Datasets:

Modalities:
Text
Formats:
csv
Languages:
Sundanese
Size:
< 1K
ArXiv:
Libraries:
Datasets
pandas
License:
text
stringlengths
7
493
label
int64
0
1
Kue anu disajikeun ngajantenkeun kuring nostalgia. Sadayana mangrupikeun khas tina zaman baheula, boh dina tampilan sareng rasa. Kuena ngeunah sareng hargina oge mirah.
1
Pang resepna tuang beubeurangan di dieu hayam sareng sambelna raos pisan pangaosna luar biasa hemat, rasa hayamna nyerep ka tulangna, es lidah buayana oge seger nyieun patuangan adem saatos tuang sambel nu lada, palayanna oge sigap sareng someah, nu ngajieun abdi resep di tempat kasir aya tulisan 10% disumbangkeun kanggo amal, ngajieun tuangeun leuwih raos ka patuangan.
1
Palayanan beus DAMRI sae pisan
1
Barangna lumayan, ngan nu ku abdi heran xiaomi redmi note 2 ieu tombol onna bener rada reksak? Teras baterai na bener enggal low bat juragan?
0
Sesah pisan percanten ka jalmi nu tos kantos ngakhianat
0
Lokasina di Gombel nu pintonan semarang, datangna kedah weungi sabab lampu kota bakal katingali, kadaharan ngeunah na steak jeung teh haneut menu wajib di dieu, nyandak spot di luar sabab hawana tiis tur sejuk
1
Sawaktos kadieu mesen nasi goreng jeung kentang goreng, nasi gorengna sadayana resep. Kentang goreng na raos pisan, jeung tampilanna sae. Kulawargi nyarios kopina ge raos. Anu sae pisan di dieu nyaeta tempat na lapang jeung anu di luar tiasa ningali pamandangan dusun bambu, ngan palayananana henteu gancang jadina abdi kudu tumaros sababaraha kali pesenan abdi. Pangaosna rada awis, ngan kusabab pituangeunna raos, sagala na jadi kabayar. Henteu kudu mikir dua kali mung hoyong ka dieu deui.
1
Sangu goreng thailand pangarosna ti 35 rebu, polos ngan aya suir hayam saalit. Seafoodna teu ayaan
0
Sakumaha nu urang terang, brownies nu asli ti Amerika nyaeta kueh bantat anu warnana coklat. Toko Amanda nyiptakeun brownies ku cara ngajieunna ngukus. Brownies kukus ieu henteu sae pisan. Malah teksturna sarua jeung bolu biasa. Janten dina pamanggih kuring, ieu sanes brownies.
0
Upami sumping ka restoran ieu cocog pisan dina sonten atawa wengi dinten, nyandak pasangan kanggo nganikmatan tuang wengi nu romantis sareng pamandangan nu menakjubkeun pisan
1
Pangalaman mimiti cekap ngesankeun kusabab cekap reuwas tetela saentos salse mesen tuangeun, salah sahiji staf masihan daun cau ka meja kuring sanes piring atawa sendok, janten upami tuang di dieu siap-siap kanggo tuang ngagunakeun panangan kusabab arurang bakal ngarasakeun sensasi nu unik ditambih alas tuangna daun cau.
1
Salah sahiji area kuliner nu cekap ngagugah salera. Mung janten bingung oge milihna. Ahirna abdi cobi kerak telor sareng mie kocok sabari ngadangukeun pertunjukan musik ku tembang-tembang nostalgia barat. Cekap disarankeun.
1
Abdi sumping kanggo tuang wengi sareng kulawargi. Ieu kalli kahiji abdi ka dieu. Kondisi teu kitu rame. Kanggo interior, rada kotor nyumutkeun abdi. Ku aya remah-remah sesa tuangeun dina ubin sareng meja, sigana teu diberesihkeun sacara sampurna. Kanggo rasa tuangeun, standar, teu pati istimewa.
