi sakola ti playgroup dugi ka SMP di yayasan Katolik, teras ti SMA abdi ngalih ka nagara. Sanajan kuring sakola agama, babaturan kuring ti playgroup nepi ka SMP mah rada rupa-rupa lamun datang ka agama. Seuseueurna mah tangtu katolik, disusul ku Kristen Protestan, sajumlah leutik umat Islam, sesana malah Budha jeung Hindu. Jadi kuring biasa nyieun babaturan teu paduli agama. Kusabab ieu kuring ogé panasaran ngeunaan tempat ibadah agama séjén. Kuring mimiti asup ka mushala nalika kuring sakola di SMA, anu kabeneran sakola umum. Kesan kuring: karasaeun pisan. Jujur kuring ngarasa di imah sare bari saré ngantosan babaturan kuring solat. Sedengkeun pikeun masjid-masjid, kuring kungsi nganjang ka Masjid Agung Jawa Tengah di Semarang, tetela oge aya rohangan pikeun resepsi pernikahan. Abdi kagum ku arsitektur masjid anu megah. Sedengkeun pikeun garéja Protestan, kuring biasa senang nuturkeun misan kuring anu Kristen Protestan pikeun ibadah di garéja Protestan. Ti dinya kuring diajar yén sababaraha gereja Protestan dina bentuk megachurch sareng jasana béda pisan sareng gereja Katolik.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "5888", "text": "Di zaman nu serba canggih ieu, pagawean manusa teh loba nu digantikeun ku tanaga robot. Salah sahiji contona nyaeta dina aspek industri. Mun baheula mah buruh pabrik teh dibutuhkeun pisan jang produksi barang dugi ka skala besar. Ayeuna mah tos kagantian ku mesin robot canggih nu dianggap leuwih efisien dina proses produksi. Ku kituna, perkembangan teknologi robotic teh jadi nyieun dua sisi nu kontrastif. Nu kahiji nyaeta dianggap sebagai kamajuan dina teknologi jeung penghematan pengeliaran skala besar, oge ningkatkeun efektivitas dina sagala aspek. Ngan, sisi negatif na nyaeta seueurna tanaga manusa nu teu kaangge, jadi nimbulkeun seueur pangangguran sabab tos kagantikeun tanagana ku robot.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "3056", "text": "Mimiti perjalanan bisnis kuring nalika kuring masih di SMA. Ti mimiti ngajual jilbab, ngajual baju awéwé, kaos kaki, nepi ka ngajual lipstik Arob, nu harita bener-bener hitut. Teu gampang ngajual sareng sistem sapertos kieu. Mun modalna minimal mah stok barang tapi teu loba (sabab sakola keneh). Tapi lamun boga modal minimal jeung ulah kaleuwihan stock, Kuring nerapkeun sistem PO. Nepi ka paguron luhur, lantaran bosen ngan saukur ngerjakeun tugas akhir nu matak nyeri sirah, ahirna kuring miluan kompetisi usaha wirausaha nu diayakeun ku Pemkot kuring keur senang-senang. Tadina mah kuring bingung usaha naon sangkan bisa lolos jadi juara, sabab mun lulus mah bisa meunang dana jeung duitna sae pisan pikeun modal usaha. Ieu cara kuring meunang modal usaha tapi teu nginjeum duit ti kolot kuring hususna. Singkat carita, ahirna kuring jeung tim ngajukeun rarancang usaha ngeunaan Usaha Ekspor Briket anu tetela geus lulus kira-kira 22 juta dana. Alhamdulillah, modal anu dicabut robah jadi duit", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "4642", "text": "Robot nyaéta sakumpulan alat mékanik anu tiasa ngalaksanakeun tugas fisik, boh kalayan pangawasan sareng kontrol manusa, atanapi nganggo program anu tos ditangtukeun (intelijen buatan). Istilah robot asalna tina basa Ceko \"robota\" anu hartina pagawe atawa kuli anu teu cape atawa bosen. Robot biasana dianggo pikeun tugas beurat, bahaya, repetitive sareng padamelan kotor. Biasana lolobana robot industri dipaké dina manufaktur. Pamakéan robot anu sanés kalebet ngabersihkeun runtah beracun, eksplorasi jero cai sareng ruang angkasa, pertambangan, milarian sareng nyalametkeun, sareng pikeun milarian tambang. Anyar-anyar ieu, robot parantos mimiti asup ka pasar konsumen dina séktor hiburan, sareng pembantu rumah tangga, sapertos pembersih vakum sareng mesin pemotong rumput. Ayeuna, ampir teu aya anu kenal sareng robot, tapi hartosna robot henteu sami-sami kahartos ku sadayana. Sababaraha ngabayangkeun yén robot mangrupakeun mesin humanoid (humanoid), kumaha oge, humanoid teu hijina tipe robot.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9379", "text": "Angkutan umum lainna nyaeta Beus. Cara naek kana Beus, sateuacanna urang kudu nungguan heula Beusna datang, biasana nungguanna sok dina halteu nu geus disadiaan ku pamarentah. Bedana Beus jeung angkot aya dina jumlah panumpangna, lamun nungguan Beus urang bakal mendakan loba jalma anu nungguan Beus oge. Lamun ti kajauhan geus katingali Beusna, urang buru-buru ngumpul dina lawang panto halteu, tuluy asup hiji-hiji. Beus di tempat urang mah korsina teu loba, jadi lamun teu kabagian korsi, urang kudu nangtung bari nyekelan cecepengan di luhur. Engke bari jalan sok aya kenek anu nagihan ongkosna, lamun naek Beus mah mayarna erek jauh erek dekeut mayarnya kur opat rebu.\r\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "9310", "text": "Unggal manusa diciptakeun pasti aya leuwih jeung kurangna. Kitu oge urang jeung pasangan urang, lain malaikat anu sempuran, anu eweuh kurangna. Pasangan hirup urang oge pasti boga leuwih jeung kurangna. Lamun kana kaleuwihan urang pasti bakal bangga, tapi kumaha lamun kana kurangna? Bisa henteu urang narima kakurangan anu aya dina pasangan urang? Bisa henteu urang ngartikeun kakuranganna? Nalika pasangan hirup urang boga kakurangan, justru di dinya peran urang ngalengkepan eta kakurangan. Emang teu bisa langsung, urang kudu diajar laun-laun ngartikeun kakurangan manehna, kiru oge sabalikna. Urang oge ulah kalah nungtut manehna sangkan jadi jalma anu siga kahoyong urang. Unggal jalma oge pasti sok hayang wae dimaklumi ku batur, kitu oge jeung pasangan urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5788", "text": "Mun olahraga teh sagalana kudu disiapkeun sing bener, pakean, mental, kasiapan awak, jeung sajabana nu nyangkut olahraga. Ulah nepi ka ngalaman hal nu teu dipikahayang. Nu jadi ngimpi buruk bagi saorang olahragawan nyaeta cedera dina anggota tubuh nu vital. Misalna cedera leungeun di pemaen tenis meja, cedera kaki di pemaen sepak bola, jeung sajabana. Tah hal ieu teh kudu pisan diminimalisir ku cara nyiapkeun sagala hal na samemeh ngalaksanakeun olahraga. Perhatikeun oge unsur kaselamatan, ulah nepi ka teledor komo teu ngagugu kana arahan prosedur na mah sabab akibatna ge bakal fatal. Minimalisir kacilakaan dina olahraga ku cara nyegah ti samemehna.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8898", "text": "Robot anu aya kiwari loba mangpaatna pikeun kahirupan manusa, sabab tujuan dijieunna robot nyaéta pikeun ngagampangkeun pagawéan manusa. Aya ogé rupa-rupa jenis robot, ti mimiti robot pikeun kaperluan industri, boh industri pangan boh industri mesin, robot pikeun kaperluan panalungtikan, robot pikeun mantuan pagawéan sapopoé, robot bebersih, robot sato, robot jelema, jeung réa-réa deui. Tapi fungsi robot nyaéta pikeun mantuan karya manusa, teu ngaganti fungsi manusana. Ku kituna urang ogé kudu wijaksana dina ngaréspon kana pamakéan robot dina kahirupan urang, ulah aya robot sabenerna bakal ngajadikeun manusa males pikeun gerak, sabenerna bakal ngabalukarkeun masalah dina kahirupan manusa di mangsa nu bakal datang.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4958", "text": "Tinu sakitu rea na rupi-rupi inuman, angger ngan susu nu janten inuman karesep simkuring. Susu na ge teu nu mangrasa-rasa, tapi leuwih ka susu nu tawar atawa susu murni. Kandungan gizi dina susu kacida seueur mangpaatna kangge raga arurang. Protein jeung kalsium nu jadi primadona dina takeran gizi si ieu susu teh. Lian ti eta oge aya sababaraha vitamin jeung mineral jiga fosfor, lemak, laktosa, jeung sajabana. Pokok na susu cocok pisan janten inuman wajib unggal poe jang nyukupan kakurangan gizi dina raga arurang. Nu mantak ngajadikeun susu inuman paporit abdi nyaeta sabab seueur pisan kandungan protein mangrupa kasein nu dipercaya bisa nganetralkeun rasa lada. Kasein dina susu bisa mecah zat capsaicin nu mantak lada na cabe. Ku kituna, ieu susu teh jadi inuman nu tara tinggaleun unggal poe.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "142", "text": "Kereta api transportasi nu nyaman digunakeun, salain teu kajebak macet, bisa oge ningali pemandangan ti sapanjang perjalanan, awan nu biru, sawah jeung tatangkalan nu harejo. Kereta api oge aya kelasna, kelas ieu nangtukeun harga jeung kanyamanan. Contona kelas eksekutif, tempat diukna anu empuk, geus saempuk korsi pesawat. Tuluy jarak tempat diuk jeung nu tukang nu hareup teh rada anggang, karasa lalega jadi bisa ngatur posisi korsi. Jeung deuih eksekutif mah teu kudu diuk pahareup-hareup kawas kelas ekonomi, tuluy titincakanna oge otomatis jadi lamun teu digunakeun nilep sorangan, jadina nyieun nyaman komo deui lamun perjalanan jauh mah moal karasa cape. Di sisi korsi aya oge meja nu bisa dibuka, bisa dipake jang laptopan atawa tempat dahar. Aya AC oge nu lumayan tiis, toiletna beresih tapi kadang sok bau cai ompol.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "185", "text": "Film Pengabdi Setan salah sahiji film horor nu paling diminati, lain ngan saukur di Indonesia wae tapi di luar negeri ge diminati. Film horor emang paling laris di Indonesia mah, sabab Indonesia deukeut jeung hal-hal nu berbau mistis. Ternasuk sejarah kenegaraan Indonesia. Perjuangan ngalawan Belanda eta diwarnai mistis nu turun temurun nepi ka poe ieu. Jadi geus teu aneh lamun film horor di Indonesia laku. Beda jeung negara lain, nu jaman baheulana deukeut jeung inovasi, penemuan, peperangan. Tapi film Pengabdi Setan hebat bisa nembus pasar Internasional, nepika ditayangkeun di 42 negara. Salaku orang Indonesia pastina reueus film lokal bisa mendunia.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "504", "text": "Acara Adat Nadran di Indramayu-Cirebon anu biasa dipikawanoh ku pesta laut nu diayakeun ku nelayan. Nadran biasana loba dilakukeun ku pamayang di Kabupaten Indramayu jeung Cirebon. Nadran sorangan mangrupakeun bentuk ungkapan rasa sukur sabab hasil panen nu dimeunangkeun ku tujuan menta perlindungan di laut leupas. Upacara ieu dilakukeun tiap bulan Suro sabab dianggap aya pakuat-kaitna jeung musibah banjir nu dialaman ku Nabi Nuh AS. Ngan sairing jalanna waktu, Nadran dilakukeun pas keur musim di mana pamayang meunangkeun tangkapan nu loba. Acara Nadran ieu dana nu digunakeun asalna tina udunan pamayang. Dana ieu digunakeun jang ngahias desa, ngayakeun pintonan, nyieun kapalan jeung meuli sasajen.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "72", "text": "Pas keur masak, biasana urang ngan ngagunakeun hiji peso jang motong sagala rupa-rupa bahan mulai ti daging, sayuran, nepika bumbu masak. Padahal, teu kabeh bahan dahareun cocok diolah ku ngagunakeun hiji jenis peso nu sarua. Aya peso daging, peso roti, nepika peso jang nyieun hiasan buah jeung sayuran. Bentuk jeung ukuranna oge beda-beda, contona: Chef's knife, ukuranna sedeng panjangna sakitar 20 nepi 30cm. Paring knife, peso na ukuran leutik jeung panjangna 10 nepi 17 cm hungkul. Bread knife, peso na ukuranna panjang jeung bagian handapna bergerigi tapi teu terlalu seukeut. Cleaver, bentuk peso na persegi panjang. Boning knife, bentukna leutik jeung ipis, ciri khasna bentukna bengkok jeung runcing di bagian tungtungna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "3555", "text": "Kuring boga loba metot (rada aneh) pangalaman ngeunaan hirup hareup panto, Abdi bogoh babagi sababaraha carita. Kusabab kuring leutik pisan, dimana urang cicing, sering aya gosip ngeunaan ayana babi ketan, sadayana parantos terang saha éta babi ketang. Carita dimimitian nalika jalma-jalma anu patroli ampir-ampiran nangkep babi anu nyusu, tapi teras leungit saatos pencét suku babi. Isukna salah saurang warga ngadadak leuleus dina sukuna padahal tadina geus cageur jeung séhat. Éta mah ngan ukur bukti, sababaraha kali jalma nempo jeung diburu nepi ka tatu babi nyusuan, engke warga anu disangka babi nyusuan ngalaman tatu anu sarua. aneh sih tapi eta kajadian di tatangga kuring.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "6678", "text": "Di kalangan selebgram ayeuna nuju populer ketring dahareun anu gaduh konsep sehat jeung nyadiakeun menu jang nu bade diet, namina Yellow Fit Kitchen. Sadaya menu anu disadiakeun di ketring ieu teu asal-asalan, sadayana tos aya panilaian na ti ahli giji nu apal ngenaan kandungan-kandungan nu aya di dahareun anu dibutuhkeun ku awak urang supados sesuai kabutuhan.Ahli giji oge biasana gawe di rumah sakit kanggo mantau resep dahareun anu dipasihkeun ka pasien anu nuju gering. Matak tong heran lamun dahareun di rumah sakit mah rasana hambar, sabab nu diutamakeun na sanes rasa, tapi kandungan gizi na ngarah si pasien eh geura cageur.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "417", "text": "Peran tokoh agama penting pisan dina karukunan umat beragama. Aya hal-hal nu bisa nyieun umat beragama teh rukun, lamun tokoh agama Islam, usahakeun nu kahiji ceramah kaagamaanna ulah nu ngandung SARA, ulah ngahina atawa moyokan kayakinan agama nu sejen, sabab ieu bakal nu ngajadikeun ruwet jeung henteu adem antar umat beragama. Nu kadua leuwih alus mun eusi ceramahna nu bisa ngaronjatkeun duduluran antar umat beragama, contona siga di daerah sejen, mun keur ngayakeun poe gede umat Islam nyaeta Idul Fitri, pihak non-muslim ngahaturkeun bisi rek parkir dihareupeun gerejana, sabalikna oge kitu pas aya acara-acara gede non-muslim, ngahaturkeun bisa parkir dihareupeun masigit.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "8879", "text": "Bapa abdi gaduh kaméra karesep titinggal akina. Kaméra bapa geus kolot pisan. Beda sareng kaméra anu aya ayeuna, kaméra bapa warnana abu lampu, tur éta awakna teu bagad-badag teuing. Alat pikeun ngecasna ogé béda sareng kaméra ayeuna, alat ngecas kamera bapa mah langkung ageung tibatan biasana. Sanajan geus heubeul, kaméra bapa masih jalan jeung masih bisa dipaké. Mangkaning jaman kiwari mah kaméra bapa mah leuwih sering disimpen dina lomari, sabab bapa abdi geus boga HP keur ngafoto. Bapa ngan ukur ngabersihan sareng pariksa unggal minggu, teras disimpen deui dina lomari. Ayeuna bapa ngan ukur tiasa nyimpen kenangan salami anjeunna gaduh kaméra éta baheula.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2246", "text": "Munculna Tarekat Sammaniyah téh asalna tina kagiatan tokoh pendirina, nyaéta Syekh Muhammad bin Abdul Karim as-Sammani al-Hasani ai-Madani al-Qadiri al-Quraishi. Anjeunna faqih, ahli hadits, sareng ahli sajarah di jamanna. Dilahirkeun di Kota Madinah taun 1132 Hijriyah atawa pas taun 1718 Masehi. Kulawargana asalna ti suku Quraisy. Mimitina, anjeunna diajar Tarekat Khalwatiyyah di Damaskus. Saeutik demi saeutik, manéhna mimitian muka bacaan anu eusina téknik dzikir, wirid, jeung ajaran tasawuf séjénna. Manéhna nyieun cara pikeun ngadeukeutkeun dirina ka Allah SWT. nu ahirna katelah Tarekat Sammaniyah. Ku kituna, aya nu nyebutkeun yén Tarekat Sammaniyah téh mangrupa cabang ti Khalwatiyyah. Pikeun meunangkeun pangaweruh, manéhna daék méakkeun hirupna dina sagala rupa lalampahan. Sababaraha nagara anu didatangan ku anjeunna pikeun meunangkeun pangaweruh diantarana Iran, Syam, Hijaz, sareng Transoxiana (wilayah Asia Tengah ayeuna). Di antara karya-karya tinulisna nyaéta; Mujamu al-Masyayikh, Tazyil at-Baghdad Dates, jeung Marv Dates. Kamulyaan Syekh Muhammad Samman katelah tokoh tarekat anu loba karamah. Boh tina kitab Manaqib Syaikh al-Waliy asy-Syahir Muhammad Samman boh Hikayat Syekh Muhammad Samman, duanana nembongkeun sosok Syekh Samman. Sapertos guru-guru agung tasawuf, Syekh Muhammad Samman kaceluk ku katakwaan, zuhud, sareng kasakralanana. Kitu cenah, manéhna ngabogaan karamah anu kacida rongkahna.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4602", "text": "Radio nyaéta téknologi anu dipaké pikeun ngirimkeun sinyal ku cara modulasi jeung radiasi éléktromagnétik (gelombang éléktromagnétik). Gelombang ieu ngaliwat, sarta ngarambat ngaliwatan udara, sarta ogé bisa ngarambat ngaliwatan rohangan kosong, sabab gelombang ieu teu merlukeun medium pamawa (kayaning molekul udara). Ayeuna, radio tiasa didengekeun dimana wae bisa liwat smartphone jeung radio di mobil mobil, Radio mimitina dipaké pikeun tujuan maritim pikeun ngirim pesen telegrafik maké kode Morse antara kapal jeung panarima di darat. Salah sahiji anu mimiti ngadopsi téknologi ieu nyaéta Angkatan Laut Jepang, anu nénjo armada Rusia nalika Patempuran Tsushima di 1901. Salah sahiji kagunaan téknologi ieu anu paling diinget nyaéta dina komunikasi antara operator dina kapal RMS Titanic jeung kapal deukeut dieu, jeung komunikasi ka stasiun nu di darat.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2744", "text": "Genre strategi real-time sakumaha anu urang terang ayeuna henteu dilahirkeun ujug-ujug, subgenre ieu lahir lalaunan, tina genre strategi. Kaulinan pangheubeulna nu bisa dikategorikeun salaku RTS nyaeta Herzog Zwei (1989). Sanajan kaulinan ieu leuwih kawas subgenre MOBA sabab tujuan kaulinan dihontal ngaliwatan karakter pahlawan tunggal, kaulinan ieu boga sistem midangkeun nu ngancurkeun markas musuh ngagunakeun sababaraha unit atawa pasukan kawas genre RTS modern. Midangkeun ogé dimaénkeun sacara real waktos tanpa kedah giliran ngantosan gerakan musuh. Di sagigireun RTS, loba kaulinan séjén ngagunakeun sistem strategi dumasar giliran, dimana anjeun kudu ngadagoan giliran anjeun maén. Salah sahiji elemen penting anu dicandak ku kaulinan ieu nyaéta konsép ngagunakeun mouse pikeun milih, mindahkeun unit, sareng ogé ngumpulkeun sumber. Konsep midangkeun anu ngagabungkeun akurasi kontrol tina alat mouse sareng seueur pilihan tombol dina keyboard nyiptakeun aspék pajeulitna sareng akurasi anu penting pisan pikeun RTS modern. ngajadikeun RTS Yen salaku Game nu kacida kompleks jeung kudu sabar", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7083", "text": "Manusa kedah nurut ka para sepuh jeung kedah nyaah ka anu langkung ngora. Urang teu kenging ngalakukeun hal anu sangeunahna ka batur, komo ka kolot. Rek sakumaha ngewana urang ka hiji jalmi, tapi lamun manehna leuwih kolot mah urang kedah nurut jeung bageur ka manehna. Tapi lamun manehna nitah urang kana kalakuan anu awon, kalakuan anu ngalanggar parentah ti Alloh, maka urang kedah tiasa nolak ku cara anu halus jeung teu nyieun anjeunna nyeri hate. Urang oge kedah tetep bageur ka anjeunna sanajan urang teu satuju jeung polah tingkahna. Sami oge ka anu leuwih ngora, ulah abong-abong urang leuwih kolot urang tiasa sangeunahna ngalakukeun anu sakahayang urang ka nu leuwih ngora.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "943", "text": "Mesin cuci aya nu bisa nempel dina tembok? Ieu kadengena aneh tapi ayeuna mah aya mesin cuci nu bisa nempel kana tembok. Mesin cuci ieu nempel dina tembok geus kawas AC, ngaranna teh Mini Drum. Tangtuna ukuran mesin cuci mini drum ieu teu siga lolobana mesin nu sejenna nu ukuranna gede. Mini Drum ieu diciptakeun nu kapasitasna teh tilu kilo. Lila waktu nyeuseuhna teh nyaeta sakitar 29 menit jang proses nyeuseuh di mini drum ieu. Mesin cuci ieu aya dua warna, nyaeta warna kayas jeung biru langit. Mini Drum ieu bisa ngurangan pamakean cai saloba 80 persen. Ukuranna anu leutik jeung bisa ditempel jadi hiji pilihan lamun imahna leutik ngarah teu heurin.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4547", "text": "Urang paling ngarasakeun dampak olahraga keur kasehatan teh dina awak anu teu babari capek, stamina anu stabil padahal urang ngan saukur olah raga senam di kamar anu sempit eta ge sakeudeung paling ngan tilu puluh menit sapoe. Olahraga bisa di pigawe iraha wae, lamun isuk keur sibuk urang bisa olahraga na sore teu kudu anu berat oge bisa jogging nguriringan lembur atawa maen skipping kumaha wae nu penting kaluar kesangna. Lamun urang ges kaluar kesang artina urang ges ngabakar lemak anu di dahar jadi tanaga jadi na urang teu babari gendut. Rajin olahraga oge ngajadikeun hirup leuwih saimbang kusabab bisa ngajieun sare leuwih tibra.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5000", "text": "Cara ngadamel sate buah teh gampil pisan. Kur butuh bungbuahan jeung tusuk sate. Bungbuahan na bisa melon, apel, anggur, pir, cau, atawa buah naon wae. Mimiti keureutan bungbuahan nana, tuluy tusukan ku tusuk sate. Satusuk na eusian ku lima keureut bungbuahan. Tuluy urang nyieun saos cokelatna. Cokelat batangan dikeureutan leutik tuluy diasupkeun kana wadah beling, tambahan minyak sasendok tuluy diojaykeun na cai ngagolak supaya cair. Tah mun cokelat na geus cair, tungguan heula titah rada tiis. Mun tos tiis, anclomkeun eta sate bunguahan kana saos cokelat. Tos kitu simpen sate na wadah tuluy asupkeun kana kulkas. Upami atos tiis, kaluarkeun tina kulkas. Sate bungbuahan siap disayogikeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "8813", "text": "Unggal Minggu isuk-isuk Jaja sok ngurilingan komplekna make sapedahna, biasana 15 nepi ka 20 menit. Sapédah anu dipiboga nyaéta sapédah olahraga anu dipasihkeun ku akina. Saméméh indit, manéhna nyempetkeun waktu nginum susu pikeun ganjel beuteungna, teu poho nyiapkeun botol nginum tuluy diteundeun dina saku sapédahna. Keur ngeunah naék sapédahna, ujug-ujug sapédah Jaja oyag-oyagan, jeung teu ngeunaheun dipaké jalan. Ditilik, tétéla ban sapédahna nincak paku, nyababkeun ban sapédahna bocor, bari da Jaja ogé teu sadar aya paku di wewengkon komplekna. Jaja nyandak sapédahna ka bengkel kanggo ngagentos ban, kabeneran aya tukang gorengan caket bengkel teh. Jadi bari ngadagoan ban sapédah dibenerkeun, Jaja bari sarapan jeung gorengan.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "9047", "text": "Seblak nyaéta kadaharan Sunda anu asalna ti Bandung, Indonésia, anu rasana lada tur nikmat. Seblak didamel tina kurupuk garing anu dimasak sareng sayuran sareng sumber protéin anu sanés sapertos endog, hayam, kadaharan laut, atanapi bahan-bahan sanés anu dipikahoyong ku nu masak, teras dimasak ku bumbu cikur. Seblak kiwari jadi jajanan anu dipikaresep ku rupa-rupa golongan masarakat, hususna di Jawa Barat. Kusabab tren pikeun jajanan tradisional ieu beuki kasohor, seblak henteu ngan ukur disayogikeun sareng topping biasa dina karanjang. Seblak geus mekar jadi kadaharan bungkusan modern anu narik loba perhatian. Kadaharan anu bertekstur kenyal ieu ngagaduhan rasa anu lada sareng nyegerkeun, sareng gaduh sababaraha variasi, boh rasa atawa bahan tambahanna, ogé bungkusan penjualanna. Jenis seblak dibagi jadi dua, nyaéta seblak garing, dina wangun kurupuk lada sarupa basreng. Kadua, aya seblak baseuh, kayaning makaroni, suku hayam, mie baseuh, tulang, bakso, basreng, batagor, aci, kuetiau, pangsit, jajan, kikil, endog, jeung saterusna.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "45", "text": "Minuman soda salah sahiji minuman nu teu dipikaresep ku urang, sabab rasana teu ngeunah jeung beresna teh sok teurab. Ditambah minuman soda teh teu sehat, lantaran ngandung loba gula, hiji kaleng soda bisa ngandung 10 sendok teh gula tambahan. Ieu ge bisa jadi penyebab obesitas. Nginum soda oge bisa nyebabkeun dehidrasi sabab ngandung kadar kafein anu gede. Komo deui lamun nginum soda saberes dahar, leuwih alus lamun nginum cai herang, padahal cai herang penting jang meunangkeun asupan cai poean nu diperlukeun awak. Soda oge bisa ngaruksak huntu, tungtungna huntu bolong jeung nyeri gusi. Ditambah soda euweuh nilai gizi. Euweuh efek sehat tina nginum soda.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7476", "text": "Lamun urang ngomongkeun mobil listrik pasti anu kabayang nyaeta mobil listrik Tesla. Tesla mangrupakeun pausahaan otomotif anu pusatna aya di Palo Alto, California, Amerika Serikat. Pusahaan ieu baheulana namina Tesla Motors, ayeuna robah janten Tesla, Inc. Dealer resmi Tesla mimiti diadegkeun April taun 2008 di Los Angeles, AS. Teras tilu bulan saatosna, dealer kadua dibuka di Menlo Park, California. Teras nyusul dealer di lokasi sejen, kaasup di New York, Miami, Chicago, Seattle, Washington DC. Tesla diadegkeun ku Elon Musk, Martin Eberhard, Marc Tarpenning, JB Straubel jeung Ian Wright dina bulan Juli 2003. Lajeng di taun 2008 Elon Musk diangkat CEO.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2380", "text": "Gacok Dina basa Sunda, gacok diartikeun pacul garpu. Senjata tradisional Jawa Barat ieu beuki langka tur jarang digunakeun ku masarakat. Sanajan kitu, sababaraha urang masih ngawétkeun sarta ngagunakeun éta pikeun mantuan gawé, kayaning motong weeds atawa ngumpulkeun jarami. Sulimat Senjata asli Sunda, Jawa Barat ieu mindeng dipaké pikeun mesek kulit kalapa. Dina hal ieu, kalapa bakal napel kana sabeulah sulimat, teras dipencet sareng diputar dugi ka kulit kalapa nyéép sareng mesek. Sulimat boga bilah seukeut jeung runcing. Samentara éta, gagangna panjang sareng kuat anu napel kana taneuh. Keuyeup pakarang tradisional Jawa Barat ieu bentukna leungeun kai jeung sabeulah hiji sisina. Ieu pakarang anu ngaranna séjén ani-ani biasana dipaké pikeun tatanén. Congkrang Senjata tradisional Jawa Barat ieu sering dianggo pikeun ngababd jukut leutik di kebon. Congkrang saheulaanan mah sarua jeung pacul, ngan ukuranana leuwih leutik, jadi gampang dicekel. nah Sanjata eta sok dipake dina kahirupan sapopoe.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "87", "text": "Salad buah jadi kadaharan bibilas (dessert) nu populer pisan. Salian ti rasana nu ngeunah, salah buah oge nyehatkeun. Jang nyieun salad buah segar sabenerna fleksibel bisa buah naon wae nu dipiboga. Tapi biasana nu mindeng digunakeun nyaeta buah apel, anggur. samangka, melon, strawberry. Jang bahan saosna make yoghurt, mayonaise, susu, jeung keju. Cara nyieunna oge gampang, kahiji kumbah buah jeung potong kota-kotak asupkeun kana wadah gede. Siapkeun oge wadah nu sejen jang nyieun saosna. Kadua campurkeun yoghurt, mayonaise, jeung susu kentel. Aduk ku sendok nepi rata. Eurihkeun saos salad ka jero potongan buah jeung galokeun ngameh kacampur rata. Nu katilu awurkeun keju parut sacukupna. Salad buah geus jadi tinggal disimpen dina kulkas ngameh tiis. Mun geus tiis kari di dahar.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "1914", "text": "Sacara umum, usaha inuman ieu ngagunakeun média kaca atawa cangkir plastik pikeun bungkusan inuman nu lajeng ditutupan ku tutup plastik ngagunakeun téhnik sealing. Tapi aya ogé anu henteu nganggo tutup plastik salaku panutup. Jenis plastik ieu anu pangsaéna nalika dianggo pikeun ngarangkep tuangeun atanapi inuman. Gelas plastik anu didamel tina PP (Polypropylene) gaduh penampilan transparan tapi henteu jelas sareng rada ngagurilap. Gelas plastik kalayan bahan PP seueur dijual di pasar. Kandel kaca leuwih. Kandelna 4 gram, 5 gram, 7 gram, 9 gram sareng 11 gram. Urang tiasa ningali conto cangkir PP dina cangkir plastik anu dianggo ku Chatime atanapi McD Café, hargana langkung mirah tibatan cangkir plastik PET. Jeung cangkir plastik ieu bisa dipaké Lid Sealer / Mesin Pencét nu bakal cocok jang usaha inuman.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "9420", "text": "Saacan pensiun, abah kuring gawe jadi cook helper atawa asisten dapur di kapal pesiar. Salila jadi asisten dapur, rupa-rupa pangalaman jadi carita hirup anu menarik jeung unik. Lamun keur libur, abah sok nyarita ka kuring kumaha kahirupan asisten dapur di kapal pesiar. Sanyaho kuring, naek kapal pesiar mah tangtu genah, sagala rupa kabutuhan sapopoe jeung hiburan kapinuhan di dinya. Tapi nyatana, jadi anu digawena mah sarua meurihna. Abah nyarita ka kuring, yen manehna mimiti gawe ti barang subuh geus nyiapkeun bahan-bahan jeung peralatan nu rek dipasak keur sarapan. Beres kitu, manehna langsung meresihan sayuran, bumbu-bumbu jeung sagala rupa nu dibutuhkeun. Kitu oge keur makan siang jeung malam penumpang kapal pesiar. Tapi Abah ngarasa bungah, profesina jadi pangalaman nu bakal diinget saumur hirupna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7148", "text": "Lamun di negara barat aya carita Cinderella, di Indonesia aya carita Bawang Bodas jeung Bawang Bereum. Baheula Bawang Bodas hirup sareng para sepuhna, tapi saprak indungna pupus, bapana nikah deui, janten Bawang Bodas gaduh indung jeung lanceuk tere anu ngaranna Bawang Bereum. Mimitina indung jeung lanceuk terena bager ka Bawang Bodas, tapi beuki lila beuki katingal sifat aslina. Teu lila, bapa Bawang Bodas oge pupus, beuki we manehna dimangpaatkeun ku indung jeung lanceukna. Hiji waktos basa Bawang Bodas dititah nyeseuh acuk di kali, acuk mamahna palid. Manehna milarian acuk eta nepikeun manggihan di imah nini-nini, teras manehna mondok di dinya lima poe.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "2721", "text": "Latihan aérobik anu tiasa dilakukeun kalebet sapédah atanapi jalan gancang. Tanda yén anjeun ngalakukeun latihan aérobik leres nyaéta nalika denyut jantung anjeun ningkat sareng anjeun ngesang.. Antara latihan aérobik, intersperse jeung latihan pikeun nguatkeun otot suku, hips, abs, dada, taktak jeung leungeun. Latihan kakuatan pisan mangpaatna pikeun ningkatkeun énergi sareng stamina anjeun, ngabantosan anjeun bobo langkung saé, ningkatkeun haté anjeun, sareng ningkatkeun métabolisme anjeun.\r\nIeu sababaraha conto latihan kakuatan otot anu tiasa anjeun lakukeun di bumi:. Posisi plank. Ngagolér nyanghareupan handap di lantai kawas push up, jeung awak anjeun istirahat dina forearms jeung toes anjeun. Suku jeung awak dina posisi plank lempeng, tahan pikeun 30 nepi ka 45 detik, teras istirahat. Ngulang gerakan ieu 5 kali. Kauntungan tina gerakan ieu nyaéta pikeun nguatkeun beuteung, tonggong, sareng otot", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5753", "text": "Olahraga teh teu kudu wae make alat nu mahal, malahan mah aya loba cabang olahraga anu teu kudu make alat. Misalna wae aya olahraga nu teu make alat teh nyaeta push up, sit up, yoga, jeung sajabana. Loba oge olahraga anu ringan jeung bisa dilakukeun di mana wae. Jadi, euweuh alasan teu olahraga sabab katerbatasan alat. Jadi, yuk biasakeun olahraga! Kajeun teuing teu make alat ge, bisa diteangan alternatifna, misalna nekunan olahraga jogging, push up, sit up, jeung gerakan sejenna. Sabab nu penting mah niatna, lain alatna. Mun geus aya niat mah sagala rupa gerakan ge bisa dijadikeun sarana olahraga anu memadai.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "2372", "text": "Dina legenda prambanan ieu, dua karajaan, Pengging jeung Baka, silih tarung pikeun wewengkon. Panglima perang Karajaan Pengging langsung dipingpin ku putra mahkota nu ngaranna Bandung Bondowoso, sedengkeun Karajaan Baka dipingpin langsung ku rajana, hiji raksasa nu ngaranna Prabu Baka. Dina perang hiji-hiji antara Bandung Bondowoso jeung Prabu Baka, raja Baka tiwas ku Bandung Bondowoso. Saterusna karajaan Baka dikawasa ku Bondowoso. Henteu ngan ukur hayang ngawasa karajaan, Bondowoso ogé hayang ngawin Roro Jonggrang, putri karajaan. Roro Jongrang anu dendam ka Bondowoso lantaran bapana tiwas, teu bisa nolak. Tah ahirna manéhna nyieun rarancang pikeun narima usul Bondowoso kalawan syarat sarébu candi kudu diwangun saméméh subuh jeung hayam kongkorongok\nSarat ieu disaluyuan ku satria, kalayan bantuan para jin, Bandung Bondowoso junun ngawangun 999 candi saméméh isuk, ngan 1 candi sésana. Roro Jonggrang ogé maréntahkeun kahiji pengikutna pikeun ngaduruk jarami sangkan siga subuh. Nu kadua menta Rahayat na jang ngahudangkeun hayam jago Para jin sieun sareng panginten parantos isuk, aranjeunna ninggalkeun padamelanana. nah kos kitu cara roro jongrang jang ngagagalkeun candi teh.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "2826", "text": "Naha présidén nolak nandatanganan kaputusan ngawangun pembangkit listrik tenaga nuklir? Bisa rupa-rupa ti kaputusan politik anu beresiko (sabab ngawangun pembangkit listrik tenaga nuklir butuh waktu > 5 taun). Nepi ka kapentingan konglomerat nu boga tambang batubara. Seueur sumber daya manusia Indonesia anu parantos mahal pikeun diajar di luar negeri pikeun diajar pembangkit listrik tenaga nuklir ayeuna nuju umur pangsiun. Proyék PLTN teu sarua jeung PLTU. Teu sarua jeung tabung gas 3kg. Teu mungkin proyek pembangkit listrik tenaga nuklir dikorupsi. Salaku conto, ketebalan beton anu kedahna 10m dikirangan ku 5m. kunaon? Sabab tina jihat pangawasan proyék PLTN, ieu proyék téh lain waé dilibetkeun/diriksa ku Badan Pengawas Lokal (BAPETEN) tapi ogé Badan Pengawas Internasional (IAEA). Hiji nagara teu bisa ngan ngawangun pembangkit listrik tenaga nuklir lamun teu meunang persetujuan jeung inspeksi (mimitian tina nangtukeun situs nepi ka prosés pangwangunan, sagalana geus diawasan ku IAEA). Tilu réaktor nuklir di Indonésia ayeuna aya dina pangawasan IAEA. Sarta masih diwenangkeun beroperasi.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "6528", "text": "Tah di pipireun imah abdi teh aya lahan kosong saeutik lumayan jang pepelakan. Taneuhna teh tandus pisan, jeung deuih bala loba jukutan. Tah abdi rek melak cengek jeung tomat di tempat eta. Mimiti taneuhna teh rek dibabadan heula supaya beresih. Geus beresih teh dipaculan supaya gembur taneuhna. Terus diberean pupuk organik jeung sekam supaya taneuhna aya nutrisian. Geus kitu tuluy diawuran siki binih cengek jeung tomat. Tuluy disiraman we sing rutin unggal poe supaya pepelakan nana tumbuh jeung tanamanna sehat. Tuluy mun geus kitu mah tinggal leukeun nguruskeun unggal poe supaya hasilna maksimal jeung bisa leubeut buahna. Tong hilap mun aya hama kudu tereh disemprot make pupuk organik.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "6708", "text": "Lamun resep ngadahar udang tapi hoyong nu dagingna seeur, urang tiasa nyobian lobster. Sasatoan anu kaasup udang ieu gaduh ukuran anu leuwih badag ti pada udang biasa. Lobster oge gaduh cangkang anu leuwih badag jeung gaduh capit jiga keyeup. Capit lobster oge biasana gaduh ukuran anu gede, hampir sagede awakna. Sami siga keuyeup, lobster oge gaduh warna cangkang anu rupa-rupa, aya nu bereum, hideung, hejo, aya oge anu bodas. Lobster bodas biasana disebut losbter albino. Lobster albino oge kaasup sasatoan anu langka. Lobster teh lolobana datang ti Amerika. Pangaos di Indonesia masih keneh awis lantaran kudu di ala langsung ti laut. Budidaya lobster masih keneh jarang lantaran pasti ngabutuhkeun biaya anu awis.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "189", "text": "Baheula nu nonton anime biasana budak leutik, komo aya anggepan lamun orang dewasa nonton anime henteu wajar. Beda jeung baheula ayeuna mah loba nu nonton anime paling loba usia remaja atawa dewasa. Aya sababaraha hal, di antarana genrena leuwih menarik jeung rupa-rupa, mulai ti aksi, drama, romantis, fantasi, horor, komedi, nepi ka genre jenis ecchi ge aya. Jalan carita na oge leuwih rame, nepi ka nu nontonna kabawa suasana. Karakterna oge keren, teu ngan ukur jalan carina na hungkul, tapi karakter na oge mibogaan kisah sorangan nu ngadukung alur caritana. Teu bisa dibibisani, sabab bawaan ti keur leutik anu sok disuguhi acara anime ti mimiti subuh nepi saacan indit sakola biasana nonton heula anime.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "930", "text": "Smart TV nyaeta televisi nu teu ngan saukur bisa digunakeun jang nongton TV biasa siga umumna, tapi aya loba hal sejen nu bisa dilakukeun dina tongtonan. Baheula mah dikenal Internet TV, Smart TV nyaeta TV nanaon wae oge nu bisa nyadiakeun program tambahan ngaliwatan konektivitas internet. Smart TV siga mibogaan komputer anu dipasang dina TV. Jenis TV ieu mibogaan sababaraha fitur utama nu ngabedakeunna jeung TV nu biasa. Ngaliwatan fitur nu aya dina Smart TV, bisa nongton film ngaliwatan hiji situs streaming. Atawa bisa ngakses video youtube oge. Salah sahiji kaunggualan nu sejen nyaeta koneksi internet make Wi-fi. Ditambah deui bisa ngalakukeun browsing di internet.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5053", "text": "Bobocabin Cikole jadi salah sahiji penginapan anu wajib dikunjungi, komo mun neangan penginapan nu temana alam. Bobocabin Cikole lokasina di Cikole, Lembang. Penginapanna bentuk cottage nu bangunanna tina kai tapi make teknologi canggih. Pengunjung bisa ngatur warna lapu sorangan, buka tutup pintu, jeung ngatur volume pengeras suara make sensor nu aya di unggal cottage atawa cabin. Dihareupeun cabin aya tempat jang nyieun api unggun. Pamandanganna nyaeta kaendahan kebon pineus. Hawana sejuk pisan, rek beurang rek peuting ge. Mun isuk-isuk, urang bisa nikmati sorot panon poe tina sela-sela tatangkalan. Duh piwaaseun pisan suasana na teh, asa di negeri dongeng. Yuk ah rang cobian staycation didieu, cocok pisan jeung nu resep kana tema-tema alamna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "1183", "text": "Kiwari jualan teh bisa ngaliwatan online, teu ngan saukur jualan di market place tapi oge kudu gencar promosi ngaliwatan sosial media. Promosi ngaliwatan sosial media tangtuna ngameh nu rek meuli teh jadi apal aya produk nu ku urang jual. Misalna bisa ngaliwatan live Tiktok, fitur ieu kudu bisa dimangpaatkeun sabab interaksi urang jeung calon nu meuli leuwih intensif didieu. Tangtuna bisa leuwih loba nu meuli pas keur live komo mun aya embel-embel diskon, pastina leuwih gede daya tarikna. Tapi live kieu teh usahakeun nu bisa jago ngomong, jeung nguasai produk. Beda mun urang ngajualan hungkul mah. Sabab di live kudu jelas jeung kudu bisa ngayakinkeun calon nu rek meuli.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "4475", "text": "Basa keur leutik urang pasti resep pisan ulin jeung babaturan nya mulai ti lulumpatan, luluncatan nepi ka sasapedahan. Keur leutik urang ngalakukeun eta make persaan anu senag pisan da urang anggap eta teh ulin ulina n urang samemehna teu apal yen eta teh ka asup kana olahraga. Ari ayeuna urang geus gede ges dewasa kieu nah jadi hoream pisan olahraga, hate jeung perasaan urang teh meni berat lamun rek ngamulai olahraga padahal urang geus apal sagala manfaatna keur kasehatan. Matak ku kitu urang ayeuna kudu ngagambarkeun rasa lamun olahraga keur leutik, anggap olahragateh ulin jadi seru jeung teu hoream ngalakukeun na.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5884", "text": "Tos saminggonan Nida nyobian ngangge Mi robot. Alat ieu teh mangrupakeun robot nu didesain kangge fungsi kaberesihan. Janten alat ieu teh bisa ngavacum kokotor nu aya di sakitarna. Robot ieu teh tos bisa automatis dijalankeunna. Tos saminggu Nida ngarasa hemat tanaga jeung kabantuan pagawean sapopoena ku ieu robot. Biasana balik gawe teh sok beberesih, ayeuna mah istirahat sabab tinggal ngahurungkeun wae robot vacum na. Nida meser robot vacum tina brand Xiaomi. Salian debu nu diberesihan, oge barang leutik jeung kokotor di sela-sela jeung juru imah ge bisa kavacum ku ieu robot. Ngabantu pisan pokokna mah kana pagawean beberesih imah teh.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4620", "text": "Era digital ngajadikeun urang teu boga batasan urang bisa terkenal asalkaeun aya kamera anu bisa ngarekam na. Jaman ayeuna mangfaat kamera loba pisan teu ngan sakadar foto foto hungkul, ayeuna kamera kaasup kamera handphone bisa di pake ngarekam fenomena alam atwa jadi bukti anu bisa mantuan polisi lamun rek nangkep penjahat. Loba kajadian anu akhirna kaungkap gara gara masarakat biasa geus biasa jeung kamera jeung social media. Dina jaman komputer sareng internét ayeuna, multimédia digital sapertos poto sareng video mangrupikeun bagian integral tina kahirupan masarakat. Salaku bagian tina média digital, poto dina jaman ayeuna diinterpretasi salaku gambar digital anu dicandak nganggo kaméra atanapi telepon sélulér.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7628", "text": "Poe ieu janten poe kahiji abdi gawe di kantor. Saatos sataun leuwih abdi ngajentul di imah teu aya pagawean, Alhamdulillah ayeuna abdi tiasa ditarima di salah sahiji pausahaan. Abdi tiasa gawe di dieu teh sanes hal anu gampang. Lima sasih ka tukang abdi seeur miluan pelatihan kanggo ngasah kamampuan anyar supados tiasa meunang pagawean anu sasuai jeung kabutuhan pausahaan. Tos ti peuting kamari abdi nyiapkeun acuk sareng jas kanggo damel poe kahiji. Abdi teu sabar hoyong geura digawe, hoyong geura tepang sareng rerencangan di kantor. Abdi oge tos tataros ka sababaraha rerencangan abdi anu tos tiheula damel di pausahaan eta. ", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "5434", "text": "Dina raraga ulang tahun sakola, Neni kabagean tampil ngalantunkeun lagu Manuk Dadali. Neni jadi perwakilan para siswa jang mere persembahan ka kepala sakola. Samemeh hari H, Neni diajar vokal heula jeung guru seni budaya salila dua minggu. Biasana Neni latihan vokal saberes uih sakola. Pas hari H, Neni bagean tampil saatos penampilan tari jaipong ti ekskul seni budaya. Waktu Neni tampil, sadaya mata terpana ningali penapilanna nu nyentrik, sareng sadayana kagum ngadangu sorana nu ngahaleuang ngeunaheun pisan. Teu salah pilih Neni jadi perwakilan jang ngalagukeun ieu. Neni tampil masing pede pisan. Beres tampil, Neni kenging tepuk tangan nu meriah ti sadaya penonton, khususna ti para guru.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "5402", "text": "Dina ajaran Islam biasana mayit atawa jenazah teh sok dimakamkeun, tapi di umat Hindu mah sok dibakar dina upacara ngaben. Upacara ngaben diyakini bisa nganteur jenazah ka alam selanjutna ku cara nu leuwih tereh. Mun dikuburkeun mah proses ka alam selanjutna dianggap lila, jadi diayakeun upacara ngaben supaya leuwih tereh manggihan alam salanjutna. Hal ieu bisa diwajarkeun sebagai bentuk toleransi umat bergama di Indonesia. Nepi ka ayeuna, upacara ieu masih sering diayakeun jeung rutin digelar unggal aya umat Hindu nu wafat. Salaku umat Islam nu mayoritas di Indonesia, upacara ieu jadi hal nu kudu dipertahankeun toleransina sabab nunjukkeun kakayaan kaberagaman Indonesia. Jadi, kumaha wae ge kayakinanna, angger urang mah warga Indonesia nu saling toleransi, ulah apatis. Yuk urang lestarikeun kaberagaman ieu!", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "1563", "text": "Geus wajar mun tatangga teh silih injeumkeun barang, lantaran teu mungkin oge jelema mibogaan sagalana, pastina aya kakurangan. Tah jang nutupan kakurangan eta, urang bisa nginjeum barang ka tatangga luyu jeung barang naon nu keur urang butuhkeun. Ku cara eta, kakurangan bisa katutupan nepikeun ka urang meuli jeung mibogaan barang sorangan. Tapi urang kudu inget, sanajan tatangga urang teh bageur jeung daek nginjeumkeun barangna, tapi lain artina urang bae nyokot barang milik manehanana sakahayang urang. Minimal menta izin heula, menta izin ieu wajib dilakukeun ku urang salaku nu nginjeum barang. Menta izin oge teu hese dilakukeun, tinggal ngomong pasti tatangga oge ngartieun urang keur ngabutuhkeun barang eta.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4662", "text": "Kecerdasan jieunan (AI) mangrupikeun widang élmu komputer anu dikhususkeun pikeun ngarengsekeun masalah kognitif anu biasa dipatalikeun sareng kecerdasan manusa, sapertos diajar, ngarengsekeun masalah sareng pangenalan pola. Kecerdasan Buatan, sering disingget jadi \"AI\", tiasa ngandung harti robotika atanapi pamandangan futuristik, Artificial Intelligence (AI) ngalangkungan robot fiksi ilmiah, kana élmu komputer canggih non-fiksi modern. Professor Pedro Domingos, panalungtik ngarah dina widang ieu, ngajelaskeun \"lima suku\" learning mesin, nu diwangun ku simbolis, nu asalna tina logika jeung filsafat; connectionists, anu asalna ti neurosains; évolusionér, patali jeung biologi évolusionér; Bayesian, patali jeung statistik jeung probabiliti; jeung analogi diturunkeun tina psikologi. Anyar-anyar ieu, kamajuan dina efisiensi komputasi statistik parantos ngajantenkeun Bayesian suksés dina ngamajukeun lapangan di sababaraha daérah, anu disebut \"pembelajaran mesin\". Kitu ogé, kamajuan dina komputasi jaringan geus ngarah connectionists rék dilegakeun kana subfield disebut \"learning jero\". Pembelajaran mesin (ML) sareng diajar jero (DL) mangrupikeun widang élmu komputer anu asalna tina disiplin Kecerdasan Buatan.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "6121", "text": "Abdi kantos muka usaha kuliner di pasar malam. Harita kabeneran nuju hujan ngerekicek ti sore nepi ka tengah wengi. Dagangan abdi teh teu payu hiji-hiji acan, dugi ka haseumna. Sadaya nu tos disiapkeun teh teu pulih modal, malahan mah rugi. Tapi abdi teu nyerah, sabab yakin di poe salanjutna mah pasti bakal aya rezekina. Mun dagang tapi sieun rugi mah berati sanes mental usaha. Karugian teh jadi salah sahiji hal wajar anu pasti dialaman ku kabeh pengusaha. Mantakna, abdi tetep ngalanjutkeun dagang ku yakin bakal aya rezekina. Da geuning dagang mah kudu dileukeuan. Untung rugi ge bakal kaalaman, jadi kudu tawakal dina ngalakonan nana.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "3895", "text": "Urang boga tatangga, ngarana ceu ipah, ceu ipah the katelah koki atawa tukang masak nu kawentar di lembur. Ceu ipah ieu biasa di panggil mun aya acara gede boh acara nikahkeun, sunatan, pangajian jeung sajabana. Ti jaman baheula ceunah masakan ceu ipah emang kawentar ngeunah na. Ceu ipah ngabogaan 3 asisten nu biasa ngabantuan mun keur masak. Biasana mun masak keur hajatan asisten ceu ipah ieu the beda beda tugas na, aya nu mantuan sak sak sik sik ngeretan jeung nyiapkeun bahan, aya nu kabagean masak sangu, aya nu bagean ngabumngbuan jeung sajabana. Loba pisan jenis masakan ani busa di jieun ku ceu ipah, masakan hampir saluruh indoneia bisa jadi urang salaku nu make jasa na atawa nu boga hajat bisa ngatur sorangan masakan na kumaha. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "6793", "text": "Bulan Nopember kamari, aya hiji pelem di bioskop anu lalakon na teh bentang pelem anu top kabeh. Abdi langsung panasaran lantaran carita na teh tentang bom anu bakal ngabeledug lamun aya sora anu gandeng pisan. Beuki gandeng, beuki gancang eta bom bakal ngabeledug. Janten si lalakon utama ieu kedah nyegah kumaha cara na supados bom teh teu ngabeledug jeung teu nyilakakeun seeur jalmi. Abdi lalajo pelem ieu sareng rerencangan di MTC. Meser tiket ti twitter lantaran aya nu ngajual tiket anu mirah, ngan tilu puluh lima rebu saurang na. Sateuacan lalajo, abdi maturan heula rerencangan emam jeung meser minuman heula.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "9344", "text": "Salah sahiji cara pikeun ngajaga hubungan jeung babaturan anu hadé sareng réréncangan nyaéta nyayogikeun dukungan nalika réréncangan anjeun ngalaman kasusah. Bisa jadi kolotna keur cere atawa keur susah sakola. Ngabantosan anjeunna ngalangkungan waktos susah ieu ku salawasna aya di sisina. Bawa manehna kaluar pikeun és krim, nyieun CD kompilasi, atawa méakkeun sababaraha waktos nongkrong jeung manehna di imahna. Ieu bakal nunjukkeun yén anjeun paduli ka anjeunna sareng hoyong ngabantosan anjeunna langkung saé. Mun sobat anjeun nembe pegat jeung kabogohna, ngajak manehna ka imah pikeun nongton pilem. Urang bisa ngomong, \"Eh, abdi terang anjeun ngarasa down, kumaha upami urang lalajo pilem di imah kuring bari urang dahar?\" Ngan nyebutkeun yén anjeun salawasna aya pikeun anjeunna kadang oge geus cukup.\r\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "9364", "text": "Hobi tani tiasa janten sarana anu saé pikeun ngembangkeun kamampuan barudak. Henteu ngan éta, ngebon atawa tani ti umur dini bakal mantuan ngurangan résiko stress ti barudak. Tani atawa ngebon bakal méré barudak kasempetan pikeun kaluar jeung resep jeung tutuwuhan jeung jejemur di handapeun sinar panonpoé. Maén dina taneuh, maén dina cai jeung jejemur di panonpoé isuk bakal boga dampak positif dina kaséhatan budak arurang. Tinimbang ngagulung di imah sepanjang waktos sareng ngan maén sareng gadget, kagiatan maén nalika diajar di buruan ieu bakal ningkatkeun kaséhatan budak arurang, tina ningkatkeun sistem imun dugi ka ngabantosan budak nyumponan kabutuhanna pikeun paparan sinar panonpoé sareng tiis segerna hawa isuk-isuk.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "8672", "text": "Ieu sababaraha cara pikeun ngawangun hubungan anu hade sareng rerencangan. Komunikasi anu terbuka sareng jujur ​​penting pisan dina ngawangun hubungan anu saé sareng rerencangan. Ngobrol jeung babaturan sacara jujur ​​tur kabuka, sarta dengekeun taliti nalika aranjeunna ngobrol. Ngahargaan babaturan anjeun mangrupikeun salah sahiji cara anu pangsaena pikeun nguatkeun hubungan anjeun. Hormat pamadegan maranehna, sarta tembongkeun rasa sukur lamun maranehna ngalakukeun hiji hal anu hade. Sanajan anjeun gaduh jadwal sibuk, coba nyieun waktu pikeun rutin ningali babaturan anjeun. Ieu bakal ngabantosan tetep hubungan anjeun caket sareng ngahindarkeun rasa dipohokeun. Ngadegkeun hubungan anu sae sareng rerencangan anjeun henteu salawasna gampang, tapi kalayan sakedik usaha sareng perawatan, anjeun tiasa ngawangun hubungan anu positif sareng bermakna sareng jalma-jalma di sabudeureun anjeun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5900", "text": "Salah sahiji angkutan umum nu aya di Bandung Raya teh nyaeta bus DAMRI. Kandaraan subsidi ti pamarentah ieu teh mangrupakeun kandaraan umum pilihan sabagean besar masyarakat Bandung. Salain harga ongkosna nu mirah, kaberesihan jeung kanyamanan dina bus oge jadi alasan kuat masyarakat sering make ieu bus. Tah, ayeuna mah DAMRI teh digentos janten Trans Metro Pasundan. Sistem pembayaranna ge teu narima cash, tapi kedah cashless. Cara mayarna gapil pisan. Mimiti, pegat TMP di halte nu tos terdaftar. Tuluy pas asup kana bus, langsung ngetap kartu emoney atawa scan barcode kangge pembayaran. Mun tos berhasil, nembe bisa diuk nempatan bangku nu kosong. Mun rek turun oge teu bisa sambarangan, kedah di halte nu tos ditangtukeun. ", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7632", "text": "Abdi ngarasa syukur pisan tiasa digawe di kantor tempat abdi gawe ayeuna. Numutkeun kana carita rerencangan kuliah adbi, seeur anu meunang pangalaman anu kirang sae di tempat gawe. Aya nu mangpaatkeun ku seniorna, aya oge anu janten piomongeun lantaran tiasa ngerjakeun pagawean anu gancang tibatan pagawe anu tos gawe lima taun leuwih, aya oge anu gawe na seeur teuing tapi gajina teu sasuai jeung pagaweanna. Kuring sorangan sanes teu aya masalah, tapi untungna kantor tempat kuring gawe mah saimbang antara pagawean jeung kahirupan, janten teu aya pagawe anu loba teuing beban gawena. Lamun tos adzan, sadayana langsung dipasihan waktos kanggo sholat jeung dibere dahar anu sehat unggal poe. ", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "5817", "text": "Zombie tsunami teh jadi salah sahiji game anu digemari pisan ku para remaja. Pasalna, game ieu teh ngahulag kajengkel jeung kapaur para pemaenna. Zombie tsunami teh permaenan zombie nu ngaliwatan rupa-rupa rintangan. Aya nu rintanganna mobil, bus, bom, helikopter, jeung sajabana. Mun mobil mah bisa dilawan ku minimal opat zombie, mun bus dilawan ku dalapan zombie, mun bom mah kudu diliwatan, jeung rintangan lain nu teu kalah ramena. Unggal aya mangsa, kudu dimangsa sabab supaya bisa nambahan personil zombie. Mun personil zombie na geus lobaan mah maenkeun na ge sok deg-degan seru da sieun maruragan dina ngaluncatan jalan nu raretak.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2680", "text": "Sacara umum, sakola henteu ngan fokus kana kagiatan diajar ngajar. Unggal sakola anu pang alusna biasana aya kagiatan ekstrakurikuler pikeun ngasah bakat jeung kamampuh barudak dina widang non-akademik, saperti olahraga. Ku kituna, naon mangpaat anu bisa dimeunangkeun ku murangkalih nalika ilubiung dina olahraga ekstrakurikuler di sakolana?Manfaat olahraga ekstrakurikuler di sakola pikeun barudak Mindeng barudak leuwih resep méakkeun waktu maranéhanana ulin jeung aktip. Tapi, sanggeus asup sakola, suka atawa henteu, jam maén kudu ngurangan. Nanging, éta sanés hartosna aranjeunna henteu tiasa tetep aktip maén sareng réréncangan. Tah, sakola nawiskeun klub olah raga atawa biasa disebut ekstrakurikuler, sangkan barudak masih bisa ngarasakeun waktu maén, kayaning futsal, tari, baskét atawa voli.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "3606", "text": "Kumaha sukses sis. Tapi gumantung kana naon anu anjeun pikir kasuksésan, upami janten supplier ogé hartosna suksés. Sis, tiasa ngawitan anu leutik, tapi anu resepna lumayan seueur, contona melak kemangi atanapi sababaraha pepelakan anu tiasa disilangkeun supados tiasa teras panen salami sataun. Anjeun tiasa melak pepelakan anu dipilari ku jalma unggal dinten, sapertos basil, kale, jsb. Sakanyaho kuring, kemangi ngan ukur tiasa dipelakan nganggo siki garing, atanapi sereh anu tiasa dipelak tina pucuk, jsb. Fokusna mah modalna sis, coba teangan heula pasarna. Bisa jadi pasar deukeut jeung anjeun, misalna ngajual jamu perlu kunyit, jahe jeung sajabana.. Pecel lele kudu kemangi, ngajual jahe wedang butuh jahe sereh jsb. Naha difokuskeun pasar heula? Anggap pas panen jeung kabeneran panenna loba tapi pasar teu narima deui sabab barangna loba tapi nu meuli saeutik hasilna hargana turun. Janten, upami anjeun fokus kana pasar, anjeun pasti bakal siap pikeun éta, contona, ngadamel produk susulan saatos panén. Upamana jahé dijadikeun jahé bubuk, kunyit dijadikeun bubuk kunyit atawa kunyit garing diiris-iris.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "2294", "text": "Umat ​​Konghucu ngarayakeun Taun Baru Imlek atawa Imlek dina 1 Pébruari 2022. Pamaréntah Indonésia ogé netepkeun unggal taun, nalika Perayaan Taun Baru Imlek, minangka libur nasional. Ditetepkeunna Taun Baru Imlek minangka libur nasional di Indonésia miboga sajarah anu panjang. Taun Baru Cina atawa anu disebut ogé Taun Baru Cina miboga harti sorangan pikeun warga Cina. Perayaan ieu dipinuhan ku rupa-rupa acara jeung ritual, kayaning meresihan imah, méré angpao, sarta maké sagala atribut beureum.\r\nDitetepkeunna Taun Baru Imlek minangka salah sahiji libur di Indonésia lumangsung dina mangsa pamaréntahan Présidén Abdurrahman Wahid atawa Gus Dur, tepatna tanggal 9 April 2001. Ieu kaputusan révolusionér merhatikeun dina mangsa pamaréntahan saméméhna, nyaétaJaman Orde baru, perayaan Taun Baru Cina dilaksanakeun di tempat umum.\r\nLeuwih ti 30 taun, nyaéta taun 1968-1999, Konghucu Indonésia teu ngarayakeun Taun Baru Imlek sacara terbuka. Katetepan ieu diébréhkeun dina Instruksi Présidén atawa Keppres No. 14 Taun 1967.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "885", "text": "Mun geus lila teu olahraga tuluy ngamimitian deui pasti karasana teh nyeri pisan asa ka siksa awak teh. Ieu mindeng kaalaman, misalna urang sok resep olahraga nyapedah, ari pek lila henteu ngalakukeun, da sapanjang jalan teh cangkeul. Komo deui mun manggihan tanjakan, sakapeung mah sok aya rasa kaduhung. Tapi sanajan enggeusna carangkeul sakapeung mah kudu diurut. Tapi karasa pisan hirup teh asa teratur mun geus ngajalankeun olahraga mah, utamana sare jadi leuwih teratur. Tara deui gadang, lantaran isuk tadina geus cape dipake olahraga. Jeung mun keur gering teh, lamun mindeng olahraga mah sok tereh cageurna tibatan nu tara olahraga pisan. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "3882", "text": "Kembang bulao anu biasana di pake jadi naék pager imah pikeun ngahias jeung ngahias pakarangan, sabenerna miboga sajuta mangpaat pikeun kaséhatan manusa. Di Indonésia, aya rupa-rupa ngaran pikeun nyebut kembang kupu - kupu . Di Sumatra disebut kembang biru, kembang kelentit, Sedengkeun di Jawa disebut kembang teleng atawa mentengeng. Jangkungna tangkal kembang telang bisa nepi ka 5 méter. kembang bisa dijieun inuman nyaeta teh nu enak jieung seger. Dina hal rasa, teh kembang telang éta condong jadi pait amis, sarta ngabogaan aroma kembang kuat. Biasana jalma nambahkeun madu atawa gula jeung jeruk nipis pikeun nambah rasa. Salian ti rasa, warna ogé salah sahiji alesan sababaraha urang resep ramuan teh kembang telang, warna biru kaunguan nu alus jadi hal menarik nu bisa nyieun batur nyobaan teh telang. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "9389", "text": "Lamun keur nyaba ka Bandung, Baraya nu resep jajan kadaharan street food, aya tempat anu bisa jadi tujuan nu wajib dianjangan. Tempat ieu emang kasohor ku jajananna anu loba rupana, nyaeta Lengkong Culinary Night. Sentra jajanan ieu geus kasohor jadi tujuan keur jelema nu resep wisata kuliner ti peuting. Akur jeung ngaran tempatna, lokasi ieu aya di sapanjang jalan Lengkong Kecil, Bandung. Lamun Baraya masih bingung, baraya bisa indit make ojeg online, terus teangan SMA Negeri 7 Bandung keur jadi patokan. Di Lengkong Culinary night, baraya bisa manggihan sagala rupa jajanan anu dijamin ngeunah tur hargana kajangkau. Baraya resep dimsum? Di dieu aya loba rupa jongko-jongko dimsum nu miboga menu jeung rasa nu rupa-rupa. Baraya resep kadaharan nu amis-amis? Loba rupa kadaharan amis nu bisa dipilih ti mimiti crepes nepika pancake aya di dieu. Baraya hayang ngasaan kadaharan khas Sunda? Geus tangtu aya di Lengkong Culinary Night. Ti mimiti tutug oncom nepika sangu timbel, bisa baraya panggihan di dieu. Lengkong Culinary Night bisa jadi salah sahiji tujuan kulineran di waktu baraya nyaba ka Kota Kembang.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "526", "text": "Dina ngahaleuangkeun lagu daerah tangtuna butuh teknik jeung gaya ngahaleuang nu bener. Lagu daerah mangrupakeun lagu nu dihasilkeun tina nilai kabudayaan wilayah sabudureun. Aya teknik jeung gaya jang ngahaleuangkeun lagu daerah. Nu kahiji artikulasi, artikulasi tangtuna jadi teknik nu mimiti dina ngahaleuang. Artikulasi mangrupakeun cara ngucapkeun kecap atawa lirik lagu. Nu nyanyikeunna oge kudu ngalafakleun lirik lagu sacara jelas. Nu kadua Intonasi, intonasi nyaeta luhur atawa handapna nada nu kudu dijangkau ku cara bener. Nu katilu teknik pernapasan. Pengaturan napas oge kudu diperlukeun pas keur ngahaleuang, kaasup pas keur ngahaleuangkeun lagu daerah. Sabab ku ngatur napas bakal nyieun intonasi nu leuwih bener jeung bisa kataekan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "8048", "text": "Barbell mangrupikeun alat kabugaran anu dianggo pikeun latihan kakuatan sareng ngawangun otot. Alat ieu diwangun ku batang logam sareng beurat dina dua tungtung, anu tiasa disaluyukeun dumasar kana tingkat kakuatan sareng kamampuan individu anu ngagunakeunana. Barbell mindeng dipake dina latihan beurat, dimana hiji jalma ngangkat tur nurunkeun barbell pikeun nguatkeun otot dina leungeun, balik, suku, jeung awak luhur jeung handap lianna. Sababaraha latihan umum pikeun ngalakukeun kalawan barbell kaasup squats, bench press, deadlifts, sarta shoulder press. Barbell biasana datangna dina rupa-rupa ukuran sarta beurat, ti sababaraha pon nepi ka leuwih 100 pon. Sababaraha dumbbells oge dilengkepan cengkraman anu langkung lega atanapi sempit, ngamungkinkeun variasi latihan anu beda pikeun nyocogkeun tujuan sareng kabutuhan latihan individu.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "969", "text": "Vacuum cleaner atawa nu leuwih dipikawanoh ku masarakat mah penghisap debu nyaeta salah sahiji alat elektronik nu mantuan pagawean ngaberesihkeun imah jadi leuwih babari. Vacuum cleaner barang nu wajib dipiboga ngarah teu cape nyapuan make sapu tradisional. Vacuum cleaner oge mibogaan sababaraha mangpaat di antarana meresihkeun bulu hewan peliharaan, ieu penting pisan dipiboga komo nu boga peliharaan ucing atawa anjing mah nu sok rontok dina bantal, simbut, atawa karpet. Bulu-bulu anu rontok ieu bisa babari diberesihkeun ku vacuum cleaner. Oge bisa meresihkeun di tempat-tempat anu hese dijangkau ku sapu tradisional, siga jok mobil, bagasi, jeung remeh nu aya dina karpet mobil.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8848", "text": "Cirina telepon sélulér konslet anu kakeunaan cai nyaeta, biasana dina posisi batréna, utamana nu maké batré tanam, bakal karasa gancang panas. Nalika ngecas ogé bakal hese ngecas sareng moal pinuh, janten batréna gancang beak. Sajaba ti éta, lamun hp konslet sabab kakeunaan cai, batré handphone gancang kembung sanajan geus diganti ku nu anyar, énergi batré HP jadi gancang beak sanajan teu dipake. Sanaos parantos dicas dugi ka 100% oge, upami urang ngantepkeun sakedap, énergi batréna bakal kakuras deui. Nalika telepon sélulér korsleting kakeunaan cai ogé nyababkeun kartu SIM sareng kartu mémori teu tiasa dibaca, ku kituna telepon sélulér urang henteu tiasa dianggo pikeun nelepon, ngirim pesen, ogé internetan. Hal anu paling parah ngeunaan kakeunaan cai nyaéta telepon sélulér urang bakal pareum sareng teu tiasa dihirupkeun deui.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "3567", "text": "pecinta alam nyaéta istilah anu dipaké pikeun grup aktipitas diluar imah, dina widang petualangan, lingkungan jeung konservasi alam, atikan jeung kamanusaan. Di Indonésia istilah ieu nujul kana grup anu kalibet dina petualangan outdoor, kayaning nanjak gunung, ékspédisi ka padang, panjat tebing, arung jeram, caving, diving jero cai jeung petualangan sailing.\nSajarah pencinta alam di Indonésia nyaéta dibentukna \"Persatuan Pencinta Alam\", anu digagas ku Awibowo dina Oktober 1953 di Yogyakarta. Saterusna istilah Pencinta Alam dipopulerkan ku mahasiswa Universitas Indonesia. Mapala UI taun 1964. Tokoh-tokohna saperti Soe Hok Gie, Herman Lantang, Aristides Katopo, jsb. Sanggeus éta ngembangkeun grup pencinta alam dimekarkeun kacida gancangna. Kode etik Pencinta Alam Indonesia diciptakeun dina Gladian Pecinta Alam IV anu dilaksanakeun di Pulo Kahyangan jeung Tana Toraja dina bulan Januari 1974. Latihan anu diayakeun ku Badan Kerja Sama Intermaja Club Pencinta Alam di Ujung Pandang, nya éta. diiluan ku 44 asosiasi pecinta alam di sakuliah Indonesia. .\nKode Etik Pencinta Alam di Indonésia ieu masih dipaké ku rupa-rupa paguyuban pencinta alam di sakuliah Indonésia, salaku rujukan pikeun étika nalika digawé di alam liar.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "1953", "text": "Garut miboga hawa tiis lantaran Lokasina dina kaluhuran 717 méter dpl komo deui dikurilingan ku gunung nu pastina sejuk jeung asri. Di antarana Gunung Papandayan, Karacak, Cikuray, jeung Guntur. Ku kituna, Kabupatén nu kaasup kana propinsi Jawa Barat ieu dipikawanoh ngabogaan panorama alam anu éndah. Sanaos hargana langkung mahal tibatan tempat wisata anu sanés di Garut. Sanajan kitu, harga patut Mayar pikeun nawarkeun pangalaman libur sorangan. Suasana di Désa Sampireun anu aya di Désa Ciparay karasa has adat Sunda. Upamana, ku iringan sora gamelan Sunda, matak lega pikiran. Ditambah sareng konsép \"Tropical Garden\", éta sampurna pikeun pilihan liburan anu ngaleungitkeun setrés.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "5739", "text": "Atlet legendaris binaraga teh nyaeta Ade Rai. Anjeunna mangrupakeun binaragawan asal Bali, Indonesia. Prestasina salami janten binaragawan nyaeta tos dugi ka kancah internasional. Mun ningali jalmi nu awakna keker teh sok langsung kainget kana ngaran Ade Rai. Hal ieu teh sabab saking melekatna ngaran Ade Rai di hate masyarakat Indonesia dina aspek postur awak. Tah salah sahiji tips diet ala Ade Rai oge seueur diturutan ku masyarakat sabab emang dipandang ampuh jang nurunkeun berat badan. Seueur oge kalangan ibu-ibu anu ngadambakeun Ade Rai sabab parasna anu dinilai wet ngora. Posturna oge anu alus ngajadikeun anjeunna loba diidolakeun ku kaum hawa, khususna ibu-ibu.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "9323", "text": "Pikeun ngawangun hubungan anu hadé sareng tatangga, aya sababaraha étika anu kedah dijunjung. Hal ieu kacida pentingna sangkan teu silih pigeuluteun nu ngabalukarkeun masalah, sabab teu hade lamun tatangga malah silih musuhan. Salah sahiji hal anu sering dilakukeun ku jalma nalika hirup tatangga nyaéta silih nginjeum barang. Eamng wajar, da teu mungkin urang teh boga sagalana, jadi ku nginjeum, kakurangan ieu bisa ditutupan tanpa kudu mayar. Tapi, sanajan tatangga anjeun bageur, éta lain hartosna anjeun tiasa nyandak barang-barangna sakarepna. Ménta idin téh kudu. Upami jalma anu dimaksud teu tiasa dipendakan sacara pribadi, anjeun tiasa nelepon nomer teleponna. Upami barang anu diperyogikeun aya di luar bumi anu tiasa anjeun aksés langsung, teras saatos nginjeum, anjeun kedah uih deui ka tempat aslina. Ulah ngan nempatkeun hal anu bisa nyieun bumina pabalatak.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "2327", "text": "Abdi Akbar, abdi lulusan 2019 Jurusan Ilmu Agama (anu baheulana disebut Perbandingan Agama) di UIN Syarif Hidayatullah Jakarta, sakedik carita ngeunaan Jurusan abdi tempat abdi kuliah baheula, janten di jurusan ieu abdi diajar pisan. ngeunaan Agama, Dimimitian tina sajarahna, ajaran kayakinanana ka Gusti, Kitab Suci, doktrinna, budayana, psikologi (psikologi) penganutna, masalah kontemporerna, gerakan radikalisme, ideologi anu diwangun dina dasar. agamana, jsb. Salian ti pangaweruh ngeunaan agama, kuring ogé diajarkeun ngeunaan masalah agama kontemporer anu ayeuna trending di masarakat, contona, kunjungan kuring ka candi pikeun observasi, diskusi jeung urang Kristen di gereja, solat di gereja (ieu bener pangalaman na. sumpah ), ulin ka candi jsb. ", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "8641", "text": "Nyetel dana darurat mangrupikeun tindakan perencanaan kauangan anu tujuanana pikeun nungkulan kajadian anu teu kaduga anu tiasa mangaruhan stabilitas kauangan hiji jalma atanapi kulawarga. Dana darurat biasana dina bentuk kas atanapi tabungan anu disayogikeun khusus pikeun ngurus kabutuhan kauangan anu ngadesak sareng teu kaduga, sapertos kaleungitan padamelan, gering anu ngabutuhkeun biaya medis ageung, atanapi karusakan harta benda anu peryogi perbaikan anu mahal. Penting pikeun gaduh dana darurat sabab kajadian anu teu disangka-sangka tiasa kajantenan ka saha wae, iraha wae, sareng dimana wae. Tanpa dana darurat, hiji jalma tiasa sesah nyumponan kabutuhan sapopoe atanapi mayar kabutuhan anu mendesak sapertos biaya medis atanapi perbaikan bumi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "1990", "text": "Pangalaman liburan iyeu mangrupakeun hal nu jadi waspada sih kanggo sarerea. Waktu harita kuring oge teu wawuh jeung aplikasi booking tiket, booking hotel atawa gojek/grab. Abdi naek kareta api nyalira ti Jogja turun di Kiaracondong, ti dinya abdi nuju ITB naek taksi, margi teu terang bade naek naon. Teu langsung di tampar ku supir taksi, jadi kudu mayar 30.000, mere 50.000, tuluy si bapa ngomong teu aya gantina, si bapa mere nomer teleponna engke mun kuring balik ti job fair bakal ngajemput. . Bodo kuring, kuring ngan percaya. Nepi ka ahirna jam 3 soré kuring bérés ti jobfair, kuring nelepon ka nomer tadi, bapa ngajawab yén manéhna keur ngangkut jalma ka luar kota jeung ménta kuring pikeun ngaiklaskeun angsulanna, sabab bapana nyaho tina obrolan urang bari di jalan. Abdi langsung balik deui ka Jogja sareng panginten urang moal pendak deui jeung manehna. harita Kuring masih polos, enya, enya. Haha kanggo pangalaman kudu waspada ker liburan teh.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "7120", "text": "Dina Upacara Mapag Panganten, rombongan panganten lalaki kudu ngadagoan kasiapan pihak panganten, ku kituna Ki Lengser salaku sesepuh anu dipercaya mingpin upacara, marentahkeun panayagan yen acara bisa dimimitian, sarta tos siap pikeun ngiringan prosesi, tuluy Ki Lengser bakal ngabejaan ka pribumi yen panganten lalaki geus anjog ka tempat hajatan. Sanggeus sagala tatan-tatan siap, Ki Lengser ngalalakon pingpinan upacara mere tanda ka para Panayagaan, Punggawa, Gulang-Gulang, Mamayang, Payung (Panyekel Payung Emas), jeung kulawarga panganten anu baris nyambut kadatangan panganten lalaki yen upacara teh bakal dilaksanakeun sakedap deui. Gending bubuka nyirian upacara bakal dilaksanakeun sakedap deui, teras para punggawa nuntun panganten lalaki sareng rombonganana. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "8883", "text": "Aya genep cara pikeun nganggo kaméra analog. Mimiti, pilih kaméra anu cocog sareng anggaran urang. Urang ogé kedah terang dasar-dasar fotografi. Anu kadua nyaéta milih pilem anu pas, pastikeun milih film analog anu seger sareng henteu kadaluwarsa supados anjeun tiasa kéngingkeun warna pilem anu anjeun pikahoyong. Kaopat, ngagunakeun format film anu bener, dasarna format film geus dikelompokkeun dumasar kana wangun jeung ukuran. Format anu paling sering dianggo nyaéta pilem 135 sareng 35mm, sabab anu paling gampang dicitak sareng cocog pikeun sababaraha jinis kaméra analog. Kaopat, nyandak gambar sacara saksama, langkung saé henteu buru-buru nalika nganggo kaméra analog. Alesanna, anjeun teu tiasa ningali hasil gambar langsung sareng henteu tiasa milih poto anu saé sareng ngahapus poto sanés tina film roll. Kalima, ulah gampang kuciwa, sabab pikeun pemula nyokot gambar maké kaméra analog teu gampang. Tungtungna, teraskeun ngajalajah kréativitas fotografik aranjeun.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7104", "text": "Ngeunaan gareja, KBBI ngahartikeun eta minangka imah tempat urang Kristen ngadoa jeung ngalaksanakeun upacara Kristen. Tapi dina basa Yunani, gareja oge dihartikeun salaku ekklesia jeung kuriake. Ekklesia nyaeta jalma-jalma anu disebat ku Allah ti dunya pikeun janten saksi-Na. Samentara eta, kuriake nyaeta jalma-jalma anu disebut milik Yesus Kristus sareng ngamulyakeun nami-Na. Hal ieu dijelaskeun dina buku The Church Grows and Develops karya Timothy Sukarman (2021). Gareja ngabogaan dua ciri, nyaeta sakelompok urang Kristen salaku hamba anu ngawula pikeun ngagungkeun Allah jeung sagolongan mukmin anu salawasna dipiara ku Allah ngaliwatan pelayanan firman, sakramen, jeung kakawasaan Roh Suci anu ku Anjeunna dikagungan. ", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4617", "text": "Kamera jaman ayeuna geus henteu ngan ukur di jadikeun alat paranti moto atawa ngajieun pideo keur ngaabadikeun momen hungkul, tapi leuwih ti eta ayeuna kamera ngabogaan fungsi jeung tujuan anyar anu bisa di pake di era digital sosial media siga kieu nyaeta mangrupa media komunikasi. Media komunikasi hartina nyaeta bisa ngaluarjeun makna jeung tujuan anu loba gumantung tina pamikiran jelema anu ningalina, nepi ka aya babasan \"gambar nyarita leuwih ti sarebu kecap\" eta teh mangrupikeun cara anu sampurna pikeun ngajelaskeun soal kamera. Kamera jadi media komunikasi sabab gambar jeung pideo anu dicokot ayeuna mangrupa alternatif pikeun komunikasi manusa. Kamera ayeuna mangrupa pakakas anu bisa ngawujud carita atawa ngajelaskeun hiji kajadian anu tangtu bisa ngagambarkeun narasi tina hiji foto.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9324", "text": "Nalika cicing di hiji tempat tinggal sapertos perumahan atanapi apartemen, tangtosna ngajaga katentreman mangrupikeun hal anu kedah dilakukeun. Hal ieu sangkan tatangga teu kaganggu ku kagiatan nu dilakonan. Ulah nyieun sora nu bisa kadéngé ti imah tatangga, utamana dina jam biasa lamun jalma keur istirahat. Hindarkeun nyetél musik tarik teuing atanapi ngadamel sora sanés dina waktos éta supados teu aya anu kaganggu. Lamun urang terus nyieun ribut di lingkungan tatangga urang, urang bisa jadi diusir ti lingkungan éta. Ngajaga silaturahmi jeung tatangga teh ibarat hubungan timbal balik, lamun urang hayang betah hirup jadi tatangga, ulah nepi ka matak keuheul, sabab urang oge teu resep lamun hirup urang diganggu.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5793", "text": "Samemeh ngalakukeun kagiatan olahraga naek gunung, pastikeun heula sadaya bekel jeung perlengkapanna tos mumpuni sasuai jeung standar prosedur. Elmu nu dibutuhkeunna kedah tos paham, peralatanna kedah lengkap sasuai jeung kabutuhan. Mun naek gunung teh kedah terang elmu navigasi darat, survival, SAR, jeung sajabana. Peralatan na ge kudu memadai, kudu sasuai prosedur, ulah nepi ka dikurangi sabab bakal beresiko tinggi. Biasana di gunung ge sok ngalami hipotermia. Tah ku kituna penting pisan persiapan elmu kasehatan lapangan jeung alat nu memadai jang ngahindari hipotermia. Yuk urang diajar deui mahami elmu-elmu alam bebas! Jeung deuih persiapkeun fisik sing alus supaya bisa nunjang kasehatan salila pendakian!", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "927", "text": "Aya carana lamun laptop lemot. Nu kahiji bisa gunakeun antivirus, ngameh bisa ngahindar tina serangan sagala rupa virus. Pastikeun oge mindeng ngacek sacara rutin, hal ieu dilakukeun teh ngameh antivirus bisa maca rupa-rupa virus nu hayang nyerang laptop. Nu kadua gunakeun aplikasi nu luyu jeung spesifikasi laptop, ieu siga nu sepele tapi penting pisan. Sabab aya aplikasi nu bakal beurat mun dipake di laptop nu biasa, aya oge nu dibutuhkeun jang ngedit video atawa ngadesain. Nu katilu tambah RAM. Sabenerna ieu bisa jadi solusi mun embung meuli laptop anyar. Nu terakhir bisa ngagunakeun cooling pad. Soalna mun laptop panas sok jadi lemot, tah mun make cooling pad mah bisa ngajaga laptop ngameh teu panas-panas teuing.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "863", "text": "Olahraga selancar dipikawanoh salaku olahraga nu cukup ekstrem. Salaku salah sahiji olahraga nu macu adrenalin tangtuna butuh persiapan khusus. Lain tempatna hungkul, tapi alat-alat nu dipakena oge. Siga papan selancar, alat ieu geus pasti wajib sabab bakal jadi titincakan pas keur selancar. Ukuranna oge beda-beda, aya nu gede, lega, jeung jangkungna nu beda-beda. Lamun jang pemula mah biasana ngagunakeun nu legana 19 nepikeun ka 21 inci, tuluy kandelna 2 nepikeun ka 3 inci. Cara ngalakukeunna nu mimiti kudu renang heula sabari mawa papan selancar, tuluy kayuh jeung pastikeun posisina nangkuban. Nah mun geus kitu kari dorong awak ngagunakeun dua leungeun, tuluy tincak papan selancarna.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "1980", "text": "Nepi ka ahir taun, loba jalma geus ditangtukeun jadwal libur maranéhanana. Boh jeung kulawarga, babaturan, atawa malah ko-pagawe maranéhanana. Sacara umum, maranéhna bakal ngagunakeun jasa nyéwa beus pariwisata nalika indit ka tujuan wisata anu rada jauh. Upami aya kirang ti 8 jalma anu ngiringan liburan, maka mobil pribadi tiasa janten pilihan. Nanging, upami aya puluhan jalma anu ngiringan liburan anjeun, maka langkung saé anjeun nganggo jasa nyéwa beus wisata supados anjeun tiasa angkat babarengan. Ngagunakeun beus wisata salaku alat transportasi pikeun liburan anjeun pasti leuwih praktis jeung nyaman, utamana lamun ngan nganjang ka kota atawa wewengkon nu loba tujuan wisata. Salian ti éta, ku maké beus wisata ogé teu kudu repot-repot paburencay di jalan. Sabab, anjeun geus dina 1 beus nu sarua.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "8811", "text": "Waktu keur leutik mah resep pisan lalajo Tufik Hidayat dina TV. Taufik Hidayat nyaéta pamaen badminton pangalusna Indonésia anu geus meunang préstasi dunya, sarta ngajadikeun Indonésia reueus. Taufik Hidayat mangrupa salah sahiji pamaén anu miboga kaparigelan smash panggancangna di dunya. Dina Kajuaraan Dunia 2006 di Madrid, anjeunna parantos netepkeun rekor smash panggancangna kalayan ngahontal 305 km/jam. Taufik Hidayat jangkung 175 cm sareng beurat 63 kg. Salila karirna, anjeunna geus loba nyumbangkeun medali emas pikeun Indonésia. Tapi ayeuna manéhna geus teu aktif deui dina maén badminton, ayeuna geus nikah, sarta ngabogaan putri ngaranna Natarina Alika Hidayat. Lahirna putrina ngan ukur sababaraha dinten sateuacan angkat ka Kuala Lumpur, Malaysia pikeun ngiringan Kajuaraan Dunia. Sareng anjeunna ogé gaduh putra namina Nayutama Prawira Hidayat.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "2256", "text": "Urang bakal ngamimitian carita ti kalahiran Nabi Muhammad SAW dimana anjeunna dibabarkeun dina dinten Senén, 12 Rabi'ul Awal taun 571 di Mekah dumasar kana kalénder Romawi atanapi sakitar 1450 taun ka pengker. Indung Rasulullah SAW namina Aminah sareng ramana namina Abdullah. Taun Nabi Muhammad dilahirkeun ogé katelah Taun Gajah sabab dina waktos éta Ka'bah diserang ku pasukan gajah anu dipimpin ku Abrahah Habasyah. Sanajan kitu, aksi narajang Ka'bah dieureunkeun ku Alloh SWT ku mawa manuk ababil nu ragrag batu mawa wabah panyakit. Carita Nabi Muhammad SAW dilahirkeun aya dina Al Qur'an dina surat Al Fil anu hartina Taun Gajah. Dina waktos éta Nabi Muhammad SAW dilahirkeun sareng digedékeun salaku yatim sabab sateuacan yuswa 3 taun, ramana Abdullah parantos maot. Lajeng Nabi Muhammad SAW diangkat ku akina anu namina Abdul Muthalib.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4496", "text": "Sabaraha waé umur anjeun, eweuh kata telat jeung eweh jeung henteu aya istilah telat pikeun olahraga. Olahraga mangrupikeun kagiatan fisik sareng mental anu peryogi seueur énergi. Jumping tali mangrupa olahraga ogé mangrupa kaulinan metot jeung basajan. Henteu ngan senang, olahraga anu hiji ieu ogé kawilang sehat. Luncat tali atawa anu sok disebut lompat tali nyaéta olahraga anu dipikaresep ku réa jalma, ti barudak nepi ka déwasa. Luncat tali atawa skipping bisa ngajaga awak sehat sarta leungit beurat. Tulisan ieu bakal masihan anjeun pamahaman anu lengkep sareng jelas ngeunaan kumaha téknik skipping sareng naon mangpaat anu anjeun tiasa kéngingkeun ngalangkungan latihan skipping.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8682", "text": "Ieu sababaraha cara pikeun nyiapkeun pandemik. Pastikeun anjeun gaduh suplai bahan kadaharan sareng obat-obatan anu diperyogikeun. Nanging, ulah langkung seueur meser sabab ieu tiasa ngajantenkeun kaayaan langkung parah. Ngumbah leungeun anjeun ku sabun sareng cai sahenteuna sahenteuna 20 detik atanapi nganggo handsanitizer nalika teu aya akses kana cai bersih. Anggo masker nalika di tempat umum sareng ulah nyabak raray upami anjeun henteu ngumbah panangan. Pastikeun anjeun nampi inpormasi anu akurat sareng up-to-date tina sumber anu dipercaya sapertos lembaga kasehatan lokal atanapi pamarentahan anjeun. Salawasna bersihkeun sareng disinfektan bumi sareng sakuliling anjeun, khususna barang-barang anu sering dirampa sapertos gagang panto, meja sareng keran cai. Latihan sareng kagiatan fisik anu sanes tiasa ngabantosan nguatkeun sistem imun sareng ningkatkeun kasehatan mental.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "1925", "text": "Abdi émut nalika abdi alit. Dina mangsa libur sakola. Aya hiji pantai anu lokasina dina 2 jam drive ti imah. Basisir ieu katelah Basisir Tirta Maya. Indramayu nyaéta hiji kota anu aya di basisir kalér Jawa atawa disebut Pantura. Basisir henteu pernah kosong ku sémah. Nalika usum liburan datang, ieu pantai mangrupikeun hiji-hijina tujuan liburan sakola. Aya hiji hal anu teu pernah sono nalika nganjang ka dinya. Naon éta? Dahar saté udang bakar. Salah sahiji olahan seafood anu kuring resep nyaéta saté udang bakar. Lima prawns grilled bertengger dina unggal tusuk. Kecap amis, sambel cabe, jeung sambel kabeh datangna babarengan jeung sigana seep kana bagian jero tina yuyu.sora nu silih gogorowokan. Ngarasakeun bagian dina unggal pigura yuyu kreyes. Kadang bagian nu kaduruk leuwih alus. Biasana kusabab bungbu anu ngumpulkeun sareng ngahiji dina bagian éta. Linggih di basisir ngarasakeun saté keuyeup bakar.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5509", "text": "Kerak telor mangrupakeun tuangeun khas Betawi Jakarta. Kerak telor dijieunna tina sangu jeung endog nu dipasak ku cara unik. Cara masakna nyaeta ngangge hawu leutik, tuluy katelna teh dibalikeun supaya kerakna asak. Ajaibna, katel dibalikeun ge ieu kerak na teh teu murag. Rasana mantap pisan, asin jeung gurih semu amis tina bumbuna ngajadikeun ieu kerak boga rasa nu teu aya di tuangeun sejen. Kerak telor ayana dina unggal festival di berbagai daerah. Ngan, di sababaraha saerah emang jarang pisan dipanggihan tukang kerak telor. Ieu tuangeun teh digemari pisan ku hampir saluruh masyarakat, malahan mah aya nu ngajadikeun ieu camilan dina kagiatan sapopoena.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "3967", "text": "Bobobox Pods Paskal mangrupikeun salah sahiji hotél kapsul nu aya di bandung bobobox Pods Paskaldi Bandung anu alus, bersih sareng nyaman anu. Hoel kapsul bobobox Pods Paskal aya di alamat di Jl. Pasir Kaliki No.76A, Pasir Kaliki, Kec. Cicendo, Kota Bandung, Jawa Barat kode pos 40171. Nomor Telepon: (022) 4266430. Fasilitas kamar pikeun kanyamanan tamu salila maranéhanana cicing ogé cukup lengkep. Contona, aya AC tiis, meja, detektor haseup, curtains kedap cahaya, selop di kamar, sarta jutaan aksés internét haratis liwat wifi. Pikeun kamar mandi babarengan, aya anduk, kaca spion, sareng perlengkapan mandi saperti, skat gigi, odol, sabun jeung sampo. Pokokna lengkap pisan, pelayan hotelna ge ramah sadayanna. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4246", "text": "Asal muasal ngaran Kolintang diilhaman ku nada anu dipancarkeun tina alat musik saperti \"Tong\" pikeun nada handap, \"Ting\" pikeun nada luhur, sarta \"Tang\" pikeun nada tengah, ogé ngagunakeun istilah \" ber tong ting tang” bari ngedalkeun kalimah “Maimo Kumolintang” pikeun ngajak jalma-jalma ulin, sangkan laun-laun babasan robah jadi Kolintang. Jaman baheula, musik Kolintang digunakeun pikeun upacara ritual adat anu patali jeung pamujaan roh karuhun, tapi lila-lila musik Kolintang leuwih fungsina minangka pangiring tari, pangiring tembang, atawa pagelaran musik. Salian ti éta, kréativitas generasi ngora ogé geus nyiptakeun gawé bareng antara Kolintang jeung alat musik modérn salaku pangiring lagu pop, jazz jeung rock. Kolintang dijieunna tina kai husus anu hampang tapi rada padet tuluy disusun ngawujud garis paralel. Sacara umum kai anu dipaké nyaéta kai endog, kai bandara, kai wnuang, jeung kai kakinik. Satuluyna, kai tina tangkalna digaringkeun heula samemeh diolah jadi bilah-bilah leutik, nu sabeulahna dikurangan panjangna pikeun ngahasilkeun nada anu pas.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "7396", "text": "Kejuaraan Sepak Bola Afrika atanapi Piala Negara-Negara Afrika nyaeta kajawaraan maen bal antara nagara-nagara konfederasi negara Afrika. Dilaksanakeun unggal dua taun ti taun 1957, biasana dilaksanakeun dina ahir Januari nepi ka awal Pebruari. Pikeun ilubiung Piala Afrika, kualifikasi dilaksanakeun pikeun pamilon, juara sareng tuan rumah langsung lolos pikeun Piala Afrika salajengna. Ti saprak turnamen dimimitian taun 1957, model piala Piala Afrika geus ngalaman tilu kali parobahan. Piala Afrika kahiji dingaranan piala Abdel Aziz Abdallah Salem anu nyarupaan Piala Liga Inggris. Ngaran eta piala dicokot tina ngaran urut presiden Asosiasi Sepak Bola Afrika (CAF) ti Mesir, Abdel Aziz Abdallah Salem. Piala model anu dijieun tina perak ieu mimiti dipake nepi ka taun 1978.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4123", "text": "Naraka nurutkeun di Al-Qur'an jeung Hadits karangan Roidah, kecap naraka dina Al-Qur'an disebut naar anu hartina seuneu ngaduruk. Saterusna, dina istilah naraka téh mangrupa tempat ganjaran anu mangrupa siksaan pikeun jalma-jalma anu ngalakukeun dosa atawa kasalahan nalika hirup di bumi. Naraka di gambarkeun tempat penyiksaan jeung pembalasan dosa-dosa, tempat anu serem pinih ku seuneu. Bahan bakar naraka nyaeta manusa, sabenern aya naraka nu tiis tapi tiis psan nyaeta naraka hawa sakumaha di jelaskeun ku surat shad ayat 57. Naraka aya di dijieun pikeun manusa anu ngalanggar parentah Allah SWT anu terus - terusan berbuat dosa. Dicaritakeun di akhir jaman ngke penghuni naraka lobana awewe.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "1946", "text": "aya hiji tempat nu endah jarang katenjo ku batur nyaeta panyawenyan, Sanaos ayeuna langkung kasohor, di kawasan wisata Teras Panyaweuyan acan aya tempat parkir anu ageung. Tempat parkir motor ogé parantos didamel di gigireun tikungan, anu caket langsung ka jurang. Panginten kusabab alesan ieu henteu seueur sémah mobil anu sumping ka dieu, anu dina pamanggih kuring ogé nilai anu lumayan positip nyaeta heunte macet. Jumlah kawates nu datang bisa tetep hiji tempat geulis. Loba teuing datang, sanajan aranjeunna mawa duit badag, cukup picilakaeun sarta ogé ngancem kelestarian lingkungan. Utamana upama jenis nu datang téh jalma-jalma nu teu paduli kana lingkungan. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "7398", "text": "Sapanjang sajarah Piala Thomas Cup, ngan ukur lima nagara anu kungsi meunang nyaeta Republik Rakyat Cina, Malaysia , Indonesia, Jepang, jeung Denmark, anu meunang kahiji kalina dina taun 2016. Unggal tim anu milu dina Piala Thomas diwangun ku lima urang/pasangan (3 tunggal, 2 ganda). Juara Piala Thomas samemehna nyaeta Indonesia, disumbangkeun ku Anthony Sinisuka Ginting, Fajar Alfian/M Rian Ardianto jeung Jonatan Christie anu meunang ngelehkeun Cina 3-0 dina final di Aarhus, Denmark, dina 1kaping 7 Oktober 2021 sanggeus 19 taun teu meunang gelar. Ayeuna juara bertahan nyaeta India, anu meunang ngelehkeun Indonesia 3-0 dina final di Bangkok, Thailand, ping 15 Mei 2022.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "3890", "text": "Rasa sukrosa anu renyah gampang dipendakan, hargana murah sareng seueur pisan, anu masih janten daya tarik dina jaman seueur jajanan viral anu sanés. Urang paling resep kana kacang sukro ti baheula, ti jaman leutik keneh. Da sering did jajanan sukro ku mamah. Sukro teh camilan nu aman teu nyieun batuk da teu make pengawet jadi aman di dahar ku budak leutik. Tapi nu di pikayaah ti sukro sok kadang lamun ngadahar sukro sok aya kacangan anu teu alus jeung bau na jadi aya anu ngadahar sukro ngan ukur tipung. Kuduna nu nyieun sukro bisa leuwih merhatikeun ieu, soal na sukro teh loba lu resepeun. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "2358", "text": "Tiap daérah miboga lagu-lagu anu ngagunakeun basa indungna, nyaéta ngagunakeun basa daérah. Nyanyi lagu rahayat dipirig ku alat musik tradisional. Indonésia miboga lagu-lagu jeung alat musik tradisional anu dipangaruhan ku sababaraha nagara saperti India, Cina, Portugal jeung nagara-nagara séjénna. Unggal suku di Indonésia miboga lagu-lagu rahayat anu ngagunakeun basa daérah. Lagu-lagu daerah biasana dipirig ku seperangkat alat musik daerah anu sok disebut karawitan. Istilah karawitan nujul kana set lengkep pakakas musik tradisional. Unggal suku di Indonésia miboga lagu-lagu rahayat anu ngagunakeun basa daérah. Lagu-lagu daerah biasana dipirig ku seperangkat alat musik daerah anu sok disebut karawitan. Istilah karawitan nujul kana set lengkep pakakas musik tradisional. Dina musik karawitan Betawi, gaya gambang kramong disebut liaw geus ilahar pisan dina mangsa-mangsa jeung wewengkon nu tangtu. Gubahan karawitan bisa mekarkeun béda-béda ti hiji daérah ka daérah séjénna dina waktu, balukarna rupa-rupa gaya. Gaya musik nyaéta ciri atawa ciri musik anu dihasilkeun tina sababaraha kaayaan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "8036", "text": "Leumpang santai teh nyaeta kagiatan fisik anu ngalibatkeun leumpang dina laju anu laun atanapi sedeng, kalayan tujuan pikeun bersantai diri, ngajaga kasehatan, sareng mikaresep lingkungan. Biasana jalan-jalan santai teh dilakukeun di lingkungan anu aman sareng sepi, sapertos taman, pantai atanapi jalur leumpang. Leumpang santai umumna mah henteu dilakukeun kalayan tujuan ngaduruk kalori atanapi ningkatkeun kabugaran sacara intensif. Sabalikna, tujuan utama leumpang santai teh nyaeta ngabantosan ngirangan setres, ningkatkeun kasehatan mental sareng fisik, sareng nikmati waktos di luar. Salila leumpang santai, anjeun tiasa nyandak waktos pikeun nitenan sakuliling sareng nikmati alam. Sababaraha urang malah make jalan luang salaku waktu pikeun introspeksi atawa semedi.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "42", "text": "Americano Coffee salah sahiji minuman nu sok aya di cafe-cafe, disajikeunna bisa panas atawa tiis make es batu. Lamun nu panas sok di kana gelaskeun, bakal kaciri aya kebul-kebul nu kaluar tina gelasna. Beda deui jeung nu tiis sok di kana cup tuluy dibere sedotanna, tapi ngeunahna teh leuwih praktis mun teu beak bisa di bawa balik. Rasa na pait, mun nu tara biasa mah moal resep, sabab teu make deui gula. Beda jeung es kopi susu, nu rasana aya amis-amisna. Tapi lamun dibandingkeun jeung ekspreso, americano rasana rada hampang, mun ekspreso pait pisan. Lamun nginum kopi pait, ngeunahna dahar nu amis-amis, siga cau goreng, croffle, atawa roti.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7467", "text": "Kanggo pamula anu bade nyobian nganggo kamera jeung hoyong meser amera, aya sababaraha hal anu kedah diperhatikeun nalika urang bade meser kamera. Kamera mangrupakeun barang anu teu mirah pangaosna, matak lamun bade meser kamera teh kedah sasuai jeung kabutuhan urang, bisi malah teu kapake. Masalahna mah seeur jalmi anu hoyong meser kamera padahal teu pati ngartos cara makena. Komo jaman ayeuna mah kamera tos dilengkepan ku fitur-fitur anu sae. Urang kedah netapkeun heula tujuan urang meser kamera teh jang naon. Masalahna kamera anu fungsina kanggo profesional sareng kamera anu ngan ukur resep teh beda. Bisi urang kalahkah meser kamera anu kanggo profesional padahal urang sanes tukang poto. ", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "1181", "text": "Urang bisa ngalakukeun parobahan ti rupa-rupa hal, boh eta model bisnis, strategi pemasar nepikeun pasar bisnis urang. Baheula pernah aya perusahaan skala menengah nu ampir bangkrut, akhirna saenggeus ngalakukeun evaluasi jeung mutuskeun jang ngarobah sasaran pasar bisnisna ka luar negeri akhirna mah perusahaan eta bisa disalametkeun nepikeun ka ayeuna akhirna jadi gede. Intina mah lakukeun parobahan, ulah tuluy bertahan dina kondisi nu sarua lamun hayang salamet dina karugian. Jeung ngalakukeun parobahan ieu ngabutuhkeun kawanian jeung kayakinan nu gede. Di dieu pebisnis bakal diuji mentalna. Naha rek cicing wae jeung terus-terusan rugi? Atawa hayang salamet tapi kudu ngalakukeun parobahan dibarengan ku kawani jeung yakin?", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "2274", "text": "Dina hiji poe Abdullah bin Mas'ud ngaliwat ka hiji wewengkon di kota Qufa. Di dinya, sakelompok jalma anu ngalakukeun kasalahan nuju ngariung. Aranjeunna keur senang nginum anggur jeung penyanyi ngaranna Jazan anu ngahibur aranjeunna ku lagu. Jazan ngabogaan sora anu éndah, nepi ka Abdullah bin Mas’ud katénjo bari ngadéngé sorana bari ngaliwat. Abdullah tuluy ngadawuh, “Sorana geulis pisan. Saé pisan upami anjeunna nganggo sora éta pikeun maca Al Qur'an!\" Sanggeus ngomong kitu, Abdullah nutupan sirahna ku lawon sarta ninggalkeun eta tempat. Jazan anu ningali Abdullah indit tuluy nanya, \"Saha éta jalma jeung naon cenah?\". Jalma-jalma di dinya ngawaler, “Anjeunna teh Abdullah bin Mas’ud, sahabat Nabi Muhammad SAW. Cenah sora anjeun geulis pisan. Betapa endahna upami anjeun tiasa nganggo sora anjeun pikeun maca Al-Quran! “Jazan ngadadak reuwas, manéhna ngalungkeun alatna tuluy lumpat ka Abdullah bin Mas’ud. Tuluy silih rangkul jeung ngeclak cipanon. Abdullah bin Mas'ud naros ka anjeunna, \"Naha abdi henteu kedah mikacinta ka jalma anu mikacinta ka Allah?