0
Karipik sampeu eta leeutan alit pangraosna sareng pas kanggo ngarencangan waktos nugas
1
Batagor jeung siomay kingsley henteu ngagaduhan cabang di tempat sanes. Dahareunna nikmat, utamina batator jeung siomay jeung basona teu nganggo pangawet. Sareng upami anjeun hoyong oleh-oleh aya paket anu tiasa anjeun bawa ka uih. Dijaga deui kualitasna nyak.
1
Tong kantos mesen liwat layanan ieu nya rerencangan. Nguciwakeun! Villa-na kotor, sadaya parabotanna teu layak pake
0
Salaku netijen nu nembe april kamari piknik ka toba, ngan hoyong nyarios upami leres seueur perkawis nu nguciwakeun ti sistem pariwisata di ditu. Parapat-na kotor, hese milarian akomodasi nu bener-bener alus, agen transportasi teu profesional, pokokna teu disarankeun indit ka parapat.
0
Kotor pisan sareng teu diperhatoskeun ku palayan restoran. Nguciwakeun pisan palayananna!
0
Tempatna mah saur abdi biasa wae, kirang beresih. Dahareunna oge biasa wae.
0
Kanggo usaha nu dikaluarkeun ka tempat ieu hasilna biasa-biasa wae. Nu nguciwakeun nyaeta kualitas tuangeunnana. Tuangeunana ngan asak hungkul wae. Kanggo kelas kuliner bandung nu raos-raos, ieu nguciwakeun. Aya karcis lebet per jalmi 10.000 sareng mobil 15.000.
0
Abdi sakulawargi nuju milarian tempat tuang saatos nongton. Arurang bosen tuang di resto / kafe di mal. Ngadadak katingali resto di katuhu jalan. Tos lami arurang teu tuang kari. Sumping arurang ka resto nu kaasup alit ngan 9 meja. Tetela raos tempat sareng tuangeunnana.
1
Kopi starbucks kunaon tiasa raos pisan sih
1
Bener pangalaman unik, tuang di tengah sawah di antawis pare nu ampir ngonengan. Ku pilihan menu nu rupi-rupi, panyajian nu menarik sareng ngagugah selera.
1
Tuang sasarengan sareng sobat awewe sababaraha waktos ka pengker, tempatna merenah, enakeun keur nongkrong, palayananna sae. Parantos sababaraha kali tuang didieu.
1
Tempat pikeun souvenir lengkep sareng rada raoseun, babari dijangkau, hargina meujeuhna, sareng layananna ramah
1
Menuna indomie sareng roti bakar. Kanggo tempat sami sapertos cabang nu lainna, rempes kanggo kempel.
1
Sambeul jeung daun serawung, tomat, sareng cabe rawit. Rasa sambel ieu anu ngajantenkeun kota di garut namina cibiuk janten kawentar. Sambeul ieu tiasa dinikmati ku gurame goreng atanapi sareng hayam goreng. Rasana raos pisan. Salain ti lengkong cibiuk oge seueur cabangna
1
Abdi tos konfirmasi ka pihak gramedia mung dialung-alung teu aya kajelasan. Pihak gramed dugi spv di toko eta pa alung-alung bari nyebatkeun teu aya promo. Kuciwa dialung-alung kitu.
0
Ceuk arurang tempat ieu biasa wae teu aya atraksi atawa pamandangan nu menarik jeung harga tiket 10000 / jelema, lamun pamandangan gunung nya emang enggeus sakuduna kusabab di daerah luhur. Jang wisata kuliner ge teu pati loba pilihan jiga tempat nu hiji deui.
0
Abdi tos jadi palanggan madtari ti taun 2002, pas eta keneh jiga warung tenda leutik nu rame pisan dinten wengi. Babaraha taun baheula nempatan wangunan nu permanen, ti waktos eta abdi ngarasa kualitasna rada nurun dibandingkeun ku sawaktos di warung tenda. Nu jelas, pangaos naek cekap signifikan, dibandingkeun warung nu sami, meureun leuwih awis.
0
Komentar kahiji tos pasti tempatna nu sae, palayananna someah pisan, sareng kanggo menu nu dipilih nyaeta lauk bakar sareng sop buntutna abdi pasihan ponten 4 mung kanggo es buah eta abdi pasihan lonten 5 nya!