\". Sanggeus éta, Jazan ahirna tobat ka Alloh SWT sarta cicing di parusahaan Abdullah bin Mas'ud pikeun neuleuman Al Qur'an jeung ajaran Islam lianna nepi ka ahirna Jazan jadi salah sahiji ulama hébat jaman na.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "3628", "text": "Kuring diuk gigireun si adul nu leungeunna siga rék muka jandéla beus, tapi piraku kadéngé sora botol aqua nu siga nu rék diremas kitu. Dina waktos éta kuring langsung mariksa ransel anu kuring (bobo) masih nganggo tonggong kuring, tibatan disimpen dina pangkonan kuring. Tétéla ransel kuring dibuka. Sigana si adul pura-pura mukakeun jandela padahal ransel kuring dibuka bari leungeunna asup kana kantong manehna nabrak botol aqua di jerona. Kabeneran dompét kuring aya kénéh jeung lalaki éta langsung turun tina beus. Kuring pernah ningali hiji murid SMP keur diuk bari sukuna ngaléos dina beus. Panginten kuring kedah nyandak poto ieu, tapi tétéla nalika kuring nyandak poto nganggo ponsel, lampu kilat kaméra kuring masih hurung. ngerakeun pati. Nalika kuring anyar kuliah, kuring masih teu yakin sabaraha ongkos beus anu kuring kedah mayar. Saparantos masihan ongkos ka supir, saurna \"teu cekap, Bu.\" Kuring nanya deui, \"kumaha kirangna pak?\" eh supirna malah nyentak, \"ulah siah!\" bari ngalungkeun duit ka kuring tuluy indit. Abdi bingung.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "6520", "text": "Stres jadi salah sahiji gangguan mental anu biasa ngajamah manusa. Salah sahiji faktor penyebabna teh nyaeta kurang ibadah ka Allah. Nu sok jauh tina ibadah mah sok nharasa teu tenang hirupna, nu berujung ka puncakna nyaeta stres. Mun jarang ibadah mah pikiran teh sok kalut, asa euweuh jalan kaluar tina masalah, jeung osok overthinking. Asa hirup teh teu aya panyalindungan jeung teu aya perubahan. Kuduna mah salaku makhluk Allah, urang teh kudu selalu inget kana kawajiban ibadah da geus jadi hal nu wajib dilaksanakeun sabab bakal nuntun kahirupan urang di dunia jeung akherat. Mantak, supaya bisa jauh ti stres, yuk giatkeun deui ibadahna ka Allah!", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4612", "text": "Mesin cuci anu diciptakeun sateuacan lahirna mesin cuci listrik modéren éta pisan nyusahkeun sareng bahaya, sabab dina generasi awal mesin cuci aya bagian anu kabuka dina mesin anu tiasa nyababkeun cilaka anu nganggo sapertos gulungan anu fungsina meres baju anu lamun teu ati-ati bisa ngabalukarkeun ditarikna.bulu atawa pakean anu dipakena nepi ka bisa nimbulkeun kacilakaan anu serius, ahirna mesin cuci siga kieu dilarang diproduksi jeung dipasarkan. Prosés modérn cai spinning teu datang kana mahluk dugi motor listrik dimekarkeun. Spin merlukeun sumber konstan speed tinggi na kakuatan, mimitina prosés extortion dilumangsungkeun dina alat misah disebut \"extractor\". Baju anu dikumbah bakal dialihkeun tina tilelep kana karanjang ékstrak, sareng cai bakal kaluar tina garis anu misah. Rupa-rupa usaha parantos dilakukeun pikeun ngaleungitkeun geter anu teu stabil sapertos masang karanjang puteran dina pigura anu ngambang pikeun nyerep geter anu sakedik.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9058", "text": "Hal anu urang kedah laksanakeun nalika nyanghareupan karugian, anu katilu nyaéta ngembangkeun pamikiran realistis ngeunaan kagagalan. Hiji studi 2010 diterbitkeun dina Appetite kapanggih yén jalma leuwih gampang nyieun bongbolongan sorangan lamun maranéhna yakin yén kasalahan aranjeun teh geus gagal total. Lamun anjeun manggihan diri mikir yén anjeun teu boga harepan atawa euweuh titik dina nyobian deui, robah pikiran anjeun. Ngingetkeun diri pikeun mikir langkung réalistis ngeunaan kagagalan. Gagal mangrupikeun tanda yén kuring nangtang sorangan pikeun ngalakukeun hal anu sesah. \"Kuring tiasa ngadamel kagagalan.\", \"Kuring tiasa diajar tina kagagalan kuring.\" Anjeun panginten kedah ngulang kalimat atanapi negeskeun ka diri anjeun pikeun ngahindarkeun pikiran négatip atanapi ngajamin diri yén anjeun tiasa balik deui.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "6677", "text": "Indonesia disebut oge negara agraris kusabab seeur jelema anu profesi utamana janten patani. Tapi di kalangan budak ngora patani janten profesi anu dianggap kirang sae, padahal anu ngajamin dahareun urang unggal poe saha deui lamun sanes ku patani nu melak beas, tatangkalan teras dijual ka pasar teras dipeser ku arurang. Padahal di Jepang mah profesi patani teh janten profesi anu ngajangjikeun. Seeur barudak ngora anu leuwih milih janten pagawe kantor anu unggal poe indit ka kantor, cicing dihareupeun leptop. Padahal upami mahasiswa daek ngamajukeun pertanian Indonesia, Indonesia teu kedah impor dahareun deui ti luar negeri, dumasar data di Bulog, di bulan Desember 2022 Indonesia masih kene impor beas anu jumlahna 200.000 ton.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "1577", "text": "Urang jeung babaturan layeut pisan, kamamana teh duaan wae. Nepikeun ku batur mah geus dicap \"siki kanjut\". Jadi kamamana teh teu bisa dipisahkeun. Ibaratna mun aya urang pasti aya manehna, rek ditongkrongan atawa pas gawe bareng kelompok. Ngakost ge sakamar, tukeuran kaos, calana, sapatu, geus henteu aneh. Bahkan nu leuwih parah deui mah manehna sok nginjem kolor urang. Ieu fase pertemanan nu geus siga kulawarga sorangan. Geus puguh deui ari duit mah geus tara itungan, atawa make barang oge geus teu kudu ngomong nginjeum, kari pake wae. Geus apal kabiasaanna sorangan-sorangan, jeung paripolah nu goreng atawa nu alusna geus silih terbuka.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "1927", "text": "Neuteup ti basisir, nyeuseup seungitna, ngararasakeun angin, ketug jajantung ngahiji jeung ombak nu ngagelebug. Sadayana dihijikeun dina lukisan alam anu éndah. Nangtung jeung sadar kumaha kakuatan ketuhanan nyiptakeun cai biru sajauh panon bisa ningali. Saha anu terang dimana tungtungna. Ngalieuk ka beulah kenca, tacan nepungan tungtung. Kuring mimiti leumpang sapanjang pantai. Rindu kana partikel keusik nu nyampeurkeun dampal suku. Tuluy diuk eureun dina bentang pasir. Balik pikeun ngarasakeun pintonan hareup. Sagalana geus ngayakinkeun.. Ku kuring mah karamel bandeng nu mindeng jadi ciri khas basisir Cilacap, naon deui lamun laut minuhan tungtung soré. Warna oranyeu-beureum anu eksotis tiasa ngahipnotis saha waé pikeun ngeureunkeun sagala kagiatanana. Ngarasakeun reureuh, diuk, jeung keur ngalieuk ka arah laut.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "70", "text": "Lamun keur idul adha sok loba anu ngirim daging domba jeung sapi, urang sok mantuan indung jang ngolah dagingna. Biasana samemeh ngeureutan dagingna, urang sok ngasah heula peso sangkan seukeut dipakena. Pesona ge peso biasa, da teu boga peso khusus jang daging. Sabab ngasahna dina bahan batu, jadi peso jeung asahan sok dibaseuhan heula ku cai ngameh proses ngasahna teu lila jeung hasilna bakal seukeut. Tuluy si asahan di handapna ku urang sok ditandean make elap dapur, ngameh pas ngasah si asahanna teu kamana-mana, tapi cicing. Geus kitu mah kari proses ngasahna, biasana ti 5 nepi ka 10 menit si peso geus seukeut deui, teu poho oge ngasah pesona anu bagian kasarna heula tuluy nu bagean lemesna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7907", "text": "Aya sababaraha cara kanggo nyiapkeun dana darurat. Anu mimiti, urang kedah ngetang sabaraha dana darurat anu urang peryogikeun. Kabeh jalmi pasti peryogi dana darurat anu nilai nominalna beda. Urang kedah tiasa nangtukeun sabaraha dana darurat anu urang peryogikeun. Jumlah dana darurat ieu tiasa dipangaruhan ku seueur hal, salah sahijina nyaeta jumlah panghasilan sareng biaya anu urang kaluarkeun pikeun kabutuhan utama urang. Dana darurat ieu oge tiasa dipangaruhan ku kabiasaan anu urang lakukeun unggal dinten. Contona, biasa naek motor keur kagiatan atawa hobi maen badminton. Hal-hal sapertos kieu oge tiasa mangaruhan nominal dana darurat urang sabab kagiatan anu urang lakukeun mangaruhan kana kamungkinan kaayaan darurat dina kahirupan urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5733", "text": "Mun teu gaduh waktu luang jang olahraga ka luar, ayeuna mah tos aya alat nu bisa dipake olahraga di jero imah. Ngaran alatna teh nyaeta treadmil. Alat ieu biasa digunakeun jang jalan santai, jogging, atawa lari. Jadi, mun keur hoream ka luar atawa teu aya waktu jang olahraga lari ka luar, ayeuna mah bisa olahraga make treadmil we di bumi. Nu kudu diperhatikeun nyaeta durasi jeung intensitas larina. Tong hilap pemanasan heula samemeh ngalakukeun olahraga. Kacepatan alat treadmil oge bisa diatur ku urang. Mun kira-kira cape, bisa dieureunkeun heula tuluy istirahat. Yuk olahraga simpel di bumi make treadmil supaya teu aya alesan jang teu olahraga!", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "1180", "text": "Lamun karugian kateterusan ti bulan ka bulan, urang kudu ngalakukeun evaluasi gede-gedean jang mengatasi masalah ieu. Hiji usaha atawa bisnis bisa rugi pasti aya penyebabna, mun ceuk paribasa mah moal aya haseup mun euweuh seuneu. Sakapeung mah penyebabna lain anu katinggali hungkul. Urang bisa ngamimitian ngaevaluasi ti sistem gawe bisnis urang, kualitas produk atawa jasa urang, nepikeun ka kondisi piduiteun. Kualitas produk atawa jasa oge diperhatikeun, soalna bisa wae produk atawa jasa urang emang teu alus. Tapi ulah nepikeun ka nutup bisnis urang, salila boga rasa optimis jeung yakin, kabeh masalah bakal bisa diputer jadi leuwih alus. Ulah era jang menta tulung ka batur.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "808", "text": "Mangpaat olahraga keur leutik keneh bakal dirasakeun ku budak nepikeun ka maranehna dewasa, utamana ngeunaan kakuatan jeung kasehatan fisik. Resep olahraga nyieun awak sehat jeung mibogaan imunitas nu sae. Komo deui kakuatan fisik dibutuhkeun pisan. Aya sababaraha mangpaat olahraga jang awak budak. Olahraga budak sacara rutin bisa nurunkeun resiko budak kakeunaan obesitas nepikeun ka 31%. Rutin olahraga oge boga dampak positif kana kasehatan jantung anak nepikeun maranehna dewasa. Tuluy mun olahragana fokusna kana motorik bakal ngalatih kakuatan otot jeung ngaronjatkeun kamampuan koordinasi. Nu terakhir rajin ngalatih kakuatan tulang ku ngalakukeun gerakan ngaluncat pas keur olahraga bakal mere mangpaat jang tulang.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6541", "text": "Tah ayeuna teh abdi bade uih ka Subang ngangge kareta. Ieu pertama kalina abdi uih make kareta, sabab biasana mah sok make bus wae. Make kareta jeung bus ge sarua wae turun naek angkutan, tapi make kareta mah leuwih murah saeutik, jadi abdi ayeuna nyobaan naek kareta. Mimiti naek karetana teh di stasiun Rancaekek make KA lokal Cibatuan. Estimasi teh nepi ka stasiun Purwakarta ngan dua jam satengah, tapi kalah ka tilu jam leuwih karek nepi. Di jalan meuni geus kesel pisan saban diuk wae, euweuh tetempoeun jeung korsina teu ngeunaheun da ajeg teuing. Abdi ngarasa kapok karek sakali make kareta ge, ah mendingan make bus deui we engke mah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5321", "text": "Mun unggal poe Jumaah, sok diayakeun majelis ta'lim Al-Hikmah. Majelis ta'lim teh mangrupakeun pangajian rutin ibu-ibu dina hiji dusun di desa. Jam dua eh biasana sok aya ibu-ibu nu ngalantunkeun nadoman dina speaker masjid. Tuluy nu lainna nungtutan daratang ka masjid. Mimiti gumpul sadaya, ibu-ibu teh sok ngadoa heula. Beres ngadoa sok dituluykeun kana sholawatan. Beres sholawatan teh tuluy murojaah hapalan Qur'an. Tos kitu, kantun ngadangukeun ceramah keagamaan ti ustad/ustadzah nu diundang jadi penceramah. Biasana dilaksanaeun ti jam dua dugi ka ashar. Beres ngadangukeunceramah teh tuluy sholat ashar berjamaah. Mun bada ashar mah bubar we kantun uih ka bumi masing-masing.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "9481", "text": "Liburan jeung kulawarga nyaeta kagiatan anu dilaksanakeun ku sakumna anggota kulawarga pikeun nganjang ka tempat-tempat wisata atawa tempat-tempat anu pikaresepeun. Liburan sareng kulawarga mangrupikeun cara anu alus pikeun ngahijikeun kulawarga sareng nganikmati waktos sareng jalma anu dipikacinta. Salian ti eta, liburan sareng kulawarga oge mangrupikeun kasempetan anu sae pikeun leuwih jero deui ngenal sareng anggota kulawarga anu sanes sareng ngawangun hubungan anu langkung caket. Liburan sareng kulawarga oge tiasa janten pangalaman anu pikaresepeun sareng nyegerkeun pikeun pikiran sadaya anggota kulawarga, khususna upami dilakukeun di tempat anu gaduh pamandangan alam anu endah sareng fasilitas anu lengkep. Janten, liburan sareng kulawarga mangrupikeun kagiatan anu pikaresepeun sareng mangpaat pikeun kulawarga.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4947", "text": "Lengko. Salah sahiji tuangeun jang sarapan nu tara pisan kaliwat ku abdi sakulawarga. Lengko atawa biasa oge disebat kupat tahu, mangrupakeun kadaharan anu bahan utamana leupeut. Lengko nyaeta leupeut dikeureutan, tuluy make tahu goreng nu tos dikeureutan, jeung diguyur make bumbu kacang. Geus kitu sok ditambahan kecap. Warnana cokelat semu hideung tina kecap. Disayogikeun nana sok make kurupuk emie atawa kurupuk bodas. Lengko oge osok make kulub toge diluhureun nana. Biasana lengko sok dijadikeun tuangeun sarapan atawa tuangeun maju ka peuting. Lengko teh teu beda jauh bentukan na jeung ketoprak. Ngan beda topping hungkul. Ai lengko mah make toge, ai ketoprak mah make bihun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5373", "text": "Hari raya Nyepi nyaeta salah sahiji hari raya umat Hindu nu dirayakeun unggal taun baru saka. Nyepi nyaeta poe disucikeun na dewa-dewa nu aya di pusat samudera nu mawa amerta hirup. Ku kituna, poean Nyepi teh diayakeun ibadah atawa pemujaan suci jang dewa-dewa. Unggal hari raya Nyepi, kabeh aktivitas duniawi ditinggalkeun heula kangge meditasi. Ku kituna, mun perayaan hari raya Nyepi teh sok tiiseun pisan di Bali mah, euweuh jelema nu kaluar pisan. Kitu oge ka warga Bali nu non Hindu, kedah ngahargaan ku cara miluan ngahentikeun aktivitas di luar imah. Supaya hirup urang bisa harmonis dina perbedaan. Jadi, penting pisan jang toleransi oge silih menghargai ka agama lain jeung budayana!", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "1633", "text": "Ngeunahna naek kereta teh salian ti nyaman oge tepat waktu, komo urang mun dibuburu ku waktu, naek kereta api jadi salah sahiji pilihan, boh eta di daerah nu sarua atawa beda kota. Sabab kereta api mah boga jalurna sorangan moal kamacetan, jadi estimasi waktu nepi oge geus bisa dipastikeun. Urang oge teu kudu riweuh ngantri, da ayeuna mah geus bisa dipesen ngaliwatan online. Tempat diukna oge empuk, sapanjang perjalanan urang bisa ninggali pemandangan anu harejo lantaran sababaraha tempat diliwatan ku kereta api. Beda mun naek mobil pribadi ngaliwatan tol misalna, salian ti macet oge urang teu bisa menikmati pemandangan nu aya di sapanjang perjalanan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "9418", "text": "Alisha, adi kuring paling teu beuki kanu ngaranna lauk. Sakali ngambeu lauk, sanajan seungitna matak nyieun lapar, manehna mah langsung ingkah ngajauhan. Dek lauk dibeuleum, digoreng, dipesmol, atawa dibumbu rujak nu seger oge, manehna moal noel saeutik-eutik acan. Tapi aya hiji lauk anu dipikaresep ku manehna, nyaeta asin cucut. Asin cucut mah tong boro disanguan, disambelan, dingeungeunah masakna, di goreng garing hungkul ge bisa ditambul ku manehna. Indung kuring matak heraneun. Pajarna mah, adi kuring mah letahna letah susah. Dibere gurame atawa kakap nu ngeunahna euweuh dua disingkah-singkah, dibere cucut nu teu sabaraha hargana, karek didahar. Tapi manehna ngajawab lamun ditanya sababna. Alisha mah teu resep lauk pedah ku bentukna. Ari cucut mah geus disiksikan karotak, jadi manehna teu ngarasa siga keur ngadahar lauk, pokna mah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "88", "text": "Sayur paria najan pait tapi loba mangpaatna jang kasehatan. Sabab loba ku mineral nabati, kalsium, jeung fosfor, oge karotenoid. Di sababaraha nagara oge paria loba mangpaatna jang kasehatan, contona di Jepang jadi obat pencahar, laksatif , jeung ubar cacing, lamun di India, digunakeun jadi ubar diabetik, ubar rematik, ubar panyakit liver jeung ubar panyakit limfa. Sababaraha kandungan nutrisi nu aya, lamun ngonsumsi paria ieu bisa mawa rupa-rupa mangpaat jang kasehatan, kaasup ibu hamil. Di antarana nyaeta, nurunkeun kadar gula darah, ngatasi gangguan pencernaan, ningkatkeun imunitas awak, nyegar kanker payudara, nurunkeun berat badan, ngurangan resiko panyakit jantung, jeung ningkatkeun kasehatan mata.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "2755", "text": "Carita na dimimitian ti mimiti, jadi ti mimiti asup SMP ngagunakeun netbook ASUS seri 1225b. Mimitina masih aman pikeun ngalakukeun pagawean sakola. Tapi saatos sataun dianggo, keyboard ngadadak macét. Kusabab kuring masih tiasa nganggo keyboard éksternal, kuring mutuskeun pikeun ngagunakeunana. Tapi kusabab kuring henteu langsung ngagentos, éta malah sumebar ka tombol anu sanés sareng adaptorna ogé henteu tiasa dianggo. Sareng saatos 3 taun dianggo kuring mutuskeun pikeun ngagentos nganggo laptop. Saparantos SMA abdi nganggo laptop, masih nganggo merek ASUS oge. Paké runtuyan 555ba. Saatos tilu taun dianggo, masalahna muncul. Adaptorna pondok sareng teu tiasa dianggo deui. Nepi ka pareum listrik sakedapan. Tapi alhamdulillah laptop masih aman teu aya gangguan atanapi pareum.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "926", "text": "Ngarawat laptop gaming tangtuna penting pisan supaya awet. Cara ngarawat laptop gaming sabenerna babari komo mun geus jadi kabiasaan mah. Nu paling mimiti mah geus pasti ngaberesihan laptop, ngaberesihanana bisa diheulakeun heula bagian layar jeung keyboard laptop make elap atawa tisu anu lembut anu rada baseuh saeutik ngameh kebulna nararempel. Tuluy bisa make tambahan kipas angin. Biasana laptop gaming babari panas, jadi leuwih alusna make alat jang niiskeun laptop gaming. Bisa oge diatur maen gamena, sabab make laptop sacara tutuluyan bisa jadi babari ruksak komo deui mun maenna game nu beurat. Nu terakhir mun hayang laptop gaming leuwih awet nyaeta hapus data nu geus teu diperlukeun sacara rutin.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "148", "text": "Trans Metro Pasundan nyaeta alternatif angkutan umum nu jadi bagian tina program Teman Bus. Trans Metro Pasundan ngalayani di wilayah Bandung kahubung jeung terminal Leuwipanjang jeung terminal Dago nepika wilayah Padalarang, Baleendah sarta Jatinangor. Kapasitasna anu sedeng nyaeta 40 penumpang, 20 tempat diuk. Lamun kapasitas anu gede 60 penumpang, 30 tempat diuk jeung sewang-sewangan 1 area jang prioritas. Tarif nu kudu dibayar jang tiap penumpang teh nyaeta Rp 4.900, cara mayarna bisa ngaliwatan E-money. Kanggo jam operasionalna mulai ti jam 05.00 - 21.00 WIB. Aya sababaraha rute anu dilayanan, nyaeta Koridor 1: Leuwipanjang - Soreang, Koridor 2: Kota Baru Parahyangan - Alun-Alun Kota Bandung, Koridor 3: Baleendah - BEC, Koridor 4: Leuwipanjang - Dago, nu terakhir Koridor 5: Dipatiukur - Jatinangor (ngaliwatan TOL).", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "31", "text": "Lamun batur ditanya masakan padang sigana pada resep salian ti murah jeung babari manggihanna da aya dimana-mana. Tapi beda jeung urang, urang salah sahiji nu teu resep masakan padang. Asa sok babari sebel komo deui mun geus di guyur itu ieu kuah na dicampur jeung sambel hejo na. Pernah hiji waktu balik ti Ciwidey lapar pedah geus ulin, neangan di sapaparat jalan lolobana ngan aya masakan padang, teu daek da sindang heula, urang mah mending neangan warteg. Harita teu jauh ti lokasi masih kaayaan di Soreang manggihan warteg, langsung weh asup. Kawas biasa nu dipesen pasti usus, tempe orek nu aya terian, lamun nginumna nurdin (nutrisari dingin).", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7017", "text": "Lamun ngabahas ngeunaan lebaran, lolobana jelma anu ngan fokus ka babagi THR jeung dahar lontong kupat hungkul. Padahal Idul Fitri gaduh makna anu liar biasa ageungna. Idul Fitri mangrupakeun dinten meunangna umat Islam anu ngajalankeun ibadah shaum di sasih Romadon. Sasih Romadon nyeta janten sasih kanggo umat Islam ngalatih aranjeunna janten jalmi anu gaduh kualitas anu langkung sae. Sasih ieu oge janten momen kanggo urang ngabiasakeun ngalakukeun kagiatan anu sae jeung ngempelkeun bekel kango sabelas sasih nu bakal datang. Matak Idul Fitri ieu bakal janten dinten meunangna urang ngalawan hawa nafsu jeung meunang seeur timuan kanggo ngajalankeun kahirupan di sabelas sasih kahareup na.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "3839", "text": "Jaman ayeuna boh di kota boh di kampung, dahareun teh kot macem-macem. Sagala dahareun di variasi, jiga kamari urang manggihan cendol tapi beda ti cendol nu biasa. Cendol anu ieu mah warna-warni, di sebut na ge cendol rainbow atawa bisa di sebut oge cendol pelangi. Tapi cendol kos kieu jarang aya di kampung, ayana teh ngan di kota doang. Tapi jigana mun aya di kampung bakalan laku pisan, ku sabab unik mun di tempo. Rasana ge teu jauh beda jeung cendol biasa, geus kitu warna-warni na teh teu make pewarna maknan, tapi tina warna² daun jeung kembang. Ayawae jelema anu mikirian ide jualan anu kos kitu. Hargana ge teu jauh beda jeung cendol biasana, sapuluh rebu perporsi. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5873", "text": "Sok seueur kasus kamera depan hape nu teu bisa dibuka atawa dipake fofotoan. Tah hal ieu teh disebabkeun sababaraha faktor, dua di antarana nyaeta aya karusakan dina software jeung ayana karusakan dina hardware. Mun karusakan nu nyerang software mah jiga RAM hape na nu minim jadi teu bisa ngadukung kana perangkat jang muka kamera depan. Salian eta, mun cache atawa data aplikasi minuhan RAM, pasti bakal ngefek oge kana fungsi kamera depan. Mun karusakan na aya dina hardware, biasana disebabkeun karena hape murag nepi ka retak atawa hape kana cai pelebah kamerana nepi ka teu bisa mungsikeun kamera depan deui.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "3979", "text": "Delman atawa andong mangrupakeun kereta anu di tarik ku kuda, naek delman sabenrna teu kudu adi tempat wisata di jalanjalan ge urang masih babari manggihan delman. Komo di kota kota wisata jeung loba sejarah siga yogyakarta, soslo jeung lain lain. Delma nbiasa na loba di panggihan keur mangkal di pasar pasar tradisional. Para kusir biasana sok nawaran naik delma keur kukurilingan jeung biasa na bari di jelaskeun naon wae nu di liwatan. Jadi sakalian naik delman uang bisa bari di ajar sejarah na tempat wisata eta, naek delman ieu cocok pisan lamun bari mawa budak leutik, barudak pasti resep naik delman. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "5863", "text": "Mesin cuci teh salah sahiji alat nu sering digunakeun sabab bisa ngabantuan pagawean nyeuseuh pakean. Tah, biasana mesin cuci dipake hampir unggal poe. Kasering make mesin cuci teh kudu diimbangan ku ngaberesihkeun mesinna. Ulah nepi ka terus-terusan dipake tapi teu pernah daek ngaberesihkeun mesinna, engkena bakalan tereh rusak. Jadi, mesin cuci teh kudu rutin diberesihan mesinna supaya performana alus wae, heg teu gampang ruksak. Idealna mah dua minggu sakali atawa sabulan sakali, bari miceun sesa kotoran tina pakean jeung sesa detergen nu ngerak. Tong hilap oge diberesihan bagian luar nu osok kana cai supaya teu lumutan. Yuk urang rutin malihara kaberesihan mesin cuci supaya bisa awet!", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "1861", "text": "Ngitung konsumsi kalori sapopoé mangrupikeun salah sahiji cara pikeun ngatur diet anu séhat. Salaku bonus, anjeun tiasa ngajaga beurat awak idéal anjeun atanapi leungit beurat ku cara ieu. Kusabab ieu, penting pikeun tuang diet rendah kalori supados jumlahna henteu ngaleuwihan rekomendasi ahli gizi. Kanyataanna, menu teu kudu sarua, tempo yén geus aya loba pilihan pikeun milih kadahan rendah kalori salah sahijina nyaeta hayam pilet paprika:70 gram hayam pilet, 40 gram cabe beureum,1/2 sdm kecap manis, 1/2 sdt kaldu jamur, 1/2 sdm lada, 1/2 cangkir cai. cara ngajieunan Paprika jeung hayam: potong kotak-kotak, teras tiiskeun kalawan cabé jeung uyah saeutik. Cuci lada beresih, tuluy potong kotak-kotak. Panaskeun kawali, tambahkeun cai jeung hayam. angkat kawali, sajikeun dina piring.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "3071", "text": "Dina Akuntansi aya hal saperti laporan untung rugi pikeun manggihan naha hasil jualan urang untung/rugi, ieu salah sahiji conto. Ku kituna, urang kudu nyatet sagala hasil kuitansi urang jeung sagala hasil pengeluaran urang, engké béda antara dua hasilna bakal dipikawanoh salaku untung jeung rugi. Dasarna, penjualan/panghasilan kedah langkung luhur tibatan biaya supados henteu kaleungitan artos, éta sederhana. Ayeuna, kahiji tina catetan, kuring ngitung artos, kedahna jumlah sarua, tapi biasana aya tambah artos.kadua kudu aya dana khusus. Abdi nganggo ieu kanggo infaq. Katilu sareng anu terakhir sareng ngan 4 sasih kapengker kuring ngalakukeun éta kuring nganggo aplikasi Kasir\" sareng éta gratis di playstore.. Biasana anu saé dibayar, anu gratis henteu saé (enya aya harga aya kualitas) tapi kuring henteu nyerah lmao sareng tungtungna mendakan 1 aplikasi kasir gratis anu parantos tiasa input harga. tina modal pikeun tiap item, stock, fitur panginget nalika stock béak, déskripsi panghasilan kotor & kauntungan pikeun sapoé, saminggu atawa sabulan.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "7038", "text": "Di Al-Qur'-an seeur pisan carita ngeunaan kajadian di jaman baheula pikeun pelajaran keur jalmi di jaman nu bakal datang. Salah sahiji kisah anu populer nyaeta kisah Abu Lahab, musuhna Nabi Muhammad. Padahal Abu Lahab teh mang na Nabi Muhammad keneh, masih hiji kulawargi. Di Al-Qur'an disebutkeun yen sagala usaha anu dilakukeun ku Abu Lahab bakal binasa. Padahal manehna kaasup jalmi anu beunghar jeung dipikahormat di Mekkah. Panajikan Abu Lahab oge saruana, manehna disebut pamawa kai bakar. Manehna oge kantos nyimpen cucuk di jalan anu mineng diliwatan ku Muhammad ngarah cilaka. Basa Abu Lahab pupus, teu aya nu daek ngurus jenazahna.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2767", "text": "Kunaon acara televisi teh ngan ukur diemutan kanggo golongan bawahan??Jawabna kumargi aya persepsi anu salah di kalangan masyarakat, samemeh urang ngartos naha aya salah persepsi dina nganilai program TV, hayu urang telusur ka jaman jaya-jayana acara TV taun 90-an dugi ka 2010-an. nu mikaresep program TV nyaeta boomers ahir jeung millennials awal, alias nu lahir di 70-an nepi ka 90-an, jadi barudak dilahirkeun di jaman éta kiwari heubeul sahenteuna 30 taun jeung maksimum 65 taun. bisa dihontal ku kelas menengah jeung jalma umur produktif, nya éta barudak milenial sarta condong cicing di perkotaan sabab sinyal internét ieu memang leuwih mulus di perkotaan, dina taun 2015 sarta di luhur smartphone beuki affordable ku sakabeh jalma sarta dipaké ku barudak millenial. Samentara éta, Boomers teu acan pindah kana telepon sélulér heubeul, jadi TV mangrupa sarana pilarian informasi jeung hiburan, sedengkeun generasi milenial geus baralik kana smartphone pikeun néangan hiburan jeung informasi.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8885", "text": "Dua minggu ka tukang bapa kuring kakara meuli rakét reungit sabab di imah keur loba reungit. Biasana mah anggeus make raket reungit mah sok disimpen deui di tempat asalna. Tapi poé éta kuring poho pikeun nyimpen deui eta raket sabab bari masak, abdi nempatkeun dina hareupeun televisi. Teu kanyahoan ku kuring, adi kuring teh keur muterkeun sarta teu kahaja mencet tombol on. Adi kuring nu teu nyaho rakétna aya sétruman listrik, nempelkeun kana bagéan nu aya listrikan, lantaran reuwas jeung nyeuri, adi kuring langsung ceurik. Saprak kina kajadian éta kuring diajar hiji hal, nayeta ulah ninggalkeun pagawean anu teu acan beres, sarta salawasna nyimpen barang berbahaya sangkan barudak leutik teu bisa nyoo.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2262", "text": "Aya seueur cara pikeun ngajantenkeun Al Qur'an khusus pikeun janten sobat anu leres dina kahirupan. Ieu di handap aya opat cara anu tiasa dilakukeun pikeun ngajantenkeun Al Qur'an janten sahabat sejati anu khusus: Kahiji, maca atanapi maca. Kagiatan maca Al-Qur’an mangrupa cara pangheubeulna sangkan Al-Qur’an bisa jadi sobat sejati dina kahirupan urang. Kagiatan maca Al Qur'an bisa dihartikeun ku ngalaksanakeun rutinitas anu disusun sacara sistematis dina ngalokasikeun waktu pikeun bisa maca Al Qur'an. Kadua, ngapalkeunana. Kagiatan bisa ngapalkeun Al Qur'an mangrupa lengkah kadua anu bisa ngajadikeun Al Qur'an sobat sajati anu sidik dina hate jeung sidik dina jiwa. Salaku kitab suci anu dijadikeun pituduh hirup, tétéla Al-Qur’an téh hiji-hijina kitab suci anu gampang diapalkeun diantara kitab-kitab sawarga séjénna. Katilu, menadaburnya. Léngkah katilu pikeun tiasa ngajantenkeun Al Qur'an janten sobat anu leres dina kahirupan nyaéta nyobian ngartos sareng adaptasi kana éta.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "5814", "text": "Salah sahiji game karesep abdi nyaeta cooking mama. Unggal poe abdi teu bosen maenkeun ieu game dina hape. Biasana aya sababaraha resep nu diturutan oge ku abdi, nyobian kumaha rasana mun dipraktekeun langsung. Ayeuna abdi bade nyobian praktekeun resep nu kamari toa dipilarian dina cooking mama. Pas geus jadi mah kue na loba pisan nu raresepeun, rasana enak pisan jeung pas deuih takaran nana. Biasana mah sok di jieun na teh saeutik heula sabab bisi teu ngeunah, eh ai pek teh ngeunah pisan mantak deudeuieun. Ke mun geus aya waktu luang deui bakal nyobaan deui resep nu sejenna nu paling populer.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "967", "text": "Rice cooker mangrupakeun alat masak nu digunakeun unggal poe jang nyangu. Tapi sakapeung mah sok babari ruksak dina material anti cepelna jadi ngahiji kana sangu. Ayeuna mah apal kumaha carana ngameh teu babari ruksak jeung bisa digunakeun dina waktu nu lila. Nu kahiji ulah ngaberesihkeun panci rice cooker make bahan sabut baja, ieu bakal ngaruksak lapisan anti cepelna. Nu kadua paling mindeng dilakukeun nyaeta meresihkeun beas ngagunakeun panci rice cooker, kabiasaan ieu bakal nyieun lapisan anti cepelna babari molotok. Nu katilu kasalahan paling umum teh nyaeta sok ngeueum panci rice cooker dina cai mun geus digunakeun, ieu bakal ngaruksak lapisan panci jeung akibatna molotok.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7931", "text": "Abdi gaduh hiji rerencangan anu geus dekeut pisan. Padahal urang nembe dekeut pas SMP. Mimitina mah abdi geus kenal jeung manehna ti SD tapi kelasna benten. Abdi sok ningal anjeunna pas SD, manehna katingali siga jalmi anu sombong, abdi teu pernah mikir yen manehna bakal daek janten baturan kuring. Tapi pas SMP, abdi jol dekeut jeung manehna. Eta oge manehna anu ngadekeutan mimiti tuluy mineng pisan nyarita ngeunaan kabogohna. Unggal manehna carita abdi pasti masihan tanggepan anu sasuai jeung kahayang manehna, matak lamun ngobrol teh urang duaan mah pasti nyambung jeung teu pernah beak bahaseun janten abdi ngarasa anjeunna cocok pisan sareng kuring. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4512", "text": "Kagiatan ekstrakurikuler olahraga tangtu anu diakomodir ku sakola, palaksanaan lumangsung di sakola jeung nalika palaksanaan dilaksanakeun diluar jam sakola. Palatih jeung koordinator kagiatan ekstrakurikuler biasana dicekel ku sakola, upamana wawakil kapala sakola, guru pendidikan jasmani, atanapi anu sanésna. Samentara éta, palatih bisa datangna ti gurusakola sorangan atawa nyokot ti pihak luar sakola kompeten dina widangna. Kagiatan ekstrakurikuler olahraga mangrupa salah sahiji kagiatan anu dilaksanakeun dina rangka mekarkeun siswa. Jenis kagiatan ekstrakurikuler dipangaruhan pisan ku kamampuan sareng kawijakan sakola, kamampuh siswa, kamampuh guru, kamampuh murid, jeung kaayaan lingkungan sakola. Kagiatan ekstrakurikuler olahraga di sakola diantarana: sepak bolabal, voli, badminton, baskét, futsal, futsal, jeung sajabana. Mangfaat na bisa ningkatkeun harga diri jeung kapercayaan diri siswa kamampuhan jeung skill dina olahraga bakal naekeun harga diri jeung kapercayaan diri siswa.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8797", "text": "Mangsa keur budak, aya hiji kaulinan anu ceuk kuring mah ieu teh kaasup salah sahiji olahraga, nyaeta skipping. Kuring pohara resep pisan kana olahraga ieu. Memang rada hese keur anu kakara diajar mah. Sabab bisa-bisa lamun teu ati-ati, tali skipping na bisa nyangkut kana bitis. Baheula mangsa keur budak mah anu dijadikeun tali skipping na teh karet geulang diuntun dijadikeun tali. Tah jaman kiwari mah rupa-rupa tali skipping loba dijual di toko-toko peralatan olahraga. Pikeun pemula ulah hariwang teu bisa ngamaenkeun talina, sabab tali skipping na geus diatur bisa dipanjangkeun atawa dipondokkeun gumantung kanu makena. Jadi saha wae bisa diajar ngalakukeun olahraga skipping.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "7205", "text": "Gudeg Jogja nyaeta kadaharan has Yogyakarta anu dijieun tina nangka ngora anu dikulub dina santen make bungbu jeung gula aren. Gudeg Jogja kasohor ku rasa amis anu has. Gudeg Jogja biasana disuguhkeun sareng endog, hayam sambel, sambel goreng krecek, sangu, jeung tempe. Gudeg Jogja boga warna coklat semu beureum lantaran ditambahan gula jawa. Kadaharan ieu kakoncara pisan di Yogyakarta sarta mangrupa salah sahiji kadaharan anu pang populerna di daerah eta. Gudeg Jogja oge janten kadaharan anu gampang kapanggih di restoran has Yogyakarta. Kadaharan ieu mineng dijadikeun oleh-oleh khas Yogyakarta ku para wisatawan. Gudeg Jogja biasana disuguhkeun ku endog, hayam jeung sambel kacang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "9375", "text": "Lamun aya nu ngantunkeun di lembur mah, wargi teh bakal daratang mantuan kulawarga anu ditinggalkeun. Tatanggi-tatanggi teh sok daratang mantuan ngurusan mayitna oge, biasana dibantuan oge ku pak Ustad nu aya di dinya. Lamun mayitna lalaki, dulur jeung tatanggi lalaki nu sok mantuan ngibakan. Lamun mayitna awewe, dulur jeung tatanggi awewe nu sok mantuan ngibakanna. Aya oge nu bagian nyandak kain kafanna, bari diseungitan heula, jeung biasana mah miluan makekeunnana. Bari diibakan mayitna, biasana wargi nu sejen bari ngagali kuburannana, ameh engke saatos diibakan jeung dikafanan henteu lila deui nguburkeunnana. Biasana mah so kaya oga nu ngabantuan masak di tukangeun imah teh, soalna kan kulawarga nu ditinggalkeun mah biasana sok berkabung keneh, jadi dibantuan ku tatanggi-tatanggina. \n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "8799", "text": "Leumpang nyantai mangrupikeun salah sahiji olahraga ringan anu gampang dilakukeun. Saha waé tiasa ngalakukeun olahraga ieu, ti mimiti barudak, rumaja, kolot, sareng sepuh oge bisa. Urang ngan ukur kedah leumpang santai salami 45 menit unggal dinten cekap pikeun nyegerkeun awak. Leumpang santai ogé tiasa ningkatkeun sirkulasi getih, tiasa nyehatkeun jantung, sareng ogé saé pikeun sistem pernapasan urang, komo deui kanggo anu geus sepuh mah. Olahraga ieu gampang pikeun ngalakukeunana, teu capé jeung teu ngarugikeun urang saperak-perak acan, sahingga leumpang santai ieu jadi olahraga ringan anu loba dipikaresep ku jalam ayeuna. Pikeun waktos anu pas pikeun jalan-jalan santai, biasana dilakukeun isuk-isuk, kira-kira jam dalapan dugi ka sapuluh énjing, atanapi tiasa sonten sateuacan jam opat sonten.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4107", "text": "Kisah kisah kitab suci dina jero kitab suci umat islam nyaeta Al- Quran loba kisah kisah ti para nabi jeung sahabat- sahabatna nu bisa urang jadikeun pelajaran atawa hikmahna keur kahirupan urang ayeuna, kisah kisah para nabi dina perjalana dakwahna saperti kisah Nabi Nuh AS jeung kaumna soal azab jeung banjir gede nu di turunkeun Allah SWT ku sabab loba nu ingkar kalayan gusti Allah SWT. Kisah Nabi Nuh ieu aya di babaraha surat di Al - Quran. Tina carita eta urang bisa nyokot pelajaran jeung hikmah na nyaeta ulah ingkar ka Allah SWT urang kudu taat da Allah nu nyiptakeun sagala nu aya di bumi, sagalana milik Allah SWT jadi urang salaku hamba kudu taat supaya bisa salamet dunya akherat.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "8281", "text": "Salian ti kaunggulan berbisnis ti bumi, muka usaha di bumi oge ngagaduhan sababaraha kalemahan. Saeutikna modal jeung prosedur basajan dina bisnis imah ngamungkinkeun pikeun kauntungan leutik. Katambah-tambah lamun imah nu dicicingan teh di tempat nu kurang strategis. Kagiatan anjeun dina ngatur sagala urusan nu patali jeung bisnis bisa ngaganggu katengtreman kulawarga. Atmosfir imah anu rame sareng seueurjalmi oge tiasa gaduh pangaruh anu teu nyaman sareng ngaganggu konsentrasi barudak. Anjeun tiasa bebas tina jam kantor jeung teu kudu runtah waktos dedesekan kana angkutan umum. Nanging jalma anu muka usaha di bumi bakal ngalaksanakeun kagiatan bisnisna ti hudang dugi ka waktos sare. Teu disadari, kagiatan ieu tetela ngagunakeun ampir kabeh waktu dina hiji poe.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "9432", "text": "Apel mangrupikeun buah anu dipikaresep kumargi rasana seger. Sajaba ti eta, apel oge gampang digaleuh. Tapi, kumaha carana milih apel nu alus? Ieu sababaraha hal anu kedah diperhatikeun nalika milih apel. Pikeun milih apel anu alus, urang mimiti kedah nengetan warna kulit. Apel anu alus biasana miboga warna kulit anu rata jeung henteu loba teuing bintik jueng teu peot kulitna. Salajengna, urang oge tiasa mariksa bagian handap apel, naha aya bintik coklat atawa henteu. Bintik-bintik ieu biasana nunjukkeun yen apel dipetik di waktu asak na tangkal atawa henteu. Ieu jadi salah sahji hal anu bisa nangtukeun naha apel eta layak dibeuli atawa henteu. Saterusna, urang oge bisa mariksa naha karasa teuas atawa genjur. Apel anu masih seger biasana karasa rada teuas, sedengkeun apel anu geus mimiti buruk bakal karasa leuwih genjur. Terakhir, urang oge bisa ngambeuan apel, naha seungit atawa aya bau anu teu ngeunah. Apel anu geus mimiti buruk biasana bakal kaambeu bauna. Ku nengetan sadaya faktor ieu, urang tiasa milih apel anu alus tur seger pikeun dikonsumsi.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "8826", "text": "Kajadian nu teu disangka-sangka nu kaalaman ku Rere waktu milu pasanggiri lari di sakolana, nyaeta nyampak batu. Waktu éta, Réré jadi wawakil kelasna dina acara PORSENI di sakolana, ngawakilan dina pasanggiri lari. Saméméh lumpat, kaayaan Rere sae teu kirang nanaon, tapi waktu mimiti di tengah jalan, Rere teu fokus ningali jalanna. Balukarna Rere napak kana batu sarta geubis ka handap, ngabalukarkeun dahina tatu sarta biwir handapna ngaluarkeun getih lantaran nabrak huntu luhurna nepika bunyi dug. Kabeneran tim médis gancang lumpat ka arah anjeunna, teras nyandak anjeunna ka pos penanganan kanggo perawatan. Tapi hanjakal manéhna teu bisa neruskeun balapan lumpatna nepi ka rengse.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4196", "text": "Rumah Adat Tongkonan sebagai Rumah Adat yang berasal dari Toraja, Sulawesi Selatan dengan filosofi Aluk Todolo. Imah Tongkonan ogé mangrupa lambang harkat kulawarga ti masarakat Toraja sangkan pangwangunanana teu sambarangan. Tina wangun rarancangna, nepi ka posisi imah jeung tihang-tihangna, ieu imah adat miboga ajén jeung harti anu béda. Kahiji, posisi imah nyanghareup ka kaler, hartina dimana lokasina Puang Matua anu Maha Kawasa nyaeta di beulah kaler. Ayeuna imah adat geus teu loba dijadikeun padumukan sabab geus ngawangun imah biasa. Imah adat ieu saterusna dirobah jadi puseur budaya masarakat Toraja.Ieu imah adat ogé boga fungsi minangka puseur pikeun sagala rupa kagiatan sosial ogé tempat pikeun upacara kaagamaan pikeun kulawarga nu boga imah. Salian ti imah adat, ieu imah ogé bisa dipaké pikeun neundeun béas.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "1985", "text": "Pangalaman munggaran kuring ngeunaan backpackeran nyaéta nalika sanggeus 10 taun kuring teu balik deui ka kampung Mirat, kacamatan Kadondong, Kabupatén Kuningan, utamana salila 10 taun kuring cicing di Sumatra. kampung halaman kuring kusabab kuring parantos lulus kuliah sareng masihan kasempetan pikeun nganjang ka dinya. Nya, kuring bagja pisan. Abdi hoyong luncat luhur tina ranjang sabab tungtungna tiasa kaluar ti bumi sareng angkat ka tempat anu jauh. Dina diri kuring, kuring boga prinsip yén teu kunanaon pikeun kolot kuring méré ongkos katuhu pikeun ka dinya, tapi tujuan kuring ngumbara, Yep, iinditan. Kulawarga kuring teu nyaho naon traveling, naon maranéhna terang definisi ngumbara, nu matak boros duit jeung senang-senang. Tah, ieu kasempetan kuring pikeun kaluar tina dunya khayalan kuring nu salila ieu bosen ningali hiruk-pikuk kota jeung hayang ngarasakeun kaendahan langit biru. jeung laut biru.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "33", "text": "Mie Bakso salah sahiji kadaharan nu ku urang pikaresep. Di antara mie bakso nu aya di Kota Bandung, salah sahiji na anu aya di Jalan Veteran nyaeta Mie Bakso Campur Bungsu. Menu na aya rupa-rupa, aya yamin asin, aya yamin manis nu make kecap, aya mie kuah. Nu urang biasana pesen mah nyaeta mie bakso kuah na, jadi kuah na teu dipisah teu kawas yamin. Di jero mangkokna aya mie, bakso, dorokdok, pangsit, babat, tahu, jeung kurupuk. Tekstur mie na lembut, babatna oge teu bau, baso na laleutik tapi pinuh ku daging, tahu na hipu, oge si dorokdok nu tekstur na rada kasar cocok lamun dicampur jeung kuahna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4758", "text": "Pikeun sukses jualan atawa bisnis online liwat dunya internet, lain hartina anjeun kudu jadi atawa boga parusahaan anu gede. Justru loba usaha atawa bisnis anu ukuran leutik jeung sedeng anu geus di wangun. Usaha jualann online lumayan nguntungkeun hususna pikeun para jelema anu geus teu bisa atawa teu hayang di gawe sabage pagawe boh di kantoran atawa di pabrik. Berjualan online ieu muka loba paluang kabeh jelema bisa sukses teu ngan di tingali tina ijazahna, kabeh oge bisa sukses usaha online lamun niat jeung getol ngalakonan na. Panilitian nunjukkeun yen perusahaan leutik jeung sedeng mangrupakeun kakuatan pertumbuhan utama pikeun e-commerce atawa pasar pasar online dina taun-taun kahareup.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "9406", "text": "Upami nuju milarian tuangeun anu lezat sareng hargana kajangkau, restoran Trigoo di Jalan Pelajar Pejuang 45, Bandung ieu mangrupikeun pilihan anu pangsaena! Menu maranehanana diwangun ku rupa-rupa pilihan kadaharan anu bakal nyugemakeun napsu makan, ti mimiti hayam goreng tipung nugget hayam, jeung fries aya didieu. Pilihan minumanna oge seueur. Aya rupa-rupa olahan teh, soda, jeung olahan susu bisa jadi pilihan. Sajaba ti eta, layanan di restoran fast food ieu pisan gancang sarta ramah, jadi teu kudu ngadagoan lila pikeun meunangkeun dahareun nu dipesen. Harga anu ditawarkeun ogé terjangkau sareng cocok pikeun sadaya kantong. Ku kituna ulah ragu nganjang ka restoran Trigoo ieu sareng raoskeun sensasi tuangeun anu lezat tur nikmat!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "6469", "text": "Tos lima taun leuwih Tasya ngajalin hubungan pernikahan jeung suamina. Basa mimiti nikah mah meuni asa karagok da serba isin ngahiji jeung suamina teh, seiring berjalanna waktu teh makin jadi hal biasa jeung Tasya. Tina sagala canggung teh ayeuna mah geus jadi hal biasa nu geus dimaklum ku babarengan. Biasana mun uih damel teh, suamina sok ngahaja ngajak Tasya diskusi bareng supaya bisa jadi moment duaan dina sela-sela kasibukan masing-masing dina sapopoena. Tasya oge osok ngajieunkeun bento jang suamina mun rek indit damel supaya bisa makan siang leuwih sehat. Mun keur aya waktu libur teh sok dipake jang quality time duaan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "9057", "text": "Cara kahiji pikeun nungkulan kagagalan nyaéta misahkeun kagagalan tina identitas. Ngan kusabab anjeun teu acan mendakan cara anu tiasa dianggo pikeun ngalakukeun hiji hal sanés hartosna éta gagal. Ieu mangrupikeun pikiran anu misah, tapi seueur urang kabur garis antara aranjeunna. Gagal pikeun nyaluyukeun diri tiasa ngaruksak harga diri sareng kapercayaan diri urang. Intina sadayana, upami anjeun gagal dina usaha, éta sanés hartosna anjeun kedah nyerah. Hal anu urang kedah laksanakeun nalika nyanghareupan karugian, anu kadua nyaéta nangkeup émosi urang. Kagagalan dibarengan ku rupa-rupa émosi; isin, hariwang, ambek, sedih, jeung éra. Perasaan teu nyaman jeung loba jalma bakal ngalakukeun nanaon pikeun nyingkahan perasaan teu ngeunah. Para panalungtik manggihan yén pamikiran ngeunaan émosi, tinimbang kagagalan sorangan, éta paling mantuan. Ngantep diri ngarasa goréng téh bisa jadi motivasi. Éta tiasa ngabantosan kerja langkung keras pikeun milari solusi anu langkung saé supados anjeun ningkatkeun waktos salajengna. Ganti pikiran \"Kuring gagal,\" kalawan leuwih realistis kawas \"Kuring kuciwa\" atawa \"Kuring sedih yén kuring teu sukses.\" Ameh urang tiasa bangkit deui tina kagagalan.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "4468", "text": "Lompat tali atawa anu sok disebut skipping nyaéta olahraga anu diyakini mujarab pikeun nambahan jangkung jeung ngurangan beurat. Loncatan mangrupa kagiatan ngagunakeun tali anu dicekel dina dua leungeun tuluy diayun-ayun ti hulu nepi ka toe bari luncat. Olahraga anu hiji ieu tiasa ngajaga kaséhatan ogé ningkatkeun kakuatan dina awak.Olahraga skipping ogé kawilang gampang sabab bisa dipigawé dimana wae jeung iraha wae Anjeun hoyong. Aya sababaraha cara sareng trik anu tiasa dilatih Gramed pikeun luncat tali atanapi skipping. Luncat tali ngagunakeun dua suku sakaligus atawa maké hiji suku sacara bergantian nyaéta gerakan lompat tali anu paling dasar. Sanajan digolongkeun ekonomis, loba jalma underestimate mangpaat skipping olahraga. Sanaos skipping tiasa janten latihan anu saé pikeun ngeusian waktos luang anjeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6119", "text": "Kangge ibu-ibu, supados tiasa nambihan panghasilan, mending icalan ti imah. Teu kudu muka warung atawa nyieun tempat, cukup ku muka dagangan lewat gofood atawa didelivery nyalira. Teu kudu riweuh ngaluarkeun sagala biaya kangge tempat, tiasa dihemat ku jualan ti imah. Jualan na ge mangrupa jajanan nu simpel, misalna seblak, jajanan es krim, bakso aci, jeung sajabana. Mun hoyong nu simpel mah di imah nyieunan jajanan tuluy dititipkeun ka warung-warung atawa kantin sakolaan. Lumayan jang penghasilan tambahan sapopoe, supaya teu gabut teuing mun cicing di imah teh. Digawean na ge bisa di sela-sela ngurus imah jeung ngurus budak. Bisa oge ku delivery sorangan ka imah-imah langganan.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "6760", "text": "Sapedah mangrupikeun alat transportasi anu paling populer di dunya. Sapedah gaduh dua roda anu muir sareng dikendalikeun ku jalma anu nangtung di dluhureun na na. Sapedah umumna dianggo pikeun sasapedahan, anu mangrupikeun olahraga anu pikaresepeun sareng sehat. Sapedah oge tiasa dipake pikeun rupa-rupa kaperluan sejenna, saperti transportasi, rekreasi, komo keur kaperluan komersil. Sapedah tiasa didamel tina sababaraha jenis bahan, sapertos kai, logam, karbon jeung palastik. Sapedah oge tiasa dihias make sababaraha jinis asesoris, sapertos korsi, lampu, sareng sajabana. Lamun urang hoyong jalan-jalan tapi teu gaduh SIM, sapedah tiasa janten pilihan supados teu cape mapah. Sapedah oge ramah lingkungan jeung langkung mirah tipada mobil jeung motor.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4486", "text": "Susi susanti ngaran nu teu ges teu aneh di indonesia, ngaran susi susanti geus kasohor dimana mana. Susi susanti jadi idola olahraga ti keur jaman bareto nepi ka ayeuna. Susi susanti geus jadi legenda olahraga bulu tangkis di indonesia. Susi Susanti nyaéta Ratu Badminton Dunya. Hal ieu teu bisa dipisahkeun tina préstasi anu geus diraih salila leuwih ti 20 taun dina olah raga tepak, lain waé ngajadikeun Indonésia seungit, tapi ogé dipikareueus ku dunya. Susi susanti teu ngan jadi idola d gunya badminton na hungkul tapi jadi idola ku sakabeh masarata indonesia jeung bisa jadi idola olahraga di dunya kusabab prestasi jeung kahebatanna.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6696", "text": "Upami bade ngarujak pasti urang moal hilap ngangge buah. Buah anu paling cocok dijieun rujak nyaeta buah cengkir anu rada keset teu loba cai na, janten cocok dicocol ka bumbu rujak, rasana haseum tapi deudeuieun. Di Indonesia moal hese milarian buah lantaran buah janten tutumbuhan anu paling seeur dibudidayakeun di mana-mana, asal tong maok ti tangkal tatanggi we. Buah cengkir biasana gaduh daging anu kandel jeung pelok anu leutik. Buah cengkir asalna ti Indramayu, matak sering oge disebut buah cengkir Indramayu. Upami hoyong rujak haseum, urang tiasa oge ngangge buah anu ngora. Buah ngora cirina biasana loba keneh geutah na.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "2400", "text": "Abdi parantos diajar sababaraha alat musik Cina, Korea sareng Ryukyu (Okinawa) anu skala musikna béda ti barat tapi kuring henteu terang kumaha ngajelaskeun conto ngabandingkeun skala musik. Asal muasal tangga nada Sléndro/salendro dina gamelan Sunda teu dipikanyaho. Tapi, ngaran sléndro dicokot tina ngaran Wangsa Sailendra ti Karajaan Medang di Jawa Tengah sarta ogé Sriwijaya. Skala Sléndro sigana dibawa ka Sriwijaya ku Budha Mahayana ti Gandhara India, ngaliwatan Nalanda jeung Sriwijaya ka Jawa jeung Bali. Skala ieu sami sareng anu dianggo dina musik India sareng Cina ogé daérah Asia sanés sareng aranjeunna sigana sadayana ngagaduhan akar anu sami. Skala salendro ogé kapanggih dina maén alat musik Kulintang. Jadi hese pisan lamun teu mungkin pikeun nangtukeun).", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "5511", "text": "Cara ngadamel sate maranggi teh gampil pisan Mimiti, siapkeun daging sapi tuluy keureutan kotak kita kita dua cm. Geus kitu rendos gula beureum jeing katuncar make bawang bodas jeung bawang beureum. Geus kitu, adukeun keureutan daging kana bumbu tadi. Antepkeun kira-kira tilu nepi ka lima jam. Geus kitu, tusukan eta daging make tusuk sate nu meunang nyieun tina awi. Satusukna teh opat keureit daging. Geus beres ditusukan, beuleum sate dina areng nu geus jadi bara. Mun geus asak, tinggal sayogikeun na make acar jeung kecap amis. Bisa oge ngangge sambel goang nu ditomatan. Tong hilap sayogikeun na make sangu timbel daun cau.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "9368", "text": "Kangaranan hirup di pilemburan, mungguh matak betah jeung matak tengtrem kana hate sabab teu loba dadanguan jeung titingalian jiga hirup di kota. Di lembur mah matak seger kana panon oge sabab uanggal mangkat kamamana pasti sawah jeung tutuwuhan anu ditingalina. Resep lamun di lembur mah, urang lamun butuh bahan jang masak kari leumpang ka kebon neangan sayur jeung buah. Lamun butuh alat atawa barang jang keperluan di bumi, kari neangan bambu atawa awi pikeun nyieun mangkok, baki, besek jeung alat lainna. Kaditu kadieu ge teu hese, warung cakeut, atawa sok aya nu ka bumi nawaran kadahareun anu geus asak. Matak resep lamun mudik ka bumi nini di lembur teh. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "3547", "text": "Abdi jomblo teu aya tanggungan, salian ti apartemen abdi teu gaduh beban sapertos pajeg atanapi asuransi mobil, sabab kost abdi caket sareng kantor, ngan ukur leumpang. Sésana diperlukeun pikeun kadaharan, listrik, skincare, jeung saterusna. Liburan mah masih ngandelkeun perjalanan bisnis ti kantor, bisa nyimpen tiket pesawat balik, bisa diperpanjang lamun cuti kuring disatujuan. Anu teu aya mah dana kanggo umroh. Janten, tangtos upami kuring di PHK, pasti kuring bakal mayar pesangon, sareng upami kuring ngadadak butuh artos, kuring bakal ngaluarkeun emas kuring. Sareng ogé éta naha kuring tetep nyimpen kartu kiridit, sanés kanggo konsumsi tapi langkung seueur pikeun kabutuhan anu ngadadak. Contona, upami anjeun peryogi tes X-ray , PCR jsb Kuring make kartu kiridit & di rembourst kantor.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "9504", "text": "Nonton pilem superhero mangrupikeun bentuk relaksasi pikeun urang di tengah sibukna dunya padamelan. Zaman ayeuna, aya dua film superhero anu kasohor di dunya, nyaeta DC sareng Marvel. Tapi, keur kuring pilem DC leuwih hade ti batan Marvel. Hiji argumen anu tiasa jadi dasar nyaeta pilem DC gaduh carita anu langkung dewasa sareng rumit dibandingkeun pilem Marvel. Sababaraha pilem DC sapertos \"The Dark Knight\" sareng \"Man of Steel\" gaduh tema anu langkung serius sareng ngungkabkeun konflik moral anu langkung jero, sedengkeun pilem Marvel langkung museurkeun kana aksi sareng humor. Argumen sanesna anu tiasa ditepikeun nyaeta pilem DC gaduh karakter anu langkung ikonik sareng gaduh warisan anu langkung panjang tibatan film Marvel. Karakter sapertos Superman, Batman, sareng Wonder Woman parantos aya mangtaun-taun sareng gaduh basis penggemar anu satia pisan. Samentara eta, sababaraha karakter Marvel anyar parantos muncul dina taun-taun ayeuna sareng masih ngawangun warisan anu sami.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "891", "text": "Urang resep kana badminton teh sabenerna pas kuliah, malah jadi mindeng maen atawa nongton pertandinganna dina TV. Tah harita pas aya Indonesia Master nu diayakeun di Jakarta, urang diajak ku babaturan kuliah anu imahna di Jakarta meh nongton bareng. Ieu pangalaman mimiti urang sih nongton badminton sacara langsung teh, samemehna can pernah sabab karek resep kana olahraga ieu. Urang indit ka Jakarta naek beus, diditu langsung panggih jeung babaturan. Lantaran teu apal harga tiketna, jeung meuli tiketna teh on the spot, rada reuwas sih pas kudu mayar 600 rebu. Sedengkeun duit urang teu cukup, tungtungna mah ditalangan heula ku babaturan satengahna, soalna mun kabeh diberekeun urang euweuh duit jang balik. Atmosfer di jero lapangan sarua kawas nongton bola di stadion. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6545", "text": "Angkutan umum nu paling seueur dipake mahasiswa di Bandung Raya teh nyaeta DAMRI. Fasilitas nu ditawarkeun ku bus ieu teh jadi pilihan sabab lengkap jeung nyaman. Fasilitasna teh aya AC, CCTV, kaberesihan busna kajaga pisan, jeung sajabana. DAMRI nu dipilih teh angkutan anu di dalam kota Bandung Raya. Bus ieu dipilih sabab tarif ongkosna anu murah, rentang lima rebu nepi ka sapuluh rebu. Tarif sakitu teh berlaku jeung jauh atawa deukeut, sarua wae. Mantak seueur mahasiswa anu ngagunakeun ieu bus mun rek ka mana-mana teh, rek ulin atawa rek nugas. Rute nu ditawarkeun na oge ngajangkau rute kabutuhan mahasiswa saBandung Raya.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "2355", "text": "Waktu harita di kelas kuring aya mata pelajaran pendidikan seni tari. Kelas dibéré pancén per kelompok pikeun nyieun tarian dumasar kana folklor Sumatera Selatan. Di antara dongéng-dongéng mah rombongan milih dongéng Putri Kembang Dadar, salah saurang putri karajaan Sriwijaya anu kakoncara geulis. Lagu ieu teh lagu rahayat paporit abdi sadaya, anu asalna ti Kabupaten Lahat, Sumatera Selatan (tadina mah ngan ukur ti Pagaralam sabab kota ieu baheulana bagian ti wewengkon Lahat). Basa anu digunakeun ogé ngagunakeun basa Lahat. Sanajan kitu, ieu lagu geus sumebar lega pikeun dinyanyikeun ku rupa-rupa grup di sakuliah Sumatera Selatan, kaasup Palembang, sarta geus jadi ikon lagu rahayat pang populerna di masarakat. Upami anjeun nganjang ka Palembang, khususna upami anjeun nganjang ka wisata khas Lahat sareng Pagaralam, sapertos Bukit Jempol, Walungan Lematang, sareng Gunung Dempo, lagu ieu sampurna pikeun ngiringan perjalanan anjeun.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "938", "text": "Smart TV mibogaan loba kaleuwihan nu teu dipiboga ku TV jenis sejenna. Smart TV leuwih loba hiburan dibandingkeun jeung TV sejenna, lantaran bisa nyambung kana internet. Jadi urang bisa streaming film ngaliwatan sababaraha aplikasi siga YouTube, Disney+, nepikeun ka Netflix. Smart TV oge bisa nampilkeun layar smartphone make fitur screen mirroring. Kaleuwihan ieu bisa ku urang mangpaatkeun jang ngabagikeun sababaraha aktivitas ti smartphone bisina smartphone mah leutik teuing. Bentuk smart TV oge leuwih elegan, soalna bentukna anu ipis. Jadi mun dipasangkeun dina tembok oge bisa, komo mun imah minimalis mah cocok pisan. Salian ti eta, smart TV oge bisa nyetel lagu. Jadi mun keur beberes misalna teu kudu deui sabari nyetel radio, asal aya koneksi internet.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8142", "text": "Taun kamari seueur warta nu ngawartoskeun upami Elon Musk salaku founder sareng CEO Tesla bade investasi sareng kerj sama sareng pamerentah Indonesia pikeun nyieun mobil listrik di Indonesia. Tesla teh saleresna kakoncara janten perusahaan teknologi nu ageung di dunya. Nanging tanggal 12 Januari 2023 kamari, Elon Musk liwat akun twitterna ngawales salah sahiji warta nu ngabahas upami kesepakatan Tesla sareng Indonesia makin deket. Nanging walesan Elon Musk ieu janten pertanyaan pikeun masarakat, kusabab dina walesanna Elon nyarios upami tong gapmil percanten kana warta nu teu jentre asal usulna. Pernyataan Elon eta teh nyieun kesan upami can aya kesepakatan nu jentre antara Tesla sareng pamerentah Indonesia. ", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9358", "text": "Henteu sadayana jalma resep kana bertani. Panginten kusabab aranjeunna ngarasa kagiatanana rumit sareng kotor, aranjeunna henteu ngagaduhan bakat pikeun ngembang, oge henteu gaduh lahan. Ayeuna pertanian teu salawasna kudu di wewengkon anu badag. Tani dina pot malah tiasa janten hiasan di bumi. Urang bisa melak bungbuahan, kembang, jeung sayuran. Loba pisan mangpaat tani pikeun kahirupan lamun jalma-jalma ngalakukeunana di sabudeureun imah, pakarangan, palataran sakola, jeung sajabana. Ngokolakeun tani kacida mangpaatna pikeun masarakat lantaran pertumbuhan populasi manusa beuki gedé sahingga kabutuhan pangan ogé beuki nambahan, sedengkeun lahan tatanén beuki ngurangan. Salian ti bisa nyumponan kabutuhan konsumsi di imah, tatanén dina skala badag bisa mantuan ékonomi kulawarga ku cara ngajual hasil tani. Bertani ogé bisa dijadikeun hobi pikeun anu resep tatangkalan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "8055", "text": "Ngaranna Rizky, murid SMA anu boga minat jeung bakat dina basket. Ti leuleutik Rizky geus resep maen basket jeung babaturanana di lingkunganana. Sanggeus asup ka SMA, Rizky asup ka klub basket sakola jeung milu ekstrakurikuler basket. Rizky sumanget pisan kana ekstrakurikuler basket ieu. Saban poe, manehna datang ka lapangan basket sakola pikeun latihan jeung tim. Anjeunna oge sering mawa basket sorangan pikeun latihan dribble jeung tehnik shooting. Rizky kacida bungahna pikeun maen dina pertandingan basket antar-sakola jeung miharep sangkan timnya meunang kameunangan. Sanajan latihan basket butuh waktu jeung usaha, Rizky salawasna ngarasa gumbira jeung sugema sanggeus latihan. Anjeunna ngarasa yen ekstrakurikuler basket sakola henteu ngan ukur ngabantosan anjeunna ningkatkeun kaahlian basket, tapi oge masihan anjeunna kasempetan pikeun ngawangun hubungan sareng rerencangan tim na.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "9331", "text": "Salah sahiji cara pikeun salamet di gunung nyaéta urang kedah ngakuan kaayaan salamet sagancangna. Langkung gancang pendaki sadar kaayaan salamet, langkung gancang anjeunna bakal kaluar tina kaayaan salamet. Intina ieu, loba pendaki pemula anu geus leungit di gunung, ngarasa can nyasab. Balukarna, manéhna kasasar jauh teuing ka leuweung. Kungsi anjeunna sadar yén anjeunna leungit ti mimiti. Anjeunna bakal geuwat nyiapkeun dirina pikeun lebet kana mode bertahan hirup. Bertahan hirup mangrupikeun kaayaan dimana pendaki gunung kedah salamet kalayan peralatan saaya-aya di leuweung. Ku cara kitu, pendaki bisa salamet nepi ka datang tim penyelamat, naha urang kudu gancang mikawanoh kaayaan salamet, sabab salah sahijina pikeun nyegah pendaki jauh teuing ka leuweung.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4153", "text": "Istiqomah mangrupikeun salah sahiji istilah Arab anu sering diucapkeun ku masarakat muslim. Sifat istiqomah ngagambarkeun konsisten dina kayakinan. Istiqomah dina Al Qur'an ngan saukur bisa dihartikeun saluyu atawa saluyu jeung akad anu geus disepakati, eta dianggap wajib sabab bakal nungtun urang kana jalan anu lempeng ka surga. Konsisten intina nya urang salaku umat islam kudu teges nyokot ngalaksanakeun nu geus di pilih. Misalna urang geus milih bahwasana urang erek make hijab jeung cadar. Tah sikep jeung kata istiqomah eta nu di pake, istiqomah ngakakukeun nu ges di pilih jeung berharap karidhoan Allah SWT. Sikepistiqomah ieu penting pisan dina kahirupan matakna Allh geus ngatur ieu dina sababaraha surah surah nu aya di Al-Quran. ", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4495", "text": "Reusep atawa ngaidolakeun olahragawanbeda jeung ngaidolakeun artis, meski sarua wae tokoh publik tapi mun ceuk urang ngaidolakeun olahragawan atawa atlet leuwih bisa ngarasa bagja na jeung bisa ngarasa mere motivasi jeung inspirasi leuwih kanu urang salaku penggemarna supaya bisa milu ngaharumkeun ngaran negara. Ngarasa bahagia pisan lamun idola urang meunang terus lagu indonesia raya berkumandang komo lamun di negeri batur,bandera negara urang jangkung berkibar eta teh rasana mili haru reueus jeung bahagia pisan. Nongton langsung pertandingan olahragawan mah jadi barang mahal kusabab aya waktu waktu tartangtu anu geus di jadwalkeun teu bisa sakumaha hayang urang nongton teu cara lamun artis. Olahragawan oge teu bisa babari di panggihan soalna biasana sibuk latihan di pelatnas.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "1569", "text": "Lobana kasus pendaki anu leungit di gunung jadi eunteung jang tiap pendaki mun aktivitas naek gunung teh kudu ngabutuhkeun persiapan fisik jeung mental. Teu ngan eta hungkul, pendaki gunung oge kudu bisa bertahan di alam bebas. Mun hal eta geus dikuasai ku para pendaki, tangtuna bisa ngurangan kasus leungitna pecinta alam pas keur naek gunung. Siga nu kajadian di gunung Bawakaraeng, Sulawesi Selatas pas keur HUT Kemerdekaan RI. Sajumlah pendaki leungit jeung kapanggih geus dina kondisi anu euweuh nyawaan ku sabab gunung nu ditaekan teh ngalaman cuaca nu ekstrim jeung beak bekel dahareun. Jasadna oge dipanggihan ku Tim SAR di lokasi anu beda-beda.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5715", "text": "Rizal basa keur alitna teh resep pisan kana maen bola. Rek hujan rek angin ge tuluy we maen bola belaan huhujanan. Maen bola na teh sok di lapang atawa mun keur hayang guyang mah di sawah bari guguyangan maenna teh. Mun can adzan magrib mah can eureun maen bolana. Kudu diteteangan balik heula supaya daek enggeusan maen bola. Rizal kabilang budak nu aktif, mantak maen bolana ge kabilang bisaan dibanding babaturanna nu sejen. Komo mun aya tujuh belasan mah sok pang segutna daftar keur lomba maen bola di sawah. Geus gede teh Rizal miluan sakola sepak bola supaya bisa nunjang kana hobina.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6773", "text": "Abdi sareng kulawargi angkat ka Jakarta kanggo datang ka nikahan. Mumpung keur di Jakarta sakalian we mulih na bade ka puncak Bogor. Tapi pas di jalan bade ka Bogor macet pisan lantaran ieu dinten Ahad, pasti seeur jalmi anu bade ka Bogor oge. Arurang sadayana nungguan nepi keun dua jam tapi mobil teu maju wae, janten ahirna urang mutuskeun balik deui ka Bandung langsung, tapi singhoreng urang salah milih jalan janten urang nyasab pupuiran ka jalan anu arurang oge teu apal nuju di mana. Untung wae aya aplikasi Google Maps, teras urang diarahkeun ka daerah Cianjur teras ka Bandung. Tapi urang melok heula ka resto sunda kanggo emam sareng sholat lantaran tos wengi. )", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "936", "text": "Cara jang ngomean siaran radio teu jernih. Nu kahiji kudu ngadegkeun tihang anteneu sacara full, sanajan ieu sepele tapi hal kawas kieu masih jarang batur apal. Nu kadua ngecek jalur kabel nu nyambung kana anteneu, lengkah salajengna mun radio FM masih kadenge sora desis di tiap gelombangna bisa dilakukeun pengecekan di bagian jalur kabel nu nyambung kana anteneu. Bisa wae kabelna pegat atawa jalur kabelna kendor. Lamun katinggali kendor bisa dipageuhkeun atawa lamun katinggali kabelna solderan bisa dilakukeun solder deui. Lengkah nu terakhir bisa jadi karusakan tina komponen nu aya dina rangkaian pcb. Jang cara menerkeunna kudu ngabongkar heula cover radio tuluy cek ditiap komponen nu aya dina rangkaianna.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7450", "text": "Dina Mei 1975, televisi di Jakarta geus mulai dicobian ditayangkeun televisi warna. Dina mangsa transisi tina televisi hideung-bodas ka televisi bwarna, pangaos televisi warna tilu kali lipat leuwih awis tibatan televisi hideung bodas. Pangaos televisi warna di taun eta diical mulai ti dua ratus opat puluh rebu rupiah kanggo tipi tabung ukuran opat belas inci nepikeun tujuh ratus dua puluh lima rebu rupiah kanggo tipi ukuran dua puluh genep inci. Sairing jeung ayana tipi warna, mulai seeur muncul saluran tipi swasta sapertos RCTI, SCTV, ANTV, jeung saluran tipi nu sajabana. Ku ayana tipi warna, mulai seeur jalmi anu leuwih sering lalajo tipi lantaran leuwih gancang patukeur informasi ti saluruh Indonesia. ", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8270", "text": "Sanaos pamarentah parantos ngaluarkeun parentah kerja ti bumi atanapi kerja ti bumi (WFH), nyatana masih aya pagawe anu damel di kantor. Melati teh pagawe di hiji pausahaan otomotif. Manehna ngaku masih gawe di kantor. Awewe umur 26 taun eta kedah nyeepkeun langkung seueur biaya transportasi pikeun taksi online anu dianggo ti apartemen tempatna ka kantorna, anu jarakna kirang langkung 10 kilometer. Salah sahiji alesanna masih keneh digawe di kantor teh lantaran divisi anu ditugaskeunana teh mangrupa divisi penting anu patali jeung distribusi barang anu asup jeung kaluar ti pabrik. Melati miharep dina mangsa nu bakal datang bakal aya kawijakan kantor anu ngawajibkeun pagawéna gawe ti imah.\r\n", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "8808", "text": "Kumaha cara squat jump anu saé sareng leres, nyaeta aya sababaraha léngkah. Kahiji, nangtung lempeng kalayan suku urang rubak taktak eta, teu rubak teuing jeung teu leutik teuing. Kadua, ngabengkokkeun hiji tuur jeung nyorong imbit urang ka handap kawas posisi diuk. Katilu, angkat awak urang sareng luncat ku ngadorong suku anjeun tina lantai. Kaopat, badarat dina posisi jongkok, kade ulah nepi ka heuras teuing, engke sukuna nyeri jeung tatu. Kalima, malikan gerakan ieu 8 nepi ka 10 kali pikeun tiap set jeung malikan pikeun dua atawa tilu sét nurutkeun kamampuh awak urang. Tong hilap pemanasan heula supados otot-otot urang teu tegang sareng kram nalika ngalakukeunana. Ogé pastikeun pikeun ngalakukeunana dina tempat nu datar, teu leueur.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8691", "text": "Aya seueur cara anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun ngaleungitkeun setres. Ieu sababaraha cara anjeun tiasa nyobian. Latihan rutin tiasa ngabantosan ngirangan setres. Latihan tiasa ningkatkeun tingkat endorfin anu tiasa ngajantenkeun jalma langkung bagja sareng santai. Meditasi mangrupikeun teknik anu tiasa ngabantosan hiji bersantai awak sareng pikiran. Ku tapa, hiji jalma bisa ngurangan setres, jeung kahariwang. Ngajaga jadwal sareng waktos anu sae tiasa ngabantosan ngirangan setres. Ngatur waktos anu sae tiasa ngabantosan jalma janten langkung teratur sareng efisien. Sare nyukupan bisa mantuan hiji jalma ngarasa leuwih rileks sarta nyingkahan stress. Kurangna sare bisa ningkatkeun setres, jeung kahariwang. Meakkeun waktos sareng anu dipikacinta tiasa ngabantosan ngirangan setres. Ieu tiasa ngabantosan hiji jalma ngarasa bagja sareng nyambung ka batur.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "8896", "text": "Robot vacuum cleaner mangrupakeun vacuum cleaner nu bisa jalan otomatis tur teu merlukeun kakuatan manusa pikeun beroperasi. Urang ngan perlu mencet hiji tombol operasi pikeun ngabersihan lantai imah. Aya seueur kauntungan tina robot beberesih lantai ieu. Robot ieu nyaeta ngahemat énergi, tiasa ngabersihan lantai sacara otomatis tanpa bantosan kakuatan manusa. Robot ieu ogé sanggup gancang nyeken kamar sareng ngalakukeun pemetaan lantai. Bisa disambungkeun jeung konektipitas Wi-Fi tur dikawasa via smartphone. Dilengkepan fitur canggih anu ngagampangkeun kagiatan beberesih. Bisa ngahontal wewengkon nu hese beresih, kayaning handapeun méja jeung sofa. Sanajan kitu, hargana kacida luhurna, sarta perawatan rada hese kusabab bentukna leutik sarta rawan bantingan.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "3846", "text": "Sabtu kamari urang jeung babaturan ulin ka bekasi, nepi ditu beurang jam hiji. Ku banding lapar urang jeung babaturan buru-buru indit ka Mall Metropolitan, didinya urang jeung babaturan langsung nyobaan ka restoran Gokana. Eta teh restoran jepang anu katempo mewah di hareup pokona mah serba beureum weh, teu lila pas geus diuk urang langsung di sodoran buku daftar menu. Urang jeung babaturan pesen paket gokana mantap tilu nu isi na daging teriyaki, sangu, sayur, gorengan, jeung minuman na es teh manis. Tah sakitu hargana opat puluh rebu, lumayan mahal tapi ceuk batur mah ngeunah. Restoran Gokana tempatna strategis pas naek ka lantai tilu langsung aya katempo soalna deukeut eskalator, dekorasina bener-bener suasana jepang pisan jadi urang jeung babaturan sakalian popotoan. Teu lila teh pesenan datang, pas di tempo lumayan loba. Rasa teriyakina enak pisan si bumbuna teh ngaresep nepika jero, sayuran na ge enak, komo gorengan na garing. keur harga sakitu mah sesuailah teu ngacewakeun. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "2344", "text": "Kuda Renggong nyaéta salah sahiji kasenian Helaran anu asalna ti Kabupatén Sumedang. Kecap renggong mangrupa métatésis tina kecap ronggéng anu hartina kamonésan (kaahlian) cara leumpang kuda anu dilatih nari jeung nuturkeun wirahma musik anu didominasi ku kendang. Kasenian ieu mindeng dijadikeun hiburan pikeun prosesi anak nyunatan atawa nyunatan, narima tamu kahormatan, ngarayakeun lebaran, jeung ngalalakon dina acara atawa festival. Baheula, Kuda Renggong mimiti muncul di Désa Cikurubuk, Kacamatan Buah Dua, Kabupatén Sumedang, katelahna Kuda Igel atawa Kuda Tari. Ieu kasenian téh mangrupa pintonan rahayat dina wangun helaran (parade atawa karnaval) anu miboga 1 nepi ka 4 kuda. Dina kamekaranana, Kuda Renggong ngalaman perkembangan anu cukup pesat sarta sumebar ka sagala rupa wewengkon di kacamatan jeung di luar Kacamatan Buah Dua jeung Kabupatén Sumedang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "1570", "text": "Beuki kuat mental jelema jang bertahan di alam bebas, maka peluang manehna salamet oge beuki gede. Ulah panik komo deui nyerah. Pendaki oge kudu mibogaan pangaweruh botani jeung zoologi supaya babari milih mana tutuwuhan nu bisa di dahar jeung teu bisa di dahar. Lantaran di gunung geuningan loba pisan tutuwuhan nu bisa di dahar sacara langsung, tapi oge loba tutuwuhan nu mibogaan racun. Meh kahindar tina karacunan, urang ulah ngadahar ngan hiji jenis tutuwuhan hungkul. Lantaran bisa wae jenis tutuwuhan nu tuluy ku urang dahar eta bisa ngaluarkeun racun di jero awak. Kudu dahar loba jenis tutuwuhan jang ngahindar lamun aya nu beracun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "9373", "text": "Lamun aya sunatan, di lembur mah sok aya hajatan gede-gedean siga aya hatajan kawinan. Isuk-isuk saacan budakna disunat, imah teh geus pinuh ku jalma anu kaditu kadieu pasuliwer. Pang ramen amah bagian anu masak, biasana sok aya di tukangeun imah anu masak-masak, seueuran ibu-ibu tatanggi daratang ngabantuan masak jang hajatanna. Keluarga nu boga hajatna oge sok rame, komo ai di lembur mah sok kulawarga ageung anu daratang ka hajat teh. Pak Ustad biasanya nyempekeun ceramah heula sababaraha meunit, karek budakna teh disunat. Saanggeus budakna disunat, biasana sok dipasihan artos atawa kado ti nu daratang, biasana oge sok aya nu nyawer artos recehan jang barudak nu daratang. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5336", "text": "Salah sahiji sahabat Nabi Muhamad SAW nu kenging julukan khulafaur rasyidin nyaeta Umar bin Khattab. Nami lengkap Umar bin Khattab nyaeta Umar bin Khattab Ibn Nufail Ibn Abd Al-Uzza Ibn Riyah Ibn Qurth Ibn Razah Ibn 'Aidy Ibn Lu'aiy Al-Quraisyiy Al-'Adawiy. Beliau gaduhyuswa tilu belas taun leuwih ngora ti Nabi Muhamad SAW. Umar bin Khattab salah sahiji penentang keras ajaran Islam. Sairing perjalanan, anjeunna mutuskeun lebet Islam sabab ngarasakeun damai mun maca ayat suci. Anjeunna lebet Islam di taun ka genep kenabian. Anjeunna gaduh watak wani, tegas, jeung euweuh kasieun. Anjeunna jadi salah sahiji sahabat Nabi Muhammad SAW nu ngusulkeun supaya dakwahna dilakukeun terang-terangan. Sabab harita kawani anjeunna kawentar kamana-mana, janten ngamudahkeun dina syiar Islam. ", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4216", "text": "Sok aya loba jinis jeung versi lamun urang maca carita rahayat, carita rahayat teh kaasupna dongeng fantasi atawa foklor, carita anu hirup na ngan ti omongan sungut ka sungut ti baheula na kusabab lamun lamun di tilik tina panalungtikan asa teu mungkin yen mustahil kajadiana. Misalkeun kisah carita ngawangunan candi prambanan anu ceunah di wangun na ngan sapeuting ku bandung bondosowo kusabab rek ngabuktikeun tantangan ti awewe anu di pikacinta nyaeta roro jonggrang. Roro jonggrang daek di tikah ku bandung bondowoso lamun di pangajieunkeun candi 1000 siki dina waktu sapeuting, menta bantuan jin bandung bondowoso ngalakukeun pamenta roro jonggrang tapi kusabab roro jonggrang embung manehna ngajieun manipulasi sangkan waktu nageus beak tuluy bandung bondowoso eleh tapi bandung bondowoso teu tarim atuluy ngutuk rio jonggrang jadi arca sangkan pas jadi 1000. Tapi lamun urang tingali dina sisi panangtikan na moal mungkin ngawangun candi sakitu loba na ngan ukur dina waktu sapeuting, ngawangun candi kawas kitu pasti meakeun waktu anu lila pisan di wanguna ku manusa, aya anu boga pendapat yen legenda ieu di haja di ciptakeun pikeun nyingsieunan warga di jaman baheula ceunah ieu di jieun ku bangsa kolonial pikeun ngabohongan rahayat sangkan teu ndadeukeutan candi eta, soalna bangsa kolonial erek ngalakukeun eksplorasi.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "2731", "text": "Liga Pra-musim 1 2022/2023 Turnamén Maén Bal pikeun Piala Présidén 2022 bakal digulung ti 11 Juni dugi ka 17 Juli 2022 sareng parantos diputuskeun yén panongton tiasa nonton langsung di stadion ku mésér tikét online. Kalawan kuota 75 persén kapasitas stadion, geus tangtu turnamén maén bal Piala Presiden 2022/2023 Liga Pramusim 1 2022/2023 bakal dibanjiri ku panongton anu asup ku meuli tiket online. Sababaraha klub Liga 1 parantos ngalaksanakeun penjualan tikét online. Malahan, dina acara FIFA Match Day Timnas Indonesia vs Bangladés tanggal 1 Juni 2022, panongton anu lalajo laga di Stadion Si Jalak Harupat, Bandung, meuli tiket online. Lebetkeun halaman tiket.com\r\nPilih menu acara, klik\r\nklik menu olahraga\r\npilih pertandingan maén bal anu anjeun hoyong tingali\r\nklik milarian tikét\r\npilih tiket sadia\r\npilih tanggal jeung waktu kaulinan\r\nEusian jumlah tiket anu anjeun hoyong mésér\r\nklik pesen ayeuna\r\neusian bio anjeun\r\nklik pamayaran\r\npilih metodeu pamayaran\r\nréngsé\r\nBukti pameseran bakal dikirim ka email anjeun", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4199", "text": "Imah adat lain na di indonesia loba keneh pisan, jeung rupa rupa mulai ti bentukna wanguna, arsitekturna, warna nep ka bagian - bagian lainna. Kabeh kabehna ngudang filosofi atawa harti anu rupa rupa oge. urang salaku generasi muda kuduna ngaluaskeun wawasan urang keur apal karagaman budaya jeung adat indonesia anu kacida lobana. Nagara urang teh beunghar pisan ku suku, adat, budatya jeung seni na. Sagala aya imah tradisionalna di tiap wewengkon. Urang kudu loba bersyukur jeung kuat ngamumule warisan ieu supya manjang keur masa depan. Imah tradisisional teh ngandung loba sejarah ti jaman baheulana kumaha carana imah eta di bangun jeung naon wae fungsina.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "9586", "text": "Pas dinten Minggu kamari, abdi sareng rerencangan kos milarian tuangeun di salah sahiji tempat anu aya di Jakarta Selatan, tepatna di Kalibata, saleresna caket pisan sareng kos abdi di Pancoran. Abdi sareng rerencangan angkat kaditu ngangge motor. Abdi angkat tabuh satengah opat sonten. Diditu, aya sagala jenis kuliner anu bisa dipeser. Basa eta abdi hoyong meser bakso jeletot anu aya di pusat kulineran Kalibata eta. Tapi, pas abdi dongkap, baksona teu acan disiapkeun. Jantenna abdi meser ayam penyet. Saentos eta, abdi sareng rerencangan meser jajanan ringan anu sanes. Abdi meser cilor sareng rerencangan abdi meser gehu. Saentos eta, abdi sareng rerencangan uih deui ka kos di Pancoran.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "9059", "text": "Hal kaopat anu kedah urang laksanakeun nalika nyanghareupan karugian nyaéta nampi tingkat tanggung jawab anu pas. Penting pikeun nampi tingkat tanggung jawab anu akurat tina kagagalan. Nyandak tanggung jawab teuing tiasa nyababkeun anjeun nyalahkeun diri anjeun teu perlu. Di sisi anu sanés, nyalahkeun jalma sanés atanapi kaayaan anu henteu nguntungkeun pikeun gagal ngahalangan diajar ti aranjeunna. Nalika mikir ngeunaan kagagalan, milarian katerangan, sanés alesanana. Identipikasi alesan pikeun gagal sareng ngakuan naon anu tiasa dilakukeun dina waktos anu béda. Ku cara éta, anjeun bakal bangkit tina kagagalan sareng moal sieun deui upami hiji dinten anjeun nyanghareupan kagagalan deui, sabab anjeun parantos terang kumaha nahanana.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "5879", "text": "Salah sahiji barang elektronik anu dibutuhkeun pisan dina urusan rumah tangga teh nyaeta kompor listrik. Kompor listrik dinilai leuwih hemat jeung leuwih simpel tibatan kompor gas. Mun kompor gas mah kedah isi ulang gas sareng kedah antisipasi tina kalangkaan gas, mun kompor listrik mah da make listrik tea jadi bisa iraha wae jeung teu kudu nungguan stok bahan bakar. Jadi kompor listrik mah tinggal ngeusian daya listrikna we. Tuluy make kompor ieu mah bakal leuwih simpel sabab tinggal nyolokeun hungkul kana terminal, teu kudu bongkar pasang jiga kompor gas. Dina panasna oge dinilai leuwih tereh tibatan kompor gas, jadi leuwih hemat mun diitung tina pengeluaran mah.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7462", "text": "Mesin cuci dua tabung, sapertos namina, gaduh dua tabung anu bentukna sabeulahan. Tabung nu hiji dipake kanggo nyeseuh jeung ngelabkeun acuk, tabung hiji deui dipake kanggo ngararingkeun acuk. Mesin ieu tiasa disebut mesin semi otomatis lantaran urang masih keneh kedah mindahkeun acuk anu bade digaringkeun kana tabung hiji deui make lengeun sorangan. Teu sapertos mesin cuci hiji tabung anu teu kedah dipundah-pindahkeun. Tapi ku kituna, pangaos mesin cuci jenis dua tabung ieu leuwih mirah tibatan mesin cuci hiji tabung. Mesin cuci hiji tabung oge biasana gaduh fungsi anu leuwih seeur, matak teu heran lamun leuwih seeur meakeun listrik, tapi hal eta balik deui ka pamakean urang. ", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2247", "text": "Kuring bakal ngabahas rasul ti agama Kristen. Di dieu kuring moal ngabahas Yesus sabab Anjeunna henteu nyebarkeun ajaran-Na ka sakuliah dunya, tapi murid-murid-Na nyebarkeun ajaran-Na ka sakuliah dunya. Di antara sakabéh propagators Kristen, abdi bakal ngabahas sosok hiji rasul dipilih ku Allah anu maénkeun peran penting dina nyebarkeun agama Kristen. Anjeunna Santo Paul, salah sahiji rasul dipilih langsung ku Allah pikeun ngumumkeun warta alus. Santo Paul lahir kana kulawarga Yahudi Pharisaic pisan fanatik. Urang Farisi Yahudi nyaéta musuh utama urang Kristen dina awal muncul na maranéhanana, malah maranéhanana anu ngadesek hiji pajabat Romawi ngaranna Pontius Pilatus pikeun ngahukum Yesus nepi ka pati. Teu heran urang Parisi Yahudi dibenci ku urang Kristen awal. Ngaran asli Santo Paul urang Saul. Anjeunna lahir di kota Tarsus (Turki kiwari). Ieu Saul, sapertos kulawargana, nyaéta urang Yahudi anu fanatik. Manéhna malah milu nyiksa jeung maéhan urang Kristen awal di kota Yérusalém. Salah sahiji korban Saul ieu Santo Stephen, syahid munggaran dina Kristen. Sanggeus kajadian ieu, Saulus indit ka Damaskus (Damaskus, ibukota Siria) pikeun néangan mangsa Kristen nu leuwih jang dipaehan.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "9442", "text": "Udang mangrupikeun salah sahiji seafood anu dipikaresep ku loba jalma. Nanging, loba anu ngarasa hese ngolahna. Sumawona, dina proses muka cangkang udang. Ieu aya sababaraha lengkah anu tiasa lakukeun pikeun mesek kulit udang. Pikeun ngabersihkeun udang, urang kedah nyiapkeun heula alat sapertos péso seukeut atawa gunting. Salajengna, urang bisa nyabut suku jeung buntut udang ku cara motong ku peso atawa gunting anu seukeut. Sanggeus eta, urang tiasa nyabut bagian-bagian daging udang anu aya dina sisik udang ku cara dicabut. Upami udang masih aya huluna, urang tiasa mersihan ku cara nyabut sirahna sareng miceun kokotor di jerona. Sanggeus kabeh bagian daging udang dipisahkeun tina cangkangna, urang bisa ngabersihan ku cara ngumbah ku cai ngocor sarta ngagunakeun sikat lemes pikeun miceun kokotor sesana. Sanggeus eta, udang siap diolah jadi asakan anu nikmat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "1", "text": "Lamun keur aya acara muludan atawa haolan biasana di imah kuring rame ku nu masak. Masak sangu jeung deungeunna siga goreng hayam, kentang, bihun, endog, jeung sajabana. Salian ti dahareun eta, sok nyieunan oge cemilan siga rangginang, opak, jeung sajabana. Lamun geus arasak biasana dibungkusan kana wadah jang dibagikeun kanu ngaraji. Jang sangu, goreng hayam, kentang, bihun, jeung endog biasana di wadahan kana stereofoam. Lamun cemilan siga rangginang jeung opak biasana dihijikeun kana plastik. Mun geus dibungkusan kitu, kari dibagikeun kanu beres ngaraji. Ibu-ibu kabagean isuk-isuk, bapak-bapak kabagean peuting. Kadaharan anu nyesa biasana dibagikeun ka warga atawa tatangga meh teu basi mun diisukeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4276", "text": "Aya kadahareun has sumatera selatan tepatna palembang anu ngeunah pisan salian ti pempek nyaeta tekwan. Tekwan teh dahareun semacem sop anu eusina kuah kaldu lauk, bihun, ubi irisan, suung ceuli, jeung kembang tuberose nu ngaluarkeun ambu jeung rasa has jeung pastina tekwan na, tekwan nyaeta siga bakso ikan lamu di jawa di sebutna pentol tapi di jieuna tina nu di campurkeun jeung sagu bentukna oge teu buleud siga bakso. Tekwan cocok pisan di sajikeun mun keur hujan hujan rasana anu gurih jeung kuah na nu panas cocok pisan pikeun ngahaneutkeun awak. Umumna tekwan di jieun tina lauk tenggiri. Tina sajarahna Tekwan aya nu nyebutkeun tekwan teh kapendekan ti \"bekotek bersamo kawan\" atawa ngobrol ngobrol jeung babaturan, eta mereundi tingali tina kabiasaan tekwan di dahar bari ngobrol ngobrol jeung babaturan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "7077", "text": "Kitab Suci Si Shu mangrupikeun salah sahiji tina lima kitab suci utama dina Taoisme. Ieu diwangun ku dua bagian, kahiji disebut \"The Book of the Way\", nu ngandung prinsip spiritual dasar Taoisme, sarta kadua disebut \"The Book of the Inner Life\", nu ngandung parentah tentang kumaha carana ngahontal spiritualitas jeung kabagjaan ngaliwatan meditasi sareng filsafat Taoisme. Eusi utama kitab suci ieu ngeunaan kumaha carana ngahontal harmoni jeung alam semesta ngaliwatan praktek spiritual kayaning semedi, kontemplasi, jeung amalan Tao. Nuturkeun ajaran ieu bakal ngabantu hiji jalma pikeun nerapkeun spiritualitas dina kahirupan sapopoe. Kitab Si shu disebut oge kitab utama sabab ngandung poko-poko ajaran Konghucu. Anu kadua nyaeta Upacara Melasti, Intina tina acara ieu nyaeta pikeun nyucikeun Bhuana Alit (sifat manusa) sareng Bhuana A", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "7192", "text": "Tina sagala rupa tarian anu asalna ti Bali, tari Pendet kaasup salah sahiji tarian anu pang kolotna. Tari ieu geus aya ti taun 1950. Asalna mah tari ieu teh dijadikeun salaku tarian ibadah anu dipigawe nalika solat dina pura. Tari ieu dimaksudkeun minangka wujud sambutan turunna para dewa di Bumi. Tari Pendet mangrupakeun hasil karya maestro tari ti Bali, namina I Wayan Rindi. Anjeunna mangrupikeun seniman tari anu gaduh penguasaan gerak tari anu hebat. Ku kituna, tumuwuh jeung sumebarna tari Pendet teh salah sahijina berkat jasana. Nalika ngalaksanakeun tarian ieu, penari kudu nganggo riasan upacara agama jeung oge pakean upacara. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "4253", "text": "Tari yapong ieu tarian anu ngagambarkeun persaan anu gumbira jadi anu nonton na oge kabawa persaan gumbira na, gerakan na anu lincah laguna jeung musikna anu unik jadi daya tarik sorangan komo di tambah jeung kostum atawa busana nu di pake penari na. Kostum penari na sakilas téh siga baju dina tari Kembang topeng anu duanana asalna ti Betawi. Kasaruaan anu sanés ogé aya dina warna caang tina kostum sareng detil asesoris anu dianggo. Salian ti éta, aya ogé hiasan anu dipaké dina sirah jeung selendang atawa toka-toka pikeun nutupan dada penari. Kanyataanna, pakéan pikeun tari ieu ngandung unsur Cina. Nyaéta dina motif naga beureum. Kanyaho yén motif ieu ogé dipaké dina pagelaran opera Cina.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "902", "text": "Lamun ditanya game naon nu mimiti dimaenkeun, pasti jawaban urang mah Mortal Kombat. Game ieu mangrupakeun hiji game anu temana gelut dina hiji turnamen. Mortal Kombat nampilkeun visualisasi anu brutal pas zamanna. Sabab tiap karakter nampilkeun ulti anu beda-beda tapi kabeh brutal. Maen ieu bisa sorangan ngalawan komputer, bisa oge jeung babaturan silih lawan. Baheula mah mimiti kenal game teh nyaeta maen ngaliwatan dingdong, ku cara ngasupkeun duit kencring kana bolonganana. Maenna teu di waktu tapi sapaehna karakter nu ku urang maenkeun. Sabab baheula mah tampilan game acan saalus ayeuna, kaasup game mortal kombat, baheula mah masih keneh butut visualna, henteu kawas ayeuna anu nyieun mata teh beuki nyaman maen game.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4982", "text": "Ka anu hobina foto-foto atawa jadi fotografer, mending cobaan jadi fotografer makanan. Pagawean ieu tugasna motoan dahareun nu jadi produk hiji merk nu gunana jang ngapromosikeun dahareun eta. Fotografer makanan biasana ngatata dahareun saalus mungkin terus ngatur jeung ngedit foto na supaya jadi leuwih menarik jeung pikabitaeun. Pagawean na bisa dibilang rada santai, tapi gaji atawa penghasilan na lumayan bisa jadi patokan. Kadang fotografer makanan mah kudu nyiapkeun bahan tambahan di luar dahareun na supaya dahareun eta bisa katingal ngagoda pisan. Tah, sesa dahareun na sok dituang we ku fotografer na nyalira, kadang mah sok dijatahan ku nu gaduh merk na. Kumaha? rame kan jadi pagawe ieu? Yuk ah urang cobian jadi fotografe makanan!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "1591", "text": "Aya sababaraha cara nu bisa urang lakukeun jang nyiapkeun diri jang kondisi bencana alam. Nu mimiti urang kudu apal jenis bencana alam nu bisa wae kajadian di daerah tempat urang cicing, siga gempa bumi, banjir, tsunami, erupsi gunung berapi, atawa badai. Nu kadua urang nyieun rencana evakuasi darurat jeung mempertimbangkeun rute evakuasi sarta titik kumpul nu geus ditangtukeun bareng jeung kulawarga atawa tatangga. Nu katilu nyaeta nyiapkeun stok cai jang nginum, kadaharan anu tahan lila, obat-obatan nu dibutuhkeun, alat penerangan siga senter jeung alat komunikasi. Pastikeun oge mun stok ieu kaayaan anyar pas disimpen di tempat anu babari dicokotna, ulah anu kadaluarsa.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4156", "text": "Salaku manusa, urang sadaya mahluk konsumtif. Pikeun nyumponan pangabutuhna, jalma kudu ngonsumsi barang atawa jasa. Ngonsumsi kadaharan, inuman, baju, obat-obatan, kosmétik, perhiasan, kendaraan, parabot, alat komunikasi, jsb. Konsumsi jasa, mimitian ti pembantu, tukang batu, tukang kayu, tukang urut, konsultasi dokter, advokat, jeung rupa-rupa profesi anu jadi kabutuhan sapopoé maranéhna. Kabutuhan manusa ieu teu aya watesna, rupa-rupa, terus mekar, terus-terusan ngarasa kurang, teu aya tungtungna. Beuki beunghar kabutuhan, beuki maju kabutuhan, beuki kompleks.Dina hukum Islam, etika diatur anu kudu ditaati jeung dijungjung. sangkan manusa bisa nyumponan pangabutuhna kalawan bener jeung wajar tur teu mubadzir. mubadzir nyaeta hartina ngaluarkeun harta anu kaleuwihan pikeun ngalakukeun maksiat Allah SWT bener-bener benci ka hamba-Na. ", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "3545", "text": "Ngatur kauangan anu efektif penting pisan pikeun unggal karyawan. Alesanana, lamun teu diatur bener, gajih bisa jadi béak atawa malah ngarasa kirang, sarta teu patut waragad. Salah sahiji hal anu kedah diperhatoskeun dina cara ngatur kauangan sacara efektif nyaéta nyetél dana darurat. Hal ieu dilakukeun supados anjeun tiasa antisipasi dina ngungkulan sagala rupa kamungkinan anu aya hubunganana sareng kauangan. Kuring ngurangan dana darurat dina bentuk tabungan unggal bulan, nominalna disaluyukeun jeung gaji. tadina 500 rebu, terus naek jadi 5juta, sabab pangabutuh naek mah dipotong jadi 2juta. Kuring tetep dana darurat ieu dina bentuk deposit dina 2 bank béda, sarta kuring ogé meuli sababaraha logam mulia. Da baheula mah boga duit oge tapi duit jasa urut salaki nu disimpen, tapi diuang-uang sabab harita salaki kuring ngundurkeun diri jeung pindah pagawean jadi duitna dipake. Pikeun dana darurat, kuring biasana nempatkeun dina deposit cair unggal bulan, sareng upami henteu dianggo, jumlahna bakal ditambah unggal bulan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "7091", "text": "Islam oge katelah agama anu ngamuliakeun awewe. Seeur pisan aturan kanggo awewe pikeun ngajagi kamuliaan jeung kahormatanna. Dina ajaran Islam, awewe diparentahkeun nutup aurat. Baheula di jama jahiliyah basa Nabi Muhammad teu acan ngajarkeun Al-Qur'an, seeur pisan bangsa arab anu ngarendahkeun awewe. Contona wae seeur bapa anu nguburkeun anakna hirup-hirup lantaran budak awewe dianggapna aib kanggo kulawargi, teu tiasa perang jeung janten beban di kulawargi. Teu sakedik oge awewe anu jadi tukang lacur lantaran awewe dianggap makhluk anu teu aya bedana jeung sasatoan. Tapi saprak Islam datang, awewe janten manusia anu dimuliakeun. Lalaki jeung awewe teu aya bedana di hareupeun Alloh.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "3982", "text": "Karéta Wisata Sato -sato mangrupa salah sahiji layanan transportasi wisata anu disadiakeun ku pengelola Taman Impian Jaya Ancol pikeun satiap pengunjung anu datang ka wewengkon wisata Ancol kalawan haratis. Babaturan Diréktori Pariwisata Indonésia bakal diajak ngurilingan Ancol mimitian ti Carnaval Beach, Lagoon Beach, Seaworld sareng Dufan gratis. Inpormasi anu dicandak ku Diréktori Pariwisata Indonésia di lokasi ti operator karéta wisata di Ancol Jakarta, disebutkeun yén lokomotif karéta ieu dijieun tina bahan bakar solar sarta dijieun ku pigura baja digabungkeun jeung serat, stainless steel sarta beusi tempa. Karéta wisata ieu jangkungna 1,6 méter sarta dilengkepan ku hordéng, ku kituna réréncangan Diréktori Pariwisata Indonésia anu naék karéta api wisata Sato Sato teu kudu hariwang lamun hujan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "7905", "text": "Sakumaha ngaranna, dana darurat nyaeta dana anu bakal dialokasikeun pikeun sagala rupa jinis kabutuhan darurat. Dina kahirupan ieu, urang kedah gaduh runtuyan daptar kabutuhan anu kedah dicumponan. Tapi sajaba ti sakabeh kabutuhan ieu, ngan aya hiji atawa dua jenis kabutuhan anu sipatna darurat atawa anu ujug-ujug kudu minuhan tanpa perencanaan samemehna. Kaayaan darurat anu lumangsung dina kahirupan urang rupa-rupa pisan. Satiap jalmi oge bakal gaduh kaayaan darurat sorangan anu difatna ngadadak sareng henteu cocog sareng rencana anggaran anu urang damel. Lamun urang teu nyiapkeun dana darurat biasana duit anu urang kaluarkeun bakal leuwih gede deui ti biasana, matak mending keneh nyisihkeun duit ti ayeuna. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5496", "text": "Salah sahiji tokoh budayawan Sunda nyaeta Asep Sunandar Sunarya. Saha nu teu wawuh ka maestro hiji ieu. Anjeunna janten pegiat Wayang Golek di Jawa Barat nu kawentar dugi kamana-mana. Asep Sunandar Sunarya teh lahirna di Bandung, 3 September 1955. Anjeunna cinta pisan kana kasenian wayang golek dugi ka tiasa nyandak wayang golek ditampilkeun di kancah internasional. Anjeunna janten dalang nu pangkentelna kana pawayangan. Teu aya nu bisa nyaruaan atanapi nyaingan anjeunna. Ngan, tahun 2014 anjeunna pupus ngantunkeun dunya dina umur 58 taun. Ayeuna perjuangan anjeunna dina wayang golek dilajengkeun ku putrana, Yogaswara Sunandar. Kontribusi anjeunna dina wayang golek teh tong diragukeun deui sabab tos kakoncara.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "1999", "text": "Abdi sareng adina bersaing pikeun milarian cangkang anu pangsaéna, bari aya kalana maén dina cai di basisir. Bari bapa jeung ema han ngalalajoaneun arurang. Lajeng sanggeus pantai pasir bodas, urang indit ka pantai sabalikna, di basisir teh aya larangan ulah mere nyatu sato, acuh weh sakaluarga mah, lanjut weh lempang sarta siap siap jang teuleum. Ieu mangrupikeun pangalaman anu pikaresepeun nalika nyilem, kuring sieun tapi bapak kuring nahan kuring sareng kuring ogé nganggo jaket pelampung. Lanceuk kuring ngojay ku bungahna. Kuring nempo ka handap dina suku kuring jeung nempo lauk ngojay deukeut suku kuring. Sadérék nu mawa parahu méré potongan roti pikeun urang dahar lauk. ngan basa eta ternyata mah loba sato ti laut nu malah nyerbu, kusabab eta kuring jjeung sakuluarga malah panik, moal didieu di ulangan lah ngalanggar aturan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "9353", "text": "Ngonsumsi kadaharan, utamana kadaharan karesep urang, sacara teu langsung mangaruhan haté atawa mood urang. Ieu tangtosna tiasa dianggo salaku jalan alternatif pikeun ngaleungitkeun setrés sareng déprési anu urang alami. Sababaraha conto kadaharan anu dipercaya bisa ngungkulan setrés nyaéta coklat poék, salmon, endog, siki waluh, yogurt sarta teh hejo. Aya ogé oatmeal, karbohidrat kompléks tina oatmeal mantuan otak nyieun serotonin, hormon anu nyieun mood jadi alus deui. Serotonin henteu ngan ukur gaduh sipat antioksidan, tapi ogé nyiptakeun rasa tenang anu ngabantosan setrés. Setrés tiasa nyababkeun gula getih urang naék, tapi karbohidrat kompléksna moal nyumbang kana poténsi urang pikeun naék sareng turunna gula getih. Tambih Deui, béta-glukan, jenis serat larut kapanggih dina oatmeal, dipercaya bakal nyieun urang eareg leuwih lila ti séréal séjén.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4604", "text": "Radio - hiji sora sajuta Ceuli Sigana mah kalimah ieu téh bener-bener cocog pikeun ngagambarkeun salah sahiji média kontemporer, anu geus aya di Indonésia ti jaman kamerdikaan. Saméméhna radio ngan ukur dijadikeun média pikeun nyebarkeun warta atawa warta ti pamaréntah Indonésia. Malah béja ngeunaan 'runtuhna' Jepang ku sekutu-sekutuna ogé dipikawanoh ku masarakat Indonésia ngaliwatan siaran radio waktu harita. Tapi beuki lila, radio beuki ngepak jangjangna nepi ka ayeuna. Sareng anu langkung saé, ayeuna anjeun henteu kedah nyandak radio fisik dimana-mana. Ngan nganggo smartphone anu anjeun gaduh, anjeun tiasa langsung ngalirkeun radio karesep anjeun. Henteu ngan ukur inpormasi atanapi warta anu disiarkeun. Sanajan kitu, radio kiwari ogé dipaké salaku média hiburan, média informasi sarta tangtu média anu ngadidik pangdéngéna di Indonésia.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "1575", "text": "Keur leutik pasti boga babaturanna loba, mulai ti babaturan ulin, babaturan sakola, nepikeun ka babaturan ngaji. Tapi sairing waktu, babaturan teh laleungitan. Ieu sabenerna mah hal anu normal, da pastina tiap jelema ge boga kabutuhan jeung kasibukanana masing-masing, nu penting mah urang masih bisa silih komunikasi sanajan ayeuna mah geus jarauh teu bisa panggih. Teu bisa panggih teh lain ku sabab hoream, tapi lantaran beda kota nepikeun ka beda pulau. Tapi sanajan kitu, untungna ayeuna mah geus serba canggih. Mun keur sono ka babaturan oge biasana sok video call raramean, nya sahenteuna bisa ngubarah rasa sono sanajan mun langsung panggih mah leuwih alus.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "2401", "text": "Cara maenkeun kacapi suling sunda kiyeu carana. Teundeun ramo cingcin leungeun katuhu dina liang panghandapna, tutup pageuh, lakukeun ku ramo salajengna. Teundeun ramo cingcin leungeun kénca anjeun dina liang nomer 3 ti luhur jeung saterusna, nepi ka ramo salajengna. Pastikeun 6 liang geus ditutup bener, mimitian niupan tur runtuyan catetan O (nutupan sakabéh liang), jeung catetan 1 (liang muka 1 ti handap jeung saterusna). asup. Ieu chord: 0 2 0 2 3-44 0 2 02 3-44, ngalakukeun ieu sababaraha kali nepi ka anjeun meunang sora unanimous. Coba maén lagu séjén atawa mélodi kalawan napas jeung ambekan nu jero tur rarasaan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "1952", "text": "Salah sahiji kampung wisata di Kuningan anu bisa didatangan nyaéta Désa Sitonjul. Ieu désa masih aya di wewengkon Sangkanhurip atawa kira-kira ± 13 km ka kalér ti Kuningan atawa ± 24 km ti Kota Cirebon ka kidul. Jalan ka wewengkon Cirebon nyaéta Kahiji naek mobil elf ka Ciperna, turun di Ciperna Candak angkot ka wewengkon Sangkan Hurip, turun tuluy nyobaan leumpang ti stasion beus Sangkan Hurip. Di tempat ieu anjeun bakal ningali suasana padésan anu éndah kalayan leumpang kirang langkung 4 Km sapanjang alam padésan mimitian ti Dusun Simenyan Kidul, Leuweung Komunitas, Pemakaman Umum, Tegalan sareng Sawah, Bulak Jati, Dusun Tonjong, Sawah, Tanggul Irigasi, tungtung Bendung Katiga. di Dukuh Munjul Kaler. Salian tetempoan éndah tur alam unik tina padesaan, salila lalampahan anjeun bakal meuntas walungan malah mandi di walungan kawas keur désa lokal.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "2012", "text": "Abdi murid. Sareng tetep neraskeun kabiasaan anu parantos janten padamelan sadidinten. Saran ka REBAHAN janten pang sataina. Oké, hayu urang turun ka daptar.\n1. Maén Kaulinan dina HP\nKuring ampir ngalakukeun ieu unggal dinten, murangkalih umur 18 taun masih pas? Pikeun maén kaulinan? Maén kaulinan, nyaéta kagiatan anu kuring paling resep di dunya ieu. Abdi moal ngabohong ngeunaan éta. Abdi tiasa latihan sagala rupa posisi dina kaulinan abdi. Sareng anu paling kuring resep nyaéta REBAHAN. Teras,\n2. Nyemil dahareun, jeung inuman\nKuring sok meuli jajanan unggal bulan, lumayan loba. Chiki, wafer, roti, naon waé. Nalika kuring bingung naon anu kudu dilakukeun saatos kuring réngsé kagiatan kuliah dinten éta. Nyolokkeun kipas angin, ka kamar kuring. Candak rohangan pikeun REBAHAN. Lajeng nyandak snacks nu abdi hoyong, sarta dahar eta. Basajan kan? ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4521", "text": "Aturan pikeun kaulinan baskét dibasajankeun jumlah pamaén, sabaraha lila kaulinan lumangsung, nepi ka jenis pelanggaran. Contona, baskét dimaénkeun ku dua tim, unggal tim diwangun ku lima pamaén. Baskét bisa diputer 2 kali 20 menit atawa bisa ogé dimaénkeun 4 kali 10 menit. Bal bisa dialungkeun ka sagala arah ngagunakeun hiji atawa duanana leungeun. Bal ngan bisa dipindahkeun ku dribbling (bouncing) bal atawa ngalirkeun bal. Sakali pamaén boga duanana leungeun dina bal (teu kaasup catching bal), aranjeunna moal bisa dribble. Bal kudu ditembak. Bal kudu dilaksanakeun dina atawa antara palem. Leungeun atawa anggota awak séjén teu diwenangkeun pikeun nyekel bal. Pamaén baskét teu tiasa nahan, nyorong, neunggeul, atanapi tackle pamaén lawan ku sababaraha cara. Pelanggaran kahiji bakal diitung salaku kasalahan. Gol lumangsung nalika bal anu dialungkeun atawa keuna ti lapang asup ka karanjang, dina hal ieu pamaén anu ngajaga karanjang henteu noél atawa ngaganggu gawang. Lamun balna darat di tepi karanjang atawa pamaén lawan mindahkeun karanjang, éta moal diitung salaku gawang.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4640", "text": "Aya ilmu anu di gunakeun keur ngembangkeun robot nyaeta Robotika nyaéta cabang téknologi anu ngébréhkeun desain, konstruksi, operasi, disposisi struktural, pabrik jeung aplikasi robot. Robotika patali jeung élmu éléktronika, mesin, mékanika, jeung parangkat lunak komputer. Pamanggih pikeun nyiptakeun mesin mandiri asalna ti Era Klasik, tapi panalungtikan ngeunaan panggunaanana henteu mekar sacara signifikan dugi ka abad ka-20.Kiwari, aya loba robot ngalakukeun pagawéan anu ngabahayakeun pikeun manusa, saperti ngancurkeun bom, ngajajah kapal karam, jeung pertambangan. Robotika mangrupikeun komponén kritis dina seueur lingkungan manufaktur modéren. Nalika panggunaan robot ku pabrik ningkat, jumlah padamelan anu aya hubunganana sareng robotika tumbuh sareng diperhatoskeun terus ningkat.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8093", "text": "Game PUBG (PlayerUnknown's Battlegrounds) nyaeta kaulinan battle royale anu populer pisan di sakumna dunya. Kaulinan PUBG ngabutuhkeun pamaen pikeun salamet di pulo terpencil ku ngalawan pamaen sejen. Eta nyayogikeun tangtangan anu luhur sareng pikaresepeun pikeun pamaen pikeun salamet sareng janten anu terakhir nangtung. Kaulinan PUBG oge ngamungkinkeun pamaen berinteraksi sacara sosial sareng pamaen sanes di sakumna dunya. Hal ieu ngajadikeun kaulinan PUBG sarana papanggih jalma anyar jeung ngabentuk silaturahim di buruan. Kaulinan PUBG oge ngamungkinkeun pamaen maen dina tim, dimana unggal anggota tim kedah damel babarengan pikeun ngahontal tujuan anu sami. Hal ieu ngajadikeun kaulinan PUBG kaulinan anu bener perlu strategi alus sarta koordinasi antara pamaen.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8880", "text": "Ciri-ciri kaméra analog nyaéta kaméra analog ngagunakeun pilem minangka perékam gambar. Film anu dipaké nyaéta film warna négatip. Dina kaméra analog, pilem geser diwangun ku hideung bodas sareng positip. Kaseueuran jinis kaméra analog tiasa nyandak gambar kalayan sagala rupa warna anu dipantulkeun ku panonpoé. Kaméra analog sénsitip. Kaméra analog tiasa nyandak gambar dina bentuk garis. Ieu diperlukeun pisan dina fotografi sabab perlu némbak sacara manual. Pagawean kaméra analog dilakukeun sacara manual. Intina nyaéta jinis kaméra ieu ngarékam atanapi nangkep gambar nganggo pilem. Film miboga pungsi pikeun moto gambar kalayan bantuan énergi cahaya. Gambar-gambar anu parantos dirékam ku kaméra teras dicaangan ku cahaya teras dicitak dina kertas khusus.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5797", "text": "Mun rutin ngalaksanakeun kagiatan olahraga teh sok mawa efek nu alus jang kasehatan jeung kasegeran badan. Jalma anu sering olahraga mah bakal jarang kaserang ku panyakit sabab imun tubuhna kabentuk sacara teratur, jadi bisa ngaminimalisir panyakit sagala rupa. Tah, supaya bisa stabil kasehatan badan na, lakukeun kagiatan olahraga sacara rutin, minimal saminggu dua kali. Laksanakeun kagiatan olahraga na kudu isuk-isuk samemeh ngamulai aktivitas, mun teu kaburu mah laksanakeun olahraga na sore saengges beres aktivitas. Jadi, olahraga teh kudu konsisten supaya hasil nu dirasakeun na oge maksimal. Tujuan olahraga teh salian jang kasehatan fisik, oge jang kasehatan mental jiga ningkatkeun mood. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8264", "text": "Aya sababaraha ciri wirausaha. Boga kawani jeung boga kreativitas. Pangusaha henteu sieun ngimpi sareng ngarencanakeun sareng nyiptakeun ideu pikeun ngembangkeun bisnisna. Dina nyieun kaputusan, pangusaha wani narima resiko anu bakal kajadian. Tangtosna, kaputusan sareng resiko kedah saluyu sareng perencanaan sareng observasi anu parantos dilakukeun. Mibanda gairah jeung kahayang. Pangusaha boga gairah jeung kahayang pikeun ngembangkeun bisnis maranehanana. Boga analisa anu leres. Usaha tiasa lancar upami para pangusaha tiasa gaduh analisis anu leres, supados produk atanapi jasa anu ditawarkeun tiasa ngahontal masarakat sacara optimal. Boga sumanget kapamimpinan. Pangusaha jadi pamingpin anu ngarahkeun rupa-rupa kagiatan sangkan usaha bisa mekar. Berorientasi ka hareup. Pangusaha tiasa ngarencanakeun dina jangka panjang sareng berorientasi ka hareup ku nampilkeun inovasi sareng kreasi.\n", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "6774", "text": "Basa ka Ciwidey, abdi sareng rerencangan ameng ka kebon teh. Aya seeur kebon teh di Ciwidey tapi arurang nimu tempat kebon teh anu gratis teu kedah mayar. Lantaran gratis urang kedah milarian jalur nyalira. Arurang ngaliwatan solokan, kali jeung kedah nanjak pisan lantaran ieu jalur anu teu biasa dipake ku jalmi. Di tengah jalan abdi sareng rerencangan oge nimu tutumbuhan anj tiasa jeung teu tiasa diemam, sakaligus diajar ngeunaan tutumbuhan. Pas atos nepi di puncak bukit, urang popotoan teras ngobrol-ngobrol sabari ningal pamandangan anu hejo jeung udara anu seger pisan. Urang lanjut deui ka bukit anu sanesna teras emam siang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "883", "text": "Mangpaat nyapedah nu dirasakeun ku awak teh nyaeta ningkatkeun kakuatan otot. Otot-otot leungeun jeung suku bakal dipaksa tuluy gerak miluan irama suku. Salian mangpaatna jang ningkatkeun kakuatan otot, mun olahraga nyapedah sacara rutin oge bisa ngontrol beurat awak ngameh tetep ideal. Lantaran nyapedah mantuan ngabakar kalori sarta ningkatkeun metabolisme. Mangpaat sejenna nyaeta ningkatkeun sistem imun awak. Imun awak nu kuat tangtuna mantuan jadi leuwih sehat jeung teu babarian ka serang ku panyakit. Ku nyapedah rutin oge kadar lemak dina darah bakal nurun jadina alus jang nu mibogaan hipertensi atawa tekanan darah tinggi. Oge nurunkeun resiko depresi. Lantaran awak bakal memicu rasa bungah jeung nurunkeun rasa stres.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4473", "text": "Loba jalma yakin yén kaulinan atawa olahraga skipping éta populér di tahun 70 nepi ka tahun 80. Loncat tali diduga asalna ti Éropa sarta dibawa ka Nusantara dina mangsa kolonial. Waktu éta, barudak kolonial Walanda maénkeun kaulinan ieu. Di Walanda, kaulinan lompat tali dicoo ku tilu urang, dua urang nyekel tali jeung hiji jalma luncat antara péngkolan tali. Lajeng di wewengkon Éropa lianna, kaulinan ieu ogé bisa dicoo ku hiji jalma bari olahraga.Di Indonésia, kaulinan lompat tali geus biasa sabab bisa kapanggih ampir di sakumna pelosok nagara, sanajan ngaranna béda. Lompat tali atawa lompat di Indonésia idéntik jeung kaulinan budak awéwé. Di wewengkon Riau, kaulinan luncat. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5395", "text": "Dina taun baru Waisak, sok aya perayaan arak-arakan barongsai jeung pertunjukkan lainna. Kamari abdi ngahajakeun ngeusi waku libur ku nonton eta pertunjukan. Barongsaina diarak sapanjang jalan sebagai bentuk syukur umat pengikutna. Seueur oge pertunjukkan lainna nu ngarepresentasikeun umat Konghucu. Abdi nonton arak-arakan jeung pun rai. Pun rai meuni resepeun sabab nembe mimiti nonton pertunjukan barongsai. Pertunjukkan digelar ti jam dalapan isuk nepi ka jam sapuluh beurang. Beres nonton pertunjukkan barongsai, abdi sareng pun ra tuluy neangan jajanan samemeh uih ka imah. Bari persiapan ke wengi rek nonton deui upacara pelepasan lampion nu di gelar di deukeut danau. Abdi antusias pisan ningalikeun upacara kaagamaan umat Konghucu, sabab nunjukkeun sakumaha kayana kaagamaan di Indonesia.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "5838", "text": "Mahasiswa rata-rata milih laptop nu bisa nunjang jeung tugas kuliahna. Biasana neangan laptop harga murah tapi spesifikasina alus nu ngadukung kagiatan perkuliahan nana. Di antara sakian loba merk laptop, biasana mahasiswa mah identik jeung merk Asus jeung Lenovo. Kadua merk ieu teh sering dipake sabab mumpuni jang ngerjakeun tugas kuliah, oge harga na nu kabilang menengah ka bawah, jadi bisa kajangkau ku sagala kalangan. Najan hargana murah ge tapi spesifikasi na mah sarua jeung nu harga na tinggi. Jadi, mun bisa dibeunangkeun kunu harga murah, kunaon kudu nu mahal. Terus tina segi katahanan ge dua merk ieu teh kabilang bisa tahan lama minimal nepi ka beres kuliah.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "1921", "text": "Cara meunang bibit sabrang nu hade nyaeta :\n1. Pilih Bibit sabrang Berkualitas\nLamun hayang meunang siki cabe tina buahna, pastikeun cabe asalna ti kolot anu kualitasna daunna kandel jeung buahna beurat, nalika asup kana fase buahan, petik bagian cabe anu bener-bener kolot jeung kulit luarna katingali beureum ngagurilap. Ulah nyokot tina cabe nu geus ruksak.\n2. Cabut siki sabrang tina buahna\nBeulah cabe jadi dua bagian, laksanakeun kalawan taliti sabab salain bisa nganyenyeri leungeun, salah nyiwit oge bisa ngaruksak siki cabe nu rek dijadikeun siki. Lamun kitu, piceun siki cabe nu aya di jerona.\n3. Garingkeun siki sabrang\nSalajengna, anu kedah urang laksanakeun nyaéta ngagaringkeun siki cabe di panonpoé, pastikeun pikeun ngagaringkeun siki cabe ku cara ditayangkan.\n4. Pilihan Bibit Cabe\n Carana, siki cabe ditempatkeun dina larutan gizi atawa cai mineral biasa, diantep sapeuting jeung ningali isukna.sikina sabab sikina kerung (kosong)", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4628", "text": "Salian ti Kulkas barang barang elektronik sejen anu ayeuna sigana geus wajib aya nyaeta AC atawa kapanjangan na Air Conditioner. Indonesia hususna anu ku urang alaman di jakarta atawa bekasi teh udara na meni panas pisan lamun beurang bisa nepika leuwih ti tilu puluh derajat celcius, suhu eta teh panas pisan jeung ngaganggu pisan pikeun jelema komo nu keur di gawe eta teh bisa ngaganggu konsentrasi jeung fokusna. Matakna di uggal imah di kota kota biasana make wae AC tangtuna keur kanyamanan na, lamun di imah ge make AC pasti di kantor kantor jeung baguna fasilitas umum kaasup restoran oge make AC ameh leuwih nyaman.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9384", "text": "Bajaj oge jadi salah sahiji angkutan umum roda tilu, bantuk sapertos mobil alit tapi gasna siga motor. Cara naekna urang kudu nyetop bajaj heula, lamun jauh bisa ku cara nepukeun leungeun. Teras buka panto nu aya di samping belakang, tuluy diuk di korsi panumpang. Ulah coba-coba nepuk punggung sopir bajaj, soalna engke si bajaj teh bakal ngerem mendadak. Teras ualh oge beri nyo’o hape soalna bakal gandeng bari bakal oyag oge si bajajna, jadi mending hapena disimpen wae di tas. Terahir nawar ongkos bajajna sesuai jeung jarakna. Lamun hayang gampangna, urang tiasa menta nomor hape sopirna, ameh lamun butuh deui kari nelpon sopirna.\r\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "6125", "text": "Tilu sikap nu kudu diterapeun ketika meunang karugian dina usaha atawa dina bisnis. Nu kahiji nyaeta sikap sabar. Mun keur ngalaman karugian teh kudu sabar jeung tawakal, sabab sagala rupana ge geus diatur masing hade ku Allah SWT. Nu kadua nyaeta sikap optimis, kudu yain yen kahareupna mah bakal leuwih baik jeung leuwih bisa mawa kauntungan. Mun karek ge manggih karugian geus pesimis, dijamin usaha nanaon wae ge bakal hese. Jadi, kudu optimis dina nyongsong poe salanjutna. Nu katilu nyaeta mikir positif jeung kreatif. Urang kudu berinovasi ku cara ngembangkeun usaha leuwih kreatif, supaya bisa leuwih narik pembeli jang meulian produk urang.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "5495", "text": "Salah sahiji tugas mata pelajaran bahasa Sunda dina semsester ieu teh nyaeta ngawawancara tokoh adat satempat ngeunaan sajarah tina kasenian Sisingaan. Abdi kabagean lembur daerah sisi pantai utara. Abdi enjingna tuluy indit kaditu jang ngobrol jeung pupuhu lembur satempat. Sabab di daerah Subang mah sisingaan nu ti daerah kaler mah leuwih kentel pisan jeung kabudayaan sundana. Abdi kaditu ngangge motor, untungna tos sasadu, janten teu kedah ngantosan waktu lami jang ngobrolna. Beres kenging informasina, abdi langsung pamitan bade uih sabab tos mulai sore jeung langit mendung, bisi kaburu turun hujan. Abdi ngahaturkeun nuhun ka pupuhu ku cara masihan saeutik tuangeun kangge anjeunna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "8288", "text": "Investor mindeng ngarasa pisan depresi nalika maranehna manggihan yen investasi maranéhna geus dijieun geus gagal. Pikeun ngajauhkeun anjeun tina résiko rugi anu langkung ageung, aya sababaraha hal anu anjeun tiasa laksanakeun, sapertos ningkatkeun modal. Ieu dimaksudkeun salaku suntikan dana pikeun jalma bisnis pikeun bangkit sareng balik deui ka kamulyaan tanpa kedah sedih salamina. Jalma bisnis pasti bakal langsung ngagunakeun modal pikeun ngembangkeun kapentingan bisnis. Coba pikeun nalungtik ngabalukarkeun leungitna ieu, naon kasalahan anu dijieun pikeun ngabalukarkeun karugian. Upami usaha henteu lancar kusabab siklus makroekonomi, maka henteu kedah hariwang sabab kaayaan sapertos kieu sering lumangsung sareng ngan ukur siklus biasa. Upami anjeun leres-leres ngitung asal-usul karugian anu dialaman ku usaha anu nyababkeun aranjeunna bangkrut, maka anjeun kedah ngalepaskeun saham ieu supados engke anjeun henteu ngarasa karugian anu langkung ageung.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "6507", "text": "Kamari teh di lembur abdi aya gempa nu cukup kuat di sababaraha wilayah, termasuk kampung abdi. Gempa ieu teh terjadina ti kamari janari pisan. Loba nu teu wani sare di jero imah, kabeh ge sarare di emper imah masing-masing supaya babari lumpat mun aya gempa deui. Tah, sabab sieun aya gempa susulan, abdi sakulawarga teh ngungsi we ka imah dulur nu leuwih aman tina gempa. Kabeh barang berharga jeung dokumen teh dibawa da jaga-jaga bisi enya aya gempa susulan. Enya we sore na teh aya gempa susulan, hadena we geus ngungsi ka tempat nu leuwih aman. Dugi ka ayeuna teh masih keneh aya sababaraha kali gempa susulan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "7441", "text": "Chromebook gaduh sababaraha kaleuwihan diantarana nyaeta leuwih gampang dianggo. Gampang dianggo mangrupikeun salah sahiji kaunggulan Chromebook. Tampilan anu saderhana tiasa nampung sadaya jenis pangguna, komo kanggo pamula. Utamana upami urang parantos wawuh sareng aplikasi anu didasarkeun Chrome. Urang oge teu kudu sieun masalah kamampuhna. Chromebook saleresna mangrupikeun jinis laptop anu nawiskeun kinerja anu langkung gancang sabab Chrome OS leuwih hampang dibandingkeun sareng Windows sareng MacOS. Bayangkeun kumaha jadina lamun sumber komputer anu sateuacanna kedah ngalakukeun seueur pisan proses tapi dina Chromebook ngan ukur ngalaksanakeun tugas ti aplikasi Chrome sareng operasi web hungkul. Tangtu kinerjana tiasa langkung gancang sabab prosesna janten sakedik.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "6762", "text": "Helikopter mangrupikeun salah sahiji jenis transportasi anu tiasa dianggo pikeun pariwisata. Helikopter nawarkeun hiji pangalaman anu luar biasa tur sendah. Helikopter tiasa mawa panumpang ka tempat anu teu tiasa dicapai ku transportasi sanes sapertos mawa panumpang ka puncak gunung es. Helikopter oge tiasa mawa panumpang ka tempat anu tiasa dihontal ku transportasi sanes, tapi nyeepkeun waktos anu langkung pondok tibatan kapal terbang. Helikopter oge tiasa nawiskeun pamandangan anu luar biasa ti luhur. Helikopter oge nawiskeun pangalaman anu langkung aman sareng langkung nyaman tibatan transportasi anu sanes. Kapasitas helikopter langkung sakedik tibatan kapal terbang tapi tiasa dibawa ka mana wae lantaran bentukna anu alit.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "3925", "text": "Malem Saptu kamari kuring jeung babaturan ulin ka kota, lamun malam minggu di prwakarta aya nu ngarana wiskul atawa wisata kuliner, didinya ngajual loba pisan dagangan boh dahareun, inuman, cemilan jajanan jeung sagala nu ka asup kuliner. Aya dahareun nu ges aya ti jaman baheula nepi ka dahareun jeung jajanan jaman ayeuna. Sanggeus kukurilingan da binggung rek ngadahar naon ahirna urang milih rek meuli seafood. Pas asup ka warung na bau masakan seafood na bener-bener seungit nyieun tambah lapar, urang jeung babaturan langsung mesen keuyeup da ningali keuyeup na garede jeung seger tur garede. Urang mesen keuyeup saos padang, keuyeup anu didahar loba pisan berat na samemeh di asakan hampir sakilo. mahi pisan keur di dahar duaan nepi ka tiluan. Rasana keuyep na seger sareng amis bungbu na ngaresep enak pisan. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7156", "text": "Parang Salawaku nyaeta sapasang pakarang tradisional ti Maluku. Parang jeung salawaku teh dua senjata. Parang Salawaku diwangun ku parang (peso panjang) jeung salawaku (tameng) nu baheulana mangrupa senjata pikeun perang. Pikeun masarakat Maluku. Parang jeung Salawaku mangrupa lambang kamerdekaan masarakat. Ieu pakarang bisa ditempo dina tari cakalele, tarian anu ngalambangkeun kakuatan lalaki Maluku. Parang di leungeun katuhu penari ngalambangkan kawani sedengkeun Salawaku di leungeun kenca ngalambangkan perjuangan pikeun kaadilan. Parang Salawaku oge bisa kapanggih Dina lambang pamarentahan kota Ambon. Parang dijieunna tina beusi tempa anu ukuranana rupa-rupa, biasana antara salapan puluh nepi ka saratus cm. Salawaku dijieun tina kai teuas dihias ku kerang laut.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "7967", "text": "Salah sahiji tips lamun urang bade numpak angkutan umum utamana angkot nyaeta urang kedah mayar make duit pas. Hal ieu tiasa nyegah sopir tina masang ongkos anu leuwih langkung ti biasana oge tiasa ngahindarkeun jalanan tina macet lantaran biasana anu nyieun macet teh angkot anu sok ngetem di sisi jalan jeung angkot anu ereun di sisi jalan sabari milarian angsulan lantaran panumpangna masihan deuit anu seeur teuing. Biasana lamun gaduh receh sok dipisahkeun kanggo numpak angkot. Sateuacan numpak angkot oge abdi biasana sok nyimpang heula ka warung kanggo nukeurkeun artos kanggo ongkos. Ti dinya abdi meunang palajaran yen duit lima ratus oge pasti bakal kapake lamun bade numpak angkot mah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "424", "text": "Kisah-kisah nu aya dina Al-Quran oge bisa jadi ngabantah jang ahli kitab nu ngaleungitkeun fakta-fakta anu bener. Hal ieu ku sabab tina klaim-kalim ahli kitab nu lolobana ngangayakeun, atawa ngarekayasa hiji hal. Siga halna ngaharamekun naon nu dihalalkeun ku Allah SWT, kitu oge sabalikna. Teu ngan saukur eta, kisah dina Al-Quran oge mibogaan fungsi jang sarana diajar nu efektif. Hiji kisah teh mangrupakeun salah sahiji bentuk kasusastraan nu bisa mancing perhatosan nu ngadenge jeung leuwih efektif mupuk hiji ajaran kana jero hate. Kisah-kisah ieu geus jadi salah sahiji sarana jang metode dina pendidikan anu efektif dina diajar jeung nerapkeun dina kahirupan sapopoe.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4985", "text": "Dinten kamari abdi ngaberesihan kompor di dapur. Duh tos sabaraha lami meureun teu diberesihan meuni sueuer kerakan diditu didieu. Mimiti, abdi ngerikan heula si eta kerak na teh ngangge peso jeung garpu. Tong hilap nyemprotkeun sabun pembersih ka komporna, kade ulah kana kembang sumbu na, nya. Kompor digosokan dugi ka beresih. Minyak-minyak nu rapet dikerikan dugi ka luntur. Teu hilap oge selang kompor diberesihan, da mun kotor mah bisi digegelan ku beurit. Sela-sela kompor oge dicokelan dugi ka beresih, tong hilap paranti muterkeun komporna oge diberesihan. Upai kompor beresih mah kan ena katingalina, geunah dianggona. Teu sareugseug jeung raujit katingalina oge.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4217", "text": "Carita rahayat nyaeta carita anu geus jadi tradisi jeung nurun temurun unggal generasi, eweuh anu apal jeung bisa mastikeun yen caita rahayat teh bener atawa henteu, misalkeu carita rahayat roro jongrang anu jadi candi ka 1000 di candi prambanan jeung bandung bondowoso anu bisa ngajieun candi ngan dina waktu sapeuting jeung sajabana. Tapi nya eweuh salah na oge yen laun urang apal jeung mere nyaho carita carita rahayat ieu ka barudak urang, kusabab carita ieu teh geus jadi legenda jeung tradisi warisan budaya anu kudu di lestarikeun oge sangkan aya tuluy moal leungit leungit atawa di aku aku deui ku nagara batur.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "5766", "text": "Salah sahiji pertandingan unggulan dina olahraga teh nyaeta event Porprov nu diayakeun di unggal provinsi nu tujuanna ngajaring atlet terbaik supados jadi perwakilan provinsi ka pertandingan tingkat nasional. Porprov teh diayakeunna unggal opat taun sakali. Porprov mangrupakeun multievent nu bisa dikatakan cukup bergengsi jang para atlet sabab nama baik kontingen daerahna dipertaruhkeun. Biasana Porprov digelar di pertengahan taun. Event ieu teh diayakeunna ku pengurus provinsi nu kerja sama jeung pemerintah daerah satempat. Biasana mun meunang medali teh sok kenging apresiasi berupa uang tunai ti pemerintah terkait. Tah, jadi Porprov teh lain wae ajang pertandingan, tapi leuwih ti eta nyangkut harga diri jeung nunjukeun kakuatan masing-masing kabupaten.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "9312", "text": "Dina kahirupan jeung pasangan, urang teh kudu boga prinsip jeung tujuan anu sarua. Bago prinsip jeung tujuan anu sarua ngajadikeun pondasi hubungan urang jeung pasangan janten kuat. Urang bisa ningali kana hal-hal sederhana, contona sabaraha jumlah budak anu dipikahoyong engke, jeung gaya hurup nu kumaha anu bakal dijalani saanggeus menikah engke. Pamikiran lainna bisa ngeunaan kumaha cara ngasuh budak, kumaha pandanganna soal pernikahan, kulawarga, kana agamana kumaha, jeung lain sajabana. Nu kitu teh kedah didiskusikeun ku urang pikeun nyegah konflik berkepanjangan. Lamun ti awal urang boga tujuan jeung prinsip anu teu sarua, engkena pasti bakal hese disatukeun. Ku kituna urang kudu nyatukeun prisip jeung tujuan hirup heula, samemeh urang mutuskeun rek hirup duaan jeung pasangan urang. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "2670", "text": "Maén bal nyaéta olahraga anu pang populerna di dunya. Piala Dunia anu dilaksanakeun unggal opat taun dianggap leuwih narik perhatian batan Olimpiade. Bal maén bal anu leres sareng pas diperyogikeun dina kaulinan maénbal.\nAnjeun panginten tiasa nyangka yén sadaya bal maénbal sami. Sanajan kitu, tétéla yén bal sepak dihasilkeun dumasar kana umur, pamakéan dimaksudkeun, jeung tipena béda widang. Contona, pikeun murangkalih, sabab awakna leutik, aranjeunna kedah nganggo bal anu cocog sareng umur pikeun ngirangan résiko tatu.\nBal bal pikeun koleksi, latihan sareng tujuan pertandingan ogé didamel tina bahan anu béda. Salaku tambahan, upami bal maén bal cocog sareng jinis lapangan anu anjeun anggo, kaulinan maén bal bakal langkung optimal. Ku alatan éta, milih bal maén bal anu leres penting pisan supados maén bal langkung seru.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4580", "text": "Jaman ayeuna loba pisan pilihan ponsel handphone anu bisa di pilih jeung kualitasna aralus pisan jeung lalekengkep pisan. Ponsel handphone ayeuna geus di lengkepan ku kamera anu alus, aya gps keur panentu arah jeung anu pastina ku sistem anu ges canggih pisan. Siste operasi na handphone anu terkenal ayeuna nyaeta iphone ios na jeung android. Ari ios kan sistem operasi khusus keur pengguna iphone ari android di papke di loba pisan merek ponsel handphone saperti xiaomi, samsung, infinix, oppo, vivo jeung sakabehna. Urang umumna leuwih ngagunakeun android kusabab ponsel handphone nu make android hargana leuwih murah tapi tetep canggih pisan.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9385", "text": "MRT oge asup kana salah sahiji angkutan umum, anu mangrupakeun singkatan tina Mass Rapid Transit atawa Jakarta MRT. Cara naekna mimitina panumpang asup heula ka stasuin MRT Jakarta. Sanggeus asup urang kudu meuli tiketna heula, urang bisa meuli Single Trip Ticket (STT) atawa Multi Trip Ticket (MTT) tina loket atawa Ticket Vending Machine (TVM). Lamun geus boga tike MRT Jakarta, panumpang tinggal nempelkeun tiketna atawa ditap-tap di gerbang panumpang. Kabeh panumpang kudu atri di tukangeun garis aman antrian. Heulakeun heula panumpang anu tarurun samemeh asup ka jero kareta, lamun geus asup tuluy urang diuk dina koris anu geus disadiakeun. Lamun geus nyampe ka tujuan, tempelkeun deui tiketna di gerbong panumpang. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "3048", "text": "Ieu wewengkon tengah luhur. Karyawan rata-rata kalebet kasta Foodcourt. Sakanyaho kuring, jaman kuring digawé di dieu, rada hese neangan pejuang nu kasta \"damping\", meureun geus euweuh deui gang-gang leutik jeung heureut tempat UKM nongkrong. Aya loba wangunan di wewengkon ieu nu nyadiakeun kantin atawa food court kalawan harga baku. Mal balanja biasana nuju ka Pacific Place, FX, Plaza Senayan. Snacks pikeun mall ieu rada mahal. Ti tuangeun dugi ka balanja fashion, sadayana dicap. Ngobrol ngeunaan busana sareng gaya warga kantor di dieu, éta mimiti janten kelas luhur. Cenah, beuki luhur gaya beuki katingali kasta. Pausahaan di wewengkon Sudirman umumna pausahaan badag. Maklum, biaya nyéwa gedong ogé mahal.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "85", "text": "Henteu sembarang dahareun bisa di konsumsi jang nu keur gering, sabab nilai gizi nu kudu diperhatikeun ngameh nu gering jadi leuwih sehat. Aya sababaraha kadaharan nu alus mun di konsumsi ku nu gering, di antarana, sop hayam, ieu sop geus lila dikenal salaku kadaharan sehat jang nu gering, sabab kandungan protein, mineral, jeung vitamin di jerona cukup loba. Komo lamun pas keur flu, sop hayam oge bisa jadi sumber cairan nu alus. Lamun keur flu, sop hayam anu haneut bisa ngagantikeun cairan nu leungit sakaligus irung asa ngemplong. Sarua jeung sop hayam, kaldu oge asup kana kadaharan nu alus jang nu gering, sabab kandungan nutrisina lengkep, mulai ti kalori, vitamin jeung mineral.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4927", "text": "Salah sahiji rumah makan anu terkenal di daerah Tasik nyaeta Saung Panyawah. Konsep rumah makan na nyaeta parasmanan masakan khas sunda. Tempatna rada di lebakeun jalan raya. Upami tempat parkir na mah salurusan jalan raya, luasna cekap kangge 10 mobil mah. Mun tempat tuang na aya di lebak, rupi na sasaungan alit nu dikuren ku taman organik. Salian saung, aya oge tempat uulinan barudak, mushola nu lega, jeung kamar cai nu kacida beresih jeung apikna. Mimiti ti parkiran turun ka lebak, urang bakal langsung disayogikeun rupi-rupi masakan na meja parasmanan nu kedah dicandak nyalira. Tempat na meuni asri bareresih tur sareungit. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "8066", "text": "Jalma resep pisan ningali pertandingan olahraga kusabab sababaraha alesan anu matak pikaresepeun sareng ngahibur. Lamun ningali kaulinan olahraga, jalma mindeng ngarasa kalibat emosi kuat kalawan tim favorit maranehanana atawa atlit. Maranehna ngarasa bagja jeung bungah lamun tim atawa atlit anu dirojongna nyitak gul, meunang pertandingan, atawa ngahontal prestasi. Nonton pertandingan olahraga oge tiasa janten hiburan sareng rekreasi anu sae. Jalma bisa ngarasakeun kaulinan jeung babaturan sareng kulawarga, bari keur ka hibur tur diideuan ku perkembangan sahiji atlit jeung tim. Nonton pertandingan olahraga oge tiasa ngabantosan jalma ngalegaan pangaweruh ngeunaan olahraga, atlit, atanapi tim anu tangtu. Jalma bisa diajar ngeunaan teknik jeung strategi dina olahraga tangtu, kitu oge ngartos dinamika jeung aturan di pertandingan.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4010", "text": "Urang sabenerna asalna ti nagara Cina. Datangna warga Tionghoa ka Indonésia ratusan taun ka tukang mangrupa awal sumebarna kwetiau babarengan jeung masakan Mandarin séjénna datang ka Indonesia. di Cina sorangan aya dua jenis kwetiau anu béda dumasar kana etnisna, aya Hokkien jeung Tio Ciu kwetiau. Nalika lebet ka Indonésia, kwetiau nyobian nyampur sareng budaya lokal, khususna kumargi mayoritas masarakat di dieu nyaéta umat Islam. Ku kituna, campuran daging babi dina kwetiau diganti ku abon hayam atawa potongan daging sapi. Kwetiaw sabenerna bisa di asakan jadi rupa rupa dahareun, tapi nu paling terennal di indonesia nyaeta kwetiaw goreng. Kwetiau goreng nyaéta mie goreng anu mangrupa masakan Cina nyaeta mangrupa mie tumis anu ngeunah jeung lada. Hidangan ieu dijieun tina bahan utama mi béas tumis dina minyak goreng jeung bawang bodas, bawang atawa bawang beureum, daging sapi, hayam, udang goreng, keuyeup atawa irisan bakso, cabe, tomat, endog jeung sayuran", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "2238", "text": "Taun anyar pikeun Kalender Saka Bali, dirayakeun salaku Nyepi, lain dina sasih kahiji (Kasa), tapi dina sasih kasapuluh (Kadasa). Idealna dina kalénder ka-1, nyaéta 1 poé sanggeus bulan anyar (tilem). Taun 1993, Poé Nyepi tumiba dina kalénder ka-2, ditunda 1 poé, lantaran kalénder ka-1 saluyu jeung pangélatri jeung panglong 15 sasih Kasanga. Kitu deui kompromi diperlukeun dina itungan ieu.Ti saprak Nyepi, jumlah taun Saka nambahan 1 taun. Taun surya Kristen dikirangan ku 78. Ku kituna sasih saméméh éta téh taun Kristen dikurangan 79. Ieu bakal sigana aneh pikeun pamaké kalénder Kristen, sabab taun Kasanga sasih hiji taun balik taun Kedasa sasih, sarta taun ti. sasih tungtungna, Desta (Jiyetha) sarua jeung nomer taun hareup pikeun sasih munggaran (Kasa).", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "117", "text": "Danau Setu Patok, lega danau ieu kurang leuwih 30 hektar. Asup ka wisata ieu teu mayar alias haratis, cocok jang mawa sakulawarga kadieu. Bisa nongkrong di saung bari ninggali pamandangan sawah atawa ngan saukur menikmati kaendahan danau oge bisa, lamun hayang jogging atawa sasapedahan oge bisa. Carana kadieu aksesna bisa make mobil atawa motor. Parkiranna oge lega pisan. Lamun kadieu mending datangna sore, ngameh bisa ninggali panon poe tilelep dibarengan ku pamandangan Gunung Ciremai. Lamun lapar didieu oge aya warung-warung, komo deui aya cafe nu pamandanganna sawah, loba spot fotona oge. Di daerah Setu Patok ieu wargana pengrajin coet jeung mutu.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "2264", "text": "Nabi Musa awas di Walungan Nil. Ngadéngé soldadu Fir’aun ngadeukeutan imahna, Musa AS dibawa kaluar jeung karanjangna terus ngambang ka Walungan Nil anu aya di tukangeun imahna. Dina Al Qur'an disebutkeun dina kecap ieu: \"Ku kituna Kami ngirimkeun ilham ka indung Musa: \"Susula (anak anjeun), tapi lamun anjeun hariwang ngeunaan anjeunna, buang anjeunna ka walungan, tapi ulah sieun atawa sedih. : Saéstuna Kami baris mulangkeun manéhna ka anjeun, sarta Kami baris ngajadikeun manéhna salah sahiji utusan Kami.” (Quran, 28:7). Musa Jadi Putra Angkat Fir'aun Musa AS hayang geura dipaehan ku Fir'aun sabab nyangka yen manehna teh anak Bani Israil, tapi pamajikanana Asiya, anu awewe solehah, ngahalangan manehna maehan Musa AS. Musa AS hayang geura-geura dipaehan ku Fir'aun sabab nyangka manehna teh anak Bani Israil, tapi pamajikanana Asiya, anu awewe solehah, ngahalangan manehna maehan Musa AS. Ieu bisa dibuktikeun ku bukti géanologis yen aisiya ngangkat anak ker masa raja Ramses 2.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "1860", "text": " Nalika ngabahas warisan kuliner, masarakat Indonésia dihurungkeun ku rasa nasionalisme nalika sababaraha masakan nasional diklaim mangrupa masakan asli Malaysia. Polemik rendang, contona, ngarenggangkeun hubungan dua nagara sekutu. Kaasup Lumpia Semarang, anu ogé diaku ku Malaysia minangka kadaharan tradisional nagarana. Malahan, samemeh urang sorangan, salaku anak Indonesia, maju protes kana produk-produk anu ku urang diaku jadi milik Bangsa, naon anu bisa urang pigawé pikeun ngamumulena? Panitén kuliner nusantara seringnétélakeun yén manéhna sorangan teu eureun-eureun mikir kumaha gampangna masarakat Indonésia ambek kana hal ieu. Mun ka luar negri, bawa oleh-oleh naon, tong mawa rendang, tong mawa donat (sebutkeun merk waralaba donat ti luar nagri). Anu dipangku lain Padang rendang,rujak cingur ti Bandung. Éta sabab urang sorangan henteu reueus ka kadaharan sorangan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4205", "text": "Apuse nyaeta lagu daerah anu asalna ti wewengkon kampung kabouw, wondiboy, teluk wondama, propinsi papua barat. Lagu \"Apuse\" dikarang ku tete Mandosir sarumi dina basa biak, basa daerahna tuluy dipopulerkeun ku corry rumiono, sarta dinyanyikeun dina pasanggiri bintang radio. Lagu Apuse kakoncara di tingkat nasional. Ieu tembang miboga wirahma anu endah tur basajan, ku kituna tembang ieu mindeng diulik dina pangajaran kasenian di tingkat SD. Apuse nyaritakeun incu anu pamit rek mangkat ka aki-nini. Si putu pamitan lantaran erek ngumbara, ka teluk doreri anu aya di manokwari. Aki nini na anu rek di tinggalkeun teh ngarasa sedih pisan pikeun ngalepas incu na rek ngumbara.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "2665", "text": "Baheula mah loba nu maen golf, tapi ayeuna golf geus jadi salah sahiji olah raga karesep oge jadi sumber eusi nu metot pikeun diunggah dina media sosial. Abdi resep ningali fenomena anu lumangsung, sanaos aya hiji hal anu rada ngaganggu, nyaéta étika pamaén. Kusabab masalah ieu, Abdi hoyong bagikeun sababaraha hal anu kuring pikir penting pikeun pamaén anyar anu kalibet dina golf. Kanggo inpo, kaulinan golf sorangan bisa dilaksanakeun di dua tempat, nyaeta di driving range (tempat keur nyetir/latihan) atawa di lapangan golf live. Sistim nu lumaku dina driving range nyaéta ku leasing bal, umumna lumaku unggal sababaraha 50 bal. The driving range Sigana mah widang badag kalayan tanda pikeun nuduhkeun jarak (dina yard / méter) ti zone mana balna asup.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4275", "text": "Arsik nyaéta salah sahiji kadaharan has masarakat Batak persis na Batak Karo arsik anu hartina lauk asak nepi ka garing.Kecap 'arsik' asalna tina cara masak ieu masakan, nyaéta mangarsik, anu hartina masakan lauk téh disiram atawa dituang salila prosés masak. Kadaharan ieu mangrupikeun simbol karunia pikeun urang Batak sareng bakal disuguhkeun nalika acara adat sapertos kawinan sareng kalahiran. Kadaharan ieu di percaya jadi kalayan harepan yén jalma anu nampi éta bakal ngagaduhan haté sareng paripolah anu bersih. Masakan ieu ogé katelah lauk mas bungbu konéng. Ikan Mas mangrupikeun bahan utama, anu henteu ngaleungitkeun sisik salami persiapan. Bumbu arsik pohara has, ngandung sababaraha bahan has nu ayana pagunungan Sumatera Utara, saperti andaliman, kecombrang jeung lengkuas jeung sereh. Bumbu anu ditumbuk diolesan dina lauk sakeudeung. Lauk ieu terus di asakan dina minyak saeutik dina panas nepi ka garing kaluar saeutik. Salian ti ikan mas, aya deui jenis lauk anu bisa dimasak ku cara arsik, nyaéta lauk mujair jeung nila. Tilu lauk ieu biasa dijadikeun bahan utama masakan arsik lantaran masarakat Batak babari meunang lauk ieu di danau toba. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "2003", "text": "Kulawarga kuring resep pisan ka pantai. Poe liburan mangrupakeun salah sahiji nu sering dilakukeun di pantai kumargi senang, utamana lamun méakkeun eta kalawan jalma pangdeukeutna ka anjeun. Kusabab urang ogé terang yén sinar panonpoé ngarangsang awak pikeun ngahasilkeun vitamin D, anu penting pikeun kaséhatan. Kakurangan vitamin D bisa ngabalukarkeun panyakit, komo deui kurang dina mineral nyaeta kalsium, fosfor, jeung métabolisme tulang. Ieu bisa ngakibatkeun kelemahan tulang, turunna dénsitas mineral tulang, osteopenia, osteoporosis komo deformities tulang. Tanpa paparan panonpoé nyukupan, jalma ogé leuwih rentan ka depresi. Ku sabab kitu, teu anéh lamun sakauarga leuwih sering jang rék indit ka pantai ngan pikeun ngajempolan di panonpoé panas.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "6757", "text": "Beca nyaeta sajenis kandaraan roda dua anu biasana dipake pikeun ngangkut panumpang. Beca umumna didorong ku tukang anu disebut becakwala. Beca tiasa dipendakan di sababaraha nagara di Asia, Afrika sareng Amerika Latin. Beca tiasa mawa leuwih ti hiji jalma, gumantung kana ukuran beca. Beca biasana didorong ku pedal, tapi aya oge sababaraha kandaraan beca anu dilengkepan ku mesin bensin leutik. Beca kaasup kandaraan anu ramah lingkungan, sabab henteu ngaluarkeun gas. Jaman ayeuna mah beca tos tara aya deui lantaran tos digentoskeun ku motor sareng mobil. Komo ayeuna mah aya ojek online anu langkung seeur aya di mana-mana lantaran tiasa dipesen ngangge aplikasi.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "6733", "text": "Janspark, obyek wisata di Jatinangor anu nembe pisan dibuka. Lokasina aya di Kiara Payung, caket kampus Universitas Padjadjaran. Obyek wisata ieu nembe dibuka tanggal 18 jeung 19 Nopember ieu langsung didatangan seeur jalmi lantaran gratis keneh. Tempatna sae kanggo popotoan. Aya bagunan anu mirip masjid siga di luar negeri. Aya oge taman kembang anu warna-warni. Pangaos tiket asup ka tempat ieu lamun dinten biasa nyaeta tilu puluh rebu, lamun Sabtu-Minggu opat puluh rebu. Janspark muka ti jam dalapan enjing nepikeun jam lima sonten di hari biasa, Sabtu-Minggu muka nepi ka jam genep magrib. Aya sabaraha kaulinan anu tiasa dicobian di dieu, tapi kedah mayar deui.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "7115", "text": "Aya oge upacara anu dilaksanakeun sateuacan ekahan, nyaeta Upacara Reuneuh Mundingeun. Upacara ieu dilaksanakeun sangkan wanoja anu nuju yuswa kandunganna tos salapan bulan leuwih supados tiasa senggalna ngalahirkeun upama geus kaliwat periode leuwih ti salapan bulan tapi teu aya tanda-tanda orok bakal lahir dina waktos anu dekeut. Dina prak-prakanana, beuheung si wanoja bakal dikalungan kolotok, dipingpin ku indung beurang bari maca du'a, teras dibawa ka kandang munding. Tiasa oge ngurilingan imah tujuh kali lamun teu manggihan kandang kebo teras nirukeun sora kebo bari ditungtun jeung dibaturan ku barudak nu nyekel pecut. Sanggeus ngurilingan kandang kebo atawa imah, tuluy dimandian ku indung beurang, terass dititah asup ka imah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "7203", "text": "Soto Madura nyaeta kadaharan has Madura anu kasohor di Indonesia. Kadaharan ieu didamel tina kaldu hayam anu dimasak kalayan rempah-rempah khas Madura, sapertos bawang beureum, bawang bodas, jahe, ketumbar sareng uyah. Soto Madura oge ngagunakeun daging hayam anu dipotong leutik atawa dada hayam anu dipotong-potong, endog hayam, jeung tauge pikeun nambahan rasa. Soto Madura oge tiasa disajikeun jeung rupa-rupa bungbu sejenna saperti sambel cabe, bawang goreng, jeung sajabana. Soto Madura biasana disuguhkeun jeung sangu bodas, kurupuk udang jeung kurupuk. Kadaharan ieu biasana disuguhkeun haneut-haneut sareng ditataan ku bawang goreng. Kadaharan ieu oge disayogikeun sareng kaldu hayam anu kandel sareng nikmat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "920", "text": "Teu jauh beda jeung tipe laptop nu sejen, netbook nyaeta laptop nu mibogaan ciri khas beuratna anu hampang, hargana anu kajangkau, tapi daya tahan batre na nu teu panjang teuing. Laptop jenis ieu mimiti diwanohkeun pas taun 2008, bobotna kurang ti 1 kilogram sarta ukuran layar nu nu kurang ti 9 inci. Hal ieu nu nyieun netbook salaku laptop nu paling hampang di zamanna. Ngaran netbook sorangan, dicokot dina kata net nyaeta singkatan tina internet, tuluy book nu singkatan tina notebeook. Dina dasarna emang tipe laptop ieu di desain khusus jang kabutuhan browsing di internet sarta ngetik ngagunakeun office. Ku sabab kitu, daya tahan batre tina laptop ieu oge dijieun teu awet-awet teuing.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4027", "text": "Mun ngomongkeun soal hobi biasana eta teh hal anu di pika resep, unggal jelema pasti boga hobi masing-masing anu barareda. Aya anu ngagambar, ngajait, maca buku, nonton film, sasapedahan, nyanyi bari ngigel pokona mah nu mantak nyieun kabungahan ka hate. Komo mun keur stress pasti ngabantu pisan, meh hirup teh rada senang saetik. Tah hobi teh loba manfaatna, contoh weh sasapedahan. Ayeuna geus jarang pisan jelema anu sasapedahan, ku banding geus loba motor jadi weh haroreameun make sapedah. Geus mah emng lahan sasapedahan teh ayeuna ma makin eweh ku sabab loba pabrik, jadi weh jalan teh di gedean tapi sakeur mobil gede. Bobora'ah jalan jang sapedah jang batur lempang ge kudu ngelehan jeung mobil liwat, sugan weh ai di kampung mah aya keneh lahan sakeur sasapedahan, tapi di kampung urang mah geus eweh. Jadi ngabogaan sapedah ge rasana teh percuma da tara di pake. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "3610", "text": "Di daerah Jambi, urang Jambi mah bakal keuheul pisan lamun teu boga perkebunan kelapa sawit, sabab hartina teu meunang panghasilan dua kali saminggu saperti tatangga.\r\n\r\nDi Sungai Bahar, wewengkon transmigrasi nu kiwari kabagi jadi tilu kacamatan, sawit mangrupa sumber panghasilan utama. Upami anjeun gaduh perkebunan kelapa sawit, panghasilan bulanan anjeun bakal kajamin. Gajih dua kali sabulan sabab sawit bisa dipanén unggal dua minggu.\r\n\r\nMun keur pangangguran, kakara datang ka nu boga kebon sawit. Anjeunna bakal bungah naroskeun anjeun panén kebonna kalayan ganjaran anu disaluyukeun dumasar kana beurat pepelakan. Atanapi anjeun tiasa sumping ka toko sawit sareng pilihan padamelan anu sayogi tiasa langkung variatif: supir treuk ngangkut minyak sawit ka pabrik, kuli ngangkut minyak sawit ka pabrik nganggo treuk, atanapi upami anjeun dipercaya pisan anjeun bakal dipercayakeun. kalayan tanggung jawab menimbang hasil patani anu dijual ka toké .", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "3916", "text": "Basa kuring balik ka lembur indung kuring di tasik, dekeut ti imah kuring ningali aya tangkal alpukat meuni leubeut. Pas kuring tanyakeun ka dulur nu didinya eta tangkal alpuket teh nu kuring keneh. Tangkal na penek jadi buah na bisa kaciri langsung, buah na garede sagarede pereup jalma dewasa. Di tingali tingali ternyata geus loba Alpuket nu geus asak. Teu make lila mikir kuring jeung dulur-dulur rek ngala alpuketna. Kuring neangan galah keur ngajul buah na dulur kuring nu dua an nyekelan sarung nu di amparkeun paranti nandean buah nu ngke murag ameh teu ruksak. Sanggeus na kuring meunang lumayan loba alpuket. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "6681", "text": "Di unggal restoran urang pasti bakal papanggih jeung palayan. Bahasa Inggris na mah waitress. Palayan biasana ditugaskeun pikeun nagnterkeun dahareun ka nu meser dahareun atawa minuman. Sanajan tugasna pikeun tukang anter dahareun jeung ngaberesan meja, palayan teh sanes babu anu tiasa dititah-titah sangeunah na, palayan sanes robot anu teu gaduh rarasaan, matakna urang kedah bageur ka saha wae, tong ambek-ambekan ka palayan. Upami urang gaduh ksampetan tiasa emam di restoran, urang tiasa ngabantosan palayan, nyaeta kalawan numpukkeun piring anu tos dipake atawa miceun runtah anu sakirana tiasa dipiceun nyalira, tong miceun runtahdi mana wae abong-abong aya palayan nu bakal ngaberesihan. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5783", "text": "Mimiti nyobian nyelam mah abdi teh ngarasa sieun pisan sabab bisi teu bisa nafasna jeung bisi teu bisa ngapung deui ka permukaan cai laut. Tapi, beres sakali nyobian mah tuluy deudeuieun. Nu tadina sagala sieun sagala dipikiran teh geuningan ai geus prak mah kalah ngeunaheun. Ieu olahraga ekstrem teh cocok pisan dicobaan, sabab ngalatih kawani jeung ngalatih katenangan dina jero cai. Tong sieun sabab mun pemula mah bakal didampingi ku saorang guide nu geus professional di bidangna. Jadi, mun aya nanaon teh pasti geura-geura ditulungan jeung aya nu tanggung jawab. Yuk cobian wisata selam, supaya bisa nempo kaendahan jero lait sacara nyata!", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "3581", "text": "Di handap ieu, kuring bakal nyobian ngajelaskeun usaha naon anu kuring dilakukeun pikeun ngajaga silaturahim jeung babaturan :\n\n1. Sok ngakontak sareng maranehna. Kuring nyaho basa-basi lila bakal basi nya. Tapi kuring pikir tetep dina bunderan maranéhanana penting. Maksad abdi, sahenteuna abdi gaduh WA atanapi ngawaler carita maranéhanana dina saminggu. Ngan mun teu aya balesan, meureun manéhna sibuk. Kuring mindeng ngajawab, 6 jam engké atawa malah poho balesan.\n2. Tong dilenyepan. Sanaos kuring nyarios kitu, kuring sering kesel kusabab anjeunna henteu terang. Ngobrol téh hésé pisan, siga nu lain prioritas. Leres, wah. Tapi ti sobat kuring, abdi diajar ngartos sangkan damai jeung diri.\n3. Ulah prasangka. Ieu mangrupikeun akar sadaya masalah anu tiasa timbul. Kuring mah jalmana rada blak-blakan, mun aya nu ngaganggu kuring pasti nanya.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "1902", "text": "Saran pikeun diajar kumaha ngalayanan para nasabah, janten palayan, katingali profésional sareng senang. Ieu sababaraha tip:\n1. Nyaho daptar menu réstoran\nSalaku palayan atanapi pelayan, anjeun kedah ngawasa sareng ngapalkeun daptar ménu anu dilayanan ku réstoran tempat anjeun damel. Ieu pikeun ngahindarkeun kasalahan sareng ngalambatkeun waktos pesenan Henteu ngan éta wae, anjeun ogé kedah terang kana tok atanapi kasadiaan bahan pikeun tuangeun pelengkap sareng ménu khusus anu disayogikeun ku réstoran éta dinten. Anjeun bakal ngawasaan upami anjeun leres-leres gaduh pangalaman anu cekap dina sektor réstoran\n2. Migawé pagawéan sakaligus\nNaha palayan sok seueur tugas? Kusabab memang ieu prinsip kerja pelayan pikeun ngahasilkeun produktivitas anu efektif sareng efisien. Babaturan kosong tiasa ngalengkepan 2 atanapi 3 padamelan sakaligus ka dapur, sapertos nyandak piring kotor tina méja nalika konsumen parantos tuang.\n3. Manajemén waktos anu saé\nSalaku pelayan, anjeun kedah tiasa ngatur waktos supados padamelan anjeun langkung efektif sareng efisien. Salaku conto, anjeun tiasa nganjang ka unggal méja saatos palanggan parantos tuang, leumpang kalayan tenang sareng ngajaga témpo supados sadayana lancar.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "9421", "text": "Profesi chef atawa koki mangrupakeun salasahiji profesi anu patali jeung widang kuliner. Koki miboga tanggung jawab pikeun nyiapkeun tuangeun anu ngeunah sareng bergizi pikeun dikonsumsi ku batur. Jalma nu jadi koki kudu boga pangaweruh anu loba ngeunaan bahan-bahan masakan jeung nyaho kumaha cara ngolahna pikeun ngahasilkeun dahareun anu nikmat. Salaku tambahan, koki oge kedah gaduh kaahlian manajemen waktos anu sae sareng tiasa damel di situasi anu pinuh ku tekenan, khususna upami damel di restoran atanapi hotel anu sibuk. Koki oge kedah gaduh kaahlian komunikasi anu sae pikeun tiasa damel sareng timna sareng ngartos kabutuhan palanggan. Profesi ieu ngabutuhkeun dedikasi anu luhur sareng kahayang anu keyeng pikeun terus diajar sareng ngamekarkeun kaahlian dina widang kuliner.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "9486", "text": "Upami anjeun hoyong liburan ka luar negeri sareng kulawargi atawa rerencangan, aya sababaraha hal anu kedah diperhatoskeun sareng disiapkeun supados liburan anjeun lancar. Kahiji, pastikeun Anjeun gaduh paspor anu masih aktif. Upami teu acan, lowongkeun hiji waktos pikeun ngadamel paspor lamun teu acan gaduh paspor. Kadua, anjeun kedah terang ngeunaan visa anu diperyogikeun pikeun bisa ngunjungan ka nagara tujuan anjeun. Upami diperyogikeun, langkung sae ngajukeun aplikasi visa sateuacan angkat supados henteu aya masalah nalika pamariksaan migrasi di bandara. Katilu, tong hilap pikeun ngalakukeun riset ngeunaan nagara tujuan anjeun, kaasup cuaca, kabiasaan, jeung basa nu dipake. Ieu bakal ngabantosan anjeun nyiapkeun baju anu pas sareng ngartos adat lokal supados liburan anjeun langkung nyaman. Kaopat, leuwih sae pikeun mesen tiket pesawat sareng hotel sateuacan angkat supados biaya nu direncanakeun. Kalima, leuwih sae pikeun mekel artos tunai sasuai jeung mata uang nagara tujuan atawa sahenteuna nyandak kartu kiridit nu bisa diapke salami liburan. Kagenep, tong hilap nyandak dokumen-dokumen penting saperti tiket pesawat, paspor, jeung dokumen-dokumen sejenna anu diperlukeun sangkan lancar.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "2645", "text": "Hayu atuh coba carita saeutik mundur heula, saprak kuring masih budak umur sakola anu resep kagiatan fisik. Unggal soré kudu olah raga, nu rutin nyaéta baskét jeung maén bal. Nepi ka asup umur gawé, olah raga biasa (unggal sabtu minggu atawa sababaraha poé saminggu) nyaéta baskét jeung futsal. Najan kitu, nalika kuring ngancik 40, sarta waktu kudu dibagikeun kalawan kulawarga abdi, abdi milih jogging jeung Ngabuburit salaku latihan rutin. Dimana waktu palaksanaanna teu merlukeun waktu anu lila, saperti basket atawa futsal. Jigana jogging teh latihan rutin paling cocog pikeun kuring di momen, sarta ngalakonan cross latihan ku Ngabuburit. Abdi ogé nimbang-nimbang nuturkeun Tabata anu seueur disebarkeun di Youtube.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6688", "text": "Lamun urang masak anu jumlahna loba, biasana urang nyimpen dahareun na di kulkas ngarah teu gampang haseum, enjingna urang biasana ngahaneutkeun deui supados tiasa diemam. Biasana oge urang ngahaneutekun dahareun make kompor jeung make katel teras dipindahkeun deui ka piring keur disajikeun. Tapi sabenerna aya cara nu leuwih gampang upami bade ngahaneutkeun masakan supados urang teu kedah mindah-midahkeun ti katel ka piring, ti piring ka katel deui, nyaeta ngangge microwave. Microwave tiasa di pake ngahanutkeun lantaran ngahasilkeun energi panas ti listrik. Urang tinggal nyimpen piring anu aya dahareun na dina microwave, ngke otomatis mesin na bakal muir sorangan, dahareun oge jadi langsung haneut deui dina waktos kirang ti sapuluh menit. Microwave oge tiasa dipake nyeupan kue atawa ngagoreng.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "1163", "text": "Jualan asakan nu geus jadi bisa jadi peluang jang jualan di imah. Lantaran teu kabeh jelema sempet masak, komo mun diburu-buru mah. Menu-menu ni dijualna oge biasana rupa-rupa, jadi loba piliheun. Ku kituna usaha warteg bisa jadi pilihan, sanajan murah oge menu na loba piliheun. Menu di warteg biasana tahu, tempe, daging hayam, jeung sajabana. Mun anu kuahan biasana sayur haseum, sayur lodeh, jeung sajabana. Bisa oge ngajualan minuman jang tambahan, siga minuman nutrisari, kopi, jeung sajabana. Leuwih alus deui mun imahna rame dina artian deukeut ka tempat jelema ani garawe, kantor-kantor atawa pabrik-pabrik. Mun teu kitu oge bisa nyobaan layanan WA, jadi engke dianteurkeun tapi syaratna sekian kilometer. ", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "2739", "text": "Salah sahiji pepeujeuh jang anjeun yen dina ekonomi shogun 2. Kota nu ngawakilan pamaréntahan hiji propinsi boga sababaraha padu-padan nu rada kompleks. Kahiji, anjeun tiasa ngatur wangunan anu aya di kota. Jumlah wangunan aya diwatesan ku lobana wangunan. Janten, anjeun henteu kedah lalaunan ngawangun hal anu henteu cocog sareng kamampuan unik tina Daimyo anu dimaénkeun! Pangaturan ieu peryogi strategi anu jero ngeunaan ékonomi sareng pangwangunan kota. Wangunan anu aya ogé tiasa ditingkatkeun pikeun ngahasilkeun langkung seueur sumber. Nanging, anjeun kedah émut hiji hal. wangunan teu di benteng Anjeun! Éta sumebar ka propinsi anu ukuranana ageung! Janten, musuh tiasa nyerang gedong-gedong ieu pikeun ngaleuleuskeun ékonomi anjeun upami aranjeunna henteu dijaga kalayan leres.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7999", "text": "Wati teh urang kampung, salila hirupna can pernah indit kamana-mana. Pang tebihna manehna indit ka dulurna nu benten kecamatan. Ahir taun 2019, Wati dititah ngiring nganter dulurna hajat di Jakarta. Di Jakarta manehna mimiti ngarasaan nu ngarana kota sareng pizza. Mimiti ningali pizza Wati bingung kusabab teu apal naon pizza teh, diambeu ku manehna bauna siga roti tapi aya bau lauk tongkolna. Kusabab panasaran didahar we eta kadaharan, karak ge sagegel Wati tos teu kiat, kadaharan nu tos asup ka waosna dilepehkeun. Tetela rasana pizza teh teu cocog sareng letah Wati, manehna ngarasa aneh kusabab ngadahar roti make lauk tongkol nu sabenerna mah lauk tuna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7045", "text": "Urang Indonesia, khususna di Jawa, tangtos wawuh kana istilah tahlilan. Acara tahlilan anu sering dilakukeun di masarakat umumna diayakeun pikeun ngadoakeun jalma anu geus maot. Tahlilan sorangan mangrupa ritual tradisional anu tos aya ti baheula keneh nepi ka ayeuna, ayana deukeut pisan jeung nilai Islam. Sanajan kitu, aya sabagean jalma anu ninggalkeun budaya tahlilan lantaran nganggap hal eta henteu luyu jeung teologi atawa budaya anu dicepengna. Tahlilan asalna tina kecap tahlil, anu ditambihan -an. Tahlil nyaeta ism mashdar tina kecap hallala, yuhallilu, tahlil anu hartina ngucapkeun kalimah la ilaha illallah. Sanajan kitu, tahlilan lain ngan saukur ngucapkeun kalimah la ilaha illallah, tapi mangrupa tradisi anu ngabacakeun ayat-ayat Al-Qur'an, kalimah-kalimah tayibah, jeung ngadoakeun mayit.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "5792", "text": "Kacilakaan mangrupa cedera teh salah sahiji hal nu biasa terjadi mun keur olahraga. Penyebabna nyaeta kurangna pemanasan samemeh olahraga, atawa gerakan pemanasan anu kurang tepat atawa kurang bener jeung ngahadapi olahraga nu beurat. Mun geus cedera mah fungsi anggota tubuh nu cedera na ge moal bisa pulih jiga mimiti saratus persen, sok aya wae perbedaan nana. Terus resiko cedera deui ti tempat nu sarua ge kabilang gede, komo mun olahraga beuratna teu diatur mah. Ku kituna, pemanasan teh boga peranan penting pisan dina nangtukeun kalancaran kagiatan olahraga. Mun pemanasan na bener mah olahraga ge bakal lancar, sabalikna mun pemanasan na salah atawa teu bener mah bakal ningkatkeun resiko cedera. Jadi, yuk lakukeun pamanasan sing bener samemeh ngalakukeun olahraga!", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5348", "text": "Balesan kabaikan nu dilakukeun ku urang teh pasti ayana, tong kudu sieun teu dibales. Balesan nana teu datang dina bentuk barang wae, tapi oge dina bentuk rezeki nu lain jiga kasehatan, dibere babaturan nu bageur, dibere lingkungan nu supportive, eta ge sarua rezeki. Mun sedekah atawa mere batur, tong ngarepkeun balesan dina bentuk sarupa. Urang kudu ikhlas heula mere na, nembe eta babales teh sacara teu langsung datang sorangan kana awak urang. Ulah nepi ka boga pikiran mere barang hoyong dibales barang. Sabab, ikhlas teh perkara penting pisan dina hal mere atawa sedekah. Tong riwan ku sedekah, imbalanna pasti, teu di dunia oge pasti dibeunangkeun di akherat.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "5097", "text": "Bioskop nyaeta sebutan jang tempat nonton film. Bioskop biasana aya di unggal mall atawa pusat perbelanjaan. Bioskop sok di lantai pangluhurna unggal mall. Tempat meser tiket bioskop nyaeta aya di panghareupna, samemeh asup ka ruangan nana. Tah gigireun tempat meser tiket, aya oge tempat meser camilan jang nonton jiga popcorn jeung inuman. Ruangan bioskop teh leuwih ti hiji. Tempat diukna korsi empuk nu ngajajar tiluhur nepi ka handap. Di hareupeun korsi aya layar ngagebyar gede sapanjang korsi ti sisi kenca ka sisi katuhu. Tah mun film tos mulai, lampu ruangan bioskop sok dipareuman supaya bisa teu silau kana layar nu nampilkeun filmna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "498", "text": "Sacara fisik, bangunan masigit nu ngadeg ayeuna geus dilengkepan ku fasilitas nu lengkep jeung memadai, ti mimiti tempat sholat anu nyaman jeung karpet sajadah nu alus, penerangan lampu listrik nu alus nepikeun ka terkesan mewah lamun peuting, sirkulasi udara nu nyieun sejuk para jamaah ku kipas angin jeung AC. Teu ngan eta hungkul, di masjid oge dilengkepan ku tempat wudhu jeung toilet nu nyaman, lahan parkir nu cukup luas jang pengunjung nu mawa motor atawa mobil. Sacara fungsi, masjid oge difasilitasan ku ayana petugas masjid, siga imam sholat jeung muadzin, petugas keberesihan, jeung nu sejenna. Tuluy oge loba jumlah program kaagamaan, siga diajar baca tulis jeung tahfidz alquran, sholawat, dzikir, jeung sajabana.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2383", "text": "Unggal wewengkon miboga ciri-cirina, boh dina wangun baju adat, imah adat, jeung pakarang hususna masing-masing. Pakarang has Jawa Barat ieu dipaké lain ngan pikeun ngajaga tina serangan musuh, tapi ogé pikeun tani jeung moro.\r\nSenjata khas Jawa Barat ngagaduhan jinis sareng kaunikan masing-masing. Di handap ieu mangrupakeun pakarang tradisional khas Jawa Barat:\r\nKujang nyaéta pakarang has anu cukup populér di Tanah Sunda. Alat tani ieu unik lantaran bentukna sarimbag jeung peta Jawa Barat, tapi dua ujungna seukeut tur seukeut. Fitur has sejen nyaeta aya liang di tukang. Nurutkeun Warisan Budaya Intangible Kamentrian Pendidikan dan Kebudayaan, pakarang ieu dipaké pikeun motong semak anu tumuwuh di darat pikeun dipelakan paré atawa pikeun ngarumput jukut. Ayeuna, kujang mindeng dijadikeun asesoris hiasan témbok ku masarakat Sunda.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "1968", "text": "Ieu hotél aya di sisi jalan raya anu teu pernah sepi, peuting ogé di sisi kénca wangunan hotél aya jajar gerobak dahareun anu bisa anjeun ngarasakeun, jadi eta sabenerna pohara alus pikeun merenah pikeun manggihan transportasi jeung dahareun. Sabenerna kuring geus mindeng nginep di hotél ieu pikeun bisnis resmi, tapi 4 kali nginep di hotél ieu kuring meunang kamar di tungtung dimana tembok kontak langsung jeung lokasi sarapan (tempat nempatkeun piring jeung pot dahareun). . Ieu lepat kuring ogé poho nempatkeun pamundut teu dibere kamar di tungtungna. Saméméhna kuring kungsi ngalaman kajadian nu teu pikaresepeun nalika cicing di Amaris Thamrin City, dimana kuring dibere kamar sudut ogé. Abdi awéwé sareng nyalira di tungtung kamar rentan pisan kaganggu ku hantu, enya manusa ogé.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4256", "text": "Tari Kecak ieu asalna mangrupa paduan suara lalaki pikeun tari Sanghyang atawa tari sakral pikeun upacara ritual di Bali.Tari ieu dilaksanakeun ngan dina waktu-waktu nu tartangtu pikeun ngusir wabah panyakit. Kasakralan tarian ngajadikeun jalma-jalma henteu tiasa ngalaksanakeunana unggal waktu. Hal ieu dipercaya yén lamun dipigawé iraha wae, nilai-nilai suci bakal jadi lemah sarta aura gaib bakal leungit. Tari Kecak asalna nyelapkeun carita anu biasana dicokot tina wiracarita Ramayana, nalika Subali tarung jeung lanceukna Sugriwa atawa Rahwana pikeun nyulik Dewi Sinta. Dina kamekaranana, tari Kecak anu asalna ti Bali ditawiskeun ku rupa-rupa pilihan, diantarana tari Kecak kalayan carita Mahabarata, Ramayana, Babad, jeung kaasup Cak anu kapasitasna saratus urang, lima ratus urang malah bisa nepi ka sarébu urang. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "2306", "text": "Rosululloh dina hadits negeskeun yén solat téh ngabédakeun atawa panghalang anu jelas antara muslim jeung non-mukmin. \"Perjangjian antara kami jeung maranéhna (kafir) nyaéta ngeunaan solat, sing saha anu ninggalkeun solat, mangka manéhna kafir\". (Riwayat Ahmad, Abu Daud, At-Tirmidzi, An-Nasa'i, jeung Ibnu Majah). Saluyu sareng hadits ieu, Umar bin Khattab ogé nyatakeun, \"Teu aya Islam pikeun jalma anu henteu ngalaksanakeun solat\". Tina wangenan di luhur, salaku umat Islam, urang kudu merhatikeun pisan kana ngalaksanakeun solat kalawan hadé, pinuh ku tanggung jawab, teu ngan saukur rutin atawa putus jeung kawajiban. Ku cara kitu urang bakal jadi jalma-jalma anu bakal ngawariskeun surga Firdaus Allah jeung insya Allah hirup di dinya salilana. Sholat minangka pangéling-ngéling pikeun urang ka Alloh swt, sakumaha anu kaunggel dina surat Ta Ha ayat 14, “Saéstuna Kami Alloh, teu aya deui Pangéran (anu ngabogaan hak) salian ti Kami, mangka ibadah ka Kami jeung dirikeun salat pikeun inget ka Kami”.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2433", "text": "Babaraha Nu Kuliner Jadi Juara Internasional di Indonésia Rendang: Ampir kabéh urang Indonésia nyaho kaistimewaan Minang ieu. Malah dina taun 2011 via CNN Rendang dinobatkeun minangka kadaharan paling nikmat di dunya tur junun ngéléhkeun Tom Yam ti Thailand. Sareng seueur deui média internasional anu ngaku kaéndahan kadaharan ieu.\nPempek : Kulantaran cicing di pulo Sumatra, jigana ieu kadaharan teh populer pisan di dieu. Kuring henteu weruh lamun di wewengkon séjén kadaharan ieu kawentar atanapi henteu. Komo deui, kadaharan has ti Palembang ieu sorangan pasti geus dicobaan ku pamilon Sea Games 2011 jeung Asian Games 2018. nu pasti kuliner dua eta salah sahiji ju juara ti kuliner khas Indonesia.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "7634", "text": "Nembe pisan kamari abdi sareng rerencangan syukuran kanggo salah sahiji rerencangan urang anu bade kuliah di luar negeri. Poe ieu abdi ditugaskeun ku bos kanggo janten salah sahiji wawakil divisi kanggo dikirim ka luar negeri kanggo pelatihan. Abdi teu percaya abdi kapilih janten wawakil. Bos milih kuring lantaran abdi gaduh skor tes Basa Inggris anu pangsaena jeung abdi oge teu acan nikah, janten leuwih gampang dikirim ka luar negeri salila tilu bulan sareng lima rerencangan anu sanesna. Balik ti kantor abdi langsung nyiapkeun paspor sareng diparios di rumah sakit kanggo surat katerangan sehat, abdi oge meser koper sareng sababaraha kabutuhan kanggo ka luar negeri. ", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "1920", "text": "Rerencangan sadaya, aya anu resep tuang kangkung? Upami aya, coba tunjukkeun leungeun anjeun. Wah! Seueur pisan, enya. Kumaha upami Bapak/Ibu Guru, naha anjeun resep tuang kangkung? Upami kitu, tétéla yén urang sadayana resep tuang kangkung. s;lah sahiji kangkung nu sok aya di warung etateh biasana kakung cai, nah upami di imah, indung kuring ogé rada sering masak kangkung dina bentuk sayur bening. Jadi, warna daun kangkung tetep héjo. Sanggeus diulik, tétéla loba pisan mangpaatna. Daun kangkung hejo ngandung vitamin A, C, K, nepi ka E. Ah enya aya zat besi jeung kalsium oge, seer mamfaat ti ngadahar kangkung, nu dipasak ku ibu-ibu sadaya.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4540", "text": "Aya rupa rupa kajadan teu ka duga anu ngajieun cidera dina olahraga salah sahijina cidera strain atawa lamun bahasa sundana galur, Galur atawa salah urat mangrupikeun salah sahiji cidera anu sering ka alaman ka jelema anu resep olahraga. Salah urat atawa stain ieu nyaeta kaku otot jeung urat anu manjang. Ieu bisa kajadian alatan awak dina kaayaan tegangan salila gerak. Lamun gerakan terus terusan di lakukeu otot bakal rusak soek. Salah urat awata strain ieu ka asup kana cedera ringan. Pikeun ngahindarkeun salah urat ieu, samemeh mulai olahraga urang kudu ngalakukeun pemanasan saméméh latihan jeung pendinginan sanggeus latihan, ieu bisa pisan ngahindahan soalna lamun ges pemanasan otot urang geus teu kaku.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8849", "text": "Sabenerna, hp teh lamun digunakan kalayan bijaksana, bakal mere manfaat anu gede pikeun nu makena. Hanjakal na, kalolobaan jalma jaman kiwari teh loba anu teu bijak dina ngagunakeun hp. Salah sahiji contona nyaeta ngagunakeun hp ukur pikeun ngalakukeun hal-hal anu sia-sia nyaeta maen game, maca anu teu aya mangpaatna, jeung nongton video anu teu bener. Sajaba ti eta, aya oge anu ngagunakeun hp teh ukur pikeun nyebarkeun aib ka jalma sejen, gosip, jeung nyebarkeun berita boong. Lebar kacida lamun kaayaana kitu teh. Coba lamun hp eta dimanfaatkeun kalayan optimal, bisa ngajadikeun urang jelema bener jeung bisa jadi mangpaat kana hirup urang.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2353", "text": "Sacara arsitéktur, kuring henteu terang pisan, tapi hatur nuhun kana panilitian bumi Bajau anu di presentasikeun di Semporna, Sabah, Malaysia Timur April kamari sareng nyiptakeun jurnal arsitéktur Bajau, kuring tiasa nyarios ngeunaan arsitektur Bajau. Saméméhna masarakat Bajau mangrupa komunitas maritim pikeun Indonésia. Diaspora cukup lega pikeun ngalegaan ka Filipina sareng Sabah, Malaysia. Masarakat ieu cukup alus salaku seafarers tangguh sarta ogé dilakonan seekers lauk. (diaspora urang Bajau tina linguistik). Malah aya paribasa yen urang Bajau sok aya lamun aya pantai bodas jeung lamun minoritas bakal nyamur jadi jalma lokal kawas bunglon. Urang Bajau di Indonésia hirup dina parahu anu disebut leppa, tapi maranéhna ogé boga imah panggung anu diwangun gancang sarta henteu permanen di basisir atawa di tengah laut. Bahan pikeun nyieun imah basajan nyaéta kayu ulin ti leuweung mangrove. Lamun posisina leuwih luhur, imah biasana boga tihang jangkung.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "5396", "text": "Cap Go Meh mangrupakeun upacara kaagamaan umat Konghucu. Cap Go Meh dilaksanakeun dina raraga nyambut taun baru imlek unggal tangal 1 bulan mimiti kalender imlek. Mimiti, dilaksanakeun ngadoa di vihara sebagai bentuk syukur ka leluhur jeung bentuk syukur jang ngamulai kahirupan anyar. Unggal Cap Go Meh pasti dayakeun festival lampion sapanjang jalan jeung festival arak-arakan. Biasana sok aya penampilan barongsai, nu jadi simbol kapercayaan umat Konghucu nu ngagaduhan makna kasuksesan, kaberuntungan, jeung ngusir hal-hal buruk dina kahirupan. Peutingna sok dilaksanakeun festival lapmpion sebagai wujud syukur umat Konghucu jeung wujud pangusiran hal buruk. Upacara ieu dilaksanakeun turun-temurun jeung rutin unggal taun.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "8825", "text": "Selancar nyaéta olahraga nunggang ombak dina posisi tegak. Para peselancar nyekel sagara, walungan, atawa gelombang jieunan manusa, sarta meluncur dina permukaan cai nepi ka gelombang megatkeun sarta leungit énergina. Di laut, peselancar nangtung dina surfboard sarta ngatur arah caina, ampir sajajar jeung basisir, ka arah basisir. Tujuan utama berselancar nyaéta naek sareng maju dina bagian-bagian ombak anu henteu rusak nganggo papan selancar. Sanajan kitu, kanggo pemula bisa diajar selancar dina arung gelombang. Aya rupa-rupa téhnik selancar anu bisa dilakukeun, diantarana ngawelah anu dilakukeun ku cara ngagolér dina papan selancar bari ngaléngkah ngagunakeun dua leungeun, tuluy aya gerakan popping up, nyaéta dina dasarna téhnik popping up ieu mangrupa dorongan anu pohara, gerakan ieu gancang naek ti posisi rawan nalika ngawelah. Lamun urang ngarasa gelombang badag datang, geuwat nempatkeun duanana palem dina papan selancar dina tingkat dada.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5338", "text": "Salah sahiji kisah teladan Nabi nu paling menyentuh dina ngajarkeun sabar nyaeta kisah Nabi SAW diludahi. Unggal poe mun rek indit ka masjid, di tengah jalan, Rasulullah SAW pasti pependak jeung hiji jalma Yahudi nu sok nyiduhan kana rarayna. Rasulullah SAW teu wawuh ka jalma eta. Poe mimiti atas hal eta Rasulullah SAW teu ngambek saeutik pun. Poe kaduana si eta Yahudi teh megatkeneh jeung ngaludahan raray Rasulullah SAW. Tapi Rasulullah SAW teu ngambek, malah ngamaapkeun kalakuanna. Hal eta teh dilakukeun terus-terusan unggal poe. Hiji poe, Rasululah SAW rek indit ka masjid, tapi di jalan teu pendak jeung jalma nu sok nyiduhan rarayna. Rasulullah ngarasa aya sesuatu, tuluy neangan informasi jelema eta. Ternyata jelema na teh udur. Rasulullah SAW langsung ngadatangan bumina jang ngalongok bari mawa bungbuahan. Eta jalma Yahudi teh eraeun sorangan, tuluy nangis ngenta hampura, jeung deuih kersaeun lebet Islam. Tah, ieu teh pelajaran berharga pisan jang kahirupan dina ngimplementasikan ajaran sabar.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2369", "text": "Dongéng si Kancil téh kacida dipikaresepna ku nu ngora boh nu geus kolot. Ieu dongéng fabel jeung palaku utama, kijang beurit pinter, salawasna bisa ngahibur pamiarsa na. Karakter Kancil anu akalna ngajadikeun jalan caritana pikaresepeun sareng pikaresepeun. Dina sababaraha dongéng, Si Kancil sok dipaluruh lamun aya masalah anu kudu diréngsékeun. Kancil ogé kasohor ku licikna pikeun ngabébaskeun diri tina prédator. Aya naon akalna nalika sato lincah narékahan pikeun ngéléhkeun musuhna. Lodaya, biruang jeung buaya mangrupakeun sababaraha prédator anjeunna geus junun maénkeun pranks on. Kacerdasan kijang nu ngajadikeun manéhna populér ku barudak. Carita Kancil satemenna mangrupa jenis fabel anu teu leungit ku jaman. Sok aya rupa-rupa buku dongéng anu ngawengku hiji atawa dua carita ti sato pinter ieu. Sajaba ti éta, loba kolot nu ngabejaan dongeng ka barudak maranéhanana. Jadi si Kancil teu kungsi poho nepi ka ayeuna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "3608", "text": "Umumna hidroponik digunakeun pikeun melak sayuran anu daunna dicandak. Kusabab sayuran ieu umumna langkung pondok umurna sareng henteu peryogi seueur gizi sabab henteu aya akumulasi sésa-sésa/gizi anu signifikan.\n\nTutuwuhan anu paling hese pikeun dibudidayakeun kalayan hidroponik nyaéta, tangtosna, umbi, sabab peryogi seueur waktos, gizi sareng énergi pikeun ngadukung aranjeunna. Tapi aya kamungkinan yén ku kamajuan téhnologis hiji poé pepelakan akar bisa dibudidayakan hydroponically. Salaku urang nempo dina pilem The Martian, dimana Matt Damon tumuwuh tatangkalan kentang di lokasi katutup di planét Mars sarta pupuk na oge ngagunakeun kotoran manusa. Tangtu hasil pepelakan di planet bumi jeung planet mars bakal benten pisan, kusabab ari planet bumi mah ningali dina jumlah kadar cai jeung kadar oksigen na ge lewih seer dibandingkeun dina mars,", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "1984", "text": "Numutkeun kana Cruisecritic.com.au, upami anjeun naroskeun iraha waktos anu pangsaéna pikeun buku pesiar, jawabanna salami periode anu katelah high season. Ti Januari nepi ka Maret, jalur pesiar nawarkeun ongkosna potongan bari kauntungan nu sanesna, kalayan perkawis kawas ningkatkeun kabin bébas tur voucer khusus jang dijero (vocer duit méakkeun odi jero toko kapal pesiar). Jalur pesiar umumna ngungkabkeun yen kudu énggal pikeun pesen tiket tong ngadadak antara hiji satengah dugi ka dua taun sateuacanna. Kumaha sateuacanna anjeun kedah mesen pesiar? Titik amis sigana genep dugi ka 12 bulan sateuacan tanggal angkat. Pemesanan sateuacanna masihan anjeun cukup waktos pikeun ngarencanakeun sareng nyiapkeun, bari ogé ngamangpaatkeun kauntungan tina booking awal.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4572", "text": "Hay Day dikaluarkeun ku pamekar Supercell (aranjeunna ogé ngembangkeun Clash of Clans) dina 2012. Kaulinan ieu kalayan rating ESRB T (Teens) sareng rating PEGI 12. ngeunaan kabosenan kuring waktos éta.. Padahal kuring geus maen 2-3 taun, kuring kakara nepi ka level 42, sabab kuring mah teu pati pinter maen game. Mimitina Hay Day ngan dirilis pikeun platform ios. Tapi teras Supercell ogé ngaluarkeun versi Android. Dina Google Play Store, urang tiasa ngaunduh di dieu. Games ieu ges diunduh ku langkung ti 9 juta jalma sareng gaduh rating 4.5 / 5 dina Google Playstore kalayan sakitar 7 juta jalma masihan rating bintang 5. Common Sense Media sareng Gamezebo masing-masing dipeunteun Hay Day 4/5, sedengkeun Pocket Gamer masihan éta 7/10.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "881", "text": "Olahraga mangrupakeun hiji gerakan olah awak nu mere efek kana awak sacara sakabehna. Olahraga mantuan ngarangsang otot-otot jeung bagian awak nu sejenna jang gerak. Pentingna olahraga jang awak bisa diilustrasikeun siga mesin nu teu pernah digunakeun atawa digerakkeun. Lila-lila bagian-bagian tina mesin bakal ruksak sabab teu dilatih kanggo tuluy gerak. Kitu oge awak, mun kurang gerak, awak bakal mibogaan masalah jeung teu sehat. Ku olahraga, teu ngan saukur otot-otot nu kalatih, sirkulasi darah jeung oksigen dina awak oge jadi lancar jadina metabolisme awak jadi optimal. Awak bakal ngarasa seger jeung otak salaku puseur saraf oge bakal gawe jadi leuwih alus.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "9050", "text": "Cimol nyaéta jajanan has Sunda anu dijieun tina aci. Cimol asalna tina kecap aci digemol anu hartina aci anu dibentuk buleud ku leungeun. Cimol biasana dijual di sisi jalan ku amang anu make gerobak. Cara nyieunna, adonan aci téh dibentuk buleud ku leungeun, tuluy digoréng. Biasana cimol didahar ku bumbu tambahan, biasana ngagunakeun bungbu bubuk. Lamun digegel, karasana rada kenyel-kenyel. Pangalusna cimol teh didahar pas keur haneut. Nyieun cimol the henteu segampang anu dibayangkeun. Lamun urang teu nyaho kumaha cara masakna kalawan bener, cimol bakal luncat ngabeledug kaluar tina panci. Bahaya pisan upami cimol ngabeledug beunang kana raray sareng panon urang. Ayeuna cara supaya cimol teu ngabeledug nalika digoréng, cimolna kudu diasupkeun kana minyak anu tiis keneh. Ulah dihurungkeun eta kompor dugi ka sadaya cimol kalelep dina minyak goreng. Sanggeus éta, hurungkeun seuneu kompor tapi leutik wae. Teras goreng cimol bari terus diaduk supaya teu ngabeledug. Lamun geus ngambang, geura angkat.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "7425", "text": "Samsung Galaxy XCover 5 sareng Samsung Galaxy Tab Active3 oge tiasa tahan, moal ruksak sanajan dialungkeun tina tempat anu jangkungna 1,5 meter. Duanana oge nyumponan standar rating IP68 pikeun katahanan kana lebu, kokotor sareng keusik, sareng tahan cai nalika teuleum dina cai anu jerona dugi ka hiji meter salila 30 menit. Aya oge fitur anu sanesna anu teu eleh pentingna nyaeta Touch Sensitivity, lamun fitur ieu diaktipkeun, para pagawe masih keneh bisa neruskeun migunakeun alat ieu sanajan make sarung lengeun janten teu aya waktos anu kapiceun kanggo nyoplokkeun sarung hungkul, janten urang tetep tiasa ngalajengkeun pagawean urang bari tetep aman.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "402", "text": "Ngaji teh rupa-rupa barang nu kudu dibawana, lamun jadwal ngaji qur'an biasana mawa qur'an, lamun ngaji kitab sok mawa kitab anu hanca na. Jadi mun kitab mah unggal santri beda-beda kumaha hancana, aya safinah, jurumiah, jeung sajabana. Aya oge hapalan, tah mun ieu mah geus aya bukuna nu difotokopi, jadi tiap santri ge mibogaan buku ieu sewang-sewangan. Bukuna teh warna biru, tapi nu urang mah geus rada ledeh sabab mindeng dipake. Malah di sababaraha bagian mah geus aya nu soek. Lamun jadwal hapalan biasana urang jeung santri sejen ngarapalkeun heula samemeh di tes pas ngaji teh. Matak sok rame sora santri di tiap kobong sabab ngapalkeunna make sora tarik.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2281", "text": "Sanes motivasi anu dibutuhkeun kanggo janten jalmi anu langkung sae, tapi urang diwajibkeun gerak sareng robih sakedik-sakedik kalayan usaha anu nyata.Wilujeng jamaah\n, ieu aya sababaraha hal anu bisa dilakukeun pikeun ningkatkeun diri.Kahiji, komitmen diri pikeun jadi leuwih alus ti ayeuna.Ku niat, saurang muslim bisa ngajaga cita-cita nu hayang dihontal.Ku sabab eta ibadah-i Ibadah dina Islam dimimitian ku niat. Sabalikna, Rosululloh shallahu alaihi wa sallam pernah ngadawuh: \"Niat jalma mukmin leuwih utama batan amalna.\" Hadits ieu negeskeun yen niat leuwih hade tinimbang lampah anu urang laksanakeun, ku sabab kitu urang kudu ngamimitian ngarobah diri ka nu hadé ku niat anu hadé. Hadits ieu henteu ngadukung saha waé pikeun ngarencanakeun hiji hal teras henteu ngalaksanakeunana. Sabab niat téh wasiat dibarengan ku lampah.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "9590", "text": "Anu resep jajan mana yeuh soarana? Cik lamun ka Jakarta Selatan, tong hilap upami sonten ameng ka Kalibata. Diditu aya seueur jajanan anu bisa dicobaan. Aya seblak, aya bakso, aya batagor, aya somay, aya sagala jenis minuman, jeung jajanan-jajanan heubeul oge aya. Hargana oge pas pisan di kantong, tong khawatos jeung dijamin moal rugi. Komo ieu lokasina deukeutan pisan jeung Stasiun Kalibata. Jadi lamun aya karyawan anu saanggeus gawe teh bisa langsung jajan di tempat ieu. Jajanan di Kalibata ieu buka ti jam 4 sore nepi ka wengi. Cocok pisan kanggo anjeun anu seneng jajan jeung kulineran. Yuk ah cobian!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "896", "text": "Ngameh nongton mengbal di lapangan aman, urang kudu nyiapkeun ti imah keneh ngarah barang-barang nu ku urang bawa teh teu leungit, sabab teu kabeh nu nongton teh emang niatna nongton, aya oge nu emang rek maling barang-barang batur. Pastikeun ti imah urang mawa kantong pribadi, mun mawa kantong akod posisi di kantongna teundeun dina beuteung jeung dada jadi urang bisa ninggali kaayaanna kumaha. Mun mawa kantong selendang sarua usshakeun posisina dina dada urang ulah di tukang soalna rawan seletingna aya nu muka. Dompet ataws HP tendeunna dina kantog, ulah dina saku, sanajan eta saku nu hareup tapi masih rawan aya nu nyokot, komo mun keur pabeulit ku jelema mah moal karasa aya nu nyokot teh. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "1836", "text": "Ibu rumah tangga salian ti kudu mahér dina ngurus sagala pancén rumah tangga ogé miboga tanggung jawab husus pikeun tumuwuh jeung mekarna budak. Aranjeunna pasti bakal ketat pisan dina ngawaskeun naon anu dikonsumsi orokna. Ku sabab kitu, maranéhanana kudu hariwang lamun barudak maranéhanana dahar jajanan sakarep dewek. Jajanan ieu sabenerna teu jauh béda ti snacks kalawan nu ditambahan saos. Sanajan kitu, endog digulung atawa digoréng mineng dijual ku cara kirang higienis. Lokasi jualan di sisi jalan ngajadikeun snack ieu gampang meunang lebu jeung kokotor. Salaku tambahan, jajanan ieu ngagaduhan kandungan minyak anu luhur. Anjeun terang minyak henteu alus pikeun kaséhatan, utamana lamun dipaké sababaraha kali. Masalahna, barudak resep pisan kana jajanan ieu kusabab raosna nikmat. Jieun dilema, huh?", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4978", "text": "Di Amerika aya salah sahiji pagawean anu kabilang unik jeung jarang aya di Indonesie mah. Nya, ngaran pagawean na nyaeta cheesemonger. Pagawean ieu gawena nguruskeun keju, tina sagala rupa keju, kasadiaan keju, stok keju, neangan produsen keju, jeung sagala hal nu kaitan na jeung keju di hiji restoran. Pagawean ieu jadi salah sahiji pagawean nu bergengsi di Amerika. Sabab, mun hayang digawe kieu teh kudu boga kaahlian tentang perkejuan nu gs paham pisan. Malahan mah di Amerika aya sakola khusus jang ngalenyepan keju, ngaran na America Cheese Society. Cheesemonger loba dipanggihan di Amerika sabab emang diditu mah bahan dasar makanan pokok na teh tina susu. Jadi teu aneh mun loba susu nu dioalah jadi rupa-rupa keju terus ngajadikeun ayana pagawean ieu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "917", "text": "Aya loba jenis game nu bisa dimaenkeun di smartphone. Tapi masalahna teh teu kabeh smartphone ngadukung jang maen game. Sababaraha game ngabutuhkeun spesifikasi anu luhur ngameh grafis nu ditampilkeunna oge maksimal jeung game jalan lancar. Aya sababaraha nu kudu diperhatikeun mun milih smartphone gaming. Salian ti prosesor jeung RAM nu gede, oge kudu merhatikeun kapasitas batre, sabab mun kapasitas batrena rendah, bakal moal nyaman. Tuluy ukuran layar oge kudu diperhatikeun. Smartphone nu mibogaan layar leutik atawa sempit bakal nampilkeun visual game nu leutik. Sedengkeun mun layar lega teuing oge moal nyaman pas dicepenganana. Nu terakhir kudu diperhatikeun oge smartphone na ngadukung fast charging, ngameh ngecasna gancang.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9451", "text": "Wisata ka Ranca Upas kacida nikmatna sabab lokasi ieu kaasup salah sahiji tempat wisata alam anu endah di Jawa Barat. Di dieu, urang bisa ngarasakeun pamandangan alam nu endah kalawan rupa-rupa flora jeung fauna nu aya di sabudeureunna. Salian ti eta, Ranca Upas oge nyadiakeun rupa-rupa fasilitas wisata saperti pamondokan anu nyaman, restoran anu nyadiakeun kadaharan istimewa khas daerah, jeung rupa-rupa kagiatan anu pikaresepeun saperti leumpang sapanjang situ, paparahuan, kemping, jeung ningali pamandangan endah di taman bunga. Salian ti eta, Ranca Upas oge cocok pisan pikeun urang nu resep kaendahan alam bari bersantai. Urang bisa rileks ku ningali pamandangan alam éedah bari bersantai di sisi situ atawa jalan-jalan di taman kembang lega. Ieu mangrupikeun pangalaman anu pikaresepeun pikeun anu resep kaéndahan alam sareng hoyong bersantai di lingkungan alam.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4976", "text": "Koki atawa nu katelah oge zaman ayeuna mah ku ngaran chef, jadi salah sahiji pagawean anu ngutiplek na dina bidang dahareun. Koki sorangan pagawean na nyiapkeun ti mimiti bahan masakan, ngolah atawa masakna, dugi ka nyayogikeun nana dina piring. Koki biasana aya di dapur, make baju bodas atawa hideung. Baju na sok ditutupan ku celemek atawa bahasa keren na mah apron. Koki oge osok make topi masak dina mastaka, aya nu panjang aya nu pondok disasuaikeun jeung kaahlian dirina. Koki oge wajib make sapatu jeung baju khusus masak. Tah, jadi koki teh lain wae kudu nyiapkeun masakan, tapi kudu oge ngajaga kaberesihan masakan jeung dapur. Sabab kaberesihan jadi bahan utama pisan dina hal masak.