1
anu disayogikeun rupi-rupi sareng pangaosna kahontal, suasanana ngeunaheun sareng merenah
1
Abdi iri ningali aranjeun nu tiasa nemu kabahagiaan.
0
Saatos meser pulsa hoyong ngadaptar pikeun paket internet tetep gagal wae sareng ngulang deui dina 363 jeung tetep henteu tiasa.
0
Tempatna sae pisan komo dinten wengi dihias ku lampu-lampu, romantis pisan. Cocog kanggo pasangan. Tebih tina nu rame. Udarana tiis pisan. Arurang tiasa ningali keindahan kota ti luhur.
1
Tuangeunna raraos sareng eye catching pikeun difoto, resep. Mung minumanna oge raos sareng tempat na oge nyaman pikeun karempel sareng rerencangan.
1
Ieu kunjungan kadua abdi. Kabeh dahareun nu kuring geus cobian ngarareunah, sarta tempat keneh menawan tibaheula. Can kantos kuciwa dahar di dieu.
1
Tuangeunna smoked chicken sareng cheese sandwich, inumanna jus. Lumayan pas sareng raos. Tempatna saleresna raos kanggo nu hoyong suasana jempling nyalse tebih tina kagandengan.
1
Karyawan kedul keur naon dibere cuti. Bisnis keur goreng kalahka hayang foya foya. Mikir atuh!
0
Tempat nu sawelahan sareng cai kali sareng leubeutna tatangkalan sareng tuangeun nu raos ngajieun betah sareng cocog kanggo reureuh, rupi-rupi jajaneun oge disayogikeun di tempat ieu, hawana oge tiis.
1
Kupat tahu gempol teh salah sahiji kupat tahu legendaris. Tempatna teu pati gede tapi rada mencolok ku warna beureumna di pertigaan pasar gempol. Porsina pas pisan jang ngaleungitkeun lapar. Ciri khas ti kupat tahu ieu nyaeta tahuna nu hipu jeung kenyel jeung kuah kacangna pas di letah, dipadu jeung lontong, toge, jeung kurupuk beureum. Ngeunah pisan.
1
Euleuh sami sapertos abdi ieu mas nembe, paket freedom I abdi teu acan seep mung toas dibebankeun tarif internet, disedot ku maling
0
Rumah makan ieu tangtua kagolong mirah mung dibandikeun kanu rumah makan nu sanesna. Mun tuangeun nu disayogikeun biasa wae teu aya nu istimewa. Seseurna mah tuangeunna ngan lauk atawa hayam nu cara masak digoreng. Tiasa disebat menu tuangeunna teu aya rupi-rupi sama sekali.
0
Kamar cai tebih ti layak, kanggo ngawasuh leungeun ge teu disayogikeun sabun.
0
Suasanana cocog pikeun saha wae, kalayan anjeun hoyong nyalira, sareng kulawarga, atanapi sareng babaturan caket pikeun silih tukeur carita
1
Baso karesep arurang sakulawargi. Rasana gurih sareng raos pisan. Direncangan ku es jeruk sareng kerupuk putih. Super yummy deh. Pangaosna ge kahontal pisan. Lokasi lebet gang kecil mung gampil dipilarian kumargi seueur jalmi nu uningan dina lokasina.
1
Teu raos tuang di restoran, teu tiasa nyuhunkeun kuah opor hayam saalit sapertos di warteg.
0
Pamandangan kota bandung anu endah tiasa ditingali ti sierra cafe lounge. Aya dua pilihan tempat, boh dijero rohangan atanapi diluar rohangan. Tempat anu romantis cocog pikeun duduaan jeung oge cocog pikeun ngumpul sareng rerencangan bari santai, kusabab hawana tiis jeung seger. Kadaharan anu disayogikeun oge raoseun sareng seueur pilihan. Aya kadaharan indonesia, asia, eropa / barat oge aya.
1
Restoran na unik, dina teu disayogikeun piring, kanggo tuang nganggo alas daun cau. Tuangeun lumayan raos.