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "57", "text": "Lumpia basah jajanan nu paling mindeng dipanggihan di Kota Bandung, biasana jajanan ieu aya na peuting. Tapi aya oge nu ngajualna beurang, siga nu Lumpia Basah BPI anu deukeut gerbang ITB. Cara nyieun lumpia basah cukup simpel. Carana, potong ipis gula beureum, asupkeun kana panci tuluy bere cai, galokeun jeung asupkeun aci sampeu. Geus kitu pindahkeun kana mangkok, potong bangkuang, asupkeun oge kana gula nu geus ngagolak. Jang nyieun bumbuna, siapkeun bawang beureum, bawang bodas, jeung cabe tuluy di belender. Cabe nu geus di belender tambahkeun kana panci, tambahkeun dua endog, galokeun nepika pacampur. Saenggeus kitu tambahkeun toge sacukupna, asupkeun oge bangkuang jeung uyah sacukupna. Tinggal disajikeun kana luhur lumpia na. Ulah poho lumpia na dilumuri ku gula beureum tadi.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "8817", "text": "Bola kabugaran, ogé katelah bal gim, mangrupikeun alat latihan bumi anu tiasa dianggo pikeun sagala umur. Salah sahiji cara pikeun ngaleutikan patuangan anjeun nganggo bal gim nyaéta V-Sit Up. Ku ngalakukeun V-sit up maké bal gim, patuangan anjeun bisa jadi leutik tur kenceng dina waktos anu sareng. Dasarna, gerakan jeung posisi V-sit up sarua jeung gerakan V-sit up sacara umum, nyaéta ku ngagolér dina tonggong anjeun mimiti jeung kadua suku bal gym lempeng ka hareup. Angkat dua suku mawa bal gym bari awak luhur ogé bangun sarta sigana ngahontal bal nu dibawa ku suku. Candak bal gim jeung leungeun anjeun lajeng balik deui ka posisi ngagoler. Sanggeus éta, terus angkat suku anjeun sarta awak luhur dimana anjeun balik bal gim bisa clamped deui ku suku anjeun. Jeung saterusna, sarta ngalakukeun nurutkeun kamampuh awak anjeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "448", "text": "Sholat berjamaah mibogaan loba kautamaan jeung dipeunteun leuwih alus tibatan sholat sorangan. Kautamaan nu paling umum nyaeta meunangkeun loba pahala. Ngalakonan sholat berjamaah bakal meunangkeun ganjaran pahala saloba 27 kali lipat. Beda jeung ngalakukeun sholat sorangan ngan ukur meunangkeun 1 pahala. Sholat berjamaah oge leuwih dipikaresep ku Allah SWT tibatan ngalakukeun sholat sorangan. Jadi leuwih dianjurkeun milih masigit nu loba jamaahna. Allah SWT oge ngajangjikeun nu ngalakukeun sholat berjamaah ngameh dilindungan tina godaan setan. Oge nu ngalakonan sholat berjamaah bakal dibebaskeun tina panasna seuneu naraka. Kautamaan sholat berjamaah nu sejen nyaeta dihampura sagala dosa-dosa nu geus dilakukeun. Pas ngucapkeun aamiin sacara babarengan jeung jamaah nu sejenna eta oge bareng diucapkeun ku malaikat.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "170", "text": "Lamun keur nyalse jeung teu loba pagawean, biasana urang beberesih imah jeung nyeuseuh pakean. Isuk-isuk beres sholat subuh, langsung nyeuseuh pakean sorangan, aya mesin cuci tapi urang mah tara make, soalna pakeanna sok jadi belel. Jadi nyeuseuhna manual make leungeun. Mimiti ngeueuman heula pakean 30 menit, sabari nungguan beres ngeueuman, urang lajeng beberesih imah siga nyapu, ngepel, nilepan karpet, jeung ngelap barang-barang nu aya di imah meh teu kebul, sabab imah di sisi jalan. Saberes meresihan imah, urang ngabilas seuseuheun nu tadi, tuluy moekeun di loteng. Biasana jam 7 teh geus beres kabeh. Lajeng urang sarapan gorengan sabari ngopi hideung, bari ngobrol jeung indung bapak.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "999", "text": "Ku ayana sitem nu aman jeung transparan ngajadikeun teknologi blockchain mibogaan loba mangpaat di rupa-rupa industri. Aya sababaraha mangpaat nu ditawarkeun blockchain nepikeun ngajadikeun internet of value siga transaksi permanen jadi kajamin kabenerannana, pindah nu bogana token jadi leuwih babari, jeung sajabana. Misalna industri asuransi ngamangpaatkeun teknologi blockchain. Ku bantuan blockchain, industri nu porosna kana manajemen kapercayaan ieu bisa mastikeun identitas hiji jelema. Blockchain bisa digunakeun jang ngaverifikasi loba jenis data dina kontrak asuransi, siga identitas jelema nu diasuransikeun. Hasilna teh resiko fraud jeung rupa-rupa penipuan bisa diteken. Jadina blockchain bisa neundeun informasi elektronik ku format digital jeung bisa ngajaga catatan transaksi anu aman.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4562", "text": "Nongton pertandingan olahraga téh senang. Tapi tétéla aya ogé bahaya tina nonton pertandingan olahraga. Utamana lamun pertandingan pisan tegang anu bisa ngaruh ka detak jantung anu teu normal. Tapi nongton pertandingan olahraga henteu salawasna dampak negatif kana jantung. nongton keur jelema anu séjén sarua jeung ngalakukeun olahraga, kanyataanna, bisa nyieun awak leuwih fit. Dina panangulitikan tahun 2013 kapanggih yén nonton pertandingan olahraga dina televisi ngaronjatkeun denyut jantung saolah-olah urang latihan. Nalika pamilon panilitian dipenta pikeun lalajo pidéo anu nunjukkeun jalma anu ngajalankeun gerakan, tingkat jantung sareng engapan pamilon ningkat. Éta normal deui nalika aranjeunna lirén ningali pidéo. Salaku tambahan, ningali kaulinan ogé tiasa ningkatkeun hormon téstostéron.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4565", "text": "Nongton pertandingan olahraga teu ngan saukur mere kanikmatan jeung kasenangan keur penggemarna tapi oge mawa sababaraha mangfaat na diantara na bisa di jadikeun motivasi diri lamun ningali atlit tarung diyakini tiasa ningkatkeun motivasi diri pikeun anu ngagaduhan targét gaduh awak anu séhat sareng ngalaksanakeun gaya hirup anu séhat kalayan ngajantenkeun atlit idola janten panutan. Sajaba ti éta, nonton olahraga bisa spur jalma anu teu boga gairah pikeun kagiatan pikeun jadi leuwih aktip. Nu kadua bisa menangkeun komunitas anu positif sababaraha pencinta olahraga umumna ngalibetkeun diri dina komunitas anu resep olahraga anu sami. Di masarakat ieu, salian ti tangtu boga jadwal pikeun lalajo pasanggiri olah raga anu dipikaresepna, teu anéh maranéhna ngayakeun kagiatan atawa rapat-rapat positif séjénna saperti olah raga babarengan atawa nyobaan hal-hal positif anyar séjénna.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8857", "text": "Poe ieu Budi nginjeum laptop adina pikeun ngagarap makalahna. Laptop adina béda pisan jeung laptopna anu polos jeung warna leptop biasana. Leptop adina warna pink sadayana, mimitian ti awak laptop, keyboard, sareng cassanna ogé warna pink. Sajaba ti éta, laptop adina loba stiker kartun pink, keyboard pinuh ku stiker pink, hareup laptop ogé pinuh ku stiker pink napel, bener némbongkeun ciri budak awewe teh. Sanggeus ngahurungkeun eta laptop, Budi reuwas deui sabab wallpaper laptopna warna pink caang jeung gambar kartun minuhan layar laptopna, matak nyeri kana panonna sabab kabeh warna pink. Ku kituna Budi mareuman deui laptop adina, jadi nginjeum laptop bapana wae.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4164", "text": "Upacara kaagamaan dina agama hindu nyaeta aya upacara odalan, odalan nyaéta odalan atawa Piodalan. Ieu Odalah (Piodalan) bisa ogé disebut pujawali, petoyan atawa Sirattaan. Odalan nyaéta runtuyan upacara Dewa Yadnya anu ditujukeun ka Ida Sang Hyang Widi di hiji pura (tempat ibadah agama Hindu) atawa tempat suci. Biasana upacara ritual ieu dilaksanakeun dumasar kana kalénder Pawukon Bali (210 poé), genep bulan sakali sarta dipingpin ku pandita (jalma suci) atawa pandita. Upacara agama Hindu ieu dilaksanakeun dina poé-poé alus anu geus dipilih jeung ditangtukeun. Poé-poé anu hadé ieu nyaéta Kapat Purnama, Kalima, Kadasa. Anggar sunda Kulantir, Julungwangi, Medangsia, Tambir, Warbakat jeung Dukut. Saniscara Kliwon (Tumpek) Landep, Wariga, Kuningan, Krulut, Uye jeung Wayang. Ukiran Buda Wage, Warigadean, Langkir, Merakih, Menail sareng Klawu, sareng seueur deui dinten anu saé. Prosesi Upacara Odalan umumna lumangsung kira-kira tilu nepi ka tujuh poé atawa leuwih, gumantung kana klasifikasi candi anu dimaksud. Tujuan dilaksanakeunana Upacara Odalan nyaéta pikeun nyiptakeun kahirupan masarakat anu harmonis jeung sejahtera rohani. Istilah Piodalan (Odalan) asalna tina kecap \"wedal\" anu hartina \"kaluar\" atawa \"dilahirkeun\". Ku kituna, saperti hajatan ulang taun, Odalan atawa Piodalan ditangtukeun minangka ulang taun candi atawa tempat suci (gedong).", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "8835", "text": "Olahraga badminton mangrupikeun ubar pikeun résiko obesitas. Naha? Kusabab badminton ngurangan kaleuwihan kolesterol dina awak sarta ngaronjatkeun kolesterol alus. Anu kadua nyaeta ngajaga kepadatan tulang urang. Tulang téh organ gerak pasif dina awak sarta teuas di alam. Tulang lemah bakal ningkatkeun résiko osteoporosis. Biasana, langkung ageung résiko, langkung ageung. Tapi tong hariwang, olah raga ieu bisa dicoo ku sagala umur, sabab badminton bisa memicu aktivitas sél-sél pembentuk tulang nambahan, sarta alus pikeun ngabentuk dénsitas tulang urang. Katilu, maén badminton bisa ningkatkeun kakuatan suku. Gerak lumpat ka kénca ka katuhu, hareup ka tukang, jeung luncat nalika maén badminton nyatana pohara efektif dina ngawangun kakuatan suku.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "3842", "text": "Saté Maranggi nyaéta jenis kuliner has Kabupatén Purwakarta anu biasana di jieun ku potongan-potongan daging potong dadu ukuranana kira-kira 1 cm. Potongan daging dihijikeun sajajar ku cara ditusuk kana tusuk awi ukuranana kira-kira 20 cm anu dibumbuan tuluy dipanggang nepi ka asak. Tina hiji sumber kecap “Maranggi” dina Saté Maranggi téh tina ngaran nu ngajual Saté Maranggi, nyaéta Mak Anggi. ti Jawa Tengah. Kira-kira taun 1960-an, manéhna ngajual saté maké tenda di wewengkon tempat cicingna, nya éta wewengkon Cianting. Jaman harita, jalma-jalma mindeng nyebut ngaran Sate Maranggi pikeun nyebut tempat Mak Anggi. Aksara tambahan \"R\" dina \"MaRanggi\" dipaké pikeun ngagampangkeun ngucapkeun dina méré ngaran kuliner tradisional ieu. Ciri has saté Maranggi aya dina prosés masak na anu béda. Saméméh saté dipanggang, dagingna direndam dina campuran rempah jeung cuka, atawa nu katelah prosés marinasi. Proses bumbu ieu anu ngajadikeun saté Maranggi kakara di bakar make areng tuluy dihidangkan tanpa sambel kacang kusabab rasa bumbuna geus kuat pisan. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "3865", "text": "Basa harita urang ulin jeung babaturan ka curug cileat di subang, samemeh urang narannjak jauh ka luhur arurang jajan heula bakso di pasar supaya kuat keur nanjak ka curug na. di Pasar urang binggung rek dahar naon nepi ka akhirna babaturan ngajakan ngadahar bakso. Urang mesen bakso urat didinya bakso na meni ngeunah pisan bakso na garede porsi na loba, urang mesen bakso campur tapi teu make toge. Teu apal ti iraha urang the teu resep kana toge mun di campur kana bakso, rasa na aneh jeung rada bau mereun gara gara togena atah jadi bau, tapi urang teu resep toge lamun di bakso hungkul lamun togena asakan nu lain saperti di tumis atawa di sayur beda rasa na togena teu bau. Saenngeus ngadahar bakso di pasar akhirna urang babarengan mangkat ka curug na. Di curug urang naek nepi ka curug 5 nyeta curug pang jangkung na di curug cileat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "8144", "text": "Virtual reality atanapi VR ayeuna nuju rame tur janten tren di masarakat. Teknologi nu saleresna tos dikembangkeun ti taun 1980-an ieu tiasa mere urang pengalaman maen game atanapi dunia maya leuwih nyata. Biasana upami nganggo ieu teknologi urang kudu make nu ngarana goggle. Goggle ieu teh alat sapertos kaca panon nu dianggo dina sirah. Aat iu engkin tiasa mere gambar atanapi kaayaan dunia maya nanging liwat cara nu leuwih realistis. Penggunaan goggle ieu ge tiasa dibarengkeun sareng headset janten pengalaman dunia mayana tiasa leuwih karasa. Make teknologi eie urang tiasa ngarasakeun dunia maya sarasa urang leres aya dina jero dunya ieu, ti mimiti visual, sora, nika sensasi oge tiasa urang rasakeun.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7170", "text": "Kurupuk Gurilem salaku kadaharan has Cicilin, Kabupaten Bandung, Jawa Barat, masih jarang dipikawanoh ku masarakat. Sanajan kitu, sakali nyobian eta, anjeun bakal deudeuieun, nuu matak ngajadikeun kurupuk gurilem ieu beda jeung kurupuk bodas atawa biasa nu kapanggih umumna. Naha disebut gurilem lantaran gurilem mangrupakeun akronim tina 'gurih jeung pelem', nu dina basa Sunda hartina nikmat. Kurupuk Gurilem leuwih gampang kapanggih di Cililin, Kabupatén Bandung, sabab jajanan ieu asalna ti dieu. Lamun nganjang ka Kampung Pasir Meong, Cililin, bakal katembong sapanjang sisi jalan loba warung nu ngajual rupa-rupa kurupuk, kaasup gurilem. Kampung Pasir Meong geus lila dipikawanoh minangka penghasil kurupuk. Teu terang iraha persisna, tapi numutkeun Yayan, pangusaha kurupuk di Pasir Meong, gurilem diciptakeun ku Hj. Mardi di taun 1970-an.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "7941", "text": "Aya sababaraha cara kanggo ngurangan bencana angin puting beliung nyaeta anu kahiji nyieun bangunan anu tiasa nyegah tina angin, ulah ngadamel bangunan tina kerdus atawa bahan anu gampang katebak ku angin. Anu kadua, urang oge tiasa melak tatangkalan anu kuat jeung jangkung supados tiasa nyegah tina angin badag anu bakal nebak umah jeung manusa. Urang oge tiasa ngamankeun sababaraha barang anu aya di luar imah supados kuat jeung teu gampang katebak ku angin. misalna pager, tutumbuhan, rak sapatu jeung barang-barang anu sanesna. Kanggo jalmi anu gaduh kapal di laut oge kedah nalikeun kapalna ka darat supados kapal teu kabawa ku angin jeung ombak. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5439", "text": "Hampir sadaya masyarakat terutama barudak pasti al kana lagu hiji ieu nu populer pisan. Nya, leres pisan, ieu lagu teh judulna Potong Bebek Angsa. Lagu ieu mangrupakeun lagu daerah Nusa Tenggara Timur. Sasuai jeung lirikna, ieu lagu teh ngagambarkeun atawa nyaritakeun proses tahapan masak bebek atawa angsa. Irama lagu ieu bersemangat pisan, mantak naekeun semangat saha wae nu nembangkeun nana. Tuluy lirikna nu babari diapalkeun ge jadi salah sahiji fator kunaon lagu ieu populer pisan Lagu ieu ge osok dijadikeun lagu anak-anak. Jadi, mun barudak ulin teh sok nembangkeun lagu ieu bari ngabentuk lingkaran ngurilingan babaturan nana nu jongkok di tengah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "2761", "text": "Kumaha carana ngalereskeun spiker laptop Asus anu sorana rusak sabenerna gampang pisan. Anjeun tiasa ngalakukeun ieu ku ngabersihan spiker internal anu kotor, ngareset aranjeunna pikeun ngagentos spiker sareng anu énggal. Tapi saencan nyieun ngagantian ku spiker anyar, Anjeun bener bisa ngalereskeun eta heula. Speaker laptop, boh Asus, Lenovo, Acer atawa tipe séjén merk laptop, pasti ngalaman hal anu sarua. Sabab dina loba kasus, speaker laptop bisa ruksak alatan sababaraha faktor. Mimitian tina pamakean anu goréng, faktor lingkungan, setélan anu teu akurat dugi ka hardware spiker anu luntur. Upami dina ahirna laptop anjeun leres-leres ruksak, boh sorana retak atanapi malah rusak sareng henteu tiasa dianggo.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "3084", "text": "Laporan survéy mintonkeun frékuénsi balanja online di masarakat Indonésia. naon hubungan antara hasil survey jeung strategi jeung métode ngajual online. Hasilna, 37,9 persén responden ngaku balanja online sakali unggal sababaraha bulan. Lajeng aya ngeunaan 27 persén anu ngalakukeun balanja online sabulan sakali. Samentara éta, sakitar 14 persén réspondén balanja online unggal dua dugi ka tilu bulan. Teras anu ngaku balanja unggal dinten nganggo pasar kacatet lumayan seueur. Éta ampir dua persén responden. Ku pamahaman data ieu, bisa dicindekkeun yén ampir unggal bulan aya jalma anu ngalakukeun balanja online. Hartina, Anjeun kudu ati-ati dina nangtukeun strategi naon jeung kumaha carana ngajual online nu bisa mawa pembeli.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "3854", "text": "Goola Drink teh restoran cepat saji anu ngajual produk jeung menu saratus persen indonesia. Goola nyaeta usaha ngajual minuman khas indonesia nu di kemas modern, tujuan na keur ngenalkeun minuman khas indonesia nepi ka luar negeri. Loba menu nu di tawarkeun di goola salah sahijina aya Es doger jeger, jeung rupa rupa minuman lain saperti Es gula arem. Es merdeka, Es cingkau, Bandrek tea, bandrek shake jeung lain sajabana. Konsep goola sederhana tapi alus pisan aya pesan manfaat nya eta ngalestarikeun minuman tradisional indonesia. Dimana ayena rada hese nimu keu restoran cepat saji atawa restoran viral anu ngajual minuman khas indonesia. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4174", "text": "Pura nyaeta tempat ibadah keur agama Hindu. Pura teh bentukna siga candi di tiap imah umat hindu di bali biasana aya pura, tempat sembahyang na uanggal poe. Di unggal désa oge umumna aya tilu candi utama anu disebut Candi Tiga Kahyangan atawa Candi Tri Kahyangan (tri = tilu), anu dipura-pura jadi tempat pamujaan Sang Hyang Widi Wasa. Tilu candi nyaéta Kuil Désa pikeun nyembah Gusti Brahma (Nu Nyipta), Kuil Puseh pikeun nyembah Dewa Wisnu (The Preserver), Candi Dalem pikeun nyembah Dewa Siwa (Sang Penghancur).Salain Candi Kahyangan Desa, aya oge anu katelah Candi Kahyangan Jagat. Candi Kahyangan dipaké pikeun muja Ida Sang Hyang Widi Wasa jeung arwah para karuhun. ", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "5865", "text": "Ti Minggu kamari teh abdi sok lumayan kenging seueur bekel sabab kerja sambilan jadi fotografer di salah sahiji acara wisuda kampus di Bandung. Abdi freelance jadi fotografer nu wisuda, ditawarkeunna lewat instagram. Biasana sok aya oge anu ngahubungi lewat babaturan. Prosesi wisuda na teh dilaksanakeun saminggu berturut-turut nu dilaksanakeun di dua kampus. Alhamdulillah kenging hasilna seueur, cekap kangge bekel sabulan kapayun mah. Abdi oge sok kadang jadi fotografer di acara nikahan atawa acara ulang taun. Di mana we sagala ku abdi dilakonan supaya bisa bertahan dina kauangan jang kuliah. Kadang abdi ge sok nyewakeun kamera ka batur nu dihargakeun na perjam.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7014", "text": "Rukun Islam anu katilu nyaeta zakat. Ieu mangrupikeun wujud pangorbanan kauangan anu diperyogikeun ku Gusti pikeun jalma anu ngahasilkeun artos. Zakat oge mengrupikeun cara pikeun ngabersihkeun harta urang lantaran di unggal harta anu ditampi ku urang, aya hak batur anu kedah dipasihan. Zakat disayogikeun pikeun nyayogikeun tuangeun, pakean sareng panyalindungan pikeun kelompok masarakat anu miskin. Zakat bisa dibikeun dina bentuk duit atawa barang. Zakat oge tiasa dianggo pikeun ngabantosan jalma anu damel di kaséhatan, pendidikan sareng bantosan sosial. Zakat kudu dibayar dina waktuna unggal taun sarta kudu dibagi adil. Zakat mangrupa salah sahiji cara pikeun nulungan batur jeung nembongkeun kataatan ka Allah.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "6494", "text": "Mun keur beakeun bekel di gunung sabab aya kajadian nu teu dipikahayang teh kudu siap siaga nerapkeun ngadahar tanaman nu aya di gunung. Biasana tanaman nu bisa dituang teh nyaeta anu teu berbulu, teu boga warna cerah dina buahna, teu geutahan, jeung deuih rasana teu ketar. Tanaman anu bisa didahar teh jiga pakis leuweung, ceri leuweung anu tangkalna jiga arben, pucuk cantigi, pohpohan, buah cantigi, jeung sajabana. Mun daunna aya bulu halusan mah ulah didahar bisi weureu. Oge mun geutahna aya warnaan mah ulah pisan bisi ngandung racun. Kudu apal heula ciri-ciri spesifik tanaman anu bisa didahar langsung jeung nu kudu diolah heula.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "8861", "text": "Kumaha carana ngaktipkeun laptop anu saé sareng leres. Siapkeun heula laptop nu rék dihurungkeun. Kadua, pastikeun leungeun anjeun teu baseuh atawa kotor nalika rék ngahurungkeun laptop pikeun nyegah hal nu teu dihoyongkeun. Katilu, lalaunan muka layar laptop upami posisi laptop ditutup supados tiasa ningali tombol keyboard sareng tombol daya anu dianggo pikeun ngahurungkeun laptop. Kaopat, panggihan tombol daya dina laptop, biasana tombol daya aya ikon bunderan di tengahna aya garis leutik. Kalima, pencét tombol daya sakali sakali pikeun ngahurungkeun laptop, teras antosan dugi layar laptop hurung nunjukkeun yén prosés boot jalan. Prosés boot nyaéta prosés dimana laptop nyiapkeun tampilan awal pikeun ngasupkeun sistem operasi dina laptop sangkan siap dipaké. Kagenep, ulah ngoprek laptop salila prosés booting sangkan prosés ngahurungkeun laptop bisa lancar. Katujuh, antosan dugi ka layar desktop nembongan atanapi ngadamel sora boot (sora boot Windows biasana kadéngé nalika nganggo sistem operasi Windows) anu nunjukkeun yén prosés ngaktipkeun laptop parantos suksés.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5340", "text": "Khulafaur Rosyidin nyaeta julukan para sahabat Nabi Muhammad SAW nu dipasihan kapercayaan jang nuluykeun penyebaran syariat Islam ka umat manusa saatos Nabi Muhammad SAW wafat. Khulafaur Rosidin aya opat jalmi, nyaeta Abu Bakar As-Sidiq, Umar bin Khattab, Usman bin Affan, sareng Ali bin Abi Thalib. Kaoatna saling berurutan sasuai zaman nu dipimpinna, Abu Bakar As-Sidiq termasuk salah sahiji golongan nu mimiti lebet Islam. Nami aslina nyaeta Abdul Ka'bah, tuluy digentos janten Abdullah ku Rasulullah SAW saentos lebet Islam. Dipasihan gelar As-Sidiq sabab ngagaduhan sifat jujur, sareng percaya jeung membenarkan Rasulullah SAW dina sagala hal. Nu kadua nyaeta Umar bin Khattab nu terkenal ku sifatna nu wani jeung tegas. Hal ieu ngajadikeun Islam disegani ku kaum Quraisy. Nu katilu nyaeta Usman bin Affan, manusa nu terkenal kaya raya jeung seueur nyumbang kangge Islam tina pikiran jeung hartana. Nu kaopat nyaeta Ali bin Abi Thalib, nu dibere gelar Singa Allah sabab gaduh kawani nu luar biasa. ", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "6543", "text": "Angkutan umum nu paling loba digunakeun masyarakat teh nyaeta angkot. Angkot teh loba pisan jurusan nana, aya nu deukeut nepi ka jauh. Unggal rute angkot teh sok dibere kode mangrupa nomor atawa warna pelat nu beda. Unggal kota teh sok beda-beda warna angkot, malahan mah unggal rute ge sok aya nu beda warna pelat jeunh warna dasar angkotna. Aya oge nu koneng, eta mah khusus angkutan pedesaan. Korsi angkot teh disusun nyangigir kenca jeung katuhu pahareup-hareup. Di hareup mah aya korsi hiji jeung korsi supir. Cara mayar angkot teh diasongkeung langsung ka supir lewat jandela hareup. Ongkos na teh murah, nu pang jauhna ge paling mahl ngan dua belas rebu", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "9371", "text": "Kabiasaan jalma di lembur mah beda pisan jeung nu di kota. Jalma di lembur mah meuni getol, isuk-isuk ti jam dua teh gues harudang jarualan ka pasar. Bari ngaliwat ka imah-imah teh biasana sok bari nyapa atawa ngan ukur nanya basa-basi. Geus hudang teh teu ngan saukur sholat subuh hungkul terus sare deui, tapi langsung aya nu nimba cai jang mandi jeung masak, aya nu ka sawah ngabajak, aya nu ka kandang, pokona mah langsung kana pagaweanna masing-masing. Jaman baheula mah can aya hape, jadi teu aya jalma anu meakkeun waktuna di hareupen hape sapopoe siga urang. Lamun bosen, biasana sok ulin jeung babaturan ngala buah, atawa moro layangan di lapang. \r\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "8829", "text": "Ti saprak kuring sok diajak jogging isuk-isuk ku adi kuring, kuring ngarasakeun mangpaat anu kacida gedena. Mimitina mah hoream, isuk-suk sabada rengse sholat subuh kudu titirisan diluar, tapi lila-lila mah kuring jadi resep oge, sabab karasa aya mangpaatna. Mangpaatna, nu tadinya awak sk nyareri bae jeung sirah rieut lamun hudang sare teh, ti saprak ngalakukeun jogging unggal isuk teh laun-laun jadi leungit nyareuri sirahna. Awak anu tadina bareurat, ku sabab gendut alatan kirang gerak, ayeuna mah karasa rada ngahampangan. Singhoreng teh bener geuningan ceuk beja, yen jogging the mere mangpaat anu gede keur kasehatan urang. Kuring ngarasakeun pisan mangpaatna, ayeuna mah jadi hobi, teu kudu diajak deui ku pun adi jeung teu kudu dihudangkeun deui unggal isuk. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "3868", "text": "Mie ayam biasana sok di barengkeun jeung bakso di jual na. Mie ayam salah sahiji dahareun anu populer, loba pisan nu resep mie ayam. Mie ayam nyaeta mie anu di campur jeung sayuran biasana sesin terus di bungbuan terus di bere toping ayam kecap aya oge ayam rica tapi biasana sering di panggihan nya ayam kecap. Mie ayam teh simpel babari di teangan di jual ti pinggir jalan nepi ka restoran harga na ge murah. Peuyeum atawa tape di jieun ti sampeu nu di fermentasi ku ragi, peuyeum salah sahiji dahareun atawa oleh – oleh khas sunda nu terkenal. Biasana lamun balik ti liburan ti daerah sunda jadikeun penyeum oleh oleh keur keluarga atawa babaturan na. Rasa penyeum teh amis rada haseum, jadi mun di dahar langsung rada kurang enak tapi mun di jieun penyeum goreng di tipungan rasa na lewih enak", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "6725", "text": "Nongkrong di tempat anu alus teu musti di tempat anu mahal. Ayeuna seeur pisan warung anu nyadiakeun tempat anu sae dipoto tapi pangaos dahareun jeung minuman na masih keneh ramah dina dompet. Warung sindangsari, anu lokasina di tanjakan gang heurin, tepatna di Gg. Masjid Taufiqul Islam. Tempat ieu nyuguhkeun suasana siga di imah sorangan. Menu di tempat ieu aya kopi jeung warung sangu. Tempat ieu lokasina nyumput di tengah imah warga, tapi tetep seeur jalmi nu panasaran hoyong nyobian dahar di dieu. Baheula na tempat ieu ngan didatangan ku pagawe kantoran. Tapi kadieunakeun seeur jalmi anu mulai daratang lantaran siga nimu emas dina tumpukan baju kotor.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "3566", "text": "Sabenerna mah hayang ngaliwat. Barina ogé, geus aya gentlemen di salah sahiji grup maranéhanana anu mantuan. Tapi kuring nyangka yén anu aya dina posisi éta bakal janten indung kuring. Leuwih ti éta, kuring geus latihan bantuan munggaran di hiji organisasi. Ahirna kuring ngajak 4 réréncangan kuring pikeun baralik sareng ngabantosan Ibu Ida. 4 lianna nuluykeun jalan maranéhanana.\n\nKerewek ema Ida sakitu parah, sesah dicekelan, utamana mah tanaga anu teu kuat. Pamustunganana, kuring mamatahan Bu Ida pikeun mampir di pos 1, ngan menta diiringkeun ku babaturan ti ibu-ibu lianna.\n\nSabada ditaros aya anu hoyong ngiring Ibu Ida, tetela teu aya rerencangan rombongan anu ngawaler. Kuring nanya sakali deui. Taya nu ngajawab. Komo babaturan ibu-ibu nu séjén", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "853", "text": "Ti poe Salasa, tribun Istora Senayan GBK Jakarta balik deui rame dipinuhan ku penonton nu ninggali atlet bulu tangkis dunia di turnamen Indonesia Master. Komo deui pas maen ganda campuran nyaeta Fajar Alfian ngalawan Goh Low ti Malaysia. Dina situasi ieu, Fajar kudu ngajorowok leuwih tarik ngameh Rian ngagantikeun posisina nu kdudu lumpat ka luar lapangan nyokot raket anyar lantaran senar raketna pegat. Sora penonton jang atlet kadenge sakapeung mah jadi tantangan sorangan pas keur maen di lapangan. Lainna teu resep, ngan atlet ngaku butuh adaptasi ulang ngarah bisa balik deui nyaman ku sora penonton. Ciri khasna sorakan penonton teh nyaeta mun keur nyemes di sorakan \"Ea\" pas Fajar Rian nyemes, jeung nyorakan \"Huh\" pas pamaen lawan keur nyemes.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "852", "text": "Chou Tien Chen jadi juara di Indonesia Open 2019 saenggeus ngelehkeun lawanna ti Denmark, nyaeta Anders Antonsen. Duel ieu lumangsung salila 1 jam 31 menit, anu skorna 21-18, 24-26. jeung 21-15. Saenggeus pertandingan eta, Chou Tien Chen ngagoler di lapangan, tapi aksina eta leuwih lucu deui sabab lawanna, Anders Antonsen milu ngagoler digigireunana. Ieu nandakeun maranehna cape sabab geus tanding sengit. Dina momen eta oge, Chou Tien Chen ngajak nukeur baju jeung Antonsen. Anu pikaseurieun deui pas Chou Tien Chen di wawancara, manehna bingung lantaran teu boga deui kostum jang dipake, akhirna manehna teh make anduk. Saenggeus eta Chou Tien Chen lumpat ka sisi lapangan jang meunangkeun kostum keur dipake pas naek podium juara, tapi kostum nu dipake ge lain kostum milik manehna.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "3856", "text": "Mun sarapan isuk-isuk biasana urang sok ngadahar bala-bala jeung leupeut, bala-bala teh di jieuna tina tepung tarigu jeung sayur-sayuran terus make bawang daun, bawang bodas, katumbar, lada jeung uyah. Kabeh bahan eta di aduk dina baskom, terus di tambahan cai sacukupna geus eta karek di goreng di minyak anu geus di panaskeun. Bala-bala bisa wae dj dahar make cengek, tapi mun urang mah sok make leupeut. Mun leupeut di jieuna tina beas jeung oncom anu di bungkus ku daun pisang, rasana asin gurih komo mun di daharna pas keur panas. Bala-bala jeung leupeut cocok pisan mun jeung sarapan, biasana urang sok beak opat bala-bala jeung dua leupeut. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "8147", "text": "Ayeuna sagala teknologi dituntut kudu ramah lingkungan. Perkawis ieu teh salah sahiji upaya masarakat dunya pikeun nyelameutkeun bumi ti pamanasan global. Nagara-nagara tos sapakat upami ieu teh tugas urang sarerea. Salah sahiji usaha nu tiasa urang lakukeun pikeun ngurangi pamanasan global teh nyaeta nganggo mobil nu ramah lingkungan. Mobil listrik tiasa disebut mobil nu leuwih ramah lingkungan dibandingkeun mobil biasana. Mobil listrik boga babaraha kaunggulan, sapertos leuwih irit bahan bakar, teu kena ganjil genap, teu aya pajak atanapi pajakna leuwih mirah jeung sajabana. Ku kituna hayu urang sadaya mulai lalaunan transisi nganggo mobil listrik janten urang usaha pikeun nyelametkeun dunya.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4258", "text": "Tari Kecak salah shiji tarian tradisional nu asalna ti bali, nu ges kasohor kaman kamana. Tari kecak jadi leuwih babari kasohor kusabab sering pisan di pentaskeun keur narik wisatawan di bali khusuna wistawan ti luar negeri. Urang salaku urang indonsa kuduna bangga tari tradisional urang nyaeta tari kecak di pikaresep ku orang kuar maranrhna ningali tari kecak tarian anu luar biasa, tari kecak oge peenah mecahkeun rekor muri oenari kecak massal 5.555 orang di pantai pandawa bali, Ku kitu na loba prestar nu ges di raih ku tari kecak urang salaku emuda kudu ngamumule tarian tradisional ieu pikeun bekel masa depan anak incu urang sarerea.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "5740", "text": "Tilu alesan nu ngajadikeun Cristiano Ronaldo layak jadi idola. Nu kahiji nyaeta sabab anjeunna sering ngajalani hidup sehat, sagala hal pasti diperhatikeun jang kasehatan, termasuk asupan nutrisi ka awakna. Nu kadua nyaeta anjeunna aktif dina kagiatan sosial, misalna jadi donatur tetap di sabagean besar nagara nu membutuhkan. Salian eta, anjeunna oge aktif dina ngabantuan korban terdampak bencana alam. Anjeunna ge rutin ngalakukeun donor darah salian supaya ngajaga kasehatan, oge sebagai bentuk solidaritas sosialna. Nu katilu nyaeta anjeunna selalu nampilkeun atawa nunjukeun hal nu positif, misalna tina cara bertindak, kabiasaan hirup, sikap jeung kapribadianna, jeung sajabana. Pokokna cocok pisan Christian Ronaldo dijadikeun tuturkeuneun atawa idola dina kahirupan.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8053", "text": "Seueur pamain bola khususna pemain bola di liga tarkam tara nganggo sapatu anu ecreug upami maen bal teh. Sanes sapatu na hungkul nu teu ecreug nanging mineng oge tara doanggo sapatu alias nyeker upami keur maen teh. Saleresna nu kitu teh bahaya ka pamainna. Seueur risiko cidera upami teu nganggo sapatu nu ecreug. Risiko-risikona mimiti nu ringan nika nu berat. Risiko nu ringan mah teu dibere pangubaran khusus ge teu nanaon, sapertos lecet mah. Nanging teu nganggo sapatu nu ecreug oge nimbulkeun risik nu berat sapertos potong tulang suku kusabab keur maen bal suku biasana pa adu-adu ngarebutkeun bola. Janten upami maen bal teh kudu make sapatu nu ecreug nu emang sapatu khusus maen bal.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "2347", "text": "Imah adat Betawi ngaranna Kebaya. Disebut imah kebaya lantaran wangun hateupna siga sadel anu dilipat sarta lamun ditilik ti gigir mah lipetna sarua jeung lipetan kebaya. Nepi ka ayeuna, hiasan imah adat Betawi ieu masih kénéh mindeng dipaké, nya éta hiasan ukiran handapeun genteng.\nMasang trim Betawi mangrupikeun cara anu paling gampang pikeun nunjukkeun ciri-ciri imah tradisional Jakarta. Hateup imah dijieunna tina ubin atawa atep (anyaman daun Kirai), tembok hareupna dijieunna tina kai gowok/nangka, tembok imah lianna dijieunna tina anyaman awi, jeung pondasi anu dipakéna batu walungan. nu unik nyaeta iah na teh loba campuran budaya-budaya nu lain siga arab, tiongkok, sunda jeung jawa, komo deui aya campuran walanda dina parabot na.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "1967", "text": "Janten di panginepan baheula ker ka hotel di semarang, urang meuting 1 kamar pikeun 1 jalma. Nalika kuring ningali kamar, ukuranana rada leutik (cocog pikeun 1 jalma) tapi éta beresih sareng nyaman. Panginepan ieu diwangun ku sababaraha lanté sareng kamar-kamarna aya di lorong-lorong anu dina pendapat kuring pencahayaan lorong-lorong rada kurang, anjeun ningali, kamar kuring aya di pojok tungtung lorong sareng di lantai éta henteu aya deui kamar. tim ti kuring jeung baturan kuring nu sejen mun balik geus telat kagiatan Maya rada pikasieuneun ogé leumpang sorangan ka kamar. lorong na paroek jeung jarang aya nu ngalewatan kadinya, ahh pangalaman nu mistis sih.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "8892", "text": "Cara anu gampang ngagunakeun rice cooker nyaéta nyiapkeun heula béas anu geus diukur maké gelas ukur tuluy dikumbah béasna nepi ka bersih. Léngkah kadua sanggeus dikumbah beresih, asupkeun béas kana wadah rice cooker babarengan jeung cai anu tos disaluyukeun ukuranana. Lengkah katilu pastikeun teu aya cai anu asup ka sela-sela mesin rice cooker tuluy tutup mesin rice cooker. Lengkah kaopat hurungkeun mesin rice cooker ku cara mencét tombol daya nepi ka hurung. Basa keur masak mah mesin teh warna beureum, tuluy nungguan nepi lampuna koneng nandakeun béas geus asak, tuluy léngkah pamungkas sanggeus rice cooker dipaké teu hilap cabut kabel tina saklar supados mesin rice cooker teu gampang ruksak.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "6807", "text": "Mancing nyaeta kagiatan newak lauk make pancing jeung umpan. Mancing kaasup salah sahiji hobi nu pang populer di dunya. fishing bisa dipigawe di taman, balong, situ, walungan jeung laut. Mancing oge tiasa janten kagiatan anu pikaresepeun lantaran tiasa ngaleungikeun stress. Sajaba ti eta, fishing oge tiasa janten cara kanggo nyeepkeun waktos jsareng kulawarga jeung babaturan. Upami urang ngan resep newak lauk hungkul urang tiasa ngaleupaskeun deui laukna, tapi upami bade diolah janten dahareun oge sae lantaran lauk gaduh seeur mangpaat kanggo kasehatan lantaran lauk gaduh kandungan vitamin D anu seeur, janten tiasa ngahindarkeun urang ti panyakit kronis, asal bener ngolahna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "6722", "text": "Gunung Manglayang janten tempat anu mineng didatangan ku wargi anu resep naek gunung. Gunung ieu jangkungna sarebu dalapan ratus dalapan belas meter. Upami bade naek ka gunung Manglayang, aya dua jalur pendakian anu paling mineng dianggo, nyaeta jalur Barubereum atau jalur Batu Kuda. Tapi jalur Barubereum mah biasana sok dianggo ku pendaki anu bade ka puncak bayangan. Manglayang gaduh dua puncak, puncak utama jeung puncak timur atau puncak bayangan. Puncak bayangan medan na jauh leuwih nanjak tapi puncakna langkung sae tibatan puncak utama lantaran urang tiasa ningal panonpoe jeung katingal langit jeung kota. Lamun di puncak utama mah ngan aya tatangkalan hungkul jeung makam, tapi urang tiasa ngadirikeun tenda.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "552", "text": "Tahu Sumedang salah sahiji oleh-oleh khas daerah Sumedang. Tahu Sumedang beda jeung tahu kawas biasana siga tahu bodas atawa tahu koneng, sabab ciri khas tahu Sumedang nyaeta bentukna kota, warna coklat, jeung bagian luarna teh rangu. Leuwih nikmat deui mun didaharna pas masih panas-panas keneh dibarengan ku cengek hejo. Aya nu unik oge mun meuli tahu Sumedang biasana sok dibere kemasan anu dijieunna tina anyaman awi jeung dilapisi daun cau. Pengemasan dijieun kieu teh sabab tahuna bisa leuwih awet. Lamun ngaliwatan ka Sumedang sok loba nu jualan tahu ieu ngajajar, katelna oge sok diteundeun di luar jadi katinggali proses masakna. Hargana oge murah ngan 500 hijina.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "5378", "text": "Masing-masing umat beragama pasti gaduh hiji pedoman hirup atawa petunjuk hirupna nu biasa disebut kitab suci. Di Indonesia, aya 6 kitab suci nu di yakini ku umat beragama. Kitab suci eta nyaeta Al-Qur'an bagi umat Islam, Alkitab bagi umat Kristiani, Weda bagi umat Hindu, Tripitaka bagi umat Buddha, jeung Sishu Wujing bagi umat Konghucu. Sadaya umat beragama nu diakui di Indonesia teh hirup berdampingan jeung saling toleransi kana perbedaan. Hal ieu nunjukkeun ayana kahirupan harmonis antarumat beragama dina hiji kahirupan di Indonesia. Hal ieu oge ngarepresentasikeun kakayaan kaberagaman di Indonesia nu jadi salah sahiji kaunikan nagarana. Salian eta, kaharmonisan nu ditunjukkeun oge jadi salah sahiji bentuk toleransi nu realistis.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4584", "text": "Ponsel handphone mangrupa alat anu jaman ayeuna wajib pisan boga, lain keur gaya gayaan tapi leuwih kana fungsina nyaeta alat komunikasi jeung informasi. Jaman ayeuna rasana lamun eweh ponsel handphone bener bener siga cicing di goa teu apa nanaon padahal informasi ayeuna gancang cepet pisat nyebar na. Boh eta berita bener atawa berita hoax atawa berita bohong. Urang butuh ngabuktikeun na oge tina ponsel handphone. Ponsel handphone teh ayeuna mah ges jadi kabutuhan primer da sagala aya didinya, eweh anu teu aya dina ponsel handphone jaman ayeuna mah. Makin berkembang na teknologi ieu teh tangtu aya postif jeung negatifna urang salaku nu make nya kudu pinter pinter milih na.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2286", "text": "Carita ngeunaan Idul Fitri moal lengkep lamun teu nyaritakeun kumaha urang nganjang ka baraya. Idul Fitri mangrupikeun momen anu pangsaéna pikeun nguatkeun tali silaturahmi sareng silaturahim. Utamana ka baraya nu jauh ti imah. Salian ti bisa ngaraketkeun deui silaturahmi, nganjang ka baraya ogé mangrupa momen liburan nu ditunggu-tunggu. Patepungan sareng sepupu anu umurna sami sareng nyarioskeun carita ngeunaan naon anu parantos dilalui mangrupikeun salah sahiji momen anu ngajantenkeun kulawarga. Dina Idul Fitri taun ieu, urang nganjang ka baraya di kampung. Suasana padesaan anu intim sareng haneut mangrupikeun anu kuring ngantosan. Hawa seger sareng warga desa anu ramah ngajantenkeun pikiran langkung tenang. Unggal nganjang ka imah baraya, rupa-rupa kadaharan anu disayogikeun. Ti mimiti jajanan dugi ka tuangeun beurat sapertos kari hayam. Saha anu tiasa nolak? Teu anéh lamun dina mangsa lebaran idul fitri, timbangan beurat urang kalobaan.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "8018", "text": "Tahun 2019, Budi ngilu study tour nu diayakeun sakola na. Study tour dilaksanakeun salila tilu poe dua peuting di Yogyakarta. Budi sareng rombongan naik bus ti Cianjur ka Yogyakarta. Perjalanan naek bus kira-kira salila 12 jam, dijero bus salila perjelanan dieusi ku kegiatan nu nyieun rasa kebersamaan kapupuk, ti mimiti doa bersama, nyanyi karoke, nika maen games, jeung sajabana. Kusabab ramena Budi teu ngarasa capek dijalan, nyaho-nyaho geus nepi Yogyakarta. Poe kadua study tour Budi sareng rombongan dongkap ka tempat wisata sapertos candi, museum, tur keraton. Di sagala tempat wisata Budi ngarasa bungah kusabab ieu pangalaman pertama manehna kaluar kota. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "7197", "text": "Pamimpin adat jeung masarakat Jinggitiu Kacamatan Hawu Mehara boga hubungan kekerabatan emosional anu cukup raket sahingga pangaruh karakter teh bisa mangaruhan paripolah masarakat dina ngagunakeun hak pilihna. Tokoh adat boga peran anu penting dina mangaruhan jeung ngayakinkeun masarakat sangkan ngagunakeun hak milih dina mangsa pemilu. Pilkada kepala daerah Sabu Raijua Kacamatan Hawu Mehara matak menarik lantaran para caleg midangkeun pasualan-pasualan primordial salaku komoditas pulitik sangkan katerlibatan tokoh-tokoh adat dina pulitik teh disebabkeun ku lantaran ayana pasualan-pasualan kapentingan anu patali jeung adat-istiadat masarakat satempat. Peran tokoh adat dina ngagerakkeun masarakat sangkan hoyong ngagunakeun hak pilihna janten hal anu penting lantaran seeur masarakat anu teu acan sadar kana hakna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "4030", "text": "Hobi ngarawat tanaman hias mulai rame aps ayana pandemi covid di tahun 2020. di kajadian eta nu ngaharuskeun cicing di imah ulah kamana-mana tuluy jadi stres hobi ngarawat tanaman hias bisa jadi unbarna. Loba jelema anu biasana sibuk teu sempet jeung teu resep kana tanaman hias atawa tutuwuhan lainna jadi tiba tiba reseupeun. Ningali fenomena ieu tentu pembisnis ngajadikeun ladang bisnis. Harga babaraha tanaman hias makin mahal jadi lah mulai loba bismis jual beli tanaman hias. Hob tanaman hias teh ternyata loba manfaatna salain ngurangan stres, nyieun udara leuwih sehat jeung bisa oge di gunakeun keur nambah penghasilan lamun kieu carana hobi tanaman hias bisa oge di sebut hobi produktif.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "7953", "text": "Di Indonesia aya sababaraha museum, tapi hanjakalna museum di Indonesia masih keneh sakedik lamun dibandingkeun jeung negara anu sanes. Aya oge eta sakedik jalmi anu ngadatangan. Padahal datang ka museum tiasa janten cara ngaleungitkeun kapusing. Aya sababaraha jinis museum anu tiasa urang datangan. Mulai ti museum sajarah, museum seni jeung museum anu sanesna, urang tinggal milih sasuai karesep urang. Di museum urang tiasa ningal seeur pisan pameran anu aya di museum. Lamun ka museum sajarah urang tiasa diajar sajarah ku cara anu leuwih resep lantaran urang ningal langsung buktosna. Lamun urang ka museum seni urang tiasa ningal sababaraha karya seni ti seniman anu aralus jeung gaduh seeur nilai jeung carita ditukangeunnana. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "857", "text": "Tina tajongan di juru nu beunang ditangkap, Thibaut Courtois ngamimitian serangan kilat super Belgia. Dina waktu singkat manehna ninggali pergerakan babaturanna nu langsung ngabuka ruang. Lima pamaen Jepang aya di jero kotak pinalti Belgia. Jadina peluang serangan balik terbuka lebar didieu. Courtois teu ngalungkeun bola jauh. Tapi leuwih milih mere ka Bruyne nu lumpat jauh ti kotak pinaltina sorangan. Bruyne tuluy ngagiring bola nepikeun ngaliwatan satengah lapangan. Di sisi katuhuna Munier ngalakukeun sprint di sisi tapi euweuh pamaen Jepang anu ngajagaan. Tuluy Munier ngalakukeun first touch jeung ngadorong bola asup ka jero kotak pinalti. Dorongan bola ti Munier ngarah ka Lukaku. Saenggeus pamaen Jepang katipu ku Lukaku. langsung ditajong ka gawang nu akhirna dinyatakeun Gol.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4175", "text": "Garéja mangrupikeun tempat ibadah pikeun urang Kristen Protestan pikeun komunikasi jeung Tuhan . Salian ti dijadikeun tempat ibadah, wangunan garéja téh boga mangpaat pikeun ngawangun hubungan antara jamaah jeung masarakat nu leuwih lega.Garéja salaku wangunan atanapi struktur diwangun kalayan tujuan utami pikeun ngagampangkeun rapat. Garéja ogé ngabogaan fungsi sosial sareng komunitas anu maénkeun peran penting dina ngabantosan batur. Kecap garéja sorangan asalna tina basa Yunani, nyaéta \"Ekklesia\" anu hartina majelis atawa jalma anu disebut kaluar. Pamakéan salib dina luar wangunan mangrupa ciri pisan has tina hiji garéja. Sajaba ti éta, gereja tradisional biasana mibanda kubah atawa munara di luhureun wangunan. Samentara éta di garéja. ", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "6791", "text": "Ayeuna drama jeung musik ti Korea keur usum pisan janten abdi sering lalajo drama jeung musik k-pop. Lila-lila abdi oge janten panasaran hoyong diajar maca hangeul, aksara Korea. Abdi ngapalkeun hangeul ngan sapoe, teras nyobian cara nyerat hangeul dina buku. Abdi nyobian cara myerat nami nyalira, tapi ternyata teu sagaampang eta oge, aya sababaraha aturan kanggo nyerat hangeul janten hiji kata atawa hiji kalimah. Abdi oge lalaunan diajaf cara maca hangeul anu oge teu sagampang eta. Abdi teras beuki mineng lalajo acara tipi ti Korea teras nyerat anu diomongkeun ku jalmi Korea, teras dipilarian hartina jeung cara nyerat na. Abdi mutuskeun kanggo miluan kelas bahasa Korea anu diayakeun ku Universitas Yonsei ti Korea asli anu ngajarkeun dasar-dasar bahasa Korea nganggo bahasa Inggris.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "3044", "text": "Kewirausahaan gumantung pisan kana kaayaan sosial, ékonomi jeung pulitik hiji nagara. Kaayaan ieu tiasa nyorong iklim sareng tumuwuhna pangusaha anyar sahingga mangaruhan kana ékonomi nagara. Numutkeun majalah CEOWORLD, Amérika Serikat rengking salaku nagara pangsaéna pikeun pangusaha di dunya taun 2020 kalayan skor total 42.88 poin. Jérman nyusul dina kadua sareng Inggris di katilu. Pikeun nangtukeun skor jeung ranking nagara paling wirausaha, majalah CEOWORLD ngabandingkeun data ti 190 nagara sakuliah 6 kategori utama, nyaéta inovasi, daya saing, tanaga gawé terampil, infrastruktur, aksés ka modal, jeung kabuka usaha. Majalah CEOWORLD ogé ngumpulkeun data ti Economist Intelligence Unit (EIU), World Economic Forum, Organization for Economic Cooperation and Development (OECD), U.S. Warta & Laporan Dunya, Déwan Ékonomi sareng Sosial PBB, sareng Bank Dunia.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "6519", "text": "Tilu cara nu dianggap efektif dina ngaleungitkeun rasa stres. Nu kahiji nyaeta lobakeun berpikur positif, ulah nepi ka negatif thinking, komo overthinking mah. Berpikir positif teh bisa nambahan energi positif dina pikiran. Nu kadua nyaeta tidur nu cukup. Tah tidur nu cukup ge bisa ngaleungitkeun rasa stres sabab jam istirahatna tercukupi jeung kerja otak teh terjadwal. Nu katilu nyaeta tenangkeun pikiran, supaya stresna bisa terkendali sabab pikiranna oge bisa dikendalikeun ku diri sorangan. Nu kaopat nyaeta tambahan rasa bersyukur, supaya terus nyukuran naon nu aya jeung teu aya tuntutan nu ngabebanan pikiran. Nu kalima nyaeta nerapkeun gaya hirup sehat, supaha nutrisi nu asup terkontrol jeung semangat dina diri ge meningkat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5779", "text": "Zaman ayeuna mah seueur wahana wisata nu diadaptasi tina olahraga ekstrem. Salah sahiji contona nyaeta wahana panjat tebing. Salian jadi kagiatan olahraga, panjat tebing teh ayeuna mah jadi salah sahiji wisata alam bebas nu nyajikeun tantangan ekstrem ka pengunjungna. Seueur minat masyarakat kana panjat tebing teh, dugi ka seueur nu ngabooking dina media online jiga penyedia jasa trip kitu. Salah sahiji tempat wisata panjat tebing nu terkenal nyaeta gunung Padang, Purwakarta. Salian nyajikeun tantangan, oge nyajikeun pamandangan alam bebas nu endah pisan pas bisa naek dugi ka puncak na teh. Jadi, salian bakal sehat fisik, oge bakal sehat mental mun ngalakukeun olahraga panjat tebing mah.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "3563", "text": "Saloba 15-80 persén masarakat Indonésia ngarasa teu genah hirup babarengan atawa jadi tatangga jeung jalma anu béda identitas. Sikep intoleransi kana jati diri dianggap beuki pikahariwangeun. Ieu kacindekan tina survey anu dilakukeun ku Yayasan Denny JA sareng Komunitas LSI. Hal éta ditepikeun dina konferensi pers di kantor LSI, Jl Pemuda No 70, Jakarta Timur, Minggu.\nSurvei ieu mangrupa survéy nasional di sakumna propinsi di Indonésia ngagunakeun métode random sampling sababaraha tahap. Jumlah réspondén nyaéta 1.200 sareng margin kasalahan ± 2,9 persén. Survei dilaksanakeun ti 1-8 Oktober 2012. Tilu jinis tatangga anu digolongkeun ku LSI nyaéta Syiah, Ahmadiyah jeung homoseksual, anu nampi persentase panolakan anu luhur ku masarakat Indonésia. Saloba 41,8 persén masarakat Indonésia ngarasa teu nyaman hirup babarengan jeung Syiah. 46,6 persén masarakat ngarasa teu genah disarengan ku urang Ahmadiyah jeung 80,6 persén masarakat ngarasa teu genah babarengan jeung jalma anu miboga hubungan sasama jenis (homoseksual). Samentara éta, jalma anu ngaku teu nyaman hirup babarengan jeung tatanggana béda agama éta 15,1 persen.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "3950", "text": "Kampung Kahuripan Cirangkong ayana di padésan, persis tepatna di Désa Cirangkong, Kacamatan Cibatu, Kabupatén Purwakarta. Mata pencaharian utama pendudukna nyaéta tatanén sareng peternakan, janten gumantung pisan kana usum. Ku ayana Wisata Edukasi Désa Kahuripan Cirangkong dipiharep bisa méré mangpaat pikeun dunya atikan hususna dina ngawanohkeun budaya Sunda, ogé méré mangpaat pikeun masarakat sabudeureunana. Desa wisata nu kaasup hidden gems tempat wisata lantara tempat na tersembunyi jeung jauh ti pusat kota, tapi pikihan jeung fasiltas na teu eleh ku tempat wisata liana. Di kampung kahuripan aya outbond, kebonn binatang mini, playground ,mandi bola,ketangkasan anak, saung awi, temapt foto- foto jeung aya tempat renang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "5090", "text": "Dua tips ngamanfaatkeun waktu luang supaya leuwih bermanfaat. Nu kahiji nyaeta olahraga. Tah, kmha baraya sok olahraha tara? mun aya waktu luang, mending urang manfaatkeun jang olahraga. Salian awak urang jadi sehat, olahraga ge ningkatkeun hormon endorfin nu mantak mawa bahagia jeung sumanget. Teu kudu berlebihan kedah ka tempat gym, lakukeun we olahraga ringan jiga jogging atawa work out di imah. Nu kadua nyaeta maca. Mun aya waktu luang, manfaatkeun sakeudeung mah jang maca buku. Kagiatan ieu teh bisa dibilang wahana nambahan elmu supaya tei kudet teuing. Maca buku oge penting jang kahirupan sabab nambahan wawasan jeung pangatahuan urang. Tah ngan sakitu heula baraya nu dibahas dina dinten ayeuna. Sampai ketemu di artikel selanjutna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "865", "text": "Tinju teh salah sahiji olahraga ekstrem nu mindeng ditayangkeun di TV, boh tinju lokal atawa tinju internasional. Tapi sanajan geus kasohor olahraga ieu, urang masih teu ngarti naon nu dipikaresep dina olahraga tinju, nu aya mah beungeut babak belur jeung ngabahayakeun. Soalna urang boga dulur anu resep kana olahraga tinju nepikeun ka ngaleukeunan olahraga ieu, irungna potong jeung pasti weh balikna beungeutna bareureum. Jeung teu satuju olahraga tinju ditayangkeun di TV, kumaha mun diturutan ku budak leutik nu can cukup umurna. Enya oge dikeluarga urang sorangan pada resep nongton tinju, siga bapak jeung lanceuk. Tapi urang mah teu dibere mikaresep olahraga hiji ieu sanajan urang resep olahraga ge.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "7655", "text": "Sumber daya manusa atawa SDM janten faktor anu penting dina ngajalankeun bisnis. Lamun SDM na pinter jeung boga seeur elmu dina bisnis, pasti bisnis urang bakal sukses. Matak teu heran seeur pausahaan anu masihan pelatihan ka pagawena supdos tiasa ningkatkeun elmuna sangkan bisa ngembangkeun bisnis. Salian ti elmu anu cekap, jalmi anu ngalakukeun bisnis oge kedah gaduh sikep jujur. Hal ieu penting pisan lantaran lamun teu jujur geus bisa dipastikeun yen bisnis urang moal lila. Nabi Muhammad kasohor pisan di kalangan padagang Arab salaku jalmi anu jujur. Lamun anjeunna gaduh kakurangan dina daganganna, pasti bakal dibejaan ka anu meser jeung teu sieun rugi.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "8828", "text": "Pernah sakali di sakola kuring aya pelajaran olahraga, teras kuring dititah lari jarak jauh di sabudeureun sakola, kuring henteu resep pisan kana pelajaran olahraga khususna lari, puguh beuki teu resep. Aya hiji waktos kuring dititah lumpat jauh kuring lumpat tapi sok di tukangeun sabab males teu kuat, jadi kuring lumpat lalaunan, tapi pas di tengah jalan karasa aya nu nuturkeun kuring tapi siga euweuh nu nuturkeun kuring. Tuluy kuring umpatna beuki gancang gara-gara diudag ku anjing, untung anjing teu ngegel, tapi ku sabab diudag ku anjing kuring bisa lumpat gancang teu aya di tukangeun ruruntuyan. Untung weh si anjing teh eureun ngudag kuring waktu kuring deukeut gerbang sakola.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8064", "text": "Aya hiji olahraga nu can pati dipikawauh ku masarakat Indonesia. Olahraga eta disebat na anggar. Anggar teh olahraga nu make hiji pakarang, nu aya rupi-rupi na. Aya pakarang nu disebat foil, epee, sareng saber. Pemain anggar kudu nganggo baju sareng masker khusus upami keur maen pikeun ngajagi kaselametan. Pertarungan anggar teh dilakukeun diluhur alas nu disebat strip atanapi piste nu panjangna kira-kira opat belas meter tur lebarna dua meter. Pakarang unggal pemain teh disambungkeun sareng tali ka mesin penilaian skor nu tiasa hurung upami aya pemain nu menang skor. Pemain menangkeun poin upami pakarangna tiasa ngebenangkeun awak satruna. Pemain nu tiheula menangkeun lima belas poin dinyatakeun menang.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "1157", "text": "Gawe kantoran identikna oge jeung meakeun ampir kabeh waktu di hareupeun laptop atawa komputer di meja urang. Sapopoe ngalakukeun pagawean pastina aya efek samping. Siga mata atawa punduk jeung tonggong ieu mah geus pasti aya rasa cangkeul jeung cape. Ku sabab kitu biasana urang sok istirahat pas balik kantor tara kamamana deui, tuluy pas poe libur sanajan cape sok ngusahakeun jang nyempetkeun waktu olahraga. Mindeng oge tina sabulan sakali sok manggil tukang mencet jang mencetan awak soalna meh awak bugar deui jeung bisa diajak gawe deui. Mun keur jam istirahat kantor oge usahakeun jang ngagerakeun awak ngameh teu diuk wae, nya minimal per sajam atawa dua jam urang cengkat dina korsi.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "8117", "text": "Kusabab pemerentah mulai nyetop siaran tv analog, masarakat diimabu mulai make tv digital. Upami teu tiasa meuli tv digital tiasa oge nyetting tv analog janten tiasa lalajo tv nganggo alat nu ngarana STB atanapi Set Top Box. Cara masang STB teh gampil. Kahiji urang meuli heula STB na, disarankeun meuli STB nu geus aya sertifkasi ti Kominfo supados tiasa digunakeun sareng fungsina optimal. STB na ge kudu nu ngadukung Digital Video Broadcasting, nyaeta nu tipe second generation terestrial, sanes nu satelit, kabel, atanapi internet protokol. Teras sambung kabel antene ka STB. Sambungkeun kabel RCA ka STB.Di tv analogna pilih mode AV. Teras pencarian saluranna pilih nu pencarian otomatis tur simpan.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "3562", "text": "Kumaha Ngungkulan Gangguan Tatangga\r\nLamun tatangga ngalakukeun hal-hal anu matak ngaganggu, éta hadé pikeun ibu-ibu tetep sabar. Tah, saleresna Ibu-ibu masih kenging ditegor, tapi ku cara anu sae. Langkung sae upami gangguan diganjar ku kahadean.\r\n1. Hindarkeun Ngobrol Panjang Teuing jeung Teu Penting\r\nAdab tatangga satuluyna nya éta ulah ngobrol panjang, utamana lamun ngabahas hal-hal anu teu pati penting.\r\nSabenerna mah hirup jadi tatangga teu bisa dipisahkeun jeung silih omongkeun, Bu. Tapi obrolanana ulah panjang teuing. Ieu teh demi kahadean, saperti ngajauhan gogorowokan atawa gogorowokan ka pihak sejen anu bisa ngabalukarkeun fitnah jeung sajabana.\r\n2. Hapunten Kasalahan Biantara\r\nNalika tatangga ngahaja ngucapkeun kecap anu nyinggung, anjeun kedah ngahampura aranjeunna. Sabab bisa jadi hiji mangsa Ema ogé bakal ngalakukeun hal nu sarua ka tatangga, disadari atawa henteu. Nyepeng dendam ogé teu dianjurkeun dina Islam. Sabab bisa ngakibatkeun hatena ngabahayakeun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "2834", "text": "Seueur rumah sakit di Indonésia anu ngagunakeun téknologi nuklir salaku alat pikeun ngadiagnosa sareng ngubaran panyakit. Hiji conto nyaéta terapi iodin.\r\nBidang pengembangan tutuwuhan:\r\nDina ayana radiasi nuklir, tutuwuhan bisa meuntas. Hiji conto nyaéta cross antara lobak jeung kol. Jadi turnips jeung kol duanana mibanda dua sét kromosom nu jumlahna sarua (18 kromosom). Sabada meuntas, dipiharep boga anak anu subur. Tapi naon anu dihasilkeun tinimbang steril. Sanggeus kakeunaan radiasi, crosses tumuwuh subur tur mibanda opat sét kromosom. Widang séjén:\r\nloba. Téknologi nuklir (isotop) tiasa ngukur debit cai, ngukur umur fosil, ngadeteksi panyakit, nguji bocor dina pipa, sareng seueur deui. Hanjakal, di Indonésia, nuklir teu bisa dipaké dina sektor énergi.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2655", "text": "Badminton dikuasai ku nagara-nagara di Asia kusabab kamekaranana anu kuat sareng dukungan (dana) anu ageung ti pamaréntah pikeun terus mekarkeun ieu olahraga. Ieu sanés kasus di nagara Éropa anu langkung difokuskeun kana ngembangkeun olahraga anu langkung populer sareng ngahasilkeun medali di Olimpiade.\r\nBakat Fisik Kamekaran olahraga badminton internasional nepi ka kiwari nunjukeun yen urang Asia sigana boga ciri fisik has anu nguntungkeun pikeun ngudag tingkat luhur maén badminton. Sacara umum, urang Asia ngagaduhan rupa-rupa gerakan sareng ketangkasan anu ngamungkinkeun aranjeunna ngawasa olahraga sareng ngahontal tingkat prestasi anu luhur. Kalawan bakat fisik ieu, pamaén di buana ieu dina waktu anu singget bisa ngamekarkeun kaulinan maranéhanana ka tingkat nu pangluhurna. Tangtosna, faktor sanés sapertos kamampuan, tekad, sareng kasempetan ogé gaduh pangaruh.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "7198", "text": "Tanpa urang sadari di pandangan masarakat, tokoh-tokoh adat anu paling dipikahormat tur pantes diconto. Realitas anu aya di masarakat, pamingpin tradisional dianggap gaduh karisma sorangan anu bisa jeung mampuh ngarobah karakter, sudut pandang, nepi ka tingkah laku hiji jalma jadi leuwih alus. Patali jeung Pilkada langsung anu dilaksanakeun di Kabupaten Sabu Raijua, partisipasi masarakat jeung pilihan pulitik masarakat teh teu tiasa leupas tina peran tokoh adat dina ngaoptimalkeun masarakat sangkan milu aktif dina Pilkada langsung. Tokoh adat boga peran dina ngajakan masarakat di daerahna pikeun sangkan miluan dina kagiatan pulitik saperti pemilihan umum kepala daerah. leuwih husus ngeunaan kumaha partisipasi pamilih masarakat dina mere hak pilihna ka salah sahiji pasangan calon.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "4558", "text": "Basa asian games 2018 urang sakulawarga resep pisan mantengan tv unggal poe rek nongton pertandingan pertandingan olahraga anu di siarkeun, pang resepna bareto urang nongton pertandingan balap sapedah. Komo pertandingan balap sapedah keur eta asian games 2018 teh tandingna startna di subang naepi ka purwakarta, eta teh jalan na ngaliwatan hareup imah. Jadi weh pertandingan eta jadi pertandingan anu urang moal bakal poho jeung berkesan pisan. Urang nongton bari jejeritan ngagorowokeun indonesia sisi jalan bari mawa bandera ningalikeun para atlet ti loba negara ngaliwat hareupeun mata. Urang bersyukur pisan pernah ngalaman momen eta, momen nu moal bakal bisa di ulang jeung momen anu bersajarah anu bisa di caritakeun. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "486", "text": "Mandi saacan solat Idulfitri kaasup amalan sunnah nu dianjurkeun dilakukeun pas lebaran. Mandi ieu beda jeung mandi wajib atawa junub nu dilakukeun jang ngaberesihkeun hadas gede. Cara mandina teh, nu kahiji maca niat mandi saacan solat Idulfitri. Nu kadua pas guyuran mimiti, kudu ngalafalkeun niat dina jero hate. Tuluy dilanjutkeun ngawasuh sadaya anggahota awak ti luhur nepikeun ka handap make cai anu suci. Heulakeun ngaguyur anggahota awak bagian katuhu. Saenggeus beres karek ngaguyur anggahota awak bagian kenca. Gosok oge bagian awak anu nilep, ngameh kabeh awak kakeunaan cai. Saenggeus eta, tuluykeun mandi siga biasana ku ngumbah beungeut, ngagunakeun sabun, sampo, sikat gigi, jeung saterusna.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4470", "text": "Olahraga jogging jadi salah sahiji karesep urang lamun olahraga ti leuleutik. Soalna urang keur leutik biasa sok di ajakan ku aki leleupangan olahraga lamun isuk- isuk leuleupangan na nya bia kamana wae. Biasana aki lamun ngajakan jogging atawa leuleupangan teh bisa ka pasar bari engke balikna meuli jajaneun keur sarapan bisa meuli sorabi, bubur jeung sala rupa kueh atawa bisa ngajakan ka kebon metikan kembang. Tah ti dinya urang muali kabiasa resep jogging nya teu unggal isuk bisa abtu atawa minggu. Jogging oge jadi loba olahraga karesep batur da teu di waktu bebas jeung bisa suai kabutuhan jogging oge olahraga nu gratis asal daek jeung rajina hungkul. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "3592", "text": "Kumaha carana nyalametkeun diri upami anjeun nyanghareupan bahaya nalika ngalakukeun kagiatan di alam liar.\r\n1. Ati-ati jeung sato galak\r\nTeu bisa dipungkir, sabada ngumbara di alam, urang bakal tatangga langsung jeung rupa-rupa sato galak. Inget naha maranéhna disebut sato liar, pernah nyoba ngadeukeutan ka aranjeunna. Serangan ti sato galak sapertos macan tutul, macan tutul, celeng, sareng sato sanésna jarang pisan, tapi sanés hartosna éta henteu tiasa kajantenan.\r\n2. Tetep Tenang jeung Jieun Plan a\r\nPanik bakal gampang pisan datang nalika anjeun sareng sadaya anggota grup anjeun mimiti sadar yén anjeun kaleungitan jalan, alias leungit. Tapi anjeun kedah émut sacara saksama yén hal anu penting pikeun dilakukeun dina kaayaan sapertos kitu nyaéta nyobian tetep tenang. Panik bakal ngajadikeun anjeun nyandak léngkah-léngkah anu teu ati-ati anu tiasa ngajantenkeun kaayaan langkung parah. Eureun perjalanan, sareng cobian tetep tenang, supados pikiran anjeun tetep jelas pikeun ngadamel rencana supados anjeun tiasa kaluar tina kaayaan anu leungit.\r\n3. Coba Tetep Katingali\r\nNaha saragam kelompok pecinta alam atanapi tim SAR gaduh warna anu mencolok? Tangtosna, supados tiasa katingali nalika ngalakukeun kagiatan di alam liar, supados nalika aya kaayaan anu goréng, contona aya anggota anu leungit, bakal langkung gampang mendakan korban.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5456", "text": "Senjata tradisional khas tanah Pasundan, Jawa Barat nyaeta kujang. Kujang mimitina dipake jang ngalawan musuh oge jang simbol identitas karajaan. Istilah \"kujang\" asalna tina kudihyang nu artina senjata sakti nu ngagaduhan kauatan ghaib nyaeta para Dewa atawa Dewi. Kujang mimiti dijieun abad ka 8 atawa 9. Bahan dasana nyaeta beusi, baja, jeung pamor. Kujang panjangna bisa 20 nepi ka 25 cm. Beuratna sorangan ngan sakira 300 gram. Umumna kujang ngabogaan sisi seukeut jeung nu sejenna jiga papatuk/congo (ujung kujang nu ngarupa panah), eluk/silih (lekukandina tonggona senjata), tadah (lengkungan dina bagean eusi atawa beuteung) jeung mata (liang leutik nu ditutupan ku logam alami jeung perak). ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "4731", "text": "Lamun urang hayang asup di gawe jadi pagawe kantoran syarat utamana urang kudu bisa komunikasi anu hade, etateh di perlukun pisan kusaba urang lamun di kantor pasti butuh komunkasi jeung batur. Dina dunya pagawean, komunikasi mangrupa unsur anu penting pisan pikeun ngaronjatkeun motivasi diri dina pagawean. Komunikasi anu alus bisa mangaruhan hiji jalma pikeun leuwih aktif di tempat gawe salian ti eta lamun urang di gawe kantoran urang teh kan moal bisa di gawe sorangan, urang pasti butuh batur keur kerja sama boh tina babaturan anu posisi na sarua atawa beda beda posisi, kusabab posisi pagawean di kantor sarua penting na jeung saling kahubung hiji jeung anu sejena.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "6482", "text": "Dina ngajalani kahirupan teh urang teu apal naon nu bakal kajadian ka hareupna. Sagala hal dina kahirupan teh teu bisa diprediksi sabab geus aya alur caritana sorangan. Mantakna, dina ngajalani kahirupan teh kudu nyiapkeun sagala hal kalayan hade, supaya bisa diusahakeun jeung hasilna sasuai jeung kahayang. Kitu oge dina ngajalani proses kahirupan teh kedah pisan nyiapkeun dana darurat. Mun geus boga tabungan dana darurat mah minimal gaduh cecepengan jeung masa darurat atawa masa sulit, jadi teu kudu unjam-injeum ka mana daek. Yuk biasakeun nabung jeung dana darurat supaya teu kateteran mun aya kajadian teu terduga teh, oge supaya teu nginjeum duit ka batur!", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "8059", "text": "Siswa didorong pikeun ilubiung dina kagiatan ekstrakurikuler olah raga di sakola sabab loba mangpaat anu dipiharep tina kagiatan ieu. Kagiatan olah raga ekstrakurikuler di sakola ngabantuan siswa pikeun aktip sarta rutin olah raga. Ieu tiasa ningkatkeun kasehatan fisik sareng ngabantosan nyegah panyakit anu aya hubunganana sareng gaya hirup anu teu sehat. Kagiatan olah raga ekstrakurikuler di sakola ngamungkinkeun siswa diajar sarta ngamekarkeun kaahlian dina olahraga nu tangtu, kayaning baseball, basket, atawa futsal. Murid tiasa diajar teknik dasar sareng ningkatkeun kaahlianna kalayan latihan rutin. Ku ilubiung dina kagiatan ekstrakurikuler olah raga, siswa bisa leuwih percaya diri jeung mekarkeun rasa percaya diri dina bersaing atawa bersaing jeung jalma sejen.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "39", "text": "Buah-buahan teh salah sahiji sumber serat makanan nu alus pisan jang awak. Mangpaat dahar buah unggal poe bisa mantuan ngajaga kasehatan usus, nyegah kabebeng, jeung masalah padaharan. Kabiasaan dahar asupan gede serat oge bisa ngurangan resiko kanker usus. Salian ngajaga kasehatan padaharan, dahar kadaharan berserat oge ngabantuan nurunkeun kadar kolesterol jahat di jero awak. Alasan dahar buah unggal poe nyaeta bisa ngajaga beurat awak. Buah kaasup rendah lemak jeung kalori. Asalkeun, henteu dikonsumsi dina bentuk kiripik, gorengan, atawa di jus anu ditambahan ku gula. Buah oge loba asupan nu gede vitamin jeung mineral. Sababaraha nutrisi nu penting dina buah-buahan di antarana vitamin A, B, B1, B6, C, jeung kalium.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "978", "text": "Make robot sapu jang ngaberesihkeun tangtuna leuwih hemat tanaga jeung waktu, sabab robot sapu ngagunakeun teknologi navigasi jeung teknologi vacuum salaku sistem nu ngajalankeun fungsina. Urang cukup neundeunna dina lantai, tuluy robot ieu bakal gerak jang ngaberesihan lantai tina kakebul. Hal ieu bakal ngahemat pisan tanaga jeung waktu. Urang oge jadi bisa ngagawean pagawean sejen. Sababaraha robot sapu oge geus dirojong fitur nu bisa dikontrol ngaliwatan smartphone. Salian ti eta, nu leuwih alusna tina robot sapu teh nyaeta geus mibogaan kamampuan jang ngecas sacara otomatis jeung balik deui gawe luyu jeung pengaturan. Tuluy bisa diatur oge jadwal robot jang ngaberesihkeun imah. Ku kituna teu kudu deui hariwang imah bakal kotor pas urang indit-inditan, sabab robot bakal gawe sacara otomatis.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "1568", "text": "Nginum cai embun nu aya di daun. Embun biasana aya pas keur isuk-isuk, kumpulkeun embun ku cara ngusap kaen nu beresih ka daun. Tuluy cokot wadah jeung peureut kaen eta. Cara ieu emang butuh kasabaran jeung waktu. Jeung kudu diinget, ulah nyokot embun dina tangkal anu aya racun atawa di tempat anu lungkawing, kudu diutamakeun kasalametan. Gunakeun plastik jang ngarangkap cai di tatangkalan, cara ieu urang cukup teangan tangkal anu teu luhur teuing, cokot daun tuluy asupkeun kana plastik, tuluy talikeun bagian juruna. Tangkal ngahasilkeun cai tina proses transpirasi di isuk nepikeun ka sore. Kudu dimangpaatkeun momen ieu ulah nepikeun kaliwat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4001", "text": "Puncak adalah nama sebuah daerah wisata pegunungan yang termasuk ke dalam wilayah Kabupaten Bogor dan Kabupaten Cianjur. Daerah ini sudah sangat terkenal baik bagi wisatawan domestik maupun wisatawan mancanegara. Daerah ini dikenal sebagai tempat peristirahatan penduduk kota Jakarta dan sebagai daerah perkebunan teh yang dibangun oleh pemerintah kolonial Belanda yang kini merupakan Perkebunan Teh milik PT Perkebunan Nusantara VIII Gunung Mas. Keindahan daerah ini memukau Presiden Soekarno, sehingga ia membangun sebuah restoran untuk menikmati keindahan alam Puncak, yang kemudian diberi nama Restoran Riung Gunung. Selain itu, terdapat juga tempat-tempat rekreasi dan. agrowisata yang indah, antara lain Perkebunan Teh Gunung Mas dan Gantole (Paralayang).Di daerah Puncak juga terdapat berbagai tempat wisata menarik diantaranya Taman Safari, Kebun Bunga, dan terdapat sebuah Masjid yang indah dengan arsitektur yang khas dan sederhana yaitu Masjid Atta'awun. Di daerah ini juga terdapat banyak sekali villa-villa dan hotel yang dimiliki oleh warga sekitar untuk tempat beristirahatnya pengunjung.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4170", "text": "Dina ngalaksanakeun kawajiban ibadah ka Gusti Nu Maha Suci, butuh nu ngarana tempat atawa imah ibadah anu diwangun pikeun nyukupan kabutuhan spiritual umat beragama. Tujuanana pikeun ningkatkeun kahirupan spiritual para penganut agama ieu, jeung bisa jadi tempat komunikasi sosial tur diskusi dina kagiatan kagiatan hade. Loba organisasi organisasianu di jieun terus mere loba mangfaat masarakat nu di imah ibadah. Sabagé fasilitas penting, tempat ibadah téh jadi prioritas utama sangkan kanyamanan masarakat dina ibadahna terjamin. Imah ibadah mangrupa sarana kaagamaan anu penting pikeun pemeluk agama di hiji tempat. Salian ti fungsina salaku simbol ayana umat beragama. Indonesia ngabebaskeun masakaratna meluk agama naon wae, jadi aya loba tempat imbdah ti sagala agama anu boga maknana masing masing.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "598", "text": "Kadaharan khas daerah kaasup salah sahiji kabeungharan kebudayaan Indonesia nu kudu dimumule. Ku diajar ngeunaan kadaharan daerah bakal mantuan ngamumule kabudayaan bangsa Indonesia. Sabab loba mangpaat diajar kadaharan daerah, di antarana bisa leuwih ngahargaan kabudayaan bangsa Indonesia jeung ngamumulena. Oge bisa nambahan elmu ngeunaan kadaharan oge rasana. Ditambah bisa ningkatkeun rasa nasionalisme jeung reueus jadi rahayat Indonesia. Contona bisa ngawanohkeun kadaharan khas daerah ieu ku cara nyieunna babarengan. Emang riweuh, tapi dina masak babarengan jeung kolot bakal aya rasa deukeut jeung bisa belajar loba hal. Kumaha wae ge cara diajar nu alus teh nya ku mere kasempetan ngalakukeun eta. Lamun geus dikuasai jeung bisa nyieunna tangtuna bakal aya reueus.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "8001", "text": "Salah sahiji pataungeun nu jadi favorit mahasiswa di daerah Dramaga nyaeta Chick n Tea. Resto ieu ngaical hayam goreng, lauk dori, sareng minuman pokokna kagolong restoran cepat saji. Resto ieu jadi favorit mahasiswa kusabab menu na nu rupa-rupi sareng pangaos nu kahontal. Ti mimiti harga Rp15.000 konsumen tiasa menangkeun sakeureut hayam, sakeupeul sangu, sareng teh manis ditambih ku sambel cocoleun. Outletna nu seueur ngagampilkeun oge upami bade mesen atau meuli patuangeun di ieu resto. Nanging kirang direkomendasikeun upami dahar ditempat mah kusabab biasana outletna leutik sareng sueuer ku nu meuli. Teras teu unggal outlet nyayogikeun tempat parkir janten lewih direkomendasikeun meuli online lewat aplikasi.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "8014", "text": "Jeruk teh salah sahiji buah nu seueur manfaatna, sapertos sumber vitamin. Vitamin nu seueur dikandung di jeruk teh nyaeta vitamin C. Vitamin C ngagaduhan kagunaan kanggo nurunkeun radikal bebas diawak. Radikal bebas teh biasana muncul ti pola hidup nu teu sihat, sapertos ngarokok tur lingkungan nu berpolusi. Vitamin C oge tiasa ngabantu ngabenerkeun jaringan awak nu rusak sapertos sariawan atawa radang. Salian seueur ku vitamin C, jeruk oge rendah karbohidrat nanging kandungan seratna seueur. Kandungan serat nu seueur alus kana ngalancarkeun pencernaan. Salian didahar langsung, jeruk tiasa oge dijieun jus atawa salad buah janten arurang teu bosen upami ngadahar ieu buah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "8017", "text": "Aya hiji tempat nu tiasa dijadikeun spot sunrise caket ti Kota Bandung, namina nyaeta Tebing Keraton. Tempat ieu teh aya na di Dago Pakar kira-kira jarakna 45 menit ti Kota Bandung upami numpak motor. Akses ka tempat ieu kasebat gampil kusabab caket jeung kota sareng saleresna caket imah penduduk. Perjalanan upami nuju ka tempat ieu teh lolobana mah kebon-kebon sareng imah wargi, nanging upami tos nepi Tebing Keraton na pamandanganna endah pisan. Ti tempat ieu arurang tiasa ningali sun rise ti luhureun Kota Bandung nu dikurilingan ku gunung-gunung kapur. Upami dongkap ka tempat ieu wayahna kudu dongkap isuk-isuk kusabab sok rame ku jalmi komo mun poe libur sapertos weekend.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "7097", "text": "Kanggo wargi Bali boh pamarentah desa boh pamarentah propinsi ngayakeun upacara ngaben masal anu ditujukeun pikeun kulawarga anu kirang mampu sangkan awak karuhunna bisa disucikeun atawa dibersihkeun luyu jeung ajaran agama Hindu. Ku kituna, Upacara Ngaben moal salawasna dilaksanakeun sarta teu bisa diprediksi. Tujuan tina upacara Ngaben nyaeta pikeun ngagancangkeun Ragha Sarira sangkan balik deui ka asal-usulna, nyaeta panca alam maha buthadi jeung supaya atma bisa gancang indit ka alam Pitra. Dasar filosofis Ngaben sacara umum nyaeta lima sradha atanapi lima kerangka dasar agama Hindu, nyaéta Brahman, Atman, Karmaphala, Samsara jeung Moksha. Ngaben sacara husus dilaksanakeun sabab mangrupa wujud rasa kanyaah ka karuhun jeung bakti anak ka kolotna.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2715", "text": "Olah raga ibarat investasi, hasilna moal langsung katingali, utamana mun keur ngora, tapi pikeun jalma anu geus siga kuring (Sensei mah umurna pertengahan 40-an), anjeun bakal nempo mangpaat olahraga, nu paling basajan nyaéta. najan loba dahar mah tetep ngan beuratna ngan naek 1-2 kilo tuluy turun deui sakilo; basa sakelas kuring mimiti asup ka rumah sakit kusabab koléstérol, asam urat malah aya anu kaserang diabetes, memang aya panyakit anu kadang-kadang teu tiasa dihindari sapertos kanker, tapi dugi ka ayeuna kuring ngan ukur nginum obat demam-flu-batuk. Otot mah kudu dilatih jeung dibiasakeun obah,teu resep olah raga,tapi da sehat,kusabab baheula mah sagalana sorangan,jadi maksa kuring pindah,contona beberesih 2 imah jeung nyeuseuh sorangan. mobil, repairing imah sorangan, geus hasil mawa kuring kaliwat umur kuring sirah 6 sarta tetep cageur.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4207", "text": "Lagu-lagu daerah miboga lirik numutkeun basa daerah anu bersangkutan jeung bernuansa kearifan lokal. Lagu-lagu tradisional mindeng ditembangkeun sacara individu atawa dibarengan ku tradisi di wewengkon eta. Henteu ngan kitu aya sababaraha lagu daerah anu geus kasohor kusaba sering asup dina tv jeung di jadikeun laku barudak,Urang salak warga indonesia kudu wajib ngamumule lagu daerah na, sanajan heunteu kabeh kusabab loba teing tapi sahenteuna lagu daenah dina wewengkon sorangan ku apal yen teu ngerakeun teuing. Urang teh kudu na reueus yen budaya jeung kasenian indonesia teh loba pisan eta teh pikeun bekel anak incu urang kahareup na sangakn bisa keneh tetep apal jeung milu bagga miboga bangsa anu gede jeung loba kasenian di unggal provinsi dina unggal wewengkona. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "3992", "text": "Yogyakarta mangrupakeun daerah wisata no 2 nu terkenal jeung loba di kunjungi saenggeus bali. Di yogta loba tempat wisata nu bisa di datangan ti tempat wisata sejarah saperti candi borobudur, candro prambanan heung babaraha museum saperi museum pintar taman baca jeung sajabana.Yogya oge boga karajinan sentra batik nu terkenal, urang bisa ningali proses nagajieun batik ti nyirun pola nepi ka ngabatik make canting jeung malam. Soal masakan atawa dahareun yogya oge salah sahiji harta karun loba dahareun enak jeung murah didieu, harga harga dahareun di yogya sabab nyesuaikeun kanu meuli rata rata mahasiswa. Sebutan kota pelajar emang bener bener cocok keur yogya. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "946", "text": "Cara nyeuseuh di mesin cuci dua tabung. Nu kahiji asupkeun pakean ka jero mesin cuci. Biasana tabung jang nyeuseuh mibogaan ukuran saeutik leuwih gede tina tabung jang ngagaringkeun. Nu kadua eusian tabung jang nyeuseuh ku cai nu sacukupna. Nu katilu tambahkeun detergen, bisa oge tambahkeun pelembut atawa jang nyeungitkeun pakean. Nu kaopat gunakeun siklus nyeuseuh saluyu jeung jenis pakean nu keur di seuseuh. Nu kalima mun geus beres kaluarkeun cai tina tabung. Nu kagenep eusian deui tabung jang nyeuseuh ku cai nu beresih. Nu katujuh pindahkeun pakean nu geus rengse di beresihkeun ka jero tabung jang ngagaringkeun. Nu terakhir tinggal kaluarkeun pakean tuluy poe di handap panon poe.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5421", "text": "Salah sahiji tradisi wajib jang katurunan Jawa nyaeta Tedak Sinten. Tradisi ieu dilaksanakeun mun orok geus nincak usia tujuh bulan. Tahapan upacarana nyaeta nu kahiji aya nincak jadah tujuh warna. Jadi, si orok teh sukuna ditincakkeun kana jadah tujuh warna. Nu kadua nyaeta naek tagga tina tiwu, tujuanna supaya bisa gigih dina ngagapai cita-cita. Nu katilu nyaeta turun tina tangga jang leumpang dina pasir. Nu kaopat nyaeta asup kana jero kurung, tujuanna supaya bisa hirup di masyarakat luas kalayan bisa nyasuaikeun diri. Nu kalima nyaeta nyebar undhik-undhik, atawa nyawer acis logam jeung beas nu diwarnaan rupa-rupa. Nu kagenep nyaeta diibakan ku cai siraman kembang setaman. Tuluy nu teakhir nyaeta dipakean acuk nu sae.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "7918", "text": "Hiji poe pas kuring nuju istirahat di imah, abdi kagandengan ku sora tatanggi anu keur paguntreng. Asalna mah abdi teu pati paduli, tapi beuki lila beuki gandeng. Abdi panasaran pisan aya naon, lantaran panasaran abdi langsung ningal ka luar. Epekteh di luar aya ibu-ibu anu nuju paguntreng, ceunah mah pedah barudakna aya nu nyandak duit gaduh rerencanganna, lantaran teu tarima, mamahna ieu langsung nyeseulan budak anu nyandak duit, epekteh teu lila mamahna nu nyandak duit eta teu tarima budakna diseuseulan ku batur. Manehna teu apal masalahna kumaha jadi weh kalahkah paguntreng di hareupeun imah ditingal ku seeur pisan tatanggi anu sanes. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "7169", "text": "Oleh-oleh anu paling kasohor di Garut nyaeta dodol. Dodol aya seeur pisan jenisna, tapi sadayana gaduh proses nyieun anu sarua.Kahiji, panas cai dina panci nepi ka kulub, lajeng nambahkeun gula jeung uyah kana cai nu ngagolak, aduk nepi ka gula larut. Salajengna, tambahkeun tipung beas jeung aci jagong kana cai, aduk nepi ka rata. Tambahkeun santan, aduk nepi ka sadayana rata. Tambahkeun bumbu bari diaduk nepi ka rata. Masak nepi ka adonan heuras tur robah warna ka warna emas. Angkat jeung tuang campuran kana loyang anu tos diolesan minyak. Pipihkeun adonan tinggalkeun pikeun sababaraha jam sina teuas. Potong dodol nurutkeun ukuran anu dipikahoyong.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "2813", "text": "Naha robot bakal ngagentos sadaya padamelan manusa ka hareup? aya babaraha [enda[at ti ahli jeung Kemenpan RB\nJawaban kana patarosan éta paling dipikaresep enya. Upamana waé para PNS. Tapi, ieu diwatesan ku tugas administrasi anu saméméhna dipigawé sacara manual ku staf PNS. Ieu hadé ngomong salaku mindahkeun peran ti ngagantian peran. Staf PNS anu biasana ngalakukeun pagawéan administrasi sacara manual tiasa ngalih ka tugas-tugas tambihan anu langkung ageung anu tiasa masihan kauntungan anu langkung luhur pikeun organisasina, anu henteu tiasa dilakukeun ku bot calakan. Bot calakan tiasa disewa pikeun ngalakukeun padamelan manual ku cara anu langkung gancang sareng langkung gampang, dimana staf manusa tiasa difokuskeun hal-hal sanés. .", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8269", "text": "Nilik kana babandingan jumlah pangusaha di nagara maju jeung jumlah pangusaha di Indonesia teh, wajar wae upami laju pertumbuhan ekonomi di Indonesia teh masih keneh laun. Ku kituna, perlu ditanamkeun sumanget wirausaha ti leuleutik di masarakat Indonesia hususna generasi ngora. Lamun ditilik tina aspek ekonomi, populasi Indonésia ayeuna teu sabanding jeung kasempetan gawe anu aya. Hayu urang Wiraswasta. Satemenna upama nilik kana kewirausahaan, siga wirausaha urang kudu jadi individu anu wani nanggung resiko di tengah-tengah kaayaan anu \"nyaman\" ayeuna nuju aya parobahan. Generasi ngora salaku Generasi nu tiasa ngarobah kudu dibimbing ti leuleutik pikeun mekarkeun kapamingpinanana, hususna dina widang wirausaha.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "9482", "text": "Liburan ka kampung halaman sareng kulawarga nyaeta perjalanan atanapi angkat ka tempat asal atanapi angkatna hiji jalma sareng kulawargana nganjangan tempat asal kalahiran. Biasana, jalma-jalma pada liburan ka kampung halaman sareng kulawargana pikeun ngariung sareng kulawargana anu cicing di eta tempat, atanapi nganjang ka tempat-tempat bersejarah atanapi ngaraosan suasana padesaan anu sepi tur jauh tina bising kota. Nalika liburan ka kampung halaman, biasana jalma-jalma bakal nyeepkeun waktos sareng kulawargana, ngobrol, ulin, sareng ngariung di bumi atanapi di tempat-tempat anu terkenal di kampung halamanna. Liburan ka kampung halaman sareng kulawarga oge mangrupikeun kasempetan anu sae pikeun ngajak murangkalih atanapi incu-incu pikeun langkung kenal sareng kulawarga anu sepuhna, sareng tiasa terang ngeunaan budaya sareng tradisi kulawarga.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4944", "text": "Salah sahiji hayam geprek karesep kami nyaeta hayam geprek bebas. Hampir unggal poe kai meulia wae hayam geprek bebas. Rasana ngeunah pisan, terus lada na oge bisa sakahayang urang. Biasana kami mah mesen nu lima belas cabe. Seuhah pisan pokok na mah mantak cenghar. Kami biasa meuli haa geprek bebas di outlet nu aya di Jatinangor. Mun keur iinditan ka daerah kampus sejen ge kami mah sok neangan na pasti geprek bebas. Hayam geprek na gede pisan, mantak wareg soranganeun mah. Kami biasana ngadahar hayam geprek bebas dibungkus jang didahar di kostan. Saenggeus nuang geprek bebas, biasana kami nginum susu bodas supaya ladana bisa luntur.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5436", "text": "Lagu daerah ngusung tema nu rupa-rupa, misalna ieu hiji lagu nu ngusung tema unik nyaeta ngeunaan dahareun. Judul laguna nyaeta Peuyeum Bandung. Lagu ieu teh mangrupakeun lagu daerah Jawa Barat. Lagu Peuyeum Bandung diciptakeun ku Sambas Mangundikarta, saorang seniman asal Bandung. Lagu ieu dipopulerkeun ku penyanyi taun 80-an nyaeta Nining Meida. Lagu ieu nyaritakeun hiji kadaharan khas Bandung nu jadi kaseneng masyarakat, nyaeta peuyeum sampeu. Peuyeum sampeu atawa tape di Bandung katelah sabab rasana nu amis jeung bentukna nu ngagelempeng weuteuh. Kadaharan ieu teh kawentar kamana-mana. Ku kituna, diciptakeun lah lagu ngeunaan ieu dahareun nu kacida populerna ti baheula nepi ka ayeuna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "30", "text": "Loba dahareun nu ku urang pikaresep. Utamana dahareun nu aya kuah na nu ku urang paling pikaresep teh. Salah sahijina nyaeta Mie Bakso. Tapi eta oge teu kabeh mie bakso, urang leuwih resep mie bakso China, anu bakso na teh laleutik lain nu garede. Pernah saberes renang, jeung kaayaan hujan ngaririncik urang ka salah sahiji mie bakso anu aya di Jalan Veteran, ngaranna Mie Bakso Campur Bungsu, tapi urang biasana sok nyebut mie bakso lobak. Geus biasa pesen anu jumbo, padahal mah nu jumbo euweuh dina menu. Ngan urang ngahaja sok pesenna nu jumbo. Tukang mie na oge geus apaleun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "2354", "text": "Imah adat Mbaru Niang mibanda struktur tihang utama dijieunna tina kai worok, papan lantai dijieunna tina kai Medan, sedengkeun balok wangunan imahna maké kai Uwu. Pigura hateup imah dijieunna tina awi, aya nu dijieun tina kai ukuran 1 cm, nyaéta kai kentil. Prosés ngawangun imah PSK ieu dimimitian ku nempatkeun tihang utama di lantai dasar anu diasupkeun kira-kira 1,50 nepi ka 2,00 méter kana taneuh. Sangkan tihang utama henteu gancang ruksak, tihang ieu ditutupan ku serat lontar. Lantai dasar imah ieu wangunna siga panggung, jangkungna kira-kira 1,20 m ti tingkat taneuh. Lantaran langka jeung unikna, imah adat Mbaru Niang dilélér ku UNESCO Asia-Pacific Awards for Cultural Heritage Conservation. Ieu pangajén pangluhurna dina widang konservasi cagar budaya taun 2012.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "8013", "text": "Cabe salah sahiji bahan nu biasa dianggo di masakan Indonesia. Saleresna cabe teh kagolong ka buah kusabab asalna tina kembang nanging masarakat lewih apal ari cabe teh sayuran. Tangkal cabe teh rupi-rupi jangkungna aya nu ngan 30 cm-an aya oge nu nika 1 meter. Umumna tangkalna warna hejo, batangna leutik, sareng daun na hejo menyirip. Kembang cabe teh warnana bodas bersih ari cabe ngorana warna hejo ngora, beureum upami cabena tos kolot tur siap dipanen. Aya oge cabe nu warnana hejo kasebutna cabe hejo tergantung jenis-jenisna. Melak cabe teh lumayan hese kusabab gampil kaserang panyawat atanapi gagal panen. Kusabab eta cabe biasana sok awis upami diical. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "6753", "text": "Kareta api minangka sarana transportasi wisata kantos janten salah sahiji pilihan utama wisatawan. Kareta nawiskeun kanyamanan sareng kaamanan anu teu aya tandinganana. Sajaba ti eta, kareta oge bisa jadi cara efisien pikeun ngahontal tujuan wisata. Kareta oge gaduh seueur kaunggulan dibandingkeun alat transportasi anu sanes. Panumpang tiasa ngarasakeun perjalanan tanpa kudu nyanghareupan macet atawa gangguan lianna. Sajaba ti eta, lamun numpak kareta panumpang tiasa gancang nepi ka tujuan. Kareta oge gaduh sistem kaamanan anu canggih pikeun ngajagi panumpang. Sistem ieu diantarana CCTV, deteksi bahaya, sareng sistem kaamanan anu sanesna. Kareta oge nyadiakeun korsi anu nyaman sareng kabin anu beresih. Hal ieu ngajadikeun panumpang ngarasa aman sareng nyaman salami perjalanan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "5752", "text": "Dina ngalakukeun olahraga air, aya hiji alat nu jadi hal wajib dipake salama ngalaksanakeun olahraga, nyaeta pelampung. Olahraga air kaitung gede resikona sabab nepi ka ayeuna ge jadi penyumbang kasus tenggelam paling loba. Kasus tenggelam ieu teh rata-rata disebabkeun karena emang lalai kana aspek kasalamatan, nyaeta teu make pelampung. Padahal, dina SOP ngarung cai teh kudu jeung wajib pisan make pelampung supaya bisa ngaminimalisir tingkat kacilakaan. Jadi, samemeh ngalakukeun olahraga air, urang kudu paham heula kana SOP jeung resikona, ulah nepi ka asal wae. Tuluy urang ge kudu paham kana palampung. Yuk urang pake palampung mun keur pengarungan olahraga cai!", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "7144", "text": "Sangkuriang mangrupa salah sahiji judul folklor atawa carita rahayat anu asalna ti Jawa Barat. Carita Sangkuriang mangrupa legenda anu patali jeung Gunung Tangkuban Perahu. Dina dongeng Sangkuriang aya pesan moral anu tiasa dijadikeun pedoman di masarakat. Carita utama dina ieu carita nyaeta gagalna usaha Sangkuriang pikeun ngawin Dayang Sumbi. Usaha Sangkuriang kedah gagal sabab anjeunna sareng Dayang Sumbi mangrupakeun indung sareng budakna. Nurutkeun norma jeung aturan di masarakat nu lumaku, kawin jeung indung sorangan teh dilarang. Dayang Sumbi asalna nikah jeung anjing anu ngarana Tumang teras ngalahirkeun budak nyeta Sangkuriang. Sangkuriang bogoh ka Dayang Sumbi saatos manehna diusir ti imahna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "2236", "text": "Saketika kuring inget kana pangalaman kuring waktu miluan Pengabdian Masyarakat UKM. Salasahiji kagiatan rutin UKM nya éta ngayakeun ngaji di gigireun Kali Code ti jam 4 nepi ka jam 6 sore. Réa pisan barudak SD nu datang ménta pangajarkeun. Urang mantuan aranjeunna hiji guru per budak. Tapi ku sabab loba, biasana maranehna geus nyirian salah sahiji guru jeung engke diajar. Salain éta, kuring ngabimbing barudak anu ngalakukeun PR pikeun matematika, IPA, Inggris sareng mata pelajaran sanés upami tiasa. Hiji poe, budak kelas 2 nyampeurkeun ka kuring mawa buku pelajaran, buku tulis jeung patlot sarta buku iqra. Kuring ngarasa barudak di tepi Kali Code teh boga sumanget anu luar biasa.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "1910", "text": "Sakumaha anjeun parantos terang, gas mangrupikeun énergi anu teu tiasa dianyari sareng tiasa béak di hareup. Samentara éta, listrik nyaéta énergi anu bisa dihasilkeun sacara terus-terusan ngaliwatan PLTA, PLTA, jeung sumber listrik lianna. Ku alatan éta, lamun ngagunakeun kompor listrik, anjeun milu dina aksi nyimpen suluh fosil. Tah, éta babandingan antara pamakéan kompor listrik jeung kompor gas. Dina hal pamakéan, pamakéan kompor listrik leuwih murah batan kompor gas. Nanging, anu kedah diperhatoskeun nyaéta ngagaleuh kompor listrik rada langkung mahal tibatan kompor gas. Harga kompor gas sahandapeun Rp 1 juta sedengkeun kanggo kompor listrik saluhureun Rp 1 juta. Ieu anu nyababkeun harga kompor listrik sigana mahal dina mimitina. Sanajan dina hal kaamanan sarta kagenah, kompor listrik bisa disebutkeun unggul. Mudah-mudahan tiasa ngabantosan dina milih sareng nangtukeun kompor listrik atanapi gas.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "3600", "text": "Ku nyadar yén stress pasti bakal datang jeung ngalakukeun pangalusna kami (di earnest) pikeun nutup sagala liang mungkin pikeun stress dina mangsa nu bakal datang.\r\n\r\nKu nyadar yén urang geus ngalakukeun pangalusna kami, urang bakal pasrah, ngarasakeun, sarta leuwih difokuskeun gawé, tinimbang mikir ngeunaan stress nu keur atawa bakal lumangsung.\r\n\r\nTrik sejen nyaeta ngabagi pikiran kana kompartemen, input misah nu nyieun stress dina kompartemen béda jeung kompartemen nu dipaké pikeun digawé, contona, tetep fokus kana pagawean pesenan customer sanajan geus aya kutuk sabab pesenan telat, ngan. misahkeun saluran input heula, Contona.