1
Hese ngartos jalma anu ngarasa osok bener
0
Emang sih mi sedap eusina leuwih loba, namung rasana mah eleh ku nu sanesna
0
Wah, raos pisan, sate nu nikmat bumbu nu pas, rasa nu pas sareng daging nu seger, nepi ngajieun sate nu bener bener mantep. Palayanan nu ramah.
1
Sawaktos sumping ka dieu nuju lain musim stoberi jadi aralit sareng teu sae. Jadi ngan nyandak saayana wae. __sedih__
0
Masakan restoran ieu rata-rata teu ngeunah.
0
Cocog pikeun pituangeun romantis sareng kabogoh sawaktos ngarayakeun momen duaan, tuanganana raos sareng berkelas.
1
Batagorna raos, mi na raos. Aya rupi-rupi tuangeun nu tiasa dicicip di hiji tempat, komo ayeuna tokona tos direnovasi janten sae. Aya musola. Area oleh-oleh seueur pilihan.
1
Nembe nganggo sababaraha dinten langsung hang, power bank teu tiasa dianggo nanaon. Kudu dicandak ka tempat servis.
0
Restoran nu gaduh pamandangan anu sae, upami anjeun sumping ka dieu wengi milarian korsi di luar, teras anjeun bakal ningali unggal meja lampu lampu nu harurung, tuangeun anu urang pesen nyaeta sup krim sareng coklat haneut anu ngeunah pisan jeung ngeunahna pas sareng kalawan hawa nu tiis
1
Tempatna romantis pisan sareng merenah. Kalayan suasana anu merenah pisan sareng palayanan anu sae. Tuangeunana raos pisan ku harga anu wajar. Hoyong uih deui ka dieu pikeun ngaraosan suasana sonten. Kasaluruhan alus sareng sae pisan!
1
Tuangan court nu seueur ku nu nyewa, seueur pilihan. Cocog piken budak ngora nu hoyong nongkrong raramean sabari tuang jeung inum, sesuai salera anjeunna. Parkir lega pisan.
1
Hatur nuhun kang kanggo apresiasina. Mugia anjeun enggal patepang wakil arurang korban phk sepihak freeport.
1
Parantos leuwih 5 kali abdi kadie . Dim sumna yahud sareng hargina kajangkau pisan. Tempatna pikaresepeun sareng raoseun. Palayanna ramah bari sanaos urang ngan duaan sareng tuangeunna teu seueur jenisna. Pokokna mah nyarankeun pisan, upami milari dim sum atanapi shabu di balikpapan.
1
Tempatna merenah, santai, sareng gampang pisan dipilarian, kumargi caket sareng supermarket lotte mart
1
KIPP nampi seueur laporan perkawis ayana palanggaran dina pilkada 2018.
0
Tos sababaraha kali ka dieu, tuangeun lumayan raos, saung-saungna oge ngajieun suasana tuang sareng nyaralse beuki nikmat, ditambih ku sora kali alit nambihan suasana beuki nambih alami. Dianjurkeun sumping ka dieu dinten wengi kusabab leuwih indah.
1
Kadaharan di dieu raos pisan. Cocog pikeun rapat kantor atanapi sareng kulawarga ageung kalayan pangaos anu kahontal
1
Kuring nyobian nu deukeut kantor walikota. Kuring peseun bakso malang super lengkep. Rasana raos. Wareg. Pangaos oge abus dina akal.
1
Tempat tuang di luar nu lega nyajikeun sagala tuangeun ti nu tradisional dugi ka pang modernna, ti nu pangaos na mirah meriah dugi ka nu awis. Panataan dekorasi nu sae bade midamel betah.
1
Nu wajib pisan dicobian di resto ieu aya jus stroberi tanpa susu atawa gula. Asli raos pisan. Jigana 1 gelas ge kirang deh.
1
Resto tuangeun kulon ku pangaos kaki lima, ditambih pamandangan alam nu sae, suasana nu romantis, asal tong hujan, kusabab di teras diantepkeun kabuka. Resto favorit kulawargi abdi.
1
Hayam gorengna raos di dieu. Cocog kanggo nu tos parjalanan tebih. Abdi ka dieu uih ti luar kota, janten tuangna pas lapar kitu deh. Janten patuangan wareg, tuangeunna raos teras palayananna mantap. Kasirna gareulis
1
Paket abdi oge teu dugi-dugi nepi kaayeuna parantos 5 dinten statusna keneh kiriman kurir jakarta, goreng ayeuna mah jne
0
Jual hayam bakar Taliwang tapi hayam anu disuguhkeun siga karet jeung teu nyugemakeun, rasana hambar, sambelna oge alakadarna. Sadayana pisan nguciwakeun sareng kuring moal bakal ka ditu deui pikeun kadua kalina
0
Jalan. Sukajadi upami weungi sok aya warga anu miceun sampah di sisi jalan! Jalma sapertos kitu kedah dibasmi
0
Pang resepna di resto ieu nyaeta bubur 3 rasa. 1 mangkok ageung tiasa kanggo berdua sareng caroge. Teras seueur menuna kanggo tambahan tuang sareng bubur. Pangaos sareng rasa cocog. Sareng nu pasti rencang tuang bubur nyaeta teh haneut hmmm. Enak!
1
Indosat nyaeta nu nyebabkeun abdi ambek unggal dinten
0
Restoran ieu mangrupa tempat nu cocog kanggo tuang wengi sareng pasangan jeung kulawargi ku tuangeun nu cekap raos sareng pamandangan nu sae. Suasanana oge sae ku hiasan klasik di pojok nepi panto kalebetna.
1
Konsep restoran na biasa wae, tapi hargi inumanna awis pisan. Mirahkeun atuh lah sakedik sanaos di daerah wisata hehe. Janten pikir dua kali sateuacan meser.
0
Susuna seger ku sayuran nu mantap sareng rasa kuah nu raos sareng palayanan nu super darehdeh pisan.
1
Nyesel yeuh urang mere nyaho maneh, Farrel
0
Keuheul lah, nya parkir teu baleg, nyieun jalanan sempit hungkul deui, giliran mobilna baret misuh-misuh nuduh sembarang jelema
0
Resto ieu abdi sarankeun kanggo anjeun sumpingan mung anjeun hoyong tuang sabari nganikmatan sunset. Kusabab letakna nu aya di dataran tinggi, anjeun tiasa nganikmatan kaendahan alam pagunungan sareng suasana kota. Kanggo tuangeunnana ge aya sababaraha cita rasa, ti masakan daerah, Indonesia, nepi internasional.
1
Ngacapekeun pisan, mulih angkat ka kampus sonten pisan ditambih damel kalompok nu teu aya seepna, deadline tugas ge mepet pisan
0
Abdi sasarap di restoran lantai 18 ieu sareng kaleresan kengingkeun korsi di luar atanapi balkon. Bantal tempat diukna katingali seueur noda kotoran. Anginna kuat pisan yen sarapan henteu raoseun. Kuring nyarankeun upami anjeun tuang di restoran ieu, pilih korsi di jero pikeun kanyamanan.
0
Restoran di Padma Hotel mangrupikeun salah sahiji tempat anu raoseun sareng endah kalayan pamandangan bukit, lebak sareng tangkal hararejo. Janten tiasa ngaraosan tuangeun kalayan suasana anu beda. Dahareun di dieu lumayan rupa-rupa sareng seueur pilihan henteu benten jauh sareng restoran sanes di Bandung, tapi di dieu aya menu pilihan tradisional anu ngamungkinkeun anjeun ngalaman sababaraha khas tuangeun nu rupi-rupi bari mikaresep alam.
1
Ayeuna lain jaman janji. Kusabab rakyat tos bosen alias muak
0
Bingung lah, sok teu bisa wae miluan nongkrong sabab rame pisan. Nya geus lah sigana mah langkung sae upami sim kuring drive thru wae kahubung di pusat kota posisina sumpah ieu mcd pang ramena.
0
Borangan mung sok teu sieun, diajak nongton film horror oke hayu, saparantos nongton teu wanton ka cai
0
Kualitas lounge nguciwakeun pisan. Tebih ti eskalator, ngaliwat lorong-lorong kotor. Desainna heurin manjang.