\r\n\r\nIeu ogé calms kami handap, sabab kami nyaho yén kami geus dipigawé pangalusna kami sarta aya loba hal anu urang teu bisa ngadalikeun, tapi tangtu input konstruktif kudu narima bari urang disaring tina hinaan saméméhna pikeun prosés hadé.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4997", "text": "Kentang mangrupakeun salah sahiji sayuran anu tinggi pisan kandungan karbohidratna. Kentang tumbuh dina akar-akaran nulami-kalamian ngagedean. Rupa na emang rada belewuk. Kulitna warna cokelat belewuk da sabab emang tumbuh na di jero taneuh meureunan. Mun di beulah, jero kentang teh rata, teu aya sikian atawa naon. Wana jerona bodas semu koneng. Geutah kentang biasana mantak hideung kana kulit, mantak zaman ayeuna mah ning sok make sarung tangan nu tina palastik tea. Kentang bisa diolah ku cara digoreng, disayur, dikulub, diseupan jeung sabajabana. Kentang oge kadang divariasikeun jeung keju, jadi corndog atawa kentang moza. Pokok na kentang mah bisa dimasak sasuai bahan nu aya.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7930", "text": "Wilujeng patepang sareng rencang abdi anu pang kasep na di alam sunda, nami na Boy Pablo anjeun na orang ciamis. anak kahiji dina opat sadulur. abdi bade nyarita keun perkawis abdi sareng rencang abdi, tepang sareng anjeun na dina tugas anu mulia nyaeta ngabantos wargi cianjur anu kamusibahan nyaeta gempa bumi. tah rencang abdi anu ieu teh sok loba herey janten suasana di tempat musibah teh hanteteun saren sok seserian wae jiga jurig jarian, tapi nyaeta rencang abdi anu ieu mah sieun pisan kana bangkong padahal mah beunget na sereum pisan jiga hayam kaduruk. tapi nyaeta eta anu nyeun abdi sareng barudak camp bisa seuri sarerea", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "8150", "text": "Sapeda listrik teh saleresna teu leuwih hade ti sapeda konvensional. Sapeda listrik kadanguna karasa ramah lingkungan pisan. Sapeda listrik oge tiasa ngabantos urang janten teu pati cape upami sasapedahan. Nanging kudu diinget oge ari sapeda listrik teh ngagunakeun batre eusi ulang. Batre teh aya umurna upami tos teu tiasa dianggo tiasa janten runtah tur tiasa nyebabkeun pencemaran nu justru bahaya efekna ka lingkungan urang. Leres upami aya nu ngaranna daur ulang batre urut nanging teu ngurangan kamungkinan ieu batre janten sumber pencemaran lingkungan. Batre oge kontroversial kusabab seueur warta nu ngawartoskeun pekerja dihandap umur nu digawe pikeun nambang bahan batre.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "453", "text": "Dina idul fitri oge sok loba dahareun jang disugukeun dina meja ruang tamu. Ieu suguhan anu mindeng dipanggihan lamun urang nganjang ka imah batur. Kueh anu sok aya teh nyaeta kueh nastar. Kueh nastar ieu bentukna buleud jeung warnana koneng, pas didahar sok hipu jeung aya buah ganas dijerona nu geus jadi selai. Aya oge kueh putri ngumpet, mun ieu mah karesep urang. Bentukna teh buleud manjang, dijero na teh aya kacang anu nyumput. Rasana amis, tuluy sakapeung mah sabab pinuh ku gula beureum, jadi sok narapel antara kue putri ngumpet nu hiji jeung nu sejenna. Lamun kue putri ngumpet mah jarang nu nyieun, teu samindeng kueh nastar.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "6483", "text": "Unggal aya waktu nyalse teh Rida jeung tatanggana osok ngayakeun botram. Tah botramna teh kadang mah diteras imah Rida, kadang di teras imah tatanggana, atawa osok oge ngadangkal ka sawah bari jalan-jalan. Biasana mun rek botram kitu teh sok masak masing-masing tuluy engkena dihijikeun ngalampar sarerea. Jadi Rida mah jeung tatangga teh as jeung dulur, teu canggung jeung deuih geus teu asa-asa mun aya nanaon teh. Masalah dahareun mah komo geus kapuheun sagala rupa silih bere supaya silih cobian. Rida jeung tatanggana teh geus biasa botram, oge sok jalan-jalan ka mana-mana babarengan. Mun rek ulin ge sok silih sampeur wae.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "914", "text": "Urang mindeng gonta-ganti smartphone android ti baheula keneh, sabab ngeunahna teh bisa di modifikasi sakahayang urang. Tapi ayeuna-ayeuna mah karasa, leuwih ngeunahan make iOs nu aya dina smartphone iPhone. Anu karasa teh nyata di smartphone iPhone leuwih gancang tibatan android komo dina pagawean nu beurat, misal maen game atawa ngedit video. Contona wae mun ngedit video nu kualitasna 4k durasina 2 menit, karasa leuwih gancang. Tuluy mun moto oge leuwih jelas tibatan android, jeung stabilizerna teu kudu diragukeun deui. Tuluy mun make iPhone asa keren weh tibatan mun make Android. Meureun pedah iPhone ieu loba dipake ku aktor-aktor anu kasohor, jadi mun make iPhone teh asa reueus weh.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5324", "text": "Dinten kamari abdi ngiringan kajian di Masjid Besar Al-Jabar. Penceramah na teh nyaeta salah sahiji ustadzah nu dipikaidola pisan nyaeta ustadzah Oki Setiana Dewi. Anjeunna mangrupikeun salah sahiji penceramah anu sagala rupi katana teh mudah dipahami ku umat. Dakwahna ngangge kalimat nu mudah dimengerti pisan, jeung deuih pembawaan nana nu santai tapi syahdu. Unggal ahir ceramah, beliau sok ngayakeun sesi tanya jawab. Dina ngajawab sagala pertanyaan ti para jamaah, anjeunna sok bari nyontoan jeung lengkap oge dalilna. Jawaban anjeunna sok nyukupan pertanyaan nu ditaroskeun. Sagala rupi pertanyaan tiasa dijawab kalawan apik. Beres kajian teh abdi teu langsung uih, ngahaja ngantosan anjeunna heula sabab oyong salim bari masihkeun buku. Alhamdulillah barang tos bubar, abdi tiasa pependak sareng beliau samemeh beliau naek kana mobil.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "899", "text": "Nongton pertandingan sacara langsung teh resep pisan, kudu dicobaan sih sahenteuna sakali saumur hirup mah lantaran atmosfirna beda jeung nongton di hareupeun TV mah. Komo mun pas pertandingan final seru pisan jojorowokan ngadukung tim nu ku urang pikaresep. Di mana tim eta meunang sok ceurik babarengan, beda mun nongton dina TV mah sanajan rame ku sorak-sorak dina TV jeung komentator tapi asa sok ngarasa sepi. Nongton sacara langsung ge urang bisa panggih jeung babaturan anyar nu sarua karesepna, sakapeung mah beda pulau, ieu tangtuna jadi relasi bisi hiji waktu urang ka tempat manehanana jadi aya babaturan. Pokona mah mun nongton sakali di stadion bakal kateterusan hayang nongton deui. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5029", "text": "Zaman ayeuna, seueur jalma nu sok ngahajakeun ulin ai weekend teh. Hal eta nyieun sektor pariwisata jadi aya perkembangan. Loba tempat wisata nu nembe kapanggih atawa nembe dibuka. Eksplorasi tempat wisata nu nyumput ngajadikeun sumbangan kakayaan dina aspek pariwisata. Seueur oge dampakna jang masyarakat sakitar. Ayana tempat pariwisata anyar bisa jadi sumber panghasilan ka warga nu ngelola jeung organisasi terkait. Salian eta, nguntungkeun oge jang masyarakat nu butuh wisata asri jang nyantai atawa ngababrahkeun pikiran tina pagawean sapopoe. Ayana wisata hidden gem ieu jadi bahan pemasukan oge jang nagara. Salian nyumponan aspek lahiriah, urang oge kedah nyumponan aspek batiniah, nya salah sahijina eta ku kunjungan ka wisata.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "9337", "text": "Léngkah katujuh saatos tiasa salamet di gunung, anu kedah urang laksanakeun nyaéta masihan sinyal SOS pikeun komunikasi sareng tim pencari. Dina ulasan saméméhna, urang geus diajar kumaha carana ngawangun panyumputan, néangan cai pikeun manggihan dahareun. Ku ngandelkeun kaahlian ieu, urang tiasa salamet di gunung. Nanging, éta henteu ngarengsekeun masalah. Kusabab tujuan salamet nalika di leuweung atanapi gunung nyaéta tetep hirup sareng aman dugi ka tim penyelamat sumping. Lajeng, timbul patarosan ti survivor, \"Kumaha carana abdi masihan arah ka tim pilarian? Kumaha komunikasi anjeun?\" Cara panggampangna nyaéta ninggalkeun tapak salamet. Ngambah mangrupakeun bentuk komunikasi antara salamet jeung tim search and rescue (SAR). Lamun tim SAR manggihan tanda miring, lagu bivouac, sarta ngambah komunikasi sejenna, aranjeunna bakal ngurangan wewengkon pilarian. Nu leuwih leutik wengkuan pilarian, nu leuwih gampang éta salamet pikeun kapanggih dina kaayaan aman. Ku alatan éta, nalika anjeun sadar asup kana kaayaan survival, geuwat ninggalkeun ngambah komunikasi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5903", "text": "Di kahirupan zaman ayeuna mah teknologi teh berkembang berdampingan jeung kahirupan sapopoe manusa. Jadi, saluruh aspek kahirupan masyarakat. Hadirna teknologi nu canggih teh geus bisa dirasakeun mangpaatna dina aspek mempermudah pagawean manusa. Tapi, kade oge sabab teknologi anu canggih bisa malah ngadeteksi data sorangan terus rentan bocor sabab aya nu nyalahgunakeun. Mantakna, dina selancar dunia teknologi teh kudu diparengan ku pamahaman, ulah kalah jadi bumerang jang diri sorangan. Kudu loba literasi jeung diskusi ngeunaan kabijakan penggunaan nana supaya bener jeung tepat. Kudu dilobakeun jeung dibiasakeun make teknologi supaya bener jeung maksimal. Mantakna, yuk pahami deui pamakean teknilogi supaya bisa maksimal!", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4474", "text": "Cara atawa teknik olahraga skipping atawa luncat tali nyaeta Hiji jalma bisa ngukur panjang tali dina hubungan awakna pikeun nangtukeun panjang tali luncat luyu. Éta bisa ngalakukeun ieu ku nyekel onto handles tali sarta nangtung kalawan hiji suku di tengah tali, narik gagang nepi ka ngalempengkeun tali di sisi maranéhanana. Cecekelan kedah ngahontal kelek. Sacara umum, loba skipping di pasar boga panjang 3 méter. Sanajan kitu, loba pamula bisa manggihan eta leuwih nyaman ngagunakeun tali rada panjang. Hal mimiti anu ku urang kudu di siapkeun nyaeta meuli tali, tapi sateuacan meuli, hiji ogé kedah pariksa permukaan dimana aranjeunna ngarencanakeun luncat. Sababaraha perusahaan nyarankeun latihan dina permukaan anu mulus pikeun ngajantenkeun talina langkung lami.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5787", "text": "Basa nuju maen voli, leungeun abdi pergelanganna tiba-tiba nyeuri teu bisa ditekukeun. Sabeeea servis atas teh langsung nyeuri pisan, lila kalilaan bengkak jeung eumeur. Tuluy ku pelatih abdi diurut supaya bisa tereh pulih deui. Rasana teh nyeuri pisan, peurih jeung teu bisa dipake baranggawe, mangkaning leungeun katuhu. Ti saprak harita abdi jadi harese rek baranggawe teh. Nanaon serba ku kenca sabab teu bisa beungbeuratan nu katuhu mah. Biasana emang rata-rata pernah ngalaman kanyeuri ieu, biasana ku sabab salah tumpuan bola dina leungeunna, jadi we misalah. Mun geus misalah mah ka pulih na ge minimal dua minggu, eta ge mun diparengan ku pengobatan rutin.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5854", "text": "Unggal dua poe sakali abdi mah sok nyeuseuh make mesin cuci. Biasana mun geus dua poe teh sok pinuh seuseuheun teh, mantak langsung diseuseuh. Nyeuseuhna biasana mah sok dispin na mesin cuci saloba dua kali. Mun geus kitu karek dibilas tuluy diasupkeun kana mesin pengering. Mun geus garing mah langsung dipoekeun. Mun aya tiung atawa baju nu bahanna ipis atawa rawan murudul, ku abdi sok diseuseuh make tangan ku cara dikucek. Geus kitu nembe we diasupkeun ka mesin pengering. Kadang mah mun keur hoream dina mesin ge sabab bisi bajuna dower, sok diseuseuh heula make leungeun tuluy nembe we diasupkeun kana mesin cuci.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2029", "text": "Henteu janten rahasia yén nyerat mangrupikeun jinis hobi anu henteu ngabutuhkeun waktos sareng artos tapi ogé tiasa ngahasilkeun artos. Jeung nu matak, nulis ogé mangrupa hobi nu bisa dilakukeun ku saréréa. Nulis ogé miboga fungsi nyata salaku Alat Komunikasi Sarerea geus nyaho yén masih aya dua média pikeun komunikasi manusa: lisan jeung tulisan. Basa tulisan kacida pentingna, utamana dina jaman canggihna téknologi komunikasi anu ngadominasi kahirupan sosial manusa kiwari. Contona, anu boga bisnis online pasti bakal leuwih komunikasi dina media online dina tulisan. Komunikasi anu saé sareng para nasabah, nganteurkeun promosi, ngadamel déskripsi produk anu pikaresepeun sareng anu sanésna. Komunikasi tinulis ogé biasa digunakeun pikeun hal-hal anu resmi, saperti nyieun proposal usaha atawa acara, surat lamaran kerja, surat ijin, surat perjanjian (lamun lain surat cinta hehe) nepi ka laporan manajer atawa atasan. Komunikasi tinulis ogé penting pisan pikeun dilatih pikeun jalma anu miboga katerbatasan dina komunikasi lisan atawa lisan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "508", "text": "Upacara Adat Saparan atawa syafaran nu dilakukeun ku masarakat Bandung Barat, khususna masarakat nu babar di bulan syafar. Dina kapercayan masarakat satempat, bulan syafar dipandang salaku bulan nu identik jeung aura negatif. Jalmi nu babar dina bulan ieu dipercaya bakal mibogaan karakter nu kurang alus jeung kurang untung. Jang nganetralisir aura negatif ieu, anu babar di bulan syafar biasana ngalaksanakeun upacara syafatan. Tujuan upacara adat ieu jang ngajauhkeun jalmi nu lahir di bulan syafar tina hal-hal nu ngarugikeun dirina sorangan atawa batur. Perlengkapan upacara eta biasana aya sangu beureum, hayam bodas, hayam beureum, sangu tumpeng teri, leupeut, kupat, tangtang angin, jeung sajabana. Tuluy nu ngayakeunna ngondang tatangga hadir dina upacara ieu jeung dipingpin ku tokoh adat setempat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "4518", "text": "Pertandingan sepak bola teu eleh seru jeung rame na di banding pertandingan badminton, masarakat indonesia ogeresep pisan kanasepak bola. Lamun club idola na maen ges pasti loba anu ngabelaan nongton langsung keur ngadukung, anu teu bisa datang langsung oge pasti ngabelaan nongton dina tv atawa dina platform streaming ameh tetep bisa nongton jagoanna. Sepak bola di indonesia jadi olahraga kaserep teu aneh lamun tayang na tv oge rating share na pasti pang gedena. Ieu olahraga au asup ka sagala kalangan jeung deket pisan jeung masarakat matakna tiap aya pertandingan bola teu mungkin teu rame. Sepak bola oge ngabogaan fans na sorangan fans anu militansi na gede tapi kadang anarkis. Tapi eta teu saeutik oge nu ngalahalangan kaserep masarakat kana nongton sepak bola.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "3626", "text": "Kira-kira 3 bangku ti tempat kuring diuk, aya awewe buukna panjang. Abdi henteu yakin kana umurna, meureun sakitar 40 taun. Si busker tuluy ngasongkeun kantong plastik ka indungna. Indung ieu masihan gesture yén anjeunna moal masihan artos.\r\n\r\nNgadadak\r\n\r\nIeu busker ngadeukeutan sirah na dicium pipi indungna.\r\n\r\nIndungna ngabirigidig. Abdi sareng rerencangan ngabirigidig. Panumpang séjén ngabirigidig.\r\n\r\nAbdi sareng rerencangan silih teuteup sakedapan sareng tanpa komunikasi sakedik, urang gancang-gancang sibuk nyorong saku. Kitu deui sababaraha panumpang hareupeun kuring.\r\n\r\nA gentleman anu diuk katuhu di hareup kuring teu cukup gancang nutup dompét na nalika busker mimiti nyekel kaluar saku na. Meureun ku sabab geus ningali eusina, si tukang ngarit ngomong “Hoyong 0, aya 4, Pak~” bari ngasongkeun sarebu rupiah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4941", "text": "Teh manis mangrupi ubar tina sagala rupi panyawat ringan sapertos lieur, hareeng, kacapean, muriang, jeung sajabana. Hal ieu disababkeun teh manis ngandung gula nu dipercaya bisa ngaleungitkeun leuleus di nu kaserang panyawat. Nah, cara ngadamel teh manis teh kacida saderhanana, ngan butuh teh celup sareng gula bodas hungkul. Mimiti, siapkeun cai panas, teh celup, sareng gula bodas. Lebetkeun dua sendok gula bodas kana gelas. Tambahkeun teh celup teras kucuran ngangge cai panas dugi ka gelas pinuh. Tos kitu kantun diaduk dugi ka gula bodasna liur sareng cai. Teh manis siap disayogikeun, tong hilap batur ngetehna jeung roti atanapi kue-kuean ringan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "2268", "text": "Hiji poé budak 24 taun ningali kaluar jandela karéta ngagorowok \"Pa, tingali tangkal di tukangeun urang!\"\r\nBapana ogé seuri, tapi pasangan diuk caket dieu kasampak dina kabiasaan budak leutik 24 taun urang kalawan karunya. Budakna ngagorowok deui, \"Bapa, tingali méga ngamalir ku urang!\" pasangan lajeng teu bisa nahan sarta ngomong ka bapana anak urang \"Naha anjeun teu mawa putra anjeun ka dokter alus?\" Bapana seuri sarta ngomong, \"Kuring tuh sarta kami kakara datang ka imah ti rumah sakit, putra abdi buta ti kalahiran sarta anjeunna karek meunang panon na dinten ieu.\" Pesan moral anu bisa dipetik tina ieu carita nyaeta ulah gancang teuing prasangka atawa nganilai hiji hal lamun teu nyaho kanyataan di balikna.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "5334", "text": "Manusia pertama nu diciptakeun ku Gusti Allah SWT nyaeta Nabi Adam AS. Gusti Allah SWT nyiptakeun Nabi Adam AS tina taneuh. Nabi Adam AS dipaparinan cicing di surga. Salila hirupna, Nabi Adam lila kalilaan ngarasa sepi sorangan. Ku kituna Allah tuluy nyiptakeun Siti Hawa supaya tiasa maturan Nabi Adam AS. Siti Hawa sareng Nabi Adam AS hirup bahagia di surga. Di surga teh aya hiji tangkal nu jadi pantangan dituang buahna, nyaeta buah khuldi. Sabisa mungkin Siti Hawa jeung Nabi Adam AS teu ngalanggar larangan eta. Hiji waktu, Nabi Adam AS jeung Siti Hawa kagoda ku hasutan setan supaya nuang eta buah khuldi. Nabi Adam AS tuluy metik eta buah terus nuangna bareng jeung Siti Hawa. Allah SWT murka sabab laranganna dilangggar, ku kituna uluy ngirim Siti Hawa jeung Nabi Adam AS ka bumi.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "7429", "text": "Kanggo jalmi anu resep ulin gim, hape tiasa janten pilihan kanggo ulin gim online, tapi teu sakedik oge anu kirang puas ulin dina hape lantaran layarna kirang badag jeung sok teu nyaman lamun memori hape na leutik janten leuwih milih ulin gim dina laptop. Tapi laptop oge gaduh kakirangan, nyaeta ukuranna anu badag teuing janten teu ngeunah lamun dibawa kamamana, teras lamun tos dipareuman kedah dihurungkeun deui anu biasana lila. Kanggo ngajawab masalah eta, ASUS ngaluarkeun hiji hape nyaeta ASUS ROG Phone kanggo saha wae anu resep pisan ulin gim dina hape. Hape ieu tiasa janten pilihan kanggo jalmi anu milarian hape khusus kanggo ulin gim. ", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9455", "text": "Hayu urang nganjang ka Kawah Putih, salah sahiji tujuan wisata alam anu kasohor di Indonesia anu aya di wewengkon Ciwidey, Bandung. Kawah Putih nyaeta kawah vulkanik anu kasohor ku caina nu bodas semu biru. Di Kawah Putih, anjeun tiasa ningali pamandangan alam anu asri sareng tiis, sareng nyobaan kagiatan sapertos leumpang ngurilingan kawah dugika popotoan kalayan latar kawah anu endah. Salian ti eta, di sabudeureun Kawah Putih oge aya rupa-rupa panginepan anu bisa dipilih saluyu jeung kabutuhan sarta anggaran. Ku kituna, ulah giru deui kana kasempetan pikeun ngarasakeun endah tur tiisna hawa di Kawah Putih. Kawah Putih, kawah nu endah tur asri.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "2424", "text": "Kawijakan para pamingpin Masyarakat Adat dina ngajaga masarakat adat dina mangsa pandémik diangkat jadi téma panalungtikan ku Guru Besar Fakultas Hukum UB (Fakultas Hukum Universitas Brawijaya) Prof. Dr. Moh. Fadli, S.H., M.Hum jeung tim peneliti Fakultas Hukum Universitas Brawijaya.Dina basana, pandémik disebut “salaat” anu lumangsung unggal taun. Sedengkeun tina segi cara, aya sababaraha tahapan dina ngungkulanana, nya éta ku cara ngado’akeun syariat jeung ngagunakeun obat-obatan alami saperti bungbu jeung kalapa héjo dihijikeun jeung mantra kalawan tujuan supaya cageur jeung aman. Dumasar kana data resmi, kabuktian teu aya anu kapangaruhan ku wabah COVID-19. Strategi kawijakan ti tokoh masarakat tradisional parantos aya sareng diwariskeun sacara turun-temurun. Biasana aranjeunna gaduh clue sateuacan kajadian. Kawas ngaliwatan ilham jeung firasat dina ngungkulan masalah bala. Datangna hiji wabah biasana dipikawanoh ngaliwatan firasat jeung ilham anu ditarima ku Puun. Saparantosna, pikeun ngaregepkeunana, salasahiji hal anu dilakukeun ku tokoh adat saperti Puun, Jaro nya éta ngumpulkeun masarakat satempat di Balé Adat pikeun méré informasi kalawan tujuan pikeun ngaronjatkeun kaparigelan jeung ngalaksanakeun kagiatan saperti biasa kalawan tumali jeung batin.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "7095", "text": "Sholat Idul Adha dilaksanakeun sacara berjamaah. Leuwih sae upami urang ngalaksanakeunna di lapangan, kecuali aya halangan. Sanaos aya Masjid Nabawi anu pahala sholat di dinya dilipat gandakeun 1.000 kali lipat, Nabi biasa ngalaksanakeun sholat 'id di lapangan. Tata cara ngalaksanakeun sholat Idul Adha nyaeta anu kahiji niat, teras takbiratul ihram tujuh kali di rakaat kahiji, lima kali di rokaat kadua. Imam maca surat Al-Fatihah, ruku', i'tidal, sujud dua kali, tasyahud nepikeun salam. Saatos sholat, imam biasana khutbah dua kali anu biasana ngabahas hukum-hukum qurban. Salian ti ngalaksanakeun solat Idul Adha, urang oge tiasa ngalaksanakeun sunnah-sunnah anu disarankeun nalika Idul Adha, nyaeta mandi beresih, ngahias, nganggo baju anu pangsaena, sareng takbir nalika nuju ka tempat Idul Adha.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2770", "text": "Salah sahiji nu nyiaptakeun kaayan jang konflik antara TV jeung Internet teh, palakuna nyaeta generasi milinial Tina pedaran eta, urang bisa narik kacindekan yén stereotypes kabentuk nalika gaya hirup, umur jeung wewengkon masarakat dina ngaksés informasi jeung hiburan dibagi, aya gangguan masif jeung masif sahingga milenial jeungmasyarakat di kota ngarasa unggul tur biasa. Pikeun panyiri ngawitan ngarasa yén ari masih TV téh status sosial mundur jeung jalma udik. Jadi stereotype nu ditetelahkeun ku pangguna smartphone jeung internét nu seerna ti generasi milenial, salah sahiji bukti yen generasi milenial boga panyakit mangrupa salah sahiji delusi diri , ti adigung-adiguna sabab ngarasa unggul.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "3624", "text": "Pas listrik padam, sarerea ngagorowok, panas, kipas teu bisa hurung, AC pareum, teu bisa nongton tv, hp kudu di charge, wifi pareum atawa naon wae, sumpah di PLN mah. gawe sae kieu nya, padahal jaman keur leutik mah tos pareum, nya kitu, mun hayang lalajo tv mah kudu make aki, peuting-peuting kudu ngampar hareupeun. ti imah, ngumpul jeung kulawarga, bersosialisasi jeung tatangga tanpa kudu nyaah ka PLN.\r\n\r\nKaayaan pasawahan di kampung kuring lolobana teu dipalire, ku hama, ku banjir, ku pupuk mahal, seuseueurna ninggalkeun tatanen, banjir ampir pasti kajadian, sabab di wewengkon sabalikna aya tanggul anu kacida luhurna. cai teu bisa ngalir, jadi naon gunana tani lamun ngan leungit duit.\r\n\r\nKahirupan ayeuna gancang, sagala alus, sagala rapih, sagala geulis, ampir jarang katempo kasampak kotor isuk-isuk, aranjeunna kabeh pagawe industri, kaluar ti isuk-isuk balik ka imah sore, ninggalkeun sore jeung balik ka imah. magrib, mun anjeun pangangguran anjeun pasti bakal ngalamun iwal anjeun mabok atawa nu maen judi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "7921", "text": "Abdi gaduh hiji tatanggi anu sok maok. Manehna sabenerna oge geus sababaraha kali asup kaluar penjara. Abdi oge geus dua kali kajadian leungit hape. Dua hape dipaok di poe anu sarua. Isuk-isuk teteh abdi nuju milarian hape tapi teu aya di mamana padahal tadina hapena aya di luhur kasur. Teu lila mamah abdi oge ngeluh yen hapeuna teu aya, padahal tadina oge aya di kamar. Abdi langsung curiga hapena dicandak lantaran hape mamah jeung teteh teh sarua model jeung merekna. Pas diteangan tina lokasi hapena, eta hape sabenerna teu jauh ti imah, lokasina teh aya di imah caket imah kuring. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4151", "text": " Kahirupan ieu nyaeta tempat sagala msalah aya, aya papatan nu ngomong. Hirup sarua jeung masalah. Dimana sagala rupa masalah hirup terus terusan datang sarta jadi ujian pikeun sarerea. Teu jarang, pasualan-pasualan anu disanghareupan dina kahirupan téh beurat jeung hésé diungkulanana. Ieu ogé mindeng sumber stress nu bisa ngaganggu kaséhatan fisik jeung méntal pikeun hiji jalma. Dina hal ieu, kasabaran ogé mangrupa hal anu penting anu kudu dipupuk dina haté nalika nyanghareupan pacoban kahirupan. Salian ti éta, dina Islam umat Islam diajarkeun pikeun ngalaksanakeun ihlas dina nyanghareupan rupa-rupa ujian kahirupan. Ihlas nyaeta narima sagala kaayaan nu kajadian, lamun urang ges bisa ihlas hate rasana hampang jeung pikiran jadi tenang.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "901", "text": "Genshin Impact nyaeta game nu dikembangkeun ku developer MIhoyo anu ayeuna mah diganti ngaranna jadi Hoyoverse anu asalna ti China. Ieu kaasup kana game RPG, anu aya di platform Android, iOs, PC, jeung PS4. Game ieu mibogaan grafis nu alus, urang oge kudu maen sorangan sabab euweuh fitur otomatis gelutna. Di game ieu bisa make strategi elemen nu rupa-rupa, kabehna aya tuluh elemen, nyaeta taneuh, cai, seuneu, angin, tutuwuhan, es, jeung listrik. Di game ieu ge bisa ngojay, teterekelan, ngapung, jeung masak. Urang oge bisa co-op jeung batur, co-op teh nyaeta maen babarengan ngalawan musuh anu sarua. Sakali co-op teh maksimal 4 orang.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "962", "text": "Salah sahiji jenis kulkas nyaeta kulkas showcase, bentukna kotak jeung mibogaan kaca transparan, beda jeung kulkas nu sejenna. Kulkas ieu biasana mindeng aya di tukang jualan eceran, siga di warung atawa di mini market. Bentuk transparan ieu emang berguna ngameh nu rek meuli bisa apal aya naon wae barang di jerona. Di jero kulkas aya rak-rak khusus nu bisa digunakeun jang ngentepkeun kadaharan atawa inuman dina sababaraha baris. Kapasitasna oge cukup loba biasana mun keur jualeun mah khusus nendeun inuman kaleng. Bentuk kulkasna anu gede jadi ngabutuhkeun tempat nu lega. Kulkas ieu ge teu boga tempat khusus paranti neundeun endog teu kawas kulkas nu sejenna, anu tempat neundeunna teh dina pantona.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "1884", "text": "Saha asal-usul atawa asal-usul sajarah ngaran Elizabeth, dimimitian kira-kira taun 1978 nalika Haji Rahman keur ngajual cendol di Jalan Raden Otto Iskandardinata (Otista) Bandung hareupeun imah katurunan Tionghoa ngaranna. Éli. Indungna Eli tukang ngajual tas nu boga label Elizabeth jeung ngajak Haji Rahman ngajual babarengan di hareupeun imah indungna Eli. Lantaran ngajual sadeung-deungeun, teu jarang aya nu meuli kantong Eli sok menta haratis es cendol Haji Rahman sarta kajadian ieu terus kaulang malah sumebar ku lisan, mere kesan yen ku meuli kantong Elizabeth bisa. nginum és cendol Elizabeth urang haratis. Saprak harita, indungna Eli miwarang Haji Rahman nyieun kartu nama Es Cendol Elizabeth, sarta kalawan sukses Elizabeth, ngaran Es Cendol Eizabeth jadi kawentar. namung fakta eta teh loba nu teu nyahoheun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5791", "text": "Tilu hal teu diduga nu sok terjadi mun keur ngalakukeun olahraga. Nu kahiji nyaeta awak teh sok rada leuleus, tah ieu teh disebabkeun karena kurang pemanasan atawa kagiatan olahraga nu ngadadak, jadi jantung teh ngarasa reuwas. Nu kadua nyaeta cedera, biasana disababkeun ku kurang pemanasan atawa gerakan olahraga nu kurang bener. Nu katilu nyaeta kacilakaan fatal sabab aya prosedur nu kaliwat atawa aya alat nu teu dipake sasuai prosedurna. Misalna kasus tilelep sabab kalalaian teu make palampung atawa palampung nu leupas tina awak sabab logor teuing. Tah hal nu karitu teh kudu diminimalisir supaya teu nimbulkeun karugian ka sagala pihak.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8091", "text": "Clash of Clans teh salah sahiji game pang lakuna di play store. Sanajan ieu game mimiti dirilis taun 2012, game nu dikembangkeun ku developer asal Finlandia ieu masih keneh populer di kalangan gamer. Game ieu teh kaasup game bergenre strategi. Fitur utama di game ieu teh nyaeta fitur klan nu tiasa urang kembangkeun sareng rerencangan. Di klan ieu urang tiasa nyumbang atanapi menta bantosan pasukan. Urang tiasa ngembangkeun lembur urang supados janten lembur nu kiat upami diserang ku satru. Urang oge tiasa nyerang ka lembur satru teras nyokotan sumber daya nu diboga ku satru. Dina game ieu urang tiasa ningkatkeun lembur atanapi klan janten nu terkiat.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7019", "text": "Hal-hal anu kedah disayagikeun ku jalma anu bade ngalaksanakeun ibadah umroh nyaeta nyieun visa umroh, nyusun dokumen perjalanan, meser tiket pesawat, jeung nyiapkeun diri mental jeung spiritual. Saatos persiapan umroh rengse, jamaah haji kedah ngalaksanakeun tahap kadua, nyaeta miang ti tanah air. Dina tahap ieu, jamaah kudu indit ka bandara numpak pesawat ka Mekah atawa Madinah. Saparantos dugi ka Mekah, jamaah haji kedah ngalaksanakeun umroh saluyu sareng tata cara anu tos ditangtukeun. Hal-hal anu wajib dilakukeun ku jama’ah diantarana thawaf, sa’i, jeung thawaf wada. Sanggeus ibadah di Mekah rengse, jamaah kudu nuluykeun ibadah di Madinah. Di dieu, jamaah haji wajib ngalaksanakeun tawaf al-qudum, nganjang ka makam para nabi, jeung ngadatangan tempat-tempat sajarah.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "3936", "text": "Gunung galunggung nyaeta slah sahiji gunung nu aya di tasikmalaya, gunung na emang teu pati jangkung tapi enakeun pisan nu rek liburan. Di wisata gunung galunggung fasilitas na geus lumayan loba, ti parkiran na gede terus nu paling di teangan mun ka dieu nyaeta tempat pemadian cai panas na. Didinya urang bisa renang bebas teu mayar deui. Aya loba kolam tu nu jero ka nu deet cari na langsung ti gunung nu ngandung belerang jai bisa jadi ubar kanu panyakit kulit. Tapi lamun embung reang bisa oge ngan ngasupkeun suku ka caina eta ge di percaya bisa ngilangkeun carangkeul. aya oge spot tempat foto foto nu alus. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "810", "text": "Leumpang teh salah sahiji kagiatan olahraga. Urang mindeng mun isuk-isuk sok ngahaja nyempetkeun leumpang di lapangan. Indit jam 6 ti imah, balik deui biasana jam 8. Sabenerna leumpang mah teu kudu spesifik kudu di lapangan, kukurilingan di imah oge bisa. Atawa mun ayeuna mah modern make alat, salian ti hemat waktu oge hemat tanaga. Tapi urang mah leuwih milih leumpang di lapangan teh sabab bisa ngahirup udara isuk-isuk. Leumpang mah teu kudu lila-lila, cukup 30 menit nepikeun ka 60 menit unggal poe samemeh gawe, atawa bisa oge geus balik gawe lamun teu kaburu mah. Lamun teu bisa unggal poe, cukup saminggu dua kali, bisa dilakukeun pas poe libur.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6752", "text": "Hotel Kollektiv mangrupakeun hotel bintang 3 di Bandung anu nawiskeun pangalaman anu sae. hotél ieu lokasina aya di tengah kota, ngan sababaraha menit leumpang ti tempat balanja, restoran jeung tempat hiburan. Hotel ieu gaduh kolam renang, pusat kabugaran sareng tempat parkir anu ageung. Kamar di hotel ieu dilengkepan AC, Wi-Fi, tipi jeung fasilitas mandi sapertos anduk jeung sabun. Restoran di hotel ieu nawarkeun rupa-rupa pilihan kadaharan tradisional jeung internasional. Hotel Kollektiv nyuguhkeun pamanandangan kota Bandung ti lantai luhur anu sae pisan. Hotel ieu oge nyadiakeun tempat jang rapat. Hotel Kollektiv mangrupikeun pilihan anu pas pikeun wisatawan anu milari akomodasi anu moderen sareng nyaman di Bandung.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "931", "text": "Televisi Tabung mangrupakeun jenis TV nu populer ti taun 2000-an. Nu mana jenis TV ieu ngagunakeun CRT jadina bisa disebut mun TV tabung mangrupakeun jenis TV nu masih ngagunakeun teknologi heubeul. TV tabung mibogaan tabung dina bagian tukangna nu mibogaan fungsi jang tempat layar atawa oge proyeksi. Engkena gambar nu dihasilkeun mangrupakeun gambar nu asalna tina elektron nu dipancarkeun ngaliwatan proyektor. TV tabung biasana mibogaan ukuran nu gede jeung oge beurat jadina bakal beak tempat. Daya nu digunakeun ku TV tabung oge kaitung gede tibatan jenis TV nu sejenna. TV tabung mibogaan kaleuwihan nyaeta hargana anu murah. Salian eta sparepart tina TV tabung oge kaitung murah jeung babari dipanggihan. TV tabung oge leuwih alus tibatan TV jenis sejenna sabab bisa narima siaran sanajan di daerah pelosok.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8687", "text": "Nalika setrws lalaunan ngaleungit teh, jalma tiasa ngaraosan parobahan anu signifikan dina dirina nyalira. Parasaan tegangan jeung kahariwang nu samemehna anjeun rasakeun lalaunan bakal luntur, sarta bakal diganti ku parasaan rileks, tenang jeung lega. Nalika setres ngaleungit, jalma oge tiasa ngaraosan energi positip sareng semangat pikeun kahirupan anu saacanna tiasa dikubur. Sirah sareng pikiran janten langkung jelas sareng tiasa fokus kana hal-hal anu positif sareng produktif. Sajaba ti eta, nalika setres lalaunan leungit, hiji jalma bisa ngarasa leuwih bungah, leuwih berenergi, sarta leuwih optimistis ngeunaan hirup kahirupan sapopoe maranehna. Kapercayaan diri sareng kamampuan pikeun ngatasi tantangan hirup oge tiasa ningkat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "1551", "text": "Aya sababaraha cara nu bisa ku urang cokot jang nyiapkeun dana darurat. Nu mimiti nyaeta nangtukeun jumlah dana darurat nu kudu disiapkeun, nyaeta antara 3 nepikeun 6 bulan pengeluaran rutin. Tapi kudu diluyukeun oge jeung kondisi kabutuhan pribadi. Nu kadua urang oge kudu nyieun anggaran duit, tulis kabeh pengeluaran bulanan jeung itung total penghasilan nu dimeunangkeun. Tidieun tangtukeun sabaraha loba nu bisa ku urang sisihkeun jang nambah dana darurat. Nu katilu usahakeun jang ngaalokasikeun duit ti awal unggal bulan atawa pas gajihan. Ku kituna urang bisa terbiasa nyisihkeun duit jang dana darurat. Nu terakhir penting oge jang neundeun duit di tempat anu aman. Pilih tempat anu euweuh resiko aya nu maok.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "9060", "text": "Hal kalima anu urang kedah laksanakeun nalika nyanghareupan karugian nyaéta naroskeun ka diri naon anu anjeun pelajari. Kagagalan tiasa janten guru anu saé upami anjeun kabuka pikeun diajar. Naha anjeun ngalakukeun kasalahan? Dupi anjeun nyieun runtuyan kasalahan? Pikirkeun naon anu tiasa dilakukeun béda dina waktos salajengna. Teras, anjeun bakal mastikeun kagagalan anjeun parantos janten pelajaran hirup anu ngabantosan anjeun diajar hiji hal. Gantina ningali kagagalan salaku beban anu ngabeuratkeun anjeun, tingali éta salaku batu léngkah pikeun tujuan anjeun. Sarta pamustunganana, nyieun rencana ka hareupna bade kumaha. Ngulang-ngulang deui kagagalan dina pikiran anjeun moal aya mangpaatna pikeun anjeun. Entong ngantepkeun diri anjeun dina sagala hal anu salah. Nengetan masalah anjeun atanapi ngulang kasalahan bakal ngakibatkeun anjeun kajebak. Eureun mikir \"Kuring gagal\" sareng fokus kana pamikiran \"Kuring tiasa nyobian deui.\" Jieun rencana anu bakal nulungan anjeun nempatkeun informasi gleaned tina kagagalan kana prakték.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "4248", "text": "Salah sahiji alat musik tradsional indonesia laina nyaeta kolintang alat musik tradisional ti Minahasa Sulawesi utara. Kolintang ayeuna ges jadi alat musik anu ges di akui secara mendunia kaendahanna. Salian ti dipikawanoh ku ayana di panggung internasional, Kolintang ngabogaan sababaraha fakta anu ngajadikeun alat musik tradisional khas Minahasa, Sulawesi Utara ieu patut diperjuangkeun pikeun meunangkeun pangakuan dunya.Sajaba ti éta, ayeuna Pamaréntah Propinsi Sulawesi Utara merjuangkeun Kolintang pikeun jadi bagian tina Intangible Cultural Heritage ti Indonésia versi The United Nations Educational, Scientific and Cultural Organization (UNESCO). Urang salaku generasi muda pastina kudu ngadukung kolintang asup ka unesco jadi warisan budaya ameh kolintang aman keur anak incu urang di masa hareup.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "8119", "text": "Taun kamari loba nu ngeluh sareng kuciwa kusabab pemerentah nyetopkeun siaran tv analog. Masarakat nganggep upami eta teh ngarugikeun masarakat khususna masarakat kelas handap nu teu tiasa meuli tv digital. Padahal mah tv digital teh leuwih hade ti tv analog. Sapertos siaran di tv digital kualitasna leuwih alus, jernih, sareng nganggo teknologi nu canggih. Teras siaran di tv digital teh lewih alus disisi manfaatna seueur siaran bermutu nu tiasa nambihan informasi positif ka masarakat. Teras siaran na oge leuwih rupa-rupi macemna janten wawasan masarakat jadi leuwih luas. Kukituna hayu urang geura pindah ka tv digital supados teu katinggalan perkembangan jaman.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8115", "text": "Saacan nyebarna internet tv sareng radio teh janten seueur peminatna. Unggal imah tangtos aya dua alat ieu. Nanging saluyu sareng perkembangan jaman, tv sareng radio teh tos teu relevan deui kusabab tos kagentos ku teknologi nu lewih anyar sareng lewih canggih. Arurang nu biasana neangan hiburan di tv pindah ka youtube sareng platform streaming nu sejen. Urang nu biasana ngadengekuen radio mulai parindah ngadengekeun podcast liwat aplikasi. Ahir-ahir ieu ge tv analog tos teu tiasa dianggo kusabab saluranna teu dianggo deui ku pemerentah janten jadi digital. Kukituna jalmi-jalmi nu ngagantungkeun hirupna liwat tv sareng radio kudu mulai adaptasi nyesuaikeun sareng perkembangan jaman.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "1981", "text": "Sanggeus marios Beus Bandros, urang bakal ngabahas kumaha carana naek kana beus wisata ieu, khususna kanggo anjeun anu hoyong naek Bandros tapi masih bingung kumaha carana. Ieu léngkah-léngkahna:nganjang ka halte Bandros mangrupikeun léngkah munggaran, mangga nganjang ka halte beus Bandros heula. Ayeuna, aya dua halte beus Bandros anu beroperasi, nya éta di Jalan Diponegoro (hareupeun Musieum Géologi) jeung di wewengkon Alun-alun Kota Bandung. Tong hilap nyiapkeun artos kanggo ngagaleuh tikét, OK? teras Meuli Tiket ti Patugas Bandros. Saparantos dugi, mangga geura mésér tikét beus Bandros ti petugas. Biasana petugas Bandros make baju husus anu aya tulisan 'Bandros' dina tonggong bajuna. Sanggeus meuli tikét, anjeun ngan kudu ngadagoan sinyal ti petugas pikeun naek kana beus.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "34", "text": "Secara umum, urang teu resep daharan untuk ngagunakeun santen, siga nasi koneng atawa nasi padang nu mayoritas ngagunakeun santan. Lamun ngadahar santen teh sakapeung mah sok enek. tapi lamun kapaksa atawa euweuh dahareun sejen, biasana urang saberes ngadaharna nginum minuman nu seger jeung haseum. Sakapeung mah sok langsung dahar nu berkuah siga mie bakso, ngameh teu bosen jeung enek. Tuluy sok ngagayem permen mint oge meh bisa nyegerkeun baham. Permen min bisa mengatasi rasa enek dina baham sabab mindeng teuing dahar santen. Ieu nu wajib di dahar saberes dahar kadaharan nu mengandung santen. Komo deui pas poean lebaran, biasana loba mulai ti opor ayam, rendang, sayur waluh sieum, jeung sajabana.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7126", "text": "Unggal imah adat di sakumna daerah Indonesia boga ciri jeung ciri sorangan, kaasup imah adat Krong Bade. Imah adat Krong Bade asalna ti Nanggroe Aceh Darussalam. Imah adat Krong Bade biasa oge disebut imah berudung. Ieu imah adat gaduh karekteristik anu ngagambarkeun kabudayaan masarakat Aceh. Imah tradisional Krong Bade mangrupakeun wujud tina akulturasi dua budaya. Imah adat ieu umumna gaduh tihang anu jangkungna 2,5 nepi ka 3 meter tina taneuh. Imah tradisional Krong Bade mangrupakeun wujud tina akulturasi dua budaya. Imah adat ieu umumna gaduh tihang anu jangkungna 2,5 nepi ka 3 meter tina taneuh. Imah ieu diwangun ku kai, tapi bagian hateupna diwangun ku daun rumbia.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "7906", "text": "Sok aya sababaraha kajadian sapertos bencana alam anu nyebabkeun urang kedah ngaluarkeun duit anu ujug-ujug gede padahal sagala duit anu urang meunang geus dialokasikeun kanggo pangabutuh urang. Eta sababna kadang urang jengkel ku kabutuhan darurat sapertos kieu. Contna sapertos biaya pikeun dana darurat ieu tiasa rupa-rupa. Dimimitian tina biaya perawatan medis, biaya kanggo ngomean mobil, biaya renovasi imah anu ngadadak rusak, sareng seueur deui. Jumlah duit anu dibalanjakeun pikeun kabutuhan darurat ieu oge beda-beda. Nilai nominal tiasa leutik, tapi oge tiasa rada ageung, janten penting pikeun disiapkeun. Loba jalma anu sabenerna nyaho yen dana darurat teh mangrupakeun pohara penting pikeun urang gaduh. Hanjakalna, henteu sadayana tiasa leres nyiapkeun kabutuhan dana darurat ieu.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "138", "text": "Novotel Bandung mangrupakeun salah sahiji hotel bintang 4 nu aya di Kota Bandung. Hotel ieu nawarkeun rupa-rupa fasilitas nu bisa minuhan kabutuhan tamu nu mondok didieu. Lokasina nu strategis jeung deukeut jeung rupa-rupa destinasi wisata nu kasohor di Bandung. Novotel Bandung jadi pilihan nu bener kanggo para wisatawan nu hayang ngaeksplor kota Bandung. Fasilitas nu disadiakeun ku Novotel Bandung oge lengkep pisan, aya kolam ngojay, gym, spa, restoran, nepikeun ka akses internet WiFi haratis. Salian eta, kamar-kamar nu disadiakeun ku hotel ieu oge nyaman pisan jeung dilengkepan ku fasilitas modern siga AC, TV kabel, jeung kamar mandi pribadi. Ku sabab kitu, para wisatawan nu hayang mondok di Bandung, Novotel Bandung mangrupakeun pilihan anu tepat.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "8702", "text": "Kieu kumaha carana naek beus. Mimitina, identifikasi jalur angkot atawa jalur anu rek ditempuh. Biasana angkot mibanda angka atawa warna anu nuduhkeun jalur atawa tujuan angkot. Sanggeus nyaho rute angkot, neangan angkot nu nuju ka tujuan anjeun. Pikeun naek angkot, eureun di tempat anu ditunjuk pikeun naek angkot. Tempat eureunna angkot bisa diakses ti halte beus atawa tempat parkir angkot. Sanggeus beus eureun, naék beus. Biasana panto angkot aya di tukangeun atawa di sisi kandaraan. Sanggeus naek beus, neangan korsi nu sadia. Sanggeus diuk atawa nangtung, nungguan angkot nepi ka tujuan. Sanggeus nepi ka tempat nu dituju, bebeja ka supir angkot rek turun. Ieu mangrupikeun lengkah-lengkah anu anjeun kedah lakukeun pikeun naek beus. Penting pikeun salawasna nengetan kasalametan sareng patuh kana peraturan anu berlaku nalika iinditan ku angkutan umum.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "49", "text": "Jamu bisa diinum unggal poe. Nginum jamu unggal poe mangrupakeun upaya jang ngajaga daya tahan awak ngameh viru teu babari nyerang, miara kasehatan, pemulihan, nepika jang kecantikan. Malah Kementrian Kesehatan oge ngarencanakeun program gerakan nginum jamu jeung ngajak masyarakat ngamangpaatkeun jamu kanggo ningkatkeun kasehatanna. Sabab jamu ngabantuan stamina hiji jelema jadi leuwih alus. Rupa-rupa mangfaat jamu gumantung jenis jamuna. Jamu oge bisa ngobatan panyakit. Contona kunyit, kunyit salah sahiji jamu nu ngandung kurkumin. Salian ngandung kurkumin, kunyit oge ngandung mineral penting siga zat besi, kalsium jeung kalium. Rempah-rempah ieu oge loba vitamin A jeung C. Tapi ulah diinum sacara kaleuleuwihi, sabab bisa nyebabkeun diare, nyeri hulu, jeung iritasi kulit.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "533", "text": "Carita Talaga Warna, pas baheula di Jawa Barat aya sapasang suami istri nu wijaksana mingpin hiji karajaan, ngaran raja eta disebut sang Prabu. Sanajan geus jadi raja, sang Prabu masih ngarasa kurang sabab can boga anak. Padahal loba dokter nu sumping tapi can meunangkeun hasil. Sang Prabu sedih sabab ninggali istrina murung. Tuluy sang Prabu indit ka hutan jang tapa jeung ngadoa supaya geura-geura dibere anak. Saenggeus mangbulan-bulan ninggalkeun istana akhirna istrina ngandung anak. Singkat carita anakna teh geus gede, tuluy hiji waktu anakna dibere hadiah kalung. Tapi anakna teu reseupeun kalung eta nepikeun ka dipiceun. Ngarasa kuciwa ka anakna, indungna ceurik sabab ngarasa teu dihargaan. Nepikeun ka akhirna istana dibanjiri ku cai panon. Tuluy ujug-ujug muncul cai ti alun-alun istana nu ngakibatkeun kakeueum. Ayeuna disebut Talaga Warna sabab warna na bisa robah, ieu lantaran asalna tina batu-batu kalung sang Putri nu tersebar di handap talaga.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "9393", "text": "Urang Sunda geus tangtu teu aneh deui ku kabiasaan ngopi hui. Ti mimiti hui nu ngan saukur dikulub atawa dibeuleum, nepika geus dijadikeun rupa-rupa olahan. Hui jadi salah sahiji kadaharan anu aya dina sapopoe urang Sunda. Salian ku rasana nu amis tur pulen, hui oge miboga kandungan vitamin jeung mineral anu dibutuhkeun keur kasehatan urang. Hui oge bisa jadi salah sahiji menu keur program diet. Sababna, hui miboga serat anu bisa nahan rasa lapar leuwih lila. Kandungan gula dinu hui oge teu matak ngabahayakeun. Malahan, hui bisa jadi panyinglar panyakit diabetes sabab 77% serat nu aya dina hui bisa ningkatkeun sensitivitas insulin keur ngatur kadar gula dina awak.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "2250", "text": "Aranjeun kudu kenal ka Mohamad Tawhidi atanapi langkung katelah Imam Tawhidi, pamimpin agama anu paling progresif sareng gagah di dunya ayeuna. Kaum muslimin umumna kaku, anti kritik, malah aya nu nimbulkeun ideologi ekstrim anu boga pamadegan yen hukum syariah bisa diterapkeun ku cara kekerasan, tapi diantarana, Imam Tauhid mucunghul sabage tokoh agama anu pandanganna kacida progresif, jauh. ngaleuwihan pamingpin agama sejenna dina waktu kiwari. Salah sahiji masalah anu utama dina agama nyaéta klaim kasampurnaan dina kitab suci, ieu ngandung harti yén sakabéh eusi kitab suci dianggap alus tur teu perlu dirobah sanajan sacara harfiah ajaran dina kitab suci aya masalah, pikeun Contona, aranjeunna masih ngandung ajaran perbudakan, misogyny, kasalahan ilmiah, jsb. Dina Islam, hadits dianggap kitab kadua sanggeus Al Qur'an. Hadits henteu ngan dianggap salaku sumber hukum tapi ogé sumber sajarah kumaha ajaran Islam diterapkeun dina jaman nabi. Salami jalma percaya kana bebeneran hadits, dina waktos éta hadits janten rujukan dina nafsirkeun ajaran Islam.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "8685", "text": "Hiji poe, aya hiji awewe nu ngaranna Maya ngarasa stres pisan kana pagaweanana. Manehna ngarasa kabebanan jeung tugas nu kudu rengse dina waktu anu singget, sarta mindeng ngarasa teu bisa mampu jeung tungtutan nu disimpen dina anjeunna. Maya ngarasa setres anu dirasakeunana teu damang pisan, sarta manehna ngarasa yen manehna kudu ngalakukeun hiji hal pikeun ngaleungitkeun setresna. Sanggeus menta nasehat ti babaturan jeung kulawarga, Maya mutuskeun pikeun nyobaan sababaraha cara pikeun ngaleungitkeun setres. Dina sababaraha minggu, Maya ngarasa leuwih hade. Anjeunna ngarasa leuwih fokus, tenang, sarta leuwih bisa mampu jeung tungtutan pakasaban di leungeun. Ku ngalakukeun lengkah-lengkah pikeun ngaleungitkeun setres, Maya tiasa mendakan kasaimbangan dina kahirupanna sareng uih deui ka diri anu produktif sareng bagja.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "6712", "text": "Tongkol mineng disepelekun padahal tongkol gaduh seeur pisan mangpaatna. Tongkol gaduh warna anu rada poek jeung bentukna rada langsing. Panjangna biasana ngan genep pulu sentimeter anu tonggongna gaduh warna anu buricak burinong. Tongkol seeur di jual di pasar. Urang sunda resep dahar tongkol, tongkol biasana dipasak janten pindang tongkol. Tongkol ngandung seeur pisan pitamin jeung mineral. Komo protein na, tongkol ngandung seeur pisan protein tapi dibandingkeun sumber protein anu sanes pangaos tongkol langkung mirah, janten tiasa dijadikeun sumber protein keur sapopoe. Urang tiasa ngagentos protein anu biasana ti daging hayam atawa daging sapi janten ti tongkol, dijamin kabutuhan protein arurang moal ngajieun dompet bolong.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "867", "text": "Mountain bike salah sahiji olahraga anu ekstrem. Ngalakukeun olahraga ieu ngabungahkeun pisan lantaran bisa ninggali pemandangan. Tapi teu sababari katinggalina, kudu merhatikeun hal penting ngameh bisa nyapedah aman jeung nyaman. Nu kahiji kudu merhatikeun rute sepedah, ieu penting sabab ngameh apal karakter jeung jenis gunung dina rute nu bakal diliwatan. Nu kadua kudu mastikeun oge sepedah nu bakal dipakena, kudu meuli sapedah nu luyu jeung kabutuhan rute atawa jalur nu bakal ditaklukeun. Nu katilu nyiapkeun perlengkapan tambahan, peralatan tambahan ieu bakal nyieun aman jeung ngaminimalisir mun kajadian siga kacilakaan. Nu terakhir kudu ngaliwatan rute luyu jeung panduan, pastikeun ngaliwatan rute nyapedah luyu jeung pituduh, bisa ku cara mawa peta.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8075", "text": "23 Oktober 2011 aya tragedi nu kajadian di olahraga Moto GP. Salah sahiji pembalap nyaeta Marco Simoncelli kudu maot kusabab kacilakaan fatal di sirkuit Sepang, Malaysia. Lap pertama balapan perdorma Simoncelli tiasa disebat hade, nanging waas balapan kudu dierenkeun di lap kadua kusabab pembalap ti Italia ieu kacilakaan. Kronologina nyaeta sawaktos keur pabalap-balap sareng Alvaro Bautista di tikungan Simoncelli teu tiasa ngontrol motorna teras murag tina motor. Ti tukang aya Colin Edwards sareng Valentino Rossi nu teu tiasa ngahindarkeun awak Simoncell nu aya di jalur balapan. Tabrakan teu tiasa dihindarkeun, Simoncelli langsung dicandak ka rumah sakit kusabab kaayaanna kritis nanging tabuh 17:00 dinyatakeun upami Simoncelli tos maot.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "22", "text": "Beda jeung kupat tahu nu sejen, kupat tahu Padalarang make kuah beureum, kuah beureum ieu campuran tinu santen, cai, jeung bumbu nu asalna tinu rupa-rupa rempah tina cabe beureum. Tuluy ditambahan bihun anu di keueum sakeudeung dina cai panas tuluy diangkat. Geus kitu make lontong, lontongna rada lila waktu pemasakanna nyaeta 12 jam. Proses pemasakan ieu supaya lontongna teh bisa tahan lila tanpa make bahan pengawet. Saenggeus eta tambahan tahu koneng anu digoreng heula. Tuluy make kurupuk warna bodas, tapi bisa oge make kurupuk udang. Sarua jeung kupat tahu nu sejen, nyaeta make kecap amis. Tuluy terakhir ditambahan bawang beureum goreng.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "8827", "text": "Reza ngalaman kajadian anu teu disangka-sangka nalika milu pasanggiri ngojay ngawakilan sakolana. Sateuacan pertandingan dimimiti, Reza parantos pemanasan, anjeunna ogé parantos mastikeun kaayaanna henteu kunanaon. Tapi di tengah pertandingan, Reza ngarasa kram dina suku katuhuna. Anjeunna teu terang naon anu kedah dilakukeun, anjeunna panik sabab sukuna kram sareng teu tiasa gerak pisan. Tim médis anu ningali kajadian éta langsung turun ka kolam renang sareng ngangkat Reza ti dinya. Éta ogé mariksa kaayaan Reza sarta masihan Reza perlakuan munggaran. Bersyukurna suku Reza ngan ukur kram hungkul, tapi hanjelu lantaran teu bisa neruskeun pertandinganna nepi ka tamat jeung teu bisa ngabanggakeun sakolana.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "1620", "text": "Sababaraha hal unik bakal dirasakeun mun urang hirup di pedesaan, lantaran beda jeung kahirupan di kota. Sanajan hirup di kota nyaeta tujuan jang sabagian gede jelema, ku sabab emang loba fasilitas nu ditawarkeun. Siga pagawean, pendidikan, tempat hiburan, jeung sajabana. Tapi hirup di kota oge teu saterusna nyaman wae, lantaran sababaraha masalah siga macet jeung polusi nu bakal unggal poe ku urang panggihan mun urang cicing di kota. Beda mun urang cicing di desa mah. Emang loba nu nyebutkeun cicing di desa mah bosen. Padahal mah kahirupan di desa teu sabutut nu dipikirkeun ku batur. Nu dirasakeun mah urang bakal nyaman hirup di desa, rasa nyaman ieu maol bisa ku urang meunangkeun mun urang cicing di kota.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "921", "text": "Tradisional laptop nyaeta tipe laptop nu paling mimiti nu dikenal ku jelema. Bentuk laptop tradisional ieu umumna mah nyarupaan cangkang kerang atawa nu dipikawanoh oge ku sebutan clamshell, ku hiji layar nu aya dina bagian jero sarta keyboard anu aya di bagian luar. Dina mekarna, tipe laptop ieu teu deui mibogaan bentuk nu bingkeng sacara kasuluruhan, tapi ngan dina tiap juruna. Salian ti eta, tipe laptop ieu oge umumna mah mibogaan ukuran layar sagede 10 nepikeun ka 17 inci sarta dilengkepan ku OS macOs, Linux, atawa Windows. Laptop ieu mangrupakeun laptop paling umum jeung babari nu bisa dipanggihan di pasaran.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2403", "text": "ANGKLUNG, nyaéta pakakas musik tradisional asli Indonésia, tepatna basa Sunda, anu dijieun tina pipa awi anu ditalian dina rangka sarta digeterkeun nepi ka ngahasilkeun sora dina susunan 2, 3, nepi ka 4 nada. Angklung nyaéta pakakas perkusi dina klasifikasi idiofon tabung jeung multitonal. Catetan sajarah nunjukkeun yén angklung aya dina jaman Karajaan Sunda, antara abad ka-12 nepi ka abad ka-16. Sanajan kitu, wangun primitifna geus dipaké dina kabudayaan Neolitikum nepi ka awal kalénder modérn, ku kituna angklung mangrupa bagian ti titinggal pra-Hindu dina kabudayaan Indonésia. Angklung raket patalina jeung cara hirup masarakat Sunda agraris. Masarakat Jatisunda ngalaksanakeun angklung minangka bagian tina upacara melak padi pikeun nyembah Dewi Sri Pohaci. Maén angklung gubrag di Jasinga, Bogor, malah geus jadi tradisi lestari leuwih ti 400 taun.[", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "3918", "text": "Buah alpuket mangrupakeun salah sahiji buah nu loba di pikaresep di Indonesia. Bentuk buah alpuket nyaeta warna kulit semu coklat atawa hideung poék jeung daging héjo-konéng jeung siki badag di tengah. Daging buah alpukat lembut pisan, rasana hambar tapi nikmat pisan, pas alpuket na asup ka mulut r, rasa dagingna langsung ngalembereh. Tapi ku sabab rasana alpuke hambar pisan malahjadi nguntungkeun. alpukat jadi bisa ngasupkeun dina sagala rasa jeung masakan. Alpukat bisa ditambahkeun kana menu dahareun saperti di dahar jeung roti, di jadikeun sushi atawa diajdikeun minuman jus alpuket atawa apluket kocok jeung sajabana terus bisa oge di jadieun pikeun és krim.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7465", "text": "Di jaman kiwari, aya dua jenis kamera anu paling seeur dianggo ku para jalmi anu resep popotoan, boh pamula boh profesional nyaeta kamera DSLR(Digital Single Lens Reflex) jeung kamera mirrorless. Kamera DSLR mangrupakeun kamera anu ngagunakeun eunteung kanggo mantulkeun cahaya tina lensa ma jandela bidik (viewfinder). Jadina, urang tiasa ningal objek anu sarua persis jeung objek nu ditangkep ku kamera. Kamera DSLR oge biasana gaduh seeur rupi-rupi lensa anu tiasa dipasang coplok. Aya lensa anu leutik, pondok, jeung panjang anu masing-masing gaduh fungsina sorangan. Aya nu dipake kanggo objek anu leutik, jeung aya oge anu dipake kanggo objek anu jarakna jauh.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8893", "text": "Aya sababaraha léngkah ngagunakeun pengering rambut. Kahiji, pastikeun buuk geus garing heula, sanggeus dikumbah, garingkeun buuk urang nepi ka garing sagemblengna. Carana maké anduk, tuluy maké pengering rambut ti akar nepi ka tungtung buuk. Ieu tiasa ngabantosan nyepetkeun prosés pengering rambut, saatos éta nyisiran rambut urang pikeun mastikeun henteu aya rambut anu pabalatak. Léngkah kadua nyaéta ngagunakeun produk panyalindungan rambut. Sakumaha ngaranna ngakibatkeun, pelindung bulu ieu bisa ngajaga bulu tina masalah anu bisa lumangsung nalika ngatur buuk urang. Katilu, paké suhu anu pas, sabab suhu anu luhur teuing tiasa nyababkeun karusakan rambut. Nalika ngatur rambut urang, perhatikeun suhu anu dianggo. Batas suhu anu tiasa dianggo sahandapeun 180°C, sahandapeun suhu eta tangtos tiasa ngarusak rambut.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2733", "text": "Korban Tragedi Kanjuruhan ngaronjat jadi 131 urang. Jumlah ieu ngajadikeun kajadian di Stadion Kanjuruhan kadua panggedéna di dunya dina sajarah maén bal. Hartina, anu sabenerna matak pikareuwaseun, jumlah korban Tragedi Kanjuruhan némbongkeun ngaronjatna. Saméméhna jumlah korban anu diumumkeun sanggeus laga Arema FC vs Persebaya, Saptu (1/10/2022), ngahontal 125 urang. Jumlah korban Tragedi Kanjuruhan sorangan ayeuna kadua panglobana dina sajarah maén bal dunya. Saméméhna, tragedi kadua pangbadagna dina maén bal dilaporkeun dina 9 Méi 2001 di Stadion Olahraga Accra, Jalan Kinbu, Accra, Ghana. Jumlah korban anu maot dina tragedi di buana Afrika dilaporkeun saloba 126 urang. Dina waktos éta, aya pertandingan derby antara host Hearts of Oak sareng sasama klub ti Accra, Asante Kotoko. Jumlah maot tina Tragedi Kanjuruhan ayeuna geus ngaleuwihan tina tragedi pikasedeuheun di Ghana.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "2741", "text": "Salian ti ningkatkeun ékonomi anjeun dina shogun total war 2, gedong anu anjeun gaduh ogé tiasa dianggo pikeun ngawangun unit tempur anu langkung saé. Nah kiyeu alatan bisa ngaoptimalkeun ekonomi dina provinsi anjeun,kahiji gedong anu ngagaduhan fungsi anu langkung luhur ngabutuhkeun artos anu ageung sareng téknologi anu ngadukungana. Kadua kudu enggeh dina Tangkal téknologi anu disebut Mastery of The Arts dibagi jadi dua rupa. Kahiji, anjeun tiasa manggihan Bushido; téhnologi nu ngamekarkeun kakuatan tempur pasukan ku strengthening sagala rupa aspék statistik unit jeung muka konci tipe unit anyar. Kadua, anjeun tiasa milih téknologi anu kapaké pikeun kaperluan kamekaran régional sareng serangan balik layar anu disebut Way of Chi. Katilu pilih Téknologi ieu ngamungkinkeun anjeun nyiptakeun sawah anu langkung saé, muka désa rahasia pikeun ngalatih ninja, sareng pulisi rahasia pikeun ngajaga katertiban lokal. Téknologi sareng pamutahiran wangunan butuh waktos (giliran) kanggo ngadamel. Janten, panggunaan waktos anu saé ogé mangaruhan dominasi anjeun ka musuh.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "945", "text": "Mesin cuci dua tabung paling loba digunakeun ku masarakat, kaasup urang oge make mesin cuci dua tabung. Lantaran hargana anu murah tibatan jeung mesin cuci hiji tabung. Tapi ceuk urang mah salah sahiji kakurangan mesin cuci dua tabung teh nyaeta cara ngaoperasikeunna nu masih keneh manual, jadi masih make tombol, boh tombol muter jang nyeuseuh, ngagaringkeun jeung miceun caina. Tapi mesin cuci dua tabung leuwih hemat listrikna, sabab imah urang make daya listrik 450 watt ge masih bisa digunakeun. Tuluy pernah oge ruksak diomean, harga sparepartna leuwih murah tibatan mesin cuci otomatis mah. Jeung hasil sesehanna oge katinggali leuwih beresih.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2756", "text": "Kaputusan jang meuli laptop geus dijieun, udagan kuring bisa jadi Thinkpad dipaké, sabab sanggeus ningali ulasan, laptop ieu jadi pilihan jeung target loba jalma pikeun kagiatan. Disarankeun ulasan anu kuring baca dina Quora, ulasan YouTube ogé nyarankeun laptop ieu, pikeun kagiatan kerja anggaran rendah. Nu nyésakeun palaksanaan, sabenerna, sanajan murah, dana teu acan kakumpul. Sakadar saran, meuli laptop pikeun ngutamakeun fungsina heula, ngeunaan maen game, meuli engke jeung make laptop keur neangan duit, nu engkena bisa jadi kaulinan rekreasi. Laptop pikeun digawé jeung kaulinan béda, teu sarua nu mere tagline yén éta bisa dipaké pikeun pagawean enteng jeung kaulinan, pasti aya nu ngajual laptop. Singketna, laptop anu fungsina hampang, gampang dibawa ka mana waé, sareng umur batre anu saé, sedengkeun laptop kaulinan sabalikna. Tapi, dua hal éta béda, jadi milih laptop anu diperlukeun, teu hayang, lamun kuring butuh laptop gawé. Dina pamanggih kuring milih ieu heula saméméh nanaon sejenna.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2804", "text": "Jenis seuseuh pisan rupa-rupa, mimitian ti anu dijieun tina bata, liat, nepi ka logam. Bahan bakar anu dipaké ogé rupa-rupa, kayaning kayu bakar, batu bara/arang, gas alam, jeung listrik. Seuseueurna produk oven ieu langkung cocog pikeun usaha kuliner dina skala ageung. Upami anjeun badé ngamimitian usaha bumi, pilihan pangsaéna nyaéta ngagunakeun oven listrik. Hanjakal, teu kabeh oven nawiskeun wattage low, nu bisa ngirim tagihan listrik nepi. Ngaliwatan tulisan ieu, kami nyayogikeun sababaraha rekomendasi oven listrik low watt pangsaéna anu anjeun tiasa milih. Aya rupa-rupa merek oven ayeuna sayogi, sapertos Cosmos, Kirin, Oxone sareng anu sanésna. Wattna rupa-rupa. Unggal merek oven di pasar nawiskeun fungsi sareng fitur anu béda. Pikeun anjeun anu hoyong mésér oven listrik pikeun ngiringan kagiatan ngadamel kueh di bumi tapi masih bingung milih oven mana, ieu sababaraha saran pikeun oven listrik low-wattage anu ngahémat listrik.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4143", "text": "Agama islam jeung kitab suci al- quran nyaeta agama anu damai jeung ngajarkeun kadamaian, Islam rahmatan lil alamin. Urang sakabeh umatna kudu jadi representasi ti agama urang. Agama jeung kitab sucina alus bageus urang salaku umatna oge kudu kitu. Soalna urang salaku umatna anu bakal di pandang jeung di tingali ku batur, urang bisa teu ngamalkeun agama jeung kitab suci urang nu bener. Islam anu endah islam anu tenang islam islam anu damai. Tong nepika urang ngagogoreng agama urang. Kalakuan jtiap jelema emang teu bisa di saruakeun sakabehna, tapi urang oge salaku umat kudu aya usaha jeung tanggung jawab ngajaga jeung terus nyekel ajaran agama islam sesuai tuntunan nu aja dina jero kitabsuci al-quran.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "9333", "text": "Léngkah katilu sangkan urang bisa salamet nalika aya di pagunungan, nyaéta geura-giru ngawangun tempat panyumputan atawa bivouac pikeun panyalindungan. Urang terang yen di leuweung bakal loba bahaya, kayaning tiis, hujan, ribut, tangkal tumbang nepi ka serangan sato galak. Pikeun éta anjeun peryogi panyalindungan awak, sapertos calana panjang, jaket gunung, leungeun baju panjang, sarung tangan, sapatu, péso salamet, sareng topi. Intina, cabut alat panjat gunung anu anjeun bawa pikeun dianggo salaku panyalindungan dasar. Upami anjeun teu gaduh alat, anjeun tiasa ngadamelna tina alam. Balik deui ka topik, Shelter mangrupikeun tempat ngungsi pikeun pendaki tina ancaman ti alam liar. Ancaman ti alam liar tiasa dina bentuk hawa tiis, cuaca goréng, badai, kahuruan, dugi ka ancaman sato liar.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "23", "text": "Cara nyieun seblak kuah nyaeta kahiji keueum makaroni ku cai panas atawa keueum salila kurang ti 10 menitan.Tuluy di tuuskeun ameh cai na ngucur. Saenggeus kitu panaskeun minyak jang numis na. Tumis bumbu halus nepi ka ambeu seungit. Kocok endog tina wadah sejen, tuluy eurihkeun ka jero panci jeung masak orak-arik. Galokeun jeung bumbu halus nepi rata. Eurihkeun cai sacukupna jeung galokeun deui. Asupkeun sosis, bakso, jeung sayur sosin. Galokeun nepi rata. Tuluy cemplungkeun kurupuk jeung makaroni nu geus digodog atawa dikeueum cai panas tadi. Tambahan bumbu , gula bodas, lada bubuk, kaldu bubuk, jeung kecap amis. Terakhir asupkeun bawang daun tuluy masak nepi ka layu. Seblak siap di dahar jeung ka ambeu seungitna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7950", "text": "Lantaran pandemi, abdi janten tara kaluar imah. Kumaha bade ka luar imah lamun sadaya kagiatan kampus oge dilaksanakeun ku cara online di hareupeun laptop wae jadi awak teh nyareri lantaran tara olahraga. Tungtungna abdi janten mulai olahraga deui. Mulai ti olahraga anu hampang sapertos sasapedahan nepikeun lumpat. Pas mimiti olahraga deui abdi ngarasa cape pisan awakna lantaran tos lila teu olahraga, tapi beuki lila abdi leuwih ngarasa jagjag. Komo lamun olahragana sasarengan jeung rerencangan atawa olahraga di tempat anu udarana seger pasti geunah pisan. Abdi oge mulai nyobian sababaraha olahraga anu sanes sapertos senam jeung olahraga mapah anu dibatasan waktosna. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "805", "text": "Penting pisan jang kolot ngarahkeun budakna olahraga, ngameh budak teh apal olahraga naon nu ku manehna dipikaresep. Jeung alusna mah ulah dilarang-larang, siga ngojay ge keun weh cenah diajar. Tapi kolot kudu mastikeun lamun tempat ngojayna aman ulah nepikeun ka hare-hare. Soalna pernah keur leutik ngojay disambarang walungan, apekteh kacugak ku beling. Jeung pernah oge keram pas keur ngojay, sabab teu apal mun olahraga teh kudu pemanasan heula. Nah peran kolot teh penting, mun bisa mah edukasi heula jeung bere pakean pelindung nu luyu jeung olahraga nu keur dilakukeun. Tuluy mun bisa mah bere fasilitas jang manehna olahraga, ngarah budakna ge giat jeung sumanget olahragana.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5414", "text": "Dani sakulawarga nuju nyiapkeun bungbuahan jeung sayuran kangge digantungkeun di gapura gang nu rek ka imahna. Hal ieu mangrupakeun kagiatan wajib dina acara ngaruwat bumi di desana. Unggal gang kudu nyiapkeun hasil tani jang digantungkeun dina gapura. Biasana Dani nyieu gapurana tina awi nu di cat warna beureum bodas. Eta bungbuahan jeung sayuran nana teh digantungeun dina gapura make tali rafia. Kadang sok ditambahan oge ku jajanan pasar atawa inuman jiga teh pucuk atawa ale-ale. Beres nalian bungbuahan jeung sayuran kana rapia, tuluy dirangka diganungkeun dina gapura. Tos kitu mah gapurana tinggal dipasangkeun di gang hareupeun imahna. Dipasangna sok tilu poe samemeh acara ruwat bumi.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "3978", "text": "Biasana di tempat wisata aya transportasi khusus nu bisa di taekan mun rek kukurilingan di tempat wisata nyaeta kareta wisata. Di hampir tiap tempat wisata pasti aya kereta wisata na, bentuk na neda beda aya nu mangrupakeun mobil nu di hias atawa nu bentuk na kareta asli. Kareta wisata di gunakaun pikeun pengunjung nu hayang jalan jalan tapi horam lempang atawa temapt wisata na gede tur luas pisan nu moal bakal bisa di kurilingan lamun lempang hungkul. Naek kareta wisata biasa na aya tambahan jadi beda jeung tiket asup. BIasa na oge dina kereta wisata pengunjung atawa wisatawan na di jelaskeun tentang tempat anu di liwatan. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4273", "text": "Sego pecel atawa nasi pecel nyaéta masakan has di jawa timur persisna madiun nyaeta sangu anu di dahar make pecel tawa lotek lamun i sunda atawa gado gado lamun di jakarta. Pecel dina masakan sangu pecel biasana dijieun tina kangkung, kacang panjang, daun sampeu, daun gedang, atawa kembang turi dicampur sambel kacang. Sangu pecel sok disajikeun ku témpé goreng, mendoan, jeung kurupuk atawa peyek. Peyek nyaeta dahareun nu bisa jadi gaganti kurupuk anunlamu di sunda di sebutna gorengan, peyek loba macemna bisa peyak kacang, peyek teri jeung nu lain na. Kadaharan ieu kasohor di Jawa Timur, Jawa Tengah, Yogyakarta, sarta loba dijual di kota-kota gedé di Pulo Jawa, kaasup Jakarta jeung sabudeureunana. Sacara umum, béas pésél mangrupa kadaharan sapopoé masarakat. Hal ieu lantaran béas pecel miboga rasa anu has sarta gampang kapanggih.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "2730", "text": "Lamun hayang asup ka stadion, anjeun kudu make jostling jeung ngadorong. Abdi henteu ngartos naha éta nalika kuring gaduh tikét. Abdi ambek dina waktos éta. Di antara antrian aya ogé copet anu sibuk dina tugas. Waktu harita kuring ampir-ampiran katepak tapi leungeun si urut langsung dicekel ku si tukang copet jadi si urut kalah dicopet. Asup ka stadion ngaliwatan panto nu dibuka leutik pisan ku pulisi nu keur tugas bari mariksa karcis. Nepi ka kuring di stand luhur lalajo pertandingan nu kakara dimimitian. Senang ningali kipas angin ngalungkeun gulungan tisu ka lapang, aya anu mawa kendang, aya anu ngagorowok sareng nari bari baredog. Kuring nu mimiti lalajo, resep pisan kana paripolah pameget bari seuri. Teu antaparah deui lamun pamaén Persib ditakol nepi ka darat, sagala kata-kata kasar kaluar ti fans. Hanjakal kaulinan ujug-ujug hujan jeung loba panongton milih panyumputan. Ngan sababaraha anu tetep dina korsi pikeun lalajo bal.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5323", "text": "Di lembur abdi mah aya kagiatan Festival Anak Sholeh. Kagiatan ieu teh rutin diayakeun dina raraga meriahkeun taun baru Islam. Kagiatan ieu dilaksanakeun unggal taun. Pelaksanaan nana nyaeta mangrupa lomba-loba keagamaan jiga lomba MTQ, kaligrafi, pidato, jeung hafalan Qur'an. Peserta lombana ti tingkat SD dugi ka SMA di sakacamatan. Panutupan kagiatanna teh sok diayakeun pawei obor ngurilingan desa. Kagiatan ieu teh diayakeun ku remaja masjid kerjasama sareng karang taruna. Kagiatan ieu teh jadi salah sahiji kagiatan rutin nu bermanfaat pisan jang masyarakat, khususna murangkalih jeung remaja sabab bisa jadi media pengembangan elmu agama jeung kamampuan kaagamaan. Cocok pisan kagiatan ieu kangge diikutsertaan ku murangkalih ti sagala usia. Yuk ah urang ramekeun ieu kagiatan!", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2362", "text": "Lagu daerah biasana ngarujuk kana lagu anu miboga wirahma husus pikeun hiji daerah. Aya lagu-lagu daerah anu populer di sakuliah nagara hasil tina siaran radio jeung televisi.\r\n\r\nSawatara ciri-ciri tembang daerah, diantarana, nya éta:\r\n\r\n1. Nyaritakeun kaayaan lingkungan atawa kabudayaan masarakat satempat anu loba dipangaruhan ku adat istiadat satempat.\r\n\r\n2. Gampangna sangkan diajar tembang Sunda teu merlukeun pangaweruh musik anu jero saperti maca jeung nulis not musik.\r\n\r\n3. Jarang dipikawanoh pangarangna.\r\n\r\n4. Ngandung ajén-inajén kahirupan, unsur kebersamaan sosial, jeung akur jeung lingkungan sabudeureun.\r\n\r\n5. Hésé pikeun jalma séjén pikeun nembang lantaran kurang ngawasa dialék/basa daérah nepi ka aprésiasina teu optimal.\r\n\r\n6. Ngandung ajén-inajén hirup nu unik tur has", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "1546", "text": "Jang nyiapkeun dana darurat ieu teu ngan ukur urang hungkul, biasana urang sok nagihan ka adi lanceuk atawa indung bapa ngameh duit gajih teh teu beak kabehanana. Jadi urang inisiatif ka maranehna jang neundeun dana darurat eta dikumpulkeun di urang. Nya sanajan teu konsisten nominalna, tapi sahenteuna tiap bulan teh aya pemasukan jang dana darurat, bisina hiji poe gering atawa butuh dana jang ngababarkeun budak. Nyiapkeun dana darurat teh kudu kasadaran masing-masing, ulah nepikeun ka paksa. Nya sanajan emang kudu rada maksa saeutik ngarah konsisten nyisihkeun jang dana darurat. Komo mun rek pensiun mah geus kudu aya cecepengan jang kahareupna lantaran moal meunang pendapatan tinu gajih deui, kecuali mun pagawe negeri.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "7047", "text": "Dina hakekatna, istighosah teh nyaeta solat babarengan anu tujuanana pikeun menta tulung ka Allah SWT nalika aya kasusah. Tujuan ahirna nyaeta pikeun ngaleungitkeun sareng dileupaskeun tina bencana. Nurutkeun artikel ilmiah anu judulna Sumbangan Istighosah jeung Dzikir Akbar pikeun Pangwangunan Kebhinekaan Siswa di SDIT Umar Bin Khattab Juwana anu disusun ku Alif Novi, kecap Istighosah asalna tina kecap Arab al-ghauts (الغَوْث) anu hartina nulungan. Dina tata basa Arab, kalimah-kalimah anu nuturkeun pola (wazn) istif'aal (اِسْتِفْعَال) ngalambangkeun pamenta atawa do'a. Ku ngalaksanakeun istighosah, tangtos urang miharep ridho ti Allah SWT pikeun ngawaler do’a hamba-hamba-Na anu nyuhunkeun pitulung ka Anjeunna. Ngadoa kalayan ihlas sareng khusyuk bakal ngakibatkeun urang kana kasalametan.\n", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "882", "text": "Ngojay mangrupakeun salah sahiji olahraga nu cukup populer. Loba mangpaat ngojay jang kasehatan awak. Mangpaat nu mimiti nyaeta ngawangun massa otot, hal ieu sabab dina gerakan ngojay ampir kabeh otot awak gerak ngalawan tekanan cai. Tah didieu, kakuatan jeung lenturna massa otot awak bakal ka latih. Ngojay oge alus mun hayang ngaleutikeun bitis. Tuluy mangpaat nu sejenna nyaeta nurunkeun beurat awak. Soalna sajam ngojay teh bisa ngabakar 400 nepikeun ka 700 kalori, gumantung kana intensitas ngojay nu dilakukeun. Tah ieu alus jang nu keur diet oge hayang nurunkeun beurat awak leuwih gancang, kudu rutin ngojay. Tuluy mun keur nyeri sendi mun ngojay mah bakal ngurangan rasa kanyerina.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5843", "text": "Mun gaduh laptop teh kudu dirawat masing bener supaya awet. Biasana mun pemakaian na awet mah laptop na ge bakal wedel tahan lama. Mun laptop geus kotor, geura beresihan make alat pembersih laptop. Terus mun keur make laptop ge ulah diluhureun kasur atawa bantal sabab bisa nahan hawa panas, bisi ngehang kana laptopna. Kudu sing apik dina pemeliharaan nana. Mun keur di charge tong dioprek supaya awet jeung teu tereh rusak. Tuluy mun geus aya kerusakan saeutik teh buru-buru di service supaya teu nyebar kanu sejen. Kade oge nyervice na kudu di tempat nu terjamin kualitasna. Yuk rawat laptop supaya bisa wedel jeung tahan lama kekuatan nana!", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7383", "text": "Barbel mangrupikeun salah sahiji alat angkat beurat anu paling penting anu dianggo pikeun olahraga pikeun ngalatih otot panangan sareng otot awak. Dina ukuran, barbel gaduh rupa-rupa ukuran, ti leutik nepi ka badag. Tangtosna kedah disaluyukeun sareng kamampuan sareng tujuan latihan masing-masing. Ku latihan ngangkat barbel, urang bisa nyieun otot inti urang sarta otot sejen supados beuki kuat dina waktos relatif pondok. Lengkah kahiji anu kedah dilakukeun sateuacan angkat beurat, anjeun kedah pemanasan heula pikeun mantengkeun otot urang sareng nyiapkeun awak urang. Pemanasan mangrupikeun hal anu penting sareng utama anu kedah dilakukeun dina olahraga ieu sabab fungsina pikeun nyegah cidera sareng ngabantosan proses ngawangun otot.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "2635", "text": "Tangtu ngajalankeun, atawa leuwih lengkep athletics. Naha? Kusabab olahraga ieu kuring bisa ngahontal prestasi reueus. Waktu keur sakola, lumpat geus ngararasakeun kumaha carana bersaing di wewengkon séjén (sanajan masih di 1 propinsi), nginep di hotél berbintang gratis, meunang duit saku nu bisa dianggap badag pikeun budak sakola, meunang hiji. bonus kang, mun dijumlahkeun, bisa meuli motor, jeung nu pangpentingna mah ku olahraga ieu mah bisa asup PTN impian kuring dina jurusan impian (jalur SBMPTN, lain Japres). *Prestasi kuring ngan ukur dugi ka tingkat propinsi, tapi kuring nganuhunkeun yén kuring tiasa ngeusian taun-taun sakola kalayan saé sareng nampi pangalaman anu pikaresepeun. Mugia tiasa mere ilham. Naon waé olahraga anu anjeun pikahoyong, tabah sacara konsisten. Teu aya anu rugi tina olahraga, kalemahan olahraga, anjeun masih tiasa séhat.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "2688", "text": "Nonton pertandingan super bowl nu aya di amerika mangrupakeun salah sahiji cara jang bersosialisasi jang konglomerat nu aya di amerika , kumaha heunteu harga tiketna sampe dua puluh miliar jang kursi panonton nu aya dina korsi nu alus, tapi hal eta sabanding merenan jang perjanjian bisnis nu leuiwih ti batan tiket na jeung pangaruhna ka kakayaan jeung kabengharan jallma nu nyieun perjanjian di saat eta , mangakan aya salah sahiji idiom jang super bowl nyaeta america tycon game atawa permaenan jang taipan taipan nu aya di amerika sakaligus nu aya di dunia, kumargi loba jalma penting jeung beunghar nu asalna ti amerika jeung eropa.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5096", "text": "Film Dua Garis Biru jadi film nu populer basa tahun 2019. Film ieu di sutradarai ku Gina S. Noer jeung diproduksi ku Starvision Plus nu kerja sama jeung Wahan kreator. Pemeran utamana nyaeta Angga Aldi Yunanda (Bima) jeung Adhizty Zara (Dara). Film ieu nyaritakeun remaja SMA nu kena seks bebas dugi ka hamil di luar nikah. Durasi film ieu nyaeta 113 menit atawa hampir dua jam. Film ieu mangrupakeun adaptasi tina novel Lucia Priandarini jeung Gina S, Noer nu judulna Dua Garis Biru. Film ieu berhasil ngajaring dua juta setengah penonton di Indonesia dugi ka nepatan posisi kadua film telaris tahun 2019.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "982", "text": "Pausahaan asal Jepang ngawanohkeun bantal lembut nu diklaim bisa \"napas\". Disebut kitu teh sabab bantal pinter nu mibogaan ngaran Fufuly ieu bisa ngirim getaran atawa sora halus nu bisa mantuan nenangkeun pengguna. Gelombang sora atawa getaran nu dikirimkeun Fufuly ieu tuluy diklaim mirip siga jelema nu keur napas. Pengguna bisa ngeukeupan atawa mangku Fufuly jeung ngarasakeun sora atawa getaran halus nu dihasilkeun batal eta, jang sakadar nenangkeun diri sorangan atawa ngaleungitkeun stress. Sacara fitur, Fufuly mibogaan tilu mode nu bisa diluyukeun jeung kabutuhan pengguna. Fitur ieu bisa diaktifkeun ngaliwatan bantal sacara langsung, ngaliwatan tombol-tombol nu aya dina bantal, teu ngagunakeun aplikasi.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "489", "text": "Idul Adha mangrupakeun salah sahiji poean umat Islam. Hal eta ku sabab Idul Adha mibogaan loba makna jeung tujuan nu kudu dijadikeun conto. Tujuan ayana Idul Adha nyaeta mieling peristiwa kurban. Sajarah Idul Adha mimitina pas Nabi Ibrohim sadia ngorbankeun anakna Ismail sebagai wujud kataatan ka Allah. Detik terakhir saacan Ibrohim ngaikhlaskeun anakna, Allah ngaganti Ismail ku hiji domba. Idul Adha oge ngarayakeun rengsena ibadah haji. Haji mangrupakeun ibadah nu ngabutuhkeun kamampuan materi jeung fisik, ku sabab kitu dibutuhkeun pengorbanan jeung kapatuhan nu luar biasa ka Allah SWT. Intina perayaan Idul Adha teh nyaeta jang ngadeukeutkeun urang ka Allah SWT, ku wujud kataatan jeung ngajalankeun parentahna dina haji jeung kurban.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "5870", "text": "Kamera teh jadi salah sahiji kabutuhan anu penting pisan dina minuhan aspek fotografi jeung videografi. Saking ku ningkatna kabutuhan akan kamera, jadi loba perkembangan dina rupa kamera nu disasuaikeun jeung kabutuhan. Nu kahiji nyaeta kamera 360 derajat, nu biasa digunakeun jang videografi atawa fofotoan pamandangan anu endah sabab bisa ngarekam ti sagala sisi, biasana sok dipake traveler atawa hiker. Nu kadua nyaeta kamera underwater, anu biasana dipake jang ngambil gambar atawa video dina jero cai. Biasana sok dipake para penyelam. Nu katilu nyaeta kamera action nu bersahabat pisan jeung para petualang sabab bisa dibawa dina sagala kondisi jeung kagiatan outdoor.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5497", "text": "Abah Asep Nugraha mangrupakeun hiji diantara sakian loba tokoh masyarakat adat di Jawa Barat, nu meunang penghargaan ti Kemendikbud. Anjeunna mangrupikeun pupuhu adat Sirnaresmi, Sukabumi. Desa Sirnaresmi kaasup kana Kasepuhan Banten Kidul nu tos aya di abad ka-6. Abah Asep Nughara mangrupikeun generasi ka sapuluh nu ngajaga kampung adat ieu dugi ka wabah covid-19. Aturan adat nu dipegang teguh ku anjeunna terus diterapkeun keneh di kampung adat ieu nyaeta dina hal tani. Jadi masyarakat adat dilarang pisan ngajual hasil tani na, tapi disimpen dina leuit jang bekel sataun kahareup. Binih pare nu dipelakna oge kudu varietas lokal, teu meunang nu sejen.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "4719", "text": "Generasi milenial nyaeta generasi anu keur loba ngadominasi jaman ayeuna, jaman katerbukaan, jaman dimana informasi bisa leuwih tereh nyebar ngucur siga cai, jaman anu dinamis pisan jaman anu dimana parubahan gancang pisan. Parubahan ieu oge mawa dampak ka pola pikir manusa na. Generasi milenial anu ayeuna ngadominasi boga pamikiran pamikiran anu geus berobah ti generasi samemeh na teu ngan pamikiran anu berobah tapi loba deui diantara na gaya hirup, tren, kumaha cara ngatur kauangan, napi ka karir jeung pagawean. Alesanana, loba generasi milenial mimiti hoream ngamimitian karirna ku gawe di kantoran nyarta, maranehna boga pamikiran anu kreatif, dimana kreatif teh teu bisa di gawe dina kaayaan terikat ku paraturan paraturan kantoran pada umumna, jadi aranjeunna langkung mikaresep resep gawe wirausaha anu leuwih bebas.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "1976", "text": "Waktu mimiti indit ka alun-alun Bandung, Asmi katarik ku beus warna-warni nu ngaliwat sapanjang Jalan Asia Afrika. Karunya harita kahayang naek beus Bandros teu kacumponan. Kusabab urang henteu terang halte beus Bandros waktos éta. Alhamdulillah, dina nganjang ieu kahayang Asmi kacumponan. Jeung tetela lokasi halte beus bandros deukeut ka Masjid Agung Bandung. Saparantosna ti stasion Bandung naek angkot (hilap nomer sabaraha, mung terang hejo) nuju ka alun-alun kota Bandung. Sabot turun di alun-alun, tétéla éta tempat eureun beus Bandros. Ningali deretan beus warna-warni ngajajar di halte, Azka langsung menta naek kana beus wisata ieu. Kusabab geus beurang, antrian geus rada oray. Heueuh, sabab beuki loba nu ngantri naek beus Bandros diuk di sabudeureun halte. Sistem meuli tiket tétéla sanggeus urang / panumpang keur diuk geulis dina beus. Kulantaran henteuna aya antrian anu jelas, mun naek beus Bandros mindeng aya paparibut, ih teu ngarantri naek, kudunamah éra ku meri.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "5400", "text": "Upacara piodalan nyaeta salah sahiji upacara kaagamaan umat Hindu di Bali. Upacara piodalan nyaeta raraga ngingetan hari lahir pura atawa tempat ibadah suci. Upacara ieu dilaksanakeun sataun sakali. Samemeh upacara piodalan, umat Hindu gotong royong jang nyieun penjor, tenda upacara, jeung beberesih di sakitaran tempat ibadah, teu poho oge nyiapkeun sasajen tina bungbuahan jeung bunga. Pas hari upacara piodalan, mimiti dilaksanakeunna nyaeta beberesih niskala di sadaya bangunan tempat ibadah, tos kitu nembe dlaksanakeun sembahyang ngangge media buah jeung bunga. Beres sembahyang, diakhiri ku mercikkeun tirta atawa air suci jang pembersihan buana alit. Mun atos sembahyang eta, nembe dinyatakeun yen upacara tos beres. Tuluy kantun maka bersama sadaya umat Hindu kangge mempererat hubungan silaturahmina.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "3053", "text": "Mayoritas pagawé di Indonésia leuwih milih gawé ti kantor/WFO sanggeus pandémik Covid-19 réngsé. Ieu dumasar kana hasil survéy Jakpat anu judulna Preferensi Tempat Kerja Pasca Pandémik - Laporan Survei JAKPAT 2022. Hasil survéy kapanggih yén saloba 44% réspondén leuwih milih WFO pascapandémik. Responden anu milih WFO lolobana asalna ti generasi X jeung réspondén anu digawé di BUMN jeung pausahaan swasta nasional. Modél gawé WFO ogé dipilih ku réspondén anu milarian interaksi sosial sareng parantos janten pagawé full-time. Tina réspondén anu milih WFO, seuseueurna aranjeunna nganggap yén damel di kantor langkung efektif tibatan modél padamelan sanés sareng panginten WFO ngagampangkeun komunikasi sareng koordinasi.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "495", "text": "Indonesia mangrupakeun nagara nu mibogaan penduduk muslim paling gede di dunia. Jadi moal heran lamun jumlah tempat ibadahna umat muslim atawa masigit kaitung loba di Indonesia mah. Dumasar kana data Kementrian Agama (Kemenag), Indonesia mibogaan total 290.161 masigit per bulan Mei 2022 nu disebar di 34 provinsi. Jawa Barat jadi provinsi nu mibogaan masigit paling loba, nyaeta nepikeun ka 59.243 masigit. Tuluy Jawa Tengah jeung Jawa Timur nu mibogaan masigit jumlahna 50.691 jeung 49.869 masigit. Tuluy Sulawesi Selatan mibogaan 14.410 masigit, Lampung 12.052 masigit, Sumatera Utara 10.626 masigit, jeung Sumatera Selatan 9.381 masigit. Bali jadi provinsi nu boga masigit paling saeutik nyaeta ngan saukur 250 masigit.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "61", "text": "Daril teh boga warteg di salah sahiji kampung di Batujajar, unggal poe manehna muka jam 6 tutupna jam 5. Salian ti boga warteg, Daril oge anu masakna. Menu masakan di warteg Daril sarua kawas warteg nu sejenna, aya endog balado, tumis kangkung, oseng kacang panjang, tempe orek, sayur tahu, terong balado, kentang balado, jeung nu sejenna sabangsaning lauk-laukan siga pindang, hayam. Daril dibantuan ku Bayu anu tugasna balanja ka pasar jang pasakeun di wartegna. Biasana ka pasar mangkatna jam 1 atau 2 peuting, jadi bahan nu diolah teh dadakan jeung seger. Jadi Daril aya waktu masak ti jam 4 nepi jam 6.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7627", "text": "Mangpaat kawirausahaana anu sanesna nyaeta urang tiasa gaduh usaha anu sasuai jeung bidang anu dipikaresep. Lamun urang gawe dina hal anu dipikaresep, pasti dina ngajalankeunna oge bakal atoh. Urang tiasa ngalakukeun hal anu urang resep sabari meunang panghasilan. Contona lamun urang gaduh karesep ngarias wajah, urang tiasa ngajadikeun eta janten wirausaha ku ngadamel bisnis rias panganten atawa wisuda. Janten urang tetep tiasa ngalakukeun hal anu urang resep sabari ngajadikeun eta sumber panghasilan urang kanggo minuhan pangabutuh sapopoe. Apal kana hal-hal anu keur usum di jaman ayeuna oge mangrupakeun salah sahiji kauntungan jeung mangpaat wirausaha lantaran lamun urang hoyong bisnisna laku, uran kedah ngical barang anu dibutuhkeun jeung dipikahoyong ku pasar.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "3960", "text": "Saméméh jadi Taman Sri Baduga, ieu taman téh mangrupa situ buleud gedé nu disebut Situ Buleud. Asal muasal Situ Buleud aya patalina jeung kajadian pindahna ibukota Kabupatén Karawang ti Wanayasa ka Sindangkasih, saluyu jeung pangwangunan infrastruktur Kota Purwakarta dina tahap awal. Situ Buleud dijieun dumasar kana pamanggih Bupati R.A. Suriawinata. Pabrikna lumangsung antara 1830 - pertengahan 1831. Situ Buleud dijieun dua tujuan jeung kagunaan. Kahiji, sabagé sumber cai pikeun kapentingan Pamaréntah jeung masarakat Kota Purwakarta. Cai ti dinya, antara séjén dipaké pikeun ibadah jeung kagiatan séjénna di Masjidil Haram. Kadua minangka tempat rékréasi. Pikeun kapentingan kadua gunana atawa tujuanana, di tengah-tengahna diwangun wangunan tradisional saperti gazebo (wangunan tanpa tembok) pikeun tempat peristirahatan (pairgrahan). Babaraha taun na tuakng situ buleud teu ka urus loba bagian dina bangunana anu ruksak nepi ka Dd tahun 2018 bupati purwakarta keur itu pa dedi mulyadi mugar situ buleud, situ bukeud di alusan di tata deui di pelakan tutuwuhan jeung ngayakeun air mancur, ti dinya kakara purwakarta bisa leuwih di kenal deui. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "1983", "text": "Bandros nyaéta beus wisata anu dipidangkeun ku Pamaréntah Kota Bandung, hususna pikeun wisatawan anu hayang leuwih kenal jeung Kota Kembang. Beus Bandros parantos beroperasi langkung ti tilu taun ti mimiti diluncurkeun tanggal 18 Pebruari 2018. Beus wisata ieu ngalayanan wisatawan anu rék ngurilingan Kota Kembang bari mikanyaho carita jeung sajarah sababaraha lokasi di Kota Bandung. Saméméhna beus Bandros nyaéta beus dua tingkat. Tapi pikeun kasalametan panumpang, ayeuna beus unik ieu sareng warna anu béda ngan ukur ngagaduhan hiji lantai. Beus Bandros masih beroperasi dugi ka ayeuna. Nu matak, panumpang Bandros lain ukur wisatawan ti luar kota Bandung atawa Jawa Barat, tapi ogé warga Kota Bandung sorangan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "5726", "text": "Salah sahiji olahraga nu babari dilakukeun jeung cocok jang pemula nyaeta jumping jack. Jumping jack teh olahraga nu dilakukeun teu make alat, jadi bisa dimana wae jeung bisa iraha wae dilakukeunna. Jumping jack teh disebut oge lompat bintang. Cara ngalakukeunna nyaeta ku rentangkeun tangan, renggangkeun sampean, tuluy luncat bari rapetkeun telapak tangan diluhur, tuluy tangan dirapetkeun kana pingping sisina. Terus we lakukeun gerakan eta sing rutin, saseri na teh alusna dalapan itungan. Sakali maen jumping jack teh alusna mah minimal opat seri jang pamula mah. Ieu olahraga alus pisan jang kasehatan jantung jeung otot nu aya dina awak urang supaya teu tegang.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "3989", "text": "Lembur mamah kuring di tasik teh meni enakeun pisan, lokasi na emang jauh ti kota tempat pangdeukeut na nyaeta pasar rajapolah. Eweh indomart atawa Alfamart diditu jadi mun jajan ngan bisa ka warung leutik. Jajanan ge ti tasik mah asa murah keneh jaman ayeuna masih aya jajaneun nu harga na saukur lima ratus. Di lembur mama kuring teu pati rame jelema ari geus isa pasti sepi dimana mana , lokasi na masih keneh di kurilingan ku sawah jeung kebo. Bakat ku kitu na matak udara di lembur bersih seger keneh eweh polusi. Isuk jam 7 ge diditu mah tiris keneh. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "134", "text": "Millennium Hotel Sirih Jakarta, cukup nyaman jeung posisina kaliwatan ku transportasi umum. Lobi na gede, kamarna lega, kamar mandina beresih jeung aya bathtub an. Fasilitas umumna aya kolam renang, gym, jeung aya oge gereja jang ibadah umat nasrani. Lobi na ge gede, aya tempat jang nungguan check in, ngan hanjakalna basa eta check in na telat, nu kuduna jam 1 geus check in, ieu can dibere wae, alesanna keur diberesihan keneh. Jadi mimiti asup kamar teh jam 2:30 an, rada lila nungguan di lobi na. Untungna di lobi aya hiburan piano, jeung nyaman lobi na jadi teu bosen. Sarapanna biasa wae euweuh nu spesial, teu loba oge pilihanna. Pas check out urang rada telat check out na nu kuduna jam 12, urang check out jam 1:30. Untungna diijinan jadi teu kudu mayar leuwih. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "3631", "text": "Kumaha Mayar Jak Lingko Ngagunakeun E-Money, Leuwih Praktis\r\nKumaha Mayar Jak Lingko Maké E-Money, Langkung Praktis Kumaha Mayar Jak Lingko Maké E-Money, Langkung Praktis, Unsplash: Adismara Putri Pradiri\r\nIeu mangrupikeun cara praktis pikeun mayar Jak Lingko nganggo e-money anu kedah dipikanyaho warga Jabodetabek.\r\nCara mayar angkutan umum Jak Lingko gampang pisan, mimitina nyiapkeun kartu duit éléktronik. Pastikeun mawa kartu duit éléktronik, duanana dikaluarkeun ku Jak Lingko sarta bank anu gawé bareng jeung Jak Lingko.\r\nKartu éléktronik anu tiasa dianggo diantarana e-money ti Bank Mandiri, Brizzi ti Bank BRI, Flazz ti Bank BCA, TapCash ti Bank BNI, JakCard ti Bank DKI, jeung Jak Lingko.\r\nTeras sadayana anu anjeun kedah laksanakeun nyaéta ngetok artos éléktronik anjeun dina mesin ngetok anu sayogi dina angkutan umum. Ngetok Duit Éléktronik anjeun dina mesin ngetok anu sayogi dina angkutan umum. Ngalakukeun ngetok ieu dua kali.