0
Sanajan teu kantos nampi gubug tepi sawah, mung pesona sareng merenahna tuang di gubug sanes teu janten nilai minus kanggo tempat tuang ieu. Seueur gubug nu merenah kanggo dijantenkeun tempat tuang, kualitas tuangeunna ge super sareng raos. Cobian lauk bakar daun, wangi, lada sareng raos pisan.
1
Mung perkawis tuangeun nu raos-raos sigana ieu rajana. Teu tuangeun nu mantap hungkul mung suasana ge haneut pisan komo sareng kulawargi atawa rerencangan. Lagu-laguna oge ngahibur pisan.
1
Tos sababaraha kali tuang di tempat ieu. Menu nyaeta menu khas sunda, utamana disayogikeun menu nu atos jarang kapanggih di rumah makan nu sanes di bandung. Rasa tuangeunna, raos pisan.
1
Masyarakat tos bosen ngadangu obrolan politikus upami sae naha henteu nyarios alus. Naha sagala anu dilakukeun pamarentah. Sadayana teu aya alusna.
0
Ngantosan mal istana plaza buka dina enjing dinten, saena mah mampir di mangkok ayam di pelataran lantai 1 istana plaza, rupi-rupi menu pilihan tuangeun indonesia, chinese food, aya. Saena dicobi mi ayam rica puas pisan sabari inum kopi dina enjing dinten.
1
Tuang di dieu cekap nikmat kusabab menuna rupi-rupi, ti mimiti menu indonesia, asia, nepi tiongkok. Ku kituna tiasa nyobian rasa nu rupi-rupi. Rasana oge teu kawon raos. Tempatna cekap merenah, pelayananna ge enggal.
1
Dahar di luhureun gunung sareng pamandangan lampu kota ti wengi teh endah pisan. Dahareunana oge raoseun hargina standar sapertos kafe nu sanesna.
1
baheula resep pisan tuang di dieu dina sami waktosna di Jakarta, nembe terang yen aya oge di Bandung. Tempatna sae pisan. Aya seueur pilihan suasana anu tiasa dipilih, naha di luar, di jero rohangan, ngaroko atanapi henteu, aya tempat pikeun sadaya jinis tamu. Dahareunana oge raos. Siga pasta-pasta ala urang Indonesia.
1
Keur naon maneh sakola luhur-luhur mung nyarios kawas anying ngagonggong
0
Sae sareng merenah tempat, tempatna direkomendasikeun pisan kanggo tuang wengi. Sumping sareng pasangan dilayanan ku mbak dela, dijelaskeun ditel sareng darehdeh pisan. Menuna rupi-rupi sareng raos, sawaktos sumping abdi sareng pasangan nyobian menu lokal sareng asingna, duanana sami-sami raos. Kanggo saran hungkul, tong sumping ka tempat ieu, tiasa-tiasa kalahka bolak-balik sumping, hehehehe. Pamandanganna luar biasa.
1
Abdi resep pisan tuang di dieu. Pangaosna teu awis teuing sareng rasana raos. Nu pang resepna abdi jamur panggangna. Kejuna seueur sareng lembut. Unggal kali ka dieu tangtu mesen ieu.
1

Sentiment Analysis Data for the Sundanese Language

Dataset Description: This dataset contains a sentiment analysis dataset from Winata et al. (2022).

Data Structure: The data was used for the project on improving word embeddings with graph knowledge for Low Resource Languages.

Citation:

@misc{winata2022nusax,
      title={NusaX: Multilingual Parallel Sentiment Dataset for 10 Indonesian Local Languages}, 
      author={Winata, Genta Indra and Aji, Alham Fikri and Cahyawijaya, Samuel and Mahendra, Rahmad and Koto, Fajri and Romadhony, Ade and Kurniawan, Kemal and Moeljadi, David and Prasojo, Radityo Eko and Fung, Pascale and Baldwin, Timothy and Lau, Jey Han and Sennrich, Rico and Ruder, Sebastian},
      year={2022},
      eprint={2205.15960},
      archivePrefix={arXiv},
      primaryClass={cs.CL}
}
Downloads last month
22
Edit dataset card