\r\n Ngetok dilakukeun nalika asup sareng sakali deui nalika kaluar tina beus. Cirian nalika anjeun lebet atanapi ti daérah mana anjeun angkat sareng ti mana anjeun turun supados anjeun terang sabaraha biaya perjalanan anjeun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "1858", "text": "Nalika kuring ngadamel kueh kuring bungah pisan sabab éta pertama kali kuring ngadamel kuéh. bagean kuring mawa dulang, mamat mawa saringan jeung piring jeung si dono mawa sendok jeung saputangan jeung tugasna dono nyaeta ngukul kueh nepi ka rata. Kuring salawasna tetep bersih basa nyobaan masak, dilanjut kuring nyaring biskuit. Saterusna lamun geus rengse disaring dicampurkeun jeung susu coklat. kuring ngenaheun pisan ker etateh, sareng kuring ngaraosan jajanan dina grup sejen oge nyaeta kue jeung bronies bentuk kembang. Sanggeus bérés dahar eta kuéh tétéla ngeunah pisan. Kueh kuring dibawa ka imah pikeun dibikeun ka adi jeung indung kuring. Sabot kuring datang, jajan langsung dibikeun ka adi jeung indung kuring.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "9387", "text": "Cara naek Busway Transjakarta. Lengkah awalna urang kudu nentukeun heula tujuan jeung halteu keberangkatanna, biasana sok aya dina websitena. Kadua sipakeun ongkos jeung mayarna, nyeta make e-money, anu bisa dieusian heula di loket Transjakarta anu minimal ngeusianna Rp 20.000,-. Teras urang nungguan di halteuna, pastikeun deui yen urang aya di halteu nu bener ameh teu kudu balik deui. Lamun Busway Transjakartana geu dateng, urang kudu antri asup ka jerona. Lamun geus di jero, urang kudu ngikut kana tata tertib nu aya dina jeo Busway. Baheula mah mayar ongkosna make uang kertas keneh, ayeuna mah geus nerpakeun uang elektronik salaku ongkos pembayaranna. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4646", "text": "Teknologi ayeuna perkembangan na gancang pisan, uanggal poe unggal detik babari pisan ngarubah bener bener dinamis parubahanna. Urang salaku manusa ayeuna kudu pisan bisa buru buru nyasuaikeun diri jeung teknologilamun henteu urang bakal tinggaleun, saeutik weh urang elat urang bisa katinggaleun loba perubahan parubahan dina teknologi anu aya. Contohna wae dina ngagunakeun ponsel hanphone jaman baheula urang teu saeutik oge kapikiran bakal bisa kos kieu, bisa ngahubungan jeung ningali langsung jelema anu jauh liwat teknologi anu ngarana video call, ayeuna oge urang bisa babari pisan menangkeun informasi naon wae di beulahan dunia mana wae gancang liwat ponsel handphone ieu teh teu pisan kabayang bakal kajadian keur baheula mah.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "1176", "text": "Ngatur piduiteun oge jadi poin penting nu kudu dijalankeun ku perusahaan. Di mana ku ngalakukeun manajemen piduiteun bisa nyegah kajadian rugi. Lamun perusahaan urang geus ngalaman karugian, kudu merhatikeun proses manajemen piduiteun perusahaan urang, naha geus jalan mulus atawa acan. Sedengkeun mun acan, tangtuna urang kudu ngomean manajemen piduiteun perusahaan urang geura-geura, ngameh kondisi piduiteun perusahaan bisa mulus deui jeung teu ngalaman karugian. Bisa oge ngarobah tina sistem bisnis, sasaran, lokasi usaha, jeung strategi pemasaran. Di mana hal ieu kudu bisa luyu jeung hasil evaluasi bisnis urang ngameh penyebab karugian bisa manggih hiji solusi anu tepat. Ku sabab kitu dipiharep moal deui kajadian rugi deui kahareupna.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "4516", "text": "Pertandingan olahraga kasresep urang indonesia ku ges kasohor nyeta badminton, hampir sakabeh masarakat indonesia resep badminton, acara nu ges oba di tunggu tunggu nepi ka di siarkeun kana tv jeung rame nu nontona. Lamun aya badminton tina tv pasti oge bisa trending di social media, eta ku sabab loba na fans badminton oge anu aktif di social media. Loba oge para atlet badminton idola masarakat indonesia saperti jonathan chrisy, kevin sanjaya, antony sini suka ginting jeung sajabana. Masarakat jadi ngaidolakeun atletna siga artis ku bakat kacintaan na ka olahraag badminton. Olahraga badminton jadi karesep kusabab loba mawa medali emas ti jaman baheula.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5874", "text": "Mun nuju di kostan mah abdi teh sok masak sangu nyalira dina mejikom. Tapi mun nuju hoream mah sok meser we sangu jeung dengeunna na warteg. Mun keur purun mah, isuk-isuk beres sholat subuh teh sok langsung ngisikan beas tuluy nyetrekeun mejikom. Geus dicolokeun mah tuluy we baranggawe nu sejen, biasana ngerjakeun tugas kuliah. Mun sanguna geus asak, nembe we meser deungeunna ka warteg. Biasana sakali nyangu teh ngan satengah gelas, bisa jang emam pagi jeung sore. Mun siang mah tara biasa makan sabab sok meuli jajanan nu sejen we jang ngabaturan ngerjakeun tugas. Lumayan tiasa ngahemat pangaluaran jeung bekel.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8272", "text": "Pagawe kantor nyaeta individu anu ngalaksanakeun pagawean profesional, manajerial, atanapi administrasi anu dilaksanakeun di kantor atanapi setting administrasi sanes. Padamel kantor biasana ngalakukeun padamelan anu aya hubunganana sareng akademisi, manajemen bisnis, perbankan, pamasaran, teknologi informasi, sareng sajabana. Benten jeung pagawe biasa atawa kuli anu biasana gawe di pabrik atawa sawah. Pagawe kantor condong boga gaji leuwih luhur batan kuli. Pagawe kantor biasana mibanda tingkat pendidikan anu luhur, sangkan meunang pagawean anu leuwih nyaman jeung fasilitas anu leuwih nyukupan. Upami gawe kantoran teh aya biasana aya babaraha jabatan nu gaduh beban gawenana masing-masing. Makin luhur jabatanna makin gede oge gajina. tur tunjangan-tunjanganna.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "5416", "text": "Ngauwat bumi mangrupakeun salah sahiji upacara adat nu sok diayakeun ku unggal desa atawa wilayah kacamatan. Ngaruwat bumi dilaksanakeunna dina bulan tertentu, biasana bulan September atawa Oktober. Ngauwat bumi dilaksanakeun dina raraga wujud rasa syukur atas hasil bumi nu ngalimpah, pelestarian budaya lokal, jeung pemanjatan syukur ka para karuhun urang. Acara ngaruwat bumi biasana diayakeun ku arak-arakan jampana ti unggal dusun nu ngarepresentasikeun hasil tani dusun eta. Tuluy oge mun peutingna sok diayakeun wayang golek di aula bale desa sabagai bentuk pelestarian adat jeung budaya. Di unggal gang nu kaliwatan japana oge kudu dipasangan gapura nu digantungan ku rupa-rupa hasil tani. Tah eta hasil tani nu digantungkeun teh meunang dicokot mun jampana geus liwat, atawa acara pemanjatan doa ka karuhun geus dilaksanakeun.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "4567", "text": "Saha anu henteu terang Candy Crush Saga Game? Pasti pamaké heubeul tina platform Facebook geus maénkeun éta. Kaulinan ieu dirilis pikeun Facebook dina 12 April 2012 sarta dirilis deui pikeun smartphone dina 14. Nopember 2012. Kaulinan ieu ampir dicoo ku ampir sakabéh penjuru dunya anu ngagunakeun Facebook dina waktu éta. Nepi ka ayeuna ieu permainan masih eksis jeung loba keneh nu maenkeun. Games ieu geus diunduh ku leuwih ti 10 juta pamaké. Kaulinan ieu beuki loba popularitas sarta ngajadikeun pamaén gampang ngakses eta. Urang mimiti maén game ieu, kuring ngamimitian pikeun senang-senang sareng tungtungna janten pengkuh sabab kuring panasaran tiasa ngalengkepan unggal tingkat.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5777", "text": "Salah sahiji olahraga ekstrem nu loba diminati ku masyarakat, khususna nu resep kana tantangan nyaeta bungee jumping. Olahraga ieu mangrupakeun olahraga ekstrem sabab loncatan na dilakukeun ti katinggian sababaraha puluh meter. Biasana dilakukeun ti jembatan nu lega jeung memadai. Olahraga ieu teh kudu didampingi ku nu tos professional supaya ngaminimalisir tingkat kacilakaan. Malahan mah olahraga ieu jadi salah sahiji wahana wisata ekstrem nu aya di sababaraha tempat, misalna di Bandung nyaeta daerah jembatan Rajamandala atawa di Pantai Seminyak, Bali. Jadi, pengunjung teh bakal dipakean alat safety tuluy diloncatkeun ti jembatan ka handap bari dikaitan pinggangna ku tali. Mun tos nepi ka handap mah sok aya nu nyusulan make parahu karet supaya bisa ngadarat.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "1536", "text": "Lantaran zodiakna sarua Leo, jadina mun keur pasea teh sok silih tembal embung aya nu ngelehan. Jeung waktu baikanna deui teh cenderung leuwih lila. Bisa nepikeun ka 3 poe. Tapi sanajan kitu, di antara arurang embung aya nu megatkeun hubungan. Mun keur pasea, biasana sok silih nenangkeun heula pikiran, lantaran mun parea-rea omong bisa leuwih parah, dinu masalah nu leutik bisa jadi leuwih gede. Tiap jelema mibogaan treat ka pasangan mun keur parasea, tangtuna urang jeung kabogoh oge kitu. Bisa mere hadiah leuleutikan itung-itung menta hampura, atawa bisa oge diajak momotoran duaan, ulin duaan, ieu ge jadi salah sahiji cara ngameh gancang baikan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "2746", "text": "Ayeuna, rupa-rupa kagiatan parantos ngalih kana sistem online. Salah sahiji kagiatan anu dilaksanakeun sacara online nyaéta prosés diajar-ngajar. Ku kawijakan ieu, guru jeung murid diajak ngagunakeun komputer atawa gadget pikeun ngalaksanakeun kagiatan diajar jarak jauh. Tapi dina kanyataanana, ngalaksanakeun pangajaran sareng diajar ngaliwatan sistem online ieu henteu segampang anu dibayangkeun. Hal ieu lantaran teu sakabéh siswa miboga fasilitas komputer atawa gadget ti kolotna. Baheula, carita viral gadis leutik ti kulawarga underprivileged daék megatkeun bank na keur meuli smartphone. Carita ieu dibagikeun ku tukang toko anu damel di toko éléktronik di Thailand. Kanyahokeun yén budak teh peryogi telepon sélulér supados tiasa gabung sareng réréncangan jang tiasa ngiringan diajar online", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2785", "text": "Kumaha pemula anjeunna, naon wates anggaran na, naha anjeunna paduli / paduli ngeunaan perawatan kaméra, sabaraha anjeunna hoyong diajar, jsb Kuring nganggap pemula boga cukup anggaran, bisa ngurus kaméra, sarta hayang diajar ti nol ka sahenteuna cukup. Tapi rookie ieu rookie nyata. Dina harti nu teu nyaho naon segitiga fotografi, depth of field, shutter speed, komo cara masang kartu SD. Lajeng kaméra anu kuring nyarankeun nyaéta Pocket Camera. Kabetot dina merek atanapi fitur naon anu dipikaresep ku anjeunna. Ti dieu, pamula diajar fitur dasar kaméra, pangropéa kaméra, naon bédana antara zum optik sareng zum digital, sareng diajar aturan komposisi sapertilu.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2024", "text": "Sacara umum, film horor dipikaresep ku panongton sabab bakal nimbulkeun sensasi (sieun, tegang jeung sajabana). Aya analisa anu nyatakeun ieu kusabab film horor tiasa ningkatkeun adrenalin, dopamin sareng hormon sanésna sahingga nyiptakeun sensasi anu henteu dicandak dina kahirupan sapopoe. Nanging, sacara umum, film horor dipikaresep ku sabab: Penggemar film horor ganas (gore) biasana jalma anu milarian sensasi anu luhur sareng sacara teu sadar mangrupikeun karakter anu tingkat empati sosial anu handap sareng sering ngaidentifikasi dirina salaku karakter palaku anu ngadominasi. korban. Peminat film horor misterius (thrillers) umumna jalma anu milarian sensasi anu luhur kalayan tingkat empati sosial anu luhur sareng resep patarosan anu ngabengkokkeun otak sareng sering ngaidentipikasi dirina sareng korban anu hoyong kaluar tina masalah anu disanghareupan. Kalayan sensasi ieu, film horor bakal janten genre anu bakal salawasna aya. Sarua jeung ayana wahana roller coaster di ampir sakabéh taman tema.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "5014", "text": "Mun akhir taun, kuring biasana nempo nu raramean nyambut taun baru di luar imah. Tah, kabeneran taun baru 2021 mah kuring indit ka tangga sarebu nu ayana di Gunung Manglayang. Kuring indit jam salapan peuting ti kostan. Kuring indit jeung babaturan lobaan make motor. Kabeneran pisan di tangga sarebu keur aya tiket gratis spesial malam taun baru hungkul. Di jalan kuring meuli heula kebab jang ngaganjel beuteung. Tuluy langsung indit deui nuluykeun perjalanan. Tah, jam sapuluh kuring nepi ka tangga sarebu. Diditu geus rame pisan, parkiran ge geus hampir pinuh, tapi untungna mahi keneh. Geus parkir, kuring tuluy naek tangga nepi ka luhur. Di pang luhurna, kuring nongkrong di warung meuli indomie. Kuring dahar indomie bari ningalikeun pamandangan lampu-lampu kota nuu dihias ku burinyay kembang api. Kabeh wilayah bandung timur katingali ti tempat ieu. Beres raramean taun baruna, kuring jeung babaturan lanjut balik deui ka kostan sakira jam hijian.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "9437", "text": "Ngolah kadaharan ti laut mangrupakeun cara nu sae pikeun ngarasakeun rupa-rupa kadaharan ti laut, kayaning lauk, udang jeung kerang. Aya rupa-rupa cara pikeun ngolah kadaharan ti laut, gumantung kana jenis kadaharan ti laut anu bakal diolah jeung rasa masing-masing. Hiji cara populer pikeun ngolah kadaharan ti laut nyaeta ku dibakar. Urang bisa ngagoreng lauk atawa udang ku tipung panir, atawa grill dina batu bara panas. Sajaba ti eta, kadaharan ti laut oge bisa diolah ku cara ngolah nganggo bungbu anu urang resep. Poe ieu, Ambu rek masak sababarah rupa seafood kayaning udang, kerapu, jeung kerang. Kusabab eta, Ambu tos angkat ka pasar induk ti subuh keneh sangkan tiasa diolah wengina. Ambu kacida resep nuang seafood.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "3042", "text": "Upami anjeun ngamimitian bisnis anjeun nyalira dina Séptémber 2019, sateuacanna anjeun parantos jualan salami 10 taun. Sarta sababaraha kali babarengan jeung babaturan anu geus boga usaha tapi teu kungsi lila. Salawasna kandaraan. Ayeuna kuring boga warung kopi leutik di kacamatan. Tangerang. Henteu ageung tapi cekap pikeun ngabiayaan kulawarga urang. Hehe sareng aya sakedik online pikeun sisi. métode nyaéta:\r\n1. Lamun usaha keur ngajalankeun, néangan panghasilan anyar pikeun nambahkeun eta. Kalayan catetan yén anjeun tiasa ngadamel sadayana, leres. Sanaos anjeun tiasa mayar jalma pikeun ngurus éta, éta tetep kedah dikontrol. Teu aya anu paduli ngeunaan artos anjeun tibatan anjeun.\r\n2. Lamun loba jalma nu niru usaha kuring, kuring néangan usaha séjén, jeung saterusna, nah kitu tips na.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "7195", "text": "Peran jeung keterlibatan tokoh adat dina pulitik teh lain hal anu anyar dina sistim pulitik di nagara Indonesia, buktina dina jaman Orde Baru, peran tokoh adat geus diintegrasikeun kana struktur pulitik formal partey-partey pulitik nu tangtu, pikeun ngamobilisasi jeung ngabentuk partisipasi pulitik dina pamilihan umum (pemilu). Pamingpin atawa tokoh adat nyaeta jalma anu boga kaleuwihan jeung kaahlian, hususna kaleuwihan jeung kaahlian di hiji daéeah pikeun mingpin masarakat adat dina mere aturan anu patali jeung kahirupan, sapertos upacara adat jeung oge ritual kaagamaan anu dipercaya ku masarakat sacara turun-tumurun. Di masarakat Sabu Raijua, pamingpin adat Jingitiu nyaeta individu atawa kelompok anu boga peran dina ngatur, ngabina, jeung ngarahkeun laku lampah masarakat sangkan laku lampah luyu jeung norma adat anu lumaku, hal ieu mangrupa tradisi turun-tumurun.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "9435", "text": "Buah stroberi mangrupikeun buah anu kaya ku mangpaat keur kasehatan awak urang. Salian ti rasana anu amis sareng seger, stroberi oge ngandung seueur vitamin C anu tiasa ngabantosan ngajaga imunitas awak. Vitamin C mangrupikeun gizi anu penting pisan pikeun awak urang, khususna dina usum tiis atanapi ngajaga sangkan teu katular ku pandemi. Stroberi oge ngandung antioksidan anu tiasa ngajaga awak tina serangan radikal bebas. Salian ti eta, stroberi jadi salah sahiji buah anu bisa diolah jadi rupa-rupa kadaharan. Bisa dijus, di olah janten sele atawa smoothies. Ku kituna, hayu urang sami-sami ngajaga kasehatan liwat hal-hal anu bisa dilakukeun sapopoe, contohna ku nuang stroberi.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "987", "text": "Cara ngalacak perangkat iPhone ngagunakeun fitur Find My. Misalna salah sahiji iPhone nu geus kahubung jeung Apple ID leungit, pengguna bisa langsung ngalacakna ngaliwatan aplikasi Find My. Carana buka aplikasi Find My nu aya dina iPhone. Tuluy lokasi kabeh perangkat Apple milik pengguna bakal muncul dina peta Find My. Di peta eta, pengguna bisa ninggali perangkat Apple manehna nu leungit. Mulai ti iOS 15, lamun perangkat ieu dina kondisi online, mun pindah lokasi bisa dipantau sacara langsung. Lamun offline, Find My bakal nampilkeun lokasi terakhir perangkat eta ti mimiti nyambung jeung internet. Pas iPhone nu leungit katinggali aya di sabudureun, pengguna bisa nyorakeun nada dering dina perangkat eta ngaliwatan Find My.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8842", "text": "Kaulinan favorit Jaka nyaéta kaulinan balapan. Ampir unggal poé Jaka sok maenkeun kaulinan balap dina hapé manehna. Mindeng manéhna ogé ulin babarengan jeung babaturanana. Waktu harita, Jaka can sadar kana balukar goréng tina maen game, sanajan sababaraha kali panon Jaka peurih jeung beureum lantaran geus lila teuing hareupeun hapé. Hiji poé indungna mawa si Jaka pikeun dipariksa panonna, da pasti panonna Jaka capé alatan pancaran sinar hapé. Saatos kajadian éta, manehna sadar éfék négatif maén dina telepon sélulér pikeun lami teuing. Anjeunna ogé ngantunkeun telepon sélulérna sareng indungna, sareng ngan ukur maén kaulinan karesepna nalika anjeunna parantos ngalaksanakeun tugas sakola.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "966", "text": "Teko listrik mangrupakeun alat bentukna teko nu bisa ngagolakeun cai ku ngagunakeun daya listrik. Alat elektronik ieu jadi salah sahiji alat nu wajib boga. Tapi saacan meuli, kudu apal naon wae nu kudu diperhatikeunna. Nu kahiji pastina kudu merhatikeun kapasitas teko listrik, sabab teko listrik boga kapasitas nu beda, biasana ti 1 leter nepikeun ka 2 leter. Nu kadua kudu apal material teko listrik. Sanajan alat manaskeun ieu aman jang digunakeun, tapi mun bahanna plastik sabenerna rada bahaya tibatan nu ngagunakeun bahan stainless steel. Nu terakhir kudu merhatikeun waktu jang ngagolakeunna, ieu oge kudu diperhatikeun soalna lolobana mah ngabutuhkeun waktu 3-4 menit jang ngagolakeun cai. Lamun leuwih gancang tanguna leuwih alus deui.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7995", "text": "Seueur masarakat nu percanteun upami minuman daun jambu batu teh tiasa dijadikeun inuman nu boga khasiat ngubaran batuk. Leres atawa heunteu na can tiasa disimpulkeun kusabab can aya uji nu ngabuktikeun perkawis eta. Nanging ubar-ubaran alami sapertos herbal mah saleresna leuwih aman upami didahar jeung ngubaran panyawat dibandingkeun ubar-ubar nu diical ku produsen di apotek kusabab ubar eta teh seueur na dijieun ti na bahan kimia sintetik. Seueur oge inuman-inuman herbal salian ti daun jambu batu nu tos ka uji kaefektifanna contona nyaeta godokan jahe beureum. Upami tos inum godokan jahe beureum teh tikoro langsung haneut tur dahak-dahak langsung encer janteun batuk teh jadi cageur.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "3888", "text": "Kacang sukro mangrupikeun jajanan anu populer ti jaman baheula. Sukro teh di jieun na tina kacang tanah anu ges di goreng terus di bungkus ku adonan tarigu. Saeengeus na di bentuk hiji hiji tuluy di goreng sing lila sangkan garing. Rasana anu gurih sareng nikmat janten jajanan andalan nalika ngobrol atanapi nonton tv. Hargana murah sareng gampang di panggihan dimana waé bisa di warung bisa aya nu dagang nguriling oge bisa di panggihan di minimarket atawa supermarket jadi alesan kunaon sukro masih jadi cemilan karesep dugi ka jaman ayeuna kalayan jajanan sanés. Salian ti jadi camilan anu di dahar langsung, sukro oge bisa jadi lauk dahar sangu nepi ka campuran mie atawa bakso", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5404", "text": "Unggal ngadangu adzan, pasti Deden angkat ka masjid kangge ngalasanakeun sholat fardhu lima waktu berjamaah. Bade di mana wae ge pasti Deden ngalaksanakeun sholatna berjamaah di masjid. Dina ajaran Isla, umat muslim lalaki mah wajib sholat berjamaah di masjid, tanpa terkecuali. Tah, ku kituna Deden sok tara tinggaleun sholat fardhu berjamaah. Rek hujan rek henteu angger wajib ngalaksanakeun sholat berjamaah. Kadang mun beres sholat maghrib, Deden tara langsung uih ka bumi, tapi ngawuruk heula barudak nu ngaos. Ngawurukna ti iqro dugi ka Al-Qur'an. Persiapan adzan isya nembe beres ngawurukna, tuluy sholat isya berjamaah. Beres sholat isya nembe sok uih ka bumi. ", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "196", "text": "Bandung salian kasohor ku tempat wisatana, tempat nongkrong jeung tempat dahar nu ngeunah ge teu eleh. Teu jarang nu ti luar kota salian ti niis, oge berburu dahareun di Bandung. Ku sabab urang hobi nongkrong, aya sababaraha tempat nongkrong nu ku urang rekomendasikeun. Kahiji HGL Cafe (Happy Go Lucky) tempatna alus pisan, cocok jang foto-foto, menu minuman jeung dessert didieu ge kajangkau, aya menu Frappe nu hargana ngan 30 rebuan. Nu kadua, La Breeze, siga Bali pisan suasana na teh, aya kolam jeung tempat diuk tuluy di payungan, hargana masih kajangkau. Nu katilu Nara Park, tempatna lega pisan aya halaman rumput, cocok lamun mawa anak-anak bisa bari ulin, jadi siga piknik deui. Bisa foto-foto, dahar, jeung ulin di halamanna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "2762", "text": "Kajadian anu paling umum dina sababaraha jinis laptop, khususna Asus, nyaéta salah sahiji tina 2 spiker anu dipasang sering ruksak. Teras salah sahiji cara anu tiasa dilakukeun nyaéta nganonaktipkeun tina setélan alat. Anjeun tiasa mareuman salah sahiji spiker anu bermasalah ku cara kieu: Mangga buka laptop Asus anjeun anu bermasalah\nTeras anjeun-klik katuhu dina ikon spiker di katuhu handap layar monitor anjeun\nA menu pop up bakal muncul\nPilih mixer volume kabuka\nKlik speaker alat\nTeras pilih tingkatan\nKlik kasaimbangan\nPunten pareumkeun spiker masalah\nAya 2 spiker anu dipaké nyaéta L (kénca/kénca) jeung R (Kanan/kanan)\nNalika réngsé, klik OK, sanggeues kitu mah laksana misalkeun emang nu bermasalah salah sahiji bagean ti speaker masih bisa dialakan ku hiji speaker nu masih bener.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2646", "text": "Kuring ngadamel jadwal unggal dinten saatos 2 video sareng 1 video pilihan tambahan unggal dintenna. Poe kahiji kuring cape pisan jeung awak nyeri, tapi isukna bisa salamet latihan salila sabulan, kuring neruskeun sabab dina dua minggu geus katempo hasilna haha, senang pisan. Awak jadi hampang jeung beuteung teu weléh buncit, sanggeus lebaran lebaran kuring eureun lantaran riweuh diajar online. Dina waktos éta kuring henteu terang sabaraha beurat kuring tapi cek anu terakhir sakitar 53 kg sareng saatos kaluar kerja beurat kuring turun ka 47 kg (leuwih hampang tibatan nalika kuring SMP. Ieu mangrupikeun prestasi anu paling ageung pikeun ngirangan beurat kuring ogé. ,biasana jogging dina sabtu minggu unggal minggu ngan bisa leungit nepi ka 50 kg.Tapi bener karasana béda,work out ngajadikeun kuring kesang beuki fit.Tah nepi ka ayeuna, work out mangrupakeun cara nu ngajadikeun kuring rutin olahraga.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "2788", "text": "Anjeun tiasa ngabayangkeun kumaha aya anu hoyong ngahasilkeun poto anu saé sareng kaméra DSLR tapi kakurangan artos sabab diudag ku kabutuhan kahirupan sapopoe, salami puluhan taun. Masih henteu goréng, dina waktos éta kuring ngagaduhan rejeki pikeun mésér Nokia 3650. Urang mimitian nyandak gambar di ditu di dieu sareng \"luhureun\" telepon sélulér Sony Ericsson P990 anu saé (sareng mésér 2x). Sumuhun. Kuring diajar loba komposisi. Saha anu terang, hiji dinten bakal aya waktos gaduh DSLR. Ayeuna, telepon sélulér anu anjeun gaduh kedah gaduh fitur kaméra. Dina sababaraha grup Facebook, bahkan grup fotografi ponsel parantos didamel. Hasilna? Teu inferior mun kaméra DSLR. Tangtu jeung pangaweruh dasar bener fotografi. Janten, kuring nyarankeun: ngamangpaatkeun kaméra ponsel anjeun. Ieu mangrupikeun kaméra anu serbaguna anu tiasa dianggo dina ampir sadaya kaayaan tina bentang, potret ka makro. Fotografi henteu ngan kusabab dukungan alat anu canggih sareng mahal. Fotografi mangrupikeun gambaran anu leres tina kahoyong fotografer.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7944", "text": "Lamun urang cicing di caket laut,urang kedah ati-ati kana resiko anu bakal ditimbulkeun ti laut, salah sahijina abrasi. Nyieun alat kanggo mepeuskeun ombak laut bisa jadi salah sahiji cara pikeun nyegah abrasi pantai. Metode ieu ditujukeun sangkan kakuatan ombak nu datang ka basisir teh teu gede teuing sangkan teu boga potensi ngahupus dataran dina eta titik. Seueur daerah di Indonesia parantos nyieun pemeupeus ombak salaku penangkal abrasi basisir. Cara anu paling efektif pikeun ngatasi abrasi nyaeta melak bakau. Penanggulangan dumasar-konservasi ieu idealna kedah dibarengan ku pemeupeus ombak. Mangpaatkeun mangrove dina ngajaga basisir sabenerna geus dipikawanoh ku loba pihak nu patali. Tapi kasadaran pikeun ngalakukeun ieu masih sakedik.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "118", "text": "Di deukeut ITB aya tempat ngopi anu rame tapi tempatna rada nyumput, ngaranna teh Cap Dji Kopi di Jalan Dayang Sumbi gigireun Klinik Jasmine. Tempatna enakeun pisan lumayan lega, didieu suasanana tiis lantaran bersebrangan jeung Baksil. Cocok jang ngerjakeun tugas lantaran teu gandeng. Mawa kulawarga ge bisa. Tuluy diitiap meja na teh aya colokan jeung wifina oge. Jang dahareunna aya sababaraha menu, siga dimsum na nu homemade. Lumpia udangna ngeunah karasa pisan hayamna. Nu paling favorit Hakau na, eusina loba teu pelit. Didieu oge aya ceker hayam, cekerna lembut pisan. Aya makanan berat oge kawas sangu goreng anu porsina loba pisan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "2336", "text": "Berbekal rasa panasaran kana tradisi wiwitan jeung alesan-alesan kuring ngalaksanakeun tugas salaku wartawan SID Gilangharjo, ahirna kuring mutuskeun datang. Tina katerangan anu tadina mah, ieu acara téh dilaksanakeun sacara gedé-gedéan jeung katémbong menarik lantaran dibarengan ku pintonan seni. Pintonan kasenian ngalibatkeun nonoman sarta Sanggar Laras Kabudayaan Gilangharjo. Leres. Sasampainya di lokasi, kuring nempo geus loba jalma lokal datang. Tangtosna, pamaréntahan Désa Gilangharjo sareng Lumbung Désa Mataraman, anu ngayakeun ieu acara, ngajak masarakat umum pikeun nyaksian ieu tradisi wiwitan. Sajaba ti éta, tamu ondangan jeung awak média diuk di hareup panggung, anu keur nyokot gambar terus. Teu sangka kuring telat pikeun acara. Tétéla henteu. Acarana tacan ngamimitian.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "998", "text": "Aya sababaraha mangpaat make virtual reality. Lamun di bidang pendidikan, virtual reality ieu digunakeun jang pembelajaran anu basisna inkuiri. Jadi ngantebkeun jang proses mikir sacara kritis jeung analitis kanggo neangan jeung manggihan sorangan pemecahan dina hiji masalah nu diajukeun. Lamun di bidang militer, virtual reality ieu bisa ngareplika perang sacara langsung nu realistis dina dunya maya sarta mere cara nu aman jang tentara jang diajar kumaha carana nyanghareupan musuh. Lamun di bidang kasehatan, virtual reality ieu bisa jang pelatihan medis. Mahasiswa kedokteran jeung calon dokter kudu ngapraktekkeun pangabisa maranehna jang jadi tenaga kesehatan nu berkualitas. Ku sabab eta, VR berguna pisan jang nyieun simulator operasi pelatihan.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4949", "text": "Jengkol. Tuangeun anu katelah dipikaresep pisan ku sajuta umat, tapi henteu jang abdi mah. Jengkol dijadikeun tuangeun paporit palawargi sadaya sabab enak pisan ceunah. Ah, enak ti mana wae, pipikiran abdi teh. Salian bauna nu melenghir dugi kamana-mana, rasa na nu pait oge janten alesan abdi teu resep kana ieu tuangeun. Komo deui upami tos nuang jengkol teras ka kamar mandi, beuh eta bauna meuni nista melenghir teu katulungan. Kitu oge dina baham, pami ngobrol teh sok kaangseu bau kacida. Ah pokok na mah teu tiasa pisan jadi tuangeun paporit jang abdi mah. Mun dipiwarang milih, mending keneh milih peuteuy daripada milih jengkol.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "427", "text": "Kisah nabi mangrupakeun kisah dina Al-quran. Tangtuna Nabi Muhammad SAW salaku suri tauladan nu alus jang urang sarerea. Aya opat cara jang meneladani Nabi Muhammad SAW. Nu kahiji kudu loba maca sholawat Nabi. Jadi usahakeun mindeng dibaca, misal keur masak. Nu kadua ngajalankeun sunah-sunah Nabi Muhammad SAW dina kahirupan sapopoe. Pastina mimiti ti hudang sare nepikeun ka sare deui. Nu katilu kudu maca jeung ngamalkeun Al-Quran. Nu terakhir keterkaitan, nyaeta tuluy ngaitkeun jeung ngadeukeutkeun ka Nabi SAW dina sadaya kondisi. Atawa cara lain ku diajar ngeunaan pribadi jeung sifat mantenna nyaeta siddiq, amanah, fathonah, tabligh. Bisa oge diajar ngeunaan sajarah hirup dina buku Siroh Nabawiyah.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4741", "text": "Salian ide jualan barang anu sifat na fisik atawa aya kaciri jeung beunang di rampa ayeuna oge urang bisa ngasilkeun ide jualan anu teu fisik biasana dina bentuk jasa. Freelance atawa jelema anu nedunan nana ngarana freelancer, freelance ieu teh salah sahiji pagawean anu mulai di lirik ku loba jelema. Freelance teh loba pisan rupa jinis na, tapi urang nyokot contoh freelance nyaeta urang ngajual jasa. Liwat ti internet urang bisa muka ngajual jasa edit foto misaalkeun atawa jasa ngalola akun sosial media batur, di jaman kieu update di bunya maya teh geus siga kabutuhan primer jeung teu kabeh batur bisa ngagunakeun na. Matakna urang anu ngarti bisa ngajual jasa urang ieu, ide jualan ieu teh jualan anu babari jeung teu make modal, ngan ngabutuhkeun kreatifitas.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "6540", "text": "Mun ka mana-mana teh abdi mah sok make bus Primajasa. Mun bade uih ka lembur atawa bade aya perlu ka luar kota teh bus ieu jadi pilihan transportasi utama. Salian tarifna nu murah, jadwal bus nu loba ge jadi salah sahiji faktor kunaon bus ieu jadi pilihan utama. Ayeuna abdi bade uih ka lembur ngahaja megat Primajasa di hareupeun kostan we da kaliwatan. Biasana abdi sok ngongkos ngan salawe rebu. Naek bus na ge ngan sajam satengah, tara lila kecuali mun keur macet di jalan na mah. Malahan mah abdi nepi ka geus apal jadwal kaberangkatan busna. Leuwih murah jeung leuwih tereh dina perjalanan nana.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "522", "text": "Lagu daerah atawa musik daerah mangrupakeun lagu atawa musik nu asalna ti daerah tertentu. Di tiap wilayah pastina mibogaan ciri khas lagu daerah sewang-sewangan. Ciri khas lagu daerah ieu jadi bentuk tanda ayana bedana antawis lagu daerah jeung lagu jenis sejenna. Ciri khas lagu daerah mibogaan sifat informal, hal ieu lantaran lolobana tina lagu daerah boga fungsi teu serius teuing atawa normal sanajan emang aya sababaraha lagu daerah nu digunakeun jang kagiatan ibadah ku hiji suku. Nu paling jelas mah lirik lagu bahasa daerah pasti ngagunakeun bahasa daerah. Tapi lagu daerah biasana oge ngahadirkeun melodi atawa alunan musik nu saluyu jeung karakter daerahna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "5719", "text": "Skipping mangrupakeun salah sahiji olahraga nu dipikaresep pisan keur leutik mah. Mun aya praktek olahraga skipping teh sok langsung pangsigetna jeung pang sumangetna. Biasana mun teu gaduh skipping na mah sok ngangge karet gelang nu diuntun panjang. Skipping teh sok bari diadukeun, pagancang-gancang jeung palila-lila maenkeunna. Malahan mun geus jago mah, kenca katuhu skipping na teh dicepengan ku batur, jadi urang mah tinggal luluncatan hungkul nyasuaikeun jeung irama ayunan tali skippingna. Mun geus jago, biasana direka-reka ku bentuk ayunan tali nu leuwih kompleks. Kadang mah nepi ka dua ayunan tali dina sakali luncat teh. Komo mun geus bisaan mah satali teh sok duaan nu luncatna.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "9352", "text": "Ngalakukeun terapi urut pikeun ngaleungitkeun setrés bakal langkung efektif nalika nyeuseup aromaterapi. Ku kituna, aromaterapi mangrupikeun média anu langkung kuat pikeun ngaleungitkeun setrés. Panaliti ogé ngabuktikeun yén aromaterapi tiasa ngabantosan otak pikeun ngirangan produksi hormon kortisol, alias hormon 'stress'. Urang tiasa nyobian jinis aromaterapi naon waé, sapertos seungit kembang lavender, daun mint, sareng sajabana. Seungit kembang Lavender populer pisan salaku aroma panawar stress sabab tiasa ngaleungitkeun saraf anu tegang, ngatasi perasaan depresi, bingung, hariwang, kacapean sareng anu sanésna. Jadi cocog pisan dilakukeun lamun urang ngalaman kacapean sanggeus sapoé kagiatan. Sajaba ti éta, ngahirup aroma lavender bisa ngubaran nyeuri sirah, migren, insomnia, hipertensi jeung sajabana. Urang tiasa dianggo salaku minyak urut, diffuser atanapi diterapkeun kana bantal bobo urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "9321", "text": "Isuk-isuk keneh tatangga kuring geus ribut. Moal salah deui, pasti si Mpus, ucing kameumeut anak kuring nu bungsu miceun kotoran di tepas anjeuna. Pasalna anjeuna nuju kuriak, ngadamel kamar mandi di satukangeun bumina. Jadi aya gundukan keusik payuneun bumina. Atuh puguh si Mpus teh asa disadiaan keur miceun kotoran. Kuring buru-buru nitah si bungsu supaya sasadu ka tatangga sapalih, bari sakalian meresihan kotoran nu aya dina luhur gundukan keusik payuneun bumina. Untung si bungsu teu hese dititah, manehna gura-giru ka luar bari mawa serok jeung keresek keur ngawadahan kotoran ucing. Teu sakara-kara, ari tos diberesihan mah terasna bari sasadu ku kalakuan si Mpus, tatangga kuring teh jempe. Kieu resikona ari ngukut ingon-ingon teh, karunya tatangga sok kagian wae bau na da si Mpus teh sok rada bangor. Padahal di jero imah geus disadiakeun pikeun miceun kotoran, angger we mun liar ka luar teh sok matak jadi masalah jeung tatangga. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4587", "text": "Laptop jaman baheula mah jadi barang anu mewah keneh, anu ngabogaan laptop biasana jelema anu beunghar hungkul. Tapi beda jeung ayeuna laptop rasana ges muali aya dimana mana unggal imah pasti ngabogaan lapotop nya kumaha wae fungsina. Fungsi laptop teh loba nya utama na mah keur ngrjakeun tugas lamun sakola atawa keur digawe tapi loba oge fungsi lainna nyaeta bisa keur hiburan, bisa maen games, bisa nongton film streming nepi ka bisa muterkeun kaset CD. Urang mimiti boga laptop keur kelas 3 SMP dimana urang can pernah nyekel jeung teu bisa pisan jaman baheula. Laptop bareto leuwih di pake keur ngerjakeun tugas sakolah boh laporan atawa presentasi. ", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "3981", "text": "Delman nyaéta alat transportasi anu bentukna siga gerbong anu roda dua ditarik ku kuda. Kuda mangrupa salah sahiji sato anu sok jadi babaturan jeung manusa pikeun ngamangpaatkeun kakuatanana.Mangpaat kuda jeung delman, hususna di Jawa, jaman baheula mangrupa alat transportasi sabab bisa dipaké pikeun ngarambat jarak jauh sabab kuda boga stamina jeung kuat fisik. Delman kungsi dipaké salaku angkutan antarkota, utamana saméméh karéta jeung kandaraan motor beroperasi. Marengan robahna jaman, delman dipaké ngan pikeun jarak pondok atawa di padesaan. Hal ieu sabab aya aturan anu ketat ngeunaan operasi gerbong kuda, khususna di kota kusabab ayana angkutan umum bermotor. Tapi lamun di tempat wisata delman masih keneh bisa di panggihan. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "8023", "text": "Lato-lato teh paulinan budak nu ayeuna keur rame dimana-mana. Sanajan berkembangna jaman, paulinan tradisional ieu peminat na seueur keneh. Liwat paulinan ieu, barudak tiasa ngeusi waktos lowong ku kagiatan nu aya manfaatna sanes maen gim wae di samrtphone. Paulinan ieu tiasa ngalatih motorik sareng koordinasi budak. Salian eta ulin lato-lato teh tiasa nambihan aktivitas sosial budak kusabab barudak bakal ngarumpul nunjukeun kabisana. Ieu paulinan ge teu awis cekap lima rebu rupiah tiasa kabeli lato-latona janten kabeh budak tiasa maen ieu paulinan. Ari kitu mah arurang salaku kolot teu kudu rariweh kagandengan ieu paulinan kusabab teu unggal taun oge ieu paulinan rame diulinkeun ku barudak. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "6651", "text": "Salah sahiji kadaharan karesep abdi, komo pas hujan nyaeta baso. Baso cocok diemam pas keur hujan atawa pas nuju kirang sehat lantaran aya rasa gurih ti kaldu sapi na. Abdi resep baso lantaran resep emam daging tapi teu resep lamun dagingna liat, matakna baso jadi pilihan. Hini porsi baso oge biasana tos aya sayuran jeung emih, lengkap pokona aya protein, serat, jeung karbohidratna. Baso karesep abdi nyaeta baso cincang. Biasana lamun mesen baso abdi tara make saos kecap lantaran hoyong ngasaan kaldu sapi na, lamun dicampur jeung saos atanapi kecap biasana rasa kuahna janten rasa saos weh. Abdi biasana mesen baso kuahna dibening make sambel hungkul lantaran sambel mah teu ngarusak cita rasa baso.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "6124", "text": "Tilu tips supaya bisa ngaantisipasi karugian dina usaha kuliner. Nu kahiji nyaeta siapkeun modal usaha nu sasuai jeung perencanaan. Mun rek muka usaha teh kudu boga modal awal tilu kali lipat supaya bisa ngacover sagala kamungkinan nu terjadi. Nu kadua nyaeta kudu pinter maca peluang. Mun rek muka usaha teh kudu bisa nganalisis kabutuhan pasar, jeung kasempatan peluang nu memadai supaya bisa ngantisipasi karugian di kemudian hari. Nu katilu nyaeta hindari partner usaha nu teu amanah. Supaya bisa sukses dina bidang usaha, kudu meunang partner anu amanah supaya bisa ngantisipasi sagala rupa kacurangan nu ngarugikeun kana usaha urang. Tong hilap oge kudu ngajaga perkembangan usaha, ulah nepi ka teu kakontrol.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "5390", "text": "Sholat sunah taraweh nyaeta sholat sunah nu dilaksanakeunna di bulan ramadhan. Tatacara sholat sunah taraweh teh nyaeta mimiti laksanakeun sholat fadhu isya. Tos sholat fardhu isya teh dilaksanakeun kultum. Beres kultum nembe dilaksanakeun sholat sunah taraweh saloba dalapan rokaat atawa dua puluh rokaat, pokokna kedah genap. Beres sholat sunah taraweh, tuluy doa kamilin. Beres doa kailin nembe laksanakeun sholat sunah witir saloba tilu rokaat. Mun tos beres, nembe ngadoa deui. Jumlah rokaat sholat taraweh sareng witir teh aya nu 11 aya oge nu 23, disasuaikeun jeung ajaran nana. Di antara dua rokaat sholat taraweh, bilal ngabaca doa taradhdhi nu ditembal ku jamaah.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2367", "text": "Abdi ti Jakarta. Salah sahiji legenda Betawi anu kakoncara nyaéta Si Pitung. Carita Si Pitung dicaritakeun dina rupa-rupa versi. Ieu salah sahiji versi carita Si Pitung. Si Pitung (éjahan baheula: Si Pitoeng) nyaéta bandit abad ka-19 di Batavia (Jakarta ayeuna). Lampahna nimbulkeun rupa-rupa legenda ngeunaan perjuanganna sareng maotna. Si Pitung lahir di kampung Pengumben, padumukan kumuh di Rawabelong, (deukeut stasion Palmerah ayeuna). Ngaran asli Si Pitung téh Salihoen. Budak leutik Si Pitung sakola di Pasantrén Hadji Naipin, didinya diajar maca Al Qur'an, dilatih silat jeung dibiasakeun pikeun salawasna sadar kana lingkunganana. Carita Si Pitung dimimitian nalika Si Pitung keur ngajual embe di pasar Tanah Abang jeung duitna dipaling ku nu ngabully. Si Pitung datang ka imahna kosong, tapi Si Pitung ukur seuri bari ngawaler yen geus dirampok. Bapa Pitung anu ambek tuluy nitah Pitung indit neangan duit. Ahirna Si Pitung bisa manggihan cucuk. Si Pitung junun ngelehkeun maling jeung meunangkeun deui duitna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "5730", "text": "Olahraga angkat beban teh jadi salah sahiji olahraga nu kabilang ringan sabab teu kedah boga kamampuan khusus. Samemeh ngangkat beban, mimiti kudu ngalakukeun heula pemanasan jeung pelemasan supaya otot teu kaku jeung ngaminimalisir cedera otot. Nu kadua nyaeta pernahkeun heula posisi awakna, kudu pas sasuai jeung aturan, ulah luhur teuing jeung ulah handap teuing. Nu katilu, mulai ngangkat beban tinu paling ringan heula. Geus kitu, angkat beban make dua tangan, tuluy atur nafasna. Geus kitu, mun dirasa mampu keneh, taekeun saeutik beban na atawa perhatikeun repetisina. Ulah nepi ka maksakeun di luar batas, perhatikein kamampuan awak sorangan. Mun dirasa geus maksimal, pertahankeun supaya bisa ngabentuk otot.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "2023", "text": "Abdi nyarankeun anjeun jang nonton pilem \"INCANTATION\". Pilem horor ieu mangrupikeun pilem anu panghasilna pangluhurna sareng pang populerna ti Taiwan anu kalebet dina katalog Netflix per Juli 2022. Incantation nyarioskeun carita ngeunaan 3 murid anu ngalanggar larangan ritual agama di hiji kampung, pikeun konten blog. akibatna kutukan demi kutukan nuturkeun aranjeunna mangtaun-taun. 2 ti 3 murid maot di tempat, sedengkeun hiji salamet diteror terus-terusan salami 6 taun. Film ieu ditémbak dina footage kapanggih / gaya mockumentary. Ahir-ahir ieu, téknik visualisasi ieu janten populer di kalangan pembuat film. sarua jeung Paranormal Activity atawa The Ritual. meureun dina cara film boga carita sarupa jeung Program Pengabdian Masyarakat di Désa Penari. pikeun anu lemah haté, kuring parantos ngingetkeun di luhur, henteu? tapi pikeun maranéhanana anu panasaran, ngarasakeun rollercoaster paling seru. ngarasakeun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "981", "text": "Ayeuna nonton video di Tiktok jadi ngarasa nonton video di YouTube. Soalna Tiktok nu identik jeung video vertikal, ayeuna milu ngayakeun mode video horizontal nu salila ieu jadi ciri khas platform streaming video YouTube. Mode video horizontal di TikTok bisa ngaliwatan fitur anyar \"full screen mode\" nyaeta mode layar pinuh dina orientasi horizontal, lain vertikal kawas biasana. Tapi perlu dicatet, acan kabeh pengguna bisa ngajajal fitur ieu, lantaran katinggalina mah fitur ieu masih dina uji coba jeung can sapinuhna dirilis ka pengguna global. Di wartakeun saacanna, fitur full screen mode mimiti pisan dilaporkeun ti uji coba ka pengguna global pas pertengahan Desember 2022 kamari.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "426", "text": "Salah sahiji metode nu digunakeun Al-Quran jang ngarahkeun manusa ka arah nu dkehendaki nyaeta ku ngagunakeun carita atawa kisah. Dina Al-Qur'an bakal manggihan loba kisah, utamana ngeunaan misi karosulan jeung umat keur jaman baheula. Dina pendidikan, meotde carita kudu disaluyukeun jeung tingkat perkembangan peserta didik. Misalna guru bisa merekeun carita ku ngadongeng, materina bisa nyokot dina carita-carita faktual para nabi jeung rosul atawa jalmi-jalmi anu sholeh. Kisah-kisah nu ngandung hikmah bakal efektif jang narik perhatosan jeung ngarangsang otak. Ku cara ngadengekeun carita-carita dina Al-Quran bakal ngarasa bungah sakaligus nyerep nilai-nilai pendidikan Islam. Hal ieu oge geus dicontokeun ku Rosululloh, anjeunna mindeng nyarita ngeunaan kaum-kaum baheula ngameh nyokot hikmah jeung pelajaran ti mantenna.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "1553", "text": "Urang moal apal jeung moal bisa jang ngaprediksi naon nu bakal kajadian kahareupna kumaha. Ku sabab kitu, urang kudu pisan jang nyiapkeun dana darurat jang nyanghareupan hal-hal anu teu diduga-duga, siga aya biaya pengobatan, biaya saberes perawatan kacilakaan, jeung sajabana. Sabaraha penting dana darurat? tangtuna penting pisan! Disarankeun pisan jang urang nyiapkeun dana darurat ti mulai ayeuna. Mun geus boga dana darurat, pikiran teh jadi tenang jeung kahareupna jadi aman. Ku dana darurat, mere urang katenangan nu ekstra dina nyanghareupan biaya-biaya anu teu diduga-duga, jeung oge ngamankeun harta urang kahareupna. Jadi penting pisan nyiapkeun dana darurat teh komo mun kabutuhan urang acan loba mah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "17", "text": "Restoran Kimukatsu mangrupakeun restoran asal Jepang anu ngajual katsu. Harita urang ka Kimukatsu nu aya di Trans Studio Mall. Katsu na teh salian ti daging sapi tapi make keju. Tuluy bisa oge refil ocha sapuasna. Cara pesenna engke kudu make qr code nu geus disadiakeun. Tinggal tulis dina kertas. Tuluy mun geus pesen engke bakal disadiakeun kompor dina meja jang masak katsu na sorangan, jadi panas-panas. Urang pesen menu Truffle Gyukatsu Cheese Set, eta geus meunang sop, daging, terus alat makanna. Di luhur komporna ditambahan kertas khusus meh teu nempel kana komporna pas di masak. Pelayanan restoranna sigep, soalna pas awal-awal dibantuan nga scan lantaran nu urang teu muncul-muncul pedah jaringan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "3630", "text": "Lalajo copet profésional ngajarkeun copet novice kumaha copet. Kajadian ieu lumangsung nalika kuring keur SMA. SMA abdi di daerah caket terminal Kampung Melayu. Jadi kuring rada wawuh jeung urang dinya kaasup nu copet. Kuring nyokot metromini pikeun balik ka imah. Poé éta panumpang rada tiiseun, ngan aya sababaraha urang. Aya bapa nu keur unggeuk diuk deukeut lawang Metromini. Dua copet diuk tukangeunana. Ieu dimana aranjeunna meta kalayan bantuan koran. Kuring nu kataji, lalajo tapi teu wani nulungan sabab bakal jadi sasaran. The copet profésional ogé geus dibikeun kuring kode pikeun Cicing up. Tapi si bapa kabeneran sabab aya lanceuk anu umurna kira-kira 20 taun, teu acuh pok si bapa ngalih jeung diuk di tempat si bapa tadi. Tutorial parantos réngsé.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "1548", "text": "Lamun geus nyiapkeun dana darurat, urang bisa ngarasa jadi leuwih tenang jeung kajaga kaamanan finansial urang kahareupna. Aya rasa lega jeung percaya diri lantaran urang mibogaan cadangan finansial nu cukup jang mengatasi situasi darurat nu bisa wae kajadian. Urang henteu deui ngarasa hariwang atawa palaur lamun ujug-ujug kaleungitan pagawean, gering, atawa nyanghareupan kajadian nu teu diduga-duga. Salian eta, nyiapkeun dana darurat oge bisa mere urang rasa reueus jeung puas ku sabab urang geus nyokot tindakan anu bener jang ngalindungi piduiteun urang sorangan. Urang ngarasa geus tanggung waler kana piduiteun urang sorangan jeung bisa ngarencanakeun kahareupna ku leuwih siap jeung bener.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "1597", "text": "Salah sahiji alesan kunaon bet anjing atawa ucing dijadikeun sato terapi lantaran dua-duana teh bisa minuhan kabutuhan dasar jelema jang nyurahkeun rasa kanyaah. Siga ngusapan, nangkeup, atawa ulin jeung hewan bisa ningkatkeun kadar sertonin jeung dopamin dina otak. Dua zat ieu berguna jang nenangkeun pikiran jeung otot jadina urang bakal ngarasa leuwih rileks. Salian eta, geuningan kaayaan hewan peliharaan bermanfaat jang ngaringankeun rasa kesepian. Hasilna, suasana hate teh jadi leuwih alus, resiko depresi oge jadi ngurangan, sarta tekanan darah oge milu turun. Bisa sakalian sato ku urang ajak sakalian jang leumpang isuk-isuk misalna sakalian olahraga meh meunangkeun oge udara anu seger.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4989", "text": "Salah sahiji alat dapur nu penting pisan kudu aya di dapur nyaeta kompor. Masak nanaon ge moal tiasa jeung bakal hese mun teu aya kompor mah. Kaayaan kompor kacida pentingna, ngaganti riweuh na pamakean hawu. Geus teu kedah deui ngahurungkeun seuneu hese-hese, ayeuna mah cukup ku tinggal nyetrekeun kompor wae. Kompor ge rupa-rupa, aya nu make gas aya nu make listrik. Ngan anu familiar di kalangan menengah ka handap mah nuaeta kompor gas. Kompor gas jadi dominasi diantara kabeh rupa kompor. Komo kompor minyak tanah mah geus teu aya da bahan bakar na nu tos langka pisan dipilarian zaman ayeuna mah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "8637", "text": "Aya sababaraha hal anu tiasa dilakukeun pikeun ngajaga hubungan langgeng sareng bahagia sareng pasangan anjeun. Ngawangkong jujur ​​tur kabuka ngeunaan pangabutuh anjeun, harepan, jeung parasaan dina hubungan anjeun bisa mantuan nyingkahan konflik jeung nguatkeun hubungan anjeun. Coba ngadangukeun pasangan anjeun ku pinuh perhatian sarta mere respon positif. Tiap individu miboga kasang tukang, pangalaman, jeung kapribadian anu beda. Ngahargaan bedana sareng nampi pasangan anjeun pikeun saha aranjeunna tiasa ngabantosan nguatkeun hubungan anjeun. Hal-hal saderhana sapertos ngumpul kanggo tuangeun tuangeun, nonton pilem babarengan, atanapi ngobrolkeun hal-hal anu penting pikeun anjeun tiasa ngabantosan ngajaga sauyunan sareng kabersamaan. Hal utama nyaeta pikeun terus gawe bareng, silih hormat, sareng salawasna milarian cara pikeun nguatkeun hubungan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "182", "text": "HIji waktu, urang nontonna teu di TSM tapi di bioskop Cihampelas Walk (Ciwalk) di ajak ku si Joe. Nonton film anyar Tom Cruise nu judulna Top Gun Maverick. Urang mimiti pisan ka mall ieu, panggih jeung si Joe di tempat bioskopna. Tempat bioskopna teh leutik teu sagede nu aya di TSM. Korsi diukna ge teu saempuk nu aya di TSM, tuluy jarakna padeukeut pisan jadi rada teu nyaman. Tapi sora nu dihasilkeunna mah alus pisan, jelas, komo deui ieu loba adeganna tina pesawat tempur, jadi ngarasa aya keur di jero filmna. Beres nonton teu langsung balik, neangan kadaharan, foodcourtna lega jeung loba pilihan, urang jeung Joe mutuskeun dahar ramen.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "818", "text": "Aya sababaraha mangpaat leumpang, di antarana. Nu kahiji nguatkeun fisik awak, rutin luempang unggal poe bisa nguatkeun fisik awak. Olahraga ieu bisa ngaronjatkeun kakuatan otot paha, bitis, nepikeun ka kabeh bagian suku. Nu kadua rutin leumpang bisa nurunkeun resiko gering flu atawa demam. Hal ieu sabab leumpang bisa mantuan jang ngaronjatkeun imun awak jadina awak teu babari keuna ku virus atawa bakteri nu bisa nyebabkeun panyawat. Nu katilu bisa mantuan ngabakar kalori dina awak. Jadi bisa ngontrol beuratna awak leuwih babari. Tapi pastikeun jarak leumpang cukup jang mantuan awak ngabakar kalori, kudu bisa milih lokasi oge, alusna lokasi anu aya tanjakan atawa pudunan.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4599", "text": "Televisi mangrupa alat siaran bergambar jeung suara (audiovisual) kecap televisi asalna tina kecap tele jeung visi; nu hartina jauh (tele) jeung katempo (sawangan). Jadi televisi hartina katempo atawa bisa nempo ti kajauhan. Penemuan Télévisi ieu sajajar jeung penemuan kabayang, sakumaha penemuan ieu sanggup ngarobah peradaban dunya. Di Indonésia, televisi disebut sacara informal kalawan televisi, tv, tv atawa tipi. Televisi salah sahiji media hiburan anu laris keneh pisan nepi ka ayeuna, tiv biasana di gunakeun keur nyiarkeun informasi jeung hiburan pikeun pamiersana. Televisi sabenerna di jaman ayeuna geus teu pati di lirik, ku bakat acarana anu geus teu menarik ceuk kaum muda, di tambih tivi oge ayeuna bisa di tonton streaming tina handphone.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4120", "text": "Unggal isuk di imah aya kabiasaan mamah nyaeta pasti nyetel tv khotbah ceramah lamun saengges subuh, poe ayena nonton tv trans tv islam tu indah, aya ustad maulana anu tadi ngabahas kautamaan jeung kaistimewaan bulan Rajab Dina awal bulan Rajab, umat Islam dijurung pikeun saum sareng ngeusian kahirupan sapopoe ku ibadah ka Allah SWT. Sabab dina sasih ieu, Allah maparin kaberkahan, pangampunan jeung pahala gede ka hamba-hamba-Na anu ibadahna pikeun ngudag ridho Allah SWT. Bulan Rajab nyaeta bulan nu istimewa ku sabab Rajab salah sahiji tina opat bulan suci Alloh SWT anu di mana Alloh jeung Rosul-Na ngalarang hal-hal saperti moro jeung hal-hal séjénna anu geus diatur dina Al Qur’an.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "972", "text": "Vector nyaeta robot leutik nu dimekarkeun ku Anki, hiji startup nu asalna ti Amerika Serikat. Salian ti mibogaan desain nu leutik jeung lucu, Anki Vector oge dirojong ku Artificial Intelligence jeung sistem robotika nu canggih jadi manehna bisa ngobrol jeung boga kamampuan ninggali, sora, jeung cabakan. Robot ieu mibogaan opat micropon nu aya dina sabudureun tonggongna jadina Vector bisa wanoh jeung nangtukeun arah sora. Vector oge mibogaan kamera HD nu digunakeun jang ngulilingan rohangan, ngadeteksi gerakan, jeung wanoh ka urang salaku nu bogana. Teu ngan saukur kitu, robot ieu oge mibogaan sensro jeung pengukur kecepatan, nu ngamungkinkeun Vector bisa ngarasakeun pas manehna dicabak atawa dipindahkeun.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "429", "text": "Kisah-kisah nu dicaritakeun dina Al-Quran loba pisan hikmahna, contona nyokot hikmah jeung pesan dina kondisi umat-umat baheula. Lamun aranjeunna mangrupakeun jalmi-jalmi nu binasa, umat ayeuna oge kudu dibere nyaho jeung dimenta tetep waspada kana naon nu ngajieun umat-umat baheula binasa. Lamun aranjeunna kaasup jalmi-jalmi nu sukses, umat ayeuna oge kudu nyokot pelajaran jeung nurutan laku lampah kasuskesan aranjeunna. Kisah dina Al-Qur'an oge urang jadi apal kumaha kamampuan Allah mere rupa-rupa hukuman ka jelema-jelema nu mengpar, luyu jeung hikmah nu geus ditetepkeun Na. Loba kisah-kisah nabi dina Al-Quran anu jadi penerang nu mere pituduh ka manusa. Loba para ulama jeung jelema-jelema nu beriman nyokot mangpaat tina kisah para nabi jeung nu sejenna.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2760", "text": "Anu nyababkeun kuring reureuh ngagaleuh komputer atanapi laptop énggal nyaéta kusabab laptop kuring anu tos cekap nyumponan kabutuhan kuring, sanaos parantos ngiringan kuring 12 jam sadinten salami langkung ti 9 taun. Upami éta waktuna pikeun ngarecah atanapi kuring henteu tiasa dianggo deui pikeun ngajalankeun program anu kuring peryogikeun sanaos kuring parantos ningkatkeun, pilihan mésér komputer atanapi laptop énggal mangrupikeun prioritas utama, sareng tangtosna mésér anu énggal. komputer atanapi laptop kedah nyocogkeun ka kabutuhan sapopoé kuring sareng ulah hilap ngémutan panggunaan jangka panjang, nyaéta di luhur 5 taun, sedengkeun pikeun urusan anggaran langkung saé investasi di awal sakedik langkung luhur kalayan itungan bakal langkung efisien. ditungtungna.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9416", "text": "Ngadahar pasta di restoran pasti jadi hiji pangalaman nu nikmat. Sanajan kitu, masak pasta di imah geus tangtu jadi pangalaman nu teu eleh nikmatna. Urang bisa milih pilihan pasta anu dipikaresep. Contona masak Spaghetti. Urang bisa nyieunku cara nu paling babari. Ku Nyiapkeun spaghetti kemasan, urang bisa meunang leuwih loba porsi kalawan harga nu leuwih ekonomis. Sajaba ti eta, urang oge bisa milih variasi saos nurutkeun rasa. Urang oge tiasa terang langkung seueur ngeunaan eusi saos anu dianggo ku milih bahan anu sehat sareng tanpa pengawet. Salaku conto, urang hoyong ngadamel saos Bollognais, urang tiasa milih tomat sareng daging cincang nu masih seger pikeun ngadamel saos. Salian ti eta, Spaghetti kaasup olahan pasta anu gampang tur bisa dilakukeun ku saha wae. Janten naon deui nu dihariwangkeun? Coba masak pasta sorangan langsung di imah. Bisa leuwih ekonomis, tapi tetep nikmat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "934", "text": "Loba kaleuwihan tina TV jenis Smart TV. Tapi aya kakuranganna oge ceuk urang mah, nu geus make smart TV salila 5 taun. Pastina mah hargana leuwih mahal tibatan jeung TV jenis sejenna. Ieu wajar sih sabab loba kaleuwihanna. Tapi tetep weh asa karasa mahal. Tuluy smart TV teh kudu boga jaringan internet. Sabab mun hayang ngagunakeun fitur-fiturna kudu merlukeun internet siga streaming film, atawa nongton YouTube. Ieu rada riweuh sih komo deui mun imahna teu boga wifi kawas urang, jadi biasana make hotspot dina smartphone sasakali. Tuluy mun jaringan internetna teu stabil teh si tampilanna sok nurun jadi kurang jelas kitu.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8038", "text": "Lobana kasibukan janten alesan loba jalma nu tara olahraga. Padahal olahraga teh peryogi ngarah kasihatan awak tetep kajaga. Loba olahraga ringan nu tiasa dilakukaeun disela-sela aktivitas sapopoe, sapertos yoga atanapi disebat peregangan otot. Peregangan otot teh tiasa ngaleuleuskeun otot-otot nu dianggo ngalakukeun aktivitas. Ayeuna seueur nu WFH loba teuing diuk hareupeun komputer, peregangan otot dilakukan ngarah otot beuheung, leungeun, sareng cangkeng heunteu tegang. Peregangan ieu oge tiasa ngabenerkeun postur awak urang nu goreng sapertos bongkok akibat tina posisi diuk anu teu leres. Salian eta peregangan otot salila lima menit tiasa ngalihkeun pikiran arurang nu pusing akibat mikiran pagawean. Pikiran urang diistiraharatkeun sakeudeung tina sagala kasibukan janten saaatos peregangan teh tiasa fokus lanjut gawe.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8037", "text": "Jogging mangrupikeun bentuk latihan aerobik anu ngalibatkeun ngajalankeun dina laju anu sedeng, biasana dina laju anu ajeg. Tujuan jogging nyaeta pikeun ningkatkeun kasehatan jantung sareng paru-paru, nguatkeun otot suku, sareng ngaduruk kalori pikeun ngabantosan beurat awak sareng ningkatkeun kabugaran fisik. Jogging umumna dilakukeun di tempat terbuka sapertos taman, jalur leumpang, atanapi pantai. Biasana, hiji dimimitian ku leumpang pikeun sababaraha menit pikeun haneut nepi lajeng ngalengkah ka jogging pikeun sesana waktu. Laju jogging tiasa rupa-rupa gumantung kana tingkat kabugaran individu sareng tujuanana. Jogging tiasa dilakukeun nyalira atanapi sareng babaturan atanapi kulawarga. Sababaraha urang malah resep jogging jeung piaraan maranehanana. Jogging oge tiasa dilakukeun iraha wae sareng dimana wae, janten olahraga anu tiasa diakses sareng fleksibel.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8289", "text": "Bisnis online nyatana di pamenta hebat ku loba jalma sarta dianggap solusi pikeun tetep bisnis ngajalankeun lancar salila pandémik. Salah sahiji jalma bisnis anu parantos sukses ngajual baju awewe online nyaeta Vascella Lie, anu gaduh toko online anu disebut Ndudshop. Vascella nyarios yen dina mimiti ngamimitian bisnis online, anjeunna ngan ukur nampi sababaraha pesenan sareng maksimal 19 pesenan per dinten. Nanging, anjeunna terus diajar ngajajah dunya bisnis dina jaman digital anu nembe dijajah. Dina mangsa pandemi, bisnis toko online Ndudshop oge terus nampi seueur pesenan sadinten. Omzet oge condong ngaronjat lamun aya flash sale (diskon badag tur kilat) atawa harbolnas (poe balanja nasional). ", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "8688", "text": "Ngarasakeun setres anu parantos dileungitkeun ti urang tiasa masihan rasa anu pikaresepeun sareng ngaringankeun beban kahirupan. Nalika setresna ngaleungit, urang tiasa ngaraosan parobahan anu positif dina diri urang. Nalika setres leungit, urang tiasa ngarasa tenang sareng santai dina awak sareng pikiran. Urang tiasa langkung gampil bersantai otot tegang sareng ngaraos napas anu langkung jero. Lamun setres geus leungit, urang bisa ngarasa leuwih difokuskeun kana tugas urang jeung bisa ngalakukeun pakasaban hade. Lamun setresna leungit, urang bisa ngarasa leuwih bagja jeung leuwih optimistis ngeunaan kahirupan. Nalika setresna leungit, urang tiasa janten langkung berenergi sareng siap nahan tantangan hirup. Nalika setresna leungit, urang tiasa langkung ngamotivasi sareng langkung produktif dina ngalaksanakeun tugas urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "3870", "text": "Mie hayam mangrupa salah sahiji kadaharan anu populér sarta ngabogaan loba fans di sakabéh wewengkon utama di Purwakarta. Kadaharan bergizi basajan tapi ogé nikmat tur murah. Di Purwakarta mah gampang pisan neangan mie hayam nu biasa dijual jeung bakso. Mie hayam sigana geus jadi jajanan wajib di Purwakarta. Sedengkeun pikeun kadaharan khas Purwakarta sorangan, aya peuyeum, fermentasi singkong anu rasana rada haseum jeung amis, peuyeum sabenerna bisa didahar langsung tapi bisa oge di masak sangkan leuwih nikmat. Sakity loba di jual di gigir jalan, unggal liwar ge sok ka tempo tapi angger meni sepi eweh nu meuli. Padahal eta ciri khas kot purwakarta, tapimun ubi celembuna mah aya hiji dua jelema anu meuli. Jigana kudu lewih di variasikeun deui peuyeum teh meh loba nu meuli, jeung peminat. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "476", "text": "Agama islam dina ajaranna, nganekenkeun adab ka kolot ngameh bisa berbakti jeung ngahurmat. Ku sabab kitu aya adab-adab ka kolot jeung cara ngahurmatna ceuk agama Islam. Nu kahiji, migawe kasaean ka kolot. Anak oge boga kawajiban nu ulah ditinggalkeun atawa dipohokeun, nyaeta migawe kasaean ka kolot. Nu kadua teu ngomong kecap kasar jeung kecap ah. Artina sanajan kecap-kecap hampang oge kudu tetep dijaga ngameh teu nganyenyeri hate kolot. Nu katilu ulah nyentak ka kolot. Hubungan anak jeung kolot tangtuna teu leupas tina konflik. Pasti aya wae beda pamadegan jeung kolot, tapi hal eta ulah nepikeun ka ngomong kasar jeung nyentak kolot.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "3904", "text": "Palayan atawa waiters restoran komo nu gawe di restoran bintang lima pagawean beurat pisan kudu kuat pisik jeung mental soalna nyekel tanggung jawab loba. Pagawe na di tungtut kudu rapih, ramah, bageur jeung gesit teu jarang panampilan oge kudu alus jeung menarik can deui kudu bisa alus komunikasi di tambah kudu bisa bahasa asing. Jadi palayan d restoran lain pagean anu hina tapi pagawean mulia soalna mantuan jeung nguruskeun dahar batur kudu bisa ngajamu anu terbaik jeung tanggung jawab atas kapuasan nu meuli, inget slogan pembeli adalah raja kudu bener bener jaga sikap jeung sabar, matakna teu heran gaji palayan ayeuna lumayan sesuai pagewean na. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "442", "text": "Loba kanikmatan nu Allah SWT pasihan tapi bisa jadi ieu teh istidraj. Istidraj nyaeta pas Allah SWT masihan loba kanikmata ka jelema nu ngalarang atawa nu jarang ibadah. Maranehna mindeng maksiat tapi meunangkeun kanikmatan tuluy ngirana mun Allah SWT keur masihan kamuliaan. Padahal kanikmatan eta saeutik-saeutik mawana kana kahinaan. Istidraj bisa kajadian ka saha wae, kaasup kana ahli ibadah. Orang mukmin bakal ngarasa sieun kana Istidraj. Di akhir khutbahna khotib mere pesen meh tuluy bersyukur kana nikmat Allah SWT, boh eta nikmat materi atawa nonmateri. Urang sabari ngaregepkeun jol sok inget mindeng dibere kanikmatan ku Allah SWT tapi urang mindeng ngalakukeun hal-hal anu dilarang ku Allah SWT. Saharita eta urang ngucapkeun Istigfar bari leungeun diusapkeun kana beungeut jeung menta hampura ka Allah SWT.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "9414", "text": "Cireng nyaeta kadaharan anu paling mineng dipanggihan di Kota Bandung. Ti mimiti kaki lima nepika kafe, cirang aya wae dina menu. Cireng dicokot tina wancahan \"aci digoreng\". Cireng babari pisan dijieunna. Mimiti, siapkeun aci, uyah, bawang daun jeung cai keur jadi adonan cireng sorangan. Tuluy, siapkeun oge asem, cengek, uyah, jeung gula beureum jang jadi cocolan. Tahap katilu, jieun golakeun aci jeung cai tuluy panaskeun nepika siga lem. Campurkeun adonan biang kanu aci garing, tambahan bawang daun jeung uyah, tuluy bentuk jadi baruleud. Beres dibentuk, goreng cireng nepika garing. Saberes cireng digoreng, jieun cocolan tinu gula beureum, asem, cengek jeung cai tuluy kocek nepika nyampur. Cireng bisa langsung diopi.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "3609", "text": "Ceuk kuring mah lamun waktuna teu pas, marketingna pabalatak, teu ngarti keuangan jeung akuntansi, teu boga literasi finansial, patani tetep miskin. Usaha pertanian mangrupikeun jinis usaha anu paling teu pasti kusabab turun naek harga anu ekstrim. Conto anu pang anyarna, seueur patani tomat anu karugian ageung sabab hargana ngan ukur 300 rupiah/kg. Atanapi anu luar biasa nyaéta pabrik Vanilli, anu, nalika langkung mahal, 5-7 juta / kg Vanilli garing, tapi dina 1-2 taun hargana tiasa turun dugi ka puluhan rébu. Lamun waktuna pas, ujug-ujug bisa jadi beunghar jadi patani. Heueuh, duit milyaran rupiah bisa dimeunangkeun dina hitungan bulan. Tapi bayangkeun ogé naon anu bakal para patani ngalaman upami waktosna henteu pas. Pamustunganana, masalah anu paling ngaganggu nyaéta tindakan perantara sareng mafia komoditi pertanian anu nyababkeun harga murah pikeun patani kusabab kaulinan ranté distribusi anu panjang. Jeung kaulinan impor pikeun ngamanipulasi harga. Hasilna, patani earn saeutik sarta harga di pasar condong jadi luhur. Alam ieu rada abu, tapi pangaruhna karasa nyata.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "6480", "text": "Dana darurat teh mangrupakeun penyelamat pisan dina kaayaan darurat. Mantakna kudu pisan disiapkeun ti jauh-jauh hari. Ngan, kasadaran jalma kana dana darurat teh cenderung masih terbatas keneh, jadi sagalana teh acan dipersiapkeun masing asak. Reujeung aya nabung, ngan beak dipake meuli barang nu dipikahayang. Tah, kuduna mah diajar paham kana pentingna dana darurat supaya bisa leuwih bijak dina kaayaan sulit teh. Nepi ka ayeuna seueur masyarakat anu can merhatikeun komo nyiapkeun dana darurat, mantak seueur keneh nu leuwih milih ngahutang ketika dina kaayaan sulit teh. Padahal mencegah teh leuwih baik ti mengobati, jadi kuduna mah nyiapkeun ti kaanggalan jang bekel ngahadapi masa sulit.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "7455", "text": "Konsep mesin cuci kahiji tos mulai dipanggihan di taun 1767 basa elmuwan asal Jerman nyaeta Jacob Christian Schäffer nimukeun mesin cuci. Sanajan kitu, ulah ngabayangkeun yen mesin ieu teh tos tiasa jalan otomatis. Mesin cuci ieu masih diwangun ku tank kai sareng tuas puiran ti kai. Carana nyaeta ku cara nuang cai panas kana bak, muirkeun tuas pikeun nyeuseuh baju, teras dipereut di antara dua gilinding kai. Tangki mesin cuci teras digaringkeun ku cara muka keran. Sakitar tilu puluh taun ti harita, pangusaha asal Amerika, Nathaniel Briggs, nampi hak paten kahiji kanggo mesin cuci. Mesin cuci anu nganggo tanaga listrik karek diciptakeun sakitar dua ratus sapuluh taun ti harita.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9336", "text": "Léngkah kagenep anu tiasa urang lakukeun pikeun salamet nalika di gunung nyaéta milarian tuangeun pikeun salamet. Lamun urang kahabisan suplai kadaharan, urang kudu geuwat néangan kadaharan ti alam pikeun ngeusian tanaga urang. Sanaos manusa tiasa salamet tanpa tuang salami 3 minggu, upami anjeun leres-leres henteu tuang, anjeun moal gaduh tanaga pikeun turun gunung sareng milarian pitulung. Pikeun éta, anjeun ogé kedah diajar kaahlian milarian tuangeun di gunung. Aya dua rupa sumber kadaharan pikeun nu salamet di pagunungan, nya éta sumber kadaharan sato jeung sumber pangan tutuwuhan. Sumber kadaharan sato mangrupa sumber kadaharan anu asalna ti sato anu hirup di pagunungan. Sumber kadaharan sato beunghar pisan ku protéin. Jadi anjeun bakal tetep kenyang, energetic jeung teu gampang lapar.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4932", "text": "Ayam Nelongso nyaeta salah sahiji tempat tuang nu nyayogikeun rupi-rupi lauk, utamana nyaeta bebek sareng hayam. Kedaina tos aya di hampir saluruh kota nu aya di Indonesia. Kedai ieu jadi kedai favorit mahasiswa di saluruh Indonesia sabab hargina nu kabilang murah pisan. Kur ti lima rebu dugi ka dua puluh rebuan. Sanes mahasiswa wae nu resep tuang didieu, tapi sababaraha deretan artis oge seueur nu tos nyobian ieu tuanguen. Seueur oge youtuber nu ngareview ieu tuangeun nu aya di Ayam Nelongso. Ku kituna, ieu kedai kudu pisan janten andalan komo di ahir bulan mah. Pokokna tong hilap pisan kedah nyobian Ayam Nelongso. Yuk serbuu!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "6632", "text": "Makanan cepat saji mangrupakeun kadaharan anu biasana disuguhkeuna teu lami alias gancang, lima nepi keun sapuluh menit. Kadaharan ieu jadi paporit kalangan anu gawe ti isuk-isuk nepi ka peuting, janten hoyong dahareun anu gancang teu kedah ngantosan lami. Tapi sabenerna kadaharan ieu teh kirang sae kanggo awak lantaran dahareun anu bisa disajikeun gancang kantos dihaneutkeun jeung tos didamel ti kamari-kamari teras tiasa disimpen lila jeung teu gampang haseum. Dahareun anu bisa disimpen lila jeung teu haseum-haseum tos pasti ngangge pengawet. Pengawet ieu anu nyababkeun dahareun kieu janten kirang sehat lantaran pangawet eta bakal numpuk dina awak urang jeung nyebabkeun masalah kasehatan. Matak urang kudu ngurangan dahar nu seeur pengawet supados awak leuwih seger sareng sehat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5832", "text": "Pada dasarna mah spesifikasi hape teh sarua wae, ngan paling beda kapasitasna hungkul. Loba spesifikasi dina hape android mahal tapi ternyata sarua jeung nu hargana menengah atawa standar. Jadi, samemeh meuli hape teh kudu paham kana kabutuhan urang. Ulah nepi ka meuli hape teh sabab ku gengsi hungkul atawa ku bentukna nu alus tapi kagunaan na mah sarua jeung nu biasa, euweuh kabutuhan tertentu nu mendesak atawa penting. Jadi, kudu pinter-pinter milih hape nu spesifikasina alus tapi hargana nu standar. Ulah nepi ka katipu ku harga, komo ku hape nu spesifikasina bodong atawa dikurangan mah. Yuk masing pinter milihan spesifikasi hape!", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4969", "text": "Usus crispy jadi salah sahiji camilah karesep umat manusa, khususna abdi. Usus crispy rasa na gurih terus tekstur na renyah pisan. Mun meuli teh meuni sok ngantri lila. Sarua meureunan da batur ge resepeun kana ieu camilan. Saking ku seueur na penggemar ieu camilan, ayeuna mah dugi ka kafe oge nyadiakeun menu usus crispy. Ieu camilan teu hungkul bisa dijadikeun camilan biasa, tapi bisa oge jadi deungeun sangu. Mun jadi deungeun sangu ieu sok di saosan, mun jadi camilan mah biasana make bumbu tabur. Tah ku lobana fungsi eta, ngajadikeun usus crispy jadi camilan buda ngora jeung nu geus paruh baya oge.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "2765", "text": "Urang pasti ngarepkeun palaksanaan switch off TV analog dina program digitalisasi anu dilaksanakeun ku Kementrian Komunikasi sareng Informatika (Kominfo) tiasa gaduh pangaruh anu hadé dina kualitas siaran anu langkung stabil. Tapi, anu kudu dipertanyakeun, kumaha persiapan jeung kasiapanana, boh ti pamaréntah boh masarakat. Program siaran digitalisasi ieu kudu disusun sacara taliti, ulah buru-buru, utamana dina hal pengadaan jeung distribusi alat bantu dina wangun set top box anu geus dijangjikeun ku pamarentah pikeun disebarkeun ka masarakat sacara gratis. Tapi teras timbul patarosan anu sanés, naha ieu bakal jalan sakumaha anu diharapkeun, sabaraha jauh pamaréntahan badé nyiapkeun alat-alat pendukung pikeun siaran digitalisasi ieu? Namung kanyataanna heuteu saetik masyarakat nu jadina maksakeun meuli tv anyar pedah panik .", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2815", "text": "Mobil listrik nganggo sumber énérgi tina batré (BEV = Batré Kendaraan Éléktronik) nganggo komponén mesin propulsi jauh langkung saeutik tibatan mobil nganggo durukan internal (ICE = Mesin Pembakaran Internal); sahingga, persentase komponén mungkin nu bisa ruksak jadi leuwih leutik. Motor penggerak listrik boga ciri has, nyaéta torsi maksimum (torsi) ti saprak rotasi (RPM) masih 0, sedengkeun dina mesin ICE, torsi maksimum kahontal sanggeus hiji RPM tangtu, jadi transmisi diperlukeun pikeun digawé sabudeureun ieu. Alatan ciri unik tina motor listrik ieu, umumna mobil BEV teu merlukeun transmisi, sanajan dina sababaraha kasus, gear masih diperlukeun pikeun ngurangan kagancangan mesin bari ngaronjatkeun torsi dina roda (Reduction Gear). Ku kituna, pangropéa diperlukeun pikeun mobil BEV condong jadi basajan ti mobil konvensional kalawan mesin ICE. Ogé, kusabab ciri unik tina motor listrik, mobil BEV tiasa ngagancangkeun langkung gancang tibatan mobil konvensional.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "6695", "text": "Lamun keur ulin ka daerah Ciwidey tong hilap datang ka kebon stroberi sabari nyobian ngala stroberi langsung tina tangkal na. Tangkal stroberi bentukna teu siga tangkal cau anu jangkung. Buah ieu biasana tumbuh di daerah gunung, matak teu heran di Ciwidey mah seeur pisan kebon stroberi. SIki buah stroberi rada beda jeung buah lain na. Lamun biasana siki aja di jero daging buah, siki stroberi aya dina kulitna. Umumna buah stroberi nu asak gaduh warna bereum mencrang, tapi bodas di bagian jero. Stroberi asak biasana gaduh rasa haseum haseum amis, cocok pisan lamun dicocol jeung gula atawa dicocolkeun kanu coklat cair. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5505", "text": "Basa nuju aya kunjungan ka daerah Yogyakarta, abdi teu hilap niatan jang jajan tuangeun khas ti kota Yogyakarta. Abdi meser gudeg khas Yogyakarta. Barang nepi ka Yogyakarta teh isuk-isuk, abdi tuluy mandi heula di imah babaturan. Geus kitu langsung sarapan gudeg di sebrangeun imahna. Duh ieu gudeg rasana kacida ngeunah, moal aya nu bisa nyaingan. Rasana gurih, amis, jeung seger pisan. Cocok kangge sarapan unggal poe. Beres sarapan gudeg, abdi langsung siap-siap kang indit ka Candi Prambanan nuluykeun kunjungan. Balik kunjungan teh abdi meuli deui gudeg di daerah Malioboro. Duh ngeunah pisan gudeg dituang di kotana langsung mah, rasana otentik pisan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "4080", "text": "Unggal poe jumaah dina agama islam aya kagiatan rutin kaaagamaan nu ngarana sholat jumat nu di wajibkeun khusus keur lalaki. Sholat jumat teh waktu na tengah poe di waktu sholat dzuhur. Sholat jumat nyaeta Ibadah solat dua rakaat anu dilaksanakeun sacara berjamaah, dilaksanakeun saenggeus khutbah jumaah. Hukum wajib pikeun lalaki anu geus minuhan sarat. aya bédana dina ngalaksanakeun solat Jum’at jeung solat fardhu sacara umum, saperti ayana khutbah saméméh solat. Lamun di lembur- lembur urang biasa ningali bapa bapa bawa budak lalaki na keur sholat jumah, ngajarkeun jeung nanamkeun agama ka budak na ti keur leutik emang di perlukeun supaya gede na jadi kabiasa teu ninggalkeun sholat nujadi kawajiban na.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "5487", "text": "Tari Piring mangrupakeun tarian tradisional ti suk Minangkabau, Sumatera Barat. Tari piring jadi salah sahiji tarian daerah nu terkenal sabab properti nu digunakeun na nyaeta piring beling. Tari piring biasana diiringan ku alat musik talempong. Gerakan tari piring kabilang lincah, gesit, energik, bahkan akrobatik pisan nu nunjukkeun sumanget para rakyat Minangkabau dina baranggawe di kahirupannana. Gerakan dina tari piring nyaeta aya opat, gerak batanam, gerak manyabik, gerak mengirik, dan gerak baguliang. Tari piring biasana dibawakeun secara berkelompok, nu jumlahna leuwih ti dua urang. Sarua jiga tarian sejen pada umumna, tari Piring ge ditampilkeun dina raraga penyambutan tamu atawa ngenalkeun budaya Minangkabau. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "5036", "text": "Wisata nu nuju rame wae ku pengunjung nyaeta Wisata Taman Hutan Raya Ir. Djuanda. Tempat ieu biasa disingkat jadi THR Ir. Djuanda. Lokasina nyaeta di daerah Cimenyan, Bandung. Tempat wisata ieu luasna leuwih ti sapuluh hektar. Vegetasina karawat pisan, dugi ka sagala sato monyet ge aya keneh. Didieu aya goa zaman penjajahan baheula, nyaeta goa Jepang jeung goa Belanda. Didieu oge aya curug jeung panangkaran rusa. Luas lahan na ngabentang ti Dago Pakar nepi ka Maribaya Lembang. Di tempat ieu oge aya aula terbuka nu hawana tiis pisan. Ngeunaheun pake niis jeung nyantai mah. Akses na ge teu jauh ti Kota Bandung. Bisa oge diteang kana angkutan umum.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "546", "text": "Keris mangrupakeun senjata tradisional. Aya sababaraha cara nyieun keris, keris dijieun ku cara dipekprekan, tuluy dijieun manglapis-lapis. Zaman ayeuna mah, keris paling saeutik dijieun tina 64 lapisan anu bahan na teh tina beusi. Ngameh bisa nyieun keris nu berkualitas sederhana, sahenteuna dibutuhkeun lapisan lobana 128. Sedengkeun jang nyieun keris berkualitas alus, kudu dijieun leuwih ti dua rebu lapisan. Ngarah keris bisa seukeut, dina bagian tengahna kudu dieusian lapisan baja. Saenggeus eta keris bakal tuluy dipekprek jeung dibere lapisan ngarah leuwih kuat. Jang bahan pamorna biasana dibedakeun jadi 4 jenis, Batu meteorit, nikel, beusi nu dijadikeun bahan pokok, jeung beusi ti daerah sejen nu pas dicampurkeun bakal aya nuansa warna sarta katinggali beda.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "958", "text": "Jang pemula mah dina hal-hal moto, tangtuna kamera polaroid jadi pilihan anu tepat. Sabab kamera ieu emang dirancang jang mere kamudahan dina ngalakukeun moto. Dina kamera polaroid ngan aya hiji tombol hungkul nu fungsina jang nyokot gambar. Ku hiji tombol eta, tangtuna moal nyieun bingung pas makena. Kamera polaroid oge bisa langsung nyetak foto dina waktu samenit, teu kudu ngadatangkan percetakan foto jang nyetakna. Kamera ieu praktis pisan, tinggal foto tuluy geus langsung dicetak dina kamerana. Hasil foto kamera polaroid oge leuwih berharga, sabab foto eta ngan aya hiji-hijina pas momen eta. Sabab euweuh salinanna dina kamera polaroid, jadi kudu bener-bener dina ngajaga fotona.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "2290", "text": "Salila 24 jam dina mangsa Nyepi, sakabeh urang Bali teu meunang ngahurungkeun listrik jeung seuneu, teu ngadengekeun musik, teu indit jeung cicing di imah. Ayeuna aya kamungkinan yén kaayaan ieu gandeng ku euweuh internét? Dina rapat babarengan jeung Déwan Agama Propinsi Bali, maranéhna sapuk miwarang Kamentrian Télékomunikasi jeung Informatika sangkan mareuman internét di sakuliah Bali dina mangsa Nyepi, 17 Maret.\n“Kami baris hadir ku Kominfo pikeun miwarang nuturkeun usulan ieu sarta ménta operator pikeun mareuman internét,” ceuk pupuhu Parisada Hindu 6 Maret 2018. béda jeung taun-taun saméméhna nyaéta panggero kaopat dina wangun panyadia layanan sélular anu diperkirakeun mareuman data sélular (internét) ti Saptu 17 Maret 2018 jam 06.00 WITA nepi ka Minggu 18 Maret sakaligus. Paménta bakal dikintunkeun ka Kementrian Komunikasi sareng Informatika anu diperkirakeun ngabulkeun usulan hasil rapat. “Kuring yakin Kominfo bakal ngarojong kana usulan ieu, pikeun mantuan umat Hindu di Bali sangkan leuwih museur kana ibadah dina mangsa Nyepi,” saur Gusti Ngurah. Sanaos Kamentrian Penerangan henteu ngabulkeun pamundutana, surat ieu bakal tetep janten daya tarik pikeun operator sareng umat Hindu. \"Mung sapoe dina sataun, mugi operator tiasa ngadukung Nyepi, sareng umat Hindu tiasa ngartos Nyepi langkung sae.'", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "6796", "text": "Basa SMP. Abdi sareng rerencangan SMP saangkatan lalajo pelem anu judul na 5 cm. Baheula mah pelem ieu teh kasohor pisan utamana di kalangan barudak anu resep naek gunung, lantaran ieu pelem nyaritakeun lima babaturan anu naek ka Gunung Semeru, Gunung pang jangkungna di Jawa. Pelem anu asalna ti novel anu judul na sarua ieu ditayangkeun di bioskop tanggal 12 Desember 2012 ditonton ku dua kom opat juta jalmi. Abdi sareng rerencangan lalajo pelem ieu di aula sakola namganggo infokus sareng speaker supados suasana na sapertos di bioskop. Saatos nonton pelem ieu abdi sareng rerencangan pas naek gunung janten inget ka pelem ieu.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "880", "text": "Olahraga mangrupakeun hal nu penting pisan jeung paling dibutuhkeun ku awak sorangan. Sanajan geus kolot tetep ngabutuhkeun nu ngaranna olahraga. Manfaat olahraga jang kasehatan loba pisan jeung bisa dirasakeun ku tiap jelema. Olahraga jadi salah sahiji gaya hirup nu wajib dilakukeun ku tiap jelema ngameh awakna tetep sehat jeung seger. Contona olahraga bisa ngaronjatkeun daya tahan awak, nuruskeun kolesterol, ngurangan stres, meuleum lemak, ngaronjatkeun imunitas jeung nyegas gering, ngaronjatkeun fungsi otak jeung masih loba deui. Olahraga oge bisa ngalancarkeun peredaran darah jeung meuleum timbunan lemak dina jero awak. Jadi mun otot-otot awak geus kalatih bakal mere mangpaat oge ka diri sorangan.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "457", "text": "Umat muslim ulah sambarangan dina ngalakukeun kurban. Aya pedoman khusus ngeunaan syarat hewan kurban jeung cara meuncitna dina rukun kurban. Nu kahiji, pastikeun nu meuncit hewan kurban teh muslim. Lamun dipeuncit ku non-Muslim ngan bakal disebut meuncit hewan biasa, lain kurban. Nu kadua mangrupakeun hewan anu halal, aya loba jenis hewan dimeunangkeun jang dipake kurban di antarana sapi, embe, domba, munding, jeung onta. Nu katilu alat meuncitna kudu seukeut. Alat nu paling ideal nyaeta peso jeung kudu dina kondisi anu seukeut, ulah anu karatan atawa mintul. Jenis pesona oge kudu nu lurus lain nu bergerigi. Nu terakhir niat meuncitna kudu karena Allah SWT jeung tujuan meunangkeun ridho Allah.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4728", "text": "Aya loba departement jeung rupa rupa posisi lamun urang di gawe di kantoran, misalkeun aya departemen Sumber Daya Manusia atawa SDM departemen SDM eta loba bagean bagean deui di handap na jeung aja level level na oge ti level manajerial staf jeung sajabana. Dina level staff di bagean SDM aya anu ngarana posisi HRD atawa singketan nana Human Recruitment Development, HRD mangrupakeun salah sahiji bagean ti departemen sumber daya manusia anu tugas pokona nyaeta ngalola sumber daya manusa di parusahaan eta, tugas na di mimitian ku tugas perencanaan SDM, rekrutmen atawa neagan pagawe tuluy seleksi keur milih pagawena, nguruskeun palatihan jeung pangembangan gawe atawa training tuluy nguruskeun manajemen na, nguruskeun gaji tunjangan pokona hal hal anu kaitana jeung administratif calon pagawe nepika mutuskeun saha saha anu bakal di lakukeun pamutusan hubungan kerja atawa PHK. ", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "933", "text": "TV LED mangrupakeun mekarna tina TV LCD nyaeta ku ngalakukeun parobahan-parobahan dina rupa-rupa aspek. Dina TV LED bakal manggihan nu ngagunakeun lampu LED (Light Emitting Diode) nu ditempatkeunna teh dina backlight. Ku ngagunakeun lampu jenis LED ieu mawa dampak positif. Salah sahijina nyaeta nyieun alat ieu jadi leuwih hemat daya. Ku ngagunakeun lampu LED, televisi ieu bisa ngahemat nepikeun ka 40 persen energi. Salian eta, TV LED oge leuwih ramah lingkungan sabab minim ngagunakeun merkuri. Dina segi kualitasna oge leuwih alus. Boh tina gambar nu dihasilkeun, caangna layar, atawa kontras nu mibogaan desain nu leuwih alus tibatan versi nu saacanna.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "124", "text": "Asup ka Nimo Highland hargana 35 rebu, geus kaasup naek odong-odong. Harga sakitu ceuk urang mah kamahalan sabab teu dibarengan ku fasilitas nu memadai. Toilet ngan aya di handap deukeut nu jualan dahareun, jadi mun pas keur di luhur tuluy hayang ngompol kudu turun heula make odong-odong ka handap, bari toiletna kudu ngantri da ngan aya dua. Tuluy pas keur eta kusabab masih anyaran dibuka jadi acan kabeh nu jadi di bangun. Tungtungna jadi membludak di hiji tempat. Mun bisa mah di tempat foto na teh aya penjaga na, sabab aya hiji spot foto, kalakah dipake bobogohan ku batur. Jadi nu hayang difoto didinya hese da kahalangan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "7431", "text": "Lamun biasana hape bentukna pasagi panjang, LG ngaluarkeun hape anu bentukna benten, nyaeta hape anu boga jangjang. Jangjang dina hape ieu sanos kanggo hiber, bentukna oge teu sapertos jangjang hayam atawa burung, tapi pasagi panjang anu tiasa digeser anu asalna ngan aya hiji layar anu lempeng janten aya hiji layar deui anu posisina manjang ka gigir. Hape kaluaran Korea Selatan ieu tod dibekelan ku Android 10 jeung gaduh layar anu badag nyaeta 6,8 inci. Hape ieu gaduh dua layar utama. Hiji anu layarna badag, hiji deui anu ngan satengahna. Janten lamun urang hoyong nganggo hape anu dimiringkeun urang tetep bakal ningal layar anu lempeng ka handap. ", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5016", "text": "Cimincul mangrupakeun salah sahiji tempat wisata alam di Subang. Cimincul nyaeta ngaran tempat guyang nu caina herang pisan sabab langsung ti sumber mata airna. Cimincul boga tilu kolam jang guyang, hiji kolam leutik sumber mata air nu aya cai ngaburialan. Terus kolam renang na teh diapit ku pasawahan nu lega. Di deukeut kolam renang aya rumah makan nu menu utamana lalaban meunang ngadadak ngala. Didieu oge loba cau nu dijual meunang ngala ngadadak jeung asak na tangkalna. Parkiran na luas, mahi jang sapuluh mobil mah. Cai kolamna herang pisan, nepi ka dasar kolam na ge kaciri. Kamar mandina loba pisan, jadi dijamin moal ngantri mun rek disalin teh. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "9477", "text": "Saderek sadayana, kami nawiskeun paket liburan anu teu tiasa dipohokeun ka tujuan wisata anu pangsaéna di sakumna dunya. Ku nyandak paket liburan ti kami, anjeun bisa ngarasakeun kaendahan alam jeung budaya anu unik ku ngajalajah tempat-tempat anu can pernah dianjangan samemehna. Kami oge nyadiakeun akomodasi nyaman jeung kadaharan lezat sarta layanan terbaik ti tim anu geus terlatih. Ulah nepika kaliwat kasempetan pikeun ngarasakeun liburan anu paling berkesan ti paket kami. Hubungi kami ayeuna kanggo inpormasi anu langkung lengkep. Kami bakal resep ngajawab patarosan anjeun sareng ngabantosan anjeun milih pilihan liburan anu leres. Langsung hubungan kami via website resmi urang. Tong hilap, nya!", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "9314", "text": "Saanggeus nikah jeung hirup duaan jeung pasangan, urang bakal jadi percaya diri jeung biasa wae di hareupeun pasangan urang. Lamun baheula basa can nikah atawa keur bobogohan keneh urang teh pasti weh meakeung waktu salila-lila jeung dangdan heula sing alus samemeh indit. Beda deui lamun geus nikah, lamun geus nikah jeung tinggal bareng mah urang bakal wani tampil saaya-aya, malah urang teu kudu jaim-jaiman deui di hareupeun pasangan urang. Salian geus biasa, ieu oge kulantaran urang jeung pasangan geus saling ngarti sewang-sewangan. Tapi lain hartina urang teu bisa geulis lamun di bumi, angger ai di bumi oge keudah beresih tur rapih, ulah rapih jeung geulis teh lamun rek indit kaluar wae. \r\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "6634", "text": "Seblak janten kadaharan karesep budak ngora. Komo ayeuna mah tos seeur pisan rupi-rupi eusian seblak, teu ngan saukur kurupuk hungkul. Ngadamel seblak teu sesah, nu penting aya bahan-bahan na, sareng pas bungbuna. Ayeuna urang ngadamel bungbuna heula, siapkeun cikur, bawang bodas diulek nepikeun halus. Kadua urang siapkeun eusian nana, bisa make kurupuk, kwetiauw, emih, tulang, sayur, atawa bahan naon wae nu aya di bumi. Upami tos siap sadaya bahanna urang masak seblakna. Kahiji urang tumis heula bungbu halusna nepikeun seungit, teras tambihan cai, asukpeun bungbu sapertos uyah, gula, sareng cengek. Upami tos ngagolak tinggal asupkeun sadaya eusian seblakna nepika asak.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5418", "text": "Lebaran Idul Fitri biasana identik dengan lebaran kupat. Mun lebaran Idul Fitri teh pasti we aya kupat jeung opor atawa gulai. Tapi, suku Jawa mah nyajikeun na beda. Lebaran Idul Fitri teh sanes nyajikeun kupat, tapi nasi koneng. Nembe we beres lebaran aya nu ditelah \"Syawalan atawa Lebaran Ketupat\". Tah lebaran ketupat atawa syawalan teh nyaeta salah sahiji tradisi nu dilaksanakeun dina raraga nyambut bulan syawal. Biasana dilaksanakeun salila tujuh poe dina awal bulan syawal. Jadi, saberes lebaran teh tuluy milangkala syawalan. Tradisi ieu janten salah sahiji daya tarik ti suku Jawa. Tradisi ieu kental jeung budaya Islam oge dina pelaksanaan nana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "5339", "text": "Istri diciptakeun ku penuh kasih sayang, matakna teu aneh mun istri dikenal sebagai makhluk lembut. Perasaan istri mah sok leuwih kuat tibatan pameget. Hal ieu teh dicontokeun oge dina kisah Siti Hawa. Siti hawa sok ngarasa cemburu mun Nabi Adam AS uihna wengi teing. Oge mun Nabi Adam AS telat uih, pasti ngarasa cemburu. Padahal, Siti Hawa jadi hiji-hijina istri di zaman eta. Tidinya urang bisa ningali bahwa memang istri mah nu diutamakeun na perasaan, alim dugi kaelehkeun ku istri sanesna. Aya oge kisah Siti Aisyah nu cemburu ka Rasulullh SAW. Siti Aisyah cemburu sabab Rasulullah SAW nyebut nami istri pertamana, Siti Khodijah. Padahal Siti Khodijah harita teh tos wafat. Tah ieu nandakeun bahwa perasaan istri mah lembut pisan, jeung butuh pisan kasih sayag jeung kalembutan.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4517", "text": "Basa urang sakola SMP keneh di kelas dalapan, urang sempet mulu kana partandingan olahraga bola voli di sakola. Lain partandingan anu gede emang ngan saukur partandingan olahraga porak atawa singketan tina pekan olahraga antar kelas. Biasana porak teh di ayakeun satahun 2 kali nyaeta di laksanakeun na saenggeus ujian samester. Porak anu di laksanakeun biasana jadi tempat barudak ngaluarkeun emosi jeung rasa lega na saenggeus ngalakukeun ujian. Urang maen voli keur eta jadi di posisi tosser atawa set upper, dimana tugas urang nyaeta pikeun merekeun umpan sangkan serangan nana lancar. Urang anu can pernah maen partandingan bola voli samemeh na riweh keneh can pati paham di babak kahiji tapi di babak kadua syukurna urang geus lancar jadi na urang jeung tim urang bisa meunang.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "1601", "text": "Nyeuseup hawa jero-jero kabuktian nurunkeun kadar kortisol. Hasilna, teknik ieu bisa mantuan urang ngurangan stres jeung rasa cemas nu ku urang rasakeun. Jang ngamimitianna, urang bisa ngalakukeun langkah-langkah ieu. Nu kahiji teangan tempat nu sepi, tuluy urang tinggal diuk. Nu kadua tutup panon jeung seuseup hawa ngaliwatan irung. Nu katilu seuseup hawa jero-jero dina dua itungan. Tahan napas dina hiji itungan, tuluy piceun napas lalaunan dina opat itungan. Nu kaopat, mun itungan 2 nepikeun ka 4 karasa gancang teuing, ubah jadi 4 itungan tarikan napas jeung 6 itungan ngaluarkeun. Bisa oge 6 tarikan napas jero jeung 8 itungan bari ngarenghap.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4739", "text": "Lamun urang boga imah anu aya teras hareup na urang bisa mangfaatkeun na keur meunagkeun panghasilan, urang bisa muka warung jajaneun. Ayeuna mah kan barudak teh bareuki jajan jeung sok babarian kabawa trend dahareun anu viral, contohna wae seblak jeung mie mie an, eta teh dahareun anu kabeh jelema pasti resep. Urang bisa mulai ide ngajual seblak jeung mie tapi bari di reka reka deui ku urang di jadikeun kreasi sangkan bisa jadi viral tong poho oge promosina pake sosial media. Barudak ayeuna mah sok panasaran ku dahareun rek jauh rek mahal oge sok di jug jug di beuli. Ide teh salah sahiji ide anu ges loba di jieun tapi tetep wae rame.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "3875", "text": "Kamari, pas keur diuk hareupeun imah, ngahaja ngaliwat tukang jamu. Nu ngajual jamu nu ngajual jamu nu aya di gedong teh, aya loba jenis jamu nu dibawa, aya beas kencur, kunyit asam nepi ka brotowali. Abdi meuli tilu jamu saperti jamu brotowali anu pait pisan tapi loba mangfaat na keur kasehatan, jamu kunyit asem anu rasa na haseum segeur anu mangfaatna bisa nurunkeun guka darah terus nu terakhir meuli jamu beas kencur, beas kencur ieu rasa na amis jamu nu paling enak dii antara nu lain tapi manfat na keur kasehatan oge teu kalah alus nyaeta bisa nambah stamina jeung jaga stamina. Urang meuli jamu keur stok di kulkas sabab bisa di simpen lila.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4526", "text": "Keur sabagian jelema olahraga biasa geus jadi hala nu nyieun bahagia, tapi keur sababaraha jelema nu lain, Olahraga biasa rasana aya nu kurang muaskeun nyalina jeung kurang bahagia. Olahraga ekstrim atawa olahraga ekstrim nyaéta kagiatan olahraga anu tingkat kasulitan, résiko sareng bahaya anu luhur. Kanggo sababaraha urang, ieu teu olahraga pilihan kusabab resiko tinggi. Tapi dina kanyataanana, loba jalma kabetot komo addicted sanggeus nyoba ngalakukeun eta sakali. Aya batur anu justru deudeuieun jeung nimukeun sesuatu kapuasan tina olahraga ekstrem, dina olahraga ekstrem biasana urang ngaluarkeun hormon endorfin anu leuwih loba ngajadikeun leuwih bahagia jeung ningkatkeun mood jeung biasana jelema anu ges pernah ngalakukeun olahraga ekstrem biasana jadi tutuluyan.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "2717", "text": "Kalayan ningkatna jumlah penderita panyakit, kasadaran masarakat kana pentingna olahraga ningkat. Jalma mimiti kampanye pikeun gaya hirup séhat sapertos leumpang, senam sareng hal-hal sanés sapertos di kota-kota gedé. Ku kituna, pikeun ngajaga awak ngajalankeun pangalusna sarta nyingkahan kasakit deadly, urang kudu olahraga unggal poe. Latihan salila 30 menit sapoé bisa méré mangpaat ieu:\nMangpaat pikeun awak\nNgurangan résiko serangan jantung\nLeungit beurat\nNurunkeun kadar kolesterol getih\nNgurangan résiko ngembangkeun diabetes tipe 2 sareng kanker\nNurunkeun tekanan darah\nTulang, otot sareng sendi janten langkung kuat sareng ngirangan résiko osteoporosis\nwanda hadé, tanaga loba pisan, awak leuwih santai jeung sare alus\nMangpaat pikeun jiwa/pikiran\nLatihan tiasa meungpeuk pikiran négatip atanapi ngaganggu anjeun tina hariwang sapopoé.\nLatihan sareng jalma sanés nguatkeun beungkeut sosial\nThe fittter wanda hiji jalma bakal hadé tur gampang saré\nLatihan ningkatkeun tingkat serotonin, sareng endorfin anu hartosna anjeun bakal langkung bagja sareng langkung bahagia", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "8118", "text": "Mimiti nganggo samrt tv teh teu tiasa dianggo langsung pikeun lalajo Youtube, Netflix , jeung saluran streaming nu sejenna. Smart tv kudu disambungkuen heula ka internet liwat wifi. Cara nyambungkeunna gampil tiasa wireless atanapi wired. Upami internetna wireless pencet tombol home dina remot tv tur buka pengaturan. Dina menu general pilih network teras buka pengaturan network. Pilih nu wireless upami internet nu digaduh teu nganggo kabel. Tinggal pilih jaringan wifina tur asupkeun kata sandi keamananna. Salse tv tos tiasa dainggo pikeun streaming. Upami internetna berkabel, kabel ehternet kudu dicolokkeun heula ka port LAN dina tv-na. Teras lakukeun perkawis nu sarua tadi nanging pilih opsi wired dina pengaturan networkna.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5453", "text": "Aya sababaraha carita rakyat nu kisahna ngeunaan doraka ka kolot, utamana indung. Di antarana nyaeta carita rakyat Malin Kundang ti Sumatera Barat jeung Sangkuriang ti Jawa Barat. Ieu dua carita teh ngisaheun kadorakaan budak ka Indung nu langsung meunang balesan nana di dunia. Pesan moral nu ditepikeun liwat ieu carita teh nyaeta ulah sok doraka ka indung, sabab indung teh tunggul rahayu, ridho Allah aya dina ridho indung, jadi tong dsapelekun, kudu dipupusti. TUluy oge ulah nepi ka ngaasa sombong sabab geus mampu nyukupan sagalana ku sorangan, kudu inget kanu jadi kolot sabab geus ngagedekeun jeung ngadidik urang. Tah, tina carita ieu, urang bisa nyokot kasimpulan yen urang teh kudu ngarasa hormat ka indung, ulah nepi ka joledar. Yuk ti ayeuna urang leuwih pupusti deui nu jadi indung!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "889", "text": "Loba pagawe kantoran nu leuwih loba meakeun waktuna di kantor bari diuk dina korsi bisa ti isuk nepikeun ka sore. Balukarna awak bakal ngarasa cangkeul. Padahal aya loba jenis olahraga nu bisa diasupkeun kana runtuyan kagiatan sapopoe, teu kudu ngorbankeun waktu jang gawe. Salian ti leuwih efektif, oge bisa meunangkeun rupa-rupa mangpaat kasehatan ngameh bisa gawe leuwih produktif. Di antarana bisa ngurangan resiko panyakit soalna awak bakal leuwih sehat jeung seger. Salian nyieun awak karasa leuwih sehat jeung seger, olahraga oge mangpaatna jang kasehatan mental jeung mangaruhan produktivitas. Lantaran olahraga sacara teratur bisa ningkatkeun konsentrasi, menerkeun mood, nepikeun ka ngurangan stress.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "7064", "text": "Kautamaan Sasih Muharram anu katilu nyaeta janten waktos anu paling utama kanggo ngalakukeun amalan saum. Saum nyaeta nahan hawa nafsu ti panon poe terbit nepikeun panon poe leungit. Matak saha wae anu ngalakukeun ibadah puasa di sasih Muharram pasti meunang ganjaran anu langkung sae lantaran saum ngabantos urang nyegah ti ngalakukeun hal anu pidosaeun. Malahan lamun urang saum di sasih Muharram urang bakal ditarima taubatna ku Gusti Alloh. Kautamaan anu sanesna nyaeta di sasih Muharram aya nu namina poe Asyura anu mangrupakeun poe nu istimewa pikeun umat Islam. Poe ieu ayana di tanggal sapuluh Muharram. Urang oge dianjurkeun saum sapoe sateuacanna, nyaeta saum Tasu'a.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "6656", "text": "Es cendol mangrupakeun minuman khas Bandung. Minuman anu didamel ti tipung beas dicampur jeung tipung aci ieu warnana hejo. Warna hejo dina cendol teh asalna ti daun pandan, janten warana alami sanes nganggo pawarna anu kirang sehat. Daun pandan salian ti mere warna ka cendol oge masihan seungit khas daun pandan. Cendol disajikeun sareng santen anu warnana bodas jeung gula bereum anu warnana coklat, pas dicampurkeun dina hiji gelas, warnana janten alus. Rasana oge pasti nikmat sabab aya tekstur jendil-jendil tina cendolna, manis tina gula jeung gurih tina santen na. Aya oge tukang cendol anu sok nambihan nangka sareng mutiara warna ping, janten lamun tos dicampurkeun teh warnana beuki rame.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7081", "text": "Kitab Injil nyaeta kitab katilu tina opat kitab dina Islam. Kitab Suci ieu diturunkeun ka Nabi Isa AS dina abad kahiji Masehi. Nabi Isa nyaeta Nabi ka-24, nyaeta Nabi anu diutus sateuacan Nabi Muhammad SAW. Nabi Isa nyaeta Nabi anu diutus ka Bani Israil. Anjeunna putra Maryam anu dilahirkeun tanpa bapa. Dumasar kana Hadits Nabi Muhammad SAW anu diriwayatkeun ku Imam Thabrani dina al-Mu'jam Al-Habir, Injil diturunkeun dina kaping13 Ramadhan. Dina riwayat sejen disebutkeun yen Kitab Suci diturunkeun dina poe 18 Ramadan, 1050 taun saatos diturunkeunna wahyu Zabur jeung 482 taun saatos Taurat. Dina waktos Kitab Suci diturunkeun, Nabi Isa AS yuswana 13 taun. Daud ngagabung jeung barisan tentara Israil anu dipingpin ku Raja Thalut pikeun ngalawan pasukan Jalut.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "7119", "text": "Salah sahiji bagian tina rangkaian prosesi pernikahan adat Sunda nyaeta Mapag Panganten. Mapag Panganten nyaeta upacara sasambut, dina hal ieu panganten lalaki disambut lantaran dina adat Sunda panganten lalaki jeung rombongan teh dianggep tatamu agung anu kudu disambut ku suka cita. Sacara umum, upacara kawinan Sunda dilaksanakeun di tempat kulawarga panganten awewe. Kabeh runtuyan upacara Mapag Panganten diiringan ku musik nu dipaenkeun ku gamelan degung, seperangkat gamelan degung anu dimaenkeun di antarana bonang, saron, jenglong, go'ong, kendang, jeung suling degung. Mapag panganten dimimitian nalika panganten lalaki jeung rombonganana geus anjog ka tempat kawinan. Panganten lalaki diiringan ku kolot jeung dulur-dulurna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "3928", "text": "Cumi-cumi mangrupa salah sahiji sato laut favorit dina menu seafood. Daging na cumi-cumi rasa kenyal sareng nikmat komo munnu pasak cumi - cumi nu seger atawa hirup keneh. Aya rupa-rupa cara pikeun ngarasakeun jeungngadahar cumi cumi contona bisa digoréng, dipanggang, atawa tumis. Salah sahiji olahan karesep cumi cumi nyaeta cumi tinta hideung, ngasakan na babari jeung bahan na babari mun di teangan. Henteu ngan enak,lezat, cumi cumi ogé ngabogaan kandungan gizi anu luhur sarta cukup lengkep. Cumi cumi ngandung loba zat zat anu penting pikeun kasehatan jeung di butuhkeun ku awak misalna protéin, fosfor, kalium, sareng kalsium. Pariksa katerangan ngeunaan kandungan gizi, mangpaat, jeung jenis cumi-cumi anu biasa diolah jadi masakan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "1589", "text": "Ti ayeuna keneh samemeh kajadian bencana alam anu teu bisa diprediksi iraha datangna, leuwih alus urang geus nyieun rencana darurat jeung kulawarga urang. Urang kudu geus nyiapkeun informasi ngeunaan anggota kulawarga, mun aya dulur di kota sejen urang oge bisa nuliskeun nomorna nu bisa dihubungi, kitu oge nomor darurat nu sejenna. Pastikeun oge kulawarga urang teh apal kumaha cara nyanghareupan rupa-rupa bencana, siga tornado, angin puyuh, banjir, kabakaran, jeung sajabana. Tangtukeun titik mana nu paling aman di imah urang. Misalna mun keur aya angin puyuh tempat nu paling aman pastina di lantai paling handap, sedengkeun mun aya banjir, tempat nu paling aman nyaeta lantai paling luhur.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5041", "text": "Salah sahiji curug nu aya di Subang nu viral nyaeta Curug Cileat. Lokasina di Cisalak, Subang. Cara ka Curug Cileat mun ti Subang kota nyaeta nyandak arah ka Sumedang, terus eureun di Cisalak. Tah ti jalan raya ka curug teh tracking na sakira dua jam. Didieu aya tujuh curug di hiji tempat wisata. Mimiti, mun barang nepi ka curug bakal manggihan curug nu jangkungna sakira opat puluh meter. Hawana tiris pisan sabab aya di tengah-tengah gunung. Terus upami hoyong ka curug selanjutna, kedah tracking deui sakira lima belas menitan. Ti curug kadua, mun hoyong ka curug nu katilu tracking na sakira satengah jam. Kitu oge tuluy dugi ka curug nu katujuh, bakal sapopoe trackingna. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "92", "text": "Kerang salah sahiji seafood nu umum di Indonesia. Biasana aya sababaraha kerang anu dijual di restoran seafood. Contona kerang hejo, kerang ieu bentuk cangkangna manjang jeung warnana hejo kolot, tekstur dagingna hipu jeung geunyal jadi babari di daharna. Tuluy aya kerang dara, ieu biasana nu mindeng aya di restoran seafood, kerang ieu ukuranna leutik tibatan jeung kerang hejo mah, tapi teksturna mah sarua geunyal. Tuluy aya kerang bambu, kerang jenis ieu loba dagingna teksturna oge lembut. Aya oge kerang kepah, kerang ieu bentuk cangkangna siga piring, dibagian tengahna teh muncugug, jeung datar dibagian sisina. Nu terakhir kerang simping, tekstur dagingna lembut jeung padet. Rasana rada amis jeung pelem.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4990", "text": "Cara ngahaluskeun bumbu ayeuna mah teu kudu di rendos, tinggal lebetkeun wae kana blender, tuluy tungguan nepi ka bumbu na halus. Cara ngahaluskeun bumbu dina blender nyaeta mimiti kumbah sing beresih bumbu-bumbu atawa bahan. Tuluy asupkeun kana blender, tambahan cai sagelas atawa satengahna bahan nu di blender. Geus kitu pasangkeun wadah blender kana mesin blender. Pencet tombol nu aya angkaan, tong poho tutup wadah blender supaya teu muncrat kamana-mana. Tuluy mun dirasa geus halus, pencet deui tombol pareuman dina mesin blender. Buka wadah blender tina mesin na. Ayeuna bahan atawa bumbu nu tos halus siap dipake masak. Emang nyieun babari gawe wae ieu alat teh.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4155", "text": "Salah sahiji sikep anu pinuji dina Islam nyaéta empati. Sikep ieu kedah dipupus ti budak leutik.Dicutat tina buku Empathy Leadership Nurutkeun Al-Qur’an karangan Asep Dika Hanggara, empati téh mangrupa usaha pikeun mikanyaho jalma sacara jero, boh sacara émosional boh sacara inteléktual. Batur bakal ngagunakeun haté, panon jeung pikiran maranéhna pikeun ngadéngé obyektif. Empati nyaéta kamampuh hiji jalma pikeun sadar kana parasaan, kapentingan, kahayang, masalah atawa kasulitan anu dirasakeun ku batur. Pondokna, empati nyaéta perasaan naon anu dirasakeun ku batur. Boga rasa empati gede nagjieun urang jadi bisa ngarasa leuwih bersyukur ka ayaan nu aya ku sabab bisa ngarasakeun secara emosi lamun ningali batur leuwih kurang ti kaayaan urang ayeuna.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "7125", "text": "Urang Sunda gaduh seeur warisan budaya anu masih dilestarikan nepi ka kiwari, saperti imah adat Sunda. Henteu ngan kasohor ku logat basana anu has, imah adat Sunda oge masih sering diterapkeun di restoran Sunda anu sumebar di sakuliah Indonesia. Imah Adat Sunda Jubleg Nangkub nyaeta imah adat anu gaduh ciri has nyaeta bentuk hateupna aya sababaraha tingkat jeung tembokna dijieun tina awi anu ukuranna badag. Imah Adat Sunda Jubleg Nangkub sorangan boga filosofi ngalambangkeun kapribadian masarakat Sunda anu ramah, santun jeung tur basajan. Imah adat ieu oge mineng ngalambangkeun tempat anu endah, subur tur makmur. Imah adat Sunda jenis Jubleg Nangkub oge tiasa dipanggihan di Sumedang. Lamun ditingal bentuk imah ieu oge sarua siga imah adat Parahu Kamureb. Imah adat ieu oge gaduh harti sapertos lesung anu nulungkup. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "6114", "text": "Jualan di imah mah biasana sok rada santai sabab ngaladanganna ge kan di imah, teu kudu dadasar warung di tempat jauh. Tah salah sahiji ide jualan ti imah anu keur hits teh nyaeta seblak prasmanan. Jadi, mun biasana seblak teh sok sistem mesen topping, tah ayeuna mah toppingna nyandakan ku nyalira. Jadi pelanggan teh bisa milihan sakahayangna. Kabeh topping seblak teh dijajarkeun rapi satempat jeung diboxan. Biasana sok aya kurupuk kemplang, sayuran, endog, kurupuk garingan, seafood, malahan mah nepi ka jeroan hayam na ge aya. Makin lengkap toppingna, makin loba pelanggan anu datangna sabab bisa milih bebas. Sistem iei teh digandrungi pisan ku masyarakat.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "6803", "text": "Panahan mangrupakeun salah sahiji katerampilan anu penting. Lantaran kaasup salah sahiji hal anu dianjurkeun kanggo diajarkeun ka murangkalih saur Kanjeng Nabi Muhammad. Panahan kaasup kagiatan anu tos aya ti lima rebu tahun ka tukang, asalna ngan dipake newak sasatoan jang didahar, kadieunakeun sok dipake oge kanggo perang. Jaman ayeuna panahan saukur dijadikeun salah sahiji cabang olah raga anu biasa dilombakeun. Aya seeur mangpaat panahan di antara na nyaeta, tiasa ngajagi kasaimbangan, ngalatih fokus, ngawangung kakuatan awak jeung ngoordinasikeun panon jeung panangan. Abdi sareng rerencangan di komunitas oge resep panahan, sanajan teu acan tiasa oge teu nanaon, nu penting mah diajar cara panahan anu bener na kumaha.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "5894", "text": "Tia nembe pisan meser hape Redmi 9T. Hape ieu teh geus lila didambakeun pisan ku Tia. Alasan Tia meuli hape ieu nyaeta sabab geus ngusung teknologi canggih sasuai kahayangna jeung sasuai budgetna. Jadi, hape ieu teh geus ngusung sensor AI dina kamerana, geus make sistem fast charging, geus make USB type C, jeung sajabana nu ngajieun hape ieu istimewa. Teknologi AI dina kamerana oge dipikaresep ku Tia sabab bisa ngadeteksi leuwih detail ngeunaan objek nu difoto. Tuluy teknologi smart lock na ge tos ngangge fingerprint jeung biometrik wajah, jadi teu kudi riweuh make sandi atawa pola nu rumit diinget jeung riweuh rek muka hape teh.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9365", "text": "Sabenerna kagiatan tani téh kacida pisan séhatna pikeun awak, anu bakal hadé pisan pikeun anu geus umur sepuh. Sanajan kitu, kagiatan ieu ogé pohara mangpaatna pikeun nonoman anu ngora keneh. Tani tiasa ngirangan résiko stroke anu asalna tina darah tinggi, sabab ku ngurus pepelakan bakal ngajantenkeun awak urang santai, sahingga sirkulasi getih ogé langkung lancar. Kusabab urang leuwih deukeut jeung alam, urang otomatis bakal bagja jeung leuwih percaya diri. Pertanian ogé tiasa janten saran pikeun latihan sareng ngaleungitkeun setrés. Pelepasan késang sareng tanaga ngabantosan anjeun bobo langkung nyenyak dina wengi, kekebalan awak urang ogé bakal ningkat ku kituna urang henteu gampang kaserang panyakit.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4960", "text": "Green tea boba jadi inuman nu loba dipikaresep ku budak zaman ayeuna. Teu kudu deui make tinyuhan enteh green tea aslina, ayeuna mah aya kemasan nu instan nyaeta bentuk na bubuk. Cara nyieun green tea boba gampang pisan, teu kudu dikocok atanapi digodog. Bahan na nyaeta bubuk green tea, susu, cai, gula bodas, gula beureum, jeung boba. Mimiti, godog eta boba make cai jeung gula beureum dugi ka rada kentel. Teras siapkeun gelas jangkung. Eusian make tilu sendok bubuk green tea. Tambahan cari panas sakedik jeung gula bodas nu halus. Aduk dugi ka rata sadaya bahan na. Tos kitu, tambihan es batu dugi ka sapinuhna gelas. Tuluy siram make susu murni dugi ka gelas pinuh. Pandeuri, tambihkeun boba diluhurna. Green tea boba siap diuyup. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "2283", "text": " Teu kacaturkeun pangalolaan anu aya dina bacaan do’a. Ibarat doa iftitah anu hartina pernyataan misi (dina manajemen strategis). Sedengkeun anu dimaksud maca Alfatihah anu dibaca sacara berulang-ulang nepi ka 17 kali mangrupa pernyataan anu objektif. Tujuan hirup mana anu leuwih canggih tibatan udagan hirup dina jalan anu lempeng, nyaéta jalan anu pinuh ku kahadéan anu dimeunangkeun ku jalma-jalma soleh saperti para nabi jeung rosul. Dr. Gustafe le Bond nyarios yén Islam mangrupikeun agama anu paling cocog sareng pamanggihan ilmiah. Kamekaran élmu pangaweruh jeung étika kaélmuan kudu dirojong ku kakuatan iman. Ajaran Muhammad kacida mulya tur ilmiahna, lain ngan ukur dokter spiritual tapi leuwih ti eta, anjeunna dokter modern.Pamimpin nagara, pamingpin dunya jeung akherat, ahli strategi perang. Sanaos seueur jalma ngahina, ngahina, ngahina (kusabab kabodoan sareng kabodoan anjeun) tapi éta moal ngirangan kamulyaanna. Diringkeskeun tina Kitab Mukjizat Gerakan Sholat karangan dr. Sagiran, M.Kes, Sp.B", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4545", "text": "Dina kagiatan olahraga rupa-rupa cara dilakukeun pikeun nyingkahan kagiatan anu teu kadga saperti cedera dimimitian ti pemanasan saméméh latihan jeung pendinginan sanggeus ngalakukeun latihan olahraga, ieu di lakukeun supaya urang pas ngalakukeun latihan olahraga geus tina kaayaan anu siap otot otot urang geus lemes, jeung urang lamun latihan olahraga anu husus perlu ngagunakeualat pelindung awak nalika latihan. Aya loba faktor anu ngajadikeun ieu penting keur ngahindaran cedera dina kasus olahraga. Cedera olahraga bisa lumangsung dina hiji atawa malah sababaraha bagian awak urang. Sajumlah perlakuan dasar dina kasus nanganan cedera kadang sarua kadang oge beda, perlakuan cedera bisa dipigawé tanpa ngaliwatan diagnosis husus. Tapi kitu, lamun perawatan sareng perawatan dasar ges dilaksanakeun tapi masih keneh nyeri persis kudu diubaran ku dokter atanapi profésional kaséhatan intensif.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "2722", "text": "Sacara umum, déwasa umur 19-64 taun merlukeun dua rupa latihan, nyaéta latihan aérobik jeung latihan pikeun kakuatan otot. Total waktu latihan diperlukeun kira 150 menit per minggu. Anjeun tiasa ngabagikeunana dina sababaraha dinten. Contona 30 menit per poé, 5 poé saminggu.\r\nSquats\r\nNangtung lempeng, suku rubak taktak eta jeung toes ngarah lempeng ka hareup. Ngabengkokkeun tuur anjeun, nurunkeun awak anjeun sarta nyorong imbit anjeun deui saolah-olah anjeun bade diuk, nepi ka imbit anjeun sajajar jeung tuur anjeun sarta suku anjeun ngawangun sudut 90 derajat. Jieun keuneung anjeun ngarojong beurat awak anjeun, lajeng balik deui ka posisi, malikan gerakan 25 kali, pikeun 5 sét. Gerakan ieu pikeun nguatkeun hamstrings sareng imbit anjeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "9306", "text": "Ayeuna hirup geus kawin teh karasa bedana jeung baheula. Lamun baheula mah kuring teh ngan ngurusanan diri sorangan, ayeuna mah kudu ngurus salaki oge. Baheula samemeh kawin urang bisa keneh ulin kaditu kadieu jeung babaturan, ayeuna mah naon-naon teh kudu idin heula ka salaki. Masak oge ayuena mah teu bisa jang sorangan hungkul, kudu masak oge jang salaki. Masakna oge kudu bener, ulah asal, matak mamah kuring baheula sok mapatahan lamun awewe mah kudu sagala bisa, komo engke lamun geu boga budak, bakal leuwih hese. Ceuk mamah teh awewe anu ngorana teu pernah diajar masak, beberes, ngurusan rumah, engke bagja teh bakal ripuh. Lamun awewe sagala teu bisa, bakal jadi piomongeun batur jeung mitoha. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5362", "text": "Khotbah jumah kamari mah nepikeun ajaran ngeunaan nikmat sedekah. Sedekah teh kagiatan ibadah ku cara babagi ka sasama nu ngabutuhkeun. Sedekah teh kedah dilaksanakeun kalayan ikhlas jeung ridho supaya meunangkeun ridhona gusti Allah SWT. Sing yakin yen sedekah teh salian bisa nambihan rezeki, oge bisa mawa kalancaran dina ngajalankeun kahirupan. Sedekah teh tong nungguan beunghar wae, da saeutik ge ai di bagi-bagi mah bakal cukup jeung bakal ngalobaan. Singikhlas ngalaksanakeunna sabab ridho Allah teh datangna tina kaikhlasan urang. Ku kituna, yuk ah wargi urang getenan sedekah ti ayeuna, supaya tiasa ngaraih ridho Allah dina sagala aspek kahirupan. Yakinkeun bahwa niat urang sedekah teh jang kahadean!", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2350", "text": "Imah adat Toraja boga kaunikan nyaeta , beuki loba tanduk kebo dipajang, beuki luhur status sosial nu boga. Papan anu susunan tanduk kebo napel hareupeun tongkonan. Henteu ngan éta, jajar huntu babi ogé ngajajar rapih di luhur imah. Bayangkeun waé, kebo hideung bakal dibéré harga Rp 60 juta per ekor. Éta ngan hideung. Pikeun kebo belang atawa bule, hargana antara Rp 600 juta nepi ka Rp 1 miliar per ekor. Hulu kebo ngajajar, lain ngan hiji. Di luhureun imah biasana dipasang patung sirah kebo. Aya 3 warna kebo mimitian ti bodas, hideung jeung belang atawa biasa disebut bule. Patung ieu ogé nunjukkeun status sosial anu gaduhna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "9335", "text": "Léngkah kalima anu tiasa urang lakukeun pikeun salamet nalika di gunung nyaéta ngadamel hawu. Lamun peuting ragrag, sanggeus urang meunang panyumputan jeung cai. Nanging, kasalametan urang di pagunungan nembé dimimitian. Kusabab nalika peuting, hawa di gunung bakal jadi tiis pisan. Kaayaan tiis tiasa memicu gejala hipotermia sareng panyakit gunung akut pikeun anu salamet. Lamun salamet meunang gering nepi ka titik halusinasi anjeunna bisa cilaka. Kusabab halusinasi bisa nyieun pendaki malah leuwih leungit, sieun, stres nepi ka ragrag kana jurang. Sababaraha hikers anu leungit malah ngadéngé sora aneh bari halusinasi. Ibarat ningali jurig nepi ka ngadéngé ngaranna disebut di tengah leuweung nu poék. Ku kituna tetep awak anjeun haneut tur teu meunang tiis.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "154", "text": "Pengalaman nu paling berkesan geus tangtu salah sahijina pas ulin ka Jakarta. Sabab bisa ninggali gedong-gedong nu luhur, bisa nyobaan transportasi nu salila ieu euweuh di Bandung, contona siga MRT jeung Transjakarta. Urang kakaraeun naek MRT, da emang ayana di Jakarta. Basa eta naek pertama kali teh dibawa ku si Amel, jeung si Dejun, da maranehna emang orang Jakarta. Tuluy bisa ninggali gedong-gedong nu luhur teh asa resep. Jeung ninggali orang-orang Jakarta, kumaha kegiatanna, bisa ngarasakeun macet-macetan di Bunderan HI. Mallna ge meuni gede pisan, beda jeung nu di Bandung, ieu mah leuwih gede. Nepika cape sakitu can kaubek kabeh. Ngan di Jakarta teh teu kuat ku panasna, meureun pedah geus biasa di Bandung anu tiris.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "8900", "text": "Dina hiji poe kuring kadatangan ku sales anu nawarkeun hiji alat elektronik. Ieu alat teh mangrupa 'food processor'. Alat ieu teh bisa dipake nga 'blender' rupa-rupa bahan makanan. Ti mimiti kacang-kacangan, buah-buahan, sayuran, daging, jeung sajabana ti eta. Kulantaran kataji ku manfaatna, sanajan mahal oge kuring maksakeun meuli da puguh butuh. Jeung dina enyana, ku miboga alat ieu kuring bisa nyieun rupa-rupa bungbu masakan jeung hidangan, ti mimiti jus, bolu, bubur, jeung rea-rea deui.Ngan hanjakal pisan, kulantaran sering teuing digunakan, jeung nu makena loba teuing leungeun, cug ceg ku itu ku ieu, mata pesona semplek teu bisa digunakeun deui. Atuh lumayan rada ngarumas deui. Nu biasana nyieun bungbu masakan sakilat jadi, ayeuna mah kapaksa jadi balik deui ku mutu jeung coet. Rada hese milarian deui gantina mata peso teh.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "445", "text": "Kumaha carana boga hirup nu bahagia? Tangtuna bakal ngajawab saluyu jeung tuntunan Allah SWT jeung Rasulullah SAW. Rezeki anu halal jadi tandana jelema hirup bahagia di dunya ieu. Hal ieu kabuktian lamun urang ninggali sababaraha conto dina kahirupan nyata. Hiji kulawarga nu sagala pas-pasan, ngagedekeun anak-anakna ku sagala kakurangan, ngan ku harta anu halal mah, alhamdulillah barokah jeung meunang jang hirup sapopoe. Sanajan lamun diitung ku matematika jelema mah, moal bisa cukup. Tapi matematikana Allah SWT bisa ngacukupkeun. Rek kumaha cukup, lamun sabulan ngan meunangkeun kurang ti sajuta, kudu nganafkahan 5 anakna, tapina bisa cukup. Teu ngan saukur eta, sabab rezeki halal, anak-anakna oge bisa jadi jelema nu dipikareueus. Rezeki anu halal mangrupakeun tanda hirup bahagia.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "9505", "text": "Nonton pilem tiasa janten pilihan anu pas pikeun ngeusian waktos luang. Ayeuna, nonton pilem henteu ngan ukur tiasa dilakukeun di bioskop. Aya seueur jasa streaming anu tiasa dimangpaatkeun, salah sahijina nyaeta Netflix. Ieu lengkah-lengkah anu kedah dilakukeun nalika bade nonton pilem di Netflix. Kahiji, pastikeun anjeun geus boga akun Netflix tur disambungkeun ka internet. Kadua, buka aplikasi Netflix dina smartphone, tablet atawa komputer Anjeun. Upami anjeun teu acan gaduh aplikasi Netflix, anjeun tiasa ngunduh tina toko aplikasi atanapi situs web Netflix nu resmi. Katilu, log in kana akun Netflix nganggo email sareng password anu kadaptar. Kaopat, pilih pilem anu bade ditonton ku cara milarian atanapi milih kategori dina halaman utama aplikasi Netflix. Salajengna, klik dina judul pilem nu hoyong tonton pikeun muka pilem, teras klik tombol \"Play\" pikeun ngamimitian nonton pilem. Anjeun oge bisa nyaluyukeun kualitas video jeung audio ku ngaklik \"Audio & Subtitles\" tombol di bagean handap layar.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "948", "text": "Aya sababaraha alesan naha mesin cuci alusna mah dipiboga dina rumah tangga. Nu kahiji ngahemat kana waktu, mesin cuci bisa ngagaringkeun pakean dina waktu anu gancang jeung teu kudu mikirkeun cuaca. Kaleuwihan sejenna nu dipiboga ku mesin cuci teh nyaeta nyeuseuhna leuwih loba pakean tibatan ku nyeuseuh sacara manual. Mesin cuci ieu geus didesain jeung dimodifikasi ku daya tampung nu leuwih loba. Tuluy ku sabab gancang garingna, jadi mun keur moekeun oge ngan butuh sababaraha menit hungkul teu kudu mangjam-jam, pakean geus langsung bisa diangkat jeung disetrika. Tuluy alusna teh bisa ngurangan karuksakan pakean sabab mun make manual mah sok jadi luntur jeung sablon nu aya dina pakean sok ngaleungit atawa coplok.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9515", "text": "Hobi ngumpulkeun cocooan langka oge bisa janten investasi jangka panjang. Kusabab cocoan langka boga nilai leuwih ti lianna. Nanging, urang oge kedah nengetan sababaraha tip pikeun miara cocooan langka supados tetep berharga. Pikeun miara koleksi cocooan anu langka, mimiti urang kedah mastikeun yen cocooan disimpen dina tempat anu aman sareng henteu kakeunaan sinar panonpoe anu sacara langsung atawa disimpen dina tempat nu lembab. Saterusna, urang oge kudu mastikeun yen cocooan langka ieu teu kagores kunu seukeut atawa aya scratched dina cococoan eta. Lamun cocooan dijieun tina bahan garing kayaning kai atawa plastik, urang kudu maluran eta cocooan ku bahan anu bisa ngajaga kalembaban, contona wax. Ieu dilakukeun rutin pikeun nahan karuksakan kusabab koropok atawa regas materialna. Lamun cocooan dijieun tina bahan baseuh kayaning karet atawa silikon, urang kudu rutin ngabersihan ku busa nu lemes. Salian ti eta, urang oge kudu merhatikeun kabersihan lingkungan di sabudeureun eta cocooan, saperti ngajauhan haseup roko atawa bau anu teu pikaresepeun anu bisa ngaruksak eta cocooan. Ku ngalaksanakeun sagala lengkah ieu, urang bisa mastikeun yen koleksi cocooan langka urang bakal kajaga kualitas jeung tetep miboga nilai investasi anu tinggi.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "2243", "text": "Islam mangrupa salah sahiji agama anu sumebar di Indonésia saprak jaman kolonial Indonésia. Dina jaman ieu, Islam mangrupa agama anu ngadominasi warga nagara Indonésia. Anu gaduh pengikut langkung ti 80 persén penduduk di Indonésia. Islam asup ka Indonésia ngaliwatan padagang ti Timur Tengah. Bari dagang maranehna nyebarkeun agama Islam, lantaran silaturahmi. Teu saeutik urang Indonesia anu mikaresep kana diajar agama Islam. Salian ti silaturahmi anu dipasihkeun ku para padagang ka masarakat Indonésia, Islam ogé geus kabuktian agama anu bener. Hal ieu bisa dibuktikeun, ku buku panutan Islam, nyaéta Al-Qur’an jeung Sunnah. Sabab saprak ratusan taun katukang, dua pedoman umat Islam ieu bisa ngagambarkeun kahirupan nu bakal datang. Jeung éta ngan hiji bukti yen Islam teh agama bener.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2394", "text": "Tahu Sumedang saleresna mangrupikeun kadaharan anu dibawa ku urang Tionghoa dina taun 1917 anu didagangkeun di Kota Sumedang sareng janten alternatif pangan anu munggaran di sagigireun hasil pertanian. Nurutkeun catetan sajarah, Sumedang Tahu sorangan diprakarsai ku urang Tionghoa ngaranna Ong Kino, tuluy dipopulerkeun ku anakna, Ong Bun Keng. Saméméh ngawanohkeun tahu, Ong Kino mangrupa pabrik kiripik tina singkong tapi dina taun 1917 nyobaan ékspérimén ngajual tahu ti Cina. Narik Perhatian Bupati Sumedang Dina taun 1928 Ong Bun Keng didatangan ku Bupati Sumedang harita anu jenengan Pangeran Soeria Aria Atmadja, bupatina keur nyupiran make kareta jeung panasaran kana aroma jeung bentuk kadaharan anu unik, tuluy Pangeran Soeria Aria Atmadja turun sarta nyicip-nyicip kadaharan anu ngeunah rasana sangkan Bupati nyarankeun Ong Bun Keng sangkan loba ngajual tahu anu dianggap unik ku Bupati.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "2752", "text": "Nalika milih telepon sélulér kaulinan, aya sababaraha tip pikeun milih anu anjeun kedah perhatikeun pikeun terang naha ponsel anjeun cocog pikeun kaulinan. Dimimitian ti RAM / ROM, chipset, sistem cooling, sarta spésifikasi séjén ti HP, Anjeun kedah pariksa. Langkung luhur spésifikasi HP, hargana langkung mahal. Aya sababaraha hal anu mangaruhan kinerja HP ​​pikeun kaulinan. Sababaraha hal ieu, sapertos chipset anu dianggo, kapasitas RAM, sareng kapasitas panyimpenan internal HP. Mimiti, anjeun tiasa nyarios yén chipset gaduh pangaruh anu penting dina kaulinan HP. Chipset Snapdragon biasana aya dina telepon sélulér anu dirancang khusus pikeun kaulinan. Aya ogé seueur jinis ponsel kelas luhur anu nganggo chipset Snapdragon. Pikeun telepon sélulér kaulinan, kami nyarankeun telepon sélulér anu nganggo chipset séri Snapdragon 8. Kadua, nalika maén kaulinan, aplikasi kaulinan merlukeun loba rohangan pikeun muka sakabéh data. Kusabab ieu, telepon sélulér khusus pikeun kaulinan biasana gaduh RAM anu ageung dugi ka 12 GB. Upami anjeun milarian telepon sélulér kaulinan, langkung saé milih telepon sélulér kalayan 4GB RAM atanapi langkung", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "941", "text": "Mesin cuci emang salah sahiji peralatan rumah tangga nu ngabantuan pisan jang ngahemat waktu pas keur ngagawean tugas rumah tangga. Bayangkeun weh nyeuseuh sorangan tumpukan pakean kotor kulawarga sorangan ku leungeun. Pasti geus mindeng ngadenge mesin cuci nu populer hiji tabung, tapi aya oge nu dua tabung. Mun mesin cuci dua tabung mah mibogaan 2 tabung anu misah, hiji jang nyeuseuh jeung hiji deui jang ngagaringkeun pakean, sedengkeun mesin cuci hiji tabung mah nyeuseuh jeung ngagaringkeun pakean teh di tabung anu sarua. Mesin cuci dua tabung sabenerna leuwih awet sabab tangung jang nyeuseuh jeung ngagaringkeun teh papisah beda mun jeung nu hiji tabung mah.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5844", "text": "Liburan semester ayeuna mah Windi bade ulin ka imah akina. Windi rek meakkeun waktos liburan di imah akina nu aya di sisi gunung Papandayan. Sabab imah akina masih di pelosok desa keneh, jadi can aya aliran TV, ngan aya radio. Unggal peuting mun rek sare teh pasti we akina Windi nyetel radio nu eusina caritaan wayang, atawa bobodoran sunda. Windi jeung aki jeung ninina teh unggal isuk nepi ka beurang indit ka sawah, mun sore ngabenahan kandang ternak. Mun peuting, ngadangukeun radio babarengan di tengah imah bari tuang jeung ngarobrol. Windi betaheun pisan sabab bagi anjeunna mah ieu teh momen nu moal bisa dipanggihan di imahna.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "6629", "text": "Masih keneh seeur jalmi anu can biasa nganggo mesin kanggo mesen dahareun otomatis di Mekdi, padahal mesin eta teh gampil pisan dipakena. Kahiji urang tiasa langsung milih dahareun atawa minuman anu bade dipesen dina layar mesin, atau tiasa oge mesen heula ti aplikasi kantun discan di mesin. Upami tos milih nu bade dipeser, urang tinggal mawa struk anu kaluar otomatis ti mesin teras dibawa ka kasir kanggo mayar. Mayar na oge bisa make sababaraha cara, bisa make arcis langsung, atau bisa oge make QRIS. Biasana upami urang mayar make QRIS sok loba potongan harga, janten leuwih mirah, teras lamun urang pesen make aplikasi Mekdi urang oge bakal meunang koin anu bisa ditukeurkeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "1177", "text": "Dina ngajalankeun bisnis pastikeun urang mibogaan susunan manajemen nu alus. Salah sahiji contona nyaeta mibogaan tim gawe nu kompeten dina bidangna. Alusna urang ngelola manajemen piduiteun perusahaan sacara mandiri. Ku mibogaan catetan nu detail, urang bakal leuwih gancang ngadeteksi karugian, jeung bisa ngahindar sagancang-gancangna. Urang oge alusna mah nyiapkeun anggaran simpenan, teu jarang perusahaan poho jang mikirkeun mun kahareupna bisa wae boga kendala serius utamana dina piduiteun. Ku sabab kitu, lamun bisnis keru di kondisi anu maksimal, alusna mah kudu nyiapkeun anggaran darurat jang nyanghareupan kemungkinan nu bakal disanghareupan. Soalna teu jarang perusahaan sugema kana bisnis nu geus jalan tuluy jeung bisa ngahasilkeun kauntungan terus-terusan.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "4144", "text": "Sagala kabeh agama anu aya di indonesia pastina bener ajaran na eweh nu salah, urang kabeh sarua hamba Tuhan Yang Maha Esa. urang kabeh sarua di didik jadi jelema anu alus akhlana, anu bisa berbakti jeung berguna keur sesamana. Sakabeh kitab suci jeung agama na ma bener urang sarua ibadah ka Tuhan sesuai kapercayaan. Anu ngabedakeun ngan saukur ritual na saukur cara na tapi maksud jeung tujuan na kabeh samua benerna. Hiji deui anu ngabedakeun nya manusana umat na, urang kabeh apal yen manusa ieu teh bedabeda sifat karakter jeung pamikiran na. Agama jeung kitab suci na terjamin alus jeung ngajarkeun kabaikan tapi teu ngajamin manusa na teu ngajamn kabeh umat ngalaksaakeun parentah sakumaha anu di ajarkeun agama tina kitab sucina. ", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "844", "text": "Eskul jadi salah sahiji bidang pelajaran nu loba nu diminati, ieu alus sabab sabere balik sakola siswa bakal mibogaan kagiatan nu engkena bisa ngeusi waktu luang di luar jam sakola, ieu artina bisa ngahindarkeun maranehna miluan kagiatan anu negatif, siga tawuran, ngarokok, geng motor, jeung kagiatan negatif sejenna. Ku diberlakukeunna eskul di luar jam sakola, efek positifna teh bakal kabentuk, anu mana siswa mibogaan sikep anu sae, disiplinna kabentuk, skill jeung kamampuanna. Tapi dina eskul olahraga khususna eskul sepak bola, loba siswa anu teu disiplin. Komo deui pas waktu latihan, maranehna nyapirakeun waktu. Sedengkeun pan sepak bola teh kudu lengkep jumlahna. Mun teu lengkep teh jadina sok ditarungguan.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "3546", "text": "Terus terang kuring teu boga dana darurat tunai. Tiap bulan gaji + tambahan penghasilan salain gajihna leungit sakedapan, jadi unggal bulan sok aya nu disebut kencan lawas hahaha. Najan kitu, kuring boga sababaraha instrumen investasi, kayaning: Harta (apartemen): masih lumangsung, abdi nyandak cicilan panjangna 7 taun kalayan suku bunga datar 1%. Kusabab éta ngan ukur 7 taun, lolobana duit kuring méakkeun unggal bulan ngalir ka dieu. Panyumputan darurat atoh, tinimbang kaserang pikeun sesa hirup anjeun.\r\nAsuransi kaséhatan: di luar BPJS, ayeuna mah kantor kuring dina mangsa pandémik teu nyadiakeun asuransi swasta deui, jadi kuring kapaksa nyandak asuransi pribadi. Kaséhatan & kacilakaan ogé digolongkeun kana kaayaan darurat, leres, naha?\r\nDPLK: enya sabenerna kantor JHT & JP geus nyadiakeun ieu. Kuring ngan ukur hoyong jumlahna janten signifikan nalika kuring sepuh, janten kuring ogé nyandak tambahan. Ngajaga umur sepuh, ogé darurat ogé, leres?", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "2363", "text": "Dangdut mangrupa harta budaya atawa husus genre musik asli Indonésia. Sanajan akarna dina musik pop Malayu anu dipangaruhan ku unsur India (utamana pamakéan tabla) jeung Arab (harmonisasi), dangdut kiwari geus mekar sarta dipangaruhan ku rupa-rupa musik daerah atawa sub-genre. Sebutna musik dangdut anu dipangaruhan ku musik daerah Sunda (pongdut/jaipong-dangdut, cadut/calung dangdut, kendang rampak, bajidoran), Cerbonan/Dermayon (tarling/gitar-suling), Jawa/Pantura (koplo, congdut/keroncong dangdut). , campursari ), Banyuwangian/ Jawa Timur (koplo, jaranan), Bugis (éléktron), nepi ka Batak (gondang). Musik dangdut mainstream sorangan lain deui musik daerah, tapi musik nasional anu dipikawanoh oge di nagara tatangga, saperti Malaysia, Singapura, Brunei, Timor Leste, Thailand, nepi ka Filipina. D'Academy Asia malah geus jadi program kontes dangdut televisi anu nampung bakat ti sagala rupa nagara di Asia Tenggara.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "6779", "text": "Dinten ahad, abdi duaan sareng teteh jalan-jalan ka Dago nganggo motor, asalna urang duaan teu acan apal bade ka mana poko na mah ka Dago we heula, asal na urang bade ka Tebing Keraton, tapi lantaran tos rada sonten urang janten ka Tahura. Ieu ka hiji kali na abdi jalan-jalan ka Tahura. Urang langsung mapah ka lebet teras dugi di payuneun Guha Belanda. Urang nyobian asup ka Guha duaan hungkul, rada keeung tapi alhamdulillah teu aya nanaon. Urang teras ka luar mapah deui, asalna mah hoyong ningal rusa, tapi epekteh kandang rusa na oge ditutup. Janten urang popotoan di jembatan hungkul.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "8295", "text": "Pikeun anjeun anu bade muka usaha, ieu mangrupikeun tip penjualan online anu tiasa langsung diterapkeun. Hal kahiji anu anjeun kedah pikirkeun nyaeta milarian ideu ngajual sareng nangtoskeun jinis produk anu anjeun hoyong jual. Jieun website toko anjeun. Ku gaduh halaman web resmi anjeun nyalira, anjeun tiasa langsung transaksi sareng para konsumen. Situs web oge masihan kredibilitas bisnis anjeun sareng katingalina langkung profesional. Nganggo toko online atanapi e-commerce tiasa ngabantosan ningkatkeun penjualan anjeun langkung efisien ku cara nyederhanakeun proses transaksi sareng pengiriman barang. Henteu lengkep pikeun ngabahas ngajual online tanpa média sosial. Sakumaha anjeun terang, media sosial ngagaduhan seueur pangguna. Hal ieu ngajadikeun kasempetan anjeun pikeun meunangkeun leuwih loba konsumen.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "8864", "text": "Pernah kuring sakali nginjeum laptop indung kuring keur ulin game bari ngagolér dina ranjang kuring. Tapi waktu éta kuring ogé tunduh pedah maén game lila teuing, jadi kuring nempatkeun laptop dina ranjang gigireun kuring, sarta kuring indit weh saré. Sabada hudang kuring reuwas, sabab laptop ujug-ujug aya dihandapeun kuring, basa kuring muka laptop kuring beuki reuwas. Layar léptop sawaréh jadi hideung lantaran keuna ku awak kuring. Kuring sieun dicarékan ku ema, tapi kuring ogé teu nyaho kudu kumaha. Tungtungna, kuring wani ngaku ka indung kuring yén kuring ngarusak laptopna. Sarta saprak éta kuring eureun maén kaulinan dina laptop utamana bari ngagolér dina ranjang.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7358", "text": "Basa SD, aya hiji olahraga anu dipikaresep ku kuring jeung rerencangan di sakola, nyaeta bola kasti. Permainan ieu rame lantaran tiasa dimaenkeun ku jalmi anu seeur, janten teu kedah gantian. Tempat kanggo maen kasti oge di tengah lapang di tengah sakola, janten laun aya nu nuju ulin kasti sadayana tiasa nongton. ABdi kaasup jalmi anu teu pasti jago ulin kasti, tapi unggal aya kasempetan pasti miluan ulin kasti. Mimitina mah kuring diajar nakol bola kasti hejo make stik awi, asalna mah teu acan tiasa, tapi beuki lila beuki mineng latihan jadi tiasa. Abdi atoh pisan nalika kuring tiasa nakol bola teras langsung lumpat ngulilingan lapang.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5785", "text": "Ayeuna abdi bade nyobian olahraga rafting atawa arung jeram di wahangan Citarum. Mimiti ningali jeram na ge meuni asa sieun, sabab badag pisan jeung loba jeram nu garede na. Abdi saparahu teh genepan, tujuhan jeung guide atawa pemandu. Pas ngaliwatan jeram mimiti, dada teh meuni deg-degan pisan sieun parahuna tibalik, tapi Alhamdulillah na teh lancar teu aya nanaon. Tapi, pas ngaliwatan jeram selanjutna teh aya kajadian nu teu ngeunaheun. Jol parahu abdi ditabalik sabab neunggar batu badag dina jeram. Abdi sieun jeung kalap sabab teu bisa ngojay, untungna make pelampung nu safety jadi we tiasa ngambang. Geus ngambang, tuluy we di rescue ku guide hiji-hiji ditaekkeun deui kana parahu.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "836", "text": "Cara milih tali skipping anu bener. Nu kahiji pilih bahan tali nu sasuai, sabab aya loba rupa-rupa bahan tali skipping nu dijual di pasaran. Bahan tali ieu jadi faktor penting nu kudu diperhatikeun, lantaran beda bahan beda oge beurat jeung tingkat babari makena. Nu kadua pilih cecepengan tali nu teu leueur, sabab maen lompat tali bakal nyieun leungeun kesangan. Lamun cecepengan talina leueur, hal ieu bisa wae talina leupas dina cecepengan. Nu katilu pilih tali nu panjangna 55 cm ngaleuwihan jangkungna awak. Tujuanna ngameh bisa babari lompatna, aman, jeung efektif. Tapi aya sababaraha tali skipping nu mibogaan fitur custom jadi bisa nyaluyukeun jeung panjang tali.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "496", "text": "Kaberesihan nyaeta salah sahiji hal nu diupayakeun ku jelema jang ngajaga lingkungan nu aya di sabudureun ngameh nyaman, kitu oge tempat ibadah nyaeta masigit kudu beresih. Komo deui pas aya covid-19 tangtuna kudu diberesihan ku disinfektan, tuluy penting oge menta jamaah anu keur batuk, demam, jeung ngalaman gejala gering siga flu/salesma ngameh ngalaksanakeun sholatna di imah nepikeun ka cageur. Tuluy tiap jamaah kudu mawa sajadah sorangan jang alas sujud sewang-sewangan. Ngajaga kaberesihan karpet oge sacara rutin tuluy dipoekeun di handapeun panon poe minimal 2 jam. Tuluy ngahindaran kontak fisik siga salaman, oge milu ngawasi penularan covid jeung ngalaporkeun lamun aya masarakat nu ka dampak khususna di sakitar masigit.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "900", "text": "Point Blank salah sahiji game favorit urang ti keur SMP keneh. Baheula urang sok ngahajakeun ka warnet balik sakola teh demi bisa maen game ieu. Lamun malam Minggu, mindeng jeung babaturan meuli paket peuting di warnet teh. Jadi maenna ti Isya nepikeun ka Subuh. Point Blank ieu jenis game tetembakan, musuhna lain komputer tapi jelema sejen nu maenna oge. Sa-tim teh bisa 8 orang. Jadi di game ieu urang bisa jadi polisi atawa bisa jadi teroris. Lamun jadi polisi urang kudu ngajagaan ruangan ngameh teu dipasang bom ku teroris, sedengkeun mun urang jadi teroris tugasna nyaeta masang bom di area nu geus ditangtukeun.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5855", "text": "Samemeh aya mesin cuci mah abdi teh sok nyeuseuh make tangan tuluu dipoekeun di awi nu tempatna kapanasan. Tah, sabab seuseuheun na loba wae, jadi poe ayeuna bade meser mesin cuci. Abdi indit ka pasar jang meser mesin cuci. Geus nepi ka toko elektronik, abdi milihan mesin cuci nu otomatis, supaya nyeuseuhna bisa ditinggalkeun barang gawe nu lain. Geus manggih nu pas jeung dipikahayang, abdi langsung mayar ka kasir. Geus kitu mah tinggal nungguan mesin cucina dianterkeun ka bumi. Geus nepi ka bumi teh tuluy we dipasangkeun kalistrikan nana. Tong hilap di cek heula sagala fitur na sabab bisi aya kacacatan dina pembelian nana.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "4756", "text": "Berjualan online heunteu aya batesan nana, heunteu ngan urang kudu ngajual baju jeung dahareun hungkul bisa oge ngajula jasa atawa produk digital. Produk anu bisa dijual online henteu ngan ukur fisik. Tapi aya oge produk digital saperti eBook, kursus pendidikan, templat audio atanapi desain anu anjeun bisa tawarkeun sacara online. Panghasilan anu ditampa bakal dumasar kana sponsor atawa penjualan produk digital. Dina ngajalankeun usaha kawas kieu, anjeun oge henteu butuh tempat atawa toko anu gede. Alesanna mah kunaon batur milih ngajual produk digital kusabab bisa dimana wae, misalna di imah atawa bisa nyewa tempat leutik cukup. Urang ngan perlu boga situs web kalayan kualitas na alus ataa boga toko online sangkan anjeun bisa nyambung jeung ngabagi inpormasi ka para calon anu rek meuli.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "5830", "text": "Tilu hape android harga sajutaan nu worth it jeung dipeser. Nu kahiji nyaeta hape Infinix Hot 20i. Hape ieu dibanderol dina harga 1.500.000 jeung gaduh spesifikasi nu liar biasa. OS na android 11, RAM 4/64 GB, kamera utama 13 MP, kamera hareupna 8 MP, batrena 5000 mAh jeung geus fast charging. Nu kadua nyaeta hape Nokia C31. Hape ieu dirilis dina harga 1.600.000 an jeung spesifikasi unggulanna nyaeta batre nu 5050 mAh. Batre sakieu dinilai bisa awet bisa dina pemakaian nana. Kamera utamana 13 MP, jeung kamera hareupna 8 MP. Nu katilu nyaeta hape Realmi C33. Hape ieu tos make OS android 12, kamera utama 50MP, jeung kamera hareup 5 MP. batrena ge tos 5000 mAh. Hargana dijual di angka 1.600.000 an.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8045", "text": "Hari resep pisan lalajo atlet badminton keur maen di tv. Kusabab eta manehna hayang diajar ngarah tiasa maen badminton. Hari ngajak bapakna ka toko olahraga keur meuli paralatan badminton, sateuacanna manehna geus nyieun daftar nanon-naon wae nu arek dibeuli di toko olahraga, aya raket, kok, sapatu, sareng net. Nepi di toko Hari jeung bapakna langsung ningalian paralatan. Pek teh Hari reuwas kusabab pangaosna arawis, komo pangaos sapatu sareng raket. Bapakna Hari ngartos kunaon Hari tiasa reuwas, nanging bapakna tetep mang meulikeun paralatan nu diperyogikeun keur diajar badminton. Hari bungah pisan. Hari janji ka bapakna mun manehna bakal bener-bener serius diajar badminton nika janten atlet.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "7061", "text": "Saha wae anu gaduh masalah, solusina nyeta sholat subuh. Saha wae anu gaduh kahoyong, koncina nyaeta sholat subuh, saha wae anu gaduh cita-cita, usaha pikeun ngawujudkeun cita-cita eta nya ku sholat subuh. Saha wae anu hoyong ngarasakeun kaajaiban, maka cara supados ngarasakeun kaajaiban eta nyaeta ku sholat subuh. Sakitu pentingna sholat subuh lantaran sholat subuh janten sholat anu meunang nyirikeun saha jalmi anu munafiq jeung saha jalmi anu iman ka Alloh, komo lamun urang sholat qobla subuh, urang bakal meunang kautamaanna nyaeta hal anu leuwih sae tibatan dunya jeung eusina. Lantaran sholat subuh teh dilaksanakeun dina waktos pas kabeh jalmi teh nuju bobo.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "9318", "text": "Salah sahiji tips pikeun ngajantenkeun kauangan anjeun langkung hampang, sanaos anjeun kedah nyisihkeun sababaraha panghasilan anjeun pikeun dana darurat, nyaéta ngontrol biaya anjeun. Anjeun tiasa ngurangan pengeluaran anu teu mendesak jeung ngahemat artos. Pilari pangganti anu langkung mirah atanapi balanja ngan ukur lamun aya diskon. Kabutuhan sapopoé anu sigana leutik dina istilah nominal tiasa cekap pikeun ngeusian pos dana darurat upami anjeun kaleungitan. Contona, meuli dahareun di luar dibandingkeun masak dahareun sorangan. Ngagunakeun angkutan pribadi lamun angkutan umum leuwih murah jeung saterusna. Coba ulah nepi ka pengeluaran urang leuwih badag tibatan panghasilan urang, sabab eta bakal nyieun duit urang jadi gancang béak, meureun urang malah moal bisa nyisihan duit keur dana darurat urang.\r\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "1853", "text": "réstoran téh bisa nempatkeun dina harmonis 'acara', jeung kang Oki jeung palayan salaku pamaén utama, jeung nu boga salaku sutradara. Balik wirahma karya biasa réstoran, tétéla aya sababaraha fakta metot ngeunaan kumaha réstoran beroperasi unggal poe. Lamun dibandingkeun, dapur téh kawas jantung réstoran. Tempat ieu anu ngajaga réstoran hirup.\nKu alatan éta, dapur réstoran salawasna kudu 'panas' nepi ka 24 jam. Salah sahiji chefs kawentar tur boga réstoran di Melbourne, Ashley Davis, ngungkabkeun yén persiapan pikeun ngalayanan rupa-rupa kadaharan didaptarkeun dina ménu nu pisan panjang kacida. Teu jarang karyawan réstoran masak nepi ka peuting, sarta chefs digawé 14 jam unggal poé.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7157", "text": "Dumasar kana sajarah tinulis, kerambit asalna ti Minangkabau, Sumatra Barat. Saterusna, senjata ieu dibawa ku migran Minangkabau saabad ka tukang sarta sumebar ka sagala rupa wewengkon, kayaning Jawa, Semenanjung Malaya jeung sajabana. Nurutkeun carita rahayat, wangun kerambit teh diilhaman ku cakar maung anu ngarayap di leuweung Sumatra harita. Kerambit nyaeta peso leutik anu dicekel ku leungeun anu melengkung. Senjata ieu biasa dipake ku para prajurit di Minangkabau. Nagara-nagara barat nyebut peso ieu kerambit, sedengkeun di Minangkabau disebut kurambik, karambik, kurambiak/karambiak. Senjata ieu kaasup senjata anu bahaya sabab bisa dipakt pikeun nyayat atawa nyobek awak lawan kalawan gancang jeung teu kadeteksi.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "4172", "text": "Tempat ibadah umat islam nyaéta masjid, masjid nyaéta imah Allah pikeun anu ngagem ajaran Islam. Di jero masjid biasana aya hiasan kaligrafi anu dipajang dina tembok sarta aya mimbar anu dijadikeun tempat khotib nepikeun ceramah. Tempat ibadah umat Islam ieu sanés ngan ukur katelah masjid. Tapi sok disebut oge mushola, langgar, oge surau.Ngaran ieu disematkeun dina masjid leutik. Ditilik tina fungsina, tempat ibadah teh masih keneh sarua, nyaeta minangka tempat shalat pikeun umat Islam. Di jero masjid aya tempat wudhu na, kusabab lamun rek sholat di masjid urang salaku umat islam wajib wudhu heula. Biasana di jero masjid sok ges di sadiakeun alat sholat nu bisa di pake saperti mukena, sajadah jeung sarung jeung aya oge Al Quran.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "9436", "text": "Peuting kamari, Irfan jeung lanceukna indit ka kota. Ngahaja keur neangan udang saos padang. Irfan jeung lanceukna geus nguriling, unggal restoran jeung warung makan seafood ditatab, teu manggih wae. Lantaran kitu, manehna duaan balik deui ka imah. Ku kabeneranna, emangna balik ti kantor mawa sabungkus udang saos padang, bagean parasmanan acara ulang taun kantorna. Emangna teu noel sauetik-eutik acan lantaran alergi. Irfan jeung lanceukna bungah pisan lantaran kahayangna kapareng peuting eta. Langsung wae mawa sangu dina alasna masing-masing. Tuluy udangna digalokeun kana sangu, ngahuap teu eureun-eureun. Sakali ngalas teu cukup keur Irfan jeung lanceukna nu geus ngabayangkeun udang saos padang ti tatadina. Terus wae maranehna ngalas deui nepika dua kali. Emangna seuri. Bungah ningali alo-alona nikmat dahar oleh-oleh ti manehna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "8845", "text": "Sabada rengse ngalaksanakeun tugas, kuring nelepon salaki yen kuring geus rengse ngajar. Teu pati lila salaki kuring nelepon yen manehna geus aya di gerbang. Rurusuhan kuring muru gerbang sakola, kasampak menehna geus nyampak nungguan kuring. Barang rek pisan maju, ti luar gerbang tilu wanoja tingberetek lalumpatan bari haruhah harehoh bakat ku cape. \"Ibu...hp abdi leungit, jigana murag di jalan,\" ceuk salah saurang. Horeng tiluana teh murid anu diwali kelasan ku kuring. \"Innalilahi ya Allah\", Naha bet bisa leungit?\" \"Muhun tadi abdi sareng rerencangan uihna rurusuhan bari satengah lumpat, jigana hp abdi teu karasa murag di jalan.\" jawab manehna bari satengah rek ceurik. Akhirna kuring turun tina motor, terus nyobaan nelepon ka nomor manehna. Pas ditelepon, pek aya nu ngangkat ngaku yen anjeunna mendakan hp di jalan, terus ku anjeunna diampihan. Alhamdulillah dasar masih rejekina murid kuring, hp teh geuningan kapendak. ", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9468", "text": "Vila di Lembang mangrupikeun tempat anu sampurna pikeun liburan sareng kulawarga sareng rerencangan. Lokasina di wewengkon anu asri jeung hawana nu seger, villa kami nawarkeun hiji pangalaman anu moal bisa dipohokeun. Kami ngagaduhan seueur pilihan villa anu lega sareng nyaman, kalayan fasilitas sapertos kolam renang pribadi, gazebo sareng taman anu lega. Sajaba ti eta, villa kami oge dilengkepan ku dapur anu lengkep, ku kituna anjeun bisa masak kadaharan sorangan salila anjeun mondok di vila kami. Di vila kami, anjeun tiasa ningali pamandangan alam anu endah sareng suasana anu tenang di Lembang. Hayu pesen ayeuna sareng nikmati liburan anu pikaresepeun di villa kami!", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "1560", "text": "Salian sato piaraan, tatangkalan oge ku urang kudu dijaga. Ulah nepikeun ka tangkal nu ku urang pelak teh ngaganggu kanyamanan tatangga urang sorangan. Lantaran kawas tangkal jambu urang anu daunna teh geus garing tuluy sok aya angin gede, anu tungtungna mah daun garing eta teh muragna kana buruan tatangga jeung nyieun buruan imahna jadi kotor. Emang awalna mah tatangga urang teh hare-hare jeung ngantepkeun, tapi lila kalilaan mah manehna oge ambek. Jadi ayeuna mah tangkal jambu teh mindeng dituar ngarah tangkalna teu ngajulang jeung babari katebak ku angin. Salian ngajaga kanyamanan tatangga, cara ieu oge bisa nyieun tangkal urang katinggali rapih.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "843", "text": "Kagiatan Ekskul catur mangrupakeun salah sahiji kagiatan ekskul olahraga nu diayakeun di sakolaan, tapi biasana teu kabeh sakolaan ngayakeun ekskul catur lantaran teu kabeh guru bisa jadi pembina atawa pelatihna. Catur ieu nyaeta olahraga anu ngasah otak nu dimaenkeun ku dua pamaen dina hiji papan catur. Papan catur bentukna kotak, jeung mibogaan 64 kotak nu warnana hideung jeung bodas. Tiap siswa ngamimitian olahraga ieu ku nyepengan 16 buah catur, aya raja, raut, benteng, kuda, gajah, jeung bidak pion. Ekskul ieu sok dilombakeun antar kelas, biasana ngirim hiji pamaen jang jadi perwakilan. Ekskul ieu diayakeun dina poe Kemis saberes balik sakola.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6777", "text": "Kahiji kali na abdi ka Jogja sareng kulawargi lantaran aya dulu anu hajatan. Abdi angkat ka jogja ngangge mobil. Pas tos dugi di jogja abdi istirahat heula sakedap teras meser sikat huntu lantaran hilap mawa. Sateuacan ka ondangan abdi jalan-jalan heula ka Pantai Parangtritis naik travel anu lokasi na teu pati jauh ti hotel. Di Parangtritis aya nu naek kuda jeung ATV. Abdi ngan ulin di pantai na hungkul lantaran teu nyandak acuk. Isuk na abdi datang ka ondangan, sasalaman jeung emam dahareun anu ngeunah. Sateuacan balik deui ka Bandung, abdi meser oleh-oleh sendal anu aya tulisan Jogja na. Tapi pas tos naek beus sendal na leungit.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "5074", "text": "Basa beres lebaran, abdi sakulawarga indit ka Pangandaran. Ieu bakal jadi liburan nu berkesan pisan jeung abdi mah, sabab kulawarga lengkap. Biasana mun liburan kulawarga abdi sok absen wae da bentrok jeung jadwal latihan, kabeneran harita mah keur libur tilu poe, jadi bisa milu. Abdi sakulawarga nyewa homestay salila dua poe. Poe kahiji ngurilingan pantai tuluy meuli seafood. Poe kadua na ulin di pantai ti isuk nepi ka sore. Sapopoe harita istunding ngan nikmati suasana pantai bari ngobrol jeung mamah. Pas maju ka buritna keun karek aruih ka homestay jang istirahat. Iraha deui meuruenan bakal nimu jiga kieu, mudah-mudahan aya rezekina.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "5005", "text": "Kuring keur sasapu di buruan imah, jol we datang budak leutik duaan. Sugan teh budak ti mana, ai pek nawarkeun hurang. Eta barudak teh nawaran hurang harga na dua puluh rebu sabungkus. Karunya ningalina, enggeus we ku kuring dibeuli dua bungkus. Hurang na sagede-gede curuk jeung pangleutikna sagede cingir. Tuluy eta hurang teh ku kuring diberesihan. Tas diberesihan tuluy diasakan make bumbu saos tiram. Tos asak teh tuluy we dipake deungeun sangu jeung kurupuk. Hurang na ngeunah pisan bubuhan jigana seger anyar nang ngala. Eta hurang sakali dituang langsung seep ku sarerea. Mun aya deui mah bakalan meser deui ah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5749", "text": "Matras olahraga jadi salah sahiji alat nu penting pisan jang ngalaksanakeun olahraga di imah. Hampir kabeh manusa pasti gaduh matras olahraga, ngan bedana osok jeung tara dipakena. Matras olahraga teh loba pisan mangpaatna, bisa dipake sababaraha rupa olahraga. Malahan mah sakapeung sok dipake alas duduk mun keur iinditan sabab ringseg mun dibabawa. Matras olahraga bisa dipake olahraga yoga, push up, sit up, plank, jeung sajabana. Matras olahraga teh leuwih keset tibatan matras biasa, jadi emang ngamudahkeun pisan dina ngalaksanakeun olahraga, beda jeung matras biasa. Jeung deuih matras olahraga ge sok dipake olahraga ge aya nu ukuran kandelna, biasana sok dipake olahraga senam lantai.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6537", "text": "Hal-hal nu ngan bisa ditemukeun di orang-orang desa, sabab geus jarang aya di perkotaan mah. Nu kahiji nyaeta gotong royong. Kahirupan orang desa mah masih keneh ngagunakeun budaya gotong royong, sagala kabutuhan bersama teh dilakukeun babarengan, malahan mah urusan pribadi ge saling bahu membahu. Nu kadua nyaeta ikatan duduluran. Biasana di desa mah batur teh asa dulur, sabab ku ramah tamahna nu hade pisan, jeung teu pernah pandang bulu ka sasaha ge. Nu katilu nyaeta pamandangan alam. Di kota mah geus euweuh pamandangan alam sabab kagantian ku bangunan megah. Di desa mah masih keneh loba pamandangan alam nu asri pisan, mantak sejuk jeung seger kana pikiran.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "970", "text": "Robot sapu atawa robot vacuum cleaner nyaeta bentuk teknologi anyar tina vacuum cleaner manual. Siga vacuum cleaner, alat ieu oge mibogaan fungsi jang ngaberesihkeun rohangan di jero imah tina kebul ku cara disedot. Hal ieu nu ngabedakeun robot sapu jeung alat paranti nyedot kebul generasi saacanna nyaeta cara gawena nu otomatis jeung henteu deui ngabutuhkeun tanaga jelema di tiap cara makena. Alat ieu mibogaan dua jenis sikat nyaeta roller jeung spinner. Kadua sikat ieu bakal gawe jang ngocekeun kakebul jeung kotoran tuluy dibawa ka tempat sampah nu aya di jero robot. Robot bakal gerak ngulilingan rohangan jeung nyeuseup naon wae siga kakebul.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7651", "text": "Teu saeutik jalmi anu ngajalankeun bisnis tapi teu apal carana ngatur duit, padahal eta teh konci utama dina ngajalankeun bisnis. Seeur oge jalmi anu langsung make duit kauntungan bisnis kanggo kabutuhan sapopoe. Padahal aya etang-etanganna, teu tiasa langsung dipake.Duit anu dihasilkeun tina bisnis eta teh saena mah diputerkeun deui sangkan ngahasilkeun kauntungan anu leuwih seeur deui. Urang oge kedah tiasa ngabedakeun mana anu ngarana duit sorangan, mana duit anu dihasilkeun tina bisnis. Kabeh pangaluaran anu aya hubunganna jeung bisnis kedah diserat supados teu pacampur sareng pangaluran sapopoe. Anu nyieun rugi oge biasana urang sok ngadahar atawa make barang dagangan urang sorangan. ", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "173", "text": "Mun keur nyalse urang sok ulin jeung hewan piaraan, ngaranna Kuma. Kuma teh ucing bikang, umurna karek 1 taunan. Sanajan karek 1 taunan, tapi Kuma geus boga budak 5, ngaranna Reline, Lei, Bella, Kiba, jeung Leo. Anu tilu warna koneng, anu dua deui campuran (warna koneng, hideung, bodas). Unggal poe ku urang diparaban, sapoe tilu kali, waktuna jam 7, jam 13, jeung jam 19. Teu poho oge di beresihan urut kotoranana, saminggu sakali. Lamun ngamandianna sok sabulan sakali. Jang kadaharanna urang sok meuli pindang ka tukang sayur, biasana ngan cukup 3 poe. Pindangna ku urang galokeun jeung sangu, ngarah wareg.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "2378", "text": "1. Balincong Balincong miboga watek nyarupaan kampak atawa kampak. Bedana, pakarang tradisional ieu boga dua panon seukeut tur datar dina arah sabalikna. Senjata tradisional Jawa Barat ieu sering dianggo ku masarakat pikeun ngarecah batu atawa ngagali taneuh. 2. Bedog Neruskeun Library.id, bedog atawa parang téh sarua jeung péso, ngan ukuranana leuwih gedé. Pakarang tradisional ieu anu ukuranana umumna 30-40 séntiméter (cm) sering dianggo pikeun motong, nebang tangkal, parabot kebon, atanapi pikeun meuncit ingon-ingon. Bedog loba rupa-rupa variasi anu dibédakeun dumasar kana fungsina, saperti bedog gagaplok anu dipaké pikeun motong di kebon, bedok pamoroan anu dipaké moro, bedog pameucnitan anu dipaké pikeun meuncit sato, jeung sajabana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "4089", "text": "Saha anu teu kenal Gusdur? Nya Gusdur atawa KH Abdurahman Wahid nyaeta Presiden Indonesia ka opat nu ngajabat ti tahun 1999 nepi ka 2001. Salian ti presiden ka opat Republik Indonesia Gusdur oge nyaeta salah sahiji tokoh keagamaan islam anu terkenal. Gusdur atawa KH Abdurahman Wahid lahir tanggal 7 September 1940 Gusdur lahir di keluarga muslim nu taat jeung terhormat, Aki nu ngadirikeun Nahdatul Ulama (NU). Nahdatul Ulama nyaeta Organisasi Keagamaan Islam terbesar anu anggota na ayeuna nepi ka leuwih 95 juta di tahun 2021 nu ngajadikeun Nahdatul Ulama (NU) jadi organisasi keagamaan islam terbesar di dunia. NU ogé mangrupa badan amal anu ngelola pasantrén, sakola, perguruan tinggi, jeung rumah sakit sarta ngaorganisasikeun masarakat pikeun mantuan ngaronjatkeun kualitas kahirupan umat Islam.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "5786", "text": "Isuk-isuk abdi saperti biasa jogging sajauh minimal tilu kilometer supaya bisa ngajaga kasehatan awak jeung ngajaga mood supaya teu rusak. Mun beres tanjakan biasana abdi sok rada ngalaunan sabab bari ngatur napas nu mulai ngos-ngosan. Tah, keur abdi jogginv nyalira, beres tanjakan pisan, nyanghareupan pudunan, aya batu di rada tengah jalan. Teu karasa eta batu teh katincak nepi ka abdi labuh. Pas hudang teh teu bisa da engkelna nyeuri pisan. Tuluy dipaksakeun nangtung jeung leumpang, eh kalah nyeuri pisan. Engkel abdi rasana teu bisa dibawa leumpang, peurih jeung nyeuri pisan. Abdi uih ge dijemput ku babaturan sabab teu bisa leumpang. Singhoreng mah engkelna teh misalah, selang sajam teh tuluy bengkak jeung eumeur hejo.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "3061", "text": "Nalika ngobrol ngeunaan produk, anjeun bébas nangtukeun barang anu anjeun hoyong jual. Nanging, henteu sadayana produk tiasa dijual, anjeun terang, khususna online. Hal kahiji anu anjeun kedah pikirkeun nyaéta milarian ideu ngajual sareng nangtoskeun jinis produk anu anjeun hoyong jual. Upami anjeun masih bingung, ieu sababaraha cara anjeun tiasa nyobian.\r\n\r\na) Pilih produk nu bisa ngajawab masalah customer\r\nDina tahap ieu, anjeun kedah sénsitip ngeunaan naon anu leres-leres diperyogikeun ku palanggan. Misalna alat ngabersihkeun bulu ucing. Alat ieu rada unik sareng paling dipikaresep diperyogikeun ku jalma anu ngagaduhan piaraan, khususna anu buluan.\r\n\r\nb. Milarian produk anu dipikacinta ku jalma\r\nAnjeun tiasa ngalakukeun sababaraha panalungtikan sateuacanna ngeunaan produk anu tiasa dipikaresep pisan. Produk ieu biasana tiasa dina bentuk tuangeun atanapi kabutuhan sapopoé. Nanging, anjeun kedah siap gaduh seueur pesaing.\r\n\r\nc. Pikaresepeun pikeun anu gaduh hobi\r\nUpami anjeun gaduh hobi sareng ngiringan komunitas, anjeun tiasa ngamangpaatkeunana. Upamana, pikeun masarakat nelayan, teu aya salahna lamun nyobaan ngajual alat-alat perikanan. Kusabab biasana jalma anu resep kana hobi, henteu masalah ngaluarkeun artos pikeun kéngingkeun produk anu dipikahoyong.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "5076", "text": "Liburan sakulawarga biasana sok ka imah Nini nu aya di Gunung. Tah, imah Nini teh aya na di gunung daerah Tasik. Akses kaditu jalanna batu-batuan jeung aspal, nanjak terus dugi ka lokasi. Nanjakna kacida curam, mantak nyoroncod tuur mun naek kandaraan teh da sieun tiguling. Tah, ti jalan aspal teh kudu leumpang deui asup ka gang leutik kira-kira lima belas menitan turun ka lebak. Jalan leumpangna mudun kacida, mantak sieun tijongklok. Kenca katuhu jalan satapak nyaeta tatangkalan salak. Mun lapar teh tinggal nyandak we salak gigireun. Imah Nini teh ayana di legok pisan, bangunanna saderhana, jeung mu hayang BAB teh kudu ka balong. Imahna dikurilingan ku kebon salak. Lebakeun imah aya walungan gede nu jadi lahan tambang emas. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "8693", "text": "Sebat batur nu ngaranna Andi nu hobina tani di kebon imahna. Anjeunna mikanyaah tani sabab ngarasa nyambung ka alam sarta meunang kapuasan tina ningali tutuwuhan tumuwuh sarta ngamekarkeun. Saban isuk, Andi bakal ka kebonna pikeun mariksa kaayaan pepelakan. Anjeunna bakal nyiram pepelakan anu peryogi cai, nerapkeun pupuk sareng nyabut jukut. Andi bungah basa ningali pepelakan anu dipiara téh tumuwuh oge. Andi oge resep nyobian pepelakan enggal sareng mekarkeun teknik pertanianna. Anjeunna sok milarian miara pepelakan anu beda-beda sareng milarian tip ti sumber anu tiasa dipercaya. Andi malah sering ngagabung ka komunitas pecinta tutuwuhan sareng ngabagi pangalaman sareng pangaweruhna. Salian ti eta, Andi oge ngarasa yen tani bisa ngurangan setres. Manehna ngarasa tenang jeung tengtrem lamun aya di kebonna, jauh tina hiruk-pikuk kota jeung hiruk-pikuk kahirupan sapopoe.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "6096", "text": "Basa nuju sakola SMA mah abdi teh sok icalan beledag. Beledag teh nyaeta kiripik kaca nu dijieunna tina sampeu. Kaunikan produk abdi teh nyaeta bade nu lada atawa nu asin hungkul ge angger warnana bening, teu aya warnaan. Mun nu lain mah biasana nu lada teh beureum, produk abdi mah angger warnana herang. Tah ieu nu ngajadikeun konsumen langganan kana produk abdi. Rasana oge enak jeung gurih, beda ti kiripik kaca nu lainna. Sadinten teh sok seep saratus bungkus beledag, kadang mah sok leuwih. Mun aya nu hoyong reseller oge sok nyandak seueur ti abdi. Lumayan we aya kangge jajan sapopoe.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "5006", "text": "Salah sahiji seafood nu osok aya di pasar mana-mana nuaeta cumi-cumi. Cumi-cumi bentuk na panjang lonjong, warna na bodas terus aya selaput kulitna nu warna kayas semu beureum. Hulu cumi na aya tintaan jeung aya ramo nu lengketan jiga ramo gurita. Buntut cumi aya siripan saeutik kenca jeung katuhuna. Ujung awakna nyiripit, jeung deuih awak na bisa dipisahkeun tiha huluna. Mun dikodok, eta jero awak na teh aya dinding manjang jiga palastik nu kudu dipicrun sabab teu bisa di dahar. Dina hulu cumi-cumi aya panon nu gede kenca jeung katuhu deukeut ramona. Cumi-cumi biasana dipoe dijieun asin cumi atawa langsung dipasak baseuh.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "8047", "text": "Upami bade maen bola basket peryogi nu ngarana bal. Bal nu biasa dianggo dina bola basket nyaeta bal nu dijieun dina karet atawa bahan sintetik sajenisna. Luaran balna dijieun tina kuliat ngarah awet. Ukuran bal na teh kira-kira kurilingna nyaeta 76 cm. Tekanan angin dina jero balna kudu disesuaikeun ngarah balna bisa mantul sampurna. Luaran bal nu bahanna tina kulit teh biasana aya guratan-guratan supados gampil atanapi teu leueur upami nyekel ieu bal. Warna balna rupa-rupi gumantung ka selera. Nanging biasana mah bola nu dianggo di liga-liga nu kakoncara teh warnana oren atawa coklat. Pemilihan warna ieu teh teu asal, tujuan dipilih warna eta teh kusabab cenah ngarah panon pemaen teu cape ningalina. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6764", "text": "Basa nuju mondok di bumi uwa, abdi diajak ka Garut sareng kapi lanceuk sadayana. Di Garut abdi dibawa ka Sabda Alam, tempat renang anu aya porosotan badag na. Di bagian payun urang sadayana popotoan jeung patung domba. Cai kolam di Sabda alam suhuna haneut lantaran sumberna ti Gunung Guntur Damai. Di Sabda alam aya wahana porosotan anu jangkung pisan, urang tiasa nyewa ban kanggo porosotan. Aya oge kolam anu eusina lauk, urang tiasa ngaanclomkeun suku ka kolam eta. Beres jalan-jalan ti Sabda Alam, sateuacan mulih deui ka Bandung, urang mampir heula ka Chocodot. Di Chocodot aya patung anu didamel ti coklat.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4717", "text": "Ningali minat masarakat komo deui generasi milenial anu ayeuna leuwih resep jeung milih jadi wirausaha tibatana jadi pagawe kantoran atawa jadi pagawe nagri sipil (PNS) ngajieun nagara bisa meunang kauntungan nyaeta nyerep loba tanaga pagawe, jadi pamarentah heunteu ngan cicing. Pamarentah milu andil dina fenomena ieu, nyaeta pamarentah ngadukung jeung ngadorong terus cara na pamarentah ngadorong usaha usaha kecil sedeng atawa UMKM, mere aturan aturan anu leuwih babari atawa di pangkas ku sabab generasi milenial teu resep sasuatu anu riweuh, pamarentah di haja motong borokrasi atawa aturan lamun urang rek ngajieun usaha supaya makin loba jelema anu leuwih tertarik jadi wirausahwan atawa pangusaha.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "506", "text": "Rangkaian acara Seren Taun diayakeun salila 7 poe, di mana tiap poena kudu aya rangkaian acara. Poe mimiti neuteupkeun, neteupkeun mangrupakeun siga niat ngameh acara Seren Taun lungsur langsar. Poe kadua ngembang, ngembang mangrupakeun kagiatan ziarah ka makam karuhun. Poe katilu sawer sudat jeung ngalage, nyaeta kagiatan sudat (sunatan) massal jang anak-anak nu pakean adat jeung diuk dina tandu. Poe kaopat sebret kasep, sebret masep mangrupakeun palaksanaan sunat. Poe kalima ngukulan, ngukulan mangrupakeun kagiatan nyokot mata cai ti 7 sumber jeung dimimitian ku Imam Kolot. Poe kagenep sedekah kueh, helaran, nugel munding, sedekah daging, pintonan seni. Dina poe kagenep ieu, acara dilakukeun pas isuk-isuk sabab acara bakal lumangsung panjang. Poe katujuh heralan dongdang, mangrupakeun acara puncak dina Seren Taun, warga biasana geus siap ti subuh jeung mawa dongdang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "10", "text": "Mie Lezat anu aya di Gang Luna, ngeunah pisan rasana. Kuahna jeung mie rica na anu lada na pas pisan jang kuring. Hargana di handap 50 rebu, kaasup normal lah jeung harga mie di Kota Bandung mah. Komo deui ieu mah mie China. Pas datang kuring langsung diuk dina korsi nu panjang, tempat diukna aya busaan jadi empuk. Hiji meja ngan cukup ku opatan. Pelayanana oge alus, langsung nyampeurkeun ka tempat diuk kuring bari nawarkeun menu. Fasilitas jeung kaberesihan kajaga beresih. Ngan mun mawa motor rada hese parkirna lantaran euweuh tempat parkir jadi sok ngahaja ditendeun di sisieun toko Mie Lezat na.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "14", "text": "Mie Bakso Lobak rasana ngeunah pisan, matak urang sok kadinya wae geus aya kana 3 taunan langganan. Rasa kuah, bakso, jeung mie na beda tinu lain. Biasana mun poe Sabtu atawa Minggu loba nu kadieu ti luar kota khususna ti Jakarta. Jadi geus ka cap salah sahiji nu ngeunah mie bakso ieu teh ceuk pecinta mie bakso mah. Salian ti eta menu nu sejen na ge ngeunah siga batagor atawa es campur. Komo deui sakapeung mah sok aya si bapak nu keur live musik. Beuki we nyaman suasana na. Harga na oge cukup murah 35 rebu geus meunang mie bakso komplit.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "9377", "text": "Biasana masarakat Sunda rutin dahar babarengan jeung silih tukeur kadaharan atawa anu sok disebut Cucurak. Cucurak asalna tina kecap cucurak anu hartina kasenangan atawa karesep. Acara cucurak biasana dilaksanakeun ku ibu-ibu anu masak rupa-rupa kadaharan. Sanggeus éta, kadaharan dikumpulkeun dina hiji imah pikeun didahar babarengan jeung bapa-bapa jeung barudakna oge. Cucurak dilakukeun pikeun ngajalin silaturahmi jeung silih hampura antar wargi. Salian ti éta, cucurak ogé mangrupa wujud rasa syukur kana rejeki anu geus dipaparinkeun ku Alloh. Minangka tradisi unik urang Sunda, ulah nepi ka leungit atawa dipopohokeun kagiatan cucurak saperti ieu, sabab ieu téh salah sahiji cara pikeun ngajaga karukunan antar wargi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "802", "text": "Nepak teh nyaeta salah sahiji olahraga, anu biasana dimaenkeun ku 2 orang atawa 4 orang. Keur leutik lantaran teu boga raket, ngan kabeuli kokna hungkul, urang jeung babaturan sok mindeng make raket jang pingpong kabeneran bapakna teh bogaeun. Tapi mun keur dipake mah sok make sendal weh maen nepak teh. Sabab maenna teh di buruan imah, mindeng kajadian si kokna teh katebak angin, malah mah sok kabawa ka sisi jalan, komo mun anginna keur ka wetan mah. Aya untungna raket diganti ku sendal teh, jadi mun katebak angin teu kudu make tanaga gede, mun make tanaga gede sok kalakah ka luar.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6521", "text": "Di sisi belah wetan bumi abdi teh aya lahan kosong nu lumayan lega. Dari pada kosong, ayeuna ku abdi bade dipelakan cengek, tomat, jeung roay supaya aya alaeun jang engke. Mimitina mah ku abdi teh dibabadan heula lahanna supaya beresih, tuluy we dipelakan binih cengek, diawuran siki tomat, jeung diawuran binih roay. Saminggu dua kali teh sok disemprotan pupuk organik supaya teu ku hama. Geus salila sabulan, kabeh teh baruahan. Cengekna leubeut pisan, tomatna garede jeung leubeut, tuluy roayna ge geus ngareuy kana pager, sikina teh meuni leubeut pisan. Jadi, mun abdi rek nyambel jeung coelna teh tinggal metik we ngadadak di gigireun bumi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "4", "text": "Sate Paseh sate anu paling ngeunah, rasana beda jeung sate nu lain. Dagingna anu gendut, juicy, jeung pas tingkat kematanganna. Kuring mun ngadahar sate biasana sok dipisah jeung kecap atawa bumbuna, meh apal rasa asli na kawas kumaha. Sate ieu kaasup nu paling ngeunah, sabab teu make kecap atawa bumbu ge geus karasa ngeunahna, empuk deuih. Ngan hanjakalna tempatna jauh ti Bandung, nyaeta di Paseh, Sumedang. Tara ngahajakeun kaditu. Biasana mun kabeneran keur ka Majalengka atawa Cirebon kakara sindang heula. Tapi mun ka Cirebon make tol mah moal kaliwatan. Sakapeung sok dibungkus oge sate teh sabab nu di imah harayangeun oge.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "1567", "text": "Kudu apal carana manggihan cai di gunung, nyaeta ku cara neangan sumber cai, pas keur nyasar di gunung tuluy cadangan cai saeutik, urang kudu geura-geura neangan sumber cai. Boh eta walungan, situ, curug, atawa aliran cai. Teangan cai nu ngalir di tempat anu luhur ku sabab aya kemungkinan leuwih beresih jeung higienis. Lamun euweuh, cai nu nguyumbang dina taneuh oge bisa diinum. Tapi kudu dipariksa heula jeung leuwih alus di taheur heula caina. Lamun teu manggih bisa nandean cai pas keur hujan, urang bisa ngamangpaatkeun plastik atawa naon wae ge jang nandean cai pas hujan keur turun. Tah pas keur hujan urang bisa nyetok cai saloba-lobana, jeung tangtuna cai hujan bakal leuwih beresih tibatan cai nu nguyumbang dina taneuh.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "3549", "text": "Tungtungna, hasil CT scan kaluar genep (6) jam engké ti waktu prosedur ieu dipigawé. Diagnosa dokter spesialis soré ieu jelas yén adi kuring ngagaduhan usus buntu sareng kedah dioperasi. Diajar tina cara aranjeunna ngarawat kuring, kuring gancang nampik operasi di rumah sakit éta sareng nyuhunkeun transfer rumah sakit.\n\nPangalaman goréng di rumah sakit ieu sanés ngan ukur di dieu. Tétéla yén rumah sakit ieu henteu gawé bareng sareng perusahaan asuransi anu dianggo ku adina. Rasana kitu? Reuwas. Maneh kudu make duit pribadi deui. Kuring ogé nanya sabaraha eta bakal ngarugikeun kuring. Kuring pariksa kasaimbangan dina akun abdi. Masih tiasa, cekap, sanaos jumlahna ngajantenkeun kuring langkung yakin yén séhat téh mahal. Tungtungna, pangmayaran parantos dilakukeun sareng adina kuring dialihkeun ka rumah sakit sanés pikeun langsung dioperasi.\n\nCarita ieu lekasan di dieu kusabab rumah sakit tempat adina dioperasi tétéla janten mitra perusahaan asuransi. Kuring henteu terang kumaha kuring kedah berjuang sareng kaayaan, di tengah-tengah panik, sareng di tengah-tengah keterbatasan upami dina waktos éta kuring henteu gaduh dana darurat dina rekening kuring.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "8010", "text": "Lilis ti leuleutik hobina masak. Lilis mimiti diajar masak ku ninina di kampung. Lulus sakola manehna boga cita-cita jadi chef di restoran nu kakoncara. Kusabab eta manehna kuliah nyokot jurusan tata boga. Tetela jadi chef teh teu gampang, salian kudu nyieun kadaharan anu ngeunah, gawe jadi chef oge kudu merhatikeun karesikan jeung kandungan gizi dikadaharan ditambih persaingan sasama chef nu lumayan hese upami ngalamar ka restoran. Lilis ahirna mutuskeun muka usaha restoran nyalira. Restoranna ngangkat tema masakan nusantara. Kusabab ti leuleutik tos diajar masak ditambih kuliah tata boga, restoran Lilis gampil berkembang teras kakoncara. Ayeuna Lilis tos gaduh 10 cabang restoran di daerah Jabodetabek.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "3595", "text": "Abdi biasa nyetir ti hiji kota ka kota anu sanés. Jigana éta cara anu paling kuat pikeun ngaleungitkeun setrés. Nyorang bari malédogkeun kacapean ka awang-awang. Nalika kuring kuliah, kuring tiasa nyetir meuntas kota 2 dugi ka 3 kali sabulan kusabab kuring masih gaduh seueur waktos luang.\r\n\r\nTapi nalika kuring asup kana tenaga kerja, kuring langkung seueur nyetir di kota. Nganjang ka tempat-tempat anu jarang jalma-jalma kadinya tiasa nenangkeun pikiran. Sanaos sakapeung kuring masih nyetir ka luar kota, kuring jarang ngalakukeun éta pikeun inténsitas.\r\n\r\nKusabab kuring sadar, nalika urang ngaleupaskeun setrés tapi capé teuing, setrés henteu dileupaskeun sacara optimal, dampak pagawéan kana tanggung jawab urang janten kirang optimal sareng hasilna mangrupikeun suasana anu goréng saatos perjalanan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "1951", "text": "Subang nyaéta hiji kabupatén di Propinsi Jawa Barat anu miboga panorama alam anu endah. Dimimitian ti wisata alam, pendidikan, sajarah, sareng budaya anu sami-sami narik. Saolah-olah teu kalah ka nu lian, Subang ayeuna giat ngamajukeun pariwisatana. Kaasup Bukit Pamoyanan anu dijuluki tanah luhureun méga, Tanah Pasundan. Bukit Pamoyanan miboga kaéndahan alam anu luar biasa. Cara panghadéna pikeun nganjang ka dieu nyaéta dina isuk-isuk kahiji, nalika panonpoe kakara naék, méga sareng halimun katingali jelas, anu katingalina siga kapas. Panorama alam ieu bisa dinikmati ti jam 4 nepi ka jam 7 isuk-isuk kumargi Nuju beurang, kabut mimiti ipis jeung leungit. Nu kadua Tangtosna, siapkeun kaméra anjeun pikeun moto momen-momen indah lautan awan di pasir anu indah ieu.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "7353", "text": "Basa leutik abdi sareng rerencangan resep pisan ulin badminton atanapi tepok bulu. Komo mun keur usum pertandingan nepak dina tipii, abdi jeung reerncangan pasti mawara raket ka sakola jeung mawa kok na. Arurang biasana ulin pas jam istirahat di kelas atawa di lapang lamun keur kosong. Aya rerencangan anu jaragoan pisan nepakna, tapi kuring mah biasana ulin raramean hungkul, bari teu pati apal kumaha aturan maen na. Lamun keur rek pere sakola oge bisana sok aya lomba nepak di sakola. Unggal kelas biasana ngirimkeun pamaen anu pang saena. Basa libur sakola, kuring teu ereun maen bulu tangkis lantaran masih keneh resep maen jeungg rerencangan di bumi, jeung tatanggi. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "7112", "text": "Maha Vihara Maitreya nyaeta tempat ibadah umat Budha di Medan anu janten tempat wisata pikeun wisatawan nu datang. Maha Vihara Maitreya diadegkeun taun 1991 di lahan seluas 4,5 hektar anu aya di komplek Cemara Asri, Jalan Boulevard Utara, Medan. Sanajan geus lila diadegkeun, tempat ieu kakara diresmikeun taun 2008. Tempat ibadah ieu rame pisan didatangan. Suasana di dinya tenang pisan jeung tengtrem. Hal ieu ngajadikeun suasana ibadah leuwih khusyu. Di sabeulah kenca biara aya arca Dewi Kuan Yim kalayan cai balong dieusi lauk koi anu dipercaya mawa tuah. Sajaba ti eta, aya dua arca naga anu nyanghareup ka arah arca Dewi Kuan Yim.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "6118", "text": "Salah sahiji jajanan nu cocok jang jualan di imah teh nyaeta salad buah. Bahanna nyaeta bungbuahan jiga apel, pir, melon, anggur, jeung stroberi. Caa ngadamelna gampang pisan. Mimiti, potongan bungbuahan ngabentuk dadu, tong leutik teuing. Geus kitu, nyieun vlana make susu splain, kental manis, jeung yoghurt splain, tuluy aduk nepi ka rata. Geus kitu, asupkeun bungbuahan kana wadah thinwall nu 300 ml. Tuluy kucuran make vla nu tadi dijieun, kira-kira nepi ka bungbuahan na kakeueum. Geus kitu, teundeunan stroberi nang ngeureut dina luhureun bungbuahan tuluy tambahan keju nang marud. Tuluy tinggal tutupan thinwallna. Geus kitu mah tinggal lebetkeun kana kulkas.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "485", "text": "Memang hayang kurban di Idul Adha teh hese dina segi materi, komo urang nu masih keneh mahasiswa. Tapi ieu lain halangan, biasana urang sok ngajak kulawarga urang jang udunan. Jadi unggal poe nyisihkeun duit kana kencleng khusus tabungan jang meuli hewan kurban. Nominalna mah gumantung kana kasapukan jeung hewan naon nu rek dibeuli. Insya Allah sataun bisa kakumpul lamun konsisten nabung mah. Atawa mun sakulawarga mah saeutik teuing jadi beurat nabungna, bisa ngajak babaturan kuliah jang miluan program kieu, soalna pan di kuliahan mah loba jelemana, tangtuna beuki loba beuki gancang kakumpulna jeung udunanna oge teu dirasa beurat teuing ari lobaan mah.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "1926", "text": "Ngawangkong ngeunaan keuyeup, muka ingetan kuring nalika kuring mimiti kuliah di Bandung 2 taun katukang. Sanggeus manggihan kost, biasana agenda saterusna néangan dahareun. Peuting éta kuring jeung kulawarga mutuskeun rék néangan dahareun di luar nu teu jauh ti kost. Sareng tuang seafood mangrupikeun pilihan urang wengi éta. Teu jauh, menu anu dipesen nyaéta keuyeup sambel amis, cumi lada hideung, jeung kerang sambel padang, biasana di wewengkon Jalan Pahlawan atawa Jalan Cikutra. Peuting ieu, sabaenerna ngocor, tapi bisa dahar di luar, tapi keuyeup ti kulawarga. harganage heuteu awis pisan ngenaan basa eta saporsina han salawe rebu heuteu nepi ngaluarkeun loba artoslah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "873", "text": "Basa kelas 4 SD urang pindah sakola ka Cianjur. Poe harita teh kabeneran aya pelajaran olahraga, tapi lain kelas urang. Sabab hayang nongton, urang nyisi ngaliwatan tukangeun gawang bari mawa baslub anu geus di plastikan. Eta mah teuing ti mana arah bola jol weh keuna kana beunget urang, nepikeun ka kekeleyengan hulu ge. Irung mah geus pasti ngucur getih ku bakat tarikna. Tidinya urang dibawa ka UKS meh dipariksa bisi aya nu misalah. Alhasil beungeut urang rada bengkak kaasup biwir rada jeding. Saenggeus eta urang balik bari teu inget pas ka UKS teh dibawana ku saha da meureunan langsung pingsan. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "2676", "text": "Kelas 8/2 SMP : Silat, Gitar - di SMP abdi mah pelajaran silat mulok (isi lokal). Ceuk guru kuring mah rada berbakat jeung gancang diajar waktu kelas 7. Jadi di kelas 8 kuring oge milu tambahan Silat, lain ngan ukur palajaran. Kungsi ngiluan sababaraha kajuaraan jeung milu muka pameran kajawaraan dunya di Taman Mini. Dina jangka waktu 2 taun kuring naek ti beubeur bodas jadi beubeur beureum ku lencana bodas-héjo alias tingkat kulawarga, nu ceuk guru kuring mah rada gancang (hayo bisa ngabedakeun mana gaya silat ieu... Salam sapasang Kembang ;) ) Kelas 9/3 SMP : Silat, Bulutangkis - Sanggeus ahirna bisa maen gitar rada alus jeung sababaraha konser di hareupeun sakola anu sarua. Geus bosen konser, utamana waktu harita aya UN (Ujian Nasional). Janten kuring milarian pengganti anu henteu kompetitif, badminton janten! Ketok di ditu ka dieu.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4149", "text": "Dina agama islam urang percaya aanu ngarana takdir aya urang umat islam percaya nu ngarana qodo jeung qodar, kusabab etateh asup ka rukun rukun iman nyaeta nu kahiji Iman ka Alloh kadua Iman Dina Malaikat katilu Iman kana Kitab Allah SWT kaopat Iman ka Nabi sareng Rosul kalima Iman kana Poé Kiamat atawa Poé Akhir nu kagenep Iman kana Qodo jeung qodar. Urang salakuumat percaya pisan yen sagalana geus diatur anu png hadena ku gusti Allah. Asal urang hirup di dunya daek usaha jeung terus bageur ka sakabeh mahkluk. Lamun misalkeun urang gagal, kecewa pasti tapi urang kudu leuwih percaya yen Allah SWT nyaho eta lain nu pangalusna keur urang. Urang ges di persiapkeun nu jauh leuwih alus.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "6770", "text": "Liburan anu paling diinget-inget ku kuring nyaeta liburan ka Bali. Abdi angkat ka Bali sareng kulawargi. Urang sadayana dugi ka Bali dinten Sabtu teras cicing di hotel anu indah di caket pantai. Urang ningalikeun pamandangan laut biru jeung pantai anu geulis pisan. Urang nyeepkeun dinten kahiji di Bali ngadatangan sababaraha tempat wisata sapertos Tanah Lot, Uluwatu sareng Ubud. Urang oge datang ka pasar malam di Kuta sarta ngarasakeun rupa-rupa kadaharan jeung inuman anu nikmat. Poe kadua di Bali, abdi ngadatangan sababaraha tempat sapertos Pulo Nusa Lembongan jeung Basisir Sanur. Abdi oge nyobian rupa-rupa kagiatan sapertos snorkeling, diving jeung sunbathing di pantai. Urang oge ameng ka sababaraha tempat sapertos Leuweung Monyet sareng Gunung Batur.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "9043", "text": "Aya ogé sisi négatip tina damel di kantor, kahiji, anu ngabahayakeun kaséhatan. Pagawean kantor sami sareng méakkeun ampir sadaya waktos di payuneun laptop atanapi komputer di meja urang. Tina jam, dinten, sareng minggu ngalakukeun padamelan anu sami, pasti bakal aya efek samping ka diri urangna. Panon sareng otot sapertos taktak, beuheung sareng tonggong anjeun bakal karasa nyeri sareng capé. Ku alatan éta, tong hilap istirahat sakedap saatos sajam atanapi dua jam damel, gerakkeun awak sareng ulah maksa damel upami anjeun capé teuing. Jalan-jalan di sabudeureun kamar, atanapi nginum cai ogé ngabantosan awak urang langkung santai sareng seger. Tong gugupay gawe nepi ka awak urang gering, puguh lamun kitu bakal nyieun urang teu bisa damel deui.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "6797", "text": "Baheula abdi teu pati resep lalajo pelem, lamun aya pelem anu aslina ti novel, abdi bakal leuwih milih maca novel na tibatan lalajo pelem na, lantaran novel anu tos janten pelem moal sarua lantaran media na oge beda, teu tiasa disamikeun. Abdi kirang resep lalajo pelem lantaran sok kapikiran wae saatos lalajo. Abdi oge mineng ngomentaran pelem Indonesia anu kirang sae. Kadang abi sok mikir lolobana pelem di Indonesia mah nuturkeun pelem di luar negeri, jaba ning kualitas na oge jauh dihandapeun. Tapi pas abdi tos SMA, abdi mulai kenal ka pelem-pelem Korea, Jepang anu sarae. Abdi karek nyadar pelem-pelem di luar mah bener-bener serius lamun nyieun pelem teh. Bener-bener dijieun siga aslina", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "2034", "text": "Panaliti mendakan yén saloba 34% jalma anu ngalakukeun kagiatan anu aranjeunna resep henteu setrés. Laju jantung maranéhanana leuwih stabil sarta tenang pikeun jam. Hasilna, bisa dicindekkeun yén hobi mangrupa kagiatan anu bisa nenangkeun parasaan. Kanyataanna, jalma anu dina kaayaan stres bisa jadi kudu leuwih hobi ti sawawa rata. Hobi méré waktu pikeun uteuk jeung awak pikeun istirahat sakedap. Ngalakukeun kagiatan anu anjeun pikahoyong sigana ngabebaskeun anjeun tina tanggung jawab anu janten sumber setrés. Upami anjeun super sibuk, nyéépkeun waktos di tengah jadwal sibuk tangtos sesah pisan. Nanging, ti ayeuna, cobian jantenkeun hobi anjeun salaku prioritas hirup anjeun. Nyetél jadwal rutin pikeun hobi. Candak hobi anu tiasa masihan anjeun kasempetan pikeun bersantai tanpa setrés, tapi tetep produktif.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "2002", "text": "Salah sahiji kaulinan ker kumpul keluarga. Nyaeta parebut korsi nu moal poho da loba nu sering ngalakukeun na, kaulinan ieu bisa dipigawé pisan. Ieu kaulinan kuwarga pasti merlukeun korsi jeung spiker. pertama cara jang permainana teh nyaeta. Sadaya anu anjeun kedah laksanakeun nyaéta ngabentuk korsi dina bunderan. Atur unggal jalma dina korsi, kalawan leuwih jalma ti korsi. Maénkeun lagu sarta ngantep pamaén spin sabudeureun korsi. Lamun lagu eureun, pamilon kudu gancang scramble pikeun korsi. Pamaén anu teu meunang korsi kudu dileungitkeun jeung jumlah korsi kudu ngurangan. Maén nepi ka aya dua jalma jeung hiji korsi ditinggalkeun. Jalma anu pangheulana meunang korsi nyaéta juara. Pasti Rame pisan!", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "3585", "text": "Abdi salah sahiji anu salamet tina gempa Palu. Abdi teh tilas mahasiswa di hiji universitas di Palu, waktos harita masih keneh mahasiswa. Kuring masih inget urang karek rengse Opek sababaraha minggu. Wanci soré, nalika kuring nyéwa bumi sareng réréncangan kuring sareng saré nyaman. Ujug-ujug aya sora ngagedur. Sorana siga kapal terbang tapi leuwih nyaring. Teu kungsi lila taneuh oyag kacida. Urang duaan langsung kaluar kamar masing-masing, bumi oyag bener-bener pusing.\r\nKuring ngan teu bisa kaluar ti imah. Waktu harita mah ngan ukur KTP, HP, jeung dompét. Sadaya anu kuring pikirkeun nyaéta maot. Teu aya deui harepan hirup dina pikiran kuring.\r\nBabaturan kuring langkung tangguh, anjeunna tiasa kaluar sareng motorna anu waktos éta disimpen di jero.\r\n\r\nGempa karasa lila pisan urang sieun di luar. Katingali tihang-tihangna ambruk, sabab karek nyéwa imah, alhamdulillah teu rubuh.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "9471", "text": "Pangalaman liburan anu paling nyugemakeun kuring nyaeta basa kuring liburan ka pantai Kuta di Bali sareng kulawarga. Pantai Kuta mangrupa salah sahiji pantai anu kasohor di Bali. Di Kuta, rame pisan ku para wisatawan, hususna wisatawan asing. Suasana di pantai Kuta kacida endahna, kalayan keusik bodas lemes, ombak badag sarta hawa anu tiis. Kuring resep pisan ulin di pantai, ngarasakeun ombak nu seger, sarta sidendang di handapeun payung bari ngarasakeun kadaharan laut nu seger jeung inuman nu dijual di pantai. Salian ti eta, urang oge nganjang ka sababaraha tempat wisata di sabudeureun basisir Kuta, saperti Pasar Seni Kuta, Pantai Dreamland jeung Waterbom Bali. Sadaya tempat ieu pikaresepeun pisan sareng ngajantenkeun liburan urang langkung berkesan. Pangalaman liburan di pantai Kuta mangrupikeun salah sahiji pangalaman liburan anu paling pikaresepeun anu kuring kantos ngalaman.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "5447", "text": "Hiji carita rakyat nu pasti dipikawawuh ku sarerea nyaeta kisah bawang putih jeung bawang merah.Carita ieu teh ngisahkeun dua duduluran nu ngabogaan sifat patotonggong, nu hiji bageur kacida, nu hiji judes kacida. Dina kisah ieu, nu gaduh sipat bageur kacida nyaeta bawang putih, nu oga sipat judes jeung goreng hate nyaeta bawang merah. Dina ngajalani kahirupan nana, ieu dua duduluran teh diurus ku hiji indung nu mihak wae ka bawang merah. Sagala nu aya dina kaberuntungan bawang putih teh dipake kasirik ku dulurna, bawang merah. Nepi ka hiji poe bawang merah jeung indungna meunang babales tina kalakuanna. Bawang putih manggih kaberuntungan nyaeta dibawa ka kerajaan jeung dijadikeun istri pangeran.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "6721", "text": "Seeur pisan obyek wisata alam anu gratis di Bandung, salah sahiji anu rame didatangan ku wargi Bandung, nyaeta Babakan Siliwangi. Sasak anu paling panjang di Asia Tenggara ieu lokasina aya di Caket Sabuga Institut Teknologi Bandung (ITB). Upami bade ka Baksil numpak angkot ti Bandung, urang tiasa ngangge angkot jurusan Riung Bandung-Dago teras turun di Parapatan Simpang Dago teras urang tiasa mapah sakedik deui dugi ka tempatna. Teu ngan saukur mapah mapay sasak hungkul, di Baksil oge aya tempat calik, urang tiasa mekel emam atawa meser jajanan anu aya di handap sasak. Panjang sasak ieu dua kilometer, jangkungna dua nepi ka tilu meter.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4127", "text": "Berbakti ka kolot geuss wajib hukumna dina agama islam, nepi ka aya hadist na ridhollahi fi ridhol walidaini, anu hartina restu Allah teh ayana dina restu kolot. Kolot sakitu di mulyakeun pisan tina agama islam. Parjuangan kolot keur anakna teu bisa di gantikeun ku harta sakumaha oge, Indung anu geus ngandung urang salila 9 sasih nyeri, cangkeul nepi ka pas ngalahirkeun kudu ngagadekeun nyawa na bener bener pangorbanan anu teu bisa ka bayar ku urang salaku anak anak na, nepi ka aya paribasa surga di telapak kaki ibu eta teh bener ayana parjaungan jeung kayaah indung moal aya tungtungna geus ngalahirkeun kudu ngurus jeung ngadidik budakna. Sarua oge jeung parjuangan bapak, bapak capek capek banting tulang neagan nafkah keur anakna capek nyeri sagala teu di rasa asalkan budakna bisa hirup bagja. Ku sakabeh parjuangan kolot ka urang, matakna urang ulah nepi ka ngalawan ka kolot rek kukumaha oge.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "8111", "text": "Virus atanapi malware teh janten ancaman kaamanan dina laptop. Aya babaraha cara nu tiasa dilakukeun pikeun ngahapus sareng ngaleungitkeun virus atanapi malware dina laptop. Kahiji, ngainstall virus scanner. Virus scanner tiasa ngadeteksi file-file mencurigakeun nu aya dina laptop tur ngahapus eta file. Kadua, pastikeun file nu aya di laptop tos dibackup pikeun ngajagi file-file nu ppenting leungit. Katilu, pareuman sambungan internet dina laptop kusabab virus sareng malware teh salah sahiji sumberna tina koneksi internet. Kaopat, asup ka safe mode. Kalima, hapus temporary files. File ieu teh file sementara nu biasana langsung kahapus upami teu dianggo nanging tiasa oge tetep aya kasimpen dina penyimpanan. Kagenep, jalankeun pemindaian virus nganggo software nu tos diinstall, tahap ieu peryogi waktos sababaraha menit.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "975", "text": "Loba peran nu geus digantikeun ku robot, di mana pagawean jelema jadi beuki ngurangan, jeung kabeh hal dilakukeunna ku robot. Jadina jelema bakal leuwih males, nepikeun ka bisa jadi gendut atawa lumpuh, ieu ku sabab kurangna aktivitas. Jadi inget kana film Wall-e, di mana di masa kahareupna jelema digandong ku robot saking ku gendutna. Tuluy lapangan pagawean oge bakal leuwih sempit, ieu nu matak jadi loba pengangguran, sabab kabeh pagawe di pabrik geus digantikeun ku robot. Tuluy mun loba teuing robot nu aya di alam dunya, ieu bakal ngajadikeun alam dunya kakurangan energi jeung sampah bakal beuki numpuk anu akhirna pemanasan global bakal beuki gancang.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8662", "text": "Sakola teu ngajarkeun barudak pikeun hirup di gunung. Sakola ngagaduhan kurikulum anu padet, sareng sababaraha kaahlian tiasa dianggap langkung penting pikeun ngajar, sapertos maca, nyerat, matematika, sareng sains. Ku alatan eta, kaahlian hirup gunung bisa dianggap salaku hal kirang penting pikeun ngajarkeun di sakola. Sakola tiasa lokasina di pakotaan, janten kaahlian hirup di gunung henteu nyambung pisan sareng kabutuhan murid. Sanaos henteu sadayana sakola ngajarkeun kaahlian hirup di gunung langsung, sababaraha sakola atanapi lembaga tiasa nyayogikeun pelatihan atanapi program anu ngajarkeun kaahlian anu nyambung pikeun kahirupan luar, sapertos hiking, kemping, atanapi orienteering. Sajaba ti eta, aya loba organisasi outdoor nu nyadiakeun program jeung latihan pikeun kaahlian hirup di gunung.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "490", "text": "Masigit teh nyaeta salah sahiji tempat nu dipake ibadah ku kaum muslim khususna solat. Masigit difungsikeun jang sarana umat muslim kanggo ngalaksanakeun solat, boh eta solat fardu atawa sholat sunat. Salian dipake solat, masigit oge fungsina jadi tempat kagiatan proses ngajar ngeunaan elmu agama islam. Di mana tiap muslim boga hak jang merekeun atawa meunangkeun elmu ngaliwatan kajian-kajian agama nu diayakeun di masigit. Masigit oge bisa dipake jang tempat musyawarah atawa dipake jang ruang terbuka kanggo ngabahas pasualan kahirupan sapopoe. Sakapeung mah masigit oge dipake jang tempat nikah, tangtuna ieu sabab masigit mangrupakeun salah sahiji tempat nu dijaga kasucianna. Oge masigit digunakeun jang tempat berlindung.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4940", "text": "Cau mangrupi salah sahiji buah-buahan nu bisa diolah jadi rupa-rupa tuangeun, salah sahijina pisang aroma. Cara ngadamelna nu simpel ngajadikeun ieu tuangeun jajanan anu dipikaresep ku murangkalih. Ngadamel pisang aroma tiasa ngangge cau susu, cau kapas, atanapi cau tanduk. Cara ngadamel na gampil pisan, kur tina cau, lumpia, sareng cokelat. Mimiti, keureutan cauna kira-kira saageung ramo trus panjangna samikeun jeung lumpia. Tos kitu, simpen cau kana lumpia, baluran ku cokelat, terus gulung lumpia. Diujungna ngangge tarigu nu tos dicairkeun kangge ngarapetan eta lumpia. Upami atos kitu, kantun goreng eta pisang aroma dina minyak panas dugi ka warna na semu cokelat. Saatos asak, eurihkeun pisang aroma kana piring. Pisang aroma tos siap dituang.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "7068", "text": "Perayaan Nyepi dumasar kana pananggalan kalender Saka. Taun Anyar Saka miboga harti minangka poe kabangkitan, poe pembaharuan, poé kabersamaan (persatuan jeung persatuan), poe toleransi, poe katengtreman oge poe karukunan nasional. Unggal taun umat Hindu ngarayakeun pergantian Taun Saka anu dilaksanakeun ku cara Nyepi salila 24 jam. Dina Nyepi, umat Hindu ngalaksanakeun runtuyan acara di antarana: Tawur atau dina basa Jawa sarua hartina jeung saur, dina basa Indonesia hartina mayar hutang. Dina unggal catus pata (parapatan) desa atawa pakampungan ngandung lambang pikeun ngajaga kasaimbangan. Anu kadua nyaeta Upacara Melasti, Intina tina acara ieu nyaeta pikeun nyucikeun Bhuana Alit (sifat manusa) sareng Bhuana Agung (alam semesta). Kagiatan ieu dilaksanakeun di sumber cai suci kelebutan, kampur, patirtan, jeung laut.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "5883", "text": "Zaman ayeuna mah geus seueur nu make barang elektronik jang masak. Misalna wae aya mejikom jang masak sangu, aya oge kompor listrik jang masak sagala rupa, tuluy oge aya panci listrik nu bisa serbaguna dipake masak naon wae, jeung sajabana. Aya oge ayeuna mah inovasi anyar, nyaeta teflon listrik anu kagunaan nana jang nyieun kulit lumpia, atawa bisa oge dipake nyieun kue pancake. Ku ayana alat-alat ieu teh leuwih simpel jeung leuwih babari dina sagalana, jeung deuih diitung mah leuwih hemat tibatan make alat konvensional jiga kompor gas. Mantakna, yuk ah ayeuna mah maksimalkeun alat berdaya listrik supaya leuwih simpel jeung hemat!", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7062", "text": "Jalmi anu taqwa nyaeta sanes jalmi anu pang seeurna ngalakukeun amal soleh, tapi jalmi anu resep taubat ka Alloh. Jalmi taqwa oge tiasa diumpamakeun jeung jalmi anu nuju mapah di luhureun cucuk, pasti bakalan ati-ati. Jalmi taqwa bakalan ati-ati pisan dina tingkah polah jeung cariosanna, jeung dina pikiranna. Salah sahiji jalan supados urang tiasa jalmi anu taqwa nyaeta di sasih romadon lantaran sasih eta disadiakeun ku Alloh pikeun jalmi anu iman supados janten jalmi anu taqwa. Jalmi anu taqwa nyaeta jalmi anu sieun ka Alloh, hal eta ngajadikeun manehna ninggalkeun sagala kalakuan anu teu dipikaresep ku Alloh. Sanajan manehna resep kana kalakuan eta, tapi lamun Alloh tos ngalarang, manehna bakal langsung taat ka Alloh lantaran sieun ku azab Allah.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2404", "text": "Tokoh angklung Udjo Ngalagena nyaéta pangadeg Saung Angklung Udjo (SAU), minangka puseur kabudayaan awi hususna pakakas angklung, salian ti arumba jeung calung. Angklung ogé dimaénkeun sacara ensembel kalayan konduktor, saperti ensembel padaeng klasik jeung ensembel rumba. Angklung hakekatna ngan bisa diputer sacara manual. Tapi, rupa-rupa usaha kréatip pikeun ngamodernisasina, diantarana angklung listrik, otomatis (Agus Suhardiman, Kadek Kertayasa), Klung-bot (Krisna Diastama, Karismanto Rahmadika, & Eko Mursito Budi), nepi ka Tra-digi (Hasim Ghozali). Angklung ayeuna kasohor sacara internasional, malah tos kadaptar salaku Karya Agung Warisan Budaya Lisan jeung Nonbendawi Kamanusaan ti UNESCO saprak 16 Nopémber 2010. Ku kituna unggal tanggal ieu diémutan minangka Poé Angklung Sedunia. Google malah ayeuna ngagungkeun éta kalayan di doodlesna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "3848", "text": "Gokana Mall Metropolitan Bekasi ayana di lantai tilu teu jauh ti eskalator, didinya tempatna emang teu pati gede tapi ngeunaheun. Gokana tara pernah sepi pengunjung, komo mun malam minggu rame pisan. Menu didinya loba pilihan, mulai ti pilihan paket ramen, tepan, bento, nepika side dish pokona rupa-rupa pilihan paketna ti sangu nepika mie. Harga didinya ge masih ka itung murah mun di mall, soalna paketan na jumbo. Ti menu na enak-enak, trus pelayanna ramah jeung gancang jadi urang teu kudu nungguan lila di tambah dekorasi tempatna unik persis jiga jepang, jadi bisa popotoan. Moal hanjakal mun kadinya bari mawa babaturan atau keluarga. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "449", "text": "Allah SWT mikaresep jelema nu resep sedekah. Bentuk sedekah oge rupa-rupa. Salian ti harta bisa oge sedeh dina bentuk nganafkahan kulawarga jeung ngajarkeun elmu. Ku sabab eta, aya loba mangpaat sedekah nu dijangjikeun ku Allah SWT diantarana bisa ngahapus dosa. Dihampurana dosa sabab sedekah tangtu kudu dibarengan ku tobat lantaran geus ngalakonan dosa. Saenggeus eta tinggal nyerahkeun diri ka Allah SWT. Sedekah oge bakal meunangkeun syafaat di poe akhir. Tuluy bisa mere kaberekahan harta, sabab lamun diitung sacara matematika mah ngaluarkeun hiji hal pasti bakal ngurangan. Tapi ieu teu berlaku pas sedekah. Para ulama oge nyebutkeun bisa kajadian kieu sabab hartana jadi berkah, jeung dihindarkeun tina mara bahaya.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4914", "text": "Dinten kamari abdi sareng pun raka kunjungan ka desa nu aya di palih kidul Indramayu. Pas di jalan uihkeun, liren heula di pelelangan lauk nu aya caket pantai. Abdi meser lauk etong lima kilo nu eusina opat lauk. tuluy abdi sareng raka ngalajengkeun uih ka bumi. Dugi ka bumi, eta lauk langsung diberesihan teras dibeuleum dina luhureun areng dugi ka garing semu coklat warnana. Saentos asak, eta lauk disayogikeun jeung kecap dina daun cau. Ditambihan ku sangu liwet jeung sambel tomat. Abdi sakulawargi langsung ngajajar aremam botram meungpeung eta beuleum laukna haneut keneh. Teu aya kabosen abdi sakulawargi nuang ieu tuangeun. Rasana nu nikmat sareng gizina nu kalawan ageung proteinna ngajantenkeun ieu lauk santapan karesep abdi saulawargi. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "6727", "text": "Pangalengan, tempat anu janten penghasil susu murni ieu emang kasohor ku obyek wisata alamna. Aya tempat kemping lengkap jeung Situ sareng aya oge kebon enteh na. Urang tiasa ngarasakeun kemping di tempat anu sejuk. Cocok kanggo nu hoyong ka kebon teh tapi hoyong ningal situ. Situ Datar pangalengan emang gaduh ukuran anu teu pati badag, teu siga Situ Cileunca. Anu ngabedakeun na nyaeta Situ Datar mah ayana persis di tengah kebon enteh. Janten lamun urang numpak parahu di tengah Situ Datar, urang tiasa ningal kebon enteh di sakurilingna. Di dieu oge aya tempat kanggo kemping. Tiket asupna oge kaasup mirah, ngan lima rebu saurangna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "9587", "text": "Pusat kuliner Kalibata. Tempatna anu strategis, caket sareng Stasiun KRL Kalibata. Unggal sore sok rame didatangan pengunjung anu narembe uih damel. Aya nu meser tuangeun kanggo emam wengi, aya oge anu ngan saukur jajan jang ngaganjel rasa lapar. Harga kuliner di pusat kuliner Kalibata ieu kaetang murah sesuai porsina. Seblak dimulai 13 rebu, ayam penyet jeung nasi 20 rebu, jeung sajabana. Lamun bade tuang di tempat, saran ti abdi tiasa angkat rada sontenan kumargi biasana lamun nembean tabuh 3/4-an, anu icalan teu acan siap-siap kanggo nyiapkeun daganganna. Tuangeun atawa jajanan anu beurat beurat saperti nasi, ayam, jsb. biasana siap dipeser mulai jam 4 atawa setengah lima sore", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "8859", "text": "Jaman kiwari geus pada wanoh ka nu ngarana leptop. Leptop teh nyaeta komputer anu bisa dibawa kemana-mana. Ku ayana leptop, pagawean anu aya sangkut pautnya jeung urusan kutak-ketik atawa utang itung jadi leuwih gampang tur cepet.Contona wae hiji guru rek ngolah nilai raport murid-murid na, saacan aya leptop mah kacida hesena nangtukeun jumlah nilai jeung rata-rata turta rangking sabab kudu diitung sacara manual hiji-hiji. Tapi kualantaran ayana leptop mah pagawean anu sakitu lobana teh jadi enteng. Lian ti eta, aya deui pagawean anu jadi enteng kusabab ayana laptop, nyaeta ngadesain gambar. Baheula saacan gaduh laptop mah urang kudu ka warnet atawa ngedit di hp, tapi ayeuna mah saenggeus aya leptop, urang tiasa ngedit jeung ngadesain sangkan jadi leuwih gampang.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "66", "text": "Food photography mangrupakeun jenis fotografi nu ngagunakeun dahareun salaku objek pemotretan. Cara bisa ngahasilkeun foto dahareun nu alus, nyaeta gunakeun porsi dahareun nu saeutik. Beuki saeutik porsi dahareun nu ditampilkeun dina piring, beuki alus, sabab porsi dahareun dina jumlah saeutik bakal mawa leuwih perhatian kana dahareun eta sorangan. Gunakeun dahareun pas keur panas keneh, jadi kudu ngamangpaatkeun waktu. Tuluy pareuman flash kamerana. Flash kamera bisa mere efek kurang alus kana tiap dahareun. Gunakeun oge tripod. Tripod nyaeta alat nu ngabantuan pisan lamun rek ngalakukeun fotografi makanan ngameh kamerana tetep stabil henteu oyag. Nu terakhir nu paling penting teh cahaya. Lamun cahaya dina hiji tempat pemotretan caang teuing, eta teu alus. Eta sebabna, neangan alat dina ngontrol cahaya bakal ngabantuan pisan jang kualitas fotografi makanan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "188", "text": "Film bisa dijadikeun media kanggo ngembangkeun kaparigelan basa, utamana basa asing. Sacara teu langsung nu nonton bakal ngarti naon nu dina film tanpa make subtitle oge. Sabab aya dukungan visual nu mantuan dina nafsirkeun omongan atawa kalimat nu diucapkeun ku pemeran filmna. Nonton film oge bisa belajar kabeh aspek, mulai ti ngadengekeun, ngomong, nepika nulis bahasa asing (lamun ngaktifkeun subtitle na basa asing). Ku sabab eta nonton film bisa jadi salah sahiji metode jang diajar basa asing. Aya sababaraha cara ngameh bisa nonton sakalian diajar basa asing, di antarana tong ngaktifkeun subtitle bahasa Indonesia, lamun dek ngagunakeun subtitle usahakeun make subtitle basa film nu ditonton.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "6738", "text": "Guntur Resort Baleendah ngadadak viral lantaran seeur jalmi anu ngadatangan tempat ieu kanggo selfie atawa poto sorangan kanggo diaplod di Instagram. Tempat ieu emang ngusung tema selfie lantaran nyadiakeun seeur latar tukangeun atawa background poto kanggo popotoan, di antarana saung jeung tempat dahar lesehan ti awi anu warna-warni. Di dieu oge disadiakeun bantal anu hipu kanggo calik sabari sante. Tempat ieu teu sabenerna masih keneh dibangun, tapi tos rame didatangan. Tiket asup na oge murah pisan, ngan sapuluh rebu saurang. Sami jeung nami na, tempat ieu lokasina aya di Baleendah, Kabupaten Bandung. Tempat ieu ngahiji sareng tempat wisata Situ Sipatuhan. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "419", "text": "Pentingna ngadugikeunna dakwah ku cara anu santun. Lamun ngadugikeun dakwah atawa nasehat ka batur, geus kuduna bisa ngadugikeun dakwah eta ku cara nu santun. Sabab lamun boga sikap kasar atawa ngarasa pangpinterna pas ngadugikeun dakwah nu aya jamaahna kalakah maranehna embung merhatikeun naon nu didugikeun. Kudu oge merhatikeun tingkat pendidikan, tingkat pendidikan jamaah nu bakal ngadangukeun dakwah kudu jadi pertimbangan lamun rek ngadugikeun dakwah. Dina hal ieu, lain artina pendakwah rek ngabeda-bedakeun tingkap pendidikan tiap jelema, tapi pendakwah ngan boga usaha kumaha carana ngameh dakwah bisa ditarima jeung dihargaan ku maranehna. Ieu penting oge bahasa nu digunakeunna kudu bisa kaharti saluyu jeung tingkat intelektual jamaah.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "580", "text": "Abah Ugi Sugriwa Raka Siwi umurna ayeuna 34 taun jadi jaro atawa pupuhu adat nu mingpin kasepuhan Ciptagelar nu aya di Kabupaten Sukabumi, Provinsi Jawa Barat. Abah Ugi nyaeta generasi nu ka-10, katurunan ti pamingpin saacanna, Abah Encun Sucipta atawa nu leuwih dipikawanoh ku ngaran Abah Anom anu tos pupus taun 2007. Ti generasi nu kahiji nepikeun ka ayeuna turun ka Abah Ugi, tradisi nu paling nonjol nyaeta nilai-nilai budaya melak pare jeung neundeun pare. Komo deui tradisi ieu teh geus diturunkeun ka generasi kahareupna. Mimiti ti milih binih, melak, panen nepikeun ka neundeun padi, sadayana dilakukeun ku cara tradisional.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "418", "text": "Jadi pendakwah tangtuna bakal kaditu kadieu jeung beda-beda tempat nu bakal dibere dakwah. Bisa beda desa, kecamatan, nepikeun ka beda kota oge ieu bisa mungkin kajadian. Dina hal eta urang nu salaku pendakwah kudu ngarti jeung apal budaya daerah sakitar. Ngahargaan budaya teu artina bakal ngahapus kabeh kasesatan nu aya di masyarakat eta, tapi kumaha carana urang bisa dakwah sacara cerdas jeung ngalakukeun pendekatan saluyu jeung budaya nu aya di daerah tesebut. Memang ngubah kabudayaan nu ngandung kagorengan mah tugas pendakwah jang ngarobahna, tapi carana kudu nu santun. Lamun pendakwah teu merhatikeun hal ieu, engkena bakal hese dihargaan, jeung bisa wae maranehna ngalarang pendakwah eta balik deui mere dakwah di daerahna.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4148", "text": "Ngalakukeun bakti sosial ngantu ka saha wae anu butuh bantuan eta mangrupa salah sahiji ajaran anu sarua di sakabeh agama anu ajya di kitab sucina. Ayeuna lamun ningali di socila meda loba para pamuda mulai ngalakukeun mulai ngantu sasama teu ningali agamana. Contohna pas aya bencana alam saperti banjir atawa gempa bumi sakabeh jelema berbondong bondong babarengan paburu buru mantuan korban bencana teu ningali agamana. Anu teu bisa mantuan langsung tapi ngadarukung lewat doa jeung donasi donasi anu bakal di pake keur meuli bahan paranti mantuan korban. Urang kabeh ngahiji ngabantuan dulur urang nu kena musibah. Bantuan oge datang loba timana mana, etateh salah sahiji wujud urang teu dulur saagama tapi dulur sanegara kabeh di lakukeun ikhlas demi kamanusiaan.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4568", "text": "Carita game ieu nyaéta paman pamaén henteu deui tiasa ngurus kebonna. Lajeng tegalan disalurkeun ka pamaén. game ieu dimimitian ku tutorial ku tukang sawah, alias tukang sawah. Kagiatan anu tiasa dilakukeun di tingkat pemula kalebet pertanian sareng peternakan. Pamaén bisa ngajual hasil tegalan maranéhna pikeun meunangkeun koin. Koin ieu tiasa dianggo kanggo mésér barang, gedong, hiasan, sareng seueur deui. Salaku tambahan, unggal kagiatan anu dilakukeun ku pamaén tiasa ngahasilkeun poin pangalaman (XP) pikeun ningkatkeun tingkat. Aya ogé intan pikeun mésér barang ekslusif. Inten ieu jarang tiasa didapet gratis, sanaos ngaunduh Hay Day nyalira gratis. Sanaos kitu, urang tiasa mésér inten nganggo voucher Google Playstore. Dina maén Hay Day, aya prestasi anu bisa dihontal ku pamaén. Lamun pamaén geus ngahontal prestasi, biasana pamaén bakal meunang ganjaran dina bentuk intan jeung tambahan XP.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "7394", "text": "Olimpiade nyaeta acara olahraga internasional anu dilaksanakeun unggal opat taun anu bersaing dina olahraga usum panas sareng usum tiris. Rebuan atlit bersaing dina sagala rupa acara olahraga ieu. Olimpiade mangrupikeun kompetisi olahraga anu panggedena sareng kashohor pisan di dunya, kalayan langkung ti 200 nagara milu. Di Indonesia, Olimpiade anu dipikawanoh jeung rutin diiluan nyaeta Olimpiade Usum Panas. Indonesia mimiti miluan Olimpiade Helsinki 1952 di Finlandia jeung henteu pernah luput milu dina taun-taun saterusna, iwal ti taun 1964 jeung 1988. Kota tuan rumah pikeun Olimpiade biasana dipilih tujuh taun samemeh perayaan Olimpiade dilaksanakeun. Proses seleksi dilaksanakeun dina dua tahapan anu dilaksanakeun salila dua taun. Calon kota tuan rumah kedah ngajukeun proposal ka NOC di nagarana.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "452", "text": "Lamun idul fitri biasana indung urang sok masak opor hayam. Mun aya opor hayam pastina oge kudu aya kupat. Kupat ieu dibungkus dina daun nu hejo tuluy bentukna segitiga. Kulawarga urang mah sok nyieun kupat oge, nepikeun ka bungkusan kupatna nyieun ku sorangan. Biasana meuli ka tukang awi, atawa di sisi jalan mun rek maju ka lebaran mah sok loba nu dagang paranti wadah kupatna. Tapi sakapeung mah sok ngan ukur meuli awi na hungkul, sabab salian ti hargana anu murah oge arurang bisa pangalaman nyieun wadah kupat jeung itung-itung ngabuburit pas bulan puasa teh. Jadi daun nu hejo eta tuluy dibentuk ku cara dipanjangkeun heula ngarah babari ngabentukna.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4634", "text": "Aya deui alat elektronika anu biasa di pake dina kahirupan sapopoe nyaeta Kipas angin, kipas dipake pikeun ngahasilkeun angin. Fungsi umum nyaéta sarua jeung AC. Kipas angin umumna dibédakeun tina kipas tradisional, kalebet kipas tangan sareng kipas listrik anu didorong nganggo listrik. Kamekaran fans beuki variatif boh dina ukuran, posisi, jeung fungsi. Ukuran kipas mimitian ti kipas mini (kipas listrik genggam ngagunakeun énergi batré), Kipas fungsina pikeun ngajaga suhu hawa teu ngaleuwihan wates suhu anu disetél. Kipas ogé dipasang dina dasar atanapi mat laptop pikeun ngiderkeun hawa sareng ngabantosan kipas laptop pikeun niiskeun suhu laptop.Kipas angin tiasa dikontrol ku cara niup ku 3 cara, nyaéta nganggo pamuter, narik tali sareng kadali jauh. Rotasi wilah kipas dibagi dua, nya éta centrifugal (angin ngalir dina arah nu sarua jeung aci kipas) jeung axial (angin ngalir sajajar jeung aci kipas).", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5796", "text": "Badan anu sok olahraga mah beda da katingali na ge. Biasana sok katingali seger, kenceng, jeung katingali leuwih sehat. Beda jeung nu tara olahraga, sok rada bergelambir jeung teu kenceng. Mun sering olahraga mah berat badan ge teratur jeung cenderung stabil. Biasana kulitna leuwih beresih, raray na leuwih seger, awakna katingali keker jeung teu aya nu ngagelambir. Tina cara leumpang na ge sok beda, nu sering olahraga mah sok ajeg jeung tegap, jiga nu keuwih semangat dina ngajalani sagala aktivitasna teh. Kulit na oge kenceng, jeung leuwih seger, teu aya kariput berlebih dina raray atawa awakna teh. Raray na oge cenderung beresih, tara aya jerawat atawa tanda penuaan.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "2020", "text": "Lamun bener-bener ngarasa sieun, teu kudu maksakeun diri lalajo film horor, saenyana masih loba keneh genre film sejen, saha nyaho genre lain horor memang bisa nyumponan kabutuhan hiburanana kalawan leuwih optimal. Tapi upami anjeun masih panasaran, sahenteuna anjeun tiasa nyobian ningali trailer heula. Sapertos sateuacan terjun ka medan perang anjeun tiasa kéngingkeun gambaran awal kaayaan perang anu bakal disanghareupan. Ngaliwatan trailer, sanajan ngan saeutik, anjeun bisa nangkep suasana pilem, plot, meureun ogé hantu, sarta rada bisa nebak tingkat horor nu aya dina film. Kukituna misalkeun anjeun sien nepi ka kejer ti munggaran ninggali trailer mah ulah dilanjutkeun ku nonton film horor, kumargi bisi kena matak gering panas tiris kubatan sieun jeung teu bisa sare.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "9334", "text": "Léngkah kaopat anu anjeun tiasa lakukeun pikeun salamet nalika di gunung nyaéta milarian sumber cai pikeun diinum. Cara anu salajengna pikeun salamet di gunung nyaéta milarian sumber cai anu tiasa diinum. Cai mangrupa sumber kahirupan di alam. Dimana, tanpa cai, anu salamet ngan ukur tiasa hirup dugi ka 3 dinten. Beda sareng nalika anu salamet tiasa mendakan sumber cai nginum. Salamet anu nampi cai, aranjeunna tiasa hirup dugi ka 3 minggu tanpa tuang. Ku cara kitu, lengkah ka-3 sanggeus meunang panyumputan nyaeta neangan sumber cai nginum pikeun salamet. Di dieu aya sababaraha sumber cai di gunung nu bisa urang pake pikeun nginum: hiji, cinyusu. Cinyusu di gunung bisa dina wangun sumur, cinyusu atawa situ. Dua, aliran walungan. Sababaraha tangkal di gunung bisa ngahasilkeun cai, contona tangkal cau. Cai tina tangkal banyan bakal ngalir ti hulu ka hilir ngaliwatan walungan. Tilu, Tutuwuhan. Sababaraha tutuwuhan kalayan batang nyimpen eusi cai nu bisa urang pake pikeun nginum, contona tutuwuhan begonia, awi jeung akar gantung. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "996", "text": "Cara ngagunakeun mesin jang nilepan baju otomatis babari, tangtuna urang ngan cukup ngajepit pakean nu anyar rengse diseuseuh dina rak di bagian bolong mesin nu aya di bagian luhur. Tuluy teken sajumlah tombol jang nangtukeun jenis nu bakal ditilep teh. Saenggeus kitu sacara otomatis mesin bakal narik pakean nu geus diasupkeun. Hasilna pakean nu geus disetrika bakal kaluar tina mesin ngaliwatan bolong bagian handap. Proses ieu ngan lumangsung salila sababaraha detik. Pas pakean geus asup, urang langsung bisa ngasupkeunna deui ka jero mesin jang nilepan deui. Jadi pakean nu geus ditilepan teu kudu langsung dicokot, lantaran mesin bakal ngasusun rapih. Proses ieu bakal teterusan saloba pakean nu ku urang pikahayang jang ditilepan.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9493", "text": "Ngalakukeun yoga dina waktos lowong anjeun tiasa mangpaat pisan pikeun pamulihan anjeun. Yoga mangrupikeun latihan fisik sareng mental anu tiasa jadi sarana relaksasi pikiran sareng ningkatkeun kabugaran awak. Salaku tambahan, yoga oge tiasa ngirangan setres sareng ningkatkeun kualitas hirup urang dina sapopoe. Nalika urang ngarasa setres atanapi hariwang nu datang tiba-tiba, ku ngalaksanakeun yoga dina waktos senggang, urang tiasa ngatur setres sacara alami sareng ningkatkeun kesejahteraan dina perasaan urang. Kasimpulanana, latihan yoga dina waktos lowong tiasa janten cara anu efektif pikeun ngatur setres, ningkatkeun karaharjaan, sareng jmere motivasi leuwih kanggo ngahontal tujuan pribadi. Ku lantaran eta, yoga tiasa janten pilihan anu pas kanggo ngeusi waktu lowong dina kasibukan sapopoe.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "2297", "text": "Kitab-kitab agama di Indonesia asalna ti urang Kristen Katolik, nyaéta Al Kitab atawa Kitab Suci. Agama Kristen Katolik asup ka Indonésia dimimitian ti datangna Portugis ka kapuloan Maluku. Liburan Katolik nyaéta Christmas, Good Friday, Ascension of Jesus Christ, jeung Easter. Béda jeung Kristen Protestan muncul sanggeus protés Martin Luther di 1517. Kecap Protestan dilarapkeun ka urang Kristen anu nampik ajaran jeung otoritas Garéja Katolik. Kitab suci agama Kristen Protestan sarua jeung Kristen Katolik, nyaeta Al Kitab atawa Kitab Suci. Sedengkeun tempat ibadah pikeun urang Kristen Protestan ogé sarua jeung urang Kristen Katolik, nyaéta gereja han bedana di interprestasi nu aya di injil kristen nyaeta versi vatican jeung versi marthin luther.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "1539", "text": "Unggal beres gawe biasana urang sok ngajemput ka tempat gawe manehna, kabeneran oge tempat gawe urang jeung manehna saarah jadi bisa disampeur pas balik teh. Tapi mun pas berangkat mah teu ka sampeur, lantaran beda jam asup gawena. Biasana tara langsung balik tapi dahar heula di hiji tempat ngameh geus nepi imah teh beuteung wareg teu kukurubukan deui. Di motor atawa di tempat dahar, urang sok silih tanya ngeunaan dina sapoe ieu aya carita naon? Atawa kumaha perasaanna gawe poe ieu, aya masalah henteu? Tidinya sok apal kumaha suasana hate masing-masing, jeung mun keur aya masalah sok silih bantuan jang ngabereskeunna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "872", "text": "Baheula mah euweuh lapangan tempat mengbal, jadi biasana mengbal teh di sawah anu anyaran panen. Tah ku kituna tempatna teh teu rata, jeung permukaana teh kasar. Mun panas poe sok panas pas ditincak teh. Lantaran teu boga sapatu mengbal, biasana sok nyeker. Eta oge bisa sabenerna make sendal, tapi sok babari pegat sabab katarik talina. Pas keur maen posisi bolana teh deukeut galengan, sabab keur rebutan jeung pihak lawan, ditajong tah ku urang teh satarikna. Sing horeng si galengan teh teuas, da eta mah nepikeun ka suku urang getihan rada ngucur di palebah suku bagian tengah teh. Karasana peurih pisan ditambah tempatna urut pare. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "15", "text": "Pernah sakali ka mie bakso viral anu di Cihapit ngaranna Bakmie Tjo Kin. Basa harita kadinya kanu motor kabeneran keur ngantri. Kuring nungguan nepi ka aya 45 menit na. Pelayananna goreng pisan, maenya urang nu nungguan geus lila kalakah batur nu karek datang nu diheulakeun. Geus komplen ka juru masakna, ceunah acan asak. Ari pas geus datang dahareuna, eh kalakah tiis. Bakmie na teh geus lembek. Teu ngeunah ceuk kuring mah. Kapok kadinya deui teh geus mah nungguan lila, pelayananna goreng, jeung deui dahareunna teu ngeunah. Saran jang kanu boga restoran eta, lamun keur pinuh teh mending make nomor sakalian meh adil.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4268", "text": "Simbol pamingpin dina suku atawa daerah na nyaeta tokoh adat, tokoh adat pasti bakal ngamumule jeung ngajaga nama baik naerah atawa suku anu di cicingan na. Moal nyicingkeu lamun misalkeu aya jelema anu ngusik atawa teu ngahargaan ka kabudayaan nana pasti kasinggung. Contohna anu pernah kajadian tokoh-tokoh pribumi Sunda ngaku kanyenyerian ku Edy Mulyadi anu ngagunakeun atribut-atribut sunda, nyaeta ikat kepala atawa logen. Leuwih ti éta, Edy ngagunakeun atribut Sunda nalika nyinggung ka urang Dayak, nepi ka urang Sunda ogé milu nyeri hate Kusabab ngagunakeun atribut éta, Edy ngagunakeun éta pikeun nyerang kelompok anu tangtu. Atribut teh bagean ti suku sunda sacara umumna, jadi ngagunakeun atribut kadaerah sunda sarua jeung representasi warga sunda, jadi teu meunang eta di pake komo nyinggung batur.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "5038", "text": "Akhir-akhir ieu nuju seueur pisan nu minat kana wisata di Pulau Seribu. Tempatna aya di ujung paling kulon pulau Jawa nu mangrupakeun pula-pulau. Pulau Seribu nyayogikeun wisata kaendahan pantai sareng kaendahan jero lautna. Pengunjung nu datang ka tempat ieu pasti moro na teh kana kagiatan diving (nyelam) jeung snorkling. Kaendahan jero lautna mangrupa terumbu karang jeung jenis binatang lautna. Pulau Seribu jadi wisata snorkling jeung diving nu paling dipikaresep ku masyarakat. Teu aneh da salian kaendahan alam lautna, akses ka lokasi na bisa kabilang masih daerah Jakarta, jadi loba pengunjung nu ngadon nyantai jeung liburan tina kasibukan pagawean di Ibukota. Hal eta salah sahiji nu ngajadikeun tempat ieu wisata paporit masyarakat nu tara aya saatna ku pengunjung. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "4930", "text": "Zaman kiwari, seueur tuangeun nu dijieunna simpel tur tereh atawa biasa disebut oge masakan cepat saji. Salah sahiji contona nyaeta spaghetti. Tuangeun ieu asalna ti nagara Eropa tuluy ngajalar ka nagara-nagara sejen termasuk Indonesia. Cara ngadamel ieu makanan kacida gampangna sabab ayeuna mah tos aya bahan-bahan instan na. Bahan-bahanna nyaeta pasta spaghetti merk la fonte, saos bolognese merk la fonte, saos tomat, bawang bombay, bawang bodas, minyak sayur, jeung keju. Mimiti, godogkeun pasta dina panci, tambahkeun sasendok minyak sayur supaya teu rapet. Tuluy siksikan bawang bombay jeung bawang bodas. Saasakna pasta tina cai godogan, tuuskeun dina wadah. Tuluy oseng-oseng bawang bodas jeung bawang bombay dina katel, tambahkeun pasta nu tadi. Brus uyah sacukupna, saos tomat 4 sendok, saos bolognese sacukupna. Tos kitu aduk dugi ka rata. Upami tos rata tur asak, pindahkeun kana piring. Tambihkeun parudan keju diluhurna. Spaghetti siap dituang.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "2768", "text": "Generasi Boomers anu puguh condong bersantai, leuwih resep ningali acara TV dieusi ku program hiburan kayaning sinétron, musik jeung warta, maranéhanana leuwih resep nginget mangsa alus jeung kamulyaan maranéhanana waktu maranéhanana ngora, ngan televisi masih nyiarkeun program jeung carita cahaya. gampang dicerna jeung ngucur emosina keur Boomers kalawan carita anu ampir sarua jeung carita sinetron tersanjung episode hiji taun 90-an, ngan ayeuna geus dimaénkeun ku jalma anu béda-béda jeung judul anu béda. Televisi nepi ka ampir ka sakumna penjuru. Ku kituna masarakat anu cicing di wewengkon anu sinyalna hésé ngandelkeun televisi pikeun néangan informasi jeung hiburan, sedengkeun wewengkon kota kalawan sinyal internét alus leuwih resep ngagunakeun smartphone salaku sarana pikeun manggihan informasi jeung hiburan.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "5093", "text": "Daripada ngan gogoleran atawa ngagabut mun libur, mending urang ngiluan jadi volunteer atawa relawan sosial. Salian meunang babaturan anyar jeung pangalaman, urang ge bakal meunang pahala jang bekeleun ka akherat. Cara gabung na nyaeta urang pilarian komunitas bakti sosial, terus tinggal daftar janten relawan dina kagiatan bakti sosialna. Teu pangalaman hungkul, urang ge bakal kenging seueur pisan pelajara hidup nu bisa diturutan. Yuk ah urang jadikeun hidup urang leuwih bermanfaat, jang diri sorangan utamana, jang batur oge manfaatna. Urang oge bisa meunang duduluran anyar dina kagiatan nu kieu teh, boh ti komunitasna boh jejaring ti warga sekitarna. Ku kituna, yuk ah persiapkeun diri urang nu leuwih baik jang mere manfaat nu leuwih bak oge ka sasama!", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "8852", "text": "Kumaha carana nungkulan handphone anu ruksak ku kakeunaan cai atawa ragrag kana cai. Anu kahiji nyaéta anjeun kedah mastikeun yén hp anjeun dina kaayaan paéh. Anjeun kedah terang yén nalika telepon sélulér anjeun hurung bari seueur cai anu lebet kana éta, éta tiasa nyababkeun korsleting. Lamun kaayaan hiji hp nu geus kakeunaan konslet, eta kamungkinan bakal leuwih hese pikeun ngalereskeunna. Kadua, cabut komponén di jero awak ponsel, sapertos batré, kartu SIM sareng kartu mémori. Nyoplokkeun tilu komponén ieu ogé mantuan nyegah supaya hp teu parah ku cai nu asup kana handphone. Katilu, garingkeun ku pengering rambut. Urang ulah ngagaringkeun eta ku niupan, sabab bakal nyieun cai meunang jero kana awak ponsel. Atawa bisa ogé diasupkeun kana béas, sabab béas miboga kamampuh nyerep cai. Tungtungna, pasang deui komponén telepon sélulér anu garing, sareng mimitian hurungkeun deui telepon sélulér anjeun.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "8081", "text": "GERMAS atanapi gerakan masarakat hidup sehat teh salah sahiji program ti Kementrian Kesehatan pikeun ningkatkeun kasihatan masarakat. Salah sahiji poin dina gerakan ieu nyaeta aktivitas fisik. Aktivitas fisik nu dimaksad didieu nyaeta olahraga. Olahraga teh tos kabukti tiasa ningkatkeun kasihatan awak sareng ningkatkeun imunitas. Olahraga tiasa di mulai ti nu ringan-ringan sapertos lempang atanapi jogging. Sibukna pagawean teu tiasa dijadikeun alesan masarakat janten males olahraga. Olahraga saleresna tiasa dilakukeun disela-sela pagawean. Kusabab manfaatna hayu urang tingkatkeun aktivitas fisik liwat olahraga supados awak sihat sareng imunitas kajagi. Perkawis ieu oge janten salah sahiji cara urang ngadukung program pemerintah pikeun ningkatkeun kasihatan masarakat.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "4159", "text": "Upacara kaagamaan di indonesia masih kagolong loba keneh anu bisa di tingali. Eta ku sabab aya keneh na jelema anu percaya ka adat istiadat nu ges turun temurun di lakukeun. Sabenerna eta mah kaasup kapercayaan tapi jadi kabawa ku unsur agama. Masih keneh ayeuna loba upacara mun di tingali tina agama mah eweh parentahna tapi tetep di lakukeun asal teu ngalanggar pakem agama na jeung di niatkeun ngan saukur ngajaga kabudayaan jeung adat istiadat nu ges aya ti jaman aki aki jeung nini nini nu ges jadi karuhun urang sarerea. Lamun agama anu sering ngayakeun uapacara nyaeta agama hindu. Upacara na rupa rupa jeung aya nu di pigawe sapopoe.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "588", "text": "Ninggli aktivis budaya ti sababaraha kota jeung kabupaten pada ngumpul di Jawa Timur. Aranjeunna ngalakukeun revitalisasi mata air di kawasan ieu nu jadi hulu Sungai Brantas. Ieu kagiatan anu alus, naon nu dilakukeun ku warga jadi wujud ngamumule budaya di Indonesia oge jadi rasa sukur ka Allah SWT tos mere nikmat ka masarakat Indonesia. Kagiatan ieu dimimitian ku melak tangkal jeung konservasi sumber air tuluy dilajengkeun ku salametan oge sukuran sumber air. Aya pesan moralna dibalik ieu nu kudu dijaga ku warga, nyaeta cai teh jadi sumber kahirupan, tuluy bergerak terus, cai oge ngajarkeun kajujuran, cai ge babari adaptasina, jeung ngajarkeun kasaimbangan sabab cai bisa leuleus oge bisa teuas.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "4189", "text": "Rumah adat di indonesia loba pisan, setiap daerah provinsi boga rumah adatna masing masing. Misalna di provinsi Sumatra Barat aya nu ngarana Rumah Gadang. Rumah Gadang nyaéta ngaran pikeun imah adat Minangkabau anu mangrupa imah adat sarta bisa kapanggih di Sumatra Kulon, Indonésia. Ieu imah ogé disebut ku ngaran séjén ku masarakat satempat ku ngaran Imah Bagonjong atawa aya ogé nu disebut Imah Baanjuang. Imah-imah modél kieu ogé mindeng kapanggih di Sumatera Barat. Sanajan kitu, teu sakabeh wewengkon di Minangkabau (darek) diidinan ngawangun imah adat ieu, ngan di wewengkon anu geus statusna nagari, imah Gadang ieu bisa diwangun. Kitu ogé di wewengkon anu disebut rantau, imah adat ieu ogé henteu diwangun ku pendatang Minangkabau. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "2413", "text": "Tari jaipong diciptakeun ku seniman asal Karawang jeung Bandung, nya éta Gugum Gumbira jeung H. Suanda kira-kira taun 1975. Perhatian dua seniman ieu kana kasenian rahayat, salah sahijina nyaéta Ketuk tilu, sangkan duanana mikanyaho jeung mikawanoh kana perbendaharaan adat Sunda. pola gerak tari Keliningan/ Bajidoran atau Ketuk Tilu. Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun sarta sababaraha variasi gerak mincid tina sababaraha kasenian di luhur ahirna mere ilham Gugum jeung Suanda pikeun mekarkeun tari atawa kasenian anu kiwari katelah jaipongan. Nepi ka ayeuna, sanajan loba hiburan modern anu muncul, kasenian Jaipongan tradisional masih keneh diminati sarta jadi hiburan anu matak pikabitaeun pikeun masarakat. Malahan, lantaran dipikabutuh pisan ku masarakat, tari ieu jadi ikon pikeun ngamajukeun kabeungharan wewengkon Jawa Barat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "434", "text": "Hiji waktu aya raja nu nyauran 3 menterina jang masihan kantong anu mana saurang teh kabagian hiji. Raja tuluy nitah para menterina jang ngeusian tiap kantong ku buah-buahan. Menteri nu kahiji manut tuluy bener-bener gawe jang ngumpulkeun buah-buahan nu bisa kapanggihan. Sedengkeun menteri nu kadua narima parentah raja tapi ngeusian kantongna ku campuran buah-buahan nu alus jeung nu buruk. Tapi menteri ka tilu kalakah ngeusia kantong ku daun garing jeung kotoran. Saenggeus kabeh dieusian kantongna tuluy raja marentahkeun menterina di penjara salila 3 bulan. Dahareun nu bisa maranehna dahar ngan nu aya dina kantong nu geus dieusian ku sewang-sewangan. Dina carita ieu urang bisa nyokot pesan moral lamun tiap jelema sarua siga menteri, geus dibere hiji buku nu kudu dieusian ku lalampahan nu sae jang digunakeun di akherat.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "7073", "text": "Al-Qur’an mangrupakeun kitab suci umat Islam anu eusina wahyu-wahyu ti Alloh SWT anu diturunkeun ka Nabi Muhammad SAW ngaliwatan malaikat Jibril. Al-Qur'an ngandung ajaran agama Islam anu eusi na parentah, hukum, kabar gumbira, peringatan, jeung sejarah. Al Qur'an oge janten sumber utama hukum pikeun umat Islam. Al-Qur’an ngandung rupa-rupa carita jeung kajadian anu lumangsung di jaman baheula jeung ayeuna. Al-Qur’an oge ngandung rupa-rupa piwuruk jeung pituduh anu mangpaat pikeun ngarahkeun umat Islam dina kahirupan. Al-Qur’an tiasa janten sumber inspirasi jeung motivasi pikeun umat Islam sangkan hirup leuwih hade. Al-Qur'an diturunkeun ngangge bahasa Arab. Ngapalkeun qur'an jeung ngamalkeun qur'an mangrupakeun kamulyaan kanggo umat muslim.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "8846", "text": "Pagawean Arka sapopoe ngan nyonyoo wae hp. Ti mimiti hudang sare tepi ka sare deui hp teu leupas tina leungeuna. Eureuna teh palebah solat, dahar, jeung ka cai wungkul. Kaayaan ieu nu ngajadikeun hate indungna sedih kacida. Sedih ngabandungan laku lampah Arka nu ngukur kana umur mah geus meujeuhna mantuan ngaringankeun kasusah kolot. Tapi nyakitu tea ningan NU diharepkeuna mah tenang-tenang we mupujuhkeun karesepna. Lamun diomongan, sok kalah ka Malik ambek asa dihulag karesepna. Antukna, indungna Arka milih jempe bari teu kendat ngado'a ka Allah, mugi-mugi anak lalaki hiji-hijina teh bisa robah adatna jadi budak nu Soleh tur tanggungjawab ka kolot jeung adi-adi awewe na. Indung Arka yakin yen hiji mangsa Arka bakal ngawujud jadi lalaki anu tanggung jawab, hormat tur nyaah ka indung bapa.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "36", "text": "Nyieun masakan diet teh gampang, bisa dijieun di imah, salian ti gampang, rasana oge ngeunah. Bahan-bahan nu dipakena oge gampang kapanggih. Misalna jang nyieun endog orak-arik. Bahan dasarna nyaeta ngan endog jeung sababaraha sayuran. Ngameh leuwih sehat, kudu ngagunakeun minyak alami saperti minyak kalapa pas keur masakna. Cara nyieunna, nu kahiji panaskeun minyak kalapa dina katel. Tuluy kumah beresih kabeh sayuran, jeung potong ku ukuran anu sedeng. Beres eta tumis sayuran ka jero minyak kalapa nu geus panas. Tuluy galokeun sayuran sekeudeung, mun geus kitu asupkeun endog. Tambahkeun oge uyah saeutik, jeung pedes. Galokeun nepi rata, terakhir tambahkeun bayem jang sayurannana. Geus beres tinggal di dahar.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "6728", "text": "Di Indonesia, museum masih keneh sakedik. Teu siga di luar negeri anu gaduh seeur tempat museum anu tiasa didatangan. Museum anu aya di Indonesia oge seeurna museum pendidikan, anu ngan dipake nyimpen barang-barang timuan jang dipake penelitian. Masih keneh jarang museum seni anu nunjukkeun hasil karya seniman-seniman lantaran nu datang na oge biasana sakedik. Masarakat leuwih resep datang ka tempat anu aya dahareun jeung anu nuansa na alam. Tapi, kanggo jalmi anu resep seni Nuart Sculpture Park tiasa janten pilihan. Museum anu nampilkeun hasil karya patung ieu lokasi na aya di Ciwaruga. Tiketna oge mirah, ngan dua puluh lima rebu saurang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "7406", "text": "Skateboard mimiti dilakukeun dina pertengahan taun 1940 - 1950 ku Frank Nasworthy tukang selancar ti California, anu dina waktos eta manehna hayang manggihan cara sejen kanggo selancar nalika cai laut teu ombakan. Ti harita keneh skateboard mulai dimaenkeun. Mimitina papan anu dijieun ampir sarua jeung papan selancar, tapi ukuranana rada leutik tur dibere ban roller skate.Tapi bakating ku populer, seeur anu ngadamel model papan skate sapertos jaman kiwari. Skateboard mimiti asup ka Indonesia dina taun 80-an. Pecinta skate di Indonesia meunang informasi ngeunaan skate ngaliwatan video jeung maca majalah skateboarding ti luar negeri. Oalhraga ieu oge janten salah sahiji cabang olahraga anu ditandingkeun di ASEAN Games. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "7948", "text": "Salah sahiji cara kanggo ngaleungitkeun setres abdi nyaeta nyanyanyian di tempat karaoke. Biasana saatos ujian beres abdi sareng rerencangan sok karaokean di hiji tempat kanggo nyanyanyian. Biasana urang karaokean sasarengan di tempat karaoke anu aya di cakeut imah urang, kadang oge karaoke di imah rerencangan kuring anu gaduh speaker jeung mik kanggo nyanyi tuluy neangan laguna tina YouTube. Urang biasana milih temat karaoke anu teu pati awis tapi lalaguanna rada lami lantaran seeuran janten kedah gentosan sareng rerencangan anu sanes. Abdi resep lamun karaokean lantaran tiasa gogorowokan bebas jeung teu paduli sorana alus atawa butut nu penting mah nyanyikeun lagu.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5794", "text": "Basa nuju janten mahasiswa baru mah abdi teh sok hoream olahraga sabab ku tugas kuliah ge sok kateteran keneh. Badan teh sok asa teu ngeunaheun, asa loyo jeung kurang semangat. Tuluy taun kadua kuliah abdi mulai ngabiasakeun jeung olahraga. Biasana saminggu ngan dua kali atawa tilu kali, eta ge olahraga nu ringan we jiga jogging jeung jalan-jalan. Ti saprak ngabiasakeun olahraga, awak teh jadi asa ngeunaheun, asa hampang, jeung asa sumanget ngajalani aktivitas teh. Berat badan ge jadi stabil, normal, jeung cenderung stagnan di angka 53. Tah pas tos karasa perbedaan nana, abdi mutuskeun jang berusaha samaksimal mungkin supaya konsisten kana olahraga, minimal jogging.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6475", "text": "Dina usia leuwih ti sapuluh taun pernikahan, sok loba cobaan nu datang, salah sahijina rasa bosen ka pasangan. Rasa ieu teh wajar muncul sabab nginget ka unggal poe jeung dina sagala hal teh dilakukeun babarengan jeung pasangan. Mantakna wajar we ngarasa bosen ge da manusiawi. Tapi, rasa bosen eta teh kudu bisa diantisipasi supaya teu ngaruksak hubungan jeung pasangan. Salah sahiji carana nyaeta teangan hal nu menarik jang dilakukeun babarengan, misalna camping bareng atawa kunjungan ka tempat anu tema alam jeung euweuh sinyal supaya bisa ngobrol jeung diskusi leuwih detail jeung pasangan. Mantak mun bosen, ulah neangan pelarian sorangan, tapi kudu neangan suasana baru, lain orang baru!", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "7071", "text": "Unggal 25 Desember, urang Kristen bakal ngarayakeun Natal. Dina basa Inggris, Natal disebut Christmas, nu asalna tina kecap Cristes maesse, nu hartina Mass of Christ (Misa Kristus). Poe suci umat kristen ieu mangrupikeun mieling kalahiran Yesus Kristus urang Nasaret. Seueur nagara, kalebet Indonesia, oge ngahormatan liburan kaagamaan ieu ku netepkeun tanggal 25 Desember salaku liburan nasional. Unggal nagara oge gaduh tradisi anu beda pikeun ngagungkeun Natal. Urang Kristen di Indonesia umumna ngarayakeun Natal ku jalan ibadah di gareja tuluy nganjang ka imah baraya. Perayaan Natal mangrupikeun tradisi Kakaisaran Romawi anu nandaan datangna usum anyar. Di luar negeri, perayaan Natal umumna lumangsung dina usum tiis.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "4145", "text": "Lamun di Numutkeun kana ahli sajarah sababaraha sahabat Nabi boga tanggung jawab nulis ulang wahyu Allah dumasar kana naon sahabat sejenna geus apal. Saparantos Muhammad pupus, para sahabat enggal-enggal nyusun sareng nyerat deui wahyu-wahyu ku cara hafalan. Penataan ulang Al-Qur'an diprakarsai ku Khalifah Abu Bakar Ash-Shiddiq atas saran Umar bin Khattab dengan persetujuan dari sahabat senior. Al Qur'an nerangkeun sorangan yen eusi Al Qur'an teh mangrupa pituduh ti sagala kabeh au aya di dunya ieu. Sakapeung ogé bisa ngandung carita ngeunaan carita sajarah, sarta nekenkeun pentingna moral. Al Qur'an dipaké babarengan jeung hadits pikeun nangtukeun hukum syari'ah jeung fiqih Islam atawa fiqih. lamun ngalaksanakeun shalat oge bacaan na aya dian jero al- quran, Al Qur'an ngan bisa dibaca dina basa Arab. eta sababna sababaraha ahli nganggap al Qur'an salaku karya sastra Arab nu panghadéna di dunya.", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "1573", "text": "Pas geus apal urang nyasar di gunung, urang ulah cicing. Komo deui ngarenung ngeunaan sieun teu bisa hirup. Pokona mah ulah panik, lamun urang ngajorowok atawa ceurik di tempat, moal aya hasil nu signifikan. Alusna mah tenangkeun diri heula tuluy tarik nafas panjang meh bisa nguatkeun mental urang. Mun geus tenang, urang kari leumpang deui neangan jalan bari susuganan panggih jeung pendaki sejen, ulah poho urang kudu ninggalkeun jejak. Ninggalkeun jejak bisa ku cara nyobekeun baju di talikeun kana tangkal. Ieu bisa ngamudahkeun tim pencarian nu keur neangan urang. Leuwih alus deui mun urang mawa pulpen atawa spidol, tinggal nulis ngaran urang kana benda=benda nu ditinggalkeun jang jejak.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "517", "text": "Cara nyieun hateup nu sok dipake jang suhunan imah adat Sunda. Nu kahiji siapkeun tangkal jambe nu geus dipotong laleutik fungsina jang penyangga daun anu panjangna 1 meter jeung kandelna sakitar 3-4 cm. Nu kadua hoe nu dipotong ipis nyarupaan benang jang nyambungkeun daun rumbia nu mangrupakeun bahan nu utama dina nyieun hateup. Lamun geus disiapkeun 3 bahan eta tuluy cokot kai jambe nu geus dipotong sapanjang 1 meter. Tinggal dipilih 3 daun rumbia di tengah-tengah antara kai jambe terus potongkeun jadi hiji ngameh dua sisina ngahiji. Saenggeus kitu, cokot hoe jang nyambungkeun daun rumbia eta siga ditalikeun jeung dianyamkeun kana kai jambe. Tuluy gawean satuluyna nepi kabeh kai jambe katutup jeung ulah nepikeun ka diantepkeun lamun aya susunan nu kurang rapet.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "6625", "text": "Salah sahiji tempat anu cocok kanggo ngempel sareng kulawargi nyaeta Tea Bumi nu lokasina aya di Jl. Pajajaran Bandung. Tempatna aya di sisi jalan, deket ti mol oge. Ti luar katingalina alit, tapi pas asup ka lebet tempatna lumayan badag, aya nu di lebet imah, aya oge anu di luar, cocok upami teu hujan. Tempatna sae kanggo popotoan atawa calik santai sabari nyruput ci enteh. Aya seeur pisan rupi-rupi enteh nu ditawisan. Aya oge minuman sapertos kopi sareng cai biasa kanggo anu teu resep enteh. Pilihan tuangeun na oge seeur, tapi anu paling ngeunah nyaeta pasta karbonara, anu porsina lumayan seeur tapi pangawisna teu pati awis, pas dina dompet. Basa keur ulin ka ditu sareng rerencangan abdi mesen mie kuah, pangawisna teu langkung ti dua puluh rebu, tapi hanjakal rasana kirang asin.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "1879", "text": "Numutkeun salah sahiji wagelan jurnal nu aya dina bidang kaséhatan, és krim milo sabenerna teu cageur. Hiji cangkir és kepal milo ngandung 1.000 kalori atawa sarua jeung 2,5 porsi sangu nu sedeng-ukuran. Jeung anggapan kuring, sanggeus ngadahar és milo, jalma-jalma masih kénéh ngadahar karbohidrat séjénna, saperti sangu, 3 kali sapoé deui. Samentara éta, sacara umum, lalaki butuh rata-rata 2.500 kalori sareng awéwé 2.000 kalori. Janten ku tuang ngan sacangkir és krim milo, urang parantos nyumponan ampir satengah tina kabutuhan kalori. Sareng ieu berpotensi nyababkeun urang kaleuleuwihan kalori. Sareng ningkatkeun résiko urang obesitas. kusabab kitu arurang kudu ngurangan minuman favorit nu viral iyeu, tong sampe kamerkaan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4519", "text": "Badminton , badminton , atawa bulu keprok ( basa Inggris : badminton ) nyaéta hiji olahraga anu ngagunakeun pakakas anu wangunna buleud kalayan rongga dina kalong. Jeung boga cecekelan. Alat ieu katelah rakét anu dimaénkeun ku dua urang lawan (pikeun tunggal) atawa dua pasang (pikeun ganda). Sarupa jeung ténis, bulutangkis boga tujuan pikeun neunggeul bal kaulinan badminton, nyaéta kumaha carana (shuttlecock) ngaliwatan jaring nepi ka ragrag kana lapangan maén lawan anu geus ditangtukeun sarta nyoba nyegah lawan ngalakukeun hal nu sarua. Dina badminton aya lima pésta, nyaéta tunggal lalaki, tunggal awéwé, ganda lalaki, ganda awéwé, ganda campuran. Unggal pamaén atawa pasangan nyokot posisi sabalikna dina dua sisi net dina lapangan badminton. Tujuan tina kaulinan nyaéta pikeun pencét shuttlecock ku rakét, ngaliwatan net kana wewengkon lawan, nepi ka lawan teu bisa balik deui. Wewengkon maén anu béda pikeun pertandingan tunggal sareng ganda. Lamun kumaha datangna eta ragrag di luar wewengkon lajeng naha disebut \"kaluar\". Unggal pamaén/pasangan teu bisa balik deui (kusabab nyangkut dina net atawa kaluar lapangan), lawan bakal meunang titik.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "9029", "text": "Wirausaha mangrupa gabungan dua kecap, nya éta 'wira' jeung 'usaha'. Wira hartina pejuang, pahlawan, budi pekerti, manusa unggul, budi pekerti, tur gagah. Samentara éta, usaha nyaéta kalakuan atawa prakték, ngalakukeun hiji hal jeung digawé. Lamun dihartikeun sacara harfiah, hartina wirausaha nyaéta jalma anu nyieun hiji produk, nangtukeun métode produksi, ngatur operasi pikeun procure produk anyar pikeun ngatur modal jeung pamasaran. Tujuan kagiatan ieu nyaéta pikeun ngahasilkeun hiji hal anu ajén anu langkung luhur tibatan nalika diolah sateuacana. Jalma anu ngalaksanakeun kagiatan wirausaha disebut wirausaha. Anjeunna tanggung jawab nyiapkeun manajemén operasional tina sakabéh prosés kagiatan, ti pengadaan nepikeun ka pamasaran produk. Pangusaha ogé kedah gaduh kamampuan pikeun maca tren pasar supados henteu salah sasaran dina pamasaran produkna.", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "9307", "text": "Hirup jeung pasangan teh pasti aya wae lika-likuna, moal lurus-lurus wae. Ngaliwatan jalanna waktu, bakal aya dinamika hirup jeung pasangan anu bakal ngajadikeun hubungan moal alus-alus wae. Urang teh kudu saling tanggap. Hirup Bahagia jeung pasangan teh teu kudu kamamana duaan. Urang jeung pasangan teh angger butuh waktu sorangan jang instrospeksi diri, diajar jadi jalma anu dewasa. Penting jang urang nerapkeun saling tanggap ka pasangan, saling ngartikeun pagawean jeung kasibuk masing-masing. Ngaranna saling, berarti kudu duanana, ulah salah sahijina. Lamun kitu pasti bakal aya wae anu teu cocokna, bakal aya wae ribut lamun salah sahijina teu bisa ngartikeun nu hijina. Wajar aya ribut dina kahirupan jeung pasangan, tapi kan leuwih ngeunah lamun hirup akur jeung pasangan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "1162", "text": "Jualan di imah jadi salah sahiji alternatif nambah penghasilan atawa jadi pagawean tetep. Urang jualan sembako di imah geus leuwih ti 10 taun. Sabab jualan sembako mah geus pasti nu jelema butuhkeun unggal poe, ti mulai beas, gas elpiji atawa galon. Jualan tilu ieu mah geus pasti laku. Tuluy bisa ditambahan oge ku jualan minyak kalapa, endog hayam, tarigu, jeung sajabana. Bisa oge sabun-sabunan, siga sabun mandi, sabun colek jang nyeuseuh, sampo. Atawa kadaharan anu ringan, mun jang barudak leutik mah ciki-cikian atawa permen. Mun jang kolot mah bisa roti atawa kadaharan nu sejenna nu hipu. Mun jang bapak-bapak mah bisa ngajualan roko, geus pasti roko mah moal sepi peminatna aya wae. ", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "5744", "text": "Tos dua taun Rendi nabung acis kangge meser dayung idamanna. Dayung teh diibaratkeun senjata dina olahraga arung jeram. Jadi, Rendi mutuskeun jang meser dayung braca supaya leuwih segut kana ngadayungna. Rendi ngarasa mun make dayung braca teh kamampuanna bakal maksimal dikaluarkeun sabab kabantu ku alat nu memadai salila pertandingan jeung latihan. Rendi nabung dua taun make duit ladang insentif bulanan na di arung jeram. Saentos acisna cekap, teu mikir deui Rendi tuluy meser eta dayung supaya bisa dipake latihan sacepatna. Pas dayungna tos dugi di tangan Rendi, buru-buru ku Rendi di stel tuluy dicobaan dina latihan. Rendi meuni nyaaheun pisan ka dayungna nu ieu.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6772", "text": "Liburan ka Jogjakarta mangrupakeun salah sahiji pangalaman anu paling pikaresepeun anu kuring kantos alaman. Kuring indit ka Jogja sareng kulawargi. Urang sadidinten jalan-jalan ka sababaraha tempat wisata di Jogjakarta, sapertos Candi Prambanan, Taman Sari, sareng Kraton. Urang oge ngadatanagan sababaraha museum, nyaeta Museum Sonobudoyo jeung Museum Ullen Sentalu. Di Jogja oge aya sababaraha tempat makan anu kasohor, sapertos Warung Sate Klathak Pak Pong sareng Warung Makan Soto Betawi. Lamun ka Jogja tong hilap nyobian Gudeg sareng Sate Klathak. Abdi teras lajeng ka tempat balanja anu kasohor di Jogjakarta, saperti Pasar Beringharjo, Malioboro, jeung Pasar Klewer. Pokona lamun aya kasempetan abdi bakal balik deui ka Jogjakarta.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "177", "text": "Diajar masak oge perlu, carana siapkeun alat-alat masak jeung peralatan dapur nu penting siga peso, kompor, jeung serok. Kuasai teknik masak nu dasar, siga ngeureut, nyiksikan, jeung ngolah bahan dahareun. Mulai na ti resep nu babari misalna kudu apal heula takaran jeung momen nu tepat jang ngawurkeun uyah jeung pedes. Cara ieu bisa dipelajari ku nonton Youtube ngameh apal soal resep masakan, misalna masak menu sarapan. Sabab menu makan siang atawa malam condong riwet. Jadi bisa di mimitian masak endog, bubur, atawa menu sejenna. Ulah poho oge kudu dibiasakeun milih bahan anu seger, ngameh beuki kalatih jeung ngasaan hasil ahirna. Masak make bahan-bahan seger oge bisa jadi hasil masakanna beuki ngeunah jeung sehat.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "50", "text": "Cemilan anu dipikaresep utamana anu rasana lada. Siga kiripik kaca jeung basreng garing. Urang mindeng meuli cemilan eta di online shop, mimiti ngajaran meuli satengah kilo, tara lila beakna teh. Basa meuli basreng garing oge urang meulina nu ukuran sakilo, teu leuwih ti saminggu geus beak. Biasana sok aya level ladana, urang mah sok milih nu paling akhir, atawa nu ekstra pedas. Beuteung mah kuat sabenerna, tapi kalilaan mah sok karasa nyeri beuteung oge. Loba nu jualan cemilan kawas kieu di online teh, tapi teu kabeh rasana ngeunah, teksturna nyakrek, bumbuna loba. Sakapeung sok meunang nu rasana pait, teksturna teuas, bumbuna saeutik. Jadi urang sok taliti lamun meuli. Jeung lamun geus meunang nu ngeunah, tara meuli deui ka nu sejen.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "64", "text": "Jadi chef emang teu babari tapi ceuk urang mah nu gawena jadi chef teh ngajangjikeun pisan di masa kahareupna. Ku sabab bisnis kuliner mah bisnis nu moal pernah pareum, salila aya jelema nu hirup di dunya, soalna geus pasti kudu dahar unggal poe. Mangrupa-rupa dahareun nu di dahar pastina kudu beda-beda ngameh teu bosen, beda daerah beda oge selerana. Ayeuna mah ngolah dahareun tinu bahan atah jadi dahareun nu ngeunah teh lain ngan saukur kaahlian kolot nu di imah wae, tapi masak geus jadi salah sahiji pagawean nu ngajangjikeun. Jadi lamun urang dahar ngeunah di restoran geus pasti eta hasil olahan ku chef. Geus katinggali lamun dahareunna geus di tata na alus, jeung rasana ngeunah, eta geus pasti chefna jago.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "3902", "text": "Palayan atawa waiters restoran, komo restoran bintang lima ge teu eleh pofesional. Biasana samemeh muali di gawe calon- calon palayan ieu teh di training atawa di coba di ajarkeun kumaha cara na komunikasi jeung tamu nu loba sifat jeung kriteria na, di ajarkeun kumaha ngalayan nu mesen, nu komplain jeung sajabana. Teu jarang palayan nu nagean di hareup di tungtut kudu bisa bahasa asing misal na bahasa inggris atawa mandarin (tergantung restoran na) lamun di hotel bintang 5. Eta di lakukeun soalna loba nu meuli atawa pelanggan nu orang asing, anu bisa jadi sekedar dahar biasa, di gawe jarak jauh atawa rapat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "2412", "text": "Di handap ieu aya 4 gerak dina tari jaipongan:\n1. Bubuka\nGerakan jaipongan ieu mangrupa gerakan bubuka nalika pagelaran bakal dimimitian. Biasana penari nyieun gerakan leumpang melingkar bari maén shawl sabudeureun beuheung penari.\n2. Pancungan\nGerakan jaipongan ieu nujul kana tempo anu gancang, dipirig ku musik sareng lagu anu gancang. Gerak Pencungan ieu mangrupa gerak tari anu pinuh ku sumanget sangkan bisa ngageuingkeun panongton sarta mikaresep tarian ieu.\n3. Ngala\nGerakan ini merupakan gerakan tari jaipong seperti pecah. Pindah ti titik ka titik dipigawé dina témpo pisan gancang. Gerakan ngala mangrupa gerakan anu nambahan kaunikan tarian ieu.\n4. Mincit\nGerakan ieu mangrupa gerak ti hiji jenis gerakan ka nu sejen. Nalika nari, gerakan ieu dilakukeun saatos aya gerakan ngala.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "7958", "text": "Sanajan resep cicing di desa, tapi sabenerna aya oge kakuranganna nyaeta jauh ka mamana, komo kanggo anu tos biasa indit ka Indomaret atawa Alfamart pasti moal nimu di dieu, bujeng-bujeng ka minimarket kitu, warung oge teu seeur. Janten biasana lamun bade balanja kedah jauh pisan ka pusat kota teras ka pasar, balanja sing seeur lantaran bakal hese nimuan di desa. Matak teu heran lamun di desa seeur jalmi anu melak tatangkalan sasayuran jeung bungbuahan kanggo diemam sapopoe, kanggo minuhan kabutuhan sapopoe.Tapi seeur oge anu jualan dahareun anu tos dipasak sapertos lotek, seblak, jeung surabi. Dahareun anu dijieun ti bahan-bahan anu aya di kebon. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "6126", "text": "Mun nuju ngalami karugian teh ulah nepi ka kaleungitan arah, kudu sing sabar jeung sadar. Ulah nepi ka poho kana sagala perkembangan, komo mun nepi ka putus asa mah. Sagala rupa usaha teh bisa naek turun, untung jeung rugina teh teu pasti. Mantakna butuh perencanaan nu detail jeung asak supaya bisa ngaprediksi jalanna usaha jeung perkembangan nana. Mun manggih kauntungan kudu bisa nyisihkeun jang dana takterduga, supaya mun keur ngalami karugian teh bisa make dana eta jang ngacover karugian usaha. Jeung deuih ulah nepi ka tumpur pisan usahana, kudu aya usaha jeung ngembangkeun na deui, komo mun geus gaduh pelanggan tetap mah. Yuk diajar heula nyieun perencanaan usaha masing asak supaya bisa ngaminimalisir karugian!", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "3622", "text": "Dina artikel ieu, kuring resep ngajajah kahirupan jalma anu cicing di dataran luhur, naha éta? keur kuring pribadi kahirupan masarakat padesaan di dataran luhur kacida matak pikabitaeun jeung loba hal anu bisa diconto.\n1. Minat Atikan Nyaritakeun jalma-jalma nu aya di pagunungan, tangtu pikiran urang sasatna matok kana kaéndahan jajaran gunung nu hawana tiis. Salian ti kaéndahan alamna, kahirupan masarakat di dinya miboga hal séjén anu matak pikabitaeun. Nyaéta ngeunaan pendidikan. Tong lepat, sumanget diajar ka barudak padésan téh kacida luhurna. Aranjeunna bakal nutupan jarak kilométer ka sakola sanaos kedah leumpang. Kahayangna pikeun ngembangkeun daérahna mangrupikeun salah sahiji motivasi anu paling kuat. Tah ayeuna mah, mun masih keneh nganggap handap ka masarakat kampung, teu aya patalina.\n2. Kabudayaan Tepas Lamun urang ngan bisa manggihan hiji hal ieu di dataran luhur, kuring sorangan nyaksian kumaha maranéhanana bener ngahargaan waktu. Henteu ngan sakali atawa dua kali, tapi mindeng maranéhna bakal datang dina waktu nalika aya hiji acara. Jaman baheula, kuring jeung babaturan ngayakeun hiji acara, sapuk yen acara dimimitian dina jam hiji beurang. Sareng leres, aranjeunna sumping dina waktos anu sapuk. Urang nu kabeneran jadi tuan rumah pasti reuwaseun, sabab sagala persiapan tacan réngsé, tapi geus datang jeung rombongan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "5902", "text": "Di zaman nu serba canggih ieu, teknologi teh saolah hirup berdampingan jeung kahirupan manusa. Pasalna, teknologi teh ngalami perkembangan nu kabilang pesat dina sagala aspek kahirupan. Hadirna teknologi baru teh bisa ngamudahkeun sagala hal nu berkenaan jeung pagawean hirup. Teknologi ge bisa ngarinankeun beban pagawean. Ku kituna, urang ulah nepi ka tinggaleun zaman, kedah bisa nuturkeun perkembanganna, salah sahijina dina aspek perkembangan teknologi. Mun geus tinggaleun mah bakal gagapteknologi, bakal rada kasusahan nyasuakeun nana. Jadi, yuk lalaunan ngikuti perkembangan teknologi nu aya! Ulah nepi ka tinggaleun teuing! Sabab bakal penting pisan jang kahirupan urang, komo dina fasilitas umum masyarakat mah.", "label": 6, "label_text": "technology"} {"id": "9502", "text": "Nonton pilem horor mangrupikeun salah sahiji hobi anu dipikaresep pikeun sababaraha urang. Nalika nonton pilem horor, urang bakal ngarasakeun sensasi sieun tapi ogé kahibur ku adegan tegang anu dipidangkeun. Film horor biasana nyaritakeun ngeunaan jurig, mahluk gaib, atawa kajadian aneh anu lumangsung di alam nyata atawa di alam sejen. Nonton pilem horor biasana dilakukeun sareng babaturan atanapi kulawarga, janten tiasa nambihan rasa kanyamanan sareng kaamanan nalika lalajo pilemna. Salian ti eta, nongton pilem horor oge tiasa janten jalan pikeun ngaleungitkeun setres sareng ngaleungitkeun rasa bosen saatos sadinten damel atanapi diajar. Ku kituna, sanjaan pilem horor midangkeun kajadian sareng adegan anu pikasieuneun, horor tetep miboga penonton anu loyal.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "9408", "text": "Sarapan jadi kawajiban anu biasa Alif lakonan unggal isuk samemeh ngajalanan aktivitas sapopoe. Rupa-rupa kadaharan anu dipilih jadi menu sarapan. Nanging, biasana lamun kudu masak sorangan, menu-menu sarapan nu dipilih ku Alif sederhana jeung babari pisan dijieunna. Salah sahiji anu paling mineng dijieun Alif nyaeta sangu goreng. Manehna masak sangu goreng ku bahan-bahan anu babari dipanggihan, nyaeta sangu, endog, kecap, uyah pecin, pedes, jeung cengek. Lamun keur kabeneran Alif kapepet ku waktu indit ka kantor, Alif biasana milih nyieun roti bakar make selai cokelat. Roti bakar ieu menu sarapan Alif anu paling sakeudeung waktu nyieunna. Manehna nyiapkeun roti tawar 2 lembar, tuluy diolesan ku sele cokelat, dibakar kanu oven listrik terus dibakar salila 10 menit. Nu jadi pasti, keur Alif nu paling penting sarapan teu meunang kaliwat saacan ngalakonan kagiatan sapopoe.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "599", "text": "Bisa wanohkeun kadaharan khas daerah khususna ka barudak leutik ngameh loba elmu ngeunaan kadaharan khas daerah. Misalna bisa ngenalkeun sangu liwet. Engkena barudak bisa diajar hal nu sejen ti hiji daerah. Bisa wae barudak teh ka motivasi deui jang nyaho naha sangu liwet jadi kadaharan tradisional di daerah Sunda, naon bahan jang nyieunna, jeung sajabana. Ngawanohkeun kadaharan tradisional oge mangrupakeun salah sahiji cara jang ngajaga budaya, jeung deuih kadaharan tradisional oge gede gizina oge mangpaat sabab teu ngagunakeun bahan-bahan instan. Ngawanohkeun kadaharan atawa kueh tradisional teu kudu ngalakukeun ku cara nganjang daerah eta. Sabab pastina bakal ngaluarkeun duit nu leuwih loba oge waktu oge kudu loba. Jadi samentara mah bisa ajak barudak ka festival kadaharan khas daerah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "9461", "text": "Vila mangrupikeun bumi mewah anu aya di lokasi anu sae sareng gaduh lahan anu lega. Vila biasana diwangun ku sababaraha kamar, kamar mandi, ruang tamu, dapur, sareng teras anu ageung. Vila oge biasana dilengkepan ku fasilitas sapertos kolam renang, kebon, sareng tempat parkir anu ageung. Vila sering dianggo jadi tempat anu nyaman sareng sepi pikeun niis atanapi liburan. Villas oge mindeng disewakeun ka jalma anu hayang ngarasakeun pakansi kualitas dina lokasi geulis. Vila biasana aya di daerah anu gaduh pamandangan endah, sapertos di sisi basisir, sisi danau, atanapi di tengah gunung. Vila oge biasana lokasina jauh ti kota, sahingga nyadiakeun atmosfir tenang jeung tiis pikeun nu nyicingan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "5501", "text": "Cara kunjungan ka kampung adat Baduy make bus ti Jakarta. Mimiti, naek bus ti terminal Rambutan ka terminal Serang. Geus dugi terminal serang, lanjut deui make bus jurusan Labuan Tarogong. Geus nepi parapatan Kadubanen, lanjut deui ka terminal Mandala. Ti terminal Mandala, naek elf nu ka Ciboleger. Tah Ciboleger teh mangrupakeun gerbang asup kampung Baduy. Tidieu tinggal nuluykeun we tracking ka kampung Baduy sakira opat nepi ka lima jam ngaliwatan kebon jeung semu leuweung. Aya oge jalur lain nu leuwih deukeut, tapi trackna ancur pisan. Jadi, wisatawan leuwih rame nu ngaliwatan jalur ieu sabab babari dilewatan jeung deuih bisa ngaliwatan sababaraha desa Baduy Luar.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "6104", "text": "Deni mangrupikeun salah saorang pegawai tetap di PT Infomedia Nusantara nu aya di Bandung. Anjeunna kabagean damel di posisi Call Center Layanan Vaksin. Gaji bulanan na tos sasuai jeung upah minimum. Saminggu teh lebet ti Senen dugi ka Jumat, sapoe na teh dalapan jam. Ngan, mun hari libur atawa tanggal beureum teh sawaktu-waktu dina kaayaan tertentu kudu daek narima keluhan ti pelanggan. Gawe na full work from office. Asup na jam dalapan nepi ka jam lima. Mun hoyong makan teh tinggal ka kantin nu aya di lantai dasar kantorna, teu kudu cape neangan ka luar. Mun butuh camilan ge tinggal ka Alfamart di jero parkiran gedungna ", "label": 7, "label_text": "business"} {"id": "1843", "text": "Lamun ditilik sacara global, saloba 1,3 miliar ton kadaharan anu dibuang unggal taun. Ieu ngagambarkeun kira-kira sapertilu tina sakabéh kadaharan anu dihasilkeun pikeun konsumsi manusa, sarta ngahasilkeun kira-kira 8% tina émisi gas rumah kaca di dunya. Indonésia sorangan mangrupa salah sahiji nagara panghasil runtah kadaharan (food loss and food waste) panggedéna di dunya, salian ti Arab Saudi jeung Amérika Sarikat. Numutkeun studi Bappenas, limbah pangan anu dibuang di Indonésia dina taun 2000-2019 ngahontal 23-48 juta ton per taun atanapi sami sareng 115-184 kilogram per kapita unggal taun. Saterusna dumasar kana data Kementrian Lingkungan Hidup dan Kehutanan (KLHK) taun 2021, diantara sakabeh jenis runtah anu dibuang, runtah kadaharan mangrupa komposisi runtah anu panglobana, nya éta 29,1 persén tina total runtah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4992", "text": "Presto mangrupakeun salah sahiji alat masak anu guna na jang ngahipukeun dahareun. Mun biasa na ku panci mah butuh sajam jang ngahipukeun daging, tah na presto mah ukur butuh paling lima belas menitan jang ngahipukeun daging. Presto oge bisa nahan panas dahareun leuwih lila ribatan panci biasa, sabab uap na ditahan di jero panci. Ku make presto mah salian urang bisa ngirit gas, urang ge bisa ngirit waktu. Masakan na oge sok rada leuwih ngeunah tibatan dina panci biasa. Ai pala wargi biasa sok make presto tara? Hayu ah urang diajar ngahemat gas make pangukus presto ieu. Dijamin bakal dipikaresep ku ibu-ibu nu hobi masak mah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5782", "text": "Arung jeram atawa funrafting jadi salah sahiji wahana wisata anu seueur digandrungi ku masyarakat khususna kalangan pamuda pamudi. Funrafting teh jadi salah sahiji wisata pilihan sabab salian nantangan nyali, oge bakal nimu kaseruan dina guyang di cai jeung dimanjakeun ku kaendahan alam di kenca katuhu wahangan. Seueur oge nu mimitina ngarasa sieun pas asup jeram, tapi mun geus kadua kalian mah bakal ngarasakeun resep jeung katantang mun panggih jeram teh. Tah, tidinya kagambar yen kasieun teh sabenerna kur aya dina pikiran hungkul, jeung bakal leungit mun bisa dilawan jeung dikontrol mah. Ulah kumeok samemeh dipacok, ulah sieun samemeh nyobaan funrafting. Yuk geura cobian funrafting!", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "6662", "text": "Lamun tadi ngabahas bajigur, ayeuna urang bahas babaturan na nyaeta bandrek. Bajigur jeung bandrek sok dikira sarua padahal beda, bajigur mah warna na coklat kopi susu, ai bandrek mah warnana jiga kopi hideung cawerang. Bandrek paling ngeunah disuruput pas nuju panas keneh, biasana bandrek disajikeun make potongan kalapa anu diserut. Daripada nginum coca-cola mending ge nginum bandrek, jelas-jelas leuwih sehat kusabab ngadamelna oge ti jahe anu dicampur ku kayu manis, manisna alami, beda jeung coca-cola anu pasti seeur gula biangna. Rasa amis bandrek oge asalna ti gula bereum janten moal ngarusak awak. Urang tiasa nginum bandrek jeung teu kudu hariwang efek samping na.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "6633", "text": "Kadaharan anu sok jadi andalan urang Sunda upami nuju kempel kulawargi nyaeta sangu liwet lantaran rasana anu ngeunah jeung gampil nyieunna. Kahiji urang kantun nyiapkeun beas anu tos diseseuh beresih, teras diasupkeun kana katrol atawa mejik kom, teras urang lebetkeun salam, sereh, uyah, rebon, sareng bawang bereum jeung barang bodas anu tos ditumis (dilebetkeun sareng minyakna supados seungit). Tong hilap ditambihan cai teras dimasak, bisa oge digalokeun pas satengah asak. Biasana sangu liwet disajikeun sareng asin goreng, kurupuk, sambel jeung lalab surawung; bonteng; salada. Cara daharna oge biasana ditamplokkeun langsung dina daun cau, dijajarkeun panjang ka sisi bisa ngarah didahar sasarengan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "861", "text": "Parkour salah sahiji jenis olahraga anu identik ku gerakan salto. Lantaran gerakanna nu atraktif pisan jadi sakapeung mah bahaya, olahraga ieu oge dikategorikeun kana olahraga anu ekstrem. Dina parkour kamampuan fisik jeung kamampuan teknik penting pisan. Kamampuan fisik kaasup kakuatan, gancang, kalincahan, jeung lentur. Parkour di sisi salaku hiji aktivitas fisik oge nawarkeun pengembangan karakter. Di Indonesia oge parkour pernah tayang di TV, nyaeta sinetron Si Madun. Orang awam nu kakara ninggali parkour pasti nganggapna olahraga ieu kaasup olahraga anu aneh, unik, jeung euweuh mangpaatna. Henteu jarang oge maranehna dicarekan ku petugas keamanan. Di Bandung oge aya komunitasna parkour teh, nyaeta sebutanna Parkour Bandung.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "7039", "text": "Lamun ngadangu Fir'aun urang pasti kabayang na hiji jalma anu janten raja di Mesir, padahal Fir'aun mangrupakeun istilah kanggo panguasa Mesir di jaman kiwari. Hiji poe, Fir'aun ngimpi, dina mimpina manehna ningal seneu anu datangna ti Baitul Maqdis, ceuk panafsir mimpi eta hartina karajaan Fir'aun bakalan runtuh ku saurang lalaki ti Bani Israil. Bakating ku sieun, Fir'aun marentahkeun tantarana sina maehan kabeh budak lalaki anu lahir di Mesir. Tapi aya hiji budak lalaki anu tiasa lolos, nyaeta Nabi Musa. Musa dipalidkeun di Sungai Nil teras diasuh ku kulawargi Fir'-aun. Musa pas tos janten Nabi ngadakwahan Fir'aun, tapi manehna kalahkah nyebutkeun yen manehna Tuhan anu pang luhurna. ", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "2727", "text": "Urang Indonesia bener-bener pinter ngagumbirakeun. Sapanjang 5 pertandingan anu ku kuring dilalajoan, kabéhanana meunang keprok antusias ti urang Indonésia. Malah mah pamaen indonesia anu masih keneh disurak.\nNonton pertandingan ti mimiti nepi ka ahir ogé ngajadikeun butut kuring nyeri pisan. Kuring nangtung sababaraha kali pikeun manteng otot butut kuring. Kuring sieun sabab biasana dina kamar anu rame sareng ditutup bakal sesah kéngingkeun sinyal. Tapi tétéla yén sinyal teu hese di dinya pisan. Jadi mun bosen lalajo mah bisa lancar maen HP. Aya ogé sababaraha moments dimana kuring nempo pamaén méré gambaran méré titik. Di dinya kuring langsung suudzon \"oh, naha maneh mere poin kitu.\" Sanajan kitu, maranéhna bisa sabenerna geus nyieun kasalahan. ", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "2725", "text": "Loba jalan ka Roma, enya ieu nu katempo dina balap Formula E Jakarta di Sirkuit e-Prix Internasional Jakarta, Saptu (04/06/2022). Kanyataan yén loba penonton bébas atawa bébas dina Formula E Jakarta. Anu kabeneran kabeneran cicing di perumahan mewah di sabudeureun sirkuit anu aya di Ancol. Ku sabab boga imah téras, maranéhna bisa ningali jelas balap Formula E ti balkon imah maranéhanana. Pikeun anjeun anu remen ngumbara ka Ancol, di sabudeureun Sirkuit e-Prix Internasional Jakarta, aya perumahan méwah.\r\nKanyataan yén loba penonton bébas atawa bébas dina Formula E Jakarta. Anu kabeneran kabeneran cicing di perumahan mewah di sabudeureun sirkuit anu aya di Ancol.\r\nKu sabab boga imah téras, maranéhna bisa ningali jelas balap Formula E ti balkon imah maranéhanana.\r\nPikeun anjeun anu remen ngumbara ka Ancol, di sabudeureun Sirkuit e-Prix Internasional Jakarta, aya perumahan méwah.\r\nKusabab jarakna lumayan jauh ti balkon imah ka lokasi sirkuit, warga ieu ngagunakeun teropong sangkan bisa ningali langsung aksi balapan Stoffel Vandoorne jeung babaturanana, tangtu untung bisa lalajo Formula Jakarta. E ras ti balconies masing-masing. Éta pasti tiasa bersantai tanpa kudu overheat kawas panongton anu meuli tiket di tribun.", "label": 1, "label_text": "sports"} {"id": "5034", "text": "Basa Minggu kamari abdi ulin ka pembukaan wisata anyar nyaeta Jatinangor National Flower Park. Abdi angkat ti kostan mapah ngaliwatan Unpad. Kaleresan mun Minggu teh sok aya Paun (Pasar Unpad). Tah ieu tempat wisata teh ayana di Paun pisan. Akses jalan na sae, teu nyorang kebon atawa lembur, ngan nyorang komplek kampus ITB jeung Unpad. Taman bunga na teh lega pisan jeung bangunan na alus pisan. Popotoan didieu mah mantak puas we da lega jeung endah pamandangan nana. Pembukaanna ngagratiskeun para pengunjung, jadi itung-itung promosi oge. Beres ti Jans park, abdi jajan heula di Paun meser camilan jeung susu murni. Tos kitu langsung uih we ka kostan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "9391", "text": "Di unggal wewengkon nu aya di Indonesia mibanda kadaharan anu jadi ciri khas sorangan. Sanajan kitu, aya sababaraha kadaharan anu miboga ngaran nu sarua, tapi miboga eusi nu beda. Salah sahijina nyaeta Soto. Di unggal wewengkon, soto miboga rasa kalayan eusi nu beda-beda. Ti Madura aya ngarana Soto Hayam, ti Lamongan aya oge nu disebut Soto Lamongan, Betawi miboga Soto nu make kuah santen, jeun sajabana. Di Bandung sorangan, aya oge nu disebut Soto Bandung. Soto Bandung beda jeung Soto lianna. Soto Bandung dijieun tina kuah kaldu daging sapi nu miboga rasa gurih. Eusina aya lobak, daging sapi, gajih, jeung kacang kedelé. Biasana ditambahan oge ku peresan jeruk purut jeung bawang goreng. Soto Bandung miboga rasa nu gurih tur seger. Ku sabab kitu, Soto Bandung jadi salah sahiji kadaharan nu loba dipikaresep ku urang Bandung.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "3921", "text": "Tomat mangrupa salah sahiji bungbuahan anu bisa digolongkeun kana bungbuahan sarta sayuran. Tomat bisa disebutkeun kana kategori buah sabab tomat miboga siki atawa biji sarta tumbuh tina kembang jadi di sebut tutuwuhan buah. Ieu mangrupikeun ciri buah, sanés sayuran. Tapi tomat oge biasana bsa dipaké salaku campuran sayuran dina masakan misalna dicampur sambel cabe atawa dicampurkeun kana masakan nu aya cairan saperti tumisan atawa soto bisa oge kana mie, tujuana ngajieun rasa masakan jadi kaya, salian aya rasa asin, gurih, lada, amis aya oge rasa hasem seger ti tomat nu bisa nyaimbangkeun rasa nu ngajieun rasa masakan jadi lewih nikmat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "1873", "text": "Saha Nu Heuteu seneng gorengan jeung kiripik? kadaharan favorit pikeun nyemil, tapi ahli kasehatan mepelingan arurang pikeun tong sering teuing dahar kadaharan digoréng. Sacara umum, katuangan anu digoréng langkung luhur lemak, natrium sareng kalori, sadayana goréng pikeun kaséhatan jantung sareng ningkatkeun résiko obesitas. Alternatif anu pangsaéna nyaéta ngagoreng sorangan di bumi dina minyak zaitun pikeun nyegah résiko panyakit. sarua oge Kiripik dipikanyaho teu damang ku sababaraha alesan. Numutkeun panaséhat médis pikeun katuangan gorengan jeung kiripik teh bisa nyebabkeun rendah gizi, sareng tinggi lemak ditambah ku natrium nu kawelehan. Pantesna konsumén sadar kaséhatan pasti bakal nyingkahan gorengan jeung kiripik paragi nyemil.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5382", "text": "Salaku umat muslim, urang teu kedah bingung ka suatu hal nu nyangkut kahirupan, sabab urang tos aya pedoman na nyaeta Al-Qur'an nu ngatur sagala aspek kahirupan, dugi ka hal detailna. Dina manggih kasusah hirup, urang kedah emut kana pedoman urang supaya teu melenceng tina ajaran dina nangtukeun solusina. Unggal aspek kahirupan nu diatur dina Al-Qur'an, mangrupakeun bukti nyata jeung teu kedah aya karaguan deui dina ngajalankeunnana. Ngan, seringkali umat uslim teh hilap bahkan joledar kana pedoman hirupna. Hal ieu ngajadikeun hirupna loba dirundung ku cocoba jeung hambatan. Ku kituna, yuk ti ayeuna mah urang perketat deui kayakinan urang kana pedoman hirup umat muslim!", "label": 3, "label_text": "religion"} {"id": "9332", "text": "Alesan kadua naha urang kedah gancang ngakuan kaayaan bertahan hirup nalika naék gunung nyaéta pikeun nyegah pendaki kaserang panyakit gunung akut, kusabab tiis sareng kalaparan. Panyakit gunung ieu tiasa ngajantenkeun pendaki hipotermia, halusinasi dugi ka maot. Katilu, pas mungkin pendaki ngitung deui kabutuhan logistik sareng cai. Pamustunganana, masihan tanda peringatan bahaya supados tiasa langsung kéngingkeun bantosan ti pendaki sanés atanapi tim SAR. eras léngkah kadua supados urang tiasa salamet di gunung, nyaéta ngayakinkeun diri yén anjeun bakal salamet sareng tetep hirup. Kusabab hal anu paling pikasieuneun ngeunaan salamet nyaéta henteu béak tuang atanapi inuman nalika di leuweung. Sabalikna, pikiran jeung haté sieun lamun frustasi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} {"id": "6767", "text": "Lamun keur libur sakola, baheula abdi sareng rerencangan resep naek gunung, kemping. Tempat anu paling resep didatangan kanggo kemping salah sahijina nyaeta Gunung Manglayang. Aya dua jalur kanggo ka Manglayang, ngaliwatan Batu Kuda atawa ti Cibiru. Puncak Manglayang beda jeung puncak biasana, teu aya pamandangan langit atawa panon poe, tapi aya makam jeung tatangkalan hungkul. Aya lima pos anu bakal dilewatan, anu sisi-sisina jurang jeung pamandangan kota. Seeur tatangkalan jeung akar, janten kedah rada narekel. Ceuk abdi mah naik gunung Manglayang teh kirang puas lantaran urang geus cape-cape naek gunung tapi pamandangan na biasa wae. Gunung Manglayang cocok kanggo pamula anu hoyong latihan naek gunung anu jangkung.", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "586", "text": "Dina kahirupan masarakat nu nganut paham kesukuan, peran kepala suku penting pisan teu sambarangan. Ieu nu ngabedakeun masarakat nu kaasup dina kahirupan suku jeung masarakat nu geus nganut paham modernitas atawa mikawanoh peradaban. Aya sababaraha faktor nu nangtukeun jelema bisa dijadikeun atawa dipilih jeung nyangking jabatan salaku kepala suku. Biasana kepala suku dipilih dumasar faktor katurunan jeung kudu jenis kelaminna lalaki. Lamun garis katurunan langsung ti kepala suku saacanna euweuh nu jenis kelaminna lalaki, kakara jabatan kepala suku bakal ditangtukeun ngaliwatan hiji upacara adat, dina upacara adat biasana diluuhan ku kokolot jeung tokoh suku eta nu mutuskeun ngeunaan saha kepala suku nu anyar, mun kepala suku maot bakal diganti ku katurunan lalaki.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} {"id": "9439", "text": "Udang saos Padang nyaeta kadaharan anu dijieun tina udang jeung sambel cabe anu mangrupa kadaharan has ti Kota Padang, Sumatera Barat, Indonesia. Udang saos padang kasohor ku rasa nu lada, sabab sambelna didamel tina seueur cabe anu dipotong-potong leutik sareng ditumis. Dicampur ku bahan-bahan sanesna sapertos bawang beureum, bawang bodas sareng udang. Udang anu digunakeun biasana udang seger, ukuranana sedeng nepi ka badag. Udang dipotong-potong leutik terus di tumis ku sambel cabe nepi ka asak, tuluy dihidangkan panas-panas jeung sangu bodas. Udang saos Padang nyaeta salah sahiji masakan anu pang populerna di Indonesia, hususna di Sumatra. Kadaharan ieu sering diical di warung-warung atawa restoran anu nyadiakeun masakan Padang, sarta oge aya di sababaraha restoran Indonesia di mancanagara. Salian ti udang, sambal Padang oge bisa disiapkeun make daging, hayam atawa sayuran salaku bahan utamana.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "5020", "text": "Kabupaten Subang jadi salah sahiji daerah anu katelah ku tempat wisata alamna. Cik ayeuna urang bahas opat tempat wisata alam di Kabupaten Subang nu menarik jeung dikunjungi. Nu kahiji nyaeta sari ater. Sari ater mangrupakeun tempat wisata alam pemandian air panas nu ayana di Subang selatan, lebakeun Lembang Bandung. Sari ater jadi salah sahiji wisata utama nu geus katelah dugi ka mancanagara. Nu kadua nyaeta Curug Cijalu. Curug Cijalu lokasina di Kecamatan Sagaraherang, Subang selatan. Curug ieu ketinggan caina sakira dua puluh meter. Aliran caina manjang ka lebak jadi bisa dipake camping kiri kananna. Nu katilu nyaeta Curug Mandala. Curug Mandala lokasina aya di desa Panaruban, teu jauh ti Capolaga. Di curug ieu salian aya cai nyurug, oge aya hiji kolam handapeun curug nu bisa dipake guyang ku pengunjung. Kenca Katuhu na dikuriling kebon enteh. Endah pisan pokok na mah. Nu terakhir nyaeta Bukit Pamoyanan. Bukit Paoyanan lokasina di Tanjung Siang, Subang Selatan deukeut perbatasan jeung Sumedang. Didieu baraya bisa menikmati pamandangan hamparan awan jeung tiisna kebon pinus. Didieu oge katelahna ku pamandangan pas fajar, sabab bakal aya lautan awan jeung gunung-gunung. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} {"id": "3838", "text": "Dahareun ieu di jual isuk-isuk di bungkus make kertas, naon cing? muhun pisan Nasi Uduk. Pasti kabeh jelema apal, saha nu teu apal coba ka nasi uduk? nasi anu make santen di campur bumbu rempah-rempah, terus make oreg tempe, endog, mi bihun, sambel, potongan bonteng jeung kurupuk. Rasa sanguna teh asin gurih, terus rasa oreg jeung mi bihun na teh amis jeung asin khas pisan seungitna teh. Biasana haneut-haneut sok di jual keliling, atanapi sok aya di hareup gerbang pabrik. Nasi uduk cocok kanggo sarapan, tapi biasana di daerah urang mah nasi uduk anu di jual teh warna na koneng, anu bodas mah jarang. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} {"id": "4747", "text": "Salah sahiji panyabab ngalaman karugian nyaéta sistem bisnis anu dijalankeun di perusahaan anu henteu pas. Sistem bisnis ieu aya hubunganana sareng SDM di perusahaan. Dina kaayaan ieu, anjeun kudu mariksa sumber daya manusa di perusahaan anjeun naha marannehna gawe sacara optimal atawa henteu, upama henteu urang bisa mere paringatan anu biasana oge di sebut sp atawa surat paringatan. Tong salah yenpara pagawe atawakaryawan teh faktor nu paling penting di pariksa lamun aya masalah komo nepi ka aya karugian, kusabab pagawe teh anu apal kumaha sapopoe na soalna anu migawe sistem bisnis unggal poe kan para pagawe na, jadi pentingurang mariksa jeung ngaevaluasi kinerja Ku cara eta anjeun tiasa ngalakukeun perbaikan sistem bisnis jeung neangan inpormasi ngeunaan kasalahan dina sistem bisnis anu nyababkeun karugian.", "label": 7, "label_text